Geus teu jelas rupana. Kekebul jalan nu unggal poé maturan, nutupan unggal gurat beungeutna. Najan ti kajauhan, sok kadéngé rénghap jeung ketug jajantungna. Kadang narikan, kadang ukur hawar-hawar saliwatan. Pangawakan jangkung tur rengkung. Ngécéskeun kacapé nu dikeureuyeuh mangtaun-taun lilana. Dina leungeun katuhuna, aya nu dijingjing. Geus hangru. Dibulen ku getih garing. Haténa.
"Ilaahi...abdukal aasiy, ataaKa...." Mun geus asup kana tanggal hiji romadon, kalimah éta nu sok kadéngé dijorowokkeun ku manéhna. Léngkah nu teu eureun digugusur. Mapay-mapay jalan, bari tuluy ngadalitkeun manéh jeung unggal kekebul.
Pérnah hiji waktu mah katingali manéhna ngécagkeun haté nu geus hangru téa. Diteundeun luhureun batu. Diilikan. Dipencrong salila-lila. Tuluy manéhna ngagoak. Ceurik satarikna. "Ilaahi, lastu lil firdausi ahlaa...."