Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Maret 2014 (28 Naskah)


MANGGA, KURING RIDHO DI WAYUH

Kénging Thika Ti Parish
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 21:53:38

Geblukk.. panto mobil di tutup, manehna diuk gigireun supir. Ngalérét ka kuring nusatukangeuna.Bari suraseuri, bungah teu katulungan. Ret deui nenjo beungeut kuring, nu angkaribung ku kémbang geudang ngarangkadak na lahunan.

Leuwih ti sapuluh kali... diwalés ku kuring saukur nga beuleungéh ngabubungah manehna.
(Geureugēttt...da) hate cumarita.

"Nyai, asa ngimpi Akang mah.. " Rap nérapkeun kopéah hideung. Teu karasa geus nepi katempat nu di tuju.
"Muhun Kang Godeg, kumaha kitu. Aya nu kirang cacandakanna ..?" Kuring naros, manehna imut bari kékélémésan.
(meni gé-er yeuh jalma) .. hate jumeurit

"Henteu Nyai, ngan nuhun kana karidoanna"
"Muhun Kang, bilih ngadamel dosa deui.. mending kieu disahkeun wéh.."

Sanggeus ijab-kabul...
"Nuhun Nyai, tos nyaksénan, tos rido.."
"Muhun sawangsulna.Mung ayeuna mah pang nyaksénan ka garwa anom Akang, kanggo nyaksénan Akang ngacap jempol ieu sérat talak..."

Gélébér kertas bodas..lila di teuteup
"Nyaii...Na tegaa..!!"

"Silaing nu Raja tega, disabaran, diéré haté menta jajantung. Untung aing saukur rido, Tadi namah ku aing silaing téh rék di sunatan deui sakalian.. "
Ngarenghap ranjung.

KUKU

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 21:33:17

Geus matuh saminggu sakali ngalongokan. Babawaan rébo sabangsaning rupa-rupa kulinér jeung perhiasan kaayeunakeun. Kurang kumaha? Teu nyana, datang ukur dibagéakeun imut mawur jeung teuteup cawérang. Ukur duduluranana nu giak muru oléh-oléh.
Asa teu dianggap. Satutas reureuh sajongjongan, amitan. Dijajapkeun teuteup kosong. Ngalongkéwang.
“Naha teu lami?” pokna lalambé. Teu dijawab. Ukur malik neuteup.
“Nu matak gé ulah loba codéka geura!” pokna deui rada neugtreug.
“Perkawis naon téa nya?” ngaleuleuyan.
“Batur mah Kang ngedalkeun tresna téh majar salega sagara, satungkebing langit satangkaraking jagat. Naha Akang mah bet majar ukur satungtung kuku? Mun geus teu suka mah mending panjang babarayaan baé!”
“Oh..., éta. Naha Enéng teu uninga dunya jeung saeusina bakal sirna, langit bakal runtuh? Mending jiga kuku najan remen potong jeung haben diteukteukan teu ieuh eureun manjangan. Tumuwuh marengan réma jeung dampal nalika neneda ka Mantenna.”
Léngkah dumadakan kandeg, teu wasa nolak ranggah pananganna.

NGAROYOM DAHAN DAUNNA

Kénging Daniel Rans
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 20:33:40

Tuwuhna tatangkalan nu pating jungkiring. Rajeg mahpar disategalan basa. Luhurna mapakan satungkebing langit. Tegep alakaran disalebeting jagat. Ngareuy ngajalar ngaranggeum lemah. Ngaroyom dahan daunna. Mapaésan alam sastra. Ngaéndahan tegalan basa jeung landeuhna budaya.
Nyareuseup hayalan. Pangalaman luang jeung daluang. Kumalayang dilapisan luar jerona alam pamikiranana. Kahontal reujeung nu teu kahontal. Kebek minuhan rongga pori-pori cipta. Jararadi ideu kotréteun keur pedareuna.
Tatangkalan Ngabuah karya tulisan. Batan eureun malah leubeut. Buahna amis kareueut. Ti cangkang neupi ka eusi. Malah kahakan jeung siki-sikina! Ngaguluyur! Genah diaosna. Ledis tara nyésa. Euweuh runtah nu kapiceun. Estu matak ngahudang rasa kareueus.
Tangkal kahot buahna beuki pédo. Tangkal anyar ngabuah karya nu éndah. Najan gumading tetep nyanding.
"Pangipukeun kuring, atuh! Sangkan kuring ngaroyom dahan daunna. Ngembang ngajadi buah. Leubeut siga tangkal nu éta!" sora fikminer anyar. Ngadeheus ka lalaki tengah tuwuh. Nu anteng cindeko. Bari jongjon ngaluis buuk bodasna nu panjang ngagebay.

KADU

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 20:28:45

Syeh Oman, kitu batur nyarebutna téh, aki-aki rapékan sagala dipelak, sagala jadi duit. Imahna tukangeun kantor deukeut mushola, mindéng panggih mun mangsa ngalaksanakeun sholat, boh dhuha, lohor atawa ashar. Poé Senén bada lohor Syéh Oman ngagupayan, “Pa, kadieu geura, urang ngobrol,” cenah.
Diuk di tepas bari nyanghareupan goréng sampeu jeung cikopi, uplek ngobrol. Kurunyung barudak stap nyalampeurkeun, ngadon garogonjakan.
Rét ka tengah imah, di lawang panto ka kamerna aya kadu ngagantung. “Geuning aya kadu, naha bet digantungkeun dina lawang kamer?” Ajat nanya pinuh kapanasaran. “Ngahaja keur ngusir reungit.” jawabna bari mésem. “Oh, dikumahakeun Syéh?” Kang Dadang mairan. “Nya antep wé digantungkeun kitu, engké gé reungitna ningalieun” pokna. “Teras kumaha?” Ajat leuwih panasaran. “Enya mun geus ningali, engké reungitna kabur da sieuneun dibaledog.” pokna deui bari nyengir. Kabeh ting barakatak ningali Ajat jeung Kang Dadang nu ngalenggak.

PANGGIH DEUI DI DUMAY

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 20:25:52

Keur ngomén status ki sobat dina facébook, aya nu ngilu ngomén.
"Kang, masih émut kénéh ka abdi?" Ceuk éta koménan.
"Saha téa?" Ceuk kuring ngajawab koménan.
"Abdi Léla réréncangan SMA angkatan '91-'93!" Ceuk dina koménan.
Diklik ngaran Léla ditinggali potona.
Ras inget duapuluh hiji taun katukang basa mawa manéhna ka Situ Paténggang Ciwidéy.
Manéhna diuk gigireun dina biwir situ bari ngawaskeun cai situ nu sakapeung ngaliwat parahu wisata jeung panumpangna nu garumbira.
Kuring kungsi kedal di éta situ moal néangan nu séjén iwalti Lela ogé manéhna nyarita moal kasaha deu iwalti ka kuring bari nulis na batu cinta nu ngajentul sisi situ.
Sabulan ti harita kuring tara panggih jeung Lèla.
Kiwari panggih deui di Dunia maya bari na foto fropilna mawa budak.
Naha enya kitu lamun mika asih hiji wanoja tuluy ulin ka situ patenggang sok bolay.

JANG MAYAR HUTANG

Kénging Yoen Yoeliztya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 19:39:44

Bangkrut alatan katipu bisnis MLM, Jang Rahul ngalanglayung. Sawah warisan sabau, kebon pirang luwuk, ruko, mobil jeung motor kabéh ngalayang. Ngan ukur nyésakeun imah nu dicicingan jeung mobil hiji paranti iinditan. Éta ogé geus diborehkeun ka Bank.

Bingung kudu kumaha jang mayaran unggal bulanna. Mun teu dibayar, tangtu bakal disitana. Éra. Piraku anak nunggal Juragan Jayadidunya nu kakoncara beunghar tur béréhanana, kudu katalangsara jadi galandangan mah. Rék digawé, pan manéhna mah SMU ogé teu tamat da teu junun balas ulin, ngawur-ngawur duit kolotna. Anak pamajikan talitirah di imah mitoha, niiskeun pikir cenah.

Keur baluweng kitu, kolényay, ujug-ujug datang pikiran ngagenclang, "lakadalah, bener kudu ku cara éta, téréh balik modal jeung tikel lipet untungna " Marahmay.

Heuleut sawatara waktu, diunggal pertelon ngajeblag foto manéhna, maké tulisan, "Coblos No. 1, Drs. H Rahul Jayadidunya, Putra Bapa Jayadidunya. Dermawan & Merakyat." Ngajual komara bapana .

KUKUPU KAYAS

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 19:14:01

Wanci balébat nguliat. Leumpang antaré ngangais simpé. Léngkahna gejed. Kandeg hanadapeun tangkal jambé. Nyangkéré ngareureuhkeun capé. Kerenyed. Ter..., ter... Ngeleter! Beungeut Si Wewelek ngoconan. Hayang teuing mupus ringkang durjana. Hésé! Pudigdig.
“Aing ijid, ka sia! Kageuleuhan kakeumeuhan! Sétan alas. Dasar Duruwiksa!” Ceuceuleuweungan. Nu nyesek jeroeun dada, longsong saharita.
“Tos geulis, tong épés méér. Geura usik!” Kareungeu sora tanpa rupa. Luak-lieuk. Bréh. Si Rama-rama mébérkeun jangjangna.
“Yap, ka dieu!” Ngagupayan, laju ngalolohkeun madu.
Brul. Sabubuhan kukupu warna-warni tingkalayang. Tingserepet tingsiriwik merul ti sukulangit. Ngalingkupan awakna. Museur lir ulekan. Bray nyingray. Janggélék. Kukupu kayas jangjangna. Éndah kacida.
“Hatur sembah, kaulanun! Hurip Gusti waras abdi! Hurip Sri Ratu...!” Breng. Rabeng tinggeleber ngawang-ngawang. Célak-célak katojo panonpoé. Silih-udag. Séot, koléang. Sup. Kaheurap!
“Endén Rara aya di dieu, dokter!”Dua perawat ngaraponan nu babadug, téténjrag, tétéjéh. Gejos-gejos, jarum suntik nembus leungeunna. Leuseuh teu mangga pulia.
Pluk. Kukupu kayas rawék jangjangna. Ngalemah diranjah wayah.

WONDERFUL TO NIGHT

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 16:41:12

“Wilujeng sumping di dayeuh Bandung,” cekéng. Basa tepung peuting-peuting di lobi hotél. Néng Natasha. Mojang Jérman nu gamuleng. Imut leleb. Ngarangkul deudeuh. Eric Clapton gumalindeng. Jentréng hitarna ngalangkangkeun panineungan. “Paris van Javaaa!” Néng Natasha gumerendeng. Basa taksi ngageuleuyeung. Sungut ngabuih. Medar dongéng Sangkuriang. “Luar biasaaa!” pokna. Laju ngambung kana pipi.

Taksi ngangkleung. Lir parahu. Balayar di situ Bandung. Asa jadi Sangkuriang nyandingkeun Déwi Aphrodite. Nu dumalingding. Seungitna ngebekan kalbu. “Wah, geuning macét, Kang?” Néng Natasha gogodeg. Bréh. Kandaraan patutumpuk. Sora klakson tingjelengéng. Nilar taksi. Nyinglar macét. Jalan-jalan. Paduduaan. Mabok aroma katresnan. Tapi bau Cikapundung leuwih senget kaambeuna. Nyimpang. Ngabangbrangkeun kaharendeg.

Di hiji kafé. Eric Clapton gumalindeng deui baé. Néng Natasaha ngajak dangsa. Peuting nyambuangkeun asih. Na atuh, bet kapireng sora priwit. Patingjarerit. “Liwat jam dualas! Bubaaar!” Aparat patinggorowok. “Nazi..? Aya SS..!” Néng Natasha haroshos. Tingberetek. Tingbérébét sora bedil. Ukur bisa ngabelesat. Ngawang-ngawang. Papasangan. Nilar dayeuh nu ngabebela. Kumalayang. Ngadongkang bulan.

HAYANG NAON?

Kénging Erna Yuliana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 15:35:07

Dirérépéh teu daék émpéh. Ditalék sugan ka kobét eusi haténa weléh. ditanya itu ditanya ieu, ngabetem. diajak ka ditu diajak ka dieu mugen. diolo jajan, dibéré cocoan. Dibéré dahareun sumawona kalah beuki gogoakan. Tungtungna diantep sina lolongséran. Watir na mah watir, tapi dalah dikumaha teu beunang diopénan.

"Ari Ujang hayang naon atuh? Ti isuk nepi ka soré ceurik waé. Na teu capé hayoh waé wera? Éta sora mani geus peura. " Ngusapan nu keur inghak-inghakan.
"Ujang mah hayang pindah! Di dieu mah teu betah, teu ramé tiiseun. Teu aya pikaseurieun."
"Rék pindah ka mana atuh Jang? Pan ieu imah urang."
"Ka lapak FBS na pésbuk Mamah."

HÉMENG

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 15:09:20

Reueus. Ningal pameunteu nu bangun seureuh salambar. Belengéh. Aya legok leutik na sapasang pipi, nu masih cangker. Laju turun, ka sapasang pinareup nu sami nyeungseung. Gilek, nilik ka gigir. Rét. Angger. Henteu ilang lenggikna. Gap kana bobokong, laju ka nu imbit, karasa pepel. Mung naha nya bet apilain, asa badé majeng ka tilu sasih ieu? Duh, Gusti!
Ras ka Ambu. Nu teu kendat wanti-wanti. Supados getén ngaropéa diri, supados carogé betah di bumi, supados henteu...Ah, moal awon sangka. Percaten kasatiaan Salira mah. Mung naha nya ngalembur damel téh, meni unggal dinten?

Kring! Hapé dina méja rias. Klik, "Haloo, Tin! Ih, resep ka salaki di dinya mah, beurang jaga di Bank, ari bieu katingali markiran di palataran Supermarkét, jadi ngariakeun budak ku upacara adat téh nya?" sora Wiwin norolong. Klik. Kuring sumegruk pinuh ku kabagjaan.

DONGENG BANGKONG

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 14:42:54

“Dongéng heula, yu,” saur Ema bari ngagolédag gédéngeun kuring. Kuring ukur unggeuk bari teu ngarti naon ari ‘dongéng’. Kecap nu nepi ka ayeuna tetep rumeuk, nu teu kakobét pihartieunana. Tapi anéhna tapakna bet nyaliara kana uteuk, kana sagala nu aya dina diri. Nyésa nepi ka kiwari. Teu pira, dongéng bangkong nu katideresa alatan sasab ka tempat manusa. “Na aya bangkong asup ka jero imah?” Ema teu ngawaler. Tonggoy nuluykeun carita. “Bangkong téh sukuna dua, leungeunna dua, panonna dua, sagala dua,” saur Ema. “Boa haténa gé sadua-dua?” Deui-deui Ema teu ngawaro panalék kuring. Malah ditétélakeun yén bangkong hirup pabaliut jeung angka-angka nu loba digulanggapér manusa. Kuring teu tumanya bisi ngarobeda jalan carita. Komo basa bangkong diraponan rupa-rupa masalah, kuring ukur ngabandungan. Ngan basa Ema nundutan méméh carita tutas, kuring ngageuingkeun Ema. “Ema, naha dongeng téh ngabuntut bangkong?” Ema tibang nyéréngéh. Saurna, “Hidep mah ulah kitu!” cenah.

PÉPÉLING INDUNG

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 14:33:30

Bima ngarénghap bari neuteup ibuna, bruh-bréh runtuyan kadeudeuh nu ngakandung. Tangkeupan, rangkulan, rungruman, haneutna nyaksrak nyaliara sakujur raga bari diayun-ayun ku galindeng kadeudeuh, galindeng kanyaah indung nu estuning langgeng pageuh.
“Anaking…, ulah kejot borosot, apan hidep téh sinatria, kedah gaduh pikir rangkepan…” ceuk Déwi Kunti, daria. “Kayakinan nu teu disarengan ku waspada, temahna matak cilaka….”
“Maksudna?” témbal Bima bari neuteup anteb.
“Kasép, naha hidep kantos ngarungu hiji jajaka nu satia satuhu ka hiji wanoja nu janten kasucian cintana? Éta jajaka nu teu kinten yakinna kana cinta wanoja, ka asihna, kahemana teu weléh manteng na implengan, tapi, béhna mah bet sulaya tina wangwangannana, wanoja nu dipikacintana téga ngahianat. Eta margina dina sagala rupi, boh ngudag kabagjaan sok komo hidep seja milari kasampurnaan hirup, pami teu disarengan ku kawaspadaan matak sangsara jiwa raga. Teuneung ludeung bari panceg dina kayakinan, pami teu disarengan ku kecap waspada, pangémut ibu mah pagawéan nu boa mawa cilaka…”

TEUING DI MANA

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 14:10:12

Kageuingkeun ku sora adzan. Rét, ka katuhu. Awéwé bulucun nu ukur ka turuban simbut. Geuwat ka kamar mandi. Adus. Laju ka masigit. Balik ti masigit, kasampak manéhna geus hudang. Geus sayagi sasarap. "Kang, Néng angkat tipayun! Aya miting." Kadéngé sora mobil ngajauhan. Teu lila sada sora henponna. "Mas, lembur?" sora ditungtung telpon nanya semu curiga. "Muhun, ieu nuju di DBQ, ayeuna gé badé ka kantor!" Klik, telpon geuwat di tutup.
Geus saminggu, haseup teu daék ingkah. Isuk-isuk jalma ngahunyud di lapang. Deuk menta hujan. Tengah peuting, paralak sora hujan. Nu ngagojod jero simbut anteng pabeulit bitis. “Kang, enjing mulang?” Nu ditalek manco ka mangsa katukang. Ras inget, basa jadi rois di Paguron Gajah. “Aing geus teu apal saha ieu diri.” Gerentesna. Hujan di luar mingkin ngerepan. Hideung. Sahideung minyak nu geus ngagetih dina dirina....*

(LAIN) NGIMPI

Kénging Dana Sudiawiguna
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 14:05:37

Geus tilu poé ngalempréh di bangsal rumah sakit. Kaserang tipes. Saruangan dieusi opat urang pasén. Diparindingan make hordéng pulas héjo. Teuing kunaon peuting ieu téh karasa keueung. Di luar hujan ngagebrét. Lalaunan mata dipeureumkeun. Teu lila, jep. Jempling. Taya soara. Bray beunta. Gebeg. Lalangit kamar ngaleungit. Diganti ku marakbakna cahaya béntang, satungtung deuleu. Can béak kareuwas. Gayabag, mahluk hideung jangjangan kakalayangan. Matana hurung ngempur. Badis ruhak naraka. Késang ngoprot saawak awak. "Gusti, mung ka anjeun abdi neda pitulung". Belesat, si mahluk ngajaul ka luhur. Laju turun nyirorot nuju ka kuring. Awak asa ngariut sagedé sieur. " Inalillahi wainnailahi rojiuun. Bapaa.." Sora lalaki meupeuskeun kasimpé. Nyah beunta, karérét pasén gigireun geus nepi kana titis tulisna.

NU MATURAN MIKMIN

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 14:01:32

Atoh pisan ari manggih poé libur téh. Bisa dimangpaatkeun mikmin. Bari lalangkarakan nyekel hapé android. Kutak-ketik. Judul, pesen atawa eusi fikmin, boga lalakonna, tempat, waktu, jeung sapuluh kecap nu bakal diréka-réka.
Ti saprak aya saémbara fikmin nu kudu ngarangkén sapuluh kecap: ajag, parahu,sisir jste. Matuh unggal mikmin sok nulis heula sapuluh kecap sangeunahna.
Harita gé geus manggih dalapan kecap, tinggal dua deui. Keur anteng ngulinkeun rasa, pikir jeung sawangan, ngadadak listrik pareum.
"Alhamdulillah...." ceuk kuring satengah sadar.
"Naha bet alhamdulillah sakieu jadi poékna?" ceuk hiji sora.
"Poék mah sakeudeung, lililana mah pan...." teu kebat. Luak-lieuk. Ngarayap, gap sénter dihurungkeun. Euweuh sasaha, da titatadi gé sorangan.
Kapanggih wéh kecap nu ka salapan jurig, nu ka sapuluhna.....wani!

LÉAHNA TATANGGA

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 13:29:14

“Kitu jeung kitu wéh Si Yahudi téh, kalakuanana. Saban-saban. Tapi, kasabaran tatanggana lir samudra. Nepi ka hiji mangsa. Si Tatangga téh ngadatangan imahna. Nu ngabagéakeun, ngungun paromanna. Singget carita, sémah téh dianteurkeun wéh ka pangsaréan nu keur gering rada parna. Si Yahudi téa.”

“Atuh reuwaseun?”

“Puguh, kacida reuwaseunana. ‘Anjeun téh hiji-hijina nu ngalongokan. Nu séjén mah euweuh nu miroséa. Apal ti mana?’ pokna. ‘Kuring téh hélok,’ walon Si Tatangga, ‘panandéan kukucuran, saat eusina. Hariwang, bisi kumaonam. Tétéla geuning. Sing énggal waluya, nya.’ Curucud. Si Yahudi téa. ‘Naha teu ceuceub? Kuring sok ngiihan hateup padumukan anjeun sakitu lilana?’ nanya, dareuda. Gogodeg, tatanggana téa. Imut. ‘Saur Jungjunan kuring: sing saha nu iman ka Gusti jeung poé ahir, mulyakeun tatanggana!’ Teg. Si Yahudi reumbay cimata. Dumadak léah haténa. Nyuuh. Sahadat saharita. Tah…, palebah dieu cénah, kajadianana. Karuhun saksina. Béja tatalépa, nepi ka hidep ayeuna.”

Geleber. Haliber. Luhureun ruruntuk mangpirang-pirang. Patempatan nu dirungkad perang.

IRAHA?

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 13:00:58

Ba'da Subuh. Saminggu sakali mah sok ngahajakeun ka pasar. Ngahaja leumpang, itung-itung olahraga pangpangna resep niténan kaayaan alam jeung pangeusina dina mitembian kahirupan. Pareng lamun aya bahan alus ceuk rarasaan sok dijieun Fikmin.
Kéréték, Ojeg, Angkot, Treuk barang, nu nanggung dagangan balikeun jeung nu kakara datang ngéléhkeun hawa tiis. Sup ka pasar. Haneuteun ku anu adu tawar marebutkeun panceugna harga dagangan. Sakapeung reueus, pasar rakyat masih nyawaan. Kadang hariwang, jlug jleg swalayan gigireuna jieunan nagara deungeun ngorowotan maéhan.
Méh dua jam kukuiringan. Balik. Kasampak salaki keur lalajo siaran lansung boxen. Pesenan manéhna dibikeun. Léos ka cai mandi.
Reres dangdan. Salaki, di tanya teu nembalan kalah jamedud. Saméméh maripih dipangninyuhkeun kopi.
"Ku naon ari akang?" Ngawani-wani.
"Jadi melaan ngadua ngatilukeun waktu keur kami, mana buktina!" Ngalungkeun koran. ngagorowok, jagoan boksena meunang.
Handapeun meja leuwih ti sapuluh koran, euwuh pangarang ngarana kuring.

MUNGKAS

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 12:11:09

Anjog. Di tempat nu sarua. Jiga sasari. Diuk di juru beulah katuhu. Di tempat nu geus diancokeun ku Pak Lik Poniman. Unggal malem minggu. Ngawaskeun sakur anu datang. Dua urang lalaki baregang, nu marawa gitar, nyampeurkeun. Rengkuh, minangka ménta idin rék ngamén, “kau anggap cinta, hanya sandiwara, hanya tawa dan canda. ....” Ngarénghap. “Kini baru kau rasa. Kasih tiada duanya. Cinta tiada taranya. ...,” geuwat dieureunkeun ku duit sapuluh rébu. Simpé, di antara nu patingcakakak, patingcirihil. Beuki lila, nu nyakakak beuki ngurangan, tug nepika bener-bener euweuh deui.
“Mbak, niki sampun ndalu sanget. Badé tutupan.” Bulik Sutiyem, pamajikan Pak Lik Poniman, ngagebah lamunan. Maksakeun cengkat.
“Nggih, Bulik. Kulo nyuwun séwu, menawi kito mboten saget kepanggih malih.” Ménta dihampura. Peuting ieu, mungkas mangsa nganti nu dipitineung. Pileuleuyan, Yogya.

BEU

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 11:49:13

Balik ti Warnét. "Mang ojég?" Awéwé tengah tuwuh megat. Kuring ngaenyakeun. Sapaparat jalan manéhna galécok. Aya Pulisi keur ngajalankeun tugasna di omongkeun, Tibum keur mariksa susuratan mobil dipairan, jalan lebah pasar ruksak pajarkeun pamaréntah teu maliré. Tukang dagang di émpér teu luput. anu baramaén di omél. matak rawing ceuli.
"Leresan pamandian mobil, lirena mang!" halon .meureun geus capeun nyarita.
Reg, Eureun. jut turun. Ngasongkeun salambar saratus rebu.
"Teu gaduh angsulana, Bu!" Kuring negeskeun.
"Antosan! Urang tukeurkeun heula" ngaléos ka jero lembur.
Motor di standarkeun, Ngadagoan. Mamenit, luhmenit, sajam teu emol-emol. Jadol.
Karék malikeun motor, baju saraged awak kabanjur kunu ngumbah mobil. Sial.

KURING

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 10:42:13

Kriing..kriing...hapé kuring disada, geuwat diangkat. Ngagebeg sataker kebek naha bet kuring nu nelepon. Panasaran ku kuring ditelepon balik, angger nu narimana kuring kénéh. Leng kuring ngalamun nginget-nginget nu ku kuring dipilampah salila ieu. Asa aya nu lian di diri kuring. Boa enya. Gentak ngoréjat. Kodongkang. Bray mukakeun panto. Kasampak kuring keur nyangsaya siga nu ilang daya. Nyarita dareuda dina ungkara nu pinuh ku kanalangsa " Naha téga anjeun sakitu lawasna mopohokeun diri kuring !". Bru kuring nyuuh "tobat Gusti tina saniskanten kalepatan !"

SABOT REUREUH

Kénging Aray Nutisajra
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 09:11:10

Panonpoé geus lingsir ngulon, karasa panasna. Ngoloyog kana handapeun kiara. Ngareureuhkeun heula kacapé. Tina nanjak-mudunna lalampahan. Jauh kénéh. Angin nu ngandalingding nyieun betah diuk lila di dinya. Karasa aya kanikmatan nu teu bisa diucapkeun ku lisan. Ukur gumerendeng muji syukur ka Nu Ngadamel hiliwirna angin. Teu kanyahoan jolna, ujug-ujug geus ngajanteng hiji jalma. Rupa aki-aki nu rada bongkok. “Ieu buah koldi, ngenah tan wates wangenna,” Ngabibita ku rupa nu kareueut. “Anjeun pantes menang kanikmatan tina hasil amal anjeun, ieu mah ukur saeutik nu bisa disanggakeun ku aki,” pokna deui. Sakedapan mah ukur melong, jorojoy hayang nampanan. Kuring istigfar laju gideug. “Baheula Kangjeng Nabi Adam, diturunkeun ti sawarga ka marcapada alatan ngadahar buah éta. Lamun seug kami nu ngadaharna, teu sanggup ngabayangkeunana bakal di turunkeun kamana kami ti ieu dunya,” ngaléos ninggalkeun aki-aki nu geus robah wujud jadi istri.

SHE'S GONE

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 09:07:05

Jamparing trésna niruk jajantung. Ngadon ngajéngjéhé 'na léngkob haté. Rambat kamalé, nyasaak rasa nu teu wasa nandanganana.
Salah kuring kénéh, basa anjeun miang, kuring anteng ngagugulung nu keur kapidangdung. Teu miroséa, kumaha gudawangna haté anjeun.
Nyeri peurih nu harita karasa ku anjeun, kiwari malik ka kuring.
"Hampura geulis, Akang geus téga nyapirakeun," ukur galécok jero batin.
Keur anteng ngahuleng di hiji taman. Gebeg...! Aya nu nepak taktak, barang rét, "Damang A, nepangkeun, ieu pun lanceuk," hookeun bari hareugeueun.Teu wasa macakrama sab gedé rasa rumasa. Kalah tingharuleng. Kuring samar polah.
"Permios A, abdi ti payun," anjeun ngaléos digéndéng ku lalaki nu enya-enya nyaah ka anjeun.
"Ma, ma, mangga," kuring ngawalon halon.
Duuuh...! Gustiii...! Untung teu ngalenggerek.
"She's gone. Out my life. I was wrong. I'm to blame. I was so untrue. I can't life without her love. Hawar-hawar Steelheart ngaléléwé haté nu keur marudah.

BONGAN

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 08:14:13

“Sono . . .” ngaharéwos. Nunun tungkul. Teu wani neuteup sorot panonna. Nu sok gugurilapan lamun paeunteup. Neumbag mamaras batin mun pareng pateuteup
“Kunaon teu ngawaler?” pok deui. Karérét ku juru panonna, imut nu miharep. Geus lila pisan katunda. Teu bisa nyacapkeun sono. Bongan bangkong, ka cai can dimandikeun.
“Dieu atuh calikna, sing caket” ngolo deui. Dada Nunun ngaronghéap, ngarénghap, kacandet ku teu wasa. Moal, moal hoyong calik pacaket, Kang! Gerentesna.
Vidéo-call ditutup, aya nu ngalémbéréh dina juru panonna.

ROMAN PICISAN

Kénging Nova Nuralawiyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 07:55:01

Hilman Muhammad Fahlévi. Hiji ngaran nu terus jejem na puhu kalbu. Nu terus nguliat nyoo tibelat. Nguniang milang kahayang.
Duka nu kasabaraha ratus kalina kuring terus nuliskeun éta ngaran. Éta ngaran bet terus nuturkeun leungeun hayang sina diucapkeun mangsi. Saban wanci terus ngeundeuk-ngeundeuk uteuk. Meulah pikir. Maksa miéling lumampah diri.

Najan pernah kacipruk ku girimis tunggara,inggis di tengah sagara rasa,tapi nyaan éta ngaran masih kénéh leubeut ku geugeut.
Hilman Muhammad Fahlévi. Ngaran nu geus jadi lalakon dina carita kuring.
"Boa éta téh ngaran pangalusna kitu?".

NU BOGOH KA NYI CIOH ATAWA NU NGABUDI UCING

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 04:38:30

*)

Jaman VOC ngawasa, tuan Gempor bogoh ka Cioh. Inyana dibeuli. Dipenta ka kolotna. Kolotna satuju. Jaman Jepang Oko-okokotoka-san hayang mihukum néng Cioh. Dikurihit ka indung-bapana. Diheueuhan. Dingaranan Kini-kini-toké-chan. Jaman Républik Bapa AnuPamingpin geubis bogoh ka nDén Cioh. Kolotna dideukeutan, nya ngamanggakeun. Neng Cioh teu disebut Ibu AnuPamingpin, alatan disimpen dibuni-buni, dipiara dipusti-pusti janten anu ka-tujuh. Abad 21, nyi Cioh dipikaresep ku politisi, diwowoy mobil-villa-kapal pesiar, disakolakeun di S3, S4, tangka S5. Supados Sadaya Sasalimpetan Salamet Selamanyah.

Kamari, Nyi Cioh ceurik rawah-riwih, hareupeun simuing. Awak raca. Badis arca dipergasa.Tatu. Eumeur. Uing téa ngabudi ucing. Si Nyai digaléntoran, disérvis abis, dimandian, diruruan, hang sina indit bau-bangkéna, hang sina musna hanyir – hangruna. Dilétakan, sabeuleugeunjeur. Udel geulisna diteken sina balik deui tanaga jerona. Tulang tonggong diusapan, ngondang nyurup Bayu Bajrana.
Diceuceuhan. Dipuah Sutra Asmarandana. Diwirid surah Kalimasadah. Dibulen ku lamak seungit juta rupa. Dipusti-pusti.

Di katulistiwa: Cioh nangunjar, mastaka di Sabang, sampéan di Maroké!

*) nambut nami tokoh na Fikmin

STILL GOT THE BLUES KEUR ADINDA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 00:54:09

Ketukan wirahma sepergenepbelas ngulayab blues, nyimpaykeun panineungan. Sora jerit hitar aweuhan amplitudo ngabangingik nyeri, nujul oktaf ka tujuh. Cinta jeung kakangen anu lantip kudu dibayar mahal pisan.” Kuduna anjeun apal ti waktu ka waktu,” manéhna harita ngaharéwos dina chord bé minor min lima pelebah singcope pisan. Adinda, memang geus lawas pisan urang teu patepung, tapi salira teu weleh ka gundamkeun ti bar ka hiji tepi ka bar dua belas napel jadi not légato. Enya kitu? Cinta lir ka ulinan nulis partitur, aya mol jeung kruis adu manis dalit jadi arransemen Da Capo. Adinda oh Adinda. Kuring ngabéjaan ka salira, duriat tumetep kénéh aya dina naskah partitur haté kuring. Lebay. Sanajan kuring sabenerna geus sumerah pisan jeung narima kana papastén, yén salira geus pasti bumetah tumaninah di alam kalanggengan. Fine.

LALAKON

Kénging Ninun Bulan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 00:44:04

Sirahna diasupkeun deui kana kulkas. Saduméh tingtrim, cenah sok ngancik dina jero pipikiran pangtiisna. "Ngaluméééh!" Saguratan jarum deui ka poé isuk, sabab waktu nyarakclakan ka kénca, kana cungcurugan tapak para wiku. "Ngaluméééh!" Sora jam karasa beuki peuyeuh tur beueus.
Nungalantarankeun simpé, horéng kasonona diwayahnakeun. Kitu lalakona jero kulkas.
Manéhna sadar, yén nu di anti-anti hamo ngarti, kana jarak nu teu kendat disambat, najan sakumaha kuatna sumambat. Wanci geus ngongkorong. Lep deui, sirahna mebes. Kana poé réhé. Lalakon beuki bruh bréh, kawas milu surti kana eusining haténa nu keur ngageri. Hawa kulkas ngeteyep, tuluy ngeukeup kana batin. Kuring jeung manéhna nu salalakon

GUNTRENG PEUTING

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2014 00:27:42

Kakang, patepung deui? Saprak, peuting harita, salira anjaclang 'na méga malang. Ngadangding asih, mépéndé haté. Abdi katalimbeng. Mun wasa, hayang marengan ngahariring. Ayang-ayang gung nyungsi béntang. Atawa guntreng dina hieum bulan. Duh, Engkang..., basa réma teu ngahaja pataréma. Tingsariak saawak-awak. Aya rasa nu teu biasa sumarambah.
Rasa nu can aya saméméhna.
Enung, jungjunan ati. Salira nu kapicangcam saban wanci. Haté lalewang, teu kuat hayang patepang. Ratusan dangding kasmaran di hariringkeun. Rébuan sajak, dihaleuangkeun. Talatah ka unggal célak béntang. Titip saur ka séahna cihujan. Ngan Enung nu ngaratuan weningna ati. Enung, nu satia satuhu. Rumasa engkang nu sasab. Sab sajatining asih teu bisa mirusa. Sok komo Enung, wanoja pinilih kakasih Rama. Piraku, kagémbang pantar engkang. Sing tengtrem, Geulis. Engkang jangji hamo ngaharu ganggu. Engkang bagja, mun Enung mulya.
Bulan, kulawu diharudum halimun. Hiji dua béntang, asa-asa némbongan. Langit beueus, nilar peuting mapag balébat. Kapireng kur-ker kérék Rama diharudum sarung.