Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Méi 2012 (55 Naskah)


PARAB BILATUNG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 23:29:23

Curuk bentik balas nunjuk. Jejebris, téténjrag, lain perkara anéh. Naon deui? Iraha deui? Keur kawasa ieuh. Saha pijalmaeunana anu wani mungpang kana kahayang jeung karepna. “Éta gé lamun hayang soék tikoro!” omongna. Dayagdag dina korsi gading gilang kancana. Upeti, pajeg, sagala, pating térékél. “Demi kamakmuran rahayat!” Ki Mantri propaganda. Raja unggut-unggutan, “Panuju!” Pon kitu deui para gegedén anu ngabadeg kénca-katuheunana. Sakapeug ngusapan hulu partéy nu satia ka dirina, katénjo calawak bari ngelél sarta némbongkeun sihung ranggéténg. Atoh diparaban daging rahayat nu teu walakaya. Rahayat ti waktu ka waktu ti jaman ka jaman, angger. “Angger rahayat! Sejahtera mung kanggo aranjeuna!” ngirik taneuh beureum madetkeun kuburan hiji raja nu cik kénéh tilar dunya. “Tong hariwang, mang. Ku kami saparakanca disasaak awakna. Moal disésakéun iwalti tulang taléngna,” haréwos bilatung. Cakah-cikih, nyiksik layon raja. Dagingna diparebutkeun. Kakawasaan, kasombongan jadi eusi beuteung bilatung.

KAMÉJA CÉLÉ

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 23:28:15

Bus ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap nu ieu lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé nu titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal pantes mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu leupas tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah paling resep kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian. Isukna, pareng panggih, manéhna maké kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja anyar paméré Wati, kudu waé dipaké ayeuna.” Karérét Wati imut bangun sugema.

TAREKAH

Kénging Usep Acx
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 22:25:47

''Mad cenah BBM téh angger rék naek''
''enya pasti éta mah, moal bisa ditawar deui. Ngan urang kudu pinter-pinter narékahannana atuh''
''heueuh kumaha narékahannana da motor uing mah boros pisan Mod....''
''ahh... gampang Mad tinggal ngarobah eta mah Mid'' ceuk Emod daria
''ngarobah naona.. mémang bisa dirobah...?''
''nya bisa..... tinggal robah wé pelampungna supaya jarum nunjuk kana F terus'' ceuk Emod meni kalem naker.....

MASRAHKEUN BUKU

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 22:25:07

Aya nu gagauran, nginghak, jeung ngahinghing. Mangpirang buku kanyenyerian. “Cukup! Geus montong ceurik! Pikir maranéh naha kuring teu bingung? Teu kuciwa? Nempo urang Sunda hésé diajak maca bukuna, teu bisa nulis ku basana. Kuring gé sarua, nyeri ...!” Kituna téh bari nepakan dada. Jep! Mangpirang buku jempé sapada harita. Manéhna cengkat, sup ka kamar. Nyokot samping dua lambar. Bar ...! Samping nu hiji diamparkeun. Hiji, dua, tilu jeung satuluyna. Buku diéntépan luhur samping. Opat tungtung samping dicangreudkeun. Samping hiji deui dipaké pangais. Gembolan buku kiwari aya dina aisan. Peuting nu jempling nganteur léngkah manéhna. Rék kamana? Dikumaha? Handapeun bulan nu komara, tukang loak buku ngajejentul, gédé harepan.

SURAT

Kénging Meyz-Moelz Meliawati
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 22:21:25

Pangna kuring nulis surat, taya lian susuganan arca-arca nu nyesekkeun ngemplongkeun dada, ngaleyurkeun teuasna hate nu pinuh ku nalangsa.
Kuring nulis surat lain hayang dipikarunya atawa pikeun ngondang simpati, tapi pikeun ngaluarkeun sora-sora nu pinuh ku bangbaluh nu teu weleh ngarahuh.

MAPAG HARDIKNAS

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 21:20:17

Kumaha wartosna kanggo dinten enjing kaping 2 Mei? Wios teu kedah diwaler, jalaran sadayana ge tos uninga, wirehna ti ngawitan CBSA, KBK, dugi ka ayeuna disebat KTSP nu kedah diselapan ku karakter, bet asa aya ganjelan nu mangrupi patarosan, kanggo saha saleresna ari atikan? Sok sanaos BOS ngabebaskeun sagala biayana, namung apan ka SMA atanapi ka SMK nu salajengna ka Paguron luhur, apan biaya nu ratusan juta teh kedah ditanggung ku nyalira

Geura mangga tingal ku nu ngarangken inohong atikan, pangeusi ieu nagri gemah ripah mung tiasa ngimpi, hanjakal saparantos nguniang tina ngimpi bet kedah aya keclak cisoca jalaran teu seueur barudak teu sarakola

Rupina, harepan balarea, biaya ti ngawitan SLTA dugi ka Paguron Luhur tiasa samirah-mirahna, sangkan anak incu tiasa ngarobah kadholiman janten kaadilan, tapi iraha boa nya?

DRS & TEMPAT BASEUH

Kénging Asep Saeful Mimbar
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 21:14:24

Basa si Endut diwisuda, manéhna nyangking gelar sarjana DRS. Teu kungsi lila si Endut digawé kantoran. Bi Icih, indungna si Endut saking atohna ku nu jadi anak, ditanya ku mang Junéd tukang bubur kacang: “Bi Icih, ari tuang putra téh damelna dimana?”.
Jawab bi Icih: “Alhamdulillah.., pun anak téh damelna di doktorandes (Drs)”.
Mang Juned seuri:”hahaha..., Drs. mah sanes padamelan bi Icih, tapi éta mah titél gelar..”.
Ceuk bi Icih deui: “eu... leres pisan mang Juned, pun anak téh ayeuna mah damelna di tempat anu baseuh”.
Tembal mang Juned deui: “damel naon bi Icih nepi ka di tempat nu baseuh sagala, kabayang jibrugna atuh..”.
Jawab bi Icih deui: “nya sanés atuh, tempat anu baseuh téh mang Junéd ge apal meureun. Si Endut téh ayeuna mah geus jadi jalma jegud top markotop, pokona mah hédéd pisan. Geus ah mang Juned, tong loba tatanya..”.
Mang Juned ngahuleng mikir ngabingunganana...

METAMORPHOSIS

Kénging Ki Reumis
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:46:55

Era..sabenerna kudu era ku kukupu...mun seug diimeutan.
mimiti tina hileud ... nu jadi ciri..ka eta makhluk loba nu rujit malah sieun kadituna teh...mun disiloka keun ka urang...ka jalma eta lir ibarat jalma nu bobolokot ku dosa.
nincak fase ka 2..mimiti robah jirim jadi kepongpong ...siloka keur urang...eta jelema mimiti ngarobah sikap jg tingkah laku tinu salah kanu hade.
fase ka 3...geus ngajirim jadi kukupu endah...nu jadi ciri ka eta mahkluk loba nu resep ka manehna...teu budak teu kolot teu awewe teu lalaki...
tah ku kituna..aki boga cita2 hayang ngasaan jadi kukupu....meh dipika suka dipika meumeut ku para wanoja....

HIRUP

Kénging Ambuna Kaka
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:37:54

“Jempé heula sakeudeung, Ujang! Jempé heula, Nyai! Ulah ngéar baé ceurik.”
Ih, da ngaranna gé budak, kitu kabisana. Lapar, ceurik. Nyeri, komo deui, bakal
leuwih tarik ceurikna. Ngéar teu eureun-eureun. Semu nu rusuh, léos manéhna ka dapur. Rét kana kaléng susu, euweuh eusian. Keur kitu, hawar-hawar kareungeueun sada nu ngetrokan panto. Koloyong manéhna ka hareup. Rekét mukakeun panto dipirig ngéarna sora nu ceurik.
“Nyai! Geus dua bulan tacan mayar kontrakan. Kumaha ieu téh?”
“Ké sonten, Bu! Pun lanceuk tacan mulih.”
“Heug, ku Ibu ditungguan di imah. Tapi lamun jalir, wayahna!”

TELEPON TI ALAM GAIB

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:31:02

Teu nyangka bakal aya balukarna kana diri. Ĕta pédah dahar rujak cuka béak tilu mangkok isuk kénéh. Leuwih ti lima welas kali bulak-balik ka jamban. "Engké mah sakalian wé dicampuran éndrin!" pamajikan gegelendeng. "Poho nyimpenna," cekéng téh. Orolo kuring utah, getih nu bijil. Nempo kitu, pamajikan geumpeur.

"Tah, geuning beunta ayeuna mah," ceuk nu maké seragam bodas bari menerkeun infusan dina leungeun kénca. "Ieu téh di mana?" euweuh nu némbalan, kabéh pating laléos.

Astaghfirullah, meureun ieu téh di rumah sakit téa. Lamunan kagareuwahkeun ku nu daratang, ngabring. "Anjeun rék diubaran heula méméh ditakonan. Moal lila, paling 200 taun," ceuk nu anyar datang.

Gebeg, kuring reuwas. Aya panggilan dina hapé, nomerna teu wawuh, terus ditarima. "Ieu sareng saha?" kuring nanya. "Bagéa di alam barzah!" jawabna tandes pisan.

MINGGU ISUK DI VICTORIA PARK

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:25:04

Ahad, 18 Maret, wanci haneut moyan.
Ka luar di Exit A1 stasiun Tin Haw. Laju ka kebon. Victoria Park, Hong Kong Island. Kebon nu dipelakan ku 5500 tangkal, legana teu kurang ti 19 hektar. Kuring pasini jeung Dhafir, si Pakistan kasep nu peuting tadi nelepon.

Panggih dimana wae, iraha wae, Dhafir teu weleh ngumbar kanyaah jeung kadeudeuh. Jutaan kembang nu ngalayah dina tincakeun ngadadak layu, basa hiji-hiji kecap ka luar tina biwir Dhafir. Indungna di rumah sakit. Usahana ancur-ancuran. Adina difitnah, dicerek pulisi. Kitu alesanana sabulan ieu manehna ngaleungit.

Kuring eleh geleng. Duit ladang buburuh sataun di Hong Kong kumanehna ditampanan. Kongkorong jeung geulang bekel ti lembur, golosor di bikeun. Demi anjeun kasep. Demi si jabang bayi nu geus opat bulan.
Tutas sarapan sandwich ti 7 Eleven di Causeway Bay, kuring pisah jeung manehna. Silih titipkeun kasono.

CATUR

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:19:13

Sak, tembal Menteri, gewewek kuda ngagaley menteri bari najongan benteng, bari ngahiem geus tatan-tatan pikeun ngaburak-barik karaton Raja nu diriung ku pion-pionna, kuda teu bisa pajar kumaha, alatan teu bisa ngalengkahkeun sukuna.

NEANGAN GAWE

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 20:09:55

Awakna geus baseuh ku kesang, tapi manehna angger ngalengkah, lebah pabrik textil, reg eureun, karek ge rek asup ka lawang saketengna, katempo aya triplek ngagantung, dibaca "MAAF TIDAK ADA LOWONGAN". Manehna ngarenghap, luk tungkul nyumputkeun kasedihna, teuing geus abaraha puluh kali manehna maca eta aksara di unggal pabrik, unggal kantor, "geuning STTB teh teu laku kana gawe...." gerendengna bari ngalengkahkeun deui sukuna, lengkah kapaksa pikeung mapay bayeungyangna uwung-awang.

PECI PANGAGUNG

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 19:59:40

Taya nu nyaho, yen dina peci para pamingpin nagara, timimiti nu handap nepi ka presiden, aya tulisan kieu:

Nagri kuring jungjungkeuneun
Rayat kuring ma’murkeuneun
Nabi Rasul tuturkeuneun

Ngan eta tulisan teh dina peci bodas. Matak mun disumpah-dilantik, maranehanana make peci hideung!
***

SI CIKAL

Kénging Nena Cunara
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 19:57:33

Ngan sakilat mangsa ngabelesat. Cikeneh ngorondang. Lelengkah halu. Capetang jeung ngopepang. Ayeuna geus harelung jangkung.
Si cikal geus sawawa. Aya karep hayang ngalalana neangan kaweruh, meuntas lautan ka nagari deungeun.
Ngaleut, jurung dua ka Bandara. Bral anaking, tong poho papagon agama, omat ulah rek kapincut ku Amoy.
Breh, lalangse di Multazam, Roudhoh, nembongan. Wanoja lungguh timpuh, ditiung pulas kayas saheab. Ngolebat !

LAGU SILUNG

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 19:11:32

Kembang kasenang nu kungsi mangkak dina ketug jajantung, muguran. Seungitna Indit ninggalkeun catetan budak nu ngampih ka tirisna peuting, di emper toko kolontong, dipepende lagu silung. Harepan getih wuwungan. Kagencet teuteupan indung nu ngulincer di sabudeureun bujal cai, mulek, mulikbek, ngalelepkeun rewuan pepeling, demi hariring. Parasantri tawasulan. Nyieun kalang, ngalalajoan tingkah jaman nu luluncatan ngaleglegan pamadegan. Kodrat nyingsat. Buah hate nabeuh kecrek di gigireun kaca mobil nu nutup sieun ku fatwa.

CITA CITA

Kénging Hadzy Dkc Propitious
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 18:41:11

. Kahayang, . . . . . " Hayang nyandang bari nyanding terus nyandung. . . . . . !

DI BUBAT

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 18:38:39

Mas Modo ngagidir gigibrigan, amarah abrag-abragan. "Naha urusan ngéwékeun Dén Mas Wurik los-los kana pulitik sagala" cénah kekerot. Brag! keupeulna manték kana témbok hotél. Ngiungngiungiung!!! Alarm disarada, burudul mobil jeung pasukan huru-hara daratang. Gajleng Mas Modo ka Tegal Buahbatu gigireun hotél. "Héh gupernur kadieu dia jemput aing, ulah ngahékok baé. Urusan pilkada tong disangkut pautkeun jeung ngéwékeun dia!". Riob pulisi daratang. Mas Modo di cangkalak, les dibawa indit. Calon panganten Mas Wurik culang cileung sorangan, laju "Jedér" golépak.
Celengkeung alona Dyah béntés jasa, "naha mirip jasa nyah?, mas modo=G.Mada, mas wurik=H.Wuruk, Buah batu=bubat, teh Dyah=Citraresmi. Naha da di ditu kajadianna géh lain di bandung???".
"Néng ntos, nu ntos mah, éta ukur sajarah" Dyah ngélingan.

WILUJENG WENGI

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 18:36:48

"Wilujeng wengi, Kang!" SMS nu biasa. Ukur tilu kecap. Gambar sora diteuteup. Dipencrong. Méh teu ngiceup. Diilo. Lila. Duka. Bet ngereteg. Mangmang. Sangkaan medal. Mudal.
"Nyai...naha leres?"
Naha leres, Anjeun miharep ginulur bagja?! Ngawilujengan wengi ieu. Anjeun lepat. Akang nuju peurih. Peurih sésa kamari.
"Duh Nyai...boa?"
Boa Anjeun ngawilujengkeun ka simpena peuting. Peuting nu karaha ti kamari. Dihariring jempling. Ukur teuteup. Nu teu méréan. Simpé, Nun?!
"Nyai...boa-boa?"
Boa-boa Anjeun mupuas. Nyocohan pédah caritaan kamari. Meupeus keuyangkeun sapanyeupahan. Hampura kitu mah, Akang!
"Jungjunan...palangsiang."
Palangsiang Anjeun guyang di sagara waluya. Ngudag birahi. Awor jeung kawirang. Nu kungsi katohyan. Sageuy. Punten Nun.
"Wilujeng wengi, Sayang" SMS kadua kali. Tara-tara ti sasari. Teg. Mageuhan sangka. Tedak sangka medal sangka. Beu.

MAOK CEREMÈ

Kénging Kabayan Sabakota
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 18:35:27

Tengah poè èrèng-èrèngan..
Tengah sawah, Wètaneun sakola SD,, katingali barudak SD tiluan marakè kènèh seragam ngarincid ka wètankeun bari sakapeung kadèngè hareureuy. Jigana baralik sakola tah barudak tèh, can kungsi balik ka imah.
Teu lila reg areureun èta barudak dina palebah tangkal ceremè deukeuteun saung mang Samjali.
Sep, naèk lah manèh “ceuk si kuswan ka Asep”
Cik atuh wan, boga pipikiran, apan kuring sakitu bayuhyuhna, meureun teu semplak mah dahan ceremè ditaèkan ku urang mah, piraku dititah naèk “tèmbal si Asep”
Manèh atuh yu.. “ceuk si Kuswan deui, bari melong ka Wahyu”
urang mah keur nyeri sukuna gè wan, apan tadi tèa tijalikeuh basa mèngbal di sakola “ceuk Wahyu”
lah aingah “si Kuswan gagaro”.. kituna tèh bari tèrèkèl kana tangkal ceremè.
Lung.. lung teu lila ceremè dialung-alungkeun ku si Kuswan ka Wahyu jeung Asep.
Sabot kitu,,
Hawar-hawar kadèngè aya nu gogorowokan ti bèh kalèr... keur naraon sia barudaaak. Kapanggih siah nyaa, maranèh nu sok maokan ceremè kami tèh, paingan ceremè tèh meni teu kari, kituna tèh bari ngamang-ngamang paneunggeul.
Sakali dua kali mah aranteng kènèh barudak tèh ngalaan ceremè, da meureun can kadèngè.
Barang geus rada deukeut... gebeg eta barudak reuwas kabina-bina, mangkaning mang Samjali tèa geus katelah galak. Atuh teu antaparah deui si Asep jeung si Wahyu mah.. lur ceremè, lur sapatu, lur kantong sakola lumpat sakalumpat lampèt ngabecir ka kidulkeun bari kungsi kènèh si Wahyu mah nyalukan si Kuswan “Waan Hampura nya, urang tiheula” waas eta si Asep anu sakitu bayuhyuhna, jeung si Wahyu anu sukuna ingkrud-ingkrudan kènèh. Tapi da untungna mang Samjali tèh gening teu tuluy ngudag maranèhna da ngadon ngarandeg handapeun tangkal ceremè bari dangah. Atuh Nya puguh si Kuswan meni rey beureum ray pias tèh nyaan, bari tuluy hing ceurik. Kira-kira kumaha tah kadituna?

BASAJAN 12

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 18:31:19

Keur mimiti masantren di Mama Ajengan Dimyati, Uing ngarasa teu betah pisan. Tempatna jauh ti jalan, katambah santrina lalaki wungkul. Sapopoe, lamun beres ngaji teh sok cicing we di kobong. Ngadengekeun walkman, nyetel lagu-lagu rock. nu jadi karesep. Malah, lamun babaturan sakobong keur euweuh, Uing kadang-kadang sok nyekel sapu bari nurutan gayana Kirk Hammet, gitaris Metallica tea.
Lila-lila, uing ngarasa betah. Komo basa nyaho, yen awewe geulis nu anyar panggih di warung Mang Ujang teh, eta putrana Pangersa Mama, nu nembe uih masantren ti Jawa.

TÉKO ALADIN

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 17:29:42

Lieur ku hutang jeung loba teuing dosa. Borangan-borangan ogé, hiji poé, manéhna kapaksa tapa di guha. Sabulan ti harita, hasil tina tapa, manéhna meunang téko Aladin. Ceuk sora gaib nu kungsi ngaharéwos kana ceulina, ké mun geus nepi di imah. Si téko éta gancang gosok, siap-siap wé beunghar ngadadak. Kitu pokna. Nepi ka imah, si téko téh geuwat digosok ku manéhna. Enya wé, tina téko kaluar haseup. Teu kungsi lila, jleg, Haji Wawan. Bos kaén, nu ti heula kungsi nagih ka imah. Molotot. Ngancam rék nelpon Pulisi harita kénéh. Boa salah ngajampé kitu. Biwirna gegerenceman deui. Babacaan. Si téko digosok deui, kaluar haseup. Jleg, si Jack jeung balad-baladna, débt koléktor Adira, rék nyekék beuheungna. Téko digosok deui, kaluar haseup. Jleg, Ceu Iroh, nu reuneuh tilu bulan, nulak cangkéng. Gogorowokan, harita kénéh hayang dikawin. Teu loba omong deui, téko dibantingkeun. Hareupeun Haji Wawan, si Jack, jeung Ceu Iroh, manéhna ngudupruk ampun-ampunan.

WANARA JAJAKA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 17:14:36

Basa Subali jeung Sugriwa robah jirim jadi wanara, biwirna renyah-renyoh, saawak-awak ngadadak buluan, pikasieuneun, tina bujurna ngadadak nonghol buntut nu papanjang-panjang jeung larangannana. Nempo dirina robah jirim jadi wanara, Subali jeung Sugriwa papelong-pelong, luk tungkul, aya keclak cimata pinuh kalara, laju ngagerendeng meh bareng, "Naha aing teh wanara jajaka nu kaideresa kitu..."

GEUS BIASA

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 17:09:53

Hujan ngepris ti magrib kénéh. Langit kulawu teu méré tanda picangraeun. Sabot macet, karérét sisi jalan awéwé geulis buukna galling muntang keur maké telepon umum. Tangtungan ginding maké baju bulao ngora. Gigireunana kérésék balanjaan. Lila ngobrolna téh, matak jongjon nu nyérangkeun. Asa anéh, aya kéneh nu maké telepon umum! Jeletot, gurubug, kuring nyengir bari ngusap pingping. Pamajikan kaciri samutut. Nungguan nu balanja leuwih ti dua jam. Siga nu teu rék téréh anggeus. Mulang ti mall, nu nelepon masih kénéh di dinya. Luak-lieuk siga aya nu didagoan. Asa karunya. Peuting isukna, aya deui di dinya. Panasaran ditanyakeun ka tukang béca. Horéng ta téh gaya wungkul, cenah, ékting sabot nungguan pelanggan.

CHEK UP

Kénging Ki Reumis
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 16:51:48

Rada ngahuleng basa mireungeuh hasil chek up kamari...
ningali hasil tes darah..majarkeun teh ceuk dokter...DARAH MUDA
nempoan hasil rontgen palebah dada...katempo aya jamparing asih nu nanceub ti jajantung nepika hate...
nempoan hasil rontgen palebah sirah..naha na jero otak teh pinuh ku gambar awewe..jeung rupa-rupa khayalan katut impian...
na ieu teh dokter nu salah mariksa atawa aki nu kajongjonan teuing ulin di dumay..?!
Nu leuwih aheng deui..basa dokter mere ubar...nu di asongkeun teh 2 tablet urea..jeung 4 guruntul kapur barus..bari mikeun eta dokter pesen.."Aki..ngaleueutna ulah ku ci herang,,nganggo sepertus we..meh enggal aya karaosna."
Na eta teh ngarah aki leuwih kasep kitu..?!

LEMBUR MUNDUR

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 16:40:32

Kuring ngajugjug ka hiji lembur anu kacida ahéngna. Sakabéh warga lembur, leumpangna mundur, eweuh anu maju. Ngadeugna éta lembur, taun 1945. Saprak Bung Karno diganti ku Soeharto, teuing kunaon sakabéh jalma di éta lembur, leumpangna nyagigir, eweuh saurang ogé anu lempeng. Asup ka jaman Reformasi, mangsa Gusdur ngageugeuh ieu Nagri, warga di lembur éta geus aya kamajuan, lempangna geus teu nyangigir tapi ngorondang. Barang Ésbéyé mingpin Énonésa. Sakabéh warga lembur, leimpangna mundur. Boh ka pasar, boh ka émpang, boh kamana waé kudu mundur. Sabot kuring keur ningali jelema nu marundur, jol, aya dua jelema lempangna maju. “Naha papahna maju?” kuring nanya . “ Déwék mah Kuwu” témbal nu lalaki bari beledag-beledug siga urang Jawa. “Uing mah pamajikan Kuwu,” ceuk nu awéwé. Laju katempo deui aya lalaki make dasi. Can ogé di tanya, manéhna némbal sorangan “Kuring mah jalma beunghar,” logatna, Tionghoa. Harita kénéh kuring miluan mundur; anu maju ukur sasatoan.

MANGGARAI 2

Kénging Aditia Gunawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 16:15:12

500 Méter ka statsion Manggarai. Karéta ékonomi ngadadak eureun. Baku. Samenit. Sapuluh menit. Satengah jam. Panas beuki nyongkab. Késang-késang ngagarajag. "Anjing teh!" "Pamaréntah goblog! Euweuh kamajuan!" "Matak ge meuli karéta téh jeung sinyalna atuh! Meusmeus gangguan sinyal, meusmeus gangguan sinyal!" "Heueuh, waduk, lah!" 45 menit, eungkeut-eungkeut karéta mimiti laju. Sakadang bugang digarimbung. Diharudum koran. Nu raéng ngadadak réhé. Simpé.
Nepi ka isukna: basa karcis nu saukur béda tanggal, karcis nu kasakitu kalina, diasongkeun ka masinis.

SI DAKUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 16:13:41

Boga manuk titiran dingaranan Dakung, pédah disada, sorana “ Kung ”. Geus ditawar lima juta, lebar, sabab miara tepi jadina geus béak ratus rébu lamun diitung mah. Kungsi paséa jeung pamajikan, cenah jual lima juta ka kang Yayan, harita lumengis bogoh pisan si Dakung , butuh meuli sapédah budak, karunya sakola leumpang. Wanci pasosoré aya sémah, China, maksudna nawar manuk, China wani tujuh juta. Sabot adu tawar, pamajikan bari nyuguhan cai, teu sirikna panon muncereng, nitah dijual. Nya eleh déét tungtungna si Dayu dijual, duitna isukan balik ngantor, Chinana teu mawa duit, harita. Sapeupeuting ngobrol jeung pamajikan ngadadak sarwa sono. Isukna pabeubeurang China nyampeur ka kantor, bareng indit ka imah nyokot manuk sakalian ngaduitan.
“ Mah ari si Dakung mana, gening kurungna geus kosong?”
“ Ieu Pa “, Cenah bari ngasongkeun dus leutik, dibuka, eusina goreng manuk.
“ Ari Mamah, ieu teh manuk?. Si Dakung digoreng?”
“ Muhun, apan saur Papah wengi, atahna geus mahal, komo asakna "

HIJI

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 16:07:14

Hiji...hiji..hiji....ngagulung ngajadi hiji.....hiji..hiji..hiji..ngan hiji nu bisa ngagulungkeun ngajadi hiji...hiji deui ... tong aya emutan aya hiji deui..mung hiji-hijina nu bisa ngahijikeun ngajadi hiji

TELENGESNA NAPSU BIRAHI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 15:36:29

alatan napsu birahi, manehna ngarereweg wanoja nu geus lila jadi incerannana, laju nyabut bedog tina sarangkana, raga nu geus teu walakaya dicacag diwalang-walang, dikorobet hatena digayem nepi beakna, teu cukup ku sakiitu, jajantungna direcah bari diselewegkeun, sanggeus nelen dua siki panonna manehna ngagakgak matak muringkak. "Poe ieu aing geus meunang kanimat nu lain lumayan...." pokna satengah ngajoroowok.

PENGGAS HAREPAN

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 15:36:01

Meh tilu peuting huleng jentul pinuh ku pangharepan. Kacindekan nu diarep-arep weleh teu emol-emol. Gutrut! Jang Karim nyieun deui surat dina keretas puilas bulao, dipasieup gambar kananga naretes di unggal juru..

"Nyimas,! sanes engkang karep ngurihit, nanging hate engkang nu meubeut meulit ngantos-ngantos katandesan, kiwari janten lamunan. Mugia salira teu renggat panggalih ku ayana serat ti engkang,bari pinuh pang harepan kana waleran Salira." Kotret mungkas tulisan rungkal-ringkel oray ngepot. Karim.!
Keretas ditulap-tilep. Gap kana amplop nu sarua, pulas bulao. Di letak sisi-sisina, blus surat dilelepkeun. Sabot ngarapetkeun amplop, kadenge aya nu ngetrokan panto. Teu talangke, bray! pagawe POS ngasongkeun surat. Gebeg,! pangirimna Imas Eli. Geuwat dibuka hate ratug campur atoh.
"Kang Karim! pangapunten anu kasuhun,Imas sanes seja nampik sapajodogan, Wireh pin Bapak parantos ngajodokeun Imas ka Kang Dadang, rayi engkang" Leng! alam dunya asa muter.

BISUL

Kénging Jos Sajah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 14:57:10

Geus aya tilu poéna gegerungan ngarasakeun kanyeri jeung kapeurih. Bisul téh teu apal di tata krama, bet hayang nyéngclé dina pingping sagala rupa. Sok leuheung mun palebah hareup, der ieu mah kalah di tukang ... atuh mani raridu mamawana. Jam sapuluh peuting wayahna tibra, kuring masih élékésékéng dibaturan ku nyanyautan. Kulutrak muka kotak P3K, goréhél aya ctm, kedewek ... wék nyoékeun 3 siki, lek ... diinum sakabehna.

Abong peuting keur usum hujan, langit hieum poék mongkléng, ngan mendung teu daék turun éstu hareudang taya papadana. Mah, bapa saré heula nya kahadé bisi barudak asup ka kamar, pamajikan unggeuk. Dug saré, bulucun teu maké pakéan salambar-lambar acan, antukna ngageubra lantaran ctm gancang gawéna.

Barang ngulisik antara sadar jeung henteu, ngarénjag reuwas ... getih patulayah dina kasur, écés jéntré bisul téh geus bucat kaluar jeung matana. Pamajikan balaham béléhém, kaciri baseuh kénéh buukna. Sigana can lila kuramasna ...

RUDET

Kénging Astra MrEd
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 14:26:58

Baheula rudet hayang boga gawe. Kiwari rudet loba teuing gawe. Teu bisa nyingkah, hirup katalikung ku target, nepika solat ge kaluli-luli. Geus karuh ruang riung ka pangajian mah, jajauheun!
Adan asar asa rek noelan hate basa eureun dina setopan, hanjakal karudet beuki nambahan sabab loba nu ngamen nyalampeurkeun. Kareret monyet leutik nyengcle dina taktak pamuda gondrong anu oblongna soeh. Leungeun kencana pakupis mere isarah ka monyet nu kaciri nurut da terus igel-igelan. Leungeun katuhuna nyekelan rante bari ngasong-ngasong kaleng butut.
"Teu ngagehan batur, sagala ku sorangan! Lin sok duaan?" ceuk kuring.
Manehna ngajawab, "Gentosan Pa, nuju netepan heula"

ACUK PANGAOSAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 12:49:40

Ku resep ningal ibu-ibu majelis ta,lim di lembur abdi. Raksukannana unggal dinten gentas-gentos. Dinten Senen pulas hejo. Dinten Rebo pulas oranye. Dinten Juma,ah pulas bodas. Kanggo pangaosan PKK kalurahan raksukan batik soklat. Upami di kacamatan pulas beureum. Tah upami diulem ku ibu wali warnana bebas mung kurudungna tangtos kedah pulas koneng pamasihan ti anjeunna. Upami pun bojo mung ngiringan anu dinten Juma,ah .Margi mung nembe kapeser nu pulas bodas.

GUNUNG PADANG

Kénging Aditia Gunawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 12:35:11

Bulan kapitu. Bulan rahasya. Bulan samagaha. Para bujangga ngawastu. Batu papada batu tingkelentrung sada salendro: "Mi na mi - mi na mi la". Runtut jalma makalangan. Laun-laun kalang ngalegaan. Batu reujeung batu lawas paketrok nyilalatu. Seuneuna hibar sapakalangan. Purba. Ti jauhna gunung mubyar cahayana, caang padang narawangan.

ANDERGRON

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:51:26

Dangdanan badis iblis dina film. Beungeut coréléng, ngaranggahkeun leungeun bari nyambat sétan. "Sataaan!" musik ngaguruh. Sora gitar nguwak-ngawik, kibor geueuman. Sora manéhna ngagulung na tikoro. Gerem marakayangan, dihuru lampu rebuan wat. Nu lalajo diayun ambing dajal. "Sataan...!" Bérés manggung, manéhna jeung grup bénna ngariung tukangeun panggung. "Alhamdulillah konsér urang suksés!" cenah. Saréréa ngucap sukur ka Gusti.

ANDERGRON

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:49:20

Dangdanan badis iblis dina film. Beungeut coréléng, ngaranggahkeun leungeun bari nyambat sétan. "Sataaan!" musik ngaguruh. Sora gitar nguwak-ngawik, kibor geueuman. Sora manéhna ngagulung na tikoro. Gerem marakayangan, dihuru lampu rebuan wat. Penonton diayun ambing dajal. Sataan...! Bérés manggung, manéhna jeung grup bénna ngariung tukangeun panggung. "Alhamdulillah konsér urang suksés!" cenah. Saréréa ngucap sukur ka Gusti.

TANGARA

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:33:34

Jalu, si jalak geus kongkorongok, geura hudang, bisi katingaleun nincek taneuh.
Jalu, turaes geus ngabejaan gogorowokan dina dahan nu beueus keneh ku ciibun, geura tatan-tatan sakeudeung deui halodo datang.
Jalu, tah dengekeun sit uncuing ngelak wae dina pucuk tangkal duren. Kade sing iatna geus boga bekel naon mun urang anu digero.

HARIRING KUNTI

Kénging Riyono Afdfvm
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:26:28

Awak pasiksak geus puguh bengeut mah teu puguh rupa, ceuk batur mah kasep kuring teh, tapi ayeuna bengeut siga Si Hulek. Bari ngararasakeun kanyeuri kuring terus morongkol katirisan ngagoler di pangberokan. Hate mah teu weleh baceo teu ngarti, naha kuring nu disalahkeun, da kuring mah teu rumasa. Diluar pangberokan hujan ngecrek teu eureun-eureun, bebence jeung koreak disarada, teuing timana datangna, aya sora awewe ngahariring bari ceurik. "Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan" . Beuki teu ngarti wae, naon maksudna. Uteuk terus mikir. Kadenge deui sora awewe ngahariring "Nafsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan". Sakolebatan aya warna beureum nembrag kana bengeut, breh katingali aya pamuda nu mirip jeung kuring keur nyasaak hiji jelema nepe ka paehna.

AKI SUMIRTA II

Kénging Iman Nurdin M-Top
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:17:17

Rurusuhan leumpang gé da rék muru imahna Kuwu. Sapanjang jalan teu weléh imut bari dibarung ku panyangka bakal meunang deui persénan cara mangkukna.
Sup ka imah Kuwu, dihaturanan ku pamajikan Kuwu sina diuk. Aki sumirta nyéréngéh sosorangan. Dampal leungeun diusap-usapkeun kana dampal leungeun anu séjénna.
Reuwas kareureuhnakeun. Kuwu datang bari kucem. Pasemonna kurawed. Aki Sumirta ukur ngahuleng nempo Kuwu siga kitu. Jol langsung nyarékan.
"Aki ngomong naon ka patugas kejaksaan kamari?"
"Aki mah ngan ngadugikeun anu ceuk Ujang téa basa mangkukna."
"Naha geuning uing isukan jadi kudu nyanghareup ka kejaksaan?"
"Ih duka teuing Aki mah teu apal. éta sugan, Jang Kuwu, gaduh salah naon?"
"Aki ngomong kumaha kitu?"
"Petugasna téh nanya ka Aki, 'Leres, Ki, désa téh kénging bantosan waragad 500 juta?' ceuk petugas téh kitu. Sakumaha kasauran Jang Kuwu, mun aya nu naroskeun mah walerna ngan 400 juta baé. Ku Aki téh diwaler, 'Leres, Pa. Nanging saur Jang Kuwu pami aya nu naroskeun mah wartoskeun waéh ngan 400 juta,' tah éta waleran Aki."
"Paingan! Teu hayang nyaho. Isuk, Aki, kudu milu jeung uing ka kejaksaan."

BANDUNG-MALANG

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 11:05:24

Tarik nyuruwuk. Nguwak-ngawik mongkléngna peuting. Meulah kota-kota simpé. Gagah lir naga. Luar-léor. Mapay jalan nu maranti. Ngayun ngambing pangeusina muru alam pangimpian.
Baeu, Jalu! Jajap kuring ka tebéh wétan. Hayang mapag katumbiri nu teu weléh warna-warni. Di dinya, aya harepan!

NILEY

Kénging Dadan Wahyudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 10:50:34

Di hiji paguron luhur anu kawilang sohor. "world class university" dilandina ogé. Bagian akademik ngabéwarakeun, yén niléy ti dosén didieu mah béda jeung paguron séjén, kaitung ketat. Patugas : "Wayahna, lamun hayang niléy A, niléy kuliah tur ujian watesna 91 ka luhur tina skor 100". kabéh mahasiswa ukur ngembang kadu. Sawaréh silih rérét. Tapi ahirna ibur éak-éakan, basa dipungkas ku kalimah: "tah, niléy B pikeun anu skorna 0 nepi ka 90."

NU BAU DI LIHUR PARA

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 10:34:15

Balik kuliah ngahaja teu sumpang simpang. Inget dina kastrol teh aya keneh liwet sesa peuting. Si Asep, si Yayat balikna pasti beurang, cek pikir teh. Kontrakan teh di Neglasari tonggoheun Ledeng. Sakapeung sok ngaliwet ari daek. Mimindengna mah dahar di warung we. Sok pahiri-hiri ngumbah wadah. Barang bray mukakeun panto, ana seleksek teh aya nu ngabadug kana irung. Bau naon ieu? kasebelan meni mabek kieu? Lung kantong, lung sapatu, koreleng ka warung. Liwet dina kastrol mah teu hayang nempo, kaburu ngambeu nu teu pararuguh.
"Bau naon ieu teh?" teh Ade urang Menes Pandeglang runya-renyu basa ngaliwat ka hareupeun panto. "Numawi, Teh duka bau naon? Teu kuat cicing di lebet abdi oge."
Si Yayat nu kakara balik kuliah barang mukakeun panto, langsung seuseurian. "Kunaon silaing seuri, boa nu boga dosa teh maneh nyah?" cekeng teh curiga.
"Teang we ka para!" bari ngaleos ka warung.
Isukna pa Engkon nu boga kontrakan hariweusweus, cenah aya nu ngawelu dikeresekan dialungkeun ka luhur para.

SUKATA

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 10:30:49

Sieun keneh ku Sukata tinimbang ku Alloh. Alloh mah maha welas maha asih, Sukata mah bengis. Ulah coba-coba codeka ka juragan kawasa. Catetan kabengisanana metet. Teu pandang bulu, ka ibu-ibu nu keur kakandungan oge bengis. gara-gara dipenta duit teu mere. Keur mah teu mere, nyentak, atuh digaprot. Ceuk nu nyaraksian, untung digaprot ge, mun lain ka nu kakandungan mah teuing dikumahakeun boa. Geus saminggu teu katempo ngulampreng di pasar. Nu dagang jeung nu balanja aman. Rupa-rupa beja nerekab. Juragan preman ngambang di walungan. Aya oge nu nyebutkeun paeh dirogahala lalaki satitel, nu hayang ngarebut pasar. Nu bener mah dicoco reungit, tuluy muriang, kalangsu.

BALUKAR KONPÉRÉNSI SÉL TUNGGAL

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 10:27:55

Jauh saméméh aya nu ngalebuan tai kotok, miliaran mangkeluk sél tunggal pangeusi dunya ngayakeun konpérénsi. "Urang geus teu mampu ngokolakeun dunya", cek Protozoa, nu jadi pupuhu konpérénsi éta. "Urang masih teu bisa ngamangpaatkeun geledegan tangkal di leuweung. Dunya perlu mangkeluk nu leuwih sampurna ti urang", émbohna.

"Terus urang kudu kumaha, pupuhu?" Baktéri kalah nanya.

"Urang kudu wani ngahiji, kumaha wani?", cek Protozoa.

"Wani!" jenuk ragem.

Waktu terus nyurulung. Taun geus milang miliar. Di sagara keusik tan tungtungan, hiji-hijina endog kadal ngacingcalang.

TEU PIRA

Kénging Dadan Wahyudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 10:27:35

Teu pira ukur dua kecap. Pédah status kuring. Dua kecap jadi cukanglantaran burantakna duriat kuring jeung Néng Anih. Katrésna nu dibeungkeut mangtaun-taun, dumadakan peunggas sapada harita. Nasib diri, dogér monyét di parapatan Samsat dipotrét ku hapé. Terus dipasang ka pesbuk, bari ditulisan: sarimin berkacamata. Panyangka Sar téh pa Basar, horéng pa sarimin, bapana néng Anih anu sok disungkeman ari apél malem minggu.

BASA MULANG TI PANDEGLANG

Kénging Pak AdSulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 09:43:42

Turun tina angkot, gura-giru naek kana beus Rudi nu ka Bandungkeun. Luak-lieuk aya cawene nyorangan dina jok katilu ti hareup. "Neng, nyalira?" pok teh bari rek neundeun bujur dina gigireunana. "Muhun." manehna ngareret bari maledogkeun imutna. Seeer. Geulis euy.
Uleng mikir, kecap naon nu kudu kedal pikeun muka paguneman.
Pandeglang geus kasorang, jog ka Rangkasbitung. Beus eureun heula lebah terminal rek nambahan panumpang. "Mang, aqua hiji!" kuring ngasongkeun duit. "Abdi ge hiji mang!" cek nu geulis. "Nya dua atuh mang. Wios tong diangsulan." pok teh. "Eh wios atuh, A da aya." Sawios, sakantenan." cekeng teh bari ngareret. "Bade angkat ka mana atuh salira teh?" nyobaan nanya. "Oh, bade ka Bandung. Dupi AA bade ka mana?" manehna males nanya. Panjang obrolan teh ngan nu kacatet mah manehna teh Teti urang gang Pagarsih no 29 RT 04 RW 03 pengkereun Masjid Al Ikhlas. Isuk pageto rek dipaluruh.

NGISING POHO NGISANG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 09:26:57

Rebun-rebun nagog di pacilingan bari ngelepus udud, “beu aya ku pedooo!”. Keur anteng ngararasakeun, barasat aya cahaya ngolébat nyamber sirah. Kuring kagét ngoréjat ngejat ti buburanjat sagala kalabrak, pinding pacilingan paburisat, lumpat satakertanaga teu sidikna notog-notogkeun manéh, panto ditubruk ngageblak, kusénna méh rungkad, sorondoy dapur doyong. Kuring ngabeudeuga tonggongeun pamajikan nu tonggoy ngakeul kéjo aron. Nyentak “Jikan!...” “Téng…téng…téng…” ditémbal ku nakolkeun susuk kana katél. Ĕta “morse”, nyirikeun manéhna masih satia, satuhu, tumut, sujud kanu jadi salaki. “Tong kapalang sabar geulis, do’akeun, kakang geus buleud baris nyalonkeun diri pikeun jadi Gubernur Jabar periode nu bakal datang“. “Kumaha didinya wé… hangit nanahaon, asa wawuh bauna?”. “Tobat gusti…. hampura poho can ngisang”.***

KUNGFU MASTER VS. PADUNGDUNG

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 09:01:35

“Ceuk aing ge, mun latihan padungdung teh heug bayangkeun saolah-olah sia keur nyanghareupan musuh nu sajati!!”, ceuk Bah Jadug ka si Kujang.
Matak harita, basa si Kujang ditarajang ti beulah katuhu, manehna nyingcet make pamonyet, dina ulin monyet engke. Panarajang musuh ngeplos. Sabalikna, si Kujang manggih lolongkrang keur nejehkeun sukuna nu geus diangkat. Hiuk! Sukuna nuju palangkakan musuh. Tapi musuhna rikat dongko, nurunkeun sikuna. Jekok! Mumuncangan si Kujang diadu jeung siku. Rey singsireumeun. Teu dirasa, sabab ti beulah kenca musuh nu hiji deui geus narajang. Najong sakilat. Hiuk! Palebah puhu ceuli aya angin bangbaraan. Brek! Si Kujang geuwat depok dina ulin oray numpi, bari ngaheumbatkeun peureup Cimande kana mamaras musuh. Orokaya musuh nu ieu ge rikat. Jebrod! Peureupna dipapag ku tuur. Si Kujang rikat ajeg masang kuda-kuda bukaan Syahbandar. Tapi musuh duanana leuwih rikat ngirimkeun peureupna kana beungeut si Kujang. Dua peureup buleud ngahiuk. Euweuh waktu, Si Kujang ukur bisa mundur bari ngalenggak. Plos. Dua peureup nyamos. Tapi sakilat jol deui dua peureup nuturkeun. Hiuk! Lenggak…Plos. Ngan kitu jeung kitu we beak lima lenggakkan..
+Minggeus! Minggeus!! Nanaonan sia meni ripuh kitu?
-Puguh enya, Bah! Dirempug ku duaan!
+Baruk?
-Beulah katuhu Jet Li..
+Beulah kenca?
-Jacky Chen…!
***

KUNGFU MASTER VS. PADUNGDUNGR

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 08:59:05

“Ceuk aing ge, mun latihan padungdung teh heug bayangkeun saolah-olah sia keur nyanghareupan musuh nu sajati!!”, ceuk Bah Jadug ka si Kujang.
Matak harita, basa si Kujang ditarajang ti beulah katuhu, manehna nyingcet make pamonyet, dina ulin monyet engke. Panarajang musuh ngeplos. Sabalikna, si Kujang manggih lolongkrang keur nejehkeun sukuna nu geus diangkat. Hiuk! Sukuna nuju palangkakan musuh. Tapi musuhna rikat dongko, nurunkeun sikuna. Jekok! Mumuncangan si Kujang diadu jeung siku. Rey singsireumeun. Teu dirasa, sabab ti beulah kenca musuh nu hiji deui geus narajang. Najong sakilat. Hiuk! Palebah puhu ceuli aya angin bangbaraan. Brek! Si Kujang geuwat depok dina ulin oray numpi, bari ngaheumbatkeun peureup Cimande kana mamaras musuh. Orokaya musuh nu ieu ge rikat. Jebrod! Peureupna dipapag ku tuur. Si Kujang rikat ajeg masang kuda-kuda bukaan Syahbandar. Tapi musuh duanana leuwih rikat ngirimkeun peureupna kana beungeut si Kujang. Dua peureup buleud ngahiuk. Euweuh waktu, Si Kujang ukur bisa mundur bari ngalenggak. Plos. Dua peureup nyamos. Tapi sakilat jol deui dua peureup nuturkeun. Hiuk! Lenggak…Plos. Ngan kitu jeung kitu we beak lima lenggakkan..
+Minggeus! Minggeus!! Nanaonan sia meni ripuh kitu?
-Puguh enya, Bah! Dirempug ku duaan!
+Baruk?
-Beulah katuhu Jet Li..
+Beulah kenca?
-Jacky Chen…!
***

BASA NÉNG MAYANG NYIRAM

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 08:09:57

Néng Mayang keur nyiram tilu bulan. Kahayangna matak lendeng ka si mpap carogéna. Hayang ngusapan sirah dugul Pa Kuwuuuuu! Cenah. Heug! Témbal si mpap semu bingung. Atuh Pa Kuwu nu geus lila sok kumétap mun Néng Mayang ngalalar, peureum beunta diusapan. Rénghap-ranjug bari rut-rét bisi katénjo ku Ulis. Néng Mayang nya kitu deui, bangun ni’mat ngagélang anu bolénang. Hayang niup piriwit pulisiiiiii! Néng Mayang ngarenghik deui. Heug! Ceuk si mpap anu soléh, nu sieuneun Néng Mayang ada maén jeung Pa Kuwu. Isukna Néng Mayang milu ka parapatan. Si mpap dumarégdég nginjeum piriwit bapa pulisi. Mangka keur meujeuhna riweuh, sabab lampu mérah ruksak. Priiiiiiiiit!!! Cekiiiit! Jedak! Guprak! Aya motor ngagolosor di tengahing parapatan. Jegér! Dipapagkeun mobil anu nyemprung sakaligus. Hayang nyetiran doseeeerrrr! Néng Mayang lolongséran. Heug! Clak kana buldoser. Geuleuyeung sakaparan-paran. Jog ka lebah kios nu ngajajar sisi jalan. Suruduk. Gebru! Suruduk. Gebru! Kios rubuh tinggalebru. “Tuluuuuung! Aya doser édaaaaan!” Jalma-jalma lalumpat patingkocéak.

NU MULANG TAI

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 06:37:54

"Meunang ngurus ti lelembut, meunang ngatik ti leuleutik, meunang ngajar ti bubudak, kari-kari geus gedé ngadon modolan?, nya nu kitu nu disebut mulang tarima?" ngacaprak Bah Kéméd kana Si Kéméd anak.
"Teu modol kula mah Bah, ukur nyokot léptop Bapa Camat, kupédah aya nu nyiar laptop séken dikampus. Haliwu amat, pilakadar kitu" kalem jasa, bari léléndéan kana Emana nu keur ngalungsar tas kapiuhan.

KURING

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 04:40:06

kuring ngagoler dikamar nu sarwa bodas,teu daya teu upaya ,sepi jempling, nuaya ngan sora tittitan tina barang teuing naon nu aya gigireun.Kuring ngahuleng nginget-nginget ,dimana kuring?saha nu mawa kuring kadieu,lebeng teu inget

DURIAT NYASAB

Kénging Sanjaya Dhipa
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 02:27:54

Mang Sarkowi jeung Mang Juminta keur anteng ngawangkong di warung Mang Ajat.
SARKOWI : “Ari ilaing, naha bet acan kawin baé?”
JUMINTA : “Kumaha déwék baé. Lain urusan manéh ieuh…”
SARKOWI : “Enya, mémang lain urusan uing. Tapi urusan Mang Ajat…”
AJAT : (ngaranjug) “Ké, ké, naha maké nyebutkeun urusan déwék? Dulur
lain, baraya lain! Sangeunahna pisan…!”
JUMINTA : “Da Si Sarkowi mah jalma rieut!”
SARKOWI : “Lamun lain urusan Mang Ajat, naha atuh calana jero pamajikan
Mang Ajat, bet dipaké ku Si Juminta?”
Mang Ajat merong ka Mang Juminta bari kekerot, nahan amarah.

AKAD NIKAH

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2012 00:50:18

Nu pameget kasep ngalempereng koneng. Katambih nganggo raksukan adat Sunda, atuh langkung sieup. Paromanna cahyaan, mancarkeun kabingah nu aya na lebet dadana. Matak bengong sakur istri nu melong. Pon kitu deui, nu istri geulis kawanti-wanti. Diraksukan kabaya pulas bodas. Payus sareng salirana nu lenjang. Pameunteuna rancunit, imutna matak nyeblak kana manah sakur pameget nu ngadilak.
Pamegetna kasep, istrina geulis. Nurub cupu.

“Mangga urang dikawitan. Pa wali engke nuju akad nikah cepeng jempol calon panganten pameget. Saparantos Bapa kedal lisan, omat jempol panganten pameget dibetot. Upami jempol tos dibetot calon panganten pameget kedah langsung nempas, tos apal panginten kalimahna nya… Ngartos ?” saur Pa Naib. Duanana unggeuk.
“Mangga geura der” Pa Naib marentah.

Gorolong, wali nikah ngucapkeun akad nikahkeun putrina lancar naker, laju metot jempol calon panganten pameget satakerna. Barang dibetot, polonyon…… jempol calon panganten pameget coplok. Tayohna jempol calon panganten pameget tos ladu, seueur teuing ngajempolan fimkin.