Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder ayang


HARTA (HARÉWOS CINTA)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 22 Oktober 2016 04:02:56

Épisode Beus Kota
Diserat ku : Intan Suwandi

Dina hiji mangsa, aya sakadang dosén honorér nu ngawulang di hiji kampus leutik di dayeuh nu ogé leutik di Pennsylvania. Nya ngaranna ogé dosén honorér, buruhna tangtu teu sabaraha. Kamamana manéhna téh naék beus kota, kaasup dina perjalanan pulang-pergi ka kampus. Siga rata-rata dayeuh leutik di Amérika Serikat, di éta dayeuh sistem angkutan umumna teu pati widely available sareng terpelihara siga di dayeuh ageung. Nu narumpakna gé rata-rata kaom pekerja, pelajar jeung mahasiswa kéré, sareng kaom marjinaldengan kata lain: nu teu baroga duit, nu pangangguran, nepi ka nu biasa dicap “gélo” ku sabudeureunana. Nya meureun sabenerna teu jauh-jauh teuing ti Jakarta, tempat kelahiran éta dosén (sahenteuna jaman manéhna budak nepi ka kuliah, jaman motor langka kénéh di jalanan). Apanan nu baroga mobil mah teu kudu riweuh ka ditu-ka dieu téh, teu kudu tergantung ka angkutan umum nu seringna teu nyaman.

Nanging da kumaha ogé si dosén téh bisa kawilang imigran anyar di Amérika. Jadi tangtu awalna mah rada olohok nempo penumpang séjén nu béda ti manéhna. Lain ngan ukur sual fisikwarna kulit, rupa beungeut, bajutapi ogé nu lian-lianna: géstur, obrolan, tingkah laku, jeung sajabana. Hal-hal nu dipangaruhan ku latar belakang individu. Tapi nu tadina karasa “anéh” lila-lila jadi teu anéh deui. Lain pédah manéhna geus “biasa,” tapi ogé pédah sapanjang rute beus, tilu kali saminggu, manéhna boga waktu pikeun neuleuman rupa-rupa lalakon penumpang nu aya di beus éta. Sakapeung naon-naon nu kapanggih dikotrétkeun ku manéhna.

Lain, lain hartina si dosén honorér téh keur menikmati mangrupa “éksotismeu” kawas urang dayeuh nu teu lirén-lirén ngomong “Aaahhh!” jeung “Ooohhh!” basa nempo kahirupan urang lembur, lir nuju pelesir ka Madame Tussauds. Manéhna justru teu sangaja néangan makna-makna anyar nu kapanggih tina lalakon sasama manusa nu teu sarua jeung manéhna. Sakumaha “ékséntrikna” hiji penumpang jeung sakabéh lalakonna, aya pelajaran nu ajénna gedé pisan. Enya, bener. Di kampus, manéhna téh guru nu ngajarkeun sakumpulan élmu ka mahasiswana. Tapi di beus kota, nya manéhna téh murid pisan, nu diajar ka guru-guru kahirupan nu mindah rupa jadi penumpang beus. Sakapeung, guru-guruna téh ékséntrik. Aya nu sok ngomong sorangan (tarik deuih), aya nu sok ngobrolkeun hal-hal nu “teu patut” (atawa pikaseurieun) jeung babaturanana, aya nu tingkah lakuna pikasebeleun. Tapi da naon bédana jeung profésor-profésor di universitas? Sarua sok ékséntrik ogé. Komo pikasebeleun mah, mindeng pisan. Muhun, nu hiji mah meureun gelarna salangit téa, nu hiji deui teu sakola-sakola acan. Nu hiji bajuna rapih, nu hiji deui bajuna bau jeung butut. Nanging naha bet ékséntrik nu hiji leuwih dihargaan dibandingkeun jeung ékséntrik nu hijina deui?

Anyway, pangalaman éta ngingetan si dosén yén salila urang teu lirén diajar sual jelema séjén, diajar berémpati ka batur, neuleuman lalakon hirupna, sudut pandangna, nya urang moal dijauhkeun tina kemanusiaan, tina naon-naon baé nu manusiawi.

Bonusna? Sensitivitas urang salaku pangarang tiasa kaasah. Cobaan wé, geura. Perhatikeun hiji jelma di angkot, di sisi jalan, di pasar. Atawa meureun di imah sorangan. Naon émosi nu katempo tina beungeutna, kumaha gerak-gerikna. Perhatikeun detil-detilna. Tahan heula judgement urang. Tahan heula “nilai-nilai” urang. Komo dogma jeung doktrin, alungkeun heula wé sakeudeung mah. Cobaan jadi éta jelma barang sababaraha menit“paké sapatuna (atawa sendalna atawa dampal sukuna),” mun ceuk babasan Kulon mah. Lakonkeun lalakon hirupna. Teuleuman kanyerina, kapeurihna, imutna, seurina, guligahna, ambekna. Ieu salah sahiji cara pikeun ngagali pangarti urang sorangan, nu bakal dikulub jadi karangan nu beunghar ku makna jeung imajinasi nu teu kawatesan ku heureut.

Ngalegaan manah téh teu kudu unggal-unggal ngaliwatan bobogohan jeung buku-buku kandel jeung problem-problem filsafat, atawa kuriling dunya. Nu dibutuhkeun mah utamana ieu: kaihlasan pikeun ngadéngékeun jeung nempo batur, nilik dunya luar, “apa adanya.” Nya atuh ngarang gé teu jauh-jauh teuing ti urusan ngalegaan manah.

Sakitu heula nya, guys and gals! Wilujeng mikmin, wilujeng ulin jeung imajinasi! Teu nanaon nyasab gé, da geus gedé ieuh!

CARA NYIEUN SANGU PULEN BUNGBULANG

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 05 Agustus 2016 09:07:53

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjM0OiJDYXJhIE55aWV1biBTYW5ndSBQdWxlbiBCdW5nYnVsYW5nIjtzOjk6InBhbmdhcmFuZyI7czoxNDoiRXVpcyBZdW5pbmdzaWgiO3M6NzoicGFuZ19pZCI7czoxNjoiMTUxMTM1MjU4NTc4OTQ3MyI7czoxNToibmFza2FoX2thdGVnb3JpIjtzOjk6ImF5YW5nZ3VuZyI7fQ==

SISINDIRAN JEUNG CIPARAKAN

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 25 Juli 2016 09:41:31

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjI2OiJTaXNpbmRpcmFuIEpldW5nIENpcGFyYWthbiI7czo5OiJwYW5nYXJhbmciO3M6MTE6IlJpa2kgTmF3YXdpIjtzOjc6InBhbmdfaWQiO3M6MTU6Ijg3ODczOTQxODgzMzYxOCI7czoxNToibmFza2FoX2thdGVnb3JpIjtzOjk6ImF5YW5nZ3VuZyI7fQ==

NGAHELAS

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 20 Juli 2016 09:15:33

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjg6Ik5nYWhlbGFzIjtzOjk6InBhbmdhcmFuZyI7czoxMjoiR2F1cyBGaXJkYXVzIjtzOjc6InBhbmdfaWQiO3M6MTU6IjY1MTA1NDcwODI5NzYwMyI7czoxNToibmFza2FoX2thdGVnb3JpIjtzOjk6ImF5YW5nZ3VuZyI7fQ==

ROMADHON PINUH BERKAH

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 13 Juli 2016 13:00:39

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjIxOiJSb21hZGhvbiBQaW51aCBCZXJrYWgiO3M6OToicGFuZ2FyYW5nIjtzOjk6IkFkZSBTYXRpYSI7czo3OiJwYW5nX2lkIjtzOjE2OiIxMzk5MzY0NzkzNjc0NzE1IjtzOjE1OiJuYXNrYWhfa2F0ZWdvcmkiO3M6OToiYXlhbmdndW5nIjt9

SAWANGAN FIKMIN NU TAS PARUASA, YASANA : IKHSAN GUMELAR

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 30 Juni 2016 05:10:45

Diserat ku : Dadah Hidayat“Pangling aingah.”“Naha?”“Paroman di dinya jadi éndah, méncrang. Barang dahar jadi robah deuih nya? Dahar naon ayeuna?”“Madu jeung nu amis-amis atuh, matak séhat!”“Ning bisa ngarobah pangabeuki?”“Bisa ari keyeng mah. Kudu bisa hijrah ari tas puasa mah. Kadaharan tong sadahar-daharna, komo nu matak ngarugikeun batur. Laku lampah gé kudu robah, jadi leuwih hadé.”“Enya sih. Ingah can bisa kitu.”“Tapi puasa?”“Sarua, inggé tas puasa ih! Ngan kabeuki angger, talajak uing angger. Uing jadi sirik ka didinya.”“Tong sirik, turutan ari pihadéeun mah!”“Sumpah, aslina teu bisa ingah. Geus kodrat meureun.”“Puguh uingah itung-itung babalik pikir. Rumasa baréto mun beuteung hayang seubeuh sok ngaruksak batur, nepi ka batur garering salelembur. Sabodo teuing najan nepi ka paraéh gé. Ayeuna mah batur hayang baranahan gé sok dibantuan ku uing. Ngaran ganti deuih. Manéh mah angger pan?” ceuk kukupu bari tuluy ber hiber ninggalkeun oray nu tas nyalungsuman.***Béh katempo. Ieu judul nuduhkeun waktu. Waktu satutasna puasa. Iraha? Bisa Sawal, Hapit, jeung saterusna. Tepung deui jeung puasa. Judul téh salian ti nuduhkeun waktu, ogé nuduhkeun kagiatan. Naon? Bérés puasa. Naon waé kagiatan satutasna berés puasa? Dijawab ku pangarang: ngawangkong. Silih riksakeun hasil kagiatan puasa. Naha maké kudu silih riksakeun? Naon kitu puasa téh? Jeung naon pentingna? Na enya satutasna puasa téh aya tapak nu ditémbongkeun? Naon waé? Pangarang mertélakeun ku wangkongan dua tokoh dina ieu fikmin, nyaeta sakadang kukupu jeung sakadang oray. Kieu wangkonganana téh:"Pangling aingah."Wangkongan dimimitian ku si tokoh oray. Mun tokoh oray nyebut pangling, hartina inyana téh geus apal ti mimitina. Nuduhkeun sosobatan nu geus lila. Naha tokoh oray maké jeung kudu nyebut pangling? Jawabanana pasti nyaho nu asalna: boa ti keur jadi hileud kénéh. Dina keur jadi hileud mah tangtu pikagilaeun. Lian ti pikagilaeun téh, buluna pibahayaeun, matak nimbulkeun ateul anu kacida. Dihubungkeun deui kana judul fikmin, tuluy éta hileud téh puasa, tatapa di nu buni, mungkus awak, sangkan teu keuna ku perkara nu diteumeunangkeun; cindekna mah ngaberesihan diri.Hileud puasa dina jero cacaka alias 'kepompong'. Tamat puasa, jleg jadu kukupu."Paroman didinya jadi éndah."Disandingkeun kana puasa nu saenyana, ceuk katerangan, puasa téh ngajadikeun takwa. Mun takwa diibaratkeun ku ieu fikmin kana sakadang kukupu, ari saméméh takwa naon heula atuh? Pangarang méré gambaran, méméh jadi kukupu téh jadi cacaka heula, tuluy méméh jadi cacaka mah jadi hileud heula. Tilu tahap tina hileud jadi kukupu nu éndah téh. Nu dilakonan tina tahap hileud hayang jadi kukupu, nyaéta puasa. Babandingan pikeun jelema, méméh takwa bisa jadi dolim heula, pasék heula, munafék heula, malah loba kénéh nu séjénna.Naha pangarang bét nyokot judul "Nu Tas Paruasa"? Ieu aya hubunganana jeung bulan anu keur dilakonan ayeuna. Pangarang ngingetan ka urang salaku pamaca, ari urang geus ngarasa jadi jelema takwa atawa acan? Rata-rata nu ngajarawab, kaasup kuring sorangan, acan! Mun acan takwa naon atuh? Bisa jadi urang téh masih kaasup kénéh golongan fadikin, munafikin, atawa dolimin. Hileud kénéh, ceuk pangarang ieu fikmin mah."Dahar naon ayeuna?""Madu jeung nu amis-amis atuh."Tokoh oray nanya, dijawab ku tokoh kukupu. Ieu patalékan tokoh oray téh ditepikeun sanggeus tamat puasa, sanggeus hileud jadi kukupu nu éndah. Ceuk pangarang, sanggeus jadi nu éndah, barang dahar ogé kudu nu éndah, madu jeung nu amis-amis. Ulah tambarakan! Pangarang nyilokakeun, mun enya geus tamat puasa, mun enya geus takwa, nu kudu mimiti diperhatikeun téh nyaeta asupan. Asupan kudu nu alus, bari halal. Ulah nu goréng manakomo nu haram. Dina obrolan ieu fikmin ogé kasabit kecap 'hijrah'. Hijrah nu dimaksud nyaèta: ari geus jadi jelema takwa mah kudu hijrah, tina goréng kana alus, tina salah kana bener. Naha pangarang nokohkeun oray jeung kukupu? Jigana pikeun negeskeun dina babandinganana. Oray téh goréng, kukupu mah alus. Babandingan jang ngagambarkeun yen di dunya téh diwangun ku dua réalitas: goréng jeung alus, bener jeung salah. Pangarang méré gambaran, pikeun ngahontal alus jeung bener téh kudu ngalakonan puasa anu alus jeung bener, saperti cacaka. Alus jeung bener puasana, janggélék jadi kukupu éndah. Nya kitu deui jelema, mun puasana alus jeung bener, dina harti alus jeung bener nurutkeun saréat jeung hakékatna, bisa ngajanggélék jadi jelema takwa.

SOAL HUBUNGAN POÉK

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 26 Juni 2016 19:23:08

Diserat ku : Darpan WinangunNyaéta atuh, hayang seuri aya, géték aya. Meureun ti dituna mah hayang narjamahkeun 'hubungan gelap' dina basa Indonésia. Ngala babarina nya ditarjamahkeun 'hubungan poek'. Ari 'hubungan gelap' dina basa asalna gé apan geus jadi idiom, kompositum, atawa dua kecap nu dihijikeun sarta nimbulkeun harti anyar. Ku sabab idiom, atuh kudu dipikiran heula mun rék ditarjamahkeun téh.Manggih éta kecap téh tina salah sahiji komén kana hiji fikmin. Teu kudu disebutkeun dina fikmin naon jeung saha anu ngoménna mah. Tadi téa, boa maksudna mah heureuy. Diguar di dieu téh bisi wé aya nu nganggap enya. Bisi aya nu nyangka 'hubungan gelap' téh horéng bisa ditarjamahkeun jadi ''hubungan poék'.Balik deui kana soal idiom. Kungsi gujrud apan baheula, pedah aya nu narjamahkeun idiom sacéréwéléna. Tina basa Sunda kana basa Indonésia narjamahkeunana téh. Disangkana idiom téh bisa ditarjamahkeun sakecap-sakecap. Iburna geuhgeuyan 'tidak memepes tidak membakar ' ogé apan ti dinya. Éta téh ceuk nu nulisna tarjamahan tina 'teu mais teu meuleum'. 'Katempuhan buntut maung' tuluy ditarjamahkeun jadi 'tertimpa ekor harimau'. Kitu tah balukarna mun idiom ditarjamahkeun kecap per kecap téh.'Hubungan gelap' ditarjamahkeun jadi 'hubungan poek' ogé sawanda jeung éta. Enya gé maksudna heureuy, kudu aya nu noél, yén éta téh teu merenah. Ongkoh apan ieu lapak téh geus diniatan keur diajar ngarang bari wargana hayang temen wekel diajar basa Sunda. Ku kituna, nu bisa jadi tadina heureuy téh, urang dijieun tatapakan baé keur diajar basa. Atuh anu ngabijilanana poma ulah ngarasa diteungteuinganan. Pliiisss!Ari idiom, mun rék ditarjamahkeun téh alusna mah téangan pandéna heula. Lamun taya pandéna atawa sasaruaanana nya tarjamahkeun wé harti dénotatifna atawa harti saujratna. Antara basa Sunda jeung basa Indonésia mah réa kénéh idiom anu aya sasaruaanana téh. Upamana ‘panjang tangan’ sok ditarjamahkeun ‘panjang leungeun’. ‘Air susu dibalas air tuba’ sasaruaanana ‘nu asih dipulang sengit’, jeung sajabana. Tapi idiom dina hiji basa, umumna mah hésé ditéangan pandéna dina basa séjén.'Hubungan gelap' téh dina basa aslina kira-kira sarua jeung 'hubungan di luar nikah'. Ari ceuk KBBI hubungan di luar nikah téh nyaéta hubungan antara hiji lalaki jeung hiji awewe anu tacan atawa lain éwé salaki. Dina basa Sunda disebutna jinah atawa sérong. Malah aya basa eufimistikna, nyaeta ngalambang sari. Jadi hubungan gelap téh lain 'hubungan poék', da ceuk basa Sunda mah ‘ngalambang sari’ téa.Cag!

KAMEKARAN MANDALA DI TATAR PASUNDAN (1)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 15 Juni 2016 10:23:06

Diserat ku : Riki NawawiKahirupan urang Sunda kungsi ngalaman mangsa prasejarah atawa mangsa can wanoh kana aksara. Ka dieunakan Sunda tuluy mekar, tangtu éta hal sanggeus asup pangaruh ti deungeun (India) anu ngabalukarkeun wanoh kana aksara (mangsa sajarah). Ari aksara téh cicirén maju jeung henteuna hiji masarakat apanan aksara téh fungsina keur ngarékam basa. Ari basa bisa meungkeut pamikiran anu ngawengku élmu pangaweruh anu bisa tatalépa sabada simbol éta dibaca ngaliwatan aksara. Urang Sunda ogé basa can wanoh kana aksara mah kahirupanana masih basajan. Aksara mimiti asup ka Sunda téh abad ka-4 maséhi dina mangsa karajaan Tarumanegara. Dina éta mangsa kagiatan baca tulis téh mimiti hirup, pangpangna abad ka-5 maséhi. Pikeun bukti yén harita kungsi aya kagiatan baca tulis ngajanggélék sababaraha prasasti, di antarana Kebonkopi I (± taun 450 maséhi), Ciaruteun (± taun 450 maséhi), Jambu (± taun 450 maséhi), jeung Tugu (± taun 450 maséhi). Di antara prasasti-prasasti tadi aya anu sajaman jeung prasasti di Muara Kaman (± taun 400 maséhi) di Kutai Kalimantan Timur (Kern, 1917; Holle, 1877, 1882). Ngan hanjakal karya tulisan (manuskrip) mah teu kasusud laratanana, sabab bahan anu dipaké (daun, kulit, jsb) babari ruksak dibandingkeun prasasti anu bahanna tina batu.Tadi disebutkeun aya kagiatan baca tulis, naha dina seuhseuhanana kagiatanana téh siga mangsa kiwari? Numutkeun Undang Ahmad Darsa (UAD), dina mangsa karajaan di Sunda aya anu disebut mandala anu boga fungsi minangka lembaga pendidikan formal mangsa harita. Mandala téh asup kana katégori kabuyutan anu hukumna kudu enya-enya dijaga ulah nepikeun diruksak. Numutkeun panitén UAD mandala téh sistem pendidikan pangbuhunna di Sunda. Dina buku Kodidikologi anu ditulis anjeunna disebutkeun mandala anu kungsi aya di Tatar Pasundan téh aya 73 mandala. Éta didasarkeun kana pustaka-pustaka anu kungsi dibaca ku anjeunna. Ngeunaan prasasti atawa manuskrip anu kungsi diltulis karuhun-urang moal boa éta hasil kagiatan di mandala. Apanan pancén mandala mah minangka skriptorium anu maksudna tempat kagiatan tinulis. Dina buku Sejarah Perkembangan Filologi anu ditulis ku Elis Suryani ditétélakeun ti mimiti wanoh kana aksara nepikeun ka ayeuna, urang Sunda ngalaman 7 jenis aksara, nya éta Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa (Carakan), Arab (Pégon), Cacarakan, jeung latén. Sacara intuisi pasti urang bisa nyindekkeun mana aksara anu asup kana jaman buhun (kuno), bihari jeung kiwari. Minangka conto mandala anu masih kénéh aya jenglénganana nepi kiwari nya éta mandala anu kiwari mah disebut Situs Kabuyutan Ciburuy anu pernahna di Kp. Ciburuy Désa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut. Tina sajumlah titilar karuhun anu aya di éta mandala aya sajumlah naskah anu maké aksara Sunda kuno, matakan naskah-naskah anu kaniléy pangbuhunna mah ditundana ogé husus di hiji tempat anu disebut Balé Padaleman. Sabab salian ti dinya aya ogé sababaraha naskah anu maké aksara pégon anu katangén ditulisna ka béh dieunakeun, matakan diteundeunna ogé di tempat anu béda, nya éta di Balé Patamon. –( lajengkeuneun.)

WARTAWAN ASLI JEUNG WARTAWAN PALSU

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 10 Juni 2016 12:06:40

Diserat ku : Cecep Burdansyah“Kumaha carana ngabédakeun wartawan asli jeung wartawan palsu?” Pertanyaan kitu téh remen muncul dina saban pelatihan jurnalistik, utamana nu diayakeun ku birokrasi. Kaalaman diondang ku kesatuan militér, pesertana intél wungkul. Ngahaja di jaman globalisasi mah para intél wajib paham ngeunaan jurnalistik, informasi, jeung pérs. Lain perang senjata di jaman modéren mah, tapi perang informasi, kitu saur Pa Komandan. Sapuk.Tapi barang pertanyaan ti peserta siga kitu, puguh waé matak hookeun.Hookeun, lantaran keur profési intél jeung birokrat sakelas kapala dinas mah urusan ngabédakeun wartawan asli jeung palsu, seutil. Lain bingung teu bisa ngajawab deuih, tapi naon rélévansina jaman kiwari maluruh wartawan asli jeung nu palsu. Hartina, can weruh kana naon acining (substansi) jurnalistik, jeung can wawuh kana anu disebut Citizen Journalism/jurnalisme warga.Keur ngajawab pertanyaan tadi, ulah waka jauh-jauh ngagayem “Sembilan Elemen Jurnalisme” beunang Bill Kovach jeung Tim Rosenstiel, lenyepan wé heula naon hartina pérs jeung wartawan dina UU Pérs No 40 Taun 1999 ngeunaan Pérs. Pasal 1 ayat (1) dijéntrékeun: Pérs nyaéta lembaga sosial jeung wahana komunikasi massa nu ngalaksanakan kagiatan jurnalistik ngawengku néangan, meunangkeun, ngapimilik,nyimpen, ngolah, jeung nepikeun informasi boh dina wangun tulisan, sora, gambar, sora jeung gambar, sarta grafik atawa dina wangun séjénna kalayan ngagunakeun média citak, éléktronik, jeung sagala saluran anu aya.Ari définisi wartawan sakumaha anu dipertélakeun Pasal 1 ayat (4): nyaéta jalma anu sacara teratur ngalaksanakeun kagiatan jurnalistik. Ana kitu, dumasar kana définisi nu aya dina UU Pérs, naha mun aya jalma anu tetelepék néangan informasi bari teu mawa kartu pengenal pérs ti pausahaan pérs bisa disebut wartawan palsu? Naha urang bisa nuduh wartawan palsu ka Rosihan Anwar (almarhum) jeung Her Suganda (almarhum) anu nalika jumenengna udar ider ka ditu ka dieu nulis jumeritna patani jeung jalma-jalma leutik anu katideresa alatan kawijakan pamaréntah? Apan urang gé apal duanana wartawan senior nu réputasi jeung integrigasna geus kauji di masarakat. Sanajan geus marén ti pausahaan pérs, lain hartina duanana pangsiun tina kagiatan pérs. Pangsiun téh ti pausahanana, ari profésina minangka jurnalis mah, satungtung aranjeuna mampuh bari diwewegan ku integritas, taya basa pangsiun.Hanas éta aya anu disebut kawajiban kudu aya badan hukum, éta mah keur pausahaan pérs, lain keur pérs. Pajabat publik kudu bisa ngabédakeun antara pausahaan pérs jeung pérs. Dina UU Pérs, teu aya katangtuan wartawan kudu babakti ka pausahaan pérs. Hartina, wartawan bisa waé digawe tanpa kaiket ku pausahaan pérs, atawa anu sok disebut freelance téa. Sakumaha anu disaurkeun ku téori jurnalistik, wartawan mah babaktina keur kapentingan publik. Ku kituna, ulah hariwang, saha waé nu aya karep jadi wartawan, tinggal prak, asal nyindekel kana prinsip-prinsip jurnalistik jeung keur kapentingan balaréa, tur gawéna teratur. Mémang di nagara démokrasi anu eungkeut-eungkeut siga Indonésia mah, henteu gampang ngarerepkeun paturegeng antara nara sumber jeung wartawan téh. Malum, masarakat di urang mah acan stabil.Ngan tanggu waé, urang gé kudu boga étika. Mun nara sumber embung ngajawab, urang ulah maksa, sabab wartawan mah lain jaksa. Nara sumber boga hak pikeun teu ngaladénan wartawan. Lebah dieu wartawan diperih sikep profesionalismeu.*

MUNGGAHAN FBS NATAHARKEUN KAGIATAN ROMADON

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 06 Juni 2016 13:20:06

Diserat Ku : Riki NawawiCara ilaharna keur ngabagéakeun bulan agung nya éta bulan nu sok dianti-anti kasumpinganana ku umat Islam, husus keur urang Sunda mah cara némbongkeun kabungah mapag bulan Romadon téh sok ku rupa-rupa kagiatan. Ari nataharkeunana sok ti anggalna kénéh, samalah mah sabulan, dua, atawa tilu bulan saacanna rarancang téh geus ditrétkeun. Pikeun ngahangkeutkeunana sok disawalakeun deui dina poé-poé deukeut puasa atawa waktu munggahan saperti nu dilakukeun ku ais pangampih Fikmin Basa Sunda.Éta kagiatan téh lumangsung sawatara waktu ka tukang poé Saptu tanggal 4 Juni 2016 di Klinik Ibnu Ruman Center, Jl. Kalijati no. 16 Antapani Bandung, tempat maneuh ngagimbungna para fikminer (sékrétariat). Waktu anjog di tempat, reremenna anu kadéngé téh sual pajejelna jalan raya ku mangratus-ratus motor, mobil jeung kandaraan lianna anu sarua baliwiri. “Gusti éta mah jalan ti Cibiru kénéh gé kot teu bisa usik-usik acan,” kitu kukulutus ti Rini Mayasari urang Cileunyi anu biasa maké motor beat. Abong usumna sigana da ari keur urang kota mah macét téh jadi pasualan utama anu kudu diungkulan kalayan daria, komo ieu palebah usum mudik, katurug-turug macét téh beuki nataku. Harita gé anu jul-jol téh teu sirikna pada ngangluh, ceuk ieu punten telat ceuk itu punten tadi macét pisan, “Duh punten parah pisan macétna,” témbal ti Mamah Yayang, salah saurang fikminer senior.Dina munggahan téh anu diiluan kurang leuwih ku duabelas pangurus nyawalakeun rencana-rencana kagiatan jeung hal-hal lianna sabudeureun mikmin pikeun ngareuah-reuah bulan suci Romadon. Sabada fikminer ibu-ibu kupak-kepek masak di dapur, sawala téh dimimitianna saréngséna “makan bersama”. Waktu prungna, ubral-obrol ngeunaan kagiatan téh dipingpin ku Kang Bambang Araya Sambas sareng Kang Nasrul Jatnika pukul satengah dalapan. Ogé kagiatan musawarah téh dibarung pairan-pairan ti pangurus lianna, saperti Téh Méila Handayani, Kang Roy Asmara, Téh Rini Mayasari, Téh Aam Amarullah, Téh Lin Rn, Kang Adé Satia, Kang Irman N. Dimyatie, jll.Ayana ieu komunitas téh kudu leuwih mangpaat keur balaréa. Sagala kamampuh anu geus aya kudu bisa dironjatkeun deui. Kitu kasauran Kang Bambang muka wangkongan. Waktu ruang-riung téh loba pamaksudan anu hayang geura-geura diapungkeun di lapak, tapi ku sabab kudu merenah juntrungna antukna poin-poin tadi téh kudu diasakkeun heula. “Abdi hoyong lapak téh langkung mundel, boh tina kagiatan atawa postingan élmu pangaweruh,” kitu pokna ti Kang Bambang. Sabenerna, grup Fikmin Basa Sunda (FBS) geus mucekil tina postingan élmu pangarti, kayaning anu ilahar dikokolakeun ku Ang Perbu Godi Suwarna: Kutilan jeung Timbangan anu jadi ciri ti Kang Bambang. Atuh éta hasil téh masih can karasa sugema, pangpangna keur ngawadahan kanca-kanca anu teu biasa mikmin tapi hayang “sharing” boh sabudeureun ngarang atawa unsur kabudayaan lianna. “Aya dua rubrik anyar anu bakal ngeuyeuban lapak, nya éta Ayang-ayang Gung sareng Buricak Burinong,” pokna deui. Salian ti dinya, masih ceuk ieu inohong téater kagiatan FBS téh ayeuna bakal leuwih tarapti sabada ngabenum Girang Pameta, “Pancénna malar naraptikeun deui pengorganisasian, sadaya urusan lapak ti A nepi Z kudu rapi, tah kitu tugasna téh. Anu paling hook pangurus ngarencanakeun saémbara fikmin Romadon anu hadiahna leuwih kandel batan saémbara saacanna,” ceuk ieu sutradara mungkas obrolan