Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Juni 2013 (33 Naskah)


TISAPRAK

Kénging Rian Secooterist Nyintreuk
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 21:51:19

Cul dog-dog tinggal igel,mun eweuh nu nakol dog- dog naha saha nu rek ngigeulan?
Bareto mah asa karasa pisan nu jauh jadi wawuh nu deukeut jadi rakeut dina kaayaan bari jeung nya na.
Kiwari ukur jadi lamunan,ukur wanoh tukangeun,bari jeung neges-neges maneh nyirikeun wanoh, tapi nyatana hanteu.
Nyeta tisaprak gaduh akun di jejaring sosial nu ngarana Facebook,ceu mimin jadi kedul ge'ge'roh,ngalayanan salaki ari inge't nu di pencetan tur di teuteup ukur HP na bari urungah ere'ngeh sorangan di juru dapur,salakina mah menta di pencetan henteu-henteu acan di palire.
Naha nu kie di sebut kamajuan zaman? Dedeuh teuink salaki ceu mimin.!

TOS KEDAL UCAP

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 20:49:55

Nyi Épon parawan panggeulisna di lembur kuring. Anak Mang Odong nu pangais bungsu. Pikeun ngaleungitkeun kakesel, Nyi Épon sapopoéna sok ngadon ninun di saung. Hiji mangsa keur anteng ninun, taropongna murag. Lantaran keur kagok gawé tambah horéam turun ti saung, Nyi Épon ngomong.
“Sing saha baé nu daék mangnyokotkeun jeung nganteurkeun taropong ka kuring, lamun awéwé rék dijadikeun dulur, mun lalaki rék dijadikeun salaki!”
Ngadéngé ucapan Nyi Épon, Kuring ngurumuy tina pangintipan nyokot éta taropong terus nganteurkeun ka Nyi Épon. Nyi Épon ngagebeg, barang ningali saha nu nganterkeun taropong. Tuluy ngomong.
“Éh, panya téh nu ngintip Épon dina rungkun cau téh, Kang Udin. Geuning Kang Adé. Punten nya Kang, kamari waktos Épon ninun di dieu, tos kedal ucap. Épon mah moal daék dicandung sanajan ku jalma beunghar siga Éyang Subur ogé. Sanajan ku Pajabat atanapi Persidén ogé. Épon mah geuleuh kana tradisi Polygami téh!”

HATÉ NU RUJAD

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 20:49:11

Kuring. Ukur reumbay cimata. Nyaksian Indung Bapa. Paséa rongkah. Panto dijejek. Haté Kuring milu rujad.
Bapa Kuring indit. Duka kamana.
Indung Kuring. Ketus. Kukulutus. Mokpokeun nu indit.
Saminggu kacatur. Bapa Kuring balik. Sajorélat. Mawa Indung Kuring. Teuing kamana.
Kuring diuk. Dina jojodog kameumeut Bapa Kuring. Neuteup eurih. Tingpucunghul minuhan buruan.
Kuniang. Cengkat. Jut. Kuring ningalkeun imah. Panto rujad dipelong. Léos..
Kuralang-kuriling. Miluruh Indug Bapa. Teu aya laratan. Leos balik deui.
Gebeg. Panto rujad jadi anyar. Eurih jadi rupa-rupa kekembangan.
Bréh.. Aya Bagong campego. Ngadiukan jojodog.
Habek..! Jrees..! Burial.. Getih tina tikoro Bagong.
"Udiih..! Ari Sia..! Téga..! Bapa sorangan ditandasa..! Kapaksa. Manéh dihukum ku Ema. Jadi wadal munggaran.."

MITOS

Kénging Dado Tisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 20:25:13

“leuweung, sawah, walungan, gunung, lapang mengbal…”

“ah, eta mah mitos!”

“mitos? Mitos?”

“eta jaman naon? Tong percaya mitos! Kuring mah teu ngalaman. Nu kaalaman ku kuring ayeuna nyeta jaman modern, jaman tehnologi canggih, jaman globalisasi, pembangunan, jigana eta mah jaman purba!”

“jaman purba?”

“enya, da boa enya aya boa henteu, eta ngan ukur carita jang mepende kuring mun rek sare, ulah sok ngabobodo, barudak ayeuna mah geus pinter moal kabobodo kucarita nu teu asup akal..”

“teu asup akal?”

“ieu jaman modern! Eta mah jaman purba! Mitos!”

“kuring sok ngadadak keueung, boa jaman purba teh dimimitian muterna ti jaman modern? Ah, palias teuing…”

“ieu taun 20...!”

PUTRI TALAGA

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 20:01:59

Talaga nu simpé. Angin rintih, anteng ngusapan beungeut cai nu tinggarenclang katojo ku purnama nu keur mabra. Hiji wanoja jangkung leutik. Dikemben pulas beureum. Disamping réréng garutan. Roncé malati nu mapaésan sirahna, nyambuangkeun seungit ngadalingding ka sakurilingna.
Diuk nyorangan sisieun talaga. Bitisna nu ngolényay, sabot mumuncanganana dikeueumkeun kana cai. Sorot panonna nu linduh neuteup ka jauhna. Sora gamelan ronggéng nu kapireng hawar-hawar ti lebah mumunggang, parat ngagerihan panineunganana nu kungsi kasorang. Manéhna ngahariring. Sorana halon. Dumareuda. Méga hideung kumalayang, mungkus cahya bulan nu keur moncorong. Talaga mongkléng. Segruk, manéhna ceurik bangun nu kanyenyerian. "Jungjunan...! Hampura abdi...," nyanyambat hiji ngaran.
Langit masih kénéh kabulen ku lalangsé hideung. Jung, manéhna nangtung. Pasemonna katara alum. Geuleuyeung, leumpang semu teu napak, ngadeugdeug ka tengah-tengah talaga. Saacan teuleum, manéhna ngajerit. "Akang...!" Sorana ngaweuhan ka saban juru talaga. Sup, awakna diteleg ku cai, bareng jeung manglambar-lambar kapeurih dina jero haténa.

SI BIBI

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 19:44:26

Si Bibi murukusunu. Caméot di kamar tukang. "Sisinarieun Malem Minggu téh rempeg," kukulutus, "sasarina gé kapan ngadon maridang," andiprek bari nilepan istrikaeun. Juragan Pameget teu ngulayaban néangan nu hérang. Juragan Istri teu midang jeung para sosialita. Si Adén teu ngadon triping ka diskotik. Si Enéng teu ajojing ka 'night club'. Na aya naon? Atuh aing moal jongjon nongton TV. Bibiii ...! Tuh naon deui cenah? Pangnaheurkeun cai Bi, rék mandi! Bibiii ...! Pangninyuhkeun cikopi, Bi! Lah aingah, nu ieu gé can réngsé. Bibiii ...! Pangnyiapkeun 'makan malam' Bi! Cetrék Juragan Pameget ngahurungkeun TV. Ramalan suasana kota: "Dibéwarakeun ka sakumna warga kota sangkan waspada. Yén peuting ieu raksana nu tugur gunung bakal turni ka kota!"

NYEPENGAN ROKO

Kénging Trisna Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 19:42:54

Nembe 5 taun simkuring ngajar di SMP dipilemburan, kangaranan dilembur siswana oge kaitung sederhana jeung motivasi diajarna rada kurang, janten kedah dibebenjokeun wae. Ti taun awal keneh kuring, konsen kana pengembangan karakter barudak, nya sok ngabantu-bantu kesiswaan ngalatih pengurus OSIS dina ngajalankeun programna. Najan kitu teu hilaf sok ngingetan barudak, anu boga niat ngarempak aturan ketertiban sakola. Najan dipasisian geuning Hp jeung gaul barudak teh geus lumayan ningkat, Hiji poe aya laporan ti penjaga sakola, sababaraha budak kapanggih ngaroko di tukangeun kelas 7, gesit wae kuring muru barudak anu keur jonjon silih asaan roko!katingali barudak siga anu reuwas pisan..hey kapanggih ayeunamah!gancang kaditu ka ruang BP!Di ruang BP barudak anu limaan teh diinterogasi hiji-hiji. Heh Oki tadi bejana ngaroko?henteu pa aslina..jawabna. Terus maneh ngaroko Bambang?henteu pa sumpah demi Alloh na oge! Kusabab teu ngaraku wae nya kapaksa saku calana digaradah..pas di saku Dahyana gorehel aya puntung roko hiji..tah kapanggih ayeuna mah..maneh ngaroko dahyana?aduh heunteu pa, siga anu gempeur dahyana arapap eureupeup teu ngaku keneh wae..geuning ieu aya buktina?abdi mah mung nyepengan wungkul pa…

CEURIK KURING

Kénging Sandi Asli Sunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 19:26:35

Kuring teu bisa eureun ceurik. Angin peuting asa nyocog kana tulang, sangkilang geus dibulen ku simbut kandel. Kuring teu bisa eureun ceurik. Beuteung asa lapar tapi leungeun kabulen ku simbut kandel.
Kolotrak, aya sora nu muka panto. Nangkeup ngais kuring nu ditalangsarakeun dina téras imah batur.

DI CURUG DAGO

Kénging Aulia Zumarnis
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 19:24:18

Tonggérét mimiti réang patémbalan. Ahirna anjog kanu dituju. Tiung disingkabkeun nepi ka ngaliglag palebah beuheung, ngarah angin bisa nyulusup. Enya geuning betah cicing di dieu téh. Ngararasakeun liuhna alam pagunungan. Nyawang kaéndahan léngkob nu rembet ku rurungkunan, nutupan walungan nu nyurug. Paingan manéhna mani galécok nyaritakeun pangalamanana ulin ka dieu, baheula keur kuliah. Mani ngeukeuhan waé ngajak ulin ka dieu. Tempat romantis keur ngumbar asih. Mun teu sieun pibalukareunana mah, hayang ngayunkeun paméntana. Paduduaan di tempat ieu, dina kaayaan status nu béda. Narik napas panjang. Karasa aya momot beurat jeroeun dada. Momot nu sasat dijieun ku sorangan. Tapi haté leutik teu méréan mun kudu ngécagkeunana. Ngadadak karasa aya nu niup lebah punduk. “Trilit” sora sms, ti manéhna. “Nis, kumaha énjing Minggu amengan ka Curug Dago téh cios?” Sms disada deui, ti Wulan balad sakantor. “Nis, apal teu dunungan urang maot tadi isuk? cenah diracun ku istrina.” Gebeg, hp murag.

TADI PEUTING

Kénging Djhati Whariengienh
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 18:59:45

getih nu ngocor, katara burahay beureum maseuhan lemah, koceak sora manusa pating jumerit sukingki ku kaayaan, teuing timana datangna, belesat...gobang ngaheumat beuheung nu ajeg, koleang gubrang waruga tanpa nyawa, ti kajauhan kadenge sora ngahiuk, sumiriwik tanding walik, keplak, keplak, koleang gubrag, hiji-hiji musuh ngorotan, sarebu, jadi saratus, heuleut jadi sapuluh, corengcang tinggal duaan, jelebet bentar tarik disada ngoyagkeun jajantung matak tutunggulan, hoak jelema duaan ngadangheuak ngaluarkeun getih beureum seger tina biwirna, gubrag,,,duanana tinemu pati megatkeun atma nu nyangsang..

INI JUGA BUAT WANITA

Kénging Nacep Jamaludin
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 17:32:22

Gilek mobil teh dipengkolkeun ka SPBU Srog diparkirkeun gigireun pisan selang pangeusian bensin. “Penuh Neng !. “Dari nol pa”, cenah, bari sup ngasupkeun corong bensin kana lawang tengki mobil. Blak panto mobil dibuka ti jero. Gebrug ! Sora panto dibanting. Berebet lumpat muru toilet. Da rarasaan teh geus asa aya di tung-tung. Teu rarat-reret kana gambar nu aya di panto toilet, blus asup kosong... Seeerrrrrr ngemplong !!! Barang kaluar di lawang ampir we ngadupak ibu-ibu. “Waduh... Ini mah toilet wanita atuh Pa ! semu keuheul da rek kadupak. “Ini juga buat wanita Bu ! bari nunjuk kana lebah resleting calana...nongtoyod tanpa dosa.

PARIBASA

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 17:31:54

"Néng mésér obat nu biasa! " Song E*****y sa setrip ku kuring di asongkeun. Mun poe kemis, sok anggeur pasén langganan nu ieu mah, meulina téh pasti obat éta wae. Kuring geus apal.
"Pikarunyaeun ning. Manéhmah kudu waé maké nu kitu? " Ceuk babaturana bari mésem.
"Heueuh da urang mah nyaah ka pamajikan, da ari keur jeung batur mah, teu kudu make nu kieu." Ngomongna teu euleum-euleum.
"Innalillahi...!" Kuring némbalan bari mikeun duit pamulangan.

TANGGAL HIJI BULAN JUNI SALAPAN PULUH

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 17:27:44

Rumanggieung. Buuk awut-awutan, baju teu matut. Hiek bau inuman pasti kaangseu. Orolo-orolo utah. Sabar, salira meresihan urut utah, regeyeng mangku kuring ka pangkéng. Karasa, lap baseuh nyéka beungeut, baju diudaran. Reup.
Hudang. Sirah karasa beurat, gigireun pangkéng nyampak roti, susu. Biasa, taya pisan kaaral nu kabaca dina sagelas susu jeung roti.
“Mah, Papah moal suda kanyaah, najan Mamah jiga kieu, ngélingan moal eureun, ngubaran moal peré. Nepika Mamah eureun tina kacanduan.Salawasna aya panghampura.”
Kuring cicing, jiga nu enya ngarti sapinuhna. Ngarti harita mah.Teuing isuk mah.
“Hiji nu moal bisa ngahampura, nyaéta mun Mamah salingkuh, Papah bakal ngiles. Moal nanyakeun kunaon Mamah salingkuh.
Kuring salingkuh, kapanggih saminggu ti harita. Angin ngahiuk tiis nyiwitan kulit. Haté marojéngja, leuleus taya tangan pangawasa. Émut kana bendu salira, nu pageuh. Émut ka lambey nu teu sakecap gé ngaluarkeun sora. Ngabetem. Siksa nu taya babandinganana.
Tanggal hiji Bulan Juni Salapan Puluh. Salira ngiles.

OMAN JEUNG OMÉN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 16:33:45

"Saha nu maot, Man?" ceuk Omén. "Momon!" témbal Oman. "Innalillahi wainna ilaihirojiuun. Naha pan peuting tadi ngaronda jeung urang." Omén masih can percaya. "Tadi isuk-isuk, waktu nganteur pamajikanana ka pasar, motor anu ditumpakanana kateunggar mobil treuk." Oman nerangkeun.
"Euleuh karunya mangkaning anyar kawin. Ari si Sarmun geus nyahoeun? Panan manéhna téh urut kabogoh Mimin pamajikanana Momon," ceuk Omén. "Teu kudu dibéjaan, karunya keur gawé," témbal Oman. "Heuheuheu, paling gé siling mah, sieun Mimin ku Sarmun deui nya? Mangkaning bohay!" Omén ngageuhgeuykeun.
"Hah! Déngé tah, pangumuman. Innalillahi wainnailahi rojiuun. Yu ah urang ka astana. Urang mantuan ngagali kuburan, pasti diréndéngkeun." Ceuk Oman. Bring arindit.

NU KEUR NGANGON DOMBA

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 15:49:35

"Naha wayah kieu tacan balik budak téh?" Umina Odik kukulutus. Kakara ayeuna, Odik kamalinaan ulin jeung babaturanana. "Euleuh-euleuh éta nu nyaah ka budak, keun engké gé balik sorangan." Ramana Odik, Mama Sastra nyarios ka istrina. Ngong adan magrib, barudak tacan baralik. Ayeuna, nembé manah Mama Sastra seseblakan. Ngong adan isa, barudak tacan baralik kénéh. Odik jeung babaturanana, biasana tara kamalinaan arulinna. "Naha ka Leuweung Tutupan kitu barudak téh arulinna," gerentes Mama Sastra. Di unggal juru Leuweung, ditarempoan ku jelema sakampung. Oncor geus loba nu pareum, béakeun minyak lantungna. Mama Sastra calik, menekung ngadu'a kanu kawasa. Barabat aya nu ngaharéwos, "tong ditaréangan barudak téh, injeum saminggu, rék sina ngangon domba." Ayeuna mah geus aya kapastian, Mama Sastra teu tiasa majar kumaha, pasrah.

VÉSPA BIRU LANGIT

Kénging Lia Zahra Aulia
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 13:52:39

Ti arah Monjali véspa nyemprung ngétan. Parapatan Kentungan méh kaliwatan, ngagilek ngatuhu mapay jalan Kaliurang. Ngadudud kalem antaré. Sakalem nu tumpakna, Mas Jarot. Hareupeun Mirota Campus, tempat jangji-pasini, reg eureun. Teu langsung turun. Rut-rét sakuriling.
“Kang Maaaas!” Wanoja ayu gegentra. Gugupay, pameunteuna katara sumringah.
“Pun dangu ngentosi, Lis?”
“Teu acan, Mas. Nembé pisan dugi. Urang badé teras kamana, Mas?” Eulis nanya bari clak kana boncéngan.
“Arep nang béngkél!”
“Ih..si Emas mah!” Eulis kuraweud, bari neunggeul tonggong Mas Jarot halon.
“Yo..Yo.. ning Parangtritis, héhé!”
Teu lila véspa biru langit nyemprung ngidul, nganteur dua nonoman nu keur kasmaran muru ombak basisir pakidulan.

INGKLUK-INGKLUKAN

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 13:45:44

Ngaharib ka magrib. Salju murupuy turun. Nyangsang dina régang nu ngababatang. Mugur taya daunan. Bodas siga rorongkong nangtung. Ranggah nadahkeun panangan. Sepi. Tiis. Noroktok, tujul kana tulang sungsum.
Tina jandéla kahalang kaca nu boréas halimunan, lapat-lapat aya nu némbongan. Leumpangna ingkluk-ingklukan. Les, ngiles kakolongan ku wates téténjoan, pager lanté dua. Kolotrak sosi panto. Bray muka. Sihoréng nu dianti sumping.
"Geuning ...?" nanya teu kebat. Kaburu ngudag nu ngaléngkah kana korsi tuluy ngadayagdag. Bangun nahan kanyeri tapi teu tinggal imut kayungyun. Celengok kana tarang tanda deudeuh. Waktu sapatu katuhu dibuka atra aya nu merebey beureum tina dampalna nu pias katiisan. Paingan. Sapatuna bolong, ditambal lambaran keretas beueus. Tayohna kacugak. Deudeuh ku getemna ngudag cita-cita. Dibélaan ngisat diri nyuay-nyuaykeun rupaning hahalang. Hawa luar mingkin tiis disaput salju nu tambah ngandelan. Tina renghapna kaluar haseup bodas, haneut hareuyheuy, nyaliara. Duaan di rohangan nu teu pati lega. Katilu nu dina kandungan. Aachen.

SI BUNTUNG JAGO TUTUGAN

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 13:30:24

Srangéngé karék meleték béh wétan. Indung peuting titadi geus ngampih.
Budak ngora turun ti tajug. Unggal subuh sok miluan solat berjama'ah. Nyékér. Teu maké sendal. Umurna karék tujuhlas taun. Ngagedig muru imahna. Gujlang-gajleng bangun nu hampang naker.
Jol ka buruan imahna, kasampak bapana keur guyang getih. "Apaaaa...!" gorowokna bari ngagabrug. "Geuwat tulungan indung manéh!" sora bapana les-lesan ampir teu kadéngé. Otakna langsung bisa neguh kajadian nu tumiba, laju awakna ngabelesat lir tatit muru lawang panto.
Trang, manéhna nakis bedog nu ngarah beuheung ku leungeun kénca. Untung gerak réplékna geus kalatih, laju peureup katuhuna nyamber caréham musuh dina gerakan Ajul Gedang. "Tobaaaaat..!!!" musuhna ngocéak bari nyepeng gadona nu coplok. "Ulah sambat kaniaya siah, kabéh dipérénan ku aing!" gorowokna bari ngawatek Jurus Gelap Ngampar. Genep musuhna ngagalolér, euweuh nu walagri. Andi narik napas panjang, jiga nu capé. "Nah, ini adegan terbaik dalam sinétron ini!" ceuk sutradara bari nepak taktak pemeran Andi.

CAAH TI CARUBAN

Kénging Asep Saepudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 12:35:35

Ombak Laut Jawa séah ngaguruh, tingburingkal. Udan Barat campuré angin, ngudag nyéréd ka basisir. Nu surak ayeuh-ayeuhan beuki maceuh. Aya Takbir, na rébuan rénghap jeung sora. Meunang perang, atawa Syahid, udagan sarua éndahna. Sinuhun Jati geus netepkeun. Tandang makalangan, ngajorag karuhun.
Béh ditu, anggang na tungtung deuleu. Narpati nu kari sésa. Balangah. Sunda Kalapa, nembrak na pangalasan. Panto nagara nganti rujad diranjah incu jeung semah.
Amprok. Jurit campuh ngalaga. Ngagedur seuneu, beuki ngabebela. Pedang, koléwang ting belentrang paadu waja, papada Jihad ceuk ukuran séwang-séwangan. Nu ngajerit kajamparing, ngaharegung katumbak dada, palastra. Batara Katong ngabanusan. Caah nu ngaranjah, surak deui ayeuh-ayeuhan. Perang dilabuan, lekasan. Nyésakeun carita Jayakarta. Natrat dina Uga. Gunung Cahaya, nunggu waktu kaluluh mangsa.

KABADUG

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 12:04:36

Rebun-rebun kuring miang, muru jangji pasini nu kamari
Motor ngadius, sulumpat selempet antara kandaraan lian nu rabul tiunggal gang.
Keur manteng mata nitenan jajalaneun renjul lantaran logak ngan ukur disaeur barangkal.
“Bledug” siku kuring kabadug kotak dagangan. Kuring reuwas nepi kangagaleong ka sisi jalan. Manehna tonggoy, boro-boro menta hampura, ngalieuk bae henteu.
“ Monyet siah, sangeunahna mawa motor teh “ gerentes hate. Barang ret kana tulisan dina kotak. Kuring beuki ambek. Teu antaparah deui kuring ngudag eta motor. Pas gigireun manehna, kuring ngajorowok “ Kasisi.. siah !” manehna melong bari milu kasisi. Kuring turun nyampeurkeun manehna.
“Maneh teu neuleu ? Aing nepi ka rek tikusruk lantaran kabadug ku kotak , cing atuh ngomong !” kuring nyentak.
“Punten pa, abdi rusuh” tembalna bari popoyongkodan
“Matak naon ngomong , aing teu ngambek lantaran kabadug, tapi aing asa dihina ku maneh nyaho ?”
“Na aya naon kitu pa ?” manehna nanya
“Maneh geus nganggap ka aing jelema teu eling lantaran aing teu beuki dahareun maneh” kuring negaskeun.
“Teu pisan-pisan pa.”
“Kadieu siah..!” durugdug puhu leungeunan ku kuring ditarik
“Baca !” ceuk kuring bari nunjuk kana tulisan.
Manehna ngadeg-deg, pok manehna ngagerendeng
“JALMA ELING NU MEULI ODADING”

POE ULANG TAUN KURING

Kénging Laskar Sunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 10:22:34

Poé ulang taun kuring ayeuna téh. Meunang kado, nu ngucapkeun Happy Birthday, nu ngajailan sagala geus kasawang sajeroning pikir.
Isuk-isuk kuring hudang. Siga poé-poé séjén kuring mangkat gawé, nya biasa na angkot, da bujeng-bujeng mobil, dalah motor gé kuring can boga.
Duit na pésak kari sapuluh rébu-rébuna. Ah mangkat waé, da biasana ogé duit sapuluh rébu téh bisa dahar nunaon di tempat gawé.
Can nepi ka tempat gawé kuring ngadon ngeureunan di masjid agung.
Kudak-kodok kana pésak asa aya nu leungit. Ceg kana hapé dina pésak baju, teu hurung pisan batréna kosong.
“Halah bener euy, duit nu leungit téh, mangkaning can anjog kaditu-kadieu.” Gerentes haté.
Kurah-koréh na kantong, euweuh simpenan. Beuteung kukurubukan, euweuh batur nu kenal, rék nginjeum da ka saha.
Ah kapalang teu asup gawé, kuring gogoléran di masjid. Hudang-hudang geus jam hiji isuk.
“poé ulang taun kuring geus kaliwat”. Ceuk haté bari nahan beuteung kukurubukan ti beurang kénéh.

STUDI BANDING

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 09:59:42

Sakapeung poék sakapeung caang éta rohangan. Musik gambus ngawirahma, mirig luak-liukna ibing belly dance. Di Tatar Libanon nu jauh ka lembur. Alina, Aliya,jeung Aminah marake cindung konéng, kayas,kulawu. Bagantian ngaléor ka luhur panggung, némbongkeun pangabisana. Ya Fustun, Ya Jamilah..Ya Anisa....Anti téh teuing ku geulis. Irung mancung kulit bodas. Komo éta pangawakan teuing ku seksi. Ngan ukur dibungkus kutang jeung cawet. Na bener ieu téh sorga. Padahal uing téh keur studi banding, boga niat memener bangsa. Da bonganna atuh rejeki teu kawadahan. Nepika teu betah nyicingan sarakan.

ISARAH

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 09:52:06

Peuting ngarambatkeun jempling. Jero kamar pangantén. Kamar basajan tan pulas jeung rias. Dikulambu kelemeng bohlam. Harimumu juru lalangit. Karancang bilik. Sesela palupuh. Katut saheulay samak tilam kasur lagedu. Saleuwihna. Ukur saruntuy manglé pamatri kolotna. Nyelap dina palang dada. Sérélék. Lalangsé kamar dibuka. Dua raga tanpa daksa. Dibuntungan seuseukeut takdir. Gégésor patutur-tutur. Gék luhur sepré. Pahareup-hareup. Nyeumatkeun teuteup. Taya ungkara nu kalisankeun. Pada-pada nyidem geter. Ngemu liwung saban rénghap nu kalarung. Nyéh arimut. Tapi tuluy ngaheneng. Milang kemba jeung ambekan séwang-séwang. “Néng...” Nu halon kedal. “Kah, Kang...” Nu werat némbal. Lalaunan. Lalakina. Netelkeun napas kana tarang. Awéwéna. Ukur peureum bari tungkul. Tuluy nyuuh kana rangkulan. Ngaheneng deui. “Ramo-ramo urang, lain impian samar kadongkang...” Aya isarah tina sadrah jeung guligah. Laju dua pasang leungeun samet siku. Dua pasang suku samet tuur. Pada-pada ditepungkeun. Numbu dina hiji kujur buku waruga. “Peuting ieu, sagalana baris sampurna...” Aya sukma sumanding dina peuting nu terus ngarambatkeun hariring.

R U M A S A

Kénging Badru Tamam Mifka
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 09:20:13

Cikopi kari laleurna, basa beurang nu katujuh kalina nilepan sésa caangna. Cuang-cieung. Langlang-lingling. Nunggelis. Tiris. Manéhna teuing ka mana. Teuing di mana. Boa geus poho ka kuring. Boa gering. “Hampura, akang, hampura,” pokna, harita basa leumpang duaan sapanjang Braga. Kiwari, kasono méhméhan bari. Ramat lancah luhureun sepré. Calacah minuhan haté. Rumasa. Rumasa lain salakina... :D

TORPÉDO

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 09:04:30

“Teu langkung Aang, abdi mah ngiringan,” kitu ceunah. Léah. Manéhna teu nyungkun. Katangen dina teuteup weningna. Matak bungah kana haté. Dumadakan awak kuring malih warna jadi sinatria. Kasép ngalémpéréng konéng. Hurung nangtung siang leumpang. “Ulah sieun teu kabayuan, wios abdi mah sadipasihannana baé. Nu penting guyub, alakur,” nandeskeun. Taya riuk-riuk ringrang dina teuteupna. Yakin pisan.
Bruh-bréh narémbongan. Wanoja-wanoja kameumeut lianna. Kayaning Hérni, Siti jeung Nining piligenti présentasi midangkeun pirang-pirang kamonésan dirina séwang-séwangan, dina monitor implengan kuring. Barinangkit. Rarancunit. Mancegkeun haté. Pikeun mihukum dina deudeuh nu sabeungkeutan. “Mangga Pa ieu landongna dileueut!” ceuk perawat bari menerkeun aliran cai inpusan. Kurunyung bagéan catering rumahsakit jajap sarapan. Dina baki ditutupan alumunium foil. Rengsé ngecék patugas rumahsakit kalaluar. Rohangan simpé. Baki sarapan dibuka. Katénjo goréng manuk jeung endogna. Goak kuring ngajerit maratan langit. Buru-buru mukakeun simbut. Ukur tinggal sayangna. Dibétadinan. Diperban. Paingan!

TUKANG SAYUR

Kénging Wasta Pun Santarip
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 08:43:11

Sabaraha mang?
Nu eta te di jual ! ukur ngareret disiling - siling,disapirakeun.
Juragan sabaraha nu ieu? milih jongjon milang bati.
Ngaligincing,ngalengis,mikiran diri.
Badan sakujur taya nu ngaku.
Aya harewos!
Ujang ! Dek ka mana? Hayu milu jeung aki !.
Kutan ! Saha eta Aki nu rubung-rubung.
Ujang ! Eta teh tukang sayur nu
katabrak tungtung elos cikeneh.
Gebeg.... !

MAESTRO

Kénging Dado Tisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 07:59:53

1
sora keprok nu lalajo meni rame, seah, aya nu ngaheot, ngagorowok, pating jarerit. nya kitu nu katempo dina konser tunggal maestro kacapi "Suliwa" di hiji gedong pertunjukan di ibu kota.
Suliwa mawakeun dalapan welas lagu nu bisa kasebut "hits" dina album-albumna, musikna teh mangrupa instrument-an, aya oge sawareh picuring jeung artis nu geus kasohor.
dua jam Suliwa metik kacapina, tapi teu katempo pisan capena teh. Ieu pemusik bener-bener bisa ngajaga stamina-na, da cenah manehna ge tara ngaroko komo mabok mah, numatak stamana kuat pisan, dua jam teu kaciri hah-heh-hoh.

2
beres konser, suliwa kaluar panggung nepungan penggemarna. Juprat jepret poto wartawan embung nyesakeun saeutik oge momen anu berharga. Mere tanda tangan kaditu kadieu, dipoto jeung pens na bari ngabagikeun mercendais.

3
di bek stej, kaluar hiji pamuda, umurna teu beda jauh ti Suliwa, ngan ieu mah pedah rada ngora. eta pamuda rada rusuh, culang-cileung jiga nu keur tuang-teang. ngareret ka sisi gedung, eta budak nyerengeh, aya lalaki jangkung badag make baju rapih, tuluy disampeurkeun ku eta pamuda. lalaki ngasongkeun amplop, teuing naon eusina.
eta amplop dibawa jauh ti gedung tuluy lalaunan dibuka, "dua ratus rebu..." cek eta budak bangun ku bungah.
"nuhun bah, ayeuna ujang geus bisa ngahasilkeun duit sorangan, bisa ngabiayaan hirup Ujang jeung ema... nuhun pangweruhna..."

4
eta pamuda kacida bungahna. oge Suliwa bungah pisan. maestro.

LAIN KINI-KINI

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 07:38:46

“Dasar urang dusun meledug, urang kampung bau lisung!” Ceuk dasi, waktu meulitkeun manéh kana samléh kaméja. “Dasar teu nyakola..!” Sada sora nu teu kebat, kaburu ditindihan didiukan, dikurilingkeun diputaréputer. Ari reg pas meneran, suku langsung disanghunjarkeun, nyolodor luhureun méja kaca. “Rahayat bulu taneuh anu kabiruyungan jaradi ménak.”
Mangsi lutrah-létréh, minuhan mémo, minuhan bon, minuhan mangréwu-réwu cék reujeung kwintansi. “Ulah culangung colodog, muwuh éstu kudu kumawula sumuhun dawuh!”
Tingbeleweng daptar harga, proposal, klausul, jeung pesenan-pesenan sapandeurieunana; ragragan minuhan karanjang sampah. “Teu kendat tetep hayang dikawulaan ku rahayat anu kiwari geus puguh teu walakaya.”

DUKA SAHA

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 06:50:55

Yuswana ngagayuh ka tujuh puluh. Gurat-gurat kakasépan waktos anom natrat kénéh dina pameunteuna. Waos lengkep, rambut hideung -- gomplok, tara kacaturkeun teu damang. Séhat, éstuning séhat pisan. Teu badé kitu kumaha, rebun kénéh ba’da solat subuh di masigit, mangsa panon poé meleték anjeuna lungsur nganggé sapatu “cats”, ditraining, nganggé topi, ngadon leumpang isuk alias “jogging”. Kitu na téh maneuh, méh lima las taun ti ngawitan pangsiun. Leumpang téh tara lami-lami, saukur dua – tilu jam. Tabuh dalapan tos di bumi deui, paling elat tabuh salapan. Sakapeung uihna sok rébo ku cacandakan. Anu rutin mah nyandak katuangan kanggé sarapan kulawarga.
Dina hiji isuk, kacaturkeun anjeuna ngantun. Cenah mah katabrak mobil waktos nuju meuntas. Mangsa layon réngsé dipulasara, badé disolatkeun, torojol istri anom kénéh disarengan budak leutik sadua-dua: ceurik lolongséran payuneun layon, teras kapiuhan.

KOALISI PALSU

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 06:20:07

Aranteng hirup babarengan mentingkeun diri séwang-séwangan. Silih tulungan, silih kusrukkeun. Silih béré, silih porotan. Soméah, silih arah. Duduluran hayang manjangkeun mumusuhan.. Seuseurian singaringhak. Kiih ngayer ngabatu. Haté mulang raga mah teu bisa balik. Awakna sareungit. Seungit bau tujuh rupa. Buukna rarapih, acak-acakan jiga sapu injuk butut. Panon baruringhas, lelenggutan. Beungeutna saleger, haropak euweuh getihan. Teuteup deudeuh, pinuh kageuleuh. Geplak, geplak, geplak, geplak kartu dibeubeut-beubeutkeun luhureun lapak. Nu ngeduk. Nu ngaheruk babarakatakan.

TEU NYANGKA

Kénging Bayu Arya Laksmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 02:34:50

Geus nincak tilu taun. Kahirupan Tisna jeung Dédéh
pinanggih kasenangan. Lubak-libuk ku dunya
barana. Mangsa keur jongjon gundem catur,
kagareuwahkeun ku nu uluk salam,
"Assalamu'alaikum!" sorana dareuda.
"Waalaikum'salam!" Dédéh ngawalon. ngojéngkang
muka panto. "Punten, Néng! manawi kagungan
katuangan?" ceuk nu baramaén. Telenjeng, Tisna
nyampeurkeun, "Ngeunah waé siah! Kaditu
mangkat!" walon Tisna. Gebrug! meubeutkeun
panto.
Sataun ti harita. Kahirupanna robah, hartana béak.
Rumahtanggana ancur nepi ka pepegatanna. Ray
poé, datang bulan. Cunduk taun, Dédéh didahup ku
Oding, tatangga lemburna. Wanci pasosoré
duanana ngadaraweung di tepas. Ti kajauhan
rentang-rentang aya nu datang. Jog, anjog.
"Assalamu'alaikum! Seja nyungkeun tuangeun!"
pokna. Awakna begang, caludih.
"Waalaikum'salam!" duanana ngawalon. Creng,
Dédéh mikeun duit. "Ké antos sakedap!" Oding
mikeun dua kérésék kanu baramaén. Nu baramaén
nganuhunkeun terus ngoloyong rébo ku babawaan.
Dédéh ngalimba neuteup nu ngoloyong. "Kunaon,
jiga nu sedih. Néng?" Oding nanya. "Nu némbé téh,
patilasan Abdi!" walonna, sisimekeun. "Ari ieu
saha?" ceuk Oding nunjuk dadana.
"Subbhannalloh...!" walon Dédéh. Gabrug!
ngarontok. Segruk ceurik kanyenyerian.

QORDON HASANA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 01:08:05

Ngeleter. Lain haréwos haréwos acan. Tapi antaré, ngabaris sahurup sahurup, mapay-mapay jalan ludah. Tuluy ngancik dina dada lebah kénca.
"Rugel palih manana, cobi? Tina tujuh puluh ditikelkeun kana tujuh ratus. Padahal asalna mung hiji. Boa teu hiji hiji acan."
Rambutna bodas. Malah geus leungit saparapatna. Tapi aya cahya nu siga ngahaja caangna dileutikan. Nu ngadorong korsi rodana ogé ampir sababad. Ngan geulisna siga embungeun miang.
"Seuseueurna mah sok hilapeun, Kasép! Sok hilapeun...." semu dareuda, najan teu ngaleungitkeun wiwahana.
Soca neuteup ka payun. Nu ngadorong rodana sami neuteup ka payun.
"Tingali, Kasép. Wangunan nu gumenclang sapertos kitu nu dicawiskeunnana ogé."
Ieu panon ngilu nuturkeun ka hareup. Aya haseup bodas nu manjang. Siga layar. Wangunan, wahangan, widadari nu kakalayangan metikan kembang. Atra pisan.
Lila-lila aya seungit nu pikageugeuteun.
"Tina tujuh ratus, ditikel-tikel deui tanpa watesan. Badé ngémut naon deui, cobi?"

KARAWÉL

Kénging Samo Sutardi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2013 00:40:31

Tekad buleud ku paniatan anu teu bener. Gejlig indit bari ngagandong ransel nuju ka lapang anu keur aya raraméan pagelaran band nu kasohor. Leumpang mapay jalan motong anu rada suni carang jalma nu ngaliwat. Leumpang bari ngeluk tungkul cipanon reumbay “pileuleuyan néng Asri” gerentesna. Geus tilu bulan manéhna ditinggalkeun ku bébénéna anu dipikacinta taya béjana. Asrul bujangan anu cicingeun, sok nyumputkeun parasaan ka saha waé iwal ka Asri.

Di jalan aya sora ngageroan “Akaaaang” sora anu apal. “Asriii” duanana silih gabrug silih rangkul Asri digalentor ku Asrul. Asri ti pepereket nangkeup ka Asrul leungeuna ngaranggeum ransel aya tali karawél ka betot.

Geleger sorana eundeur handaruan, dua awakna paburisat getih, daging, jeroan busrat basrét nebar dina aspal, trotoar, pager imah nu runtuh, kaca pareupeus. Aya dua sirah ngaracleng naranceb dina congo pager anu jiga tumbak, peuntaseun jalan. Pahareup hareup