Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Januari 2013 (49 Naskah)


NU NAMPIK ASIH GUSTI

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 23:58:13

“Geus tujuh soré.” Ceuk tukang bajigur. Handapeun tihang bandéra. Manéhna ngajanteng. Ngantep buuk panjangna ngarumbay. Mapaésan awak lenjangna. “Lebar. Geulis-geulis ngagejlig.” Enya. Sakur nu melong pasti nyebut manéhna gélo. Gamisna rawék, beungeut camérong, jeung sorot panonna kosong. Melong ka jauhna. Lir nu teu wawuh ka dirina. Teu apal kana kaayaan. Teu surti naha bet datang waé ka dinya. Ka handapeun tihang bandéra. Lalaunan. Manéhna tanggah. Malangkeun teuteup kana pelengkung katumbiri. Biwirna ngeleter. “Gustiii...!” Ngajerit maratan langit. Leungeunna ranggah. Lir nu hayang ngahontal kelir katumbiri. Janggilek! Awakna malik. Gebeg! Asa kungsi panggih. “Manéhna?” Leuleumpangan. Ngurilingan tihang nu euweuh bandéraan. Gulak-gilek. Umat-imut. Leungeunna gugupay. Leumpangna antaré. Lila-lila ngagancangan. Mingkin gancang. Gancang. Panonna ngadadak buringas. Lir nu hayang ngabedah katugenah. Reg! Nyarandé kana tihang. Ngahégak. Borolo! Bru! Manéhna deku dina utahna. Ngatur rénghapna. Teuteupna katara éndah. Cahayaan. Lalaunan biwirna engab. “Hatur nuhun, Gusti. Nanging hapunten. Abdi tos gaduh salaki.” Teuteupna seukeut niruk kabingung.

KANG HAMID

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 23:46:05

Da uing téh lain rék agul ku budaya Sunda atawa teu boga rasa Nasionalisme, uingah ngan sauukur hayang manjangkeun umurna warisan kolot baheula. Ceuk paribasana éta angklung piraku rék diaku ku urang Swiss anu tongboroning tangkal awi, suluh waé ogé teu bogaeun.
Rék kunaon éta angklung diakodna lamun teu ku budayana.
Cing atuh Mid !, Tuh tempo Ponorogo nu cenah mah kungsi kapalingan Réogna. Uing waé nu jauh ti tempatna milu mangprung huang hiung ngajeuwangan réog eta supaya balik deui kana sayangna.
Pan éta cék déwékna cenah Bangsa nu gedé téh nyaéta bangsa nu ngamumulé sajarahna. Naha geuning éta ajaran téh bet dicampurkeun jeung kapacirit sorangan, rék langsung diteureuy buleud éta téh ?.

SHOOTING

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 23:28:24

Tilalakon ka lalakon. Ngahuleng. Tatanggana ngageuhgeuykeun. Teu diajén. Loba nu cua. “Diaanggap nyaan?” kerung. “Naha script kurang alus?” tanya Sutradara. “Alus, nu jadi pikiran dina unggal lalakon jadi penjahat?” Sutradara seuri. “Pan Aang mah sohorna tina antagonis! Suksés besar!” ngacungkeun jempol. “Keur nu kasaratus mah uing hayang nyobaan jadi jalma bageur!” daria. “Teu langkung Aang!” Sutradara ngaléos. Der shooting. Kahayangna digugu. Aang kudu nyalametkeun hiji wanoja anu rék katubruk karéta api. Kuoooong! Karéta nyemprung. Wanoja leumpang mapay-mapay rél bari ceurik. Maké kabaya, sinjang dilamban, karémbongna kayas. Peunggas pangharepan. Aang ngajorélat lir tatit. Nyamber awak nyi mojang. Gulitik. “Cut!” cék Sutradara. Adegan saterusna keur solat. Nangtung salila-lila da teu nyaho babacaanana. Katambah dada karasa nyeri tutas ngagulitik téa “Cut!” cék Sutradara. Bru rubuh. “Euweuh na sekenario!” Sutradara nyangkéh. “Nuhun kuring dibéré kasempetan,” cék Aang. “Innalillahi,” Sutradara ngarénjag nénjo getih rembes lebah dada.

TUTURUT MUNDING

Kénging Arin Sugianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 21:42:21

Nempo kuring muceukil usaha nga bandar domba di turutan, kuring nga bandar bubuahan diturutan, kuring dagang sayuran diturutan.

Ah...! Isukan mah, rek nyieun taman bacaan khusus basa Sunda, pek wae...! Talurutan. Itung-itung ngamumule basa Sunda babarengan, da di sakola mah, ceunah...! rek di leungitkeun atikan basa Sunda teh.

GEUS LAAS

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 21:28:59

Si Sujang keur ngalangeu. Témbong tapak anu ngamalir dina pipina. Sésa malem taun baru. Isuk-isuk Babaturanana rabul ngasongkeun tarompét.

AFKIR

Kénging Erwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 21:23:56

Duk..! Duk...! Duk...! Sora tina jero lomari. Mimitina mah lalaunan. Mingkin lila mingkin awor sorana. Braaaakkk...!!! Pantona jebol. Eusina ngaburudul. Paheula-heula. "Langab geuning di luar mah!" Ceuk daster batik, bari babatek. "Najiiisss...! Teu kuat ku eungapna, uingah!" Gamis sutra bibirigidigan. "Geus poho wé, nyonyah téh jigana mah!" Kaos oblong kukulutus. "Uing sono hayang méjéng deui kawas bihari!" Ceuk calana jin. Cumalimba. "Daaakkk...! Naha urang téh rék kieu waé? Betah kitu arilaing ngajedog dina lomari sayang cucunguk? jaba bau hapeuk...!" Ceuk jékét buludru, bari tipopolotot jeung tutunjuk. "Kudu kumaha atuh pikarepeun?" Kabaya beureum nanya. "Cuang lunta ayeuna kénéh, kumaha?"
"Sapuuukkk...!" Saur manuk.

Ngabring. Keketeyepan. Muru ka luar. Kulutrak. Bray. Panto dibuka. Sakedapan silih pencrong. Semu nu beurat kudu papisah. "Sapu nyéré pegat simpay, luuurrr...!" Ceuk samping poléng ka baladna. Geus kitu mah, kabéhanana tingberebet. Malencar. Diteleg ku mongkléngna peuting.

SATO

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 21:13:26

Licik. Luar léor ka kénca, ka katuhu. Lélétak ka luhur, tétéjéh kahandap. Pasipatan goréng bakal tumerap lewih atra dina angen politikus politikus nu karep manggung. Haréngréng jagat politik moal bisa di giwarkeun deui. Dina soal dagang, cara curang bakal leuwih mahabu deui. Silih beubeut boh dina harga jeung ajén barang. Bébas nu taya sengkeran, barang ti luar bakal leuwih ngalelepkeun hasil jerih patani, nu masih kénéh teu bisa diajak benta, yén jaman geus robah, ngotok ngowo dina cara karuhun nu geus pakia-kia jeung kaayaan jaman. Anapon musibat, bakal leuwih rosa. Cai leuwih hésé diajak dami nguwak-ngawik gawir gundul, ngalébérkeun walungan nu déét jeung mendet ku runtah.
Ramalan sato shio naga taun ieu, keur nagari sato, keur rahayat sato, nu boga sifat sato. Lamun urang teu ngarasa jadi sato teu kudu percaya ramalan sato, teu kudu hariwang bakal tumerap ka urang, da lain sato. Ngan sok rada lingsem diri , sok aya kalakuan kalakuan nu memper-memper talajak sato. Innalillahi.

TALAGA BODAS 2

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 20:52:16

Haseup ipis ngantay luhureunnana, disusurung ku hiurna angin. Lila-lila halimun peuray, leungit handapeun matapoe nu beuki nyaangan. "Halimunna ical, Kang," ceuk anjeun bari ngalungkeun batu-batu leutik. "Enjing gé aya deui, Néng."
talaga beuki bodas kateuteupna. Tresna nu dipelak dina unggal daun cantigi, nguniang. Anjeun ngagalindengkeun wirahma nu geus mangtaun-taun natrat peuntaseun dada. Lebah jerona.
"Tapi énjing mah, urang tos teu di dieu, Kang..." anjeun nyoara deui. Batu-batu leutik geus teu nyésa. "Sawios, Geulis. Cuang piteuskeun we tangkal cantigi pangalitna. Cuang simpen payuneun hate urang."
Poé téréh nepi ka tengah-tengahna. Tapi hawa masih tiis. Anjeun pageuh na rangkulan.

HARMONI

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 19:43:22

Di sisi, wahangan. Na jero rajegna, tangkal kalapa. Aya saung, tina bilik. Warnana, kulawu. Tur kentengna, balocor. Karanganna, taneuh beureum. Mun hujan, becek jeung leueur. Nu ngeusi, randa kolot. Di baturan anak awewe, katut lima incuna. Taya, nu nyangka. Eta saung, eusina surga. Tempat kabungahan, jeung katringtriman. Tara ieuh, ngarasula. Atawa, aral subaha. Matak resep, ngabandungannana.

HARMONI

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 19:43:22

Di sisi, wahangan. Na jero rajegna, tangkal kalapa. Aya saung, tina bilik. Warnana, kulawu. Tur kentengna, balocor. Karanganna, taneuh beureum. Mun hujan, becek jeung leueur. Nu ngeusi, randa kolot. Di baturan anak awewe, katut lima incuna. Taya, nu nyangka. Eta saung, eusina surga. Tempat kabungahan, jeung katringtriman. Tara ieuh, ngarasula. Atawa, aral subaha. Matak resep, ngabandungannana.

PULUNG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 19:25:29

Wanci nyedek ta tengah peuting. Nu di kidul ngaregot bir. Di kalér, cét hayam dipeuncit. Pasir Wétan nanggap orkés. Palebah kulon mapatkeun jampé. Di langit tinggurilap. Sora patingjelegur. Ngajelengéng. Buruan langit mabek. Béntang ngembang kadu.
Sajorélat, langit lénglang deui. Simpé. Jol nu ngaburilak. Muter tujuh balikan. Laju nutug. Mingkin tarik.
“Boa, pulung, kitu? Hayu urang papag!”
Berebet muru pieunteupeunana. Cleg!
Isukna, gujrud sakuliah nagri. Istana nagara kahuruan.

BAROKAH

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 18:42:54

Nu geulis di tungtung ditu mukakeun lawang obrolan : hépi nyuyer cenah. Mudah-mudahan taun baru mawa barokah ceuk manéhna manjangan kalimatna.
Rét ka beulah gigir nu geulis nyampaykeun imutna, ngeusian harti dina delékna. Can parat males obrolan, ramo birat jaipongan na luhureun tuts keyboard. Laju kana drive D ngotektak boh sugan manggih dalilna. Nyamos, sakadang dalil hésé béléké teu wantun nepungan juraganna.
Can lila ti Turn off Computer, nu geulis kasampak keur nangkarak bengkang, mikeunan kageugeut kanu keur ngalap barokah. Dina pangreungeuna aya harewos nu haroshos : Keun wae nyai, petasan jeung kembang api mah moal apaleun ieuh akang ngabeungbeuratan nyai. Laksaan sora mepedutan pangeusi kota mo bisa ngahalangan akang ngarautan asmara sapat sataun leuwih.

TADI PEUTING

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 17:52:23

Hujan ngagebrèt ti papasosorè kènèh. Lèb cai sapapanjang jalan gedè ngagulidag. Susukan marudal. Runtah padedet-dedet hayang paheula-heula. Kandaraan balawiri galuang galèong ngojay na cileuncang. Na mobil ngahodhod. Kabulusan. Balik ka imah. Hatè simpè, nganti-nganti datangna peuting. Ngampih ka enggon beurang kènèh, wanci sareureuh budak. Tapi teu bisa peureum. Unggal cenel Televisi dipapay sugan aya anu bisa ngahaneutan kana hatè nu camèwèk baal. Aya film India, film cina, film Barat, nu èngklak-èngklakan nyanyi, nu ngabodor sempal guyon, dalah aya wayang Golèk dalangna Asep Sunandar. Dipapay tapi euweuh nu narik. Hatè honcèwang lalewang nungguan nu datang. Sugan Aya sms ngucapkeun "selamat tahun Baru 2013". Siga tahun katukang. Tug, kawaktuna. Kembang api pating belesur, aweuhan ting borobot jeung ting paralak. Teu katoèl aya kapanasaran.Lebeng tampolana tepi ka subuh tamat teu sakerejep-kerejep acan. "Gusti abdi nyanggakeun sadaya-daya, naha ieu hatè beut teu leupas ka manèhna nu teuing di mana ayana."

JAGA IMEJ

Kénging Dedi Herdiana
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 17:47:57

Pamajikan meneran keur ngagoréng jéngkol di pawon. Ari bauna kaangseu ka tepas imah. Kabeneran aya sémah. Ceuk sémah téh “Emh, asa bau jengkol ieu téh! Geuningan seneng?” Mun ceuk rumasa beuki mah teu jadi matak éta obrolan téh. Tapi, mun urang teu beuki, pan matak teu ngeunah kana manah, nyentug kana jajantung, ngajeletit kana ati sanubari. Atawa, aya ogé nu modél api-api teu beuki, padahal mah pangsenengna. “Ah henteu, éta mah tatangga sigana keur ngagoréng jéngkol” walon kuring. Torojol pamajikan ka tepas imah “ Kang, goréng jéngkol parantos asak..!! Aéhh,,, geuning aya tamu.”

NGANTUNKEUN HIJI CATETAN

Kénging Nero Taopik Abdillah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 16:27:27

Ragayam kana gasolin, cekrék dihurungkeun. Karetek geus nempél dina biwir nu hideung siga sésa kahuruan. Pelenyun, haseup ngebul méh minuhan kamar. ketrék deui kana keyboard, ramo-ramo mencétan hurup. Nuliskeun dua rébu dua belas nu tilar dunya. Kuniang hudang, ninggalkeun korsi. Terus leumpang, persis kana témbok nu ngagawing hiji almenak nu geus lukutan. Krep, almenak dicokot. Diteuteup anteb tur seukeut, dibukaan hiji-hiji. Bet aya getih garing, cai panon jeung gambar awewe nu calangap siga drakula. aya angka-angka nu ngabelegbeg, ngarupakeun hiji gedong angkrong nu dijaga ku rebuan prajurit, dikuriling témbok beton.

Pileuleuyan.

PEUTINGAN TAUN BARU

Kénging Nero Taopik Abdillah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 16:17:23

Kecrék deui, gasolin dihurungkeun. Ayeunamah lain roko nu diduruktéh, tapi almenak, getih garing, cipanon jeung gambar awéwé nu keur calangap siga drakula. Ragayam kana tumpukan keretas nu meunang ngaduduk nulis ti tadi isuk. Terus dibaca, alon, alon pisan. Beuki lila, sorana beuki beurat. Bruk, éta lalaki ngudupruk dina luhureun sajadah, nyamat Gusti, indung jeung bapana.

SÊSA TAUN BARU

Kénging Nero Taopik Abdillah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:59:03

Sêsa kembang api nu ngajirim monster, minuhan puseur kota. Singjuringkang, ngabelegbeg hideung, mawa gada jeung gobang, baris nandasa manusa nu sapeupeuting kakalayangan diulinkeun pangaruh wiski jeung vodka. Pangeusi kota, nu rumasa tur nu teu rumasa, kabur nyumput ka leuweung, ka gunung, sing keteyep ngajauhan puseur kota. Kiwari, di kota tinggal monster nu jarangkung badag. Ngagakgak seuri, aweuhan. Tuluy maranêhananana nggah ka balêkota, ka unggal kantor dines, minuhan rohangan dines, darariuk dina korsi bari ngoprek komputer, ngotak-ngatik angka nepika ngajungkiring nindihan awakna sorangan.

SÊSA TAUN BARU

Kénging Nero Taopik Abdillah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:58:40

Sêsa kembang api nu ngajirim monster, minuhan puseur kota. Singjuringkang, ngabelegbeg hideung, mawa gada jeung gobang, baris nandasa manusa nu sapeupeuting kakalayangan diulinkeun pangaruh wiski jeung vodka. Pangeusi kota, nu rumasa tur nu teu rumasa, kabur nyumput ka leuweung, ka gunung, sing keteyep ngajauhan puseur kota. Kiwari, di kota tinggal monster nu jarangkung badag. Ngagakgak seuri, aweuhan. Tuluy maranêhananana nggah ka balêkota, ka unggal kantor dines, minuhan rohangan dines, darariuk dina korsi bari ngoprek komputer, ngotak-ngatik angka nepika ngajungkiring nindihan awakna sorangan.

HAYANG JIGA CEU INONG

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:42:17

Isuk-isuk geus ngajak Kang Aji ka pasar
" Bade meser naon, Euis teh ? "
" Cindung bungur "
" Kapanan parantos gaduh seueur "
" Pokona hoyong meser deui ". Kang Aji kapaksa nganteur ka pasar. Kusabab hayang jiga Ceu Inong. Kuring ngaborong tujuh kodi cindung bungur.

DEUKEUT-DEUKEUT KA CAGEUR

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:23:34

Keur gering mah ngeunah sarê ngeunah dahar. Deukeut-deukeut ka cageur, mimiti teu ngeunah sarê teu ngeunah dahar.

HADIAH TAUN BARU

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:11:54

Ngariung di Vila Panorama ti wanci
sareupna. Magrib, isya dirémpak. Curak-
curak. Sukan-sukan. Poho ditemahwadi.
Mapag taun anyar ku nginum jeung
nyiméng. Lang-lung-leng. Taya kaéra. Ngalajur napsu. Teu nolih ugeran. Ngadu rénghapan. Patingharégak. Genep pasang
dina hiji rohangan.

Wanci méh ngadeukeutan tengah peuting.
Grennng! Grenggg! Genep motor paudag-
udag, muru Situ Wanayasa. Can pati jauh.
Lebah péngkolan Rancadarah. Séak..
Jeddakkk! Motor pangheulana neunggar treuk
mangprung, nu tos ngirim hayam ti JAPFA Taringgul.
Galeong.. Gucrak! Tilu motor katindihan treuk.
Carangka hayam mancawura. Motor nu
dua ngababét kana jurang kebon jati. Getih
ngalayah. Polo ambarayah. Peujit budal-
badil. Héong! Héong! Sirineu meulah
peuting, mapaésan malem ganti taun.

Tit. Tit. Tit. Monitor komputer ICU Holistic,
bangun wegah nampilkeun rénghap
waruga nu nyésa..

MESÉK MATÉMATIKA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:08:15

Mungguhing hirup di alam dunya, teu leupas dina dua lalakon nu papasangan, mun teu mineus nya pleus, persis matématika, mun teu asak perhitungan balukarna nyangking hanjelu, capé gawé teu kapaké.
Pareng nyalsé, kuring iseng ngaganti kecap mineus ku kecap salah jeung kecap pleus ku kecap bener, tuluy dicoba dilarapkeun kana operasional kakalian matématika, jeung barudak di PKBM Jati Mekar bari ngasupkeun ide karakter bangsa sacara lantip tapi sip, latén tapi patén, hasilna ieu di handap.

(-) x (-) = (+), Nyalahkeun nu salah éta bener
(-) x (+) = (-) atawa (+) x (-) = (-), Nyalahkeun nu bener atawa ngabenerkeun nu salah tetep baé salah
(+) x (+) = (+), ngabenerkeun nu bener éta kalakuan bener.

SALIWAT

Kénging Badai Nirwana Kutub
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:07:10

"Dianti ti anggangna, didago ti anggalna, ngan sakur ngaliwat dina itungan nu samporet pisan". Pok-pokan Uned urang kampung pajeroan nu ngahagal maksakeun datang ka kota pikeun nyaksian taun baru.

KASIEUN

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 15:00:34

.
Lain leungit eusi mulok. Lain préman gang sempit. Lain dunungan di pagawéan. Lain senior di organisasi. Tapi anak ngalenghis ceurik hayang jajan jiga baturna.

Éta nu matak loba tunggul dirarud catang direumpak. Éta nu matak loba obralan harga diri.

EUNTEUNG

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 14:18:02

"Wi, kadieu!" Ki Omén, ngagentraan. Katingalieun ti na eunteung. "Muhun!" Koloyong, Kuring nyampeurkeun nu keur jongjon ngerokan janggot. "Wilujeng taun anyar, nya?" Pokna, leungeun kéncana nyekel eunteung, leungeun katuhuna teu cicing, ngerokan janggot. "Sami-sami Ki, hatur nuhun," "Ti Akang ogé sami, wilujeng nyambut taun énggal, Wi! Kitu deui, ka Aki. Numutkeun Aki, cik, kudu kumaha nyanghareupanna?" Sanip, nyampeurkeun, milu nimbrung. "Sami-sami, Kang. Muhun tah, Ki! Kedah kumaha?" Kuring, mairan. Bari jeung, pipikiran mah, kumaha boa.

"Tah, tempo ieu! Sakali séwang!" Ki Omén, ngasongkeun eunteung. Gep, ditampanan. Terus ngeunteung. Ana bréh téh, "Gustiiiii....nu Agung!"

ASA TEU WASA

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 14:11:49

Abdul : Manèhna cing bawa kadieu kami hayang “ ÈWÈ DÈÈT “ mungpung aya Ki Somad yeuh ......!!!

Acih : Heug kè nyakeudeung ( bari nyampeurkeun )
Somad : (muka wangkogan ) lain asa ku garenah ntè mah eung Dul .....
Abdul : Kumaha kitu Mad ???
Somad : Heu euh di imah tiis ceuli, teu siga kuring di imah kawas jogjog rèk mondok da pamajikan “ HEUNCEUT UCINGEUN “ eung ....
Abdul : Hamdallah jeung tong nyarita kitu èta tèh amanah eung ... Éh enya sakalian wè bulan hareup kuring rèk “ MUPUGKEUN TAI KANJUT “ ntè sarèrèa bantuan didieu enya ....
Somad : Insya Alloh, lin muji kuring mah anak ntè engkè lamun didangdanan matak kalinglap nu nènjo.., teu siga anak si “B“ meni “ NINI NINI DIKENINGAN, ÉWÈ RANDA DIHIASAN “...
Abdul : Geus ah tong ngupat dosa eung .....!!
Somad : Hèhèhè ..... Duh geus sariak layung gening isuk deui wè ngadu bakona, kuring mulang heula Assalamu 'alaikum ..
Abdul : Wa 'alaikum salam, heug atuh kadè lali enya .....

wilujeng wayah kieu baraya ..........35@@@

STORMBINGER

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 13:05:00

" Wilujeng mapag taun enggal," sora iblis jigrah minuhan wiati
Aya anu ngagerung bari kokosodan, nyawa geus dina elak-elakan.
Di kolong sasak, tibra saré keur meujeuhna kembang buruan.
Disimbutan ku halimun, diaping ku indung peuting.
Anaking, isukan wayahna cukleuk leuweung cukleuk lamping.

WADAH DUIT

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 12:57:28

Piring jeung asbak masih ngajentul na luhur méja, mépéndé wadah tisu nu cireumbay béakeun eusi. Gigireun gumeulis anyaman rotan paranti buah, kawas nu bungah pédah geus meuntas taun. Kuring nyerangkeun ti kajauhan bari ngahuleng, cangkeul sapeupeuting dipencétan, bulak balik sorolok muka, metet duit tina kencring nepika nu panggedéna, pagaliwota, kaluar asup, méh méhan hayang utah, mudal ku lobana, tapi dikuat-kuat wé dalah geus kitu nasibna. Tapi aya atohna oge sabab kuring téh anu pangdipikanyaah ku dunungan tibatan nu lianna, méh unggal usik ditempo tur dijagaan, padahal ngan saukur wawadahan nu eusi ku lembaran kertas warnaan atawa kencring. Maké konci, génggé ogé, dijagaan ku patung ucing warna emas nu leungen katuhuna ungkleuk-ungkleukan jiga nu gugupay.

Ayeuna lumayan can aya tamu nu datang, can aya duit nu asup, jigana carapéeun ngadon suka-suka sapeupeuting, reureuh heula, ngerejep sakedapeun, sugan wé ngimpi jadi dunungan nu keur anteng murak duit tina sorolok bati dagang maleman taun baru.

BAKOM

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 12:35:58

Lembur, anu nyingkur. Na luhur, pasir. Peuntaseun, gunung cakrabuana. Ti stasion, cipeundeuy. Meuntas, jalan raya. Laju naek ojeg, saparapat jam. Nanjak, ngalewatan astana. Kuburan korban, pager bitis. Ka tempo, na pasir cipahoman. Imah rentul, celak celak. Bakom! Tempat, nitipkeun kolot. Nu ngaso, di astana gede. Na handapeun, tangkal samoja.

ILANG ALONG MARGAHINA

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 12:09:56

Wanci tengah wengi, nuju memejehna simpe. Saurang pameget nuju calik diteras bumina. Anjeuna ngahuleng ngaraga meneng, ngemut sareng nafakuran. Naon rupi hal anu kantos dipilampah, salami sataun kapengker. "duh Gusti, jisim abdi rumaos seueur lamokot ku dosa !" gerentes hatena, bari melong kosong kapayuneun bumina. Atra pisan dosa-dosana sarumping narembongan, aya nu molototan, aya nu ngabaeudan oge aya nu nyerengeh seuri. "Duh Gusti hapunten sagala rupi kalepatan jisim abdi ! rumaos jisim abdi seueur pisan ilang along margahina-na" gerentes hatena deui, bari ngeclakkeun cisoca. Anjeuna mung tiasa gigideug, teu ngartos kunaon atuh laku lampahna sapertos kieu. Seueur ilang along margahina-na tibatan kasaeanana. Teu lami, anjeuna cengkat "Kuring kedah tiasa meresan kaayaan ieu ! bade iraha deui, upami teu ti ayeuna di beresan" pokna bari teras lebet kabumina.

RADIO

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 11:10:57

"Menurut KPK, diduga ada keterlibatan pejabat pusat, maupun daérah, dalam kasus Hambalang." Ceuk warta dina radio, anu keur disanghareupan ku Ki Omén. "Tah! Bukti kalawan nyata, yén. Ancurna nagara téh, ku koruptor. Jeung jalma-jalma nu pinter ku minteran batur. Ngecebrek ngomongkeun batur. Padahal dirina sorangan, omongkeuneun batur. Silih tuding, silih salahkeun. Cik, Aki satuju teu? Ancurna nagara téh, diantarana. Ku Koruptor, jeung jalma-jalma nu saukur ngomong wungkul?" Ceuk Sanip, nyampeurkeun. Gék, diuk bari sila, nyanghareupan radio.

"Heueuh, kaasup ilaing!" Ki Omén, ngawalon. Gep, kana radio, terus dipindahkeun kana lahunnan Sanip. Cetrék! Dipareuman. Jug, nangtung. Léos, ka tukang. Ceg, kana pacul. Laju, ngingkig ka sawah.

TITIS TULIS

Kénging Thiefz Urang Sunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 11:09:23

Kekebutan di jalan lembur. Digerung-gerung. "Gandéng euy, lalaunan!" nu gogorowok sisi jalan. Lalaunan. Aya nu nyiap. "Laun-laun teuing, ngagokan," ceuk nu nyiap. Ngahuleng. Palebah tungtung péngkolan aya jungkrang lungkawing. Satengahing baluweng. Motor lempeng palebah péngkolan.

LAJU TAWA BEKU

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 10:58:03

Nongtoréng kénéh papatah guru SMA-na basa ngajar Biologi dina bag-bagan élmu katurunan (Héréditas) nu ngajelaskeun nyén lamun sipat indung bikang atawa jalu nu dominan (kuat) jeung résésif (lemah) dikawinkeun, maka rundayan kahiji bakal kabéh ngabogaan sifat nu dominan. Mun turunan kahiji dikawinkeun deui, maka sipat dominan jeung résésif bakal muncul dina babandingan 3:1. Babat, Bibit jeung Bobot pibasaeunana mun ceuk kolotna mah. Babat hartina bisa ngaraksa beuteungna, mun loba nyésa saeutik mahi, Bibit éta turunan jalma hadé boh pisik jeung psikisna ditambih Bobot dina hari bisa méré rundayan panerus.

Maman, sabil basa nganjang ka kulawarga kabogohna, nénjo piadibeuteungeunna ukur hiji nu normal, tilu cacat méntal. Beg...!, mun kitu mah si Nyai téh carriér (nu mawa sipat). Kumaha balukarna keur rundayan kuring di turunan kahiji sumawona kadua?

Héréditas mémang teu mungkas, ukur méré iber pibakaleun, sangkan mun maksakeun teu matak aral subaha! Maman bingbang. Laju atawa bekukeun laku? Baluweng mubeng!

GANTI TAUN

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:46:04

Ngan ukur angka nu ganti, saleuwihna sarua. ***

LARATAN DI LABORATORIUM

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:43:38

“Barudak...! Getih nu ngalir dina awak urang séwang-séwangan najan enya sarua beureumna tapi numutkeun hasil panalungtikan kabagi kana opat golongan, nyaéta golongan A, B, AB jeung O. Golongan AB disebut resivien universal, sedeng Golongan O disebut Donor universal. Golongan A jeung Golongan B éta ukur bisa ngadonor kajinisna sareng ka Golongan darah AB wungkul!”

“Pa... dina kartu PMR abdi, pun biang golongan darah O sareng pun Bapa ogé O, naha tiasa putrana gaduh golongan darah AB?
“Moal tiasa... ukur hiji kamungkinanana nyaéta golongan darah O, na kunaon kitu Cep?”
“Berarti abdi sanés putra pituinna manawi?”
“Bisa jadi, dumasar kana panalungtikan mah kitu... tapi kedah dicék ulang...!”
Budak rambisak, ngalewé méwék... aluk-alukan bakat ku kanyenyerian...
“Saha atuh pak Indung Bapa abdi téh?”
“Mending taroskeun baé, ka kulawargi di bumi, mung omat rasa hormat jeung babakti gumati kanu jadi kolot éta teu kawates ku kolot pituin atawa kolot angkat!” Budak sisimekeun, unggeuk.

KASILEP

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:36:11

"Jalan-jalan atuh, taun baruan. Ngahékok
waé di imah. Bulukan!"
"Ah, teu gaduh artos."
Di mana-mana, nuju barieukeun. Ilubiung
kanu teu jelas asal-usulna. Pawéy obor
Muharoman, kasilep ku patinggurilapna
rumbéy-rumbéy tarompét jeung kembang
api.
Hiji Muharom, mimiti ramé ku pawéy obor,
malah aya marcingbén sagala, tapi naha
laguna Iwak Péyék?
Halah.. Hapun.

Mapag hiji Januari, ti suklakna, ti siklukna
ngabarorong tarompét. Jang naon? Pasar-
pasar jadi marahmay ku gurilapna rumbéy-
rumbéy tarompét. Naha Muharoman,
pawéy obor, tapi di pasar taya nu dagang
colén-colén acan..?
"Hayu, milu moal? Malah ngahuleng diajak
téh.."
"Moal ah."
Daripada ulin teu puguh laku, mending
mikmin sing daria.. Keur ngajaga Ki Sunda
sangkan waluya. Ulah kasilih ku budaya
jeung basa luar. Prak, ah!

MUNGGAHAN TAUN DI TAMAN KOTA

Kénging Zenzenz Zae Slalu Ada
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:33:12

Ilaharna dina raraga ngaramêan munggaran taun masêhi, nalika têng jam 12 peting jedur berecon, kembang api tingsareak tingarapung pak pray silihtembal nembongkeun warna-warni. Balawiri nu na motor ngagerung-gerung motorna pada-pada hayang tihela, mobil ndut-ndutan ngukuyan jalan. taman kota jadi lautan manusa, dijalan nu ti kampung, ti pawetanan, ti kulon, ti kalêrna eweh tungtungna, helm jeung hulu nu narenggak kasampak ka jauhna.
"têtêla manusa ayeuna geus kabobodo tenjo, kabita ku barang jiga." hanas hatê ngagentes bangun ku juuh cimata. mangnaonkeun nu dibêla manusa kikieuan têh.

TAUN ANYAR

Kénging Dé Goeriang Kusmawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:32:59

Naon nu anyar?
Naon nu heubeul?
Geuning angger kénéh sarua, ukur kasempetan nu terus ngaheureutan, cueut ka sareupna.

KASILEP

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:32:48

"Jalan-jalan atuh, taun baruan. Ngahékok
waé di imah. Bulukan!"
"Ah, teu gaduh artos."
Di mana-mana, nuju barieukeun. Ilubiung
kanu teu jelas asal-usulna. Pawéy obor
Muharoman, kasilep ku patinggurilapna
rumbéy-rumbéy tarompét jeung kembang
api.
Hiji Muharom, mimiti ramé ku pawéy obor,
malah aya marcingbén sagala, tapi naha
laguna Iwak Péyék?
Halah.. Hapun.
Mapag hiji Januari, ti suklakna, ti siklukna
ngabarorong tarompét. Jang naon? Pasar-
pasar jadi marahmay ku gurilapna rumbéy-
rumbéy tarompét. Naha Muharoman,
pawéy obor, tapi di pasar taya nu dagang
colén-colén acan..?
"Hayu, milu moal? Malah ngahuleng diajak
téh.."
"Moal ah."
Daripada ulin teu puguh laku, mending
mikmin sing daria.. Keur ngajaga Ki Sunda
sangkan waluya. Ulah kasilih ku budaya
jeung basa luar. Prak, ah!

MURUKUSUNU

Kénging Wawan Renggo
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 09:17:14

"Mang, kunaon taun baru teh dihurudung sarung wae? Teu gaul. Batur mah ngurilingan kota. Ijigimbrang nariupan tarompet." Ceuk neng Faniyem, anakna Mang Cireng, tatangga Mang Encas. "Heueuh si amang mah ngajentul we, siga nu mikiran nagara. Hanas ibi geus dangdan sataker-kebek sugan teh rek taun baruan di kota siga jalma sejen sukan-sukan!"­ Bi Encas mairan bari murukusunu. Mang Encas cindekul bari melenyun udud. Siga nu teu ngadenge. Anteng neuteup bulan nu katutupan halimun. "Ih..da, ditanya teh ngahenen wae. Eta atuda embung we ngaluarkeun duit!" Bi Encas jebras-jebris. Mang Encas cengkat nangtung. Panonna beureum lir siki saga. "Sukiyem, regepkeun ku anjeun. Dewek lain teu hayang siga batur ka kota sukan-sukan. Tapi urang kudu bisa ngaragangan..tuh deuleu masih loba dulur urang nu hirupna susah dahar sore isuk henteu. Jaba loba nu hirupna katalangsara alatan katarajang banjir. Ari ieu rek ijigimbrang? Lain mah ngabageakeun taun anyar teh ku tapakur ngaji diri. Heug,jig geura indit rek sukan-sukan mah. Bisi kurang duit mah tuh cokot duit sakarung di goah hasil ngajual Sampeu tea!" Mang Encas ngagantawang. Sorana ngahandaruan nyasaak peuting nu keur ditungkup halimun. Bi Sukiyem jeung Faniyem jempe lir gaang katincak.

TEU KEDAH MESER KALENDER

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 08:23:13

" Teu kedah meser kalender kangge taun ieu mah , Bu !"
" Haaar , naha Pah , karunya atuh ka tukang kalender ?!"
" Keun wae etang-etang ngirit pengeluaran , pan tos gaduh lima kalender pilgub !"

RANDA

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 08:10:39

Rarandaan, bari ngurus anak opat. Lain, hal enteng. Saprak, salakina maot. Ragrag, na bangunan. Ekonomina, mingkin sulit. Buburuh nyeuseuh, di lakonan. Sangkan barudakna, bisa sakola. Watir!
Antukna, kuring boga niat. Di obrolkeun, ka pamajikan. Najan teu, di satujuan.
Siga poe ieu, manehna datang. Ngelek baju, meunang nyeuseuh. Bari sakalian, nginjeum duit. Keur meuli buku, budak nu cikal. Pamajikan, ngajak manehna ka kamar. Ari kuring, karek datang ti pagawean. Tuluy diuk, dina korsi. Ngareureuhkeun, kacape. Basa kaluar kamar, katempo manehna carinakdak. Pamajikan, katempo neuteup ka kuring. Teuing naon, maksudna.
Manehna, nubruk kana suku. Tuluy nyuuh, na lahunan. Katempo, pamajikan seuri leutik. Tuluy, unggeuk. Saterusna, abus deui ka kamar. Duh, pamajikan teh. Jembar hate, geuning.

MOSTING FIKMIN

Kénging Thiefz Urang Sunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 07:45:02

"Dua poé katukang, dua kali mostingkeun fikmin téh. Poé kamari ngan sakali. Kungsi, dina sapuluh poé teu sakali-sakali acan mosting fikmin. Enya, sapoé téh jatah tilu kali. Digeblokkeun ah poé ieu, 33 kali...," cekéng bari cinutrung diharudum siduru hareupeun hawu bari nyoo lebu.

BEWARA DI PANUNTUN TAUN

Kénging Iwan Bagjasalawasna
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 07:32:28

Isah, Ikah, Indungna Isah, jeung anakna Isah paungku-ungku bari laleweh. Anakna Isah anu ceurikna rada tarik, nepikeun ngagareuwahkeun tatangga, Atuh rob weh tatangga daratang nyalampeurkeun bari hari weus-weus nanyakeun aya naon-aya naon. "Si Bapa Kacilakaan ka tabrak mobil pertamina" ceuk anakna Isah. Atuh tatangga teh ngilu ngagaur deui caleurik, atuh di imah teh rame kunu nyeungceurikan kacilakaan. Isah, teteleponan ngabejaan dulur-dulurna, Manehna gura-giru neangan tatanggga sangkan nganteur ka rumah sakit, da ceuk beja via telepon aya di rumah sakit. Dulurna anu deukeut ka rumah sakit oge geus muru rumah sakit. Ngan ceuk beja eta ti dulurna cenah di rumah sakit poe ieu mah euweuh anu kacilakaan. Hate Isah tagiwur da eta anu mere bewara terus-terusan neleponan yen korban kudu ditulungan cenah,waktuna ngan 5 menit deui sabab, getih geus loba kaluaran. Kanu nelepon Isah ngawanti-wanti kudu nulungan korban keun sabaraha oge biayana bakal ditedunan. Dulurna anu di rumah sakit nelepon deui "Geus we ayeuna mah Teteh Uih deui" Ngadenge telepon kitu Hate Isah jadi rada ngemplong deui. Teu Lila jol deui SMS, "Teteh enggal keun Uih si Bapa Repot" maca SMS eta lengerek deui leuleus. Tungtungna Isah balik deui ka Imahna. Di Imahna tetep tatanggga masih ngagimbung, bari KEPO tea. Sajam ti didinya torojol teh Si Bapana datang bari mawa totorompetan. Ka Imah teh si Bapana di galentoran pada nyiuman, atuh si Bapana culang cileung teu ngarti. Isah ngomong yen cenah aya telepon Bapa Cilaka. Beu.......

TEU NGARASA

Kénging Asan Arnasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 07:14:12

Kuring keur diuk dina bangbarung teu lila ki silah batur kuring datang bari pokna : " San maneh peuting ieu rek kamana ?? " cenah kuring ngalieuk kamanehna bari ngajawab : " Naha make nanya kitu sagala ??? naha rek ngajak kamana kitu " ki silang ngajawab : " Ka Cikapayang ... aya acara Car Free Night raragan taun baruan " kuring ngajawab : " jung we ah kuring mah teu ngarasa aya taun baruan " Ki Silang ngan ngajawab : " Har karah ..... ???? "

TRAGEDI SAJADAH NILEUP

Kénging Asep Santo
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 06:57:47

Ba'da shalat Isa kira -kira jam 19.45 kadenge aya anu uluk salam harepen imah,sihoreng laun jalma jauh tapi kidulur sobat dalit tempat unjam injem duit nyaeta kang Adong.
Sarengsena kang Adong basa basi kuring nanya '' ari ilaing iraha mulang ka lembur, batur mah hayang tahun baruan jeng Jokowi di jakarta,ilaing kalahka mulang ka kampung bau lisung.''
bari ngahurungkeun udud kang Adong nyarita'' Uing balik kalembur teh, lain pedah loba duit atawa hayang tahun baruan di lembur, da tahun baruan mah teu penting malahmah cek ajengan kosim kitu gawe teh jiga yahudi jeng nasrani.''
''kunaon atuh ilaing make mulang! '' kuring nanya bari panasaran.
''Uing sono ka pamajikan euy!'' cek kang Adong .
'' Lamun ilaing sono ka pamajikan, gancang geura mulang, da ari rukun sono teh diantarana lamun balik nyaba.'' kang Adong ngabelenyeh saukur seuri leutik dihereyan ku kuring.
Bari mareuman udud kang Adong nyarita'' Uing mulang ti Jakarta bari ngagedur birahi dina jero dada,ngan hiji tujuan hayang sosonoan jeng pamajikan ngan......barang asup ka kamar sajadah pamajikan nileup dina luhureun lomari.''

ha...ha.......tragedi sajadah nileup ka alaman oge ku ilaing adong!!, sabaraha lila biasana nileupna sajadah pamajikan nyaneh ?''
''lima poe,mangkaning izin ka dunungan ngan ukur 2 poe, ''kang Adong nepak tarang.

OLÉH-OLÉH…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 05:48:39

Baju nu ngalumuruk dina ubin dicokotan. Lieuk, ka nu masih ngaguher saré dina ranjang. Cimata geus saat ti subuh kénéh. Nongtoréng dina ceuli pesen adina. “Tétéh, uihna tong hilap oléh-oléh” Nalika manéhna, sup kana mobil kabogohna deuk taun baruan….*1.

WARISAN

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 03:08:33

Jam 12.00. Ginggeung langit alun-alun kota. Dipentang sora jeung cahya. Syiengngng...! Duaaarrr...! Paratak, paratak, paratak! Braaay! Mancawura. Warna-warni.
Grengngng, grengngng, grengngngngng...! Motor digaur-gaur. Tooot, tooot, tooot...! Tarompét meupeus keuyang. Rupa-rupa sora ngagulung. Jagat eundeur. Lieur.
di alam malakut, réwuan malaikat sumujud, "Emh, deudeuh teuing." Teu wasa nuluykeun du'ana. Ajrih ka Gusti, nu ngaguratkeun tapel wates antara mulya jeung hina.
Di handapeun tangkal kiara, di juru alun-alun, lelembutan cinutrun. Bingung. Haté nyampeurkeun. Nyelang sakeudeung, tina kasibukanana. Mariksa surat wasiat keur anak adam, nu ditanda tangan ku akal séhat. Pok nanya, "Naon atuh nu jadi kabingung téh?"
"Ah henteu."
"Mangga carioskeun, da sanés sareng sasaha."
"Hapunten pisan, manawi uninga, naha taun hijriah mung direuah-reuah ku budak madrasah?"
"Tawakup."
"Dupi ieu warisan ti saha?" bari ngasongkeun solongsong kembang api.

PAMOLAH MAPAG TAUN ANYAR

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2013 00:09:00

Pating siriwik, pating suruwuk, lir lauk papanggih jeung cai anyar. Kendaraan patingsuliwer. Eak- eakan ngabageakeun mapag taun anyar.Ti mimimiti nonoman nu sakalian nyiar pasangan, nepi ka anu rimbitan. Budak satilu-tilu bari jeung laleutik keneh meyod dina motor. Hujan ngaririncik ti wanci sareupna henteu ngajadi halangan. Guligah saruka seuri, Padahal nu dina pesak nyempil duit meunang ngijon tadi isuk. Kuring nyawang ti buruan " Beu naon atuh nu dipibungah nu jelas isuk umur mulai ngurangan, itungan jadi ngolotan. Saha atuh sabenerna nu ngamimitian peta siga kieu teh ?" Cek kuring bari gutret ngonsep fikmin dina salembar kalakay nu murag katebak angin.
.