Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Méi 2014 (49 Naskah)


NU LEUNGIT DI HIJI IMAH

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 23:53:46

Gombrang. Pré. Isuk-isuk. Amarah. Meupeuskeun deui beling-beling nu patulayah. Srog. Lalaki gandang opatpuluhan. Gogodeg. Memener dasi beureum atina. Gandeuang.

“Pap, skripsi!” Rét. Kokodok. Lung. Rikat disanggap. “Thank you, Pap!” Teu némbalan. Pamuda kuru, celong, nyéréngéh. Ngahéot. Nyarandéan sofa empuk, saksi réwuan carita.

Gap, sapatuna. “Kaos kakinya, Mas Jim….” Halon, ajrih. Song. Kerewek, leungeun dibetot. Wanoja diseragam kayas pias. Kéképés. Obah satékah polah. “Jiiim!” Gurinjal. Tangkeupan leupas. Si Kuru ngahéhéh. Beretek. “Dah, Maaam!” Earphone, ngahalangan raclengna tai ceuli, mireng nu gagantawangan. “Teu bapa, teu anak…!” Gebrug. Lawang patilasan ‘home sweet home’ nutup deui.

Jol. “Mam, Papa pergi lagi, ya?” “Sibuk, Vi. Siang kita ke spa, jadi kan?” “Jadi, dong. Tapi, bénsinku habis….” Golosor. Manglambar-lambar, alanyar. Celengok. Léos.

Imah agréng cakueum deui. Mingkin tiiseun. Geueuman. Ukur hiji sora. Beuki atra. Ngaweuhan. Nyeuit. Ti mangsa ka mangsa. “Harta lain sagalana. Lain ukur ku harta, Nyai, Ema-Bapa ngagedékeun hidep. Tapi, seug, kumaha karep waé!”

WANOJA SAMPURNA

Kénging Teti Herawati
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 23:01:10

Doni jeung Husni sosobatan ti S.M.P. kénéh.Puluh2-puluh taun papisah.Kamari diparengkeun papanggih, atuh kacida saronoeunana, ngobrol ngaler ngidul sabudeureun nostalgia.geus uplek ngobrol Husni nu geus batian dua nanya ka Doni:
'"Ari énté kunaon can kawin wae euy? "
" Sajujurna tepi ka wanci ieu uing terus néangan wanoja nu sampurna , matak ngalajang kénéh teh.Baheula di Bandung papanggih jeung hiji wanoja ,pinter geulis, .Ceuk dina pikiran kuring harita, sigana ieu yeuh calon pipamajikan téh.Tapi lila-lila kanyahoan singhoreng manéhna balagu loba tingkah.Panggih deui di Palémbang , geulis ,beunghar ,darmawan, lila bobogohan, kanyahoan deui geuning sombong.Teu bosen - bosen kuring néangan wanoja nu sampurna.Tungtungna di Jakarta kuring panggih jeung wanoja nu geulis, pinter, ampuh lungguh,tur darmawan.Ceuk pikir sigana ieu jodo kuring kiriman ti Gusti Nu Maha Agung.
" Terus naha teu geura -geura dikawin?"
" Nyaéta karék kanyahoan manéhna gé keur néangan "Pria Sampurna."

ÉKSPÉDISI JALUR KUDA LAUT

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 23:01:02

Panorama sagara upluk-aplak. Ombak paudag-udag di sapanjang basisir Siung Gunung Kidul. Tim ékspédisi tepi di tempat favorit pikeun panjat tebing. Di pingpin ku Apa, muka jalur Kuda Laut.
Harnes, sapatu, helmet, jeung magnesium bag, geus dipaké. Térékél, hiji-hiji piton dipasang.
“Kadé dicey!” saur Apa ka Mang Dapa. “Pengaman emas!” saur Mang Dapa ngaliwatan overhang.
Palebah roof, alat pikeun nahan tali lesot. Haul bag ragrag, dituturkeun Mang Dapa nu tijengkang bari ngocéak. Sorana beuki laun, kasilep ku sora ombak. Kuring tagiwur, naplok na gawir. Teu lila piton coplok. Beuki geumpeur basa Apa ngoléang ngaliwatan kuring, ngagantung na tambang. Terus ngomando, “Tenang… pasang rivet!” rivet dipasang. “Sok pindahkeun tambangna!” Lalaunan hand ascender dikaitkeun. “Kaluarkeun peso!” kuring ngagugu. “Sok teukteuk tambangna!” hémeng. “Gancang! Rivet moal kuateun nahan urang duaan.” Gérésél tambang diteukteuk.

PEGAT

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 22:19:42

Nu keur ayun-ayunan dipelong. Cicirihilan jeung baturna. Buukna dipita beureum. Teu karasa cipanon murubut. Kasono méh minuhan dada. Kahayang mah tuluy nyampeurkeun bari ngagaléntoran. Namplokeun rasa deudeuh nu moal bisa disisilihan ku naon baé ogé. Duh..,éta pitana teu nyurup jeung sapatuna. Padahal dipahing pisan lamun manéhna nu mapantesna. Nyeuit deui haté téh mun ingeut kumaha lucuna budak waktu didangdanan méméh indit ka sakolana. Ngahuapan sarapanana, nyoléndangkeun tas sakolana, nu sawarna jeung kaos kaki, pita buukna atawa jeung sapatuna.
Hal anu teu bisa deui dipigawé deui ayeuna. Jimat awaking leupas dina rungruman. Beulahan haté nu lesot tina aisan. Najan kuat kayakinan kanyaah indung moal kahalangan ku gunung, kahulag ku sagara, kiwari tetep neundeun raheut, nunda lara.
Hareugeueun basa guruna nitah asup ka kelas. Narik napas, karasa eungap dina jero dada. Putusan pangadilan, mertélakeun hak asuh aya dibapana.

BABAKTI APA

Kénging Zenal Printing
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 22:19:32

Mangkat subuh balik tunduhteh eta lain babasaan deui, tapi geus jadi kabiasaan. Gawe di sawah memang loba pisan resikona, tina raheut ku pakarang, sarupaning seungseureudan, kai, awi jeung sajabana. Tapi kabungahan jeung nyenangkan kulawarga tina hasil cape gawena eta nudipihareup, istuning tara rumahuh sumawonna menta tulungmah, mun aya kabungah atawa beubeunanganmah haripeut bebeja. Isuk ieu keur beberes ngakutan barangkal di kana handapeun tangkalkeun, ti subuh keneh geus manggulan barangkal, aya saeutik deui oge rek di bantuan ulah, ari di gotongmah rusak kana bagor babasaannateh. Teulila ti kitu geubeug ningali salira Apa nyangsaya dina tangkal, di goroan teu nempasan, terekel naek, di guyahkeun cicing, di cabak tiis, gorowok we bapaaaa, sing horeng Gusti Allah parantos mundut anjeunna, estuning endah, calik mernah, kesang acan tuus, teu pisan nyusahkeun. Ayeunamah mung doa nu tiasa males kasaean Anjeunna, bral Apa abdi Rido, Abdi yakin Gusti Allah bakal langkung nyaah sareng tiasa nyenangkeun Anjeun.

TOPONIMI

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 22:13:10

"Teu adeuh pisan wartawan téh!" Mang Satja kukulutus. Song manéhna ngasongkeun koran, "Tah baca geura ku Alo!" pokna deui. Rét kana koranna. Geuning koran lokal. Terbitan Tasik. Panasaran diilikan, naon nu matak Si Mamang gegelendeng. Bréh téh aya artikel, topikna: "Kampung Paling Ngeres di Garut".

Béhna mah, duméh éta wartawan manggih tilu ngaran kampung: Sarkanjut, Panunggangan, jeung Cibudug. "Boa-boa éta wartawan loba teuing maca bacaan "ngeres" kitu?" ceuk Si Mamang, "Katambah resep nulis kurang daék maca jeung tatanya?" sambungna, "Kapan tiap ngaran kampung téh aya sajarahna!" Can anggeus ti kukulutus. Teu ieuh diwaro. Ukur diréspon ku mesem.

"Kapan éta téh lembur Alo!" Sugan téh geus leler. "Sasat kanyaah indung-bapa Alo téh ngamalir di ieu lembur. Tong diantep atuh Lo!" sambungna, "tulis kadinyah walonanana!" Meni keukeuh éta Si Mamang. Tayohna mah bakat ku keuheul. "Yeuh Lo, najan Alo lahir di Mekah Al-Mukarommah, ari ukur jadi Abu Jahal mah keur nanahaon!" pungkasna.

KANYAAH EMA

Kénging Yogi Sugiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 22:02:48

Kacida bosenna hantem ditutur-tutur ku poék. Mangpirang taun kuring hirup dina alam poék. Beurang jeung peuting pikeun kuring taya bédana.Kabéh sarua poékna ! Kaéndahan alam dunya ngan nyaho ceuk béja. Teu apal kana pulas beureum, hideung jeung pulas nu liana, boa nu kumaha? Hoyong pisan apal raray Ema, jalmi nu salami ieu ihlas mikanyaaah, ngatik-ngadidik kuring. Gustiii..naha sapertos kumaha ari raray Ema? Haté asa dibéntar gelap tengah poé eréng-eréngan, basa perban nungabulen mata kuring dibuka ku dokter.“ Tuang Ibu tos ngantunkeun”, omongna halon bari macakeun sacewir kertas ti Ema.
" Ema ngadonorkeun soca pikeun hidep, sing tabah upami hidep bakal nunggelis nyorang kahirupan,,,," Pipi baseuh kucimata réngsé dokter maca kertas ti Ema. Cangcaya! Asa piraku? Pan tadi wengi Ema masih kenéh ngusapan sirah kuring.

CIPANON (DO’A) INDUNG

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 21:52:00

Kulutrak! Bray. Kasampak Mamah nuju ninggalian album. Rapang ku potrét paningkah palaputrana. Sadayana dalapan. Srét, potrét Apa di kantorna. Mung tos koléas. Nyéh gumujeng. Socana pinuh ku kasono. Teras katawisna kunyam-kunyem. Panginten nuju ngado’a. Amin, ceuk gerentes. Tapi geuning rambisak? “Pa ulah melang, jongjon waé sareng Gusti. Keun barudak mah katanagaan kénéh.” Bari nyusutan damisna. “Pan kahoyong Apa kénéh, geuning Si Cikal kedah nyarengan Kangjeng Ratu. Sakitu tos dihulag ogé, Mamah mah mung tiasa ngado’akeun.” Clak. Kuring ngabalieur. Pédah sok géhgéran. Trék! Nutup.

Prung deui rapat sési kadua. Mentri sosial kawas katépaan océs purunyus, lar-sup. Kaciri aya angka nu disumputkeun. Samarukna mata batin bisa dibohongan? Kangjeng Ratu ukur imut nampi laporan ti mentrina. Surti. Lajeng mungkas rapat terbatas.

Kulutrak! Bray… ”Niiin! Itu aya Papah!” Incuna tutunjuk kana layar televisi. Gabrug digaléntoran. Dibarung ku segrukna. Rét ka langit, Apa ngabedega. Lamun teu kagok ku wartawan mani hayang ngagajleng, nyuuh kana sampéanna.

EMA

Kénging RuhIman Van
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 21:41:06

Adi nu panengah bangun nu can wareg daharna. Komo si nyai nu bungsu mah. Daék sotéh dahar meunang ngalelemu ema. Bosen pajarkeun téh. Da enya anaseug dirasa-rasa mah. Teu wareg. Bosen. Ukur jeung endog dadar. Kitu gé mun pareng ema boga duit. Sanggeus réngsé dahar, kojéngkang uing ngadeukeutan kamar ema. Panasaran. Hayang nanyakeun. Naha ema tara dahar bareng jeung uing katut adi-adi. Komo sanggeus bapa maot. Bolay rék nanyakeun téh. Kasampak ema keur husu ngadunga. Rérés salat lohor. “Nggeus dahar, ema mah!” pokna bisa neguh eusi haté uing. Sakali mangsa mulang ti sakola. Nénjo ema keur ngagoréng endog. Ngaleketey haté. Singhoréng endog nu ngan sasiki téh dicaian. Tuluy dioyag-oyagkeun dina katél. Sangkan gedé, bari ipis. Mahi keur tiluaneun. “Ema...,” kuring ngagerentes. Clak, cipanon murubut. Biwir lilinieun. Ras, ka ema. Nu kiwari tos di kalanggengan.

KANGGO TÉTÉH

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 21:39:19

Uih sakola, kasampak Mamah nuju pak-pik-pek di pawon. “Bungsu, sakedap nya! Mamah nuju masak heula udang kanggo Tétéh.” Teu diwaler. Ka kamar. Reuwas. Kasur pinuh ku pita, topi ulang taun sareng balon warna-warni. “Éta kanggo Tétéh, pan énjing Tétéh milangkala anu ka-17. Jung ayeuna geura emam. Tos éta bantosan Mamah niupan balon. Muhun, geulis?” nembé pisan badé ditaroskeun, Mamah tos mayunan. Geuwat nyandak sangu. “Geulis énggal emamna! Anteur Mamah. Mamah hilap teu meser balon warna jingga karesep Tétéh.” Padahal nembé tilu huap. Diwaler ku imut. Piring nu pinuh kénéh disimpen deui. Tuluy nganteur Mamah ka pasar. Dugi di ditu, Mamah sagala kabita. Sagala dipésér. Tiung. Sendal. Kantong. Itu. Ieu. Éta. Kanggo Tétéh. Sadaya kanggo Tétéh. Waktos badé uih, hujan poyan. Aya katumbiri. “Bungsu tingal itu katumbiri…! Énggal poto! Kanggo Tétéh.” Ngan tiasa imut. Tétéh, Néng yakin, di tungtung katumbiri Tétéh aya sareng tujuh widadari.

EMA TÉH BAPA

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 21:38:30

“Nepangkeun wasta abdi Bulan,” pokna bari ngasongkeun leungeun. Lir disirep, sajongjongan kasima neuteup manéhna. Di juru-juru matana, atra aya cahaya nu hésé dihartikeun. “Badé naros naon bapa téh,” sorana, mepeuskeun lamunan. “Eu, éta .. aduh badé naros naon tadi téh nya,” dumadakan sagala pananya ngahiang teuing kamana. Tanggah. Manéhna neuteup seukeut. “Bapa tong naroskeun saha bapa abdi. Bapa abdi mah nya Ema,” pokna tatag. Siga ngadakwa Bulan terus cumarita. “Pa, Ema téh kanggo abdi mah éstuning lalaki sajati,” ngarandeg, aya cipanon ngembeng na pipina. “Batur mah, nyebat ka Ema téh runtah, abdi mah teu paduli, saéstuna anjeunna téh malaikat,” aya amarah na dadana. “Rumaos pa, abdi digedékeun tina ladang Ema gawé peuting. Disakolakeun, dipasantrenkeun tina késangna ngajual diri,” teu wasa némbal, haté asa dipepejét. Tungkul. Sumerah dina sagala karumasa. Sidik pisan, kuring téh lain lalaki. “Kamari Ema ngantunkeun,” ngarumpuyuk, kuring ngaruntah na inghakna

RUSIAH SANG BAPA

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 20:12:37

“Néngsiiih! Dangukeun heula katerangan Ibu!” Panto kamer diketrokan. “Aliiim! Néngsih mah isin gaduh Bapa modél kituuu!” Ngagukguk satukangeun panto. “Ihhh! Teu kénging kitu! Dosaaa!” “Usir Bu! Usiiir!” Gorowokna pacampur inghak. “Toslah Bu!” Pa Harmén dareuda. Sarébu kati kapeurih, nindih haténa. “Teras kedah kumaha atuh énjing, Pa?” Gideug. Bu Ismi ngadadak ngarumpuyuk. Ua Rumi ligat nyangkéh, dituyun ka pangkéng.

Rohangan tengah dibungkem haleungheum. Tanpa kecap, tanpa kalimah. Saukur cakah-cikihna urang dapur jeung dokdakna nu meulahan suluh, mirigan ngisedna mangsa. Teu lila, Adan Lohor ngageuing. Ngajak sumujud ka Sang Holik. “Geuliiis! Candak Sholat angguran!” Ua Rumi ngetrokan. Kolotrak! Tulak panto dilaan. Matana carindul. “Sok, Lohor heula! Ua aya picarioseun.”

Rérés Sholat. “Tah, kitu! Saukur béla diri! Ngabélaan Si Tétéh! Kadituh ménta dihampura! Pagéto, Bapa hidep geus kudu nyorang sésa hukumanana.”

Bada Lohor, rohang tengah kakeueum cimata. “Bapaaa! Hapunten Néngsih!” Duanana paungku-ungku. Mudalkeun kaasih, kasono dualas taun. Nyampurnakeun bagjana nu rék walimahan.

PANYARÉK KOLOT

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 19:36:07

"Jang, ulah sok hayang kana milik batur...!" Bapa nyarék.
"Nyai, ulah ditémbong-témbong kitu aurat téh...!" Ema ngiluan nyarék
"Bageur, teu kénging kasar, ari nyarios téh...!" Bapa molotot.
"Anaking, kahadé nya! Ulah ninggalkeun salat lima waktu...!" Ema papagah.
"Cu, teu kénging ngawadul...!" Bapa ambek.

Ti saprak pahatu lalis. Teu sirik, kabéh panyarék kolot nu baheula ukur dianggap radio butut, sup ka ceuli béh katuhu, ka luar ti ceuli béh kénca. Ayeuna, narémbongan deui. Ménta diregepkeun jeung dipilampah.

"Ema... Bapa...! Hapunten abdi, teu nurut kana panyarék salira!" gerentes téh. Haté kaduhung sagedé gunung. Ras inget, ka nasib kuring jeung adi-adi kuring ayeuna. Adi kuring nu awéwé, jadi saurang Bondon. Adi kuring nu kadua, dipikagimir ku balaréa, manéhna jadi saurang Jéger. Adi kuring nu pangais bungsu, kawentar Ustad gejul. Adi kuring nu bungsu, kakoncara jadi Tukang tipu. Kuring ayeuna di penjara, alatan katéwak ku KaPéKa.

MA IROH

Kénging Neni Yuhaenah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 19:35:02

Lulus SMA, Ijang ditarima di PTN tanpa tésting. Budak guligah. Ma Iroh jeung salakina cumalimba. Bingung. Pacabakan salakina kadar buruh tani.
Ku alpukah dulur-dulurna, Ijang bisa kuliah. Keur waragad sapopoéna, Ma Iroh nyieun uras jeung bala-bala. Dititipkeun di sakola. Unggal poé batina dikumpulkeun. Bahankeuneun ka Ijang, mangsa aya mulang.
Hiji waktu, Ijang ngabutuhkeun biaya nu rada gedé. Kapaksa Ma Iroh udar-ider néangan bantuan. Lain teu éra, lain teu ngarasa kahina. Malah asa nongtoréng waé, omongan dulurnana basa dipéntaan tulung.
“Matak gé Ceu . . . Ari teu gableg duit tong nyakolakeun. Cicing wé méh teu ngaripuhkeun dulur. Dina ayana gé, kuring moal méré, bisi teu kabayar.” Ngomongna bari lujag-léjég. Ma Iroh ngayekyek. Cipanon murubut maseuhan bajuna nu lalayu sekar. “Duh Gusti . . . nasib téh bet kieu-kieu teuing.” Jerit jengkling Ma Iroh galécok jero haténa. Najan kitu, Ma Iroh teteg, teu ilang sumanget. Mun kudu, nyawa rék ditandonkeun.

TEU SAKECLAK-KECLAKNA ACAN

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 18:55:55

Clé. Iber singget néngtét‘na hapé.
“Balik heula!” Sumber iber diuber. Anjog. Nu ngajepat di patengahan imah, katempo béngo. Dirawu dipangku. Sarwawalurat. Dijajap béca ka klinik. Paramédis boboléh. Dirujuk. Ambulan ngadius, balap jeung sésa rénghap. UGD RSU. Pagawé daréhdéh mapagkeun. Dagdag-dégdég narima pasién, tuluy patingkorolos tanpa permios.
Nu gering ilang kasadaran. Guyang tai. Mabek amburatel. Buru-buru dielapan ku baju jeung simbut urut meunang ngajejewét. Simpé taya pagawé.
“Pa diantos!” Ngiclik. Administrasi tarapti. Pagawé cug-ceg. Paciweuh méré tindakan. Nu gering teu kecet-kecet. Dipindahkeun ka rohangan rawat. Angger ngajepat, parat nepi ka dokter ragrag ucap, “Candak uih baé!” cenah megatkeun duriat nu natrat. Digugu. Utang-itung. Mereketkeun kampal-kumpul keur mulangkeun cisusu. Babayar. Mulang. Di imah nu gering nguniang. Dirawat gemet daria. Nu diponis pondok harepan, manjang pulih sabihari.
“Katarima sagalana ku ema Sujang,” bari ngarurubkeun samping kebat ka beungeut kuring. Sakolébat imutna. Ngarobah sakarat jadi nikmat.

TEU NEPI

Kénging Kujang Pasundan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 16:55:17

Diimeutan salambar-salambar, palias aya nu kalarung. Lambaran kahirupan dikumpulkeun méh saban usik, dianggit jadi hiji carita.

Ungkara pahuhunyud, ngagugunung jeroeun sagara nu makplak satungtung deuleu. Pucunghul di alak paul pulas kayas, dipasieup katumbiri nu melengkung. Widadari gepyak ngabagéakaeun paheula-heula turun ti langit.

Di sapertelu peuting, wanci sakabéh mahluk dipépéndé simpé, neuteup pameunteu wawakil Gusti dina pigura nu salila ieu dipupusti, disimpen didama-dama inggis katodél kekebul, komo tepi kalaas. Gurat-gurat atra, tapak ngalanglang jaman, ngalalana nyiar kipayah pikeun mélaan amanah ti Nu Maha Kawasa, teu suka katalangsara, hirup kadungsang-dungsang.

Indung jeung Bapa namplokeun kanyaah taya kendatna ditiap rénghap, ditiap ketug jajantung, saincak paripolah, inggis nu jadi anak jauh ti Gustina. Kanyaah indung jeung Bapa teu cumpon diungkab ku jutaan ungkara, teu tepi disungsi disaliksik ku réka carita. Ungkara nu jadi carita ukur panganteur katineung, pikeun ngingetan diri sangkan teu lali kana purwadaksi.

AMANAH

Kénging Cita Komariah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 16:45:13

“Akibat kecelakaan tunggal ini anak Ibu mengalami buta permanen dan ginjal yang sebelah kanan hancur.” Ceuk dokter nu mariksa Sukmin anak kuring. Leng, dunya asa muter.”Kudu kuat!” ngagerentes bari neger-negerkeun sorangan. “Masih besar harapan hidupnya kan, Dok?” Ceuk kuring.”Ya, tapi harus segera dilakukan cangkok ginjal”.
“Lakukan sekarang Dok, jangan hanya ginjal, sekalian cangkokan juga mata saya untuknya.”
Bray beunta, bodas, lalangit Rumah Sakit nu pangheulana katempo. Tapi naha panon nu katuhu asa beurat-beurat teuing? Gap perban kacabak basa leungeun panasaran hayang ngarampa panon nu katuhu. “Oh, geus dioperasi téa meureun uing téh, cangkok mata.” Ngarérét ka belah kénca, Sukmin anak kuring nu tadi peuting motorna neunggar trotoar, inditna ti imah alatan ambek basa nanyakeun saha indungna nu sabenerna. Teuing meunang béja ti saha. Hampura Umi, Kasep, Umi geus jangji ka almarhum Abi, Umi moal betus kasasaha ogé yén hidep téh anak Minsu pamajikan Abi anu kabur jeung Juragan Tanah.

BAPA

Kénging Rin Riani
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 16:25:55

Bungah kacida, basa lamaran prakték lapangan di Kantor Keuangan disaluyuan téh. Hartina kuring laksana deukeut jeung kantor bapa. Dipapantes, bisa panggih jeung bapa unggal poé. Bapa nu sainget kuring ukur bisa tepung sataun sakali. Saprak pepegatan jeung ibu, basa umur kuring 40 poé. Alatan bapa kagoda ku pamajikanna nu ayeuna.

Poé mimiti prakték, wanci istirahat kuring nepungan ka kantor bapa. Anjeunna hookeun, teu loba tatanya. Kuring dikeupeulan duit, keur jajan majar téh. Lain teu atoh, ngan hemeng. Naha bapa bet bangun teu sono. Ngupahan manéh, meureun bapa riweuh keur loba gawé.

Isukna, wayah istirahat kuring datang deui ka kantor bapa. Sugan waé bapa teu riweuh siga kamari. Hayang ngobrol, nepikeun kasono.
Torojol bapa kaluar, nungtun ka buruan kantor.
"Ulah néangkeun waé bapa, éra ku babaturan" pokna.
Kuring mata simeuteun, berebet lumpat. Teu hayang panggih deui jeung bapa.

KALAKAY JATI 1

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 15:56:00

Subuh, hawa tiis ngéléhkeun tunduh. Waktu jandéla kamar pondok dibuka, wanci geus carangcang tihang. Sakurilingeun, jempling. Titingalian ukur tatangkalan nu jarangkung. Karak katiténan, horéng pondok di kuriling ku leuweung jati. Kalakayna balatak, marurag katebak angin. Peuting basa datang, ukur ningalikeun jalan nu kasorot lampu mobil, teu nempo ka sakuriling.
“Nuhun tos keresa ngaping santriwati.” Cék Ustadz pimpinan pondok pasantrén.
Teu kagambar bakal kieu, kapeto jadi ‘indung’. Pikeun barudak santri nu keur ngabdi di lapangan, dina raraga da’wah. Kapikir, naon anu ku diri bisa diabdikeun, sabot diperedih ngaping maranéhna? Rumasa tuna bekel, iwal ti kanyaah, pikeun nguatkeun barisan rélawan da’wah. Mantuan netegkeun kayakinan para mua’laf di wewengkon éta.
“Bismillahirrohmanirrohim” Ngaléngkah, gédé harepan.
Harepan dibulen ku kahariwang, tapi yakin ieu jalan pikeun kahadéan.
Kalakay jati nu pasoléngkrah, pangbagéa munggaran poé ieu. Di pondok pasantrén Al Hadid, kiduleun Jogja.
Beuki caang, daun jati ngagupayan, sakeudeung deui usum muguran, jadi kalakay.

DINA SÉNGSÉRANG TRESNA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 15:32:07

Ningali anjeun ligar. Lir Dafodil kaséréd angin. Rumawat ku tresna nu satia. Kitu deui mangsa ngaributkeun pasangan hirup. Kuring nu méré liliuh sangkan anjeun jucung. Kurenan. Haté hésé dipapalérkeun. Nalika calon salaki anjeun nanyaan. Lewang. Rék nitipkeun Dafodil kuring ka jalma saliwat. Nu teu nyaho kasang tukangna. Boa dicandung. Tapi anjeun cukup ngawaler, “Percanten kana pameunteun Umi.”
Asa leungiteun batur ngobrol soré. Euweuh nu galécok lamun aya katugenah ngobrolkeun pulitik. Atawa kaayaan hirup kumbuh ilaharna. Najan sawala ngalor-ngidul, asa hirup. Jeung daria mun aya manéhna. Arang ka imah, cenah keur nyiram. Mangsa bulan alaeun maksa sina diakut. Ngarah rinéh, ceuk Ambuna. Brol. Incu. Nungkulan. Ngadanan, ngan teu parat.
Incu kadua, katilu. Nyérangkeun. Bari angger, teu ngadanan. Poto di imah beuki rempeg. Pamajikan tambah hégar. Imah simpé haneuteun deui. Mindeng dumeuheus. Bari galécok ngobrolkeun kamonésan incu. Tadi mah, malah ditungtun ngahaja, bari nuduhkeun.
“Tah ieu makam Aki hidep.” Kuring teu némbalan.

BANGKU UJIAN

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 15:03:47

Mimitina mah, kuring teu ngarti, keur ngawas ujian di ruang 17, bet aya saurang bapa nu asup ka ruangan, dianteur ku panitia. Bubuhan ngawas téh di sakola lain, jadi kuring ngan ukur cicing wé, waktu diisaratan ku panitia.
Si Bapa téh ngan melong wé kana bangku baris kaopat, nomer kudua ti hareup. Katempo manéhna ngembeng cimata. Geus kitu mah tuluy amitan ka kuring, jeung ka panitia nu nganteurna.
“Hawatos Bu, Bapa éta téh hoyong ningal bangku ujian, tilas putrana taun kamari. Pas dinten kadua ujian, putrana pupus, alatan kacilakaan, motorna ditabrak treuk waktos mulih ti sakola.” Ceuk panitia ngajentrekeun ka kuring. Cenah hayang ningali bangku ujian téh, satengah maksa ka panitia. Basana téh, manéhna hayang ngalubarkeun kasono ku nu jadi anak
“Deudeuh, Bapa, mugi Gusti, masihan kasabaran ka Bapa.” Gerentes téh.

TUNGGUL RAHAYU

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 14:50:58

Nyah, beunta. Sirah karasa lanjung. Tetempoan ranyay kénéh. Sora-sora lamat-lamat. Beuki lila beuki atra. Lalangit bodas nyacas. Rét ka sisi ka gigir, hordéng héjo daun sakuriling bungking. Selang pakuranteng dina awak, nyambung kana komputer, tihang infus jeung tabung oksigén. Beulah katuhu, lanceuk diuk na korsi bari nundutan.

"Kang." Biwir kunyem ngagero. Tikoro karasa seuseut. Kang Dani tanggah. Nempo kuring keur neuteup, manéhna tibuburanjat hudang.
"Anis? Tos sadar, geulis?" Leungeunna pakupis ngusapan sirah jeung leungeun.

Sabulan campleng, cenah kuring koma alatan kanker haté. Poé ieu, Alloh marengkeun kuring hudang dina kaayaan sadar. Kang Dani ngadongéng bari cipruk cimata. Rarat-rérét néangan Mamah. Basa ditanya Kang Dani gigideug bari ngagukguk. Kuring olohok teu ngarti.

Saminggu sanggeus mulang, Kang Dani nungtun ka tukangeun imah. Mamah nu jagjag, nu teu weléh nyumangetan salila kuring gering, kantun tutunggul. Bumi alam tungkeb, basa Kang Dani balaka, haté nu aya dina jero dada ayeuna, haté Mamah.

TUNGGUL RAHAYU

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 14:50:27

Nyah, beunta. Sirah karasa lanjung. Tetempoan ranyay kénéh. Sora-sora lamat-lamat. Beuki lila beuki atra. Lalangit bodas nyacas. Rét ka sisi ka gigir, hordéng héjo daun sakuriling bungking. Selang pakuranteng dina awak, nyambung kana komputer, tihang infus jeung tabung oksigén. Beulah katuhu, lanceuk diuk na korsi bari nundutan.

"Kang." Biwir kunyem ngagero. Tikoro karasa seuseut. Kang Dani tanggah. Nempo kuring keur neuteup, manéhna tibuburanjat hudang.
"Anis? Tos sadar?" Leungeunna pakupis ngusapan sirah.

Sabulan campleng, cenah kuring koma alatan kanker haté. Poé ieu, Alloh marengkeun kuring hudang dina kaayaan sadar. Kang Dani ngadongéng bari cipruk cimata. Rarat-rérét néangan Mamah. Basa ditanya Kang Dani gigideug bari ngagukguk. Kuring olohok teu ngarti.

Saminggu sanggeus mulang, Kang Dani nungtun ka tukangeun imah. Mamah nu jagjag, nu teu weléh nyumangetan salila kuring gering, kantun tutunggul. Bumi alam tungkeb, basa Kang Dani balaka, haté nu aya dina jero dada ayeuna, haté Mamah.

TALATAH

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 14:34:22

Mérésan koper. Ngaheurinan. Goréhél amplop heubeul, semu konéng. Surat Bibi, keur Maryamah. Satutas paséa rongkah. Inyana keukeuh rék nuturkeun salakina nu maksa lunta. Indungna keukeuh teu mikeun. Kungsi tepung. Hanjakal surat keur teu dibawa.
Lila ngahuleng. Mencil gubugna téh harita mah, tanahna ngoblog. Ayeuna geus pasesedek. Tunyu-tanya taya nu apal. Anjog ka hiji imah gedong. Nyampak lalaki tengah tuwuh. Uluk salam. “Punten... sareng pa RT?” “ Muhun, kalebet, calik!” Daréhdéh. Ulak-ilik. Bréh poto dina dingding. Ngajenghok. Maryamah sakulawarga. “Salakina kitu?” gerentes haté. “Sareng saha, ti mana, siga tos angkat-angkatan tebih?” Cenah. “Abdi lanceuk sabrayna Maryamah, kapungkur kantos kadieu, mung pangling.” Cékéng “Ké ké Mayamah istrina Ki Mista anu ti Banten?” Bangun kagét. “Muhun Maryamah nu dina poto itu. Eu... dupi Bapa téh carogéna Maryamah?” Ngasongkeun surat. “Sanés, abdi mah putuna!” Ditampanan, dibuka, dibaca. Tulisan pégon. “Yam... iki picis telung talén, menawi cukup guna modal urip. Ngirit ya!”

Kamus alit:
Gubug = saung, imah bilik basajan—biasana hateupna tina injuk atawa daun kiray.

Tulisan pégon = tulisan basa Jawa Serang atawa basa Sunda nu maké aksara Arab. Sok disarebut ogé tulisan “Arab-Melayu”

“Yam... iki picis telung talén, menawi cukup guna modal urip. Ngirit ya!” = “Yam... ieu duit tilu talén, sugan cukup keur modal hirup. Diawét-awét nya!

TEU NGARTI

Kénging Lies Tjandra Kantjana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 14:12:11

Kuring kudu ngomong Sunda ti leuleutik,
Lamun babaturan ngomong basa Indonesia Apa sok naros kieu:
“ Yayi, babaturan, tiasaeun nyarios Sunda?” Kuring
Nyampeurkeun ka Apa ngalendot ; “ Apa rerencangan Yayi
Ben urang Jawa, itu Chris urang Ambon Frida Indo , teu
tiasa nyarios Sunda” Apa neuteup ka kuring, poni kuring
diusap ngawalerna pondok “ “ Sina diajar Basa Sunda”
Kuring jamedud. Tiharita mun balanja, atawa boga babaturan anyar geus kabiasaan kuring sok nanya : “ Tiasa nyarios Sunda ?
Kitu deui ngajar ngajina. Solat teu meunang kaliwat bisi bendu. Doa kudu apal
Maca Qur’an kudu, komo mun malem Jumaah !
Doa parondok, diapalkeun . Sok papatah ka babaturan “ Mun aya kahayang menta ka Allah apan Allah jangji,“Ud uni astajiblakum” ceuk kuring siga nu enya ngarti basa Arab!
Kadenge nepi ka tujuh lengkah nu ninggalkeun kuring di imah nu
anyar. Sanggeus nu nganteurkeun arindit Jol aya tamu duaan
Jarangkung gede. Nanya kieu, sorana handaruan matak ngadegdeg.
“ Mandrobuka ? “ Sorana kadenge tarik. Kuring olohok. Can ge ngajawab
Geus ditanya deui;
“ Wamanabiyuka ?” Kuring ngan saukur calangap
“ Wa imamuka ? “ Kuring pungak-pinguk keneh
“ Wamadinika ? “
Masya Allah, Ampun Gusti nu Jubah bodas teh nanya naon ?
Tungtungan kuring nanya bari awak ngagibrig !
“ Tiasa nyarios SUNDA ?”

HARÉWOS PEUJIT

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 14:05:26

"Pa! Lapar." Renghik budak nu keur meujeuhna sagala dihuapkeun.
"Sabar, kasep, antosan nya!" Cek bapana bari reumbay cimata.
"Dugi ka iraha? Tos teu kiat nyeri patuangan." Halon Asép bari jeung nahan beuteungna, nu kukurubukan nagih eusi.
"Antosan, Kasép! Bapa ka warung heula." Cek bapana bari indit ninggalkeun anakna.
"Kudu kamana?" Haréwosna, basa ngareureuhkeun capé nanya ka kalangkang.
Saucap harepan anu moal bisa diengké-engké.
"Hampura! Anaking!" Geterna nu ngéléhkeun hiliwir angin mangsa noélan daun-daun pucuk awi. Reyem-reyem kalangkang poé nu rék disorang katingali kakaliceusan, lir damar nu béakkeun minyak.
Clak! Késang ngeclak sapanjang jalan jajahan. Panas teu dirasa, hujan teu disingkahan, dapon kahayang nu jadi anak kacumponan.
Teu kaimpleng dina pikir, léngkahna bakal méngkol ka tempat nu salila ieu dipiceuceub. Nu kapiréng haréwos pejit anakna nu keur balilihan.
"Anaking! Ieu bapa mawa daging hayam." Gerentesna basa awakna geus teu walakaya, tapak panyiksa nu ceuceub kana pagawéannana.

KANYAAH INDUNG

Kénging Dana Sudiawiguna
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:58:56

Rebun-rebun Ma Sarwi geus ngundeur lalabeun pipireun imahna nu basajan. Ganyah ginyih ti saminggu mula. Sasayagian pédah Jang Odih anakna rék datang ti kota. Saperti biasa, jatah béas sakarung jang bawaeun tina hasil sawah sacangkéwok titinggal salakina geus nyampak di juru. Raginang, kicimpring teu kaliwat. Pabeubeurang, mobil kijang metet eureun hareupeun imahna. Jat jrut turun panumpangna. Ma Sarwi calangap tukangeun rérégan". Geuning lobaan". Ngagerentes. " Damang, Ma ? Odih jeung Si Nyai mawa tatangga ti kota. Hayang nyaho lembur urang, ceunah". Ma Sarwi unggeuk bari seuri mawur. Saméméh magrib sémah pamitan. Tinggal Ma Sarwi nu cukah cikih sorangan. Bérés bebenah imah gura giru ka warung Ceu Imas. Sasadu."Hampura Nyai, Ema teu bisa nawur hutang ayeuna. Isuk pagéto wé sugan meunang duit tina buruh ngarambét".

NGUREK

Kénging Eman Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:35:00

Hiji karesep kuring nu teu bisa disingkahan nepi ka kiwari nyaéta ngurek. Tapi lain ngurek kawas ceuk babasaan. “Urang ngurek yu di Tegalega”. Lain, lain éta. Éta mah ngan keur saharitaeun (meureun kitu gé).
Isuk-isuk kuring geus saged jeung si Jubad, sobat dalit nu sarua pangaresep. Rap urek, bancet, jeung kantong kérésék jang wadah engké lamun meunang belut. Tepi ka hiji pasawahan.Mapay galengan. Sagalengan ku duaan. Da keukeuh si Jubad mah hayang na téh ngingiclik wé. Pajarkeun téh cenah engké mun aya belut nyanggut sagedé tangkal kalapa bias dibedol ku duaan. Dasar si Jubad aya-aya waé. Ngarahul téh meakeun batur. Keteyep-keteyep mapay galengan.Anca pisan sieun sieun belut kagareuwahkeun.
“Bad, tong titimbreg teuing leumpangna!”,
“Aya naon, Man?”
“Sssseeettt, ‘eta aya liang belut meni endah!”
“Ah maneh mah kawas biwir wanoja nu mangkak rumaja wé!”
“Heueuh tuh tempo!”
Si Jubad nyidik-nyidik liang belut nu kahalangan jukut sawah.
“Heueuh nya sok atuh atuh geura urekan!”
“Heeh siap!” Bari ngasupkeun urek kana éta liang. Disunghaykeun saeutik sangkan rada méléngé.Lalaunan urek asup, lantip pisan. Terus digéré beuki jero. Si Jubad melong kana liang bari renghap ranjug.Uleng.
“Crek…crek…crekkk”, Ceukéng bari panon mencrong kana liang. Teu kungsi lila empus murukbuk, mudalan, kiruh. Kuring nahan napas bari leungeun terus ngagéré. Beuki lila mudalna beuki rosa, kiruh na beuki angot.
“Man, e…ee..ta mudalan ?” Ceuk si Jubad rada araap eureup eup nempo empus mudalna beuki angot téh. Kuring molotot sangkan manéhna surti. Sajongjongan jarempé mencrong urek nu moal lila deui disanggut. Enya wé. Jrot cai sawah muncrat. Capluk disantok. Lep urek ngalelelp dibedol ka jero liang. Haté ngalenyap, jajantung ratug. Ret tali dicekel.Det dibedol lalaunan. Karasa tali aya nu ngalawan. Silih bedol, silih béréan sangkan ulah gagal. Teuing geus capé atawa nyeri sungut belut méréan beuki remen. Geleser tali urek manjangan. Kuring terus medol tali. Haté beuki ranjug. Lol hulu belut nolol. Dibedol.Beuki manjangan awakna. Kep…ditewak…dibeubeutkeun…
“Hah siah beunang!” Ceuk kuring. Luut léét kesang. Capé geus tarung.
“Asik beunang euy belutna!” Ceuk si Jubad ajrag-ajragan kawas budak meunang lotré
“Lumayan Bad rada badag euy !’
“ Heueuh Man, jigana cukup sa RT eun mah!”
“Cukup we mun dikérécek caina sa drum mah!” Ceuk kuring. Belut diasupkeun kana kérések
Teu karasa waktu geus manjing Lohor. Leungkit ka cape, leungit ka kesel. Mawa hasil nu lumayan mucekil.
“Yu ah Bad urang balik wé geus beurang!”
“Siap hayu ah!’.
Kuring leumpang bari mesem nempo polah si Jubad. Sapanjang jalan ngengklak.Ngigel. Atoh meureun ti ditu n amah.

BEURANG PULAS KULAWU

Kénging Joenamie Collektion
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:25:00

Aya nu geuneuk lebah gumuleng-na kanyaah. Maleukmeuk ngahalangan Srangèngè nu can panceg manceran. Diatik tileuleutik. Dididik ti keur budak. Teu bosen ngaping-ngajaring, geus gedè males ngabura.
"Naha anjeun jadi gorèng lampah?"
Indungna neuteup. Aya nu ngagenduk jeroeun ati. Èra! Wirang! Keuheul! Campur jeung nyaah nu angger aya.
"Hapunten abdi ema!"
Ngarumpuyuk. Sumegruk. Dua leungeun geus dibarogod. Rumasa. Geus ngèclok duit Nagara.
Duruk! Gantung di Alun-alun! Panjara saumur hirup!
Sora nu patingcorowok. Sora-sora nu kalah peura. Rabul. Matak ketir kana hatè. Mongklèng alahbatan peuting.
Kapireng sora inghak, cipano Indung teu bisa dibèbènjokeun.
"Sabar ma, ikhlaskeun! Lain ngan urang wungkul nu manggih pangalaman samodel kieu."
Bapa-na nu titadi jempè ngabeberah. Dumareuda. Awak ngeleper nahan mangrupa rasa.
Hideung di sabudeureun. Marengan ngilesna Mobil Pulisi.

CALANA BEUREUM ATI

Kénging Muhammad Zaky Anwar
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:23:30

Salawé taun ka tukang. Ohim nginghak balik ti sakola.
"Ma, naha Ema mah meuli calana téh bet gedé teuing? Éra uing diparoyokan!"
"Emh, deudeuh. Enya, hampura Ema poho, can dileutikan ku Ema. Pék, sampaykeun tah dina korsi, ké burit dileutikan ku Ema!"
"Enya, Him. Geus tong ceurik..., can kaboroeun meureun indung hidepna!" bapana mairan, bari tuluy ngaléos indit digawé.
Ba'da Maghrib. Indungna karék réngsé tina pagawéan. Nyanghunjar lambar dina samak, panonna cileuyeu bangun nu tunduh. Rét, kana calana nu nyampay dina korsi.
"Aéh, geus rék poho deui waé, yeuh!" gap, tuluy dikarutan. Dileutikan.
Ba'da Isya. Kurunyung bapana datang. Kasampak pamajikanana geus ngaréngkol saré, pules naker katempona. Lol, ka kamar. Ohim ogé geus ngageubra.
Gék. Késang ngaragajag kénéh. Rét, kana calana anu nyampay na korsi.
"Emh, pohoeun deui kawasna mah indung budak téh!" Deker, calana dileutikan.
Isukna. Ohim geus ceurik deui waé.
"Ema...! Naha calana téh malah sereg pisan ayeuna mah?"

BEURANG PULAS KULAWU

Kénging Joenamie Collektion
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:22:59

Aya nu geuneuk lebah gumuleng-na kanyaah. Maleukmeuk ngahalangan Srangèngè nu can panceg manceran. Diatik tileuleutik. Dididik ti keur budak. Teu bosen ngaping-ngajaring, geus gedè males ngabura.
"Naha anjeun jadi gorèng lampah?"
Indungna neuteup. Aya nu ngagenduk jeroeun ati. Èra! Wirang! Keuheul! Campur jeung nyaah nu angger aya.
"Hapunten abdi ema!"
Ngarumpuyuk. Sumegruk. Dua leungeun geus dibarogod. Rumasa. Geus ngèclok duit Nagara.
Duruk! Gantung di Alun-alun! Panjara saumur hirup!
Sora nu patingcorowok. Sora-sora nu kalah peura. Rabul. Matak ketir kana hatè. Mongklèng alahbatan peuting.
Kapireng sora inghak, cipano Indung teu bisa dibèbènjokeun.
"Sabar ma, ikhlaskeun! Lain ngan urang wungkul nu manggih pangalaman samodel kieu."
Bapa-na nu titadi jempè ngabeberah. Dumareuda. Awak ngeleper nahan mangrupa rasa.
Hideung di sabudeureun. Marengan ngilesna Mobil Pulisi.

HAMPURA EMA...

Kénging Evie Siti Sophia
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 13:18:45

''Ema, geuning nasib abdi téh kieu-kieu teuing. Padahal mah harita téh langsung maot wé!''
''Tong kitu Nyai, mana kitu gé geus takdir hidep, sing sabar geulis!''
''Atuda abdi téh, ngan nyusahkeun waé. Ka ema teh!''
''Henteu Nyai, ema mah teu ngarasa susah. Ngurus Nyai mah, ngan Nyai ulah putus asa. Nyai masih boga ema. Nu bakal ngurus Nyai, ema nyaah ka Nyai ngalewihan kanyaah ema ka diri sorangan!'' ceuk indung kuring bari ngusapan, kuring ngan bisa carinakdak.
Geus lima bulan kuring namprak. Alatan jadi korban tabrak lari. Suku duanana potong, awak pinuh ku tatu anu teuing nepika iraha bisa cageur sabihari. Ema anu tulatén ngurus kuring. Ti mimiti ngamandian, kahampangan, miceun, samalah kareseban ogé ema nu ngurus, da puguh kuring teu walakaya. Duh ema hapunten abdi rumaos ngan ukur jadi bangbaluh kanggo salira. Gusti nu agung mugia dipasihan kasehatan kanggo abdi. Supados abdi tiasa mulang tarima ka ema. Kitu do'a kuring unggal peuting.

LAPAR LAIN ALESAN

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 12:53:34

Mulan malén. Kalunta-lunta. Poé ieu, salaki bagéan ka kulon. Kuring nyisir wétan. Budak nu can manjing sina nganti nepi ka panonpoé lingsir. Teuing ku hésé néangan sahuap-huapeun gé. Lapar geus jadi batur hirup nu satia. Na kamarana atuh nu sok jadi ubar pangrépéh cacing nu darémo jeroeun beuteung nu méh hapa nyésakeun tulang taléng raga.
Layung ngabagéakeun nu ngalénghoy. Salaki ceuleuyeu, mawa aweuhan sora kurubuk jeroeun beuteungna. Budak curinghak, mencrong kana babawaan kuring nu lalaunan diteundeun dina lemah. Sakedapan, nu sakarat jadi tongtonan. Kapireng sora neleg ciduh ngawirahma. Budak ngadégdég maju saléngkah. Salaki ngaherengan. Adu hereng. Ngagerem. Gajleng, méh barengan. Budak ngagabrug nu geus sahos-hoseun luhureun lemah. Kuring ngagabrug salaki. Ngagerem. Adu teuteup. Reup. Nu ngabebela na matana pareum. Sakali deui neuteup budak nu keur ngarencah daging uncal.
“Akang nyiar deui! Sugan ayeuna mah manggih deui uncal jang urang duaan!” haréwosna ka kuring, méméh miang.

GAPURANING RAHAYU SUKANING INDRIYA

Kénging Edi Junaedi
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 12:19:15

Taya basa nu bisa ngaréka, kanyaah nu jadi Indung Bapa. Éstuning clik putih clak hérang, taya wates-wangena. Ungkara Indung tunggul rahayu, Bapa catang darajat, minangka hiji wawakil rasa.

Sok rus-ras ka mangsa ka tukang, taun dalapan puluhan. Mangsa werit, can asup listrik. Jalan kampung taringgul batu, kandaraan arang langka. Indung-bapa, tisusut tidungdung, ngokolakeun kahirupan. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, néangan pangupa jiwa. Mangsa janari aranjeuna miang ka pasar, seja dadasar. Indung ringkung ngais kangkung, bapa ngabengkot nanggung kulub jagong jeung suuk. Kundang iteuk, dicaangan cahaya obor. Katirisan kaibunan. Dalah kahujanan, teu jadi hahalang.

Kiwari kari metik hasilna. Bagja, bungah bungangang hate nu jadi kolot. Ningali anak nu diupayakeun bisa jucung junun, komo bisa nyangking kalungguhan. Ehm…nyanggakeun sembah sungkem ti tuang putra, mugi jembar pangampura…tacan tiasa mulang tarima.

NU DIPIMELANG

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 12:11:49

"Comro...! Bala-bala...! Géhu...!" sorana geus teu bireuk keur urang Cihamérang mah. Saban isuk-isuk Ceu Acah dagang goréngan. Wanci pecad sawed méméh mulang, setor heula ka Bi Otih nu boga daganganana.

Anjog ka imahna, teu tata pasini, naheur cai jangeun ngamandian Adim, budakna nu ngan hiji-hijina. Cai dina sééng, nyéngsréng. Cur, kana émbér nu geus dieusian citiis. Rigidig, dibawa ka tengah imah. Baragadal, muka pakéan Adim nu umurna nincak malastaun. Dibuligiran. "Hapunten abdi, ngarépotkeun Ema!" ceuk Adim bari neuteup beungeut indungna. Ceu Acah unggeuk. Sajeroning ngamandian, haténa galécok, "Lamun kuring gering, komo lamun nepi kahanteuna, saha nu rék ngurus Adim? Duh, Kang! Naha bet teu mulih waé? Sakedahna mah urang téh paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngurusan Adim. Naha ari Akang isin pédah gaduh putra teu suku-teu leungeun?" Aya nu nyérését na haténa, ras kana nasib pikahareupeun budakna. Rék kumaha, rék jeung saha? Lamun Ceu Acah geus tilar dunya.

ROHAKANA KANYAAH KOLOT

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 11:53:25

Kanyaah nu jadi kolot, teu bisa ngan ukur diwatesan ku saratus lima puluh kecap. Najan cai lautan nu aya di dunya ieu dipaké mangsi jang nuliskeun kanyaah kolot, tetep moal mahi.
Alhamdulillah, Indung masih aya. Dipupusti ku uing mah, ulah tepi ka raheut manahna.
Ras ka almarhum Bapa, nalangsana nataku.
Reumbay uing mah nyieun ieu fikmin. Teu karasa cimata ngamalir 'na pipi.
Hirup uing nu teu walagri, ti leuleutik geus nyusahkeun kolot.
Rohakana, perang batin kolot, mangsa ngagedékeun uing. Teu matak jadi aral keur aranjeunna.
Fikmin can anggeus, teu kuat uing tuluy nyegruk na lahunan Indung. "Kunaon Rin?"
"Ma, hapunten Rin."
"Dihampura pisan, bageur. Tong jadi pikir, kaayaan hidep nu teu parok jeung batur, éta anugrah keur Ema jeung Bapa hidep mah, da nyatana nu panggeténna ngurus kolot téh ngan ukur hidep."
Genah, tingtrim, diusapan sirah ku Indung.

NU BALIK TI PANYEPÉNAN

Kénging Asmoel
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 11:49:43

Nyaahna nanding Sumirat nu natrat. Séahna galura laut kidul gé, teu sabaraha. Ngan hiji, amanat kudu dipupusti. Sangkan nepi nemahan pati, Jadi bukti jeung saksi. Brol, jabang bayi gumelar ka alam dunya. Ngondang kocéak dengék. Jadi pananda guligahna rasa na jero dada. Nu di sidem salapan sasih.
”Nyingkah, siah! montong balik deui ka imah”. Ceuk Pa Darlan. Waktu anakna balik bari slébor. Si Jaéd. Saha nu teu apal atuh. Kabéh gé, sarieuneun. Taya nu wani ngageunggeureuhkeun. Kitu, ning.
Geus aya sataunna. Tisaprak ngusir anakna Pa Darlan mineng hulang-huleng. Gék, na korsi bari neuteup ka jalan liliwatan. ”Geura balik, Jaéd…!” gerendengna. Kitu jeung kitu. Rentang-rentang ti kajauhan. Jajaka nu mangku budak. Dituturkeun ku wanoja nu hadé tangtungan. Rengkuh. Dongko ka satiap jalma nu kaliwatan. Anjog kahareupeun. ”Jaéd…!” Pa Darlan ngagorowok. Gabrug, dirangkul. Tungtungna sakulawarga paungku-ungku, nyacapkeun kasono jeung kabungah.
Isukna langit béngras, taya aling-aling. Paroman kadang warga gé marahmay.

T E U T E U P

Kénging Yoen Yoeliztya
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 11:06:13

"Bu, nambut Ineu sareng Rana. Badé ka paméran buku." Arman rengkuh. "Mangga." Koloyong ka jero. Ngintip kamer barudak. Rana, dangdak déngdék hareupeun eunteung. Ineu, di cai kénéh, kadéngé gebrusna. Koloyong ka dapur. Nyieun inuman jang Arman sabot nungguan dua buah haté kuring.

Ineu, lungguh tapi mandiri. Rana, lincah tapi ogoan. Nyobat jeung Arman. Ka mamana tiluan. Beuki dieu beuki layeut. Beuki katempo aya nu béda. Remen kapoconghok, teuteup deudeuh Arman ka Rana, teuteup geugeut Arman ka Ineu, teuteup harepan Rana jeung Ineu ka Arman.

Kelentringna séndok, awor jeung ratugna jajantung, sérédétna haté sarta keleperna leungeun sabot ngocékkeun citéh nu diawuran bubuk ti Bah Jaliteng. Keleyeng dibawa ka patengahan. "Ran, ka payunkeun!" Ngasongkeun baki. Gap.

Neuteup tonggong Rana, asa cikénéh ngabéréjélkeunana. Teu méréan mun kudu jaheut haténa. Teup ka Ineu nu kaluar ti cai, kabayang mangsa Kang Abdul datang mileuleuheungkeun bari nyérénkeun orok beureum. "Ineu, geulis, anak ibu." Ngagerentes.

NGAHIJI

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 10:44:49

Nincak dua taun ngahiji jeung kolot, lain teu hayang misah, puguh teu meunang ku Ambu jeung Abah.
"Kang tuang heula." Ceuk Pamajikan lalaunan ngomong na teh, bari mikeun gepuk jeung sangu haneut, Uing jeung Pamajikan dahar balakecrakan dijero kamar.
"Yus, tuh bisi rek tuang, geus asak, Neng ajakan tuang Si Aa na." Sora Ambu diluareun kamar, ah teu ieuh diwaro da puguh keur kesel ka Ambu teh, ceuk Pamajikan mah sok bawel, loba nitah cenah.
"Yus geus waktuna Ayus diajar mandiri ayeuna mah." Hate ngagebeg. "Tega pisan nitah misah.!" Kitu gerentes hate.
"Ieu titenan, hampura teu bisa mere nu leuwih alus."
Ceuk Abah, bari mikeun amplop gede.
"Geuning sertifikat imah.!" Abah teh mang nyicilkeun imah keur Uing, paingan salila ieu Ambu jeung Abah tara katingali dahar jeung nu ngeunah da duit pensiun dipake mayaran imah.
"Ambu, Abah, hampura Uing nu tos suudzon.!"

Kénging Dadali Pangrango
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 10:00:33

BANGBARA

KABALINGER

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 09:28:44

Capé pisan, jam sabelas peuting karék népi ka Imah. Poé ieu pagawéan ngéntép pisan.
"Umah. Dodé ti siang tadi teu acan neda, nembé eueut susu hungkul. Diolo ogén, mugen wéh alimeun." Si Tétéh. Khadimat, laporan.
"Na kunaon atuh tara tisasari kitu?" Manéhna teu némbalan kalah tungkul.
Gék diuk dina sofa. Aya pagawéan nu can bérés. Artikel Deadline, kuliner séhat. Geus ditungguan ku Majalah. Laptop dibuka. Sor cai ntéh lémon disodorkeun.
"Umah...!"
"Éh... Dodé! Gening? Gugah, bageur? Ngetik diteruskeun.
"Kunaon ti siang tadi Dodé teu kersa emam?"
"Ngantosan, Umah." Ngomongna bari tétéléndéan.
" Umahna nuju seueuer padamelan, bageur. Biasana pan sareng Tétéh. Pami bosen pasakanna, ngagaleuh ka warung nasi atuh nya?"
"Umah. Dodé téh kabita ku pasakan nu ku Umah didamel dina Tipi tadi siang téa. Bangun nu raos pisan. Sugan wéh ayeuna uih mah, ku Umah. Dipangnyandakeun." Begh! Aya anu seueul kana angen. Rét budak dirérét. Geus kelas opat ésdé budak téh. Geus majana boga kahayang. Astaghfirullah...

FLASHBACK

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 08:57:12

Balik ngajar, nyampak Apa, “tos lami Pa?” cekéng. “Tatadi, tos nyokot pangsiun, nyimpang heula,” walonna, rémana ngusapan sirah si cikal. Karérét budak dina pangkonannana nyenyekel cocooan anyar.
“Pa tuang?”
“Moal geus ngupat.” Walonna.
“Jadi Isur meuli lahan téh?” pokna.
“Cios.” Némbalan antaré.
“Iraha ngabangunna? teu kudu mikiran kai, Apa geus ngeueuman di balong.” Kekempel heula, némbalan bari ngahéhéh. Sanggeus nyium sirah budak, Apa pamitan.
Neuteup nu ngaléos lamunan kumalayang ka mangsa katukang. Baréto sieun pisan ku Apa, ningal sorot socana mun teu panuju, hiiiy.
“Teu asup réngking? ngérakeun kolot!” Apa muncereng, basa rapot taya réngkingan.
Lulus SMA, bébéja rék miluan SMPTN, Apa ngawaler, “mun teu lulus tésting dikawinkeun!” ngapalkeun beurang peuting bakat ku sieun.
Puncakna ambek basa maksa kawin ka kang Isur. Nyarios ka Ema, ukur ngaharéwos, “moal aya kolot nyilakakeun budakna, mending istikharah méh haté bangblas.”
Apa beuki ngajauhan teu karasa biwir ngagerendeng, “nuhuuun Pa...”

KINANTI ASIH INDUNG

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 08:49:12

Kaasih nu jadi indung, lir jaladri tanpa tepi. Cenah, ceuk enin ngusapan. Panangan bari nyaliksik. Ngadongéng jaman baheula. Waktos abdi nuju alit.

"Mamah Nay wanoja luhung...."
Enin, soantenna lirih. Talaga dina socana, gambaran batinna peurih.
"Anak ema nu rucita...."
Dareuda, guligah ati.

"Tong sedih, ulah bingung, kapan abdi atos jangji. Bakal mulang na waktosna, séép kontrak kedap deui.... Nyandak artos kanggo modal. Wawarungan payun bumi. Ieu kontrak panungtungan. Hayang betah di sarakan."
Kitu serat kapungkur, nu dititipkeun ka wargi. Tos teu sabar geura datang. Tong hilap bonéka bérbi. Mun mamah aya di lembur. Pinasti senangna ati.

Enin calik 'na bangbarung. Nampi tamu anyar panggih. Anjeunna katalatahan. Yén mamah nu di Saudi. Didoja, kamusibahan. Bakal dihukuman pati.

Angin puyuh liliwungan. Inggeung lemah titincakan. Jaladri asih, talaga nyaah. Bakal kahalodoan. Halodo, nu taya tungtung.

KANYAAH PRIMITIF

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 07:09:18

Leuweung. Imah kuring. Pangulinan anak-anak kuring. Ngadayagdag bari ngopi. Nyérangkeun barudak nu patinggurawil 'na kakayon. Lalincah. Sarehat. Arocon jeung dulur-dulurna. Akur. Reugreug.
"Dor...! Dor...!"
Werrr getih muncrat tina tonggong. Nyerina nembus jajantung. Panénjo ranyay. Kaciri kénéh barudak reuwaseun, tuluy tingberetek nyampeurkeun. Kodongkang kana daun taleus. Perejel...perejel cisusu dipeureut. Ditandéan ku daun taleus. Meunang satengahna, kaburu tuhur. Song ka Si Bungsu nu ngabangingik. Legik. Béak. Ngabangingik deui.
Awak nyaksrak. Karasa panasna pélor ngahéab 'na dada. Budak nu gedé ceurik. Ngageuyah-geuyah. Leungeun mimiti leuleus, gap kana sirah budak. Diusap. Deudeuh.
"Hampura, Bageur. Urus adi-adi manéh!" ngawasiat.
Rét ka béh kénca. Diteuteup seukeut. Nu moro hookeun. Panonna ngembeng.***

UBASUTÉYAMA

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 06:47:52

“Sakur jelema nu geus kolot, teu walakaya. Piceun ka leuweung!” Kasauran Raja. Jadi aturan nu kudu dilaksanakeun ku sakumna rahayat. Sing saha nu wani mungpang, tangtu meunang hukuman.

Kintaro. Kukurusukan ka tengah leuweung. Ngagandong indungna. Sajajalan, leungeun indungna nu geus karijut ku kakolotan, teu reureuh ngarawelan régang. Dipetrikan. Dipurag-puragkeun kana jajalaneun nu kaliwatan. Nyérését haté Kintaro. Tangtu indungna teu ridoeun, kana naon nu keur dipigawé ku manéhna. Kuring gé teu téga, Ma. Kintaro ngabatin.
Anjog ka tengah leuweung. Handapeun tangkal kai badag. Indungna diécagkeun. Dibunian ku dangdaunan. Diperenahkeun. Tapi samerenahna gé di leuweung. Kintaro ngaheruk. Haténa marojéngja. “Jung jung geura balik, Ujang. Bisi kapeutingan di jalan,” Indungna. Teu riuk-riuk tugenah. Éstuning teger, narima kana kadar.
“Ema geus nyirian jalan ku régang. Bisi manéh leungiteun tapak, teu bisa balik.” Cék indungna deui. Kintaro Hareugeueun. Gauk wé manéhna ceurik bari nyuuh. Teu pikir panjang, regeyeng indungna digandong deui. “Urang uih, Ma…” Ngaharéwos.

Catetan :
1. Diropéa tina dongéng Jepang
2. Ubasutéyama = Gunung paranti miceun nini-nini

INDUNG TUNGGUL RAHAYU, BAPA TANGKAL DARAJAT

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 06:36:12

"Bral, Jalu...."
Ngabulungbung jalan gedé sasapuan. Diiuhan tangkal darajat nu ngarampidak sapanjang wangwangan alam kahayang. Meuntas wahangan, meuntas sagara. Disampakeun catang geusan pamuntangan. Cucuk rungkang, batu taringgul, sasat nyaréngléd. Alajrih ku nu mayungan léngkah.
"Bangbrangkeun pikiran, legaan ambahan kawijaksanaan, Kasép."
Cukleuk leuweung, cukleuk lamping. Mangsa tigerat, wanci papait. Lantis ku hujan mamanis. Ngahégak 'na tanjakan, nurugtug 'na pudunan. Diasongan kadali kahuripan. Hirup-hurip, kakenyed.
"Sampeur nu kasampeur, Anaking...."
Ngagedig, lebér wawanén. Tatu peurih kasebét hinis, lita ku jampé. Hanaang satengahing jalan, tuus ku saciduh metu. Reureuh dina péngkolan, sasampangan. Teu weléh dihiap-hiap baraya nu kapihapéan amanat. Nikreuh, ngeureuyeuh. Dituntun élmu pangémut-émut, pangéling-éling. Ngénca-ngatuhu, puguh udagan. Taya sasar nya lampah.
Tepung di tungtung panglawungan, mangsa layung tunggang gunung.
"Baeu, Jalu kasép, anaking jimat awaking." Imut iuh. Saliuh pangiuhan samangsa munggaran ngaléngkah. Kawaris jampé geber-beber hihid aing. Geusan sampeureun tuturus nu léléngkah halu. Mayungan, ngiuhan, ngalitakeun, ngabangbrangkeun.
Bral....

KANYAAH NU TEU LAAS

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 02:35:25

Creb, péso nanceb. Nanceb lebah tapak "sésar". Péso Sarmad ngadodét beuteung indungna. Pas lebah panyisit péso dokter, basa ngagubragkeun Sarmad ka alam dunya.

Geworna getih nyieuhkeun kasadaran. Tengahing sadar nu méh puray. Atra, mangsa-mangsa katukang narémbongan. Euweuh nu salah dina ngatik-ngadidik Sarmad. Mahi didikan, Sarmad téh. Didikan agama jeung dari gama.

Sarmad robah pangadatan. Ti saprak gawé di kota. Sarmad pindah cai pindah pileumpangan. Kaismean ku baturna. Sarmad ruksak. Mulang ka lembur geus jadi gundalna madat.

LOLOS

Kénging Eulis Wiwin
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 00:36:09

Jang Emod lolos, asup ka Paguron Luhur. Ibu-Ramana sedih kudu paturay. Tapi dikumahakeun deui, sumanget pisan nyiar elmuna. Dina acara wawanohan geus mopo, sukuna nyalohcor."kalah ngajedog, mangtung!" pokna poporongos. Jung nangtung, tuurna nyorodcod. Gaplok! Pipina di cabok. Sabot melèng, jekok! Aya anu nonjok. Bangkieung, gubrag! Ngajoprak. Hawar-hawar sora nu ngaji bari nginghak. Dina dipan, anu ngagolèr dicaleungceurikan. Indung-Bapana datang. "Emod anaking, ceuk ema ogè, nyiar èlmu mah di lembur baè!"
Gening kuring anu ngajelepeng tèh, tuluy jang Emod gogorowokan. Taya anu malirè. "Bu, punten urang turuban! Bari mèbèrkeun kaèn. Gajleng! Jang Emod ngarungkup awakna anu ngagoler. Aing lalaki, moal ngèplèk jawèr, ngadag élmu! Korèjat hudang, Ema! Sararèa curinghak. Kolotna ngagalabrug ceurik paungku-ungku. Alhamdulillah! "Bèjakeun, batal ngagali, tèh!" ceuk Bapana. Tètèla kanyaah Indung-Bapa, jeung Du'ana, bisa lolos. Aya Kasempetan kadua. Gerentesna.

PESENAN EMA

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2014 00:14:45

Wanci tunggang gunung. Keur jongjon nguseup, aya sms ti si bungsu. "Aa, enggal uih, Ema, repot. Tong hilap pesenan Ema, tea!" Gesat-gesut ngasupkeun baju salin, teu poho meuli heula katuangeun kasedepna jeung pesenanana. Najan ridu gé tapi da kitu amanatna. Sajajalan kapikiran waé Ema, nu keur teu walakaya. Ah... hayang ngapung ari kieu téh. Ngajalankeun motor geus siga Valentino Rossi wé. Opat puluh menit, ti Soreang ka Rajamandala. Hah-héh-hoh, nepi kaburuan. Kasampak Ema sareng Abah nuju ngadaraweung. "Assalamualaikum, Ema téh teu damang kunaon?" hariweusweus. nyolongkrong nyium pananganna. Ema sura-seuri. "Ah... teu kunanaon ngan sono atuh hayang panggih jeung Ujang wé, mana pesenan téh mawa teu?" pokna bari namprak. "Ieu Ma" ngasongkeun bungkusan, dibuka diulak-ilik. "Nyai, yeuh, geura urus meungpeung harirup keneh, nuhun jang" bari ngaleos ka dapur. Ninggalkeun kuring jeung Abah nu ngembang kadu.