Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Oktober 2012 (36 Naskah)


DOKTER NU KATUJUH

Kénging Nyi Roro
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 22:13:14

Teu karasa, panon Irma ngembeng ku cimata. Asa cikénéh manéhna pahareup-hareup jeung éta dokter. Manéhna téh dokter nu katujuh, sanggeus genep dokter lianna ngavonis dina panon Irma aya tumor nu kudu buru-buru dioperasi. Mun teu dilakonan, bisa ngabahayakeun nyawa Irma.
“Tong sagawayah ngoperasi!” ceuk éta dokter bari buncelik. Heuras, cicirén urang peuntas. Deuih, maklum pangsiunan tangtara, jendral bintang hiji. Tapi keur Irma mah najan seukeut, teu matak raheut. Ngemplong kacida. Salila sababaraha bulan Irma tatamba, geus puguh ngadunga mah muntang kanu Kawasa. Alhamdulillah, panon Irma cageur sabihara-bihari deui. Irma kacida bungaheunana.
“Hatur nuhun, Dok”, ceuk Irma nepi ka dua kali. Éta dokter sugan malire, ih anteng baé. Geus biasa narima panuhun ti pasénna. Numatak, kacida reuwasna basa Irma ningali berita dina tv yén dokter nu geus nyageurkeun panonna maot alatan cilaka basa ngapungkeun pesawat.
“Hatur nuhun. Wilujeng angkat, Dok…”gerentes Irma dareuda.

PEUTING LIKURAN

Kénging Liezbella Swanzen
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 21:33:09

Rumpaka tembang kasono silih harewos peuting ieu. Kagembang ku baranangna bentang. Natrat dina amparan sajarah, aya nu ngaliwat lain wayah. Hate beuki tagiwur. Tugenah ngagulung dina jajantung "Sabar heula", hiji sora meupeuskeun obor nu ngagedur dina kalbu. Kuring ngorenjag barang ret ka palebah tutuwuhan beulah katuhu, ka palebah datangna sora. Aya imut kareueut, pinuh ka asih, iuh linduh dina peuting likuran ieu. Geuwat muru kalangkangna, kana leungeunna nu muka ngarangkul tresna. Tapi, kalangkangna beuki ngipisan ku hiliwir angin. Lalaunan hiber ngahiji jeung poekna peuting. Reg eureun hareupeun imutna nu beuki udar lir haseup katiup angin. Tangtunganna ngapung ka awang-awang neuteup kuring nu jadi arca. Peuting ieu, peuting likuran. Aya nu ngaliwat lain wayah. Silih pikatineung, ditandasa rasa.

GALINGGING

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 21:15:35

Sup, manehna ka jero kamar. Dikonci. Pakean dilaan kabehannana. Ngagoler luhureun kasur nu seprena aya gambar kleup mengbal kameumeutna. Gap kana remote. Lagu 'Dead silence'na Obituary ngajelegur minuhan rohangan kamar.
Dongko, nyokot dompet tina calanana. Pahpir kucel nu geus aya eusina, diseueup. Aya katumbiri nu nembongan. Aya taman nu lega. Aya gambar mangpirang awewe jul-jol dina bayangan. Gap, kana remote. 'Unbreak my heart'na toni braxton ngagalindeng. Beuki tarik nyeuseup. Haseupna dikeueum na dada.
"Don't leave in all this pain..don't leave me out in the rain...." Sora nu ngeleter, nuturkeun galindeng nu aya.

RARAY APA

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 20:42:59

Satepina di imah, sup ka kamar. Ngajanteng hareupeun eunteung. Nilik-nilik rupa sorangan. Ti kénca, ti katuhu, beungeut méh adek kana eunteung. Dipapay ti mimiti pipi, ceuli tuluy panon. Irung ogé biwir teu nepi kaliwat. Aing jadi inget keur budak, daék wéh dibobodo ku Enin. Néangan bapa mah kudu bari ngeunteung, Déd," cenah. Si mamah deuih, bonganna teu balaka waé kamana ari Bapa. Jiga urang kitu bapa téh? Jiga urang pisan?. Sabot nempo ti hareup, dua pasang panon paadu teuteup. Ter, aya nu ngageleter ‘na jero awak. Napas eureun sakedapan. Apa kitu ieu téh?. Antara bungah jeung cangcaya. Nu diteuteup ukur imut, haté jadi guligah. “Apa?” Les, leungit. Nu aya kari teuteup kosong sapasang panon dina eunteung. Dipencrong malik mencrong, dipolototan malik molototan. Bet ngadon tingsariak. Éta panon siga nu rék neureuy buleud. Siki panon nu buncelik seukeut ningali kuring. Puringkak! Séak! Ser.... Getih ngadadak gancang kamalirna. Bek! Asa diteunggeul hulu angen. Kocéak, batin ngocéak, “Apaaaaa ....!”

AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK

Kénging Meila Handayani
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 20:35:30

Regeyeng, karung teh dipanggul, s
anajan beurat teu dirasa, kesang nu nyorolok saawak-awak ge teu dipirosea. Dicipta-cipta pasti buruhna gede. Kalangkang duit napel na kongkolak panon. Piraku we dibere saeutik, nu nitahna ge awewe geulis tur make kandaraan mewah. Nepi tujuan, cag, karung diecagkeun, kadenge si awewe ngomong, "Mang, tah ieu artos sapuluh rebu, kangge buruh ngangkut sareng sakantenan abdi pangmeserkeun roko 2 bungkus, jeruk sakilo, sareng sukro weh 3 bungkus nu arageung. Omat nya. Tah angsulanana mangga candak weh ku Mamang." Kuring calangap.

TILU PERKARA

Kénging Eros Rosnida
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 20:31:40

Sikabayan tas babalung kuping di masjid, balik ka imah ditanya ku Si iteung " kang naon bae nu diterangkan ku ajeungan teh, sok dongengkeun deui ka kuring". Si Kabayan ngahuleung heula sakeudeung, " Yeuh....nyai tadi teh ajeungan nerangkeun kieu , aya tilu perkara anu teu bisa dilakukeun ku manusa , kahiji nyaeta ngecet langit make koas, kadua nawu cai laut ku ember plastik, katiluna noong bulan make kendi". Si iteung kerung" naha geuning kitu ?". Si Kabayan embung eleh geleng" Fikiran bae ku Nyai geus aya jalma nu bisaeun kitu?" Si Iteung unggut-ungutan siga nu ngartieun. keur kitu aya mitohana ngaliwat, bari nyentak" dasar maneh mah nundutan ngaji teh, yeuh Iteung lain kitu, ceuk ajeungan urang kudu ngajauhan tilu perkara, teu meunang Ngarah, ngarinah, hianat, ari maneh ngaji nanahaon kabayan"tanya mitohana, " abdi mah ngajinahan....abah" ngadenge kitu Si iteung tibuburanjat bari ngamangkeun halu "Naooooonn...?" bari murungkut sieuneun di takol " Ampun Nyai rumasa akang teh ngaji....nahan nundutan, hampura nya"

BALATI

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 20:28:45

“Éndah mitineung anjeun, Hari. Najan enya bet nuluy ambon sorangan.”
Panonna neuteup lalangit kamar. Laun-laun, éndahna katineung dipinuhan pepedut riwan. Ngabelegbeg. Tohaga nakeranan ngabedega jeung mongkléngna. Mimiti samar antara kaasih reujeung kapeurih. Katineung nu tuluy disapirakeun, ngarandakah nyayang dina talaga amarah. Rét kana balati nu diteundeun na laci méja riasna. Lalaunan dicabut tina warangkana. Gurilapna tuluy ngangajak nyarita.
“Bet taya pisan haregana diri téh, Nénéng. Kaasih disapirakeun?”
Ngadak-ngadak, dirina tidederegég nahan panungtun balati. Beuki rosa tanagana. Ahirna, balati newek kana jajantungna.

CINTA JEUNG RUSIAH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 20:21:19

Geus ampir genep belas taun rumah tangga, pinuh ku papaés kahirupan, suka jeung senang. Boga pamajikan kayungyun ku sagalana, ku sabarna dina aya jeung euweuhna. Balik ngantor, saenggeus citeh manis, ngalempengkeun cangkéng di kamar, ngarasakeun capé, malum jadi kurir purah nganteur barang dunungan.
Kapireng aya anu ngetrok panto, tuluy sora pamajikan. " Rek naon kadieu?". Rada reuwas pamajikan siga anu ambek ka somah. " Aéh gening aya tamu, punten saha téa ieu téh asa nembe tepang?". " Ieu teh rerencangan kuliah Pa" Pamajikan nembalan. " Abdi Irsad Pa, numawi nepangan kadieu, nyuhunkeun bantosan, wirehna pun anak udur" . Pamajikan kaciri ngabalieur. " Oh kitu, bantosanana mangrupi naon, upami ka duga tangtos ku Akang dibantu.". Somah neuteup kuring." Pun anak sasambat wae nami bojo akang, ayeuna keneh disuhunkeun ridona, bojo akang ngalayad pu anak" Pamajikan nyuruntul nyuuh nyegruk dina dada kuring.
" Mah, bral " Kuring ngaharewos. Pamajikan unggeuk.

GOWENGAN

Kénging Indra Farhan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 19:27:16

Reugreug hate ningali matapoe meletek ti tebeh wetan, nyeta ari loba dosa mah sok melang sieun sarangenge ebray ti kulon. Carangcang tihang maranti geus keur nyerot sabekong cikopi. Sorabiii, sorabiiii Kang haji, Ceuk idah nu unggal isuk tuhu ngalalawuhan. Corabi lima, gerejeg 5, tembal teh ti jero. Ti isuk nepi ka sore teu suwung kunu nawaran, tukang kolonyo, tukang baso, tukang kiridit, tukang parang, tukang deungeun sangu, ngan euweuh nu nawaran deungeun sare mah da pira sarakan di rambu gunung. Kop kana hp gede dibukaan kalah bosen eusina pinuh kunu dagang, dagang carecet, dagang karpet, dagang silet, dagang sahang, dagang saham, nu ngajak beunghar bae aya, euweuh nu ngajak miskin mah. Klung sora messenger, bray dibuka, aya potret wanoja teu ngangge bungkus dadana, handapeunana ukur di reumpeukan lamak saheulay, prak dibaca pesenna "Kang haji bade wengi ayeuna?" Astagfirullah bari neleg ciduh.

HAYANG TIMBURU....

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 19:21:50

Geus ampir sapuluh taun rumah tangga. Tapi nepi ka kiwari, ngan pamajikan nu sok timburu téh. Heueuh, da pernah kapanggih sms, aya kecap sayang-sayangan. Hiji waktu mah, hayang ogé timburu ka pamajikan.
"Mah, asa béda ayeuna mah?" Muka obrolan.
"Béda, naon? Sok aya-aya waé, Apa mah!" Bari imut ogo.
"Asa, sok beuki ngageulis, mun badé kaluar ti bumi téh? Aya nu sok merhatoskeun, nya?" Nyaliksik.
Paromana mimiti serius. "Apa tong bendu, nya?" Gebeg, asa rada kabéntar.
“Moal!” Pondok ngajawab.
“Saleresna mah, tos saminggu ieu, diluar téh sok aya nu merhatoskeun..!” Luk, tungkul.
“Saha? Apa apal ka jalmi-na?” Beungeut beureum burahay.
“Henteu, ngan Apa gé tangtosna tos ningal dedegna” Buluham béléhém.
“Saha? urang mana?” teu merhatikeun paromana.
“Tuh, diluar dina tangkal..” satengah ngéhkéy.
Ditoong, jadol téh, ‘Poster Calon Bupati’. Laju ngélékéték ngajak ka pangkéng…

THE LAST BID

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 18:54:51

“Hayu ateuh.. Akang!”
“ Akang teu tiasa.”
“Didiskon 50% nya, husus kanggè Akang nu ganteng yuk!”
“Nuhun, Nèng. Tapi akang tetep teu tiasa.”
“Deuuh..! ci Akang somse pisan eum, 25% lah teu nanaon panglaris. Kersa nya?”
“Punteen Nèng, sanès akang somse, jujur Akang teu biasa.”
“Ih .. si Akang meni kicu. Emangna pèdah naon, Akaaaang?” si Wanoja nyiwit bari ngadilak.
“Pan produk urang samèrek.”
“Nya tos ateuh, tibatan teu narik pisan, etang-etang dadasar, haratis sawios lah. Yuk!”
“... !?”

EWÉ KEUR KANCEUH

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 18:54:24

“Pang rasa, aing ja gagah”, gerentes haténa bari ngaca. Maké setélan jas lengkep jeung dasi. Geus seungit parfum, buuk geus dijélian sina rada rancung bari kadeuleuna baseuh baé siga karak mandi. Deuk mingpin rapat di kantor poé ieu jam 08:00.
“Céng, geura leumpang tiheula. Paké bae motor ema”, ceuk Suanah, éwéna ka si Acéng. Anakna ngabiur, éwéna ngaléos ka kamar mandi.
“Ka, ene nyeri hulu”, pokna basa Sakim deuk leumpang. Maké baju saré nu ipis pulas kayas. Ngalangkang. Matana sayu siga tunduheun, biwirna ngabelenyéh kéom.
“Wayahna poé ieu rada telat mah Ka, ja teu unggal poé“, pokna deui bari ngudaran jas jeung dasi nu tadi dipangmasangkeun. Panyakitna keur kanceuh.
Bari ngagares cikur, Sakim ngirim sms ka sekertaris, “Rin, béjakeun ka barudak, rapatna diundur ka jam 10"

KADONGDORA

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 17:29:09

Digleu. Digleu. Ngajanteng hareupeun lawang. ”Huntéén...Haaiii...hupi hapa haya..?” Panonna ngaburileng. Buuk cawigwig. Baku, ari geus gura-gero nananyakeun bapa téh. Can diasongan pincuk sangu mah can ingkah. Ngajengjen di tempatna. Teu obah-obah. Tapi da bapa saha atuh. Dumuk di imah euweuh lalaki. Lugah-ligeuh ngan sorangan. Samarukna siga batur. Rumah tangga kumplit aya indung, aya bapa, aya anak. Boga, bogana mah surat kawin, tapi euweuh lalakina. Saprak dirapalan, teu ngarasakeun oléng pangantén. Kari-kari ayeuna unggal isuk disampeurkeun ku nu owah.
Ayeuna cindeluk dina golodog. Ngadago-dago. Geus tujuh poé taya datang. Sono kana sorana nu halimpu, ”Punten, Nyai, dupi bapa aya..?” Sanajan ngirung. Sanajan téngé.

HAYAM KAMEUMEUT

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 17:08:26

Poè geus reup-reupan. Bi Minah masih kènèh kokotètèngan. Nènèangan anak Hayam. Geus burit can ngampih. Tempat suni disungsi. Sisi Lebak dikotèktak. Lebeng. Teu kapanggih bulu-buluna acan.
"Kapanggih Hayam tèh bi?"
Dunungan awèwè nanya. Basa bi Minah balik èk Sholat Magrib.
"Henteu Endèn!"
Geus teg kana dicarèkan.
"Lebar Hayam bibit hiur ètatèh bi."
Enya waè dunungan ngagantawang nyacarèkeun. Nyalahkeun ka manèhna.
"Talingakeun ingon-ingon tèh, geus leungit mah kami nu rugi!"
Pok dunungan deui. Pameunteu kuraweud.
Ngahuleng parat janari. Teu bisa sarè. Nyeri hatè. Gara-gara Hayam dicarèkan bèbèakan.
Tok! Tok! Tok! " Bi, bi Minah!"
Aya nu ngageroan. Gancang muru panto hareup. Bray...! Koncina dibuka. Brèh tèh Nèng Susi. Anak parawan dunungan janari karèk mulang. Duka tas ti mana.
"Harianeun ari Nyi Haji, anak hayam magrib can ngampih hantem ditatanyakeun. Ari anak sorangan janari karèk balik harè-harè."
Bi Minah bangun bingung.

RIZKI TEU DISANGKA-SANGKA

Kénging Noorfatah Muhammad Dimyati
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 16:18:49

Geus mangtaun-taun kang Odik jeung pamajikanana, ceu Onih, hayang jarah ka Mekah.
“Kang, iraha nya urang tiasa ka Mekah.”
“Nya atuh urang kerepan tahajudna og? saum sen?n-kemisna, sugan taun ieu mah urang tiasa jarah. Cobi tingal, tos sabaraha tabungan hajina.”
“Saurangen mah tos cekap upami sareng emas-emasan nyai mah. Mangga w? engkang ti payun, wios nyai mah ti pengker miosna.”
“Ih ulah kitu, urang duaan ka dituna amb?h sugema ibadahna. Minggu payun engkang bad? ka Sumatra deui, urang kempelkeun artos SPJna.” Kitu wangkongan ?we-salaki, b?r?s tahajud.
“Kriiing.” Telpon disada.
“Assalaamu’alaikum.”
“Wa’alaikum salaam, aya naon nyai nelpon wengi-wengi, aya nu teu damang?”
“Ah henteu. Tadi nyai ka bank, teras ka Depag, urang tos daptar jarah t?a.”
“Pan artosna teu acan cekap.”
“Dipangnalangankeun heula ku mamah Rico. Tos nya, itu seueur nu antri bade nelpon. Assalaamu’alaikum.”
Kang Odik ngahuleng, salam ceu Onih g? henteu dijawab-jawab acan. “Alhamdulillah”, gerentes hat? kang Odik.

MAYAR HUTANG

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 16:05:11

Jol itu, jol ieu, nu ngasongkeun pamendakna dina seminar. Intina mah kabeh bingung. Kudu kumaha ngalunasan hutang luar nagri, nu geus ngahunyud salaput hulu. Ki Sobat ngareret. Tuluy nyikut. "Cek didinya kudu kumaha carana?!" pokna nyereng. "Gampang!" cekeng, hampang naker. "Gampang kumaha?!" Ki Sobat merong. Hookeun. "Saha nu panggedena mere nginjeum?" malik nanya. "Ami jeung Rika!" tempasna. "Menta dijadikeun badegana. Mun perlu sakalian kawin!" cekeng daria. " Engkena bakal jadi lunas?!" Ki Sobat nyereng. "Pikiran we ku sorangan! Nanaon teh kudu di huapan wae, ih?!" cekeng, nyengir.

KUDA LUMPING STYLE

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 14:08:27

Meunang pancén, purah maturan Mister Shinyuphid Daénmoon, calon Doktor ti Koréa University nu keur nalungtik Foklor Tatar Sunda.
Di satengahing lalampahan, basa nyukcruk hiji lembur. Kabeneran kapegat arak-arakan, budak sunatan. Mobil dieureunkeun, itung-itung reureuh, bari nyéndol, katambah Si Mister hayang lalajo. Tetelepék. Ceuk béja, nu mangku hajatna Juragan Ageung, nyepitan incuna. Munasabah rongkah. Nabeuh Singa Dépok, Kuda Rénggong, Badawang, Bangbarongan jeung Kuda Lumping.
Cul céndol, Si Mister kencis indit, néngténg tustél, sésélékét diantara jalma-jalma nu noyég. Juprat-jeprét sagala dipotoan, sakapeung dicatet. Si Mister, bangun nu kataji pisan ku Kuda Lumping, nu keur maceuh. Ditutur-tutur. Nego-nengo. Pakupis, motrét jeung nyatet. Hookeun nempo dirangkét, ngadahar ségon, nambul hayam hirup-hirup, ngabaheum beling jeung sajabana.
Sanggeus capé, Si Mister nyampeurkeun ngadon reureuh. Ngocékeun céndol, nu tadi teu kungsi diinum, “Fantastis...! Naha, Kuda Lumping Style, nu kapangaruhan ku Gangnam Style, atawa sabalikna? Ieu perelu dipadungdengkeun di Koréa Univesity!” Bari nyuruput cendol.***

BUNGKUSAN SANGU PADANG

Kénging Pri Krisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 14:02:55

Balik tipagawean Kuring gura-giru hayang gancang nepi, kusabab kudu nyangu.
Ngan nu jadi bingung palebah deungeuna, kudu masak naon engke ?.
Sajeroning angsrod-angsrodan ngajalankeun motor, jalaran macet. Kuring terus mikir.
Lebah nu rada lowong, kabeh motor pating belesat, padahal ukur sababaraha meter, Kuring oge miluan.
Barang keur mengpeng, dihareupeun aya bungkusan ragrag, rikat Kuring kasisi bari ngerem, motor gigireun teu kaburu nyingcet, teu antaparah deui bungkusan kalindes “ Braaayyy…” Bungkusan mani pejet nepika eusina kaluar. Saleretan aya Endog, daging Hayam katut sanguna, pasolengkrah di jalan.
“ Aduuh lebar, itu karesep Kuring !“ hate ngagerentes.
“ Meuli ah..! “

HANJAKAL

Kénging Vie Shen Za
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 13:39:40

Nyi Epon nyegruk ceurik kanyenyerian bari nyekel keretas titingal anakna nu unina,"Ema Enung tos tiasa nyerat,Enung nyaah ka Ema".
Tulisan anakna umur dalapan taun nu ditinggalkeun ku manehna salila tilu taun.
Nyi Epon lunta ka kota neangan panghirupan,tekadna moal mulang mun can mawa hasil nu cukup pikeun ngabayuan anakna.
Kiwari sanggeus tilu taun Nyi Epon mulang kalayan mawa harepan bisa hirup kumbuh duaan.
Tapi ngan taneuh beureum nu jadi saksi basa cimata maseuhan tutunggul anakna.

TUTUP AKUN

Kénging Ai Aisyah Rosyati Kartiwi
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 12:09:46

Salam dijajap kukadeudeuh + imut nu nyandak kabingah
Hapunten kasadaya baraya,rumaos sim uing tos sering midamel kakeuhel +ngarumpak aturan nu aya .
kanggo waktos ieu ,sim uing bade nutup akun duka dugi ka iraha. sakali deui hapunten anu kasuhun .

RAMO

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 11:55:58

Bulan tumanggal mapag kuring saparakanca waktu anjog di éta pulo. Laju ka lembur nu perenahna di tengah pulo. Kokolot lembur ngabagéakeun. Ngariung di buruan imahna, uplek ngobrol jeung nu keur siduru. Aya lalaki tengah tuwuh cengkat, nyokot cangkir kaléng tina meja tukangeun nu keur siduru. Manehna nyicikeun cikopi kana éta cangkir. Ngasongkeun ka kuring.
Suruput. Rék nunda cangkir, bet katémbong aya ramo nu napel dina cangkir.
“Kéhéd, geus leungit deui waé ramo kuring téh! Belah mana muragna, nya?” ceuk éta lalaki tengah tuwuh.
“Ieu, sanés?” cekéng.
“Aéh, muhun. Punten, nya!”
Kop manehna nyokot éta ramo nu napel dina cangkir kuring. Dibalangkeun ka pangdurukan. Melenghir bau hangit.

LIEUR

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 11:04:14

Muji sukur ka nu Agung. Urang tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, pateupang raray. Pamugi salamina urang tiasa paheuyeuk-heuyeuk leungeun, kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak. Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan sabata sarimbangan. Diantawis urang ulah aya gantar kakaitan, silih lubarkeun kalepatan. Bilih aya luhur saur bahé carék, belang bayah gindi pikir. Bilih aya turus bengkung, lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang. Nu ngabalukarkeun kapipit galih, kadudut kalbu. Hapunten anu kasuhun, tiluhur sausap rambut , ti handap sahibas dampal, ti awit lahir tinekaning batin. Cekaskeun rasa, balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan. Maklum da geuning ciri sabumi cara sadésa jawadah tutung biritna sacarana-sacarana Salanjengna, kembang sinetik sinebaran sari, tutup lawang sigotaka.
Hapunten anu kasuhun sim kuring nuju lieur. Nyieun catur taya dapur

HEY!

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 10:28:02

"Hey!" sorana ngageroan. Rut, ret neangan asal sora, weleh teu kapanggih. "Hey!" nu ngagero kapireng deui. "Saha?" kuring nanya ka asal sora. Simpe. "Hey!" teu sawatara lila sorana ngagero deui.Reang. "saha atuh?" kuring nanya deui. "Hey! malik atuh kadieu!" kuring malikkeun awak. Gebeg! kalangkang na jero eunteung ngagarupayan ting ceuleukeuteuk. Siga aya nu nungtun leungeun kuring, kagusur asup kana jero eunteung. Kakurung ku kalangkang sorangan na jero eunteung....

HANJAKAL DI API LAIN

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 10:23:06

Teu bisa majar kumaha, han jempé baé ketakna téh. Rék ngomong sieun salah, paparahna sok teu dianggap. Pigeu – serba salah – ngadak-ngadak imajinasi rabul. Sora dina rohangan kelas raéng, leuwih sahéng manan sora komplotan bangbara. Watek jadi cicingeun lir patung pajangan. Sakapeung ngabrét, culingcingcat ti leuwi kahayang ka leuwi pikir. Tetep – serba salah. Sarohangan uteukna dedel, tepi ka teu nyésa ruang. Antukna babalongkéngan; sedengkeun babaturanna masih sibuk gunem jeung baturna séwang-séwangan.

TI CATETAN HATÉ KA CATETAN KERTAS

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 10:21:06

TI CATETAN HATÉ KA CATETAN KERTAS
Mangpirang-pirang katugenah di téang dina ranggeuyan pependeman nu lawas ti baheula ka peuyeum kitu baé di jero ati. Diitikurihan ku kasabar. Sabangsaning naon baé nu jadi karudet ti baréto, kiwari di guar, di kotéktak dina saeusining pikir, rasa, jeung halusinasi sorangan. Tas katimu laju dipindah kana catetan keretas, ngajirim jadi puisi atawa sajak. Barang anggeus di pindah, katugenah kabéhna aya sabeundeuleun. Di pencrong. Imut. Geusan sagala di kotéktak tur di pindah kana kertas, sapinuh rohangan ati bungblong - ngemplong.

NGAMUMULÉ

Kénging Thiefz Urang Sunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 10:20:14

"Hayang nyieun kréasi anyar," cenah. "Sabab seniman mah kudu ngindung ka waktu mibapa ka jaman," pokna deui dalang Acép. Enya, kituna téh sangkan kasenian jeung kabudayaan téh tetep nanjeur, sanajan dina jaman globalisasi, jaman dimana kabudayaan urang téh geus mimiti dipopohokeun. "Najan jaman geus teu nyobat, tapi seniman mah kudu tohaga enggoning miara budaya Sunda," pokna deui dalang Acép. Kabeneran pisan, maleman harita téh dalang Acép manggung di alun-alun Kabupatén. Teu sirikna nu lalajo katangka riab, saharita alun-alun jadi lautan jalma. Enya geuning, rada béda ti sasari dalang Acép mah, ngindung ka waktu mibapa ka jaman. Basa jol Gatotkaca gé, "Ngéplék sodér merak ibing, tindak gendinganipun IWAK PÉYÉK," cenah. Atuh breng panayagan nabeuh IWAK PÉYÉK, celengkeung ceuk Sindén, "Iwak péyééééééééék...... iwak péyééééééééék...... iwak péyék... geréh lauuuk..." Sajaba ti éta, Gatotkaca ngingelna réréngkénékan bari lek deui lek deui nginum VODKA.

SI ANAK KIJU

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 08:53:21

Indung ti lembur , Bapa ti kampung. Duanana sarwa sibuk .Indit isuk datang poek. Boga anak lalaki hiji-hijina, morontod ,tereh gedena. Sagala dipupujukeun , kahayang tara dipungpang. Hade pake seubeuh parab. Da puguh aya pakeunna. Peupeuriheun indung bapa , baheulana ukur jadi anak singkong. Ngan hanjakal , beuki gede beuki wangkelang , teu apal di mana nincak. Tunggul dirarud catang dirumpak.Estuning teu tumpa-tumpa.Tata krama ka mana boa.

BASA SUNDA

Kénging Indra Farhan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 08:34:52

Najan rada ngarti 2-3 basa deungeun, tapi nu karasa teh iwal ieu basa indung bapa nu genah, najan hese tapi jentre. Basa sunda ibarat android na OS mah, nyerep bahasa sejen sampurna pisan. Contona : Waskom, bahruteng, reken, hebe, derenten jeung nu sejenna tina basa walanda. Lamun, Aya, waktu jeung loba deui tina basa arab. Anggur, cai tina basa urdu. Boro bangsa sejen urang bae ge mineng salah dina ngalarapkeun hiji kalimah, tapi basa sunda boro dijeun runtuyan kalimah nu dipapaes, salah nempatkeun ge geus matak seubeuh seuri. Beda jeung basa inggeris komo basa arab mah matak bingung teu kaop teu apal kana nu keur diomongkeun. Kanu teuas nyebutna hajar = batu. Kanu gendut nyebut debah = laleur. Kanu demplon nyebutna teh Laham = Daging loba. Wilujeng enjing kum ka sadayana.

CIMUNAJAH

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 08:07:11

Anjeun. Nangreu. Ngajampana.
Gerentes. Kuring. Muji Mantena jajap anjeun.
Bray! Anjeun beunta. Imut. Sumaringah.
Geulis. Kawanti estu. Ngagalindeng.
Asmarandana nyaliara 'na sesela lalangse,
"Subhanallah..!"
Ngusap manah. Anabolik. Anjangan bagea maslahat.
Sang Atma ngawalon,"Alhamdulillah."
‘Ning nalika.
Cawad nirca nganteur anjeun
Reup! Geuneuk. Cumalimba.
Kingkin ngageuri.Durma ngagalaksak,
"Laknatullah..!"
Niruk jajantung. Katabolik.Anjangan jorag mudharat.
Sang Atma ngawalon,"Astaghfirullah..!"

PANYAWAT PUN BOJO

Kénging Yayan 'Bedog' Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 07:49:28

“Gagah da uing téh”, ceuk gerentes bari ngeunteung. Maké setélan jas lengkep jeung dasi. Geus seungit parfum, buuk geus dijélian sina rada rancung bari kadeuleuna baseuh baé siga kakarak mandi. Deuk mingpin rapat di kantor poé ieu jam 08:00.
“Nak, duluan berangkat sekolahnya, pakai motor mamah saja”, ceuk pamajikan ka budak. Budak ngageuleuyeung, pamajikan ngaléos ka kamar mandi.
“Pah, mamah sakit kepala”, pokna basa uing deuk indit pisan. Mamaké baju saré nu ipis pulas kayas. Ngalangkang . Panona sayu bangun tunduh, lambeyna ngabelenyéh seuri imut. Imut nu uing geus surti.
“Sesekali telat ngantor satu dua jam kan engga apa-apa “, pokna deui bari ngudaran jas jeung dasi nu tadi dipangmasangkeun. Panyakitna keur kanceuh.
Bari ngagares cikur, uing sms ka sekertaris, “Rin, tolong diatur rapat diundur jadi jam 10”.

BASA ENONESIA PERJUANGAN

Kénging Indra Farhan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 07:46:25

Ki Jundi manten wabelu jeung ma iroh nganjang ka anakna nu jeneng kapiten di batawi, rek kuriak anakna teh. Abong kulawarga militer tegas duanana ka anak incuna. Eh jangan main dikisik nanti bebolokot atawa tertusuk cohcor, ceuk jundi ka incuna. Budak nu keur guyang na keusik eureun tingkahna, ngahuleng. Jol aya tatanggana datang. Nanya, Kapan datang pa? Tadi besok-besok, jundi ngajawab tatag naker. Tatanggana ngaleos bari gegereyeman. Di imah ma iroh sarua riweuh ku incuna nu ngacak-ngacak kamar. Jangan dibusrat basret nanti pebelatak nenek cape merenin, ceuk iroh ka incuna. Budak eureun, kerung. Jol anakna datang, Lis ari ka budak kudu tegas jiga ku ema jeung bapa, sakali ngomong ge nurut, ceuk iroh reueus. Mah, nenek ngomong apaan sih dari tadi kagak ngarti.

KAWIJAKAN…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 07:30:16

Geus saged, baju hideung, nyorén kantong koja jeung maké iket barangbang semplak. “Ké, da ieu mah poé kemis, Pa?” ceuk pamajikan, bari ngasongkeun baju batik. “Deuh, heueuh nya! Sugan téh poé rebo” bari ucul-ucul deui ngaganti baju. Kawijakan ieu téh, unggal poé kudu salin. Lain ukur papakéan tapi basa gé diatur. Nya, dina poéan rebo anu kudu nyunda pisan mah. Mimiti papakéan nepi ka basa-na.

Poéan sabtu, geus saged deui. “Astagfirullohalaziiiimm..! Istigfar bapa..!” Ceuk Indung budak. “Something wrong?” Rungah ringeuh. “Eta anggéan daleman, bet dianggé diluar?” Indung budak meumpeun carang. “Is Saturday, Superhero time” Mamaké baju Superman kaluar….

FIKMIN

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 02:36:02

"Feuting sefi jemfling..., foék mongkléng..., fanon ané hésé feureum...," kitu ceuk Wan Abud waktu manéhna kapeto maca sajak di Kebon Seni Tamansari. Ilham murudul kana uteukna lir ibarat hujan ngecrek sapeuting jeput. Kabéh nu aya di dinya jarempé, kahipnotis ku sora nu lekoh logat Arabna. Mimitina halon, lila-lila narikan, sorana ngéléhkeun gumuruhna guludug di langit. Inggeung kota Bandung, gempa ngadadak datang. Nu nyajak tinggal nyorangan sabab sakabéh nu lalajo diteureuy bumi.

RONDAAN

Kénging Indra Farhan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 02:23:21

Pa, abi mah ikhlas keneh di candung batan di pangnyelewengkeun mah. Ah ema mah sok aya-aya bae, jawab teh. Galecok na jero hate, lain nyungkun mah, lain nyelok mah. Tapi lantaran aya puluh kalina. Hiji waktu kuring ngomong. Ke ma urang tanya heula jinisna. Enya sok tapi ulah lila teuing, ceuk indung budak bangun nu daria. Peuting alesan ngaronda kuring datang ka imah si nyai, randa bengsrat anak ko liong tatangga lembur. Ngabejakeun beja hade ka manehna. Isukna tara-tara tisasari indung budak geus euweuh di imah. Ah teu loba omong jung indit ka tempat kuli, biasa nu keur beger mindo tara kaliwat nyimpang ka jungjunan hate, si gademol, si sipit, si humbut tea. Datang ka lebah imahna kadenge nu keur ngagantawang. Paingan batur sok ting kecewis, paingan salaki aing saban peuting rondaan, horeng sia ublag bikangna. Panasaran ngadeukeutan, bray panto muka. Belesur kelom ngabentar tarang, indung budak nulak cangkeng bari tutunjuk.

SAMPEU

Kénging Indra Farhan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 01:51:06

Reueus boga anak jeneng jadi soldadu ngapung, bejana naek pangkat. Emeh jeung sarju geus singkil, rangkibung sagala diringkid, kalapa, cau, opak, ranginang, iwung, kelewek picung jeung sakarung sampeu karesep anakna persis siga nu rek balantik di pasar subuh. Barang jrut turun tina beus di cicaheum, Kalapa-kalapa ma? ceuk kenek angkot. Lain sampeu, tembal emeh. Kenek ngahuleng. Clak naek angkot butut cibaduyut, jrut turun di kopo. kangkung, kangkung pa? ceuk calo. Sampeu, sarju nu jawab. Calo kerung. Riweuh kunu nanya teu loba dongeng kalacat naek kana angkot, kabawa ka stasion kota. jukut ma? ceuk tukang beca. Maranehna teu jawab da bingung teu apal jalan. Pa, abong di kota nya ka jukut-jukut ge pada nanyakeun. Kumaha mun balik deui bae ka lembur kana kareta, ieu babawaan urang jual heula. Isukan cang mawa jukut ka loba, lumayan keur jajan incu, urang ngaborong kol dolak si ateng ngarah teu sasab, ceuk emeh. Sarju unggeuk.

LALAKI RAHEUT HATENA

Kénging Zenal Wahyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 00:00:23

Harris ngan ukur ngaheruk. Ngahuleng. Baluweng. Sirahna asa bejad. Nu kapikir maratkeun hirup poe ieu di luhur tower provider pausahaan telekomunikasi. Lima menit laju. Koleaaaaaang... gecrot. Getih mancawura. ngabayabah kamana-mana. Sirah Harris bener-bener bejad. Beulah jadi dua.
Jalma-jalma di sabudeureun eta tower ngurubung, ngariung waruga Harris nu geus ngababatang.

Kuniang. Harris hudang lalaunan. Ret kana ragana nu geus jadi layon. Harris ceurik tan soraan. Jalma-jalma masih ngrurubung layonna bari hariweusweus ku caritaan masing-masing. caritaan ngeunaan Harris. Tilu poe katukang pamajikan Harris kaperego ku mang Amun, Hansip desa. Keur paduduaan ngalakukeun tindakan nu teu uni di salah sahiji ruangan di bale desa. Tindakan anu sakuduna dihukum rajam.

Di sisi layon manehna sorangan, Harris nangkeup tuur bari huntuna mereket sing turuktuk disada. "Uing kudu ngarogahala si Amun jeung pamajikan, sina cacaap hirupna engke sore memeh sareupna" Harrris ngagerendeng, sabada layonna kusakadang warga dipulasara.