Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Juni 2012 (48 Naskah)


CEURIK ANJANI-3

Kénging Akang Uluz
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 23:57:43

ANJANI ngadaweung sisi bangawan, cimatana ngeclak ngabeureumkeun cai nu umpal-umpalan ngajadikeun caah getih. "Dasar awewe teu boga kaera....!!!!!! salaki aing mah tong ge sina mabok Martini, dalah keur warasna ge beger kabina-bina." jerit Anjani. Sorana ngancurkeun gunung, ngaduruk mega, nyaatan sagara. "Hiji mangsa ku aing dijieun dongeng kalakuan sia teh, " ceuk Anjani bari ngeupeulkeun ramo-ramona. Shinta teu apal gapura wirang geus aya di hareupeunana.

KI ANDILAWA 4

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 23:39:58

Geus dua jam kuring ngajanteng. Neuteup ka hareup bari manteng. Panto nu pias pulasna, diketrok deui. Ngan simpe nu kapireng jentre. Saung hieum. Dua pajaratan gigireunnana.
"Tepungan babaturan Mama. Ngaranna Ki Andilawa. Paluruh elmu Alip ti anjeunna." kitu ceuk guru kuring. Kalimah panuntung nu kapulung.
Poe nyerelek ka sore. Wanci mimiti niisan. Mangpirang sora ngaweuhan tina unggal tatangkalan nu ngajajar mageran jalan.
Sabot angin ngahiur ngadupak mangsa, ti antara dua pajaratan nu tetenggerna ngahideung peteng, aya haseup nu ngelun. Hejo. Lila-lila ngawujud jadi hiji jalma. Awakna rengkung. Sorot panon nu ngalayung. "Bagea anaking...bieu, bieu pisan. Kuring panggih jeung guru hidep." ceuk eta wujud. Tuluy robah deui jadi haseup. Ilang, teuing ka mana. Luhureun taneuh, tapak nangtungna, aya salambar daluang nu ngempur cahayaan. Lebah tengahna aya tulisan "Tina Mim kana Alip, aya 6666 hurup nu kudu disungsi."

HITLER 1

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 23:10:31

Kakeuheulna ka urang yahudi teu leungit ku itungan mangsa. Nepikeun ka dirina diangkat jadi pamingpin. Harita pisan némbrakeun kaijidna. Manéhna nyiptakeun méga proyék. Pembantaian. Duka teuing sabaraha juta urang yahudi nu dijadikeun tumbal kahayangna. Teu nilik kana umur, rék kolot, rék budak, awéwé atawa lalaki, kudu tunduk dina kageuleuhna. Teu cukup ku kitu. Dirina sorangan ngarasa turunan aria, nu ceuk pamikirna leuwih onyoy batan nu lian. Taya salahna upama seug pangeusi nagri gé kudu dibinasa mun perlu, sangkan teu sareukseuk diténjona. Matak naon ganti ku jalma nu karasép, garagah, gareulis. Sangkan kabongbroy nu neuleu. Mun perlu. Mémang perlu, nyieun tempat husus keur ngumbar birahina nu karasép jeung nu gareulis. Da nu penting mah lain urusan sahwatna. Perluna bibit nu haradé sangkan Jérman teu didéléh ku sabeulah mata. Ogé kacida kuduna ngarurug nagara-nagara lian. Démi némbongkeun diri salaku bangsa nu dipikagimir, dipikagigis, dianggap gagah. Opat usum lumaku silih genti. Dina kaayaan tiris nu ngarurub awak. Dak-dumadak haténa méotan.

LAMPAR

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 22:56:18

Isuk-isuk wanci mumuluk, kuring jeung babaturan nu keur tugas ka Jambi sasarap empé-empé. Teu ngarumas ieuh da geus dilatih sangkan teu gumantung kana sangu. Jam sapuluh take off mulang ka Jakarta. Ngan sajam dina pesawat, kadua jamna nepi ka kantor pusat. Datang-datang téh langsung Jumaahan. Sanggeus nyérénkeun laporan hasil kunjungan kerja jeung dahar di kantin, kuring amitan rék meakkeun ahir pekan di Tasik. Hayang geura nepikeun oleh-oleh keur adi-adi. Sok bagja nyaksian nu moro-moro, resep eutrakna. Kasampak Amih sareng Apih nuju ngariung jeung adi-adi, maranco kana liwet nu kakara asak. Ngahaja, surna teh, nyadiaan kuring. Atuh brak wé mayor. Tétéla sapoé ieu mah beuteung teh lampar kacida, sasarapna di Jambi, dahar beurang di Jakarta, dahar peuting di Tasik.

OBSESI NU TINGGALEUN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 22:55:44

Manéhna kabeurangan, lalajo télévisi tepi ka janari, antukna penyiar televisi lalajo manéhna kasaréan dina korsi panjang. Tas mandi gesut disalin, rusuh, ngoncikeun panto, miang. Leumpang mapay gang. Pelebah pengkolan. Gebeg. Aya anjing gédé keur saré. Tileueutik manéhna sieun pisan ku anjing téh.
Manéhna ngarandeg. Anjing huluna cengkat, ngarérét kamanéhna, saré deui, meureun ngimpi dipepende widadari. Bingung, sieun. Panon poé, mimiti morérét.
Manéhna mikir, anjing pura-pura saré, kawas manéhna keur leutik, lamun dititah ngapalkeun ku indungna, sok ngadadak tunduh. Bongoh belenyeng wé ulin.
Manéhna ngadagoan anjing indit, ari anjing, atoh wé, aya nu ngabaturan
“ Cép anjing, nyingkah atuh saréna ulah didinya, anjing bageur” Gerentesna. ,Rumegog, panon teu lesot mencrong. Anjing cengkat, kikiplik, tuluy... sare deui.
Wanci nyerelek beurang, késang kokoprot, anjing, manéhna, tatarucingan, saha nu rék ngéléhan. Antukna ,nekad, taki-taki, ngawahan, serebet lumpat.
Anjing ngudag, gerewek ngegel bitisna. “ Tulung, tulung, gedebut, ragrag kana ubin. Helok, gigisik, kapireng. Penyiar televisi digégél anjing.

KOPI KREASI BARU

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 22:34:25

Lumayan lila nyemah teh bubuhan ka batur akrab basa keur SMP nu geus lila teu panggih. Sabot ngobrol ngaler ngidul bari ngawadul pamajikannana hideng nyuguhan cikopi. Atuh puguh we tukang udud disampakkeun cikopi. Klop pokona mah.
" Ditampi atuh kopina !" Ceuk pun uing bari ngaregot . Meunang tilu regot asa rada-rada apal rasana. Bet asa kopi nu mahal tea.
" Wah pedo Lur , jigana kopi luwak ieu mah ?"
" Ah lain atuh ieu mah kopi meunang ngolah sorangan. Tapi da cara ngolahna mah ampir sarua jeung kopi luwak. Ngan bedana teh ari kopi luwak mah buah kopina diparabkeun heula ka careuh. Ari ieu mah kopi nu asak tina tangkalna teh langsung diparabkeun ka ucing "
" Beuuuu....jadi ieu teh kopi ucing ???"

KOPI KREASI BARU

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 22:33:00

Lumayan lila nyemah teh bubuhan ka batur akrab basa keur SMP nu geus lila teu panggih. Sabot ngobrol ngaler ngidul bari ngawadul pamajikannana hideng nyuguhan cikopi. Atuh puguh we tukang udud disampakkeun cikopi. Klop pokona mah.
" Ditampi atuh kopina !" Ceuk pun uing bari ngaregot . Meunang tilu regot asa rada-rada apal rasana. Bet asa kopi nu mahal tea.
" Wah pedo Lur , jigana kopi luwak ieu mah ?"
" Ah lain atuh ieu mah kopi meunang ngolah sorangan. Tapi da cara ngolahna mah ampir sarua jeung kopi luwak. Ngan bedana teh ari kopi luwak mah buah kopina diparabkeun heula ka careuh. Ari ieu mah kopi nu asak tina tangkalna teh langsung diparabkeun ka ucing "
" Beuuuu....jadi ieu teh kopi ucing ???"

BADÉGA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 22:15:14

Juragan Karta tiap tanggal dua likur ngabagikeun gajih ka badégana téh. Ti mimiti nu ngurus imah nepikeun kanu ngurus kuburan kulawarga. Wanci sariak layung biasa dikumpulkeun di rohangan tepas nu ublug-ablag. Kabéh gé taya nu wani diuk dina korsi empuk, kajaba sarila luhur karpét beureum bari ngareluk kawas togé. Laju manéhna nyebutan ngaran badégana. Song duit. Léos kaluar. Kitu jeung kitu unggal waktu. Tihang taun kaliwatan. Kabéh badéga geus alanyar. Taun isukna geus lian deui. Sedeng Dirina Angger Juragan Karta nu baheula, nu loba harta banda, sarta wuwuh gagah, kawas teu robah. Aya éta gé badéga nu maneuh. Saurang. Tukang ngurebkeun. Sakaligus ngajaga makam. Sakapeung tatanggana sok ngarasa hémeng. Naha kamarana badéga nu jumlahna lain saeutik? Waléh teu manggih jawaban. Tatanggana panasaran. Laju tataros ka Mama. “Hirup katungkul ku pati, paéh teu nyaho di mangsa,” walon Mama. Ngaheneng. Manéhna ngadéngé kitu téh beuki tarik mikirna.

HASIL UJIAN NASIONAL

Kénging Teti Mardiana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 21:40:31

Aya reueus, aya peurih, aya kuciwa minuhan dada basa ningal hasil UN-na. Reueus pedah peunteun sakitu teh ladang jujur. Peurih ningal nu sapopoe maen PS, tara diajar, tukang bolos tapi hasil UN-na ngajaul. Kuciwa lantaran rata-rata dalapan kiwari, teu manjing keur daptar ka sakola negeri.

BANGKÉ SIRAH

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 21:35:12

Ti isuk ungas-ingus lebeng teu kapanggih. Beuki beurang beuki melenghir. Sagala dibukakeun sagala disingkabkeun. Weléh teu kasampak urut-urutna acan. Léos indit ka luar,sugan rada hégar. Tapi naha rarasaan téh asa beuki sanget baé kana irung. Asa ti lebah imah tatangga ngahiekna. Éh, asa ti lebah dapur deuih. Irung uing kitu nu geus teu waras? Ah pan tadi gé bisa kénéh ngabédakeun bau sabun jeung bau karbol nu dipaké ngabanjuran lanté dapur.
Kasorénakeun nu pepelenghiran beuki pangseng. Beuteung asa dipurilitkeun. Sirah asa dirojokan. Orolo! Orolo! Eusi beuteung kaluar kabéh. Gedig kaluar, nyingkahan bau nu kacida matak lendengna. Gebeg. Di luar, disaban imah, jalma-jalma nu baralik sakola. Nu baralik ngantor. Suk-sok narunda sirah nu digembrong laleur. Sirah nu jaradi bangké. Gap nyampa sirah sorangan. Gustiii horeng....!!!

ASIKNA MAÉN ANGRY BIRD

Kénging Arif Syamsuri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 20:11:09

Mang Warno keur jongjon ngabersihan kandang manuk di buruan, di tepas Cép Igan anakna keur ulin numpuk-numpuk buku, dijieun wangunan.
“Pa, urang maén angry bird yu?, bakal asik geura” Cep Igan nyampeurkeun Bapana.
“Hayu ... kumaha carana?”
“ Gampil Pa.” Ceuk Cép Igan bari ménta manuk kenari nu keur dicekel ku bapana, tuluy dibalédogkeun kana tumpukan buku, geleber waé manuk téh hiber kaluhur teu balik deui.

ANGIN

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 19:27:06

Méméh kebat nyanglandeuh muru lelegok janari kasubuhnakeun, angin bet ngarandeg deui lebah tunggul hanjuang, labuh ampir nyiluuh deui kasarimped akar kalangkang nu tingtonggérak tutas kahujanan soré kamari.

Nyileuk deui lamunan, ngoréhan gurat2 lalakon nu ngagalalur handapeun kalakay, néang jugang nu teuing hésé palidna.

Aya cimata lebah legok tapak dampal salira, ngeyembeng marengan sabaris kalimah.

"Asih kanggo salira"

KEROK

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 19:13:50

Lain teu bisa ngitung. Bubuhan ti leuleutik diajar raraban jeung forem. Malahan utang-itung mangrupa kakalian atawa bagi mah leuwih gancang batan kalkulator. Kitu deui lebah ngajumlah atawa ngurangan. Ngan sarupa lebah ngitung mundur teuing kumaha sok tisoledat. Tong boro ratusan, dalah welasan atawa puluhan oge mindeng kerok.

Taun ieu teh kakara milangkala nu ka opatpuluh. Dititah ngitung mundur kalah murungkut. Belenyeng kana laci meja. Kakaratak bangun aya nu diteangan. Teu kapanggih. Ruwal-rawel kana rak buku nu meres. Merenah jajaranana. Puguh ipis kandelna. Teu paculcelan luhur handapan. Rapih. Tapi asa rapih teuing siga arang langka dibaca. Sakadar papaes. Lebeng.

"Kapanggih?
"Lapur."
"Kumaha atuh?"
"Teu bisa kumaha. Rumasa. Pasrah wae."
"Pasrah teu cukup. Moal jadi matak ngudar masalah. Istigfar. Laju indit dina petengna peuting. Najan sajorelat. Bisa anjog ka langit ping pitu."

_________ Lembur 11071432

SADO

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 19:10:31

Nyaan euweuh kabosen. Sakitu tadi sore haben kukurilingan. Numpak sado aya kana opat rintakan. Peuting ieu, rek indit ngalongok alo nu keur gering oge tangka dipuraetan.
"Hoyong numpak sado mini..., Aa Bintang oge numpak wengi kamari," cenah, bari sirahna lunga lengo wae ka jalan.
Hemeng sakedapan. Sado mini ti mana horeng. Asa can aya di komplek ieu mah. Kungsi nempo sotenan di tipi.
"Nu ku domba tea nya?" satengah cangcaya nanya teh. "Sanes da, ku kuda anakna, tandukna kitu tah...," ngomong kituna teh bari leungeun duanana diranggahkeun luhureun sirahna.
Sajeroning seseblakan,Leungeun budak teh tuluy diturunkeun. Laju nyabak tarangna. Gebeg. Hareeng geuning.

SI JÉKÉT ORANGE

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 19:05:25

Jam lima isuk-isuk. Nyarandé di buritan. Arang nu papaliwat. Nyalsé nyérangkeun Srangéngé meleték. Lima méter ti gigireun, deukeut sekoci katuhueun kapal, aya nu datang. Mojang. Manéhna ngagibegkeun sirahna. Rémana nyingraykeun buuk ngarumbay. Gep kana pamuntangan. Nyangheuy mencrong ka wétan. Panasaran. Asa kungsi panggih. Dimana nya? Nilik keureutan beungeut, sidik manéhna. Nu kamari soré di Réstoran Padang, Tanjung Pérak. Lebah baris kadua méja tukang. Réstoran can ramé. Jongjon ngawaskeun. Nu pesen jus sirsak. Biwir ipisna nyuruput jus. Jékétna gé sarua. Jékét kaos kupluk orange. Nu meulit beuheungna. Halisna kandel. Bulu ipis ngabaris mapaés kulit leungeuna. Bitisna moal teu buluan. Ngan kahalangan Lévis biru. "Nyorangan kitu?" Sorangan di réstoran gé! Rék ditanya. Lebar keur ngumbar teuteup. Torojol Si Hamad maling ténjoan. Geduk nyigeung angen. "Manéh mah ti tadi ukur dipelong!" Koloyong ngadeukeutan. "Éhém! Éhém!" Nu anteng kagebah. Rét ngalieuk. Nyéréngéh. Manéhna ngabelenyéh. Tambah gedé haté. "Pun Hamad, asli ti Bandung!" Ngajak sasalaman.

SAPADA SAJAK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 18:38:17

Teu karasa geuning, umur rumah tangga kuring jeung Kang Raka teh geus nincak sataun, pas dina poe ayeuna pisan. Ret kana beker katempo geus nuduhkeun jam tujuh leuwih. Gura-giru ngahaneut-haneutkeun pasakan, angkanan teh rek nyadiakeun nu jadi salaki dina suasana nu romantis.
Beres ngahaneut-haneutkeun, terus dikana meja makankeun, dialus-alus neundeunna ge. Karek ge beres, kadenge aya SMS, dibuka ti Kang Raka, ngabejaan mun peuting ayeuna balik rada telat alatan ngalembur heula.
Teu karasa, geus jam salapan deui, karasa panon teh geus tunduh, malah lelenggutan sagala, antukna les weh kasarean. Hudang-hudang jam 12 leuwih, puguh we reuwas. Jung hudang ka rohangan tamu, kasampak Kang Raka geus tibra. Ret kana meja aya sagagang kembang jeung amplop. Kop kana amplop laju eusina dikaluarkeun, salambar kertas warna biru nu geus dipapaesan ku sapada sajak, laju dibaca, kuring imut.
Jungjunan.....,
Engkang mung tiasa micinta salira kalawan basajan
dina ranggeuyan ungkara katresna kanggo salira

KARETA HANTU MIRANDA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 18:26:21

Tadina kareta teh can make ngaran. Da can jelas saha nu bogana. Jeung saha nu rek tumpakna. Urat beuheung konekturna geus mehmehan rek pegat. Balas gogorowokan di unggal setatsion neangan tukang niupan piriwit. Padahal ampir kabeh jalma geus patingcorowok. " Miranda,Miranda,Miranda....!" Cenah.

NU REK KA BALE NYUNGCUNG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 18:14:25

Pa Sastra jeung Bu Anis neuteup anakna, Rani nu isukan rek dirapalan. Bungah campur sedih rek ngawinkeun anakna teh, bungahna ngarasa bagja alatan nu jadi anakna meunangkeun jodo nu leket kana ibadahna bari pangusaha nu kacida suksesna, sedihna, enya dihenteu-henteu ge geus tangtu mun anakna kawin teh pasti dibawa ku salakina.
"Anaking, Apa mah teu weleh mere pepeling, muga dina ngambah rumah tangga teh tinemu bagja, prak geura muji sukur ku jodo hidep, jodo paparin Pangeran, tong ngarepkeun kabeungharan jiga Nabi Sulaeman mun hidep rumasa teu sageulis Ratu Balqis, malahan tong ngarepkeun salaki nu kasepna nandingan Kangjeng Nabi Yusup, mun hidep teu rido, iklas bari tulus lir Zulaikha......" ceuk Pa Sastra bari ngusapan Rani.
"Tah enya geulis kasauran Apa teh....." ceuk Bu Anis bari ngalimba. "Teu kudu neangan salaki nu sampurna sagala-gala, sok komo sampurna sapertos Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah, moal aya geulis, tingal mah kageulisan lahir batinna Siti Khodijah, conto sumerah pasrahna anjeunna ka nnu janten caogena, numatak geulis ka salaki teh kudu satia satuju, nu jadi salaki teh apan imamna rumah tangga...."
Rani ngarenghap bari nyusutan cimatana. karasa usap nu jadi indung bapana estuning usap nu pinuh kanyaah.

NU REK KA BALE NYUNGCUNG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 18:04:49

Pa Sastra jeung Bu Anis neuteup anakna, Rani nu isukan rek dirapalan. Bungah campur sedih rek ngawinkeun anakna teh, bungahna ngarasa bagja alatan nu jadi anakna meunangkeun jodo nu leket kana ibadahna bari pangusaha nu kacida suksesna, sedihna, enya dihenteu-henteu ge geus tangtu mun anakna kawin teh pasti dibawa ku salakina.
"Anaking, Apa mah teu weleh mere pepeling, muga dina ngambah rumah tangga teh tinemu bagja, prak geura muji sukur ku jodo hidep, jodo paparin Pangeran, tong ngarepkeun kabeungharan jiga Nabi Sulaeman mun hidep rumasa teu sageulis Ratu Balqis, malahan tong ngarepkeun salaki nu kasepna nandingan Kangjeng Nabi Yusup, mun hidep teu rido, iklas bari tulus lir Zulaikha......" ceuk Pa Sastra bari ngusapan Rani.
"Tah enya geulis kasauran Apa teh....." ceuk Bu Anis bari ngalimba. Teu kudu neangan salaki nu sampurna sagala-gala, sok komo sampurna sapertos Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah, moal aya geulis, Tingal mah kageulisan lahir batinna Siti Khodijah, numatak geulis ka salaki teh kudu satia satuju, nu jadi salaki teh apan imamna rumah tangga....
Rani ngarenghap bari nyusutan cimatana. karasa usap nu jadi indung bapana estuning usap nu pinuh kanyaah.

LAIN REK NGANYERIKEUN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 17:02:52

Sakapeung mah sok teu ngarti, enya, asana can kungsi kuring mere harepan ka manehna. Eta ge lain teu nyaho mun manehna miharep kuring, tapi ari kuringna embung, naha salah mun kuring ka bale nyungcung jeung batur, asana teh da teu salah, sok komo nepi ka niat rek nganyenyeri mah, paralun teuing. Komo deui kuring nyaho, mun manehna teh boga anak pamajikan, tada teuing nyeri hatena, enya da kuring ge awewe atuh, boga perasaan, asa piraku deui kuring rek nganyerikeun ka nu geus boga salaki. Tapi kuring ngarasa heran jeung teu ngarti, naha manehna bet nyarita, cenah nyeuit keneh kana ati pedah kuring kawin lain jeung manehna. Teu ieuh dijawab, pek teh teuing rek nyerieun hatena ge, enya, dihenteu-henteu ge kuring teh awewe, piraku deui kudu kawin jeung nu boga anak pamajikan.

ALBEUM POTO SAMAKBRUK

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 16:50:48

Kasémahan ku Ki Sobat. Pangangguran ngoréhan albeum poto samakbruk nu ngagolér handapeun méja. Ngaran-ngaran samakbruk; aya poto kulawarga, tatangga, nepi ka nu teu wawuh. Aya poto jaman kiwari, bihari nepi, ka jaman séjén.
Ki Sobat nunjuk. “Ieu poto naon, ngabelegbeg hideung jiga kalangkang?”.
“Eta, poto nu rék tunangan, ngan bolay”.
“Moal bina jaluna kacrut, gableg anak pamajikan”.
“His, lain lur…awéwéna nu ngabedokeun”.
“Bisa kitu awewe?”.
“Da ceunah, mun terus diangsrodkeun ka balé nyungcung, jadi ‘aib’, matak ka tiban balai”.
“Mmm, Saha ngaranna eta awéwé?”.
”Ah, moal dibejakeun bisi mulung muntah, pokona geulis wéh”.
“Moal atuh, saha ngaranna?”. Ki Sobat maksa.
”Tapi omat ulah geruh”.
“Dijamin tah moal comel”. Ngacungkeun guntawna.
Kuring culang-cileung bisi aya nu ngadéngéeun. Ngaharéwos ditompokeun kana ceuli Ki Sobat. “Dayang Sumbi”.
“Ah, ma…”. Teu kebat.
“Ssssttt…ulah geruh!”.
*****

SEMAR

Kénging Irawan Babéh Lova
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 16:12:19

Horéng Semar téh teu sakti manggulang-mangguling, sakumaha nu salila ieu dibayangkeun. Regot kana cai hérang haneut kénéh, tuluy dikekemukeun. Gidig Aki-aki kahot téh bulak-balik ti dapur ka tepas imahna. Astrajingga jeung adi-adina bati olohok nempo kalakuan nu jadi bapana. Ti isuk-isuk Semar teu beunang ditanya, matak bingung batur saimah. Di buruan, warga sakampung pabuis rék ménta tanda asta, jang dina surat panganteur nyieun KTP. Nu keketrok, nu noong tina kaca ka jero imahna, nu gegerendengan malah nu gogorowokan diantep. Poé geus éréng-éréngan. Gedebrag, gedebrug, sora hateup dibalédog, bilik diteunggeulan. Semar molotot, panto dibuka. “Goboog, gayeyo siah!Nya ceu kajeuyeu?aing céh keuy nyeuyi hunctu..haduuuh!”ngomong bari nyekelan sabeulah pipina. Teu lila ti kitu, kudupruk Semar rubuh. Astrajingga jeung adi-adina reuwas, muru nu rubuh. Katuturkeun ngagimbungna warga. Ditungtungan kunu ngajerit.”Bapaa…Innalillahi....!”Astrajingga jeung adi-adina cireumbay.

PANTES

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 16:03:09

tak tik tok, Ningali pangadegmah, asa piraku manehna maling. tik tik Dedeg sampe rupa hade. tek tik Lubak libu loba lebok. Jeung asa teu pantes lamun ukur di hukum dua satengah taun. "Na silaing pantes kitu?". Rungah-ringeuh, "sahaaa?" ukur aweuhan, jep simpe.

ALMENAK

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 15:06:25

Ninycak tanggal hiji bulan ka genep taun ieu.Karasa awak asa pasiksak,tuur nyoroncod,tetempoan teu bengras. Manahoreng dina almenak di kamar kuring :" poe kemis dina saminggu aya dua ".Kabeh oge pada apal,batur sadapur jeung sakasur mah cadu menta pantang nolak.

SALAH POK

Kénging Nining Mulyati
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 14:38:09

Basa budak datang kuring keur solat. Budak teh gek diuk gigireun, nungguan . Teu wudu solat teh rada ebat, pikir teh ieu budak pasti aya kahayang, pasti aya pamenta. Barang ningali kuring salam ka kenca jeung ka katuhu, na ari pok teh," Maneh enggeus solatna ?"... eeeeh naha nyarios teh! ceuk kuring bari ngacungkeung curuk. "Mama hilap ! punten ma... punten ma...

LILIN

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 14:34:15

Teuing bet asa kualon ngamalirna waktu, ngembat lalaunan neureus ngajugjug mumunggang peuting, simpé meureut rasa nu cungelik anteng ngumbar kalangkang nu nambah gumuleng nalikung genyasna cahya lilin nu kakalicesan katebak angin.

Tambah anteb lamunan nembus waruga lilin nu nungtut leyur kapanasan, atra ayeuna mah maksud kalimah si Bung téh .

"Pama andika geus bisa neuleuman peuting, andika baris bisa nénjo cahaya sanajan éta cahaya téh kacida leutikna, ti dinya andia bakal surti hartina rasa jg parasaan, pan aya rusiah mun andika bisa macana, aya isarah ihlas dina sagagang lilin."

Lamunan kagebah, janari nanceb na angen angen, nyesakeun tapak sagagang lilin ngalémbéréh dina taneuh kareumisan.

JURIG CAWALKOT

Kénging Oyok Progcorp Arafat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 13:53:05

dina peuting malem jumaah harita manehna ngerem ngadadak motorna disisi jurang lantaran sidik pisan manehna cikeneh ningali jeung ngadenge gambar-gambar beunget nu dina baliho anu sakitu gedena ngomong ka manehna make sora anu ngaguruh jiga sora buta hejo "kade ujang ulah salah pilih .. pilih mamang nu bakal kabagjaakeun hirup hidep" ... terus gambar etateh lila lila jadi haseup ngaleungit ka awang-awang nu nyesa tingal gambar jelema nu dikaropeah nu ngajak seuri.

ah teu rame

KARÉTA 1

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 13:39:30

Luhureun erélna nu pireu. Karéta urang geus ngadago. Ngabedega dina adeg-adeg nu sayaga. Niiran kala demi kala. Nyawang tangara ti nu bakal datang. Papastén. Isuk jaganing géto. Sabot hatongna ngalanglaung. Urang paheula-heula. Muru karéta séwang-séwang. Dina hatong panungtung. Saban karéta mangprung dina kuluwung waktu. Teu kahalang najan ku mangpirang kalang. Nu nyésa ukur lambaran kekebul. Panineungan kulawu. Jeung haseup hideung di langit biru.

IMUT MANÉHNA

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 12:49:28

Panonpoé. Ngoréjat. Kagareuwahkeun ku nu ngocéak. Ditéma ku rampak bangingik. “Maaf” ceuk dokter bari muka masker jeung sarung tangan. ”Saya sudah berusaha maksimal” pokna bari pak pik pek mérésan parabot. Neulis, budak panggedéna nu poé ieu rék dirapalan, nginghak dina dada pisalakieunna. Geus meunang dangdan. Geulis. Kawas indungna. Sisi dipan, si bungsu ngagukguk. Taya soraan. Kamelang indungna basa baheula rék mulang. Anak lalaki hiji-hijina, nu ditakdirkeun teu bisa nyarita. Nu panengah, gagauran dina sepiker hénpon uwana. Tayohna handeueul. Teu bisa nyelang balik. Emang, bibi jeung uwa barudak ogé pating salegruk. Nyeungceurikan galur takdir dulurna.
Méméh kaluar, dokter malangkeun teuteup ka juru kamer. Nyelapkeun imut dina biwir indung téré barudak.

JUNI

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 12:45:40

Geulis panutan akang, bulan juni teh lain ukur milik Uwa Sapardi Djoko Damono. Urang ge boga hak kana bulan Juni. Geura hayu urang huhujanan deui, nyawang mangsa katukang:Huhujanan, mengbal, tataranjang, mandi ku cai talang imah.

Geulis jungjunan akang..
talang imah geus euweuh geuning, mun mengbal komo ditataranjang pasti era ku batur, hayoh disebut nu gelo. Kumaha mun didieu weh, di juru kamar:Huhujanan, mengbal, tataranjang, mandi ku cai kanyaah...

ANJOG

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 12:32:56

Lalakon cinta. Jeung anjeun. Babarengan. Ngajajah lampah. “Demi cinta!” Lunta. Nyingkahan kateudoa indung bapa. Susulumputan. Sakaparan-paran. Hirup di jalan. “Cinta nu nganteur urang tepi ka dieu” ceuk anjeun basa geus jauh ti lembur. Ngajak bumén-bumén. Mageuhan beungkeutan rasa bari diajar usaha. Suhud. Dibarung asih. Teu burung hasil. “Alatan cinta urang bisa kieu téh” sagurat imut, ngawalon haréwos anjeun. Deker deui. Nuluykeun usaha. Mingkin pageuh. Mingkin riweuh. Mingkin paciweuh. Ngangkleung dina kalangenan séwang-séwang. Anjog ka tungtung lalakon. “Cinta!” Tatag anjeun ngawalon patakonan hakim. Nembrakeun alesan pangna wani maténi salaki.

DAWALA TIWIKRAMA

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 11:46:50

Beletak Dawala ditéké ku si Cépot tarik naker. Ajooooouw, cék Dawala nurutan Resi Kombayana nu keur muriang asup angin balas ngaronda teu puguh dimangsa. Ceuk aing sia téh tong deukeut teuing ka aing, sakalina aing eureun silaing nubruk ka aing kitu basana Cepot ka adina.
Dawala teu narima ku laku nu jadi lanceukna némpas, da aka mah kitu waé atuh ka kuring téh sahaok kadua beletak, cing atuh kahayang kuring mah kerja sama ulah mani asa pangakangna, nyaho pan kuring téh tadina mah keur ngeunah ngimpi bet ujug-ujug dibanjur ku bapa terus dititah nganteur aka maluruh pangersa urang Radén Arjuna.
Geus jempé tuh tempo juragan Arjuna keur indehoy jeung nu ngora, teuing éta awéwé teh meunang timana.
Barang Dawala ningali yén nu keur dibogohan ku Arjuna téh teu aya lian ti kabogohna sorangan, belegedeg awak Dawala ngagedéan bari jeung mentang amarah nu teu aya papadana ka Raden Arjuna. Ti beulah tukang Prabu Kresna babarakatakan, Dawalaaa Tiwikrama mah nu aing !. Sabot Kresna ngagorowok Arjuna ngejat lumpat tipaparétot diudag ku Dawala jeung Cépot. Di saung butut tinggal kabogohna Dawala jeung Prabu Kresna, bérés roés teu aya nu ngagunasika.

KUNCÉN SUMUR TUJUH DEUI

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 11:28:29

Sang Jéndral ngayakinkeun, yén kawasan wisata nu bakal dibangun di dinya, mawa balukar pihadéeun kana kahirupan.

Gunung Karang ngadadak capétang, wisata jadi cacahaneun sabiwir hiji. Padahal biasana nyaritakeun saké, mantang, cengkéh jeung sarupaning pakasaban maranéhna. Cul caluk, cul pacul, cul kebon, cul huma, kataji pidato jéndral. Pagawéan kiwari, ukur ruang riung, cacahan pariwisata.

“Pan Abah mah tilok ilu ngariung?” ceuk incuna kuncén. “Teu makéan Sumur Tujuh mah, moal ngaradik. Geura baé burung, deuleu ku dararia jaga!” Abah Kuncén teugeug.

Laju… kebon dibeulian, murah jasa, majar “dia géh bakal ilu untung ogénan jaga”. Pondasi dibarangun, mayar pagawé jauh ti biasa, “anggap wéh wangunan kumanéh” cenah.
Bah Kuncén mésem, meresihan Sumur Tujuh, hiji-hiji, “basa dia hayang jadi Jéndral téh, pan ka dieu heulan” rumahuh.

Mang bulan. Mang taun. Méh ngawindu, lajuna mah, kebon ngajembrung, pondasi rarempag. Ordeu ganti répormasi. Cacahan ganti lalakon. Kuncén Sumur Tujuh, ngoncara beuki wacis.

NU TURUT KA DAUD

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 11:13:45

Tengah poé éréng-éréngan. Nu jebul rabul. Matak mulek ku kekebul. Katepél geus dikeukeuweuk. Batu leutik na keupeulan kénca. Rénghap ranjug mirun dada. Can kadeuleu ringkangna. “Jalut ngagakgak. Ditangtang ku budak satepak. Teu matak soak. Daud teuneung makalangan. Teu galideur sanajan disaleungseurikeun ti tukang. Laju galungan ragot pisan. Médan perang dumadak simpé. Geueuman. Saha nu nyangka, Jalut. Raksasa nu sakitu gagahna, ahirna ragrag palastra ku sapentangan katepélna..” Dongéng Éma neuteuli. Sapeupeuting gulinggasahan. Terus baé kapikiran. Enya. Rék diturutan. Ayeuna pisan. Meungpeung bubaran sakola. Geus buleud rék nangtang Si Asep Buta. Keuheul atuda. Bongan sok ngahina waé hareupeun Neng Gina. Cenah uing masih kénéh ngompol na calana.

JAGAL JAHILIYAH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 10:44:39

Peuting muringis linueun. Nyaksian nu dihanca diwalang-walang. Getih ambarayah. Tuman siah! Grek, grek, grek neukteukan buku tulang. Lung kana karung. Laju nyieun lombang handapeun risbang. Kuburan kahiji dicurek tina daptar.
Peuting satuluyna beuki gangas. Matana burahay. Huntu tingcarekot kekerot. Awor jeung sora bedog. Hawa cinta lalaki ka lalaki ngahaseup, mulek. Ngajanggek jadi dengdem merekedeweng. Di kamar, di pipir, di kebon, di tempat suni, taneuh nampanan bungkus nyawa. Bulu lanang harudang. Awak ngabiridig amit-amit.
Sanggeus ngurebkeun nu ka sawelas, pulisi nanya,
"Kumaha rasana, Jang?"
"Asa nyacag hayam we Pa." bari sura-seuri hareupeun kamera kawas artis anyar. Dina halisna nu rada cengkat, tulisan dunya ceker hayam.

SURYAKANCANA

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 10:04:05

Ngahyang dimumunggang ajrihna alam, sasakala ayunan pangjajap gelaring raja, wuwuh pangjurung ingkang ibu nu calik di Tengger Agung. Mepes guligahna hate, medar lalakon tresna nu kahalangan watesan dunya. Opat welas taun carita asih ngamalir, kapahung ku ngembatna walungan Citarum. Ngabeungbleu, nganteur katineung nu ngolemar marengan keclak cisoca, mangsana geusan paturay nyorang alam sewang-sewangan.
Mungguh nyaah henteu suda, ngawujud ingkang putra nu nyakrawati marengan ingkang rama, nu kamashur Dalem Cikundul. Kahalangan kasang aheng nu namina Lawang Saketeng, alun-alunna di mumunggang gunung, nu katelah Tegal Si Awat-awat. Batu sela pamancalan tunggang kuda, pancuran emas, ditema ku leuit salawe jajar, baring supagi karaharjaan nu ngawasa di dua alam. Saur sakaol, Gunung Gede anu nungkulan kota Cianjur, saestuna wangun kadaton, agreng, hurung ngempur, resik, endah, Singgasana ingkang putra nu katelah Raden Suryakancana.

LOLOS UN

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 09:24:32

April 1995. Teu riba ku babawan, teu ngaleut deuih ja ukur dua mobil kijang. Ema jeung Bapa, Wa Kuwu, Pa RW, Pa RT, Bah Kanta wéh nu kamamana tara isok lésot dijamang pangsi ditotopong ikét. Ukur 9 urang. Wa Kuwu nu jadi wawakil ti pihak kula lain Bah Kanta nu isok nyabit-nyabit baé Pajajaran, Siliwangi, Kéan Santang, jsb. Lain ulah, lain teu resep apanan nu ditanyaana géh urang Sumatera.
Réngsé Wa Kuwu ngedalkeun maksud, laju ditéma kunu boga imah. Pangbagéa dituntungan ku cacarita, “Jika berjodoh, anak kami akan menjadi tanggungjawabmu dunia akherat. Karenanya kami ingin tahu sejauh mana pemahaman agamamu, Nak.” Laju aya nu nyodorkeun tilu lambar keretas jeung pulpén. Lambaran soal jeung dua lambar keretas bodas beresih keur lambaran jawaban. Nu séjén cacahan, udud bari ngopi, kula kerung tarang. Ngadekul ngerjakeun soal doang keur UN.

MILANG

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 09:23:53

Tipi 21 inci, jieunan Jepang, nyangsaya luhureun méja réyod--tikelan koran teu cukup ajeg ngaganjel dua suku dingklangna. Tas luga. Kurud jamrud, korsi duit, bal getih, mik potong, coét semplék, bayatak luhur kasur busa nu geus ipis, nu ngagelar teu maké ranjang. Cai hideung, getih beureum, ngalémbéréh dina lanté nu ukur dipaléster. "Hiji, ket... Dua, kem... Tilu, pers.... Opat, ker... Lima, kead..." sorana ngeleter.

TANJI

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 08:47:58

“Tunggul dirarud, catang dirumpak. Ténjo ku sia..! Aing teu lolong..!”
Gampleng..! gampleng..! Dampal leungeun ngahembat. Tapak ramo ngagaleng dina pipi ukur diusap. Cimata ngagogolak. Mudal. Ngabudah. “Lain sakali ieu waé aing manggihan sia kitu peta..! Teu kaitung deuleu..!” Cimata pagalo jeung getih. Merebey mapay lamping irung. Ngamalir dina biwir. Manéhna ngudupruk sisi jalan.
Aleutan nu nganteur budak sunat terus manjangan. Minuhan jalan. Pamaén tanji ngabring ditutur-tutur barudak.
Bopong..! Bopong..! Toééét..! Bopong..! Bopong..! Toééét..!

JANDELA KAMAR CHRISTAKIS

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 08:45:34

Boa-boa Seferis keur nginghak di alam kubur. Nyeungceurikan Yunani nu karah katalangsara. Parlemén geus dibubarkeun. Di Brussels, Hollande pakeukeuh-keukeuh jeung Markel. Langit ceudeum. Santorini geus lila ditinggalkeun nu arulin, sok sieun kahalang ku nu ngabubak-babuk kaca jeung plang bandara. Acropolis jeung Parthenon ukur ngaheruk, midangdam kajadian opat-lima taun katukang mangsa nu datang aleut-aleutan. Urang Turki bangun nu ngaléléwé, mesem ngintip nu dalahar di warungna. “Ka Ankara, ka Istambul, atanapi ka Konya, sami éndahna sareng moé manéh di basisir,” ceuk brosur wisata. Turkish Air beuki maréma. Yunani teu walakaya.
“Baheula, méh tiap minggu urang meuntas ka lebah dinya,” ceuk Christakis, bari nangkeup harigu hareupeun jandéla. Panonna cureuleuk neuteup ka jauhna, ka peuntaseun laut. Salakina ukur neuteup lalangit, nanghujar di luhur ranjang, sabeuleugeunjeur. “Asa tambah haréngréng hirup téh,” ceuk manéhna. Haseup nyerebung tina sungutna. Kasawang poé-poé nu geus lila ilang. Mangsa karuhunna mecutkeun tambang kana tonggong urang Turki. Rébuan taun katukang.

BUGANG

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 08:42:35

Can kanyahoan kumaha bisa katéwakna. Naha ‘tertangkap tangan’, ‘dijebak’ atawa aya nu ngagiringkeun kana pitapak. Teu mustahil ogé ‘di-Munir-kan’. Karék ceuk sawangan, sanggeus dina kaayaan teu walakaya korban diasupkeun kana plastik hideung. Ti dinya dibawa kana kandaraan, anu satuluyna korban dialungkeun katengah jalan nu ramé patalimarga.
Nilik kana kasangtukang, sikep jeung kalakuanna nu teu weléh ngarugikeun batur munasabah mun loba nu miharep pati na. Ngan ari paéhna ku jalan digéléngkeun kana kandaraan nu lalar liwat mah matak watir nempona. Hulu remuk awak pejét. Getih patulayah, peujit paburencay. Lain hiji dua deui. Sapanjang jalan ti imah nepi ka Gasibu hareupeun Gedong Saté, kapanggih aya tujuh welas korban nu kaayaanna pikagilaeun. Mana komo mun lalampahan téh nepi ka Senayan, boa aya kana tujuh puluhna nu nasibna jiga kitu.

PROYEK…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 08:27:30

SPMK geus kaluar. Nyéta surat paréntah ngamimitian proyek. Keudeung deui bisa nyairkeun uang muka 20%. Telpon meusmeus disada, SMS! oge nu nelpon. “Dasar jurig, meni ngambeu waé!” kukulutus. Break down pangaluaran proyek, paciweuh jeung pangaluaran dapur. “Bejakeun, mun aya nu nelpon! Eweuh!” talatah ka sekretaris. HP dipareuman. “Pak, iraha abdi survey?” tenaga ahli rungsing. “Teu kudu, neang data mah cukup tina Internet! teu kudu maké survey, sésana mah karang wéh.”

Geus genep bulan. Proyek réngsé. Duit proyek, geus hiber ka pésak séwang-séwangan. “Sukses! teu nguciwakeun, kawajiban anjeun bérés” ceuk Pimpro. Dihiji rohangan, palebah tumpukan laporan “Aaauuummm..!” aya nu ngagaur. Maung kertas, eweuh huntuan…

JAGAL JAHILIYAH

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 08:17:36

Peuting humarurung. Cahya kamar tinglalieus, teu wasa nyaksianana. Sakabeh sora barirat, ukur sora hatena nu ngaguruh nyacapkeun nu ngabagel dina rasa. Srek, srek, srek nu nyiksikan daging nyalse. Sakapeung gerekgek, jedok! Sora tulang diteukteuk. Sapeuting harita nu nguciwakeun beres dihanca. Sup kana karung. Dipanggul di bawa ka pipir. Gecluk macul, nyieun lombang. Lung karung. Diarugan deui.
Sup ka kamar. Belenyeh seuri. Nyot udud bari nyontrengan daptar. Barabat hawa cintana cacarita,
'Bongan siah wani-wani-wani midua.'
Peuting satuluyna lumangsung beuki gangas. Di kamar kosan, di pipir, di kebon, di tempat-tempat suni, sora bedog paadu jeung tulang beuki ngaweuhan. Hawa cinta lalaki ka lalaki ngahudang bulu punduk.
Nincak ka sawelas pulisi nanya,
"Kumaha rasana waktu ngeureutan."
"Asa nyiksikan bawang we Pa." bari sura-seuri hareupeun kamera bangun atoh. Katangar dina halisna nu rada cengkat, tulisan dunya ceker hayam.

KAEUNGITAN AKI

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 07:26:37

Ti orok beureum budaktéh sok di babawa ku akina ,da indung- bapana digarawé,nya puguh kamana akina indit sibudak teu weléh ,akina gé asa aya tamba kesel.Malah nyokot pangsiun oge dibabawa,ongkoh budak téh meni lucu jeung asa tara kadéngé réwél.Mun keur jalan-jalan éta budak sok hahariringan,atawa ngécbélék ngajak ngomong ka akina.
Umur 3 th aki na kaserang panyakit jantung dirawat di rumahsakit,di imah teu kadéngé capétangna sora budak ngan rék saré sok nyanyambat akina.
Saminggu di rumahsakit dibawa baik da ceuk dr tos teuaya harepan.Sapopoé budak ulin di kamar akina,indungna eureun digawe da budak teu daek ka sasaha. saminggu di imah akina geus bisa hudang ,budak teu daék turun tina dipan akina ,dahar nginum kudu nahancengan akina,nepi kasare ku akina di galentoran.
Ba'da isa si aki diuk na korsi da aya sobatna sasama ahli masjid ,ngobrol biasa geus bisa ngahahah deui.Jam 8''tamu marulang.Si aki pinda katengah imah ngalehek na korsi geus taya dikieuna.
Tiharita meunang 3 bulan budak tara daék dibawa ka luar ,tara ogo tapi tara daék ngomong mun lain aya kahayang taya sora ceurik taya sora nu capétang.Ngeletek ulin sorangan siga aya nu ngasuh.

CIMATA BANONDARI

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 05:32:44

Cimata teu katadah. Ngaleuwi mapay pipi. “Duh, Engkang.. naha beut kieu kajadianana?!” Lebah ruruntuk karaton, haseup ngelun. Aléngka béak dihuru. Dulur katut prajurit loba nu perlaya. Teu kapulasara samistina. Ras kajadian tilu poé katukang. Sahandapeun langit kemba, leumpangna rumegag. Dua leungeun nyeukeul beuheung. Nungkup liang tapak jamparing. Getih nyakclakan. Cimata reumbay. Sanduk-sanduk. “Hampura Engkang, geulis..” Sorana pegat-pegat. Langit tungkeb sapada harita. “Keun Engkang, kuring rido..” Ngarénghap jero. “Kanyeri kuring, meureun hargadiri pikeun lalaki.” Nyalingker. Kaak ngelak. Banondari nginghak. Tuluy ngalénghoy ngalér.

GUPAY KACINTA

Kénging Iwan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 00:29:02

( karya: Dadah Hidayat)

"Mah, tabuh sabaraha ayeuna?"
Deudeuh teuing Papah, Mamah meni lalongkewang kieu, soalna Papah ti kamari ngan nanaroseun waktos bae. Bangun......... ah papah engke Mamah kumaha? gerentes hate Sapitri bari nempoan infusan nu tinggal saeutik deui.

"Pah, ieu Mamah, enggal atuh damang, supados urang tiasa deui sasarengan ngalongok incu. Pah, gugah pah!" ceuk gerentes hatena nyambat-nyambat nu dipikacintana.
Peuting beuki jempling, siga mentangkeun jamparing kana dada Sapitri nu keur nungguan salakina di Rumah Sakit.

Ret, ka sakurilingna, warna bodas minuhan kamar, sarua jeung warna hate kang Sampurna nu keur ngajepat nangkarak teu walakaya. Berebey cipanonna ngalembereh mapay pipi, cipanon kacinta nu mimiti ngeclak ti basa keur dirapalan.

Papah, naha ieu teh tanda yen Papah baris ngantunkeun Mamah? Tapi Pah, insya Alloh, amanat ti Papah diestokeun pisan, saupami nu kagungan Papah mundut, Mamah rido. Mung Papah kedah uninga GUPAY KACINTA Papah, salawasna aya dina hate Mamah.

Sukabumi, 06 Februari 21:41

KAWIN PLATINA

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 00:18:00

Lain birahi nu ngareumis na tungtung buukna nu bodas ngeplak. Estu panggilan akal budi.
"Aki-aki teu nalipak maneh. Meujeuhna jadi pangeusi masjid ibadah, kalah kawin deui." Ceuk nu ngaromong, sinis.
Hor itu, gede mana ibadah di masjid jeung silih urus, silih tulungan? Sabodo lah, nu penting barudak jeung incu-incu ngarti, hirup nyorangan kacida pisan ripuhna. Komo keur aki-aki mah.
Ki Jumanta dijajap anak-incu katut buyutna nu ngahaja daratang ti luar kota hayang nungkulan, ngabring ka imah panganten awewe, Ma Ikah tukang kueh nu sok dibeulian unggal isuk.
"Aki tarima nikah."
"Sanes aki, abdi." Lebe motong kalimah. Ger nu nyaksian sareuri.
"Abdi tarima nikah ka Ikah putrana Mang Hamid almarhum kalayan maskawin duit lima juta dibayar kontan."
"Sah." ceuk saksi.
Basa direndengkeun rek silih huapan, Ki Jumanta nyekelan dada. Gelepek kapiuhan. Ma Ikah rawah-riwih. Teu lila,
"Inna lillahi wa inna ilahi rojiun."

NU MULANG TARIMA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2012 00:06:28

Abah ngalempréh luhur ranjang rumah sakit. Ambu, Euceu, Mamang rumahuh. Teu kasawang pikeun waragadna. “Si Sujang kamana?” Abah muterkeun paneuteupna. Kituna téh ka anak bungsu, kadeudeuhna. Nu ngariung teu ngajawab. Silih teuteup. Mangkaning kudu buru-buru dioperasi saha nu tanggungjawab, enya waragadna. “Énggal cuang operasi!” sababaraha urang juru-rawat datang. Abah dibawa ka ruang operasi. “Naha saha nu nanggungjawab waragadna?” Ambu rut-rét. “Duka?” Eceu jeung Mamang saur manuk. Abah teu sakara-kara geus dioperasi jantung mah. Anéh naha bet aya nu haat ngadonorkeun jantung jeung ngawaragadan. “Saha jalmana? Kumaha nganuhunkeunana?” cék Abah samulangna ti rumah sakit. Peuting ka tujuh. “Sujang dimana atuh hidep. Abah geus cageur ayeuna mah,” gereneng Abah neuteup lalangit kamar. “Nuhun upami Abah tos damang mah. Abdi mah ti sontén kénéh gé gédéngeun, Bah,” carinakdak. Peuray. Angin nu moncor ngaliwatan kaca nako humiliwir ngoyagkeun hordéng.