Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Novémber 2012 (40 Naskah)


MAÉN KARTU

Kénging Ronny Gianosta
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 23:58:50

"Poldaaaaan...!" Si Sukri teu sirikna gutak-gitek. Nu duaan deui nembrakkeun kartuna. Sidik laleutik. Uing calangap. Ngahéphép. Balak genep jeung baturna dikeukeuweuk. Tuluy dibalangkeun. Kabur. Asa sésérésétan. Ras kana bujur mun kudu diturih silét ku tiluan...

KARUNYA

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 22:53:01

“Karunya teuing!” ceuk pamajikan bari nyampeurkeun. Sor kopi, sor goréng pisang.
“Enya, saha nu genah tuda hirup di pengungsian mah,” témbal téh. Panon mah molotot kana berita.
“Ih, sanés. Éta Pa Kadés, nu tadi dicandak ku pulisi.”
“Euh..sugan téh. Nya, tamaha sorangan atuh éta mah.”
“Ih, sanés ka Pa Kadésna karunya téh. Ka Bu Kadésna. Tangka bulistir. Teu kalung teu anting ayeuna mah. Séép dianggo nebus.”
“Euh...Pangmésérkeun roko wé ayeuna mah. Sing karunya ka salaki. Tatadi can ngebul!”
“Séép jatahna gé kanggo roko mah.”
“Dipaké naon?”
“Sumbangan.”
“Sumbangan naon?”
“Ibu-ibu pangaosan téh tadi kempel, nyumbang limapuluh rébu séwang kanggo Bu Kadés.”
“Euh...!”

NYUMPONAN NGIMPI

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 22:21:35

“Lamun saratus poé can aya hasilna mangga recah awak kuring! Parabkeun ka ucing,” jangjina. Réngsé diistrénan. Cakah-cikih. Jalan lalucir. Lega. Taya macét. Najan angger dianggo parkir sareng nu aricalan ogé, bongan teu tiasa diwagel sareng diperenahkeun. Lamun soré barudak sok ngilu méngbal. Diselang ku tawuran. Omongna téh itung-itung émbohna. Kandaran angger balawiri. Lancar. Banjir. Geus bisa diréngsékeun. Rék hujan sakumaha gédéna gé. Gelenyu imut. Kring. Telepon disada. Koréjat hudang. Gap. Ditampanan. “Jalan banjir saréng macét,” cék ajudan. Lenyap. Rét kana kaléndér opat puluh poé deui. Leguk. Cai. Lep. Obat tidur asup. Waktu ngoréjat. Lenyap deui. Kitu jeung kitu. Ampir saratus poé. “Piraku salira kedah kulem baé, Pa?” omong Doktor. “Lamun kitu mah kuring ngénta obat ngalindur!” teuteupna. “Kanggo naon?” Doktor gogodeg.

NGUDAG-NGUDAG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 22:01:56

Wanci haneut moyan, ngetém di pangkalan. Tirilit hp disada, aya sms asup. Dibuka. Dibaca. Unggut-unggutan. Ngarénghap jero. Nonjok dampal leungeun. Kekerot.
Si Nini, rébo ku babawaan, nyampeurkeun, “Mang, ka tonggoh!” Clak naék, dius motor mangprung. Ngabrét, tarikna liwat saking. Ceuk nu wadul téa mah, lir panah leupas tina godéwahna. Seserepet di nu heurin. Kucat-kécot dina péngkolan. Cadu nincek erém. Matak paur nu nempo. Si Nini teu sirikna ti pepereket. Jejeritan. Teu dipiroséa.
Ngan sakorépat, geus balik deui ka pangkalan. Saking ku gancang-gancangna, mun ojég séjén mah, karék meunang sa rit, manéhna geus tujuh rit.
Batur-baturna hookeun. Naha bisa kitu, naha teu sieun paéh, naha teu melang ka anak nu sa genep-genep, naha teu nyaah ka pamajikan nu rancunit? Naha? Nyalampeurkeun. “Jih… lain naha, tapi ieu!” Ngaluarkeun hp, muka sms, laju dibaca ngariung babarengan, “Pipi, anak urang geus arageung, geuning. Tadi Mimi masak, diajangkeun sapoéeun, ledis sakali taruang!”***

LINI

Kénging Sucii Lestary
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 21:27:29

Geus peuting wayahna duksek dina kasur. " naha semu eundeur ieu teh?" gerentes hatè kuring, nguliat lilir. Eleeeuh, lini gening. Dèk hudang sieun, da eweuh nu hudang. Jaba tengah peuting kieu. Ah geus weh api-api teu apal", nepi ka kureubna, manehna ukur ninggalkeun ngaran.

SI POHANG

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 20:58:44

Si Pohang. Ngarana mah Saepudin. Pédah huntu hareupna ompong. Malah cenah pohang tikudrat. Ngomongna semu ngirung jiga nu suing. Bapana jawara kahot. Sohor. Tapi handap asor. Euweuh nu nyangka bakal meunang ngéléhkeun Jang Maman marebutkeun Nyi Dédéh. Nyi Dédéh béntang lembur. Geulisna euweuh nu ngéléhkeun. Jaba jago silat. Pada mikasérab. "Naha Nyi Dédéh teu milih Jang Maman nya? Kasép, beunghar, silatna gé jarang éléh", ceuk Bah Dudun ngabalakan ngobrol jeung papada kolot di warung Nyi Icih. "Nya moal milih Jang Maman atuh Bah. Da meureun nyahoeun Jang Maman téh adi sabapana." Ma Iroh mairan bari nyeupah. Crot seupahanna diciduhkeun kana tampolong. Burahay. Ngabulaéh. Nyi Icih milu ngomong, "Sssttt...! Tong ribut. Justru éta masalahna. Kang Maman lain teu apaleun. Bapa kukutna geus ngabejaan. Ngan bisi tuluy keukeuh bogoheun waé, euweuh deui cara iwal ti dicingcetkun ka Si Pohang. Cenah kétang éta gé." Daria. Braaakkk. Méja warung digebrag. Daganganna mancawura. Kolot-kolot malabur. Jang Maman ngamuk teu katahan. Ojol-ojol.

HAJATAN

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 20:43:06

Sabeubeurang suka bungah, bagja bisa ngawinkeun budakna.
Peutingna ngaduruk amplop.
Isukna, ngajubleg teu bisa ditanya. Panonna melong kosong nyaksian sawahna ngalayang.

KAJURUNG KU NAPSU

Kénging Jaladara Nitis
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 20:38:38

Wanci sareupna ngurunyung nepungan. Gura-giru bangun nu rusuh, jiga nu inggis mun kudu panggih jeung petengna peuting. Memeh miang ngaharewos "Peuting ieu mah bulan teh moal bisa sidengdang." Teu ieuh dipirosea. Jongjon meper amarah, nu meh kalepasan. Balukarna hariring dangding asih nu mirig katingtriman atai kiwari leungit. Haleuang katresna nu ngawirahma na mamaras rasa ayeuna ilang. Duriat nu geus lila karasa ngalagenana asa piraku kudu pegat kualatan nu teu sapira. Perbawa tina timburu, laras ge jadi rada silung kapirengna, kila-kila.
"Jadi alatan nu kieu patut, Anjeun geus teu daek nyarita?" Blewer, dibabetkeun. Prak! Mancaura. Layung teu kateumpo hurung. Tatit pating burinyay awor jeung sora guludug meh barung. Mega hideung pating garulung. Breg! Hujan teu bisa dipondah deui. Kuring reuwas. Aya rasa hariwang jeung melang inggis manehna pundung. "Hampura!" Cekeng, neuteup kanu keur nginghak bari ngumpulkeun bangkarak hape.

GUNUNG ES

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 20:31:30

Kenting gelas jeung haseup roko, ngusapan beungeut semu euceuy. Wirahma hosmusik patingbeledug, ngédégkeun jajantung. Wanoja geulis dierok pungsat nu teu nutupan wanda bodas pikauruyeun. Haroshos birahi geus muncengis titadi kénéh. Leungeunna teu eureun ngagupayan galura rosa dina uteuk Plato.

“Hayu, Kang. Aya hotél éndah kuloneun Bar.”

Teu talangké. Ngaléng cangkéng anu lenggik bari nyacapkeun kageugeut. Tingcikikik, matak rebing ceuli. Anjog ka kamar hotél anu nyanghareup basisir bodas. Langit semu wiru. Bulan moncorong taya lalangsé. Melongkeun nu galak sinongnong nyacapkeun gedur birahi.
Isukna jajaka gandang nguniang tina pangkéng. Nempo salambar kertas kayas aya aksaraan.

“Thank for lovely night, dear. Hotel parantos dibayar. Mung kantun check out. Oh, bilih hilap. Welcome to AIDS Family. Ciao. “
Pluk. Aya nu ragrag.

JUMAAH KA TILU BELAS

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 20:30:51

Geus dua belas kali arisan téh. Can pareng meunang. Ayeuna, arisan nu ka tilu belas kalina rék dibuka. Ti isuk kénéh geus narekahan malar arisan nu ayeuna mah ninggang ka manéhna. Dijas hideung, dudukuyna gé hideung. Dibarengan ku ucing hideung kameumeutna, laju ka kulonkeun nepungan kokolot Cihideung.
Rengse pakumaha ka éta kokolot, mapay leuweung ngajugjug tempat arisan. Bada Jumaahan, arisan dibuka. “Para wargi, nu meunang arisan ka tilu belas téh nyaéta Alfred Hitchcock! Wilujeng, Ang!” ceuk MC.
Duit arisan ditampa. Créng méré komisi ka MC. Ladang arisan dipaké ngagarap pilem Number 13.

MOAL TALUK

Kénging Firda Aulia
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 19:57:30

Unggal sareupna sirah sok ngadadak nyanyautan, asa ditojosan rebuan jarum. Tonggong heheaban, digolerkeun asa nyarean ruhak, didiukkeun lenglengan kawas naek Roller Coster dina kecepatan maksimum.
"Huwwaaa jangaaaaar !" mun mtk cageur mah cigana sirah geus didagor-dagorkeun kana tembok.
Ukur bisa ngagukguk bari sasambat kanu kawasa.

Selengseng bau hangru, "geura menta ampun, sambat aran kula. ayeuna keneh dicageurkeun" ceuk sora eta, sora nu remen ngolo mun kuring keur karasa kawas kieu.

kuring gideug, "Wam Tazul Yauma Ayuhal Mujrimun !"

Nepika iraha ge, nu disambat ku kuring ukur asma Alloh, nu ngabogaan nyawa kuring.

SUMPAH DRUPADI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 19:41:01

“Dursasana, mun enya kahayang anjeun, geura tiup sangkala di tengah Kurusétra, prung geura tarung, geura amang-amang gobang pikeun perang, lebah tungtung manglaksa-laksa panjangna sinjang, Déwa-Déwi muga nyakséni, kula sumpah, mun tacan diangir ku getih angkara, buuk moal waka diuntun digelung…..”

NU MANCO DINA TROTOAR

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 18:58:20

Mopo. Sukuna geus lungsé ngudag kahuripan. Rarampéolan. Nungka awak nu mingkin begang. Déhidrasi. Dipencrong panonpoé. Ti poé ka poé. Pias. Diseureud léntah. Léngkét maskét. Taya sudana. Bréh baliho. Peuntaseun jalan. Mister D ngabelenyéh seuri. Ngasongkeun pasini. Ciseupah ngabulaéh tina sihungna nu ranggéténg. Luk. Ngeluk alum, miyuni sayuran hareupeunana nu milu alum. “Hhhhh..,” ruménghap beurat. Paru karancang. Balas nyeuseup polusi kahirupan.

MORO

Kénging Deni Nursamsi
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 18:29:17

"Pegat ka wétan eeeuuuyy...." "Kade moblos.... " "uuuuuuuuuooooy"......
Sora ting gorowok dibarung ku ragégna anjing patémbalan kira- kira wanci pécat sawed di sisi gunung kuloneun bendungan Saguling.
Méh tiap poé minggu urang Cibitung indit ka leuweung pikeun moro bagong anu ngaruksak pépélakan maranéhna. Tara kurang ti saratus urang ngabring muru tempat anu saméméhna kabéjakeun aya tatanén anu diruksak sato anu sakapeng disebut bedul téa. Tiap urang mawa bekel séwang- séwangan mangrupa timbel katut asin peda jeung sambel, tumbak, bedog, jeung geus tangtu anjing.
...................
Asa gopét kieu Fikmin téh nya,...... ah éngké deui wé dituluykeuna.......

MAMARAS KATIRUK BALATI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 17:01:53

Kaguligah nu dibarung ku peurih kanyeri, gudawang lebah dada alatan katiruk balati, ngabayabah warna beureum maseuhan jagat, mulas uwung-awang ku warna getih, panon ngadadak rarang-rorong, upuy-apay muru panto nu geus nutup lebah simpé.

CANDI SULAEMAN

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 16:32:01

“Saha nu bisa ngawangun candi sapoé sapeuting?”
“Abdi sanggem, Kaula Nun” ceuk Jurig Gunung
“Aya anu bisa leuwih siget Saacan kami ngiceup?”
“Abdi , Kaula Nun” ceuk Jin Iprit saged.
Jleg. Hareupen Raja Sulaéman ngawujud Candi. Tilu tingkatan Kamadhatu, Rupadhatu jeung Arupadhatu.
“Cing pang nyieunkeun patung kami dinu pang luhurna.”
Geleber Hudhud nyampeurkeun.
“ Saéna ulah dipintonkeun. Ratu Bilqis moal resepeun.”
Sulaéman cengkat bari nyentak.
“Pindahkeun ayeuna kénéh ka Nagri Jawa. “ Iprit purat-pérot, patung nu pangluhurna diculkeun saayana.

Resi jeung puruhita narima titipan Iprit laju nyieun relief. Dina salah sahiji bagéan candi, aya gambar Hudhud, Ratu Balqis anu wera, jeung patung Sulaéman can jadi. Pantes, pamingpin sélér nagri henteu leupas ti “SU”

TATARUCINGAN 2

Kénging Eulis Watidihati
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 15:54:48

Barudak pasosore di Bale Imahna Nyi Omah keur ngariung tuluy
maranehannana baradami, yuk urang tatarucingan deui lah !!!
Somad : Naon “ basa inggrisnya kentut?”
Teh Wati : “Wind of change”
Somad : “Kentut teu disadai?”
Teh Wati : “Sound of silence”
Somad : “Kentut aya ampasna?”
Teh Wati : “Dust in the wind”
Somad : “Kentut kapaksa?”
Teh Wati : “Careless whisper”
Somad : “Kentut terhimpit?”
Teh Wati : “Please release me”
Somad : “Kentut bau banget?”
Teh Wati : “Killing me softly”
Somad : “Kentut malam hari?”
Teh Wati : “Wonderfull tonight”
Somad : “Orang sering kentut?”
Teh Wati : “Someone like you”
Oncom, Enjum, Ucup, Aceng, jeung Eha pada mesem-mesem,
kuriak da kuring mah teu ngarti kana basa Walanda mah ceuk si Ucup,
teu kireum-kireum nyeletuk ...

{{ Joglo, 01 Nov. 2012

KOPI BATOKAN

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 15:38:56

Turun tina Fèrry Gilimanuk-Ketapang. Treuk salak nu ditumpangan, teu langsung kebat neruskeun perjalanan. Ka Pasar Induk Kramat Jati. Galèong nyimpang di warung sisi jalan, wewengkon Alas Bulu. Jrut! Supir, kenèk jeung kuring tarurun. Ngadon reureuh. Rèt ka tulisan leutik na panto warung. Kopi Biasa Rp.5.000. Kopi Batokan Rp.50.000. Sapada harita kuring kerung. “Kang, kopi batokan geuning mani awis, naon bèdana?” Ngaharèwos ka kenèk. “Sami sareng kopi biasa, ngan ngaleueutna di lebet,” pokna bari nyèrèngèh. Kuring unggeuk, surti.

CEUK ANJEUN

Kénging Maya Pancanaka
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 15:26:53

Ceuk anjeun kuring teh panutan hate
Ceuk anjeun kuring teh pamaes hate
ceuk anjeun kuring teh malati nu seungit
nyamuang minuhan taman hate anjeun
masih keneh ceuk anjeun
yen kuring teh teu aya duana na hate anjeun
tapi naha anjeun beut mipit bentang nu lian....
NAHA......????

???????????

ANGIN PUYUH

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 15:15:04

Angin puyuh ngamuk di Balééndah, Dayeuh Kolot, jeung Ciparay. Angin ngacak-ngacak sababaraha suhunan imah. Kenténg, asbés, séng, kai ting kalayang ngarapung kabawa angin.
“Alhamdulillah, salamet, Yi. Mung mobil parényon katinggang kenténg nu murag ti langit. Lumayan yeuh ngoméannana,” ceuk Kang Wawan, lanceuk kuring di Ciparay, basa ditelepon.
“Syukur atuh ari salamet mah. Keun lah mobil mah gampang diomean.”
Haté teu reugreug sabab can aya kabar ti adi kuring nu keur kuliah di Ohio, Amerika. Disms teu ngajawab. Ditelepon teu nyambung. Di FB teu aya kabar. Hariwang atuh da angin puyuh alias badai shandy nu kamari ngalewat Ciparay, Dayeuhkolot, jeung Balééndah téh ayeuna keur murang maring di Ohio, New Jersey, Carolina, sareng New York.
Isukna kakara aya kabar ti Ohio di FB. “Alhamdulilah, Kang, teu nanaon abdi mah. Mung komunikasi sareng listrik kaganggu. Ayeuna nuju dilereskeun,” ceuk adi kuring.
Alhamdulillah, badai shandy teu nganganggu adi kuring. Eraeun meureun sieun kanyahoaan ngaran aslina di Ciparay. ***

TATARUCINGAN YUK

Kénging Eulis Watidihati
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 14:21:23

Barudak pasosore di Bale Imahna Nyi Oncom keur ngariung tuluy
maranehannana baradami, yuk urang tatarucingan !!!
EHA : " Naon basa inggrisna surat Apa ?"
ENJUM : "Dedi is - mail"
EHA : "upami Apa rindu perang?"
ENJUM : " Dedi Miss-war"
EHA : " Upami Apa beres-beres?"
ENJUM : "Dedi Dorest."
UcuP : Upami Apa paranormal ?
ENJUM : "Dedi Dhukun ... "
ACENG : " Upami apa tukang sulap ? "
ENJUM : " Dedi Corbuzier.
Aceng : " Upami Apa tukang Dodol ? "
Enjum : Meureunan Deddy Dooll ....
Si Oncom : Aya-aya wae maneh mah euy !!!

( Joglo, 01 Nov. 2012

PANINEUNGAN BRIGJEN W K URANG INDIHIANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 14:15:22

Opat taun ngumbara di NTB, karék dua poe nyelang balik ka lembur. Sono.
Pasosoré mariksa kebon kalapana, resep nempo buahna meuhpeuy dina manggaran. Ngolahna dipercayakeun ka Emangna, teu mubah, bisaan mulasarana. Sabot tatanggahan.” Jang bisa nulungan Nini teu? “ Dirérét. Nini-nini ugal-ugil rék ngais barangbang garing pisuluheun, teu kaawakan tayohna, beurateun. " Nyuhunkeun tulung naon Nini “ Pokna. “ Ieu Nini mawa suluh geus dibeungkeut, tapi teu kuat manggulna, karna Allahna Nini tulungan, pangmanggulkeun bawa ka imah Nini “. Teu loba carita, regeyeng suluh dipanggul, puguh wé ripuh, geus heubeul tara punggal-panggul. Ngaliwat bumina da jajalaneun, kulawargana jeung Asisten pribadina arolohok, ngan méré isarah, tong geruh. Anjog ka imah Nini. “ Beulah dieu Jang neundeuna “ Guprak suluh diecaggeun pelebah panuduhna. “ Nuhun Ujang ditulungan, ari ujang urang mana?, naon pagawéan? “ “ Abdi urang dieu Ni, padamelan tentara “. “ Baruk tantara?, heug ku Nini didu’akeun pisan, sing téréh jadi kopral “

TRIK

Kénging Syam Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 13:11:07

Panonna rut rét kana baliho pasangkeuneun. Pok ngomong ka tim suksésna. “Omat kudu ditempat stratéhis pasangna, Him!” Ohim ngacungkeun jempol. “Siap Bos!” Pokna. “Halah asa ngora deui euy, dipoto maké calana jin mah!” Gumasép hareupeun baliho. “Pan méh katingalina gaul atuh Bos, ieu téh trik narik simpati pemilih nu ngora!” Pokna deui. “Ari ieu kudu maké kamprét, iket barambang semplak maksudna naon?” Ditanya kitu Ohim séréngéh. “Euh ari si Bos, pan méh katingali nyundana atuh, matakna ngaran Bos diimplik-implikan akang kabéh!” Unggeuk-unggeukan tanda panuju. “Kadé nék nyalon mah kudu ngadadak soméah, tebar pesona téa Bos!” Ohim méré trik deui. “Trik éta mah geus dicoba Him, karombongan seserahan, déwék séréngéh sapapanjangna bari sasalaman!” Ohim seuri leutik. “Ari waragadna masih aya kénéh Him?” Bubuhan manéhna geus bébéakan. “Dana nu kamari pan érép paké nyieun baliho, acan béaya poster, stiker, temu kader!” Ngahuleng, ngarampa tarang, cicirihilan, ngulang-ngulang baliho, memerik si Ohim.

BULUKAN

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 13:08:15

Cécémpéh dikélék, léngkahna antaré, ngalénghoy mapay jalan rabat beton nu nyongkab panas sakadar dialas sendal capit sisirangan nu geus buladig ku kalilaan. Bala-bala, ganasturi, jalabria, cimplung, papais, mento, jawadah, longsong, jeung nu séjénna masih numpuk katutupan plastik sakebat nu misahkeun kabéhanana tina kekebul jalan.
Tiap warung disimpangan, ngudag harepan susuganan aya nu narima katitipan dagangan, tapi jawabanana sarua geus karéaan.
Léngkahna anjog di hiji palataran sakola, barudak récét pasulibrengan. Pating tarengo ningali barang dagangan bari karerung semu horéam, tapi ahirna pating laléos muru tukang dagang pizza, spaghéti, atawa gogoréngan aci nu lamokot ku saos jeung bungbu nu matak giung.
Poé ieu dagangan balik deui ka imah basajan nu jadi panginditan, éléh wewesén ku rupa-rupa kadaharan nu ruhruy dibalur kamajuan jaman.

TATARUCINGAN YUK

Kénging Eulis Watidihati
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 12:43:36

Barudak pasosore di Bale Imahna Nyi Oncom keur nagriung tuluy
maranehannana baradami, yuk urang tatarucingan !!!
EHA : " Naon basa inggrisna surat Apa ?"
ENJUM : "Dedi is - mail"
EHA : "upami Apa rindu perang?"
ENJUM : " Dedi Miss-war"
EHA : " Upami Apa beres-beres?"
ENJUM : "Dedi Dorest."
UcuP : Upami Apa paranormal ?
ENJUM : "Dedi Dhukun ... "
ACENG : " Upami apa tukang sulap ? "
ENJUM : " Dedi Corbuzier.
Aceng : " Upami Apa tukang Dodol ? "
Enjum : Meureun Deddy Dooll ....
Si Oncom : Aya-aya wae maneh mah euy !!!

( Joglo, 01 Nov. 2012

TANGKAL RAMAL

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 12:10:36

Neuteup kulit jaladri kikisik. Semu hurung katebak angin usum katiga. Angin nu nyriwik ninggalkeun tapak kaketir. Srangenge, di dieu tara méré carangcang tihang. Euweuh ciibun janari leutik jeung kalangkang nenggang tina baruang. Sanajan henteu manjangan, tetep hideung. Paneuteup cangcaya ngabulaéh tina biwir matana. Keusik mindah rupa, tina lamping jadi mumunggang. Ting rariak ngajadi lambak. Lalaunan mimiti nguwak-ngawik. Angin motah ngabuntang banting sagara kalangkang.

Tina puseur angin kaluar sirung, jiga nu dialungkeun ka sakuriling bungking. Gumalindeng humarewos kana ceuli.
“Jungjunan, tulungan. Hirup dina pangupa jeung rasa, geuning kieu balukarna”
Leungeun lalencop widadari, nanggeuy sirung. Mindahkeun ka sisi wahangan anu lendo.

“Ayeuna mah, hidep anu kudu pateah. Hirup moal nyampeurkeun sirung.”

Curucud, aya nu ngeclak tina sirung. Pel, antel kana lemah. Ngarangkadak ligar jadi tangkal. Tumuwuh matak betah anu ngiuhan. Akarna ngaranggeum dunya. Dahanna nepi ka langit. Buahna seungit jeung bisa diala najan usum katiga.

TALAGA BODAS

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 10:53:48

Nu ngaduakalian kadieu teh. Nyorangan ayeuna mah. Ngadon ngalamun gigireun tangkal cantigi. Ret ka wetan. Imut. Beuki lila imut teh jadi seuri. Seuri nu haneut, kahaneutan kalangkang Ncie nu opat taun katukang mamaksa ancrub ka tengah-tengah talaga.
"Nuju dimana, A?" Sms ti manehna. Kuring ngarenghap manjang. Tuluy mencetan kiped hape "Di dieu cie...nuju ningal kalangkang salira lulumpatan luhureun kawah, Hhe." Rada lila. 40 menit kakara hape ngageter deui. "A...punten, tadi teh pun lanceuk tos mulih ti kantor, teras pun anak hoyong dihuapan emamna." Teu dibales deui. Neuteup ka tengah-tengah talaga.

LEUWIH PINTER BUDAK SD

Kénging Dadang Ismatullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 09:57:03

Di hiji ruang rapat,
“Sabaraha harga semén teh sa-sak na kitu?”
“Lima puluh rébu Pa”
“Jadikeun genep puluh!”
“Ayeuna urang butuhna sabaraha sak?”
“Sarébu tujuh ratus sak cekap”
“Jadikeun dua rébu”
“Tuluy ayeuna lamun dijumlahkeun sabaraha tah angkana?”
“Genep puluh rébu kali dua rébu, janten saratus limapuluh yuta”
“Bener alus tah, jejeg ari kitu mah”

Palu ngetrok, sakabéh peserta rapat surak

TEU NYAMBUNG

Kénging Yatsu Drajat
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 09:25:09

kacaritakeun Iwan Hanjuang keur sasarap di hotel Marriot di kota Paris
Room Boy : "Bonjour"
Iwan Hanjuang : "Iwan Hanjuang" (pikir na nanyakeun ngaran)
Isuk na eta pelayan nanya deui kitu, nya dijawab na oge angger kitu.... Iwan Hanjuang panasaran naha geus dibejaan eta pelayan teh nanyakeun wae ngaran, nya manehna meuli kamus neangan hartina Bonjour, sihoreng harti na teh wilujeng enjing....euleuh geuning salah harti, sugan teh nanyakeun ngaran !
Ah isukan mah rek miheulaan nanya, ceuk gerentes hate na
Iwan Hanjuang :"Bonjour"
Room Boy :"Iwan Hanjuang" ..... cenah bari nyerengeh

SAPÉDAH…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 07:22:02

Unggal isuk. Dielapan. Sapédah anyar, kénging mésér Apa, bati nyurulung késang ngaboséh odong-odong. “Aa, naha teu acan dianggé waé sapédah téh?” Apa neuteup pinuh ku pananya. “Sieun..” Bari teu leupas ngelapan sapédah. “Jih, sieun kunaon?” Apa dongko gigireun. “Sieun ical!” Luk, budak tungkul. Masih kénéh kabayang, basa Bapa-na dijéwang kerah acukna ku Mang Sarna. “Mun isuk teu mayar! Tingalikeun siah!” Masih nongtoréng dina ceulina….

???

Kénging Reumis Janari
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 07:14:52

Isuk isuk kuring geus ngetik berita acara serah terima data sertifikasi ku majikan,
Ang Punten pang ngetikeun berita acara teteh rarepot, kitu pokna,
ku kuring di tik kalayan daria trus di print langsung di asongkun, teh mangga tah beres, ari geus di tanda tangan di ilo deui eta berita acara teh ku majikan bari nanyakeun ka kuring pokna" Ang naha samemeh tanda tangan make aya tulisan "manawi teh di pulo kapuk hehehe..kumaha ieu teh bari ngasongkeun,,??
kuring heran, si horeng begitu beres tadi meureu bari ngomen ,,,he

ALAH SIAH

Kénging Ageng Imam Nur M
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 06:54:11

"Mangga atuh dituang.Saaya-aya"ceuk Mang Agus.Ah da tara eraan,langsung we ngeduk sangu. Atuda deungeun sakitu lobana. Hayam goreng, lauk emas, opor, rendang,angeun haseum, soto, tuum peda, sate, malah aya lontong sagala.Kabeuki wungkul.
"Ngahaja nyenangkeun tamu tebih..,"cenah.teu sempet dijawab. Kuring mah anteng we cacamuilan.
Teu karasa beuteung asa teuas. Pinuh. Eungap. Hayang nginum. Kuring ngarongkong gelas na meja. Cilaka, kobokan katoel tamplok kana beungeut pisan. Puguh reuwas. Beungeut baseuh. Buuk cipruk ku cai.
Gurubug, kuring nangtung. Rurat reret.Culang cileung. Kamana kadaharan nu sakitu lobana bieu. Ngan kur aya si mamah melak cangkeng nyekel panyiuk kosong.
"Hudang...geus beurang...ngan sare wae...Jauh rezeki" Mamah nyentak.
Har,gening ngimpi...Meureun bieu teh dibanjur si mamah.
Ret kana kasur.Gebeg! Bantal kari sapotong.
Naon nu didahar ku kuring tadi???

BADAMI

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 06:33:58

Nu ngajepat dina ranjang dirampa. Diguyah-guyah. Gibeg. Oyag. Nompo ngaharéwos, “Gugah…tos siang. Pan tos jangji badé nganteur ka kota.” Ngedempleng. Teu empés-empés. “Panon poé tos luhur, rejekina séép ku hayam, énggal gugah..!” Teu nembal.
“Kumaha atuh..? Badé..? Ka mana..? Iraha..?” Pananya ngaréntét. Simbut dirurud. “Ciluk, baa..!” Gap, nu ngagolér dirawu. Digaléntor. Guguling lamokot ku lipensetip.

PANYAKIT NAHUN

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 05:59:15

Geus leuwih ti dua taun tatangga katibanan panyakit nu nahun hèsè ubarna. Geus kaditu kadieu nèangan landongna narèkah sangkan cageur sabihara bihari deui. Ku itu ku ieu teu aya nu cocok cenah. Mingkin dieu kalah tambah parna. Hatè rajèt kurang sarè. Tatu dina manahna alatan katembus jamparing asih nu can kungsi panggih. Kiwari baloboran getih gudawang nahan kapeurih.

GALO

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 05:45:45

Pagaliwota sagala aya. Dina pikiran, dina hatè jeung paripolah. Ceuk pikir hayang kieu jeung kudu kitu. Ceuk hatè bisi kieu jeung sieun kitu. Paripolah kitu salah kieu salah.

OMONOIA

Kénging Tata Otong
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 04:48:15

"Willem !, malem minggu euy ! boga acara ? Rek kamana ? Si Tommy nanya. "ah paling ka teh Mimi, hayang ngobrol jeung si Maya" ...ah silaing mah hayang dahar gratis bari ngobrol jeung nu bahenol....terus menta 'krasi'...mulung muntah nya ! Mending ka Omonia yu ! ah sangeuk....terlalu vulgar....jawab teh. Eh urang ka Viktoria we yu ?
Akhirna nya geus ganti baju rangkep, pake jaket tebel teu poho sarung tangan jeung sal, da diluar hawa tiris...8 der.C.
""Urang papay cing imeut, mun teu kuat mah kumaha maneh, dewek mah panasaran ka urang greek, sombong ! sok jual mahal ! Tembal si Tommy.
Auzubillahimindalik....ckckcek....mun di urang mah pamaen sinetron kabeh....rata2 bra jeung cawet bae....percis patung Dewi Venus....
Pas asup ka urang greek na eta mah ku gaid teh..."greek only please !"....dasar narsis ! si Tommy ngagerendeng bari kaluar ti salon.
Pas balik, hate miris...duh geuning di nagara moderen teh kahirupanana siga sato...

BETAH

Kénging Ridwan Iskandar
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 04:21:24

Balebat geus ngaliwat, halimun geus mimiti peuray. Sihoreng wanci geus manjing subuh. Emh Gusti.. tos subuh deui, cikeneh subuh kamari ayeuna tos subuh kiwari.. Gusti geuning betah di alam dunya teh.. buktosna wanci nyerelek teu karoris.. Hatur nuhun Gusti..

DUNYA AHENG

Kénging Tata Otong
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 03:18:52

....aduh Maji ! silaing mah balangah wae !... poe ieu urang rugi hasil jual munding teh, gara2 nubruk tukang bajigur didaerah Cikudapateuh da si Maji na bengong nempo madam londo make baju yukensi. Duit hasil jual munding kacotet ngagantian tanggungan bajigur.
....nyaaaak....dor-dor-jelegur....si Maji paparetot salumpat lampet neangan panyumputan....harita jaman Jepun di Kadipaten.
....hayang seuri sorangan, pas keur jalan2 di Lower Hurt, 20 mil ti Welington,..baheula bapak aing di Bandung olohok ningal bule kelek jeung tonggong buligir....ka alaman ku anakna gaul jeung mojang bule....baluligir di musim summer teh.
...... Sabaraha bpd crude oil (barrel per day) kapasitas B-25 teh Badri ? Harita keur survey lapangan di Muara Badak, Kaltim.
Memang dunya teh aheng, bapak jadi tukang ecer kerosin, anakna malahan jadi kuli di salah sahiji production sharing Pertamina. Nuhun Gusti, pangalaman bapak....kalaksanakeun ku anakna...

KU TEGA

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 01:42:34

Geus sapuluh poe nyangu ngan haseum wae , padahal ngisikan teh digesah nepi ka seuseut. Cek kolot baheula eta teh kila-kila atawa totonden, hate asa loba ngaleketeyna panon cumalimba asa sararedih nu teu puguh sabab musababna.
Poe ieu si lengser turun digiringkeun panakawan leutik dipirig kacapi suling dituturkeun kunu gulak-gilek, lagu hate anu sumbang paroman nu cumalimba.
Duh kuhayang mah ninggalkeun ieu pakalangan nu teu puguh alang ujurna.

TITANIC

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Novémber 2012 00:49:34

Ti Southampton tumpak kapal Titanic. Niat mah rék ngajugjug New York. Kabagéan kelas ékonomi. Di anjungan, keur anteng nitenan sagara nu midangkeun cahaya bulan, jol manéhna. Wawanohan. Isukna, wanci tengah peuting, kuring jeung manéhna nurunkeun sekoci. Duaan tumpak sekoci. Nunutur rasi béntang Crux. Bras ka Selat Sunda. Kiwari, kuring jeung manéhna bumén-bumén di pulo kiduleun Selat Sunda.