Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Profil Pangarang • Godi Suwarna


FBS

Godi Suwarna Lahir di Tasikmalaya, gedé di kampung Cirikip. Ayeuna netep di Ciamis. Mimiti daria ngarang puisi jeung prosa dina basa Sunda ti taun 1976. Sajak, carpon jeung naskah novelna sababaraha kali dilélér hadiah sastra, ti LBSS (Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda), Paguyuban Pasundan, majalah Manglé jrrd. Buku kumpulan puisina nu geus dipedalkeun nyaéta: Jagat Alit (1979), Surat-Surat Kaliwat (1982), Blués Kéré Lauk (1992), Sajak Dongéng Si Ujang (1998), Jiwalupat (2007). Kumpulan carponna: Murang-Maring (1980), Serat Sarwasatwa (1995). Novelna nu geus medal nyaéta Sandékala (2007) jeung Déng (2009). Naskah novel Sandékala dilélér Hadiah Sastra Daéng Kanduruan Ardiwinata dina taun 1998. Naskah novel Déng dilélér Hadiah Sastra Oeton Moehtar taun 2000. Salian ti ngarang, ogé resep maén sandiwara jeung maca sajak ti bubudak. Sanggeus kuliah, ngadegkeun grup téatér jeung papada mahasiswa IKIP Bandung. Kungsi jadi Sutradara Terbaik dina Porseni Mahasiswa Tingkat Nasional I (1981). Kungsi nyutradaraan pagelaran Burung-Burung Hitam (Godi Suwarna,) Cak Anumerta (Godi Suwarna), Edan (Putu Wijaya) Tengul (Arifin C. Noor), Durmayuda (Godi Suwarna) Bom Waktu (Riantiarno), Pandawa Dadu (Wahyu Wibisana). Tuluyna ngagabung jeung STB (Studiklub Téatér Bandung), diajar néater ka Suyatna Anirun. Di STB, kungsi maén King Lear, Sang Naga, Impian Di Tengah Musim. Taun 1997, nyutradaraan pagelaran dramatisasi puisi Konglomérat–KéréLauk (sajak-sajak Taufik Faturohman jeung Godi Suwarna) di Universitas Wollongong, Australia. Taun 2005, dihiras maca sajak Sunda dina acara Utan Kayu International Literary Biannele nu dialpukahan ku TUK (Teater Utan Kayu). Taun 2006, dihiras deui maca sajak dina acara International Poetry Festival nu dialpukahan ku DKJ (Dewan Kesenian Jakarta), jeung dihiras maca sajak dina acara JILFEST (Jakarta International Literary Festival) dina taun 2008. Dihiras maca sajak Sunda dina acara JAKARTA-BERLIN ARTS FESTIVAL di Jerman, Juli 2011. Ti taun 1998, ngagagas acara Nyiar Lumar, pagelaran rupa-rupa kasenian Sunda sapeuting jeput, di tabet (leuweung karamat) Astanagedé, Kawali, patilasan karajaan Galuh. Teu disangka ti anggalna, éta acara dua taunan téh tétéla jadi pangdeugdeugan tatamu ti mana-mana, kaasup seniman-seniman ti mancanagara. Kituna téh, sigana, kulantaran éta acara kawilang unik. Tempat magelarankeun kasenian, kayaning tari, téater, sastra, senirupa, nyebar di sawatara lokasi situs bari teu ngagunakeun lampu, ukur dicaangan ku pirang-pirang damar séwu, obor, lampion jeung durukan.

Fikmin Karya Godi Suwarna (201 Naskah)


No Tanggal Judul Jml Koméntar Jml Kecap Petingan Jml Karakter
1. 03-06-2016 Lalakon Angka 10 0 150 1.236
2. 04-02-2016 Wuri-wuri Nyiliwuri 0 151 1.258
3. 29-01-2016 PangantÉn Asar 0 151 1.197
4. 03-09-2015 Wayang Bayangan 0 149 1.342
5. 24-08-2015 Hong! Ki Mandahong! 0 150 1.184
6. 16-08-2015 PÉsta Juhlas Agustusan 0 150 1.254
7. 12-08-2015 Lembur Bulan 0 184 1.501
8. 07-08-2015 DÉsa Sukarmaju 0 150 1.218
9. 30-05-2015 Batu LorÉng 0 150
Petingan
1.245
10. 16-05-2015 Imbit Si Birit Bibit 0 150
Petingan
1.348
11. 02-05-2015 Jatining Asih 0 150
Petingan
1.324
12. 20-04-2015 Asmaranista 0 150
Petingan
1.249
13. 18-04-2015 Serat Jagabuana (1) 0 186 1.570
14. 11-04-2015 Parahu Kayas 0 151
Petingan
1.328
15. 08-04-2015 Si Papap & Eureup-eureup 0 150 1.299
16. 18-03-2015 Lalakon Kuwu Tuladan 0 150 1.284
17. 11-03-2015 Lalakon Juragan Nguyung 0 150
Petingan
1.263
18. 06-03-2015 Lembur Kuring 0 150
Petingan
1.329
19. 19-01-2015 Kabaya Bungur 0 150 1.125
20. 29-11-2014 (53) Jang Odin & Hariring Peuting 0 150 1.224
21. 30-10-2014 (52) Jang Odin & Kitab Cinta 0 150
Petingan
1.304
22. 14-10-2014 (51) Jang Odin & Surat Cinta 0 150
Petingan
1.122
23. 09-10-2014 (50) Jang Odin & Novel Cinta 0 150
Petingan
1.306
24. 25-09-2014 NÉng Welas Teras Tumaros 0 150
Petingan
1.261
25. 22-09-2014 Lalakon HapÉ NÉng Welas 0 150
Petingan
1.309
26. 19-08-2014 NÉng Welas Muriang 0 150
Petingan
1.448
27. 13-08-2014 Kabayan & Titistulis 0 208 1.753
28. 07-06-2014 (50) Jang Odin & Novel Cinta 0 150
Petingan
1.306
29. 03-06-2014 (49) Jang Odin & Kalakay Cinta 0 150
Petingan
1.229
30. 31-05-2014 Sang Lutung & MonyÉt Bodas 0 149
Petingan
1.299