Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Désémber 2013 (24 Naskah)


LINGLUNG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 23:59:35

Beuteung lapar jasa. Peujit murilit doang dipuntirkeun. Noong kana méja makan, asa kadeuleu dahareun ngareunah. Kumétap. Asa hayang bungbuahan. Jumarigjeug kana kulkas, kasampak metet ku Anggur, Jeruk, jeung Léngkéng.
Pelengseng ti dapur kaambeu goréng bawang. Beuki nguruwuk.

Sosolontodan ka buri. Asa meuning nyiar Tomat atawa Mantang di sisi saung, cak pikir. Deudeuleuan ranyay, asa ngaliwatan kolam renang sagala. Apoték hidup dina pot areuweuh. Nu aya Adenium, Gelombang Cinta jeung samodélna. Hayang ngajorowok mamarahan kanu ngaganti. Gék di saung. Éh, naha lain palupuh? Kadoang marmer. Deudeuleuan teu bekas, ja dikuribeng témbok ruhul.

Cacing beuki jigrah na jero beuteung, béakeun sabar, diantepkeun.
“Papiiiiih… sarapan geus rédi yeuh!” aya nu nyalukan. Asa wawuh sawarana. Tapi naha ambu nyebut papih? Leus teuin, deuk manggil nanaeun ogénan, aing teu kuat lapar. Ngoloyong ka patengahan.

Bréh, éwé kadua anak geus ngarariung méja makan. Beuh… kadaharan téh enya bener aya, lain ngimpi.
Poho... horéng beunghar aing téh.

ANNIVERSARY

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 22:55:59

Nu ngalempréh ngagupayan. Bari rumanggieung disampeurkeun. Gering babarengan meni matak kaluman. Sanggeus deukeut, bari rénghap ranjug, manéhna ngaharéwos. “Hoyong diusapan.” Tina panonna nu celong jero, nyumirat cahaya katrésna, nu lana hurungna.

Asa bruh bréh, duaan dipapayung. Balik ti kantor pos tas nyokot pangsiun. Sok ngahaja méngkol ka pasar rék ngabaso heula. Atawa “Window Shopping” ka mol di puseur dayeuh. Duaan, bari pacekel-cekel leungeun. Tampolana bari dikakaléng sapaparat jalan.

“Dinten ieu Anniversary urang nu ka limapuluh. Hampura Akang kalahka nyangsaya teu walakaya. Kedahna mah aya pésta.” Dampal leungeun dicium, sirah diusapan. “Teu sawios, nu penting Akang énggal damang. Kapan badé ngajak amengan ka Santolo téa.” Carinakdak, teu téga ningali warugana. “Ngan pati nu baris misahkeun urang,” cenah, bari ngok nyium kana kening.
Sapuluh jam ti harita, buket kembang anyelir kasumba, mapaésan tetenggerna.

INBOX

Kénging Maya Yuliana
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 21:31:34

Unggal usik diilikan inbox téh. Can aya kénéh jawaban. Keun. Keur sibuk meureun, teu pati teuing dipikiran. Nepika poé kalima, diilikan deui. Katingali dina handapeun inbox "Seen on tue, 07.48 am". Geus dibaca. Kerung. Tapi naha teu méré jawaban? Ngahaja kitu? Atawa rék api-api can dibaca? Panasaran. Ngetik deui, "Kemis jantenna, abi ka Bandung. Bilih janten badé pendak, SMS wéh." Kemis, pabeubeurang, nyieun laporan geus rérés. Ngahaja, digancangkeun da bisi aya SMS. Pleng. Euweuh nu dianti-anti téh. Muka inbox deui. "Seen 11.48 am" Emh! Sibuk kénéh kitu? Tapi maenya sasibuk-sibukna, teu bisa males inbox-inbox acan. Atawa nga-SMS. Da moal meakeun waktu gawé ieuh meureun. Pilakadar ngetik, "Hapunten, teu tiasa. Nuju sibuk." Kitu. Simpel, pan? Haté ngacapruk.

Peutingna. Muka pésbuk. Laju kana privacy setting. Deactivate account. Baé antepkeun. Hayang nyaho réaksina.
Bada Jum'atan, "Tirilik!" Sora SMS. Dibuka. "Kang, kunaon pesbuk bet teu aktif?" Mésem. Mareuman hapé. Teu. Teu hayang males.

SORA DURJANA

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 20:51:56

Hégar. Oséng kangkung haneut. Mendoan panas. Goréng hayam kampung dadakan. Sor. Sor kana méja. Nu jadi indung bungangang nedunan paménta nu eungkeut-eungkeut maju ka cageur. Bada sabulan ngalempréh. Mangkaning pangantén anyar. Ingkang carogé dipukpruk kabingung sabab tina dua kali hasil cék lab, ceuk dokter taya panyakit nu ngaganggu. Teu ngandeg, deuih! Kahayangna ditedunan. Titirah di mimihna. Saminggu ieu nu mamayu katara getihan deui. Majar hayang mayor, nyusud kanimatan nu leungit bulan ka tukang. Nu mamayu ngeusian piring. Leubeut ku nu haraneut. Huapna baleuneur. Ketapna bangun nimat. Can rérés satengah alas, jol salakina datang. Bungah, nyaksian nu keur ngalimed. Léos heula, sup ka kamar mandi. Ngumbah leungeun. Sring. Sring. Ohék! Ceplok! Kusek-kusek ngelap leungeun. Sumanget muru nu dahar ngariung. Huleng, hareugeueun. Nu tadi ngalimed nyampak ongkék di pangkéng.

DIAJAR JADI SHERLOCK HOLMES

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 20:47:01

“Ieu mah pembunuhan berencana” ceuk kuring. Nu hadir kagét kacida. Padahal kabéh arapal néng Mimin positip demam berdarah. Maot pédah telat datang ka rumah sakit.
“Nu balég ngomong téh. Saha nu boga rencana kitu ?” ceuk dén Ano, salakina, nu karék datang ti luar kota.
“Anjeun” kuring tegas, yakin tur tenang.
“Maot jelas ku DB. Aya hasil labna. Kuring bisa nuntut.” ngancam.
“Anjeun ngahaja nyimpen tilu mangkok nu aya caian di luhur lomari. Aya sidik jari anjeun, jeung si bibi”. Kuring mimiti nyerang.
“Bisa waé kabeneran” ngajanggilek
“Salah sahiji mangkok, caina tinggal saeutik. Bahé. Bangku titincakan teu saimbang, anjeun rék labuh. Sacara réflék leungeun katuhu anjeun nahan kana lomari, nu kénca nahan kana plafon. Aya sidik jari anjeun.”
“Teu mungkin kuring ngalakukeun kitu. Kuring nyaah ka néng Mimin.” Bari ngingsreuk
“Pamajikan anjeun nu kahiji ogé maot ku DB. Ieu bukti klaim ti asuransi”

KI ANDILAWA 16

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 20:46:21

Angin ngaguruh. Marengan hujan nu séah kapirengna. Wanci tengah peuting nu peteng, mingkin hieum kateuteupna.
Hawar-hawar panto saung kadéngé aya nu ngetrok. Ki Andilawa ngangkat leungeun katuhuna. Dioyagkeun saeutik. Panto ujug-ujug muka.
"Asup, Jang Kuwu!"
Nu rancucud di luar, langsung ka jero. Nyolongkrongkeun leungeun bari dedepongan.
"Kuring nyaho pamaksudan Jang Kuwu. Malah geus ti tadi mapatkeun jampé. Weléh, teu bisa dipigawé ti dieu. Kudu néang heula Kembang ti Lingga Ratu."

Dina sela-sela hujan, aya carangka ngalayang. Ngawang-ngawang. Dua jalma nyekel pageuh. Neuteup ka hareup bari semu peureum. "Tuh, geus katingali guhana. Béjana kari hiji deui kembang téh."

"Saksian ku kabéh! Ngarah jelas saha_sahana."
Kembang diusapkeun kana layon nu geus bau kaangseuna. Lila-lila kaciri aya haseup pulas hideung nu ngalimpudan awakna. Jurungkunung, jasad nu geus ngabangké téh nangtung. Nyoara. "Nu maéhan kuring, oray kukutan Nyi Rengga." Jep. Ngajepat deui.

DR.AI

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 20:33:34

Simpé, Réhé combrék katangen ti luar mah. RSU harita lir di astana wanci sareupna. Demi di jero rohangan RSU mah pasén Jamkesmas patinggarerung. “Harruuh, ngieu nguntu nyanyautan hieu!” Pasén nahan kanyeri nu nyanyautan. “Maa, ieu saborojolleun!” Ceuk pasén séjénna.

Reg. Béca eureun hareupeun RSU. Regeyeng, Ma Ikah dipangku réwok ku Ikin budakna. “Maaf, pa kami hari ini tidak menerima pasien Jamkesmas, dokternya sedang mogok!” Ceuk suster Dési. Leketeey..Haté Ikin ngaleketey, bari ngeukeupan indungna.

Sabot Ikin keur nyeungceurikan indungna. Aya nu ngaharéwos. “Bapa, hayu jalan pengker, di bumi abdi wé di landonganna, nuju marogok dokterna di dieu mah!” Sora halimpu dr.Ai ngareugreugkeun Ikin.

Anjog di imah dr.Ai. Ma Ikah geus engap-engapan. “Antosan di dieu nya pa, abdi ngagaleuh heula obat ka apoték, bobokeun heula di kamar abdi palih ditu!” Dius! dr.Ai tumpak motor métikna. Braak! dr.Ai guyang getih saratus méter deui ka apoték.“Maa Ikah, hapunten abdi” Hek!

AYA

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 19:26:31

Ngarana Aya. Ditakdirkeun hirupna sagala aya. Keur lalagasan. Jadi béntang anu nanjung, dipigandrung ku unggal jajaka . Teu kungsi lila. Aya nu mileuleuheungkeun, ku hiji lalaki nu katelah sagala aya. Hanjakalna, rumah tanggana ngan kuat bubulanan. “Aya nu teu bisa dihijikeun antara kuring jeung salaki,” pokna waktu ditalék ku wartawan. Bangun taya ka éra. Aya milih jalan nu teu ilahar. “Kumaha kuring wé , najan teu dilebéan, nu penting aya rasa cinta kuring jeung manehna,” jawabna, waktu ribut manéhna hirup jeung lalaki nu lain salakina. Ti dua nana boga turunan, teu ku hanteu pepegatan deui baé. Nu katilu kalina. Aya dipigarwa ku jalma jugala. Ngan édas, kalakuan manéhna teu robah. Tungtungna, ditibanan talak. “Geuning manéhna teh ukur ngirong haliah dunya,” alesan salakina nu ayeuna. Teu kagok. Aya ménta tanjakan. “Heug urang pipirakan, tapi harta banda nu aya kudu dibagi dua,” unggel surat nu dikirim ka salakina

MALATI NU NYALINDUNG NA ATI

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 18:58:55

Jleng. Si Otong ngajleng tuluy ngarawél. Lain! Long. Si Otong melong, tuluy nyalukan. Lain! Galéong. Leng, leng. Brug, ngagubrag. Neuteup ka langit. Angin ngahiliwir lebah dapuran awi, nyecep kana embun-embunan. “Emaaa!” Si Otong ngajorowok. Gebeg. Aya nu ngaharéwos lebah leuweung nu ganggeng. Kalangkang ngabadega. “ Sujang! Anaking, hidep kudu kuat nyanghareupan hirup. Sabar jeung tawakal. Teu kudu diceurikan, teu kudu ditéangan ka saban tempat. Ema, salawasna bakal aya, dina ati sanubari. Hampura Ema, teu bisa ngajaga hidep, ngajaga tina titipan ti Gusti. ” ceuk kalangkang nu laun-laun ngajirim jadi silalatu, hiber mapay alketip nu ngabentang ka langit. Tuluy ilang bareng jeung seungitna malati. Si Otong kerung, Kingkin. Aya rasa nu marudah, rasa kasono nu moal poho ku jaman. Mata juuh awak leketey. “Ema aing aya di dieu!” Si Otong nyegruk, nangkeup tetengger. Dipirig ku kacapi jeung karinding nu salawasna ngagentraan kanu jadi indung.

ASMARACIPTA 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 17:52:11

Batin ngageuri bari mapay awak mipir diri, hurip hirupna lir hamperu hirup, waruga teu béda jeung parahuna, teu weléh diwelah ka lebah umpalan cimata, umpalan nu muru rohang-rohang kulawu.
“Rupina salira muji kageulisan jisim abdi sanés kedal tina ati salira, Jisim abdi uninga, salira muji mung saukur basa-basi nu pinuh ku tatakrama, kedalna salira mung saukur nutupan bauna waruga nu hanyirna kabina-bina” ceuk Setyawati ngaheruk.
“Duh, paralun geulis, Kakang sanes muji basa-basi, namung da leres, Kakang nyebat geulis ka salira éstuning kedal tina ati sanubari, euh… leres, dupi kakasih salira saha?
“Setyawati…., aya ogé nu nyebat Durgandini, namung panyawat waruga nu bau hanyirna kabina-bina, nu nyarebat mah Rara Amis….” Témbal Setyawati ngaheruk. “ Dupi Kakang?”
“Palasara, sebat we Palasara, Resi Palasara…”
Resi Palasara neuteup bari imut, nu diteuteup luk tungkul, asa diteuteup ku salaksa kahayang nu ngariceupan.

ASMARACIPTA 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 17:49:44

Batin ngageuri bari mapay awak mipir diri, hurip hirupna lir hamperu hirup, waruga teu béda jeung parahuna, teu weléh diwelah ka lebah umpalan cimata, umpalan nu muru rohang-rohang kulawu.
“Rupina salira muji kageulisan jisim abdi sanés kedal tina ati salira, Jisim abdi uninga, salira muji mung saukur basa-basi nu pinuh ku tatakrama, kedalna salira mung saukur nutupan bauna waruga nu hanyirna kabina-bina” ceuk Setyawati ngaheruk.
“Duh, paralun geulis, Kakang sanes muji basa-basi, namung da leres, Kakang nyebat geulis ka salira éstuning kedal tina ati sanubari, euh… leres, dupi kakasih salira saha?
“Setyawati…., aya ogé nu nyebat Durgandini, namung panyawat waruga nu bau hanyirna kabina-bina, nu nyarebat mah Rara Amis….” Témbal Setyawati ngaheruk. “ Dupi Kakang?”
“Palasara, sebat we Palasara, jalaran éta nami Kakang, nu nyarebat mah Kakang katelah Resi Palasara…”
Resi Palasara neuteup bari imut, nu diteuteup luk tungkul, asa diteuteup ku salaksa kahayang nu ngariceupan.

TUNJANGAN PROFÉSI

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 17:48:12

“Meunggeus kudu nurut ka kolot! Bisi dikawinkeun ka Guru!” kitu biasana nu kadéngé baheula. Dipaké nyingsieunan budak parawan nu embung dijodokeun. Tapi kiwari mah geus béda samalah geus naék harega jeung darajatna, jadi profési pada marebutkeun komo basa diémbohan ku tunjangan sértifikasi mah. Pima’mursejahteraeun!
“Dupi Bapa tos disértifikasi?” tanya kuring dina hiji acara supervisi.
“Parantos!” témbalna
“Tos katampi tunjanganna?”
“Kantenan!”
“Tiasa nambut ATM-na kanggo dicék nomerna?”
“Numawi Pa, teu aya di abdi”
“Di mana atuh?”
“Digadékeun ka Batak.”
“Baruk? Hartosna Bapa teu nyisihkeun biaya kanggo ningkatkeun karancagéan profési?”
“Bujeng-bujeng Pa!” Kuring bati ngarénghap, “kumaha atuda, seueur biayaeun apanan pun anak sareng pun bojo gé nuju karuliah.”
“Oh...! Saé, kitu mah teu sawios, giliran manawi nya Pa?” cékéng. Unggeuk. Supervisi eureun sakedapan. Aya tamu ibu-ibu nu perlu ka réspondén kuring.
“Bapa...!” bari ngaguyah-guyah taktakna, “naha abdi jeung barudak tara dikintunan? Cenah badé adil?” Hing ceurik kanyenyerian.

OPAT PULUH POÉNA

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 16:54:59

Meujeuhna geulis, ngora, jeung tingalieun sakur lalaki. Awak lempay, beungeut ngadaun seureuh, gado kawas endog sapotong, mun leumpang lir macan teunangan. Taya cawadeun pisan. Asli ti kudrat-Na. Nu naksir ngantri, nu bogoh ngaronyok. Geus ratusan jajaka jeung duda kuciwa ku panolakna nu sok bari ngahina.
Poé maju ka minggu, bulan, nepi ka taunna. Unggal lalaki nu ngalamar ditolak sapajodogan. "Lain babad lain tanding anjeun jeung kuring mah!" kitu jeung kitu cara nolakna. Ucapanna peureus matak peurih kana ati. Hésé dipapatahan.
Sapoé saentasna nolak lamaran Bah Jahro, manéhna ngadadak owah. Ingetanana leungit, lunglang-lingling, seuseurian sorangan dibarung ceurik kanyenyerian.
Maceuh pisan gélona, nepi ka wani nangtang karéta api nu keur nyemprung. Awakna ancur badis kornét, teu mangrupa. Nu geulis geus sampurna. Éléh ngalawan takdir. Hirup saukur jadi papaés panon. Nafsuna kumalayang rék males pati. "Abah Jahro, tungguan pamales aing!" aya sora tanpa jirim.

ANGEUN BAYEM

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 15:50:33

BAWANG bodas diulak-ilik. Nyacas. Srek-srek! Disiksikan ‘na telenan. Paroman teu riuk-riuk sanajan di luar langit alum. “Akang rék mulang, kitu?” Gerentesna, rét ka luar. Pihujaneun geus ngagayot. Dina panci, cigodogan daun bayem mimiti ngagolak. Ngangeun hérang karesep salakina. Puruluk, siksikan bawang bodas diasupkeun kana panci. Seungitna angina-anginan. Lir haténa nu ihlas.
Hujan mimiti turun. Mingkin séah. Paromanna ngaaluman. Hégakna mingkin kerep. Kahariwang mimiti nyaliara. Suruput, ciangeun beunang nyiuk diasaan. “Meujeuhna!” pokna bareng jeung ngareketna panto pawon. Jongjong teu ngalieuk.
Gap, aya nu nyepeng tak-takna. Tiis. Laju nangkeup ti tukang. Karasa nyecep, népakeun jibrug. Baseuh. Pelengseng seungit malati. Manéhna malik nyanghareup ka salakina. Kongkorong kembang malati nyampai kénéh. Gabrug nangkeup tipepereket kos embung papukah deui. “Hampura, Nung!” salakina ngaharéwos. “Abdi rido, Kang!” pokna halon, dareuda. Aya halimun nyimbutan kongkolak panonna.
Di luar hujan ngabadagan. Di jero, seungit malati nyambuang minuhan rohangan. Angeun bayem jongjong umpal-umpalan.***

GUMÉSEM

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 14:25:21

Lebah parapatan. Kandaraan patalimarga balawiri. Sakur nu kapegat ku hurungna lampu beureum, rug-reg eureun. Reureuh sabot ngadago lampu héjo molotot. Geleyer motor bébék purutul, ngarempak lampu beureum. Nu tumpakna, rumaja muda-mudi. Boncéngan. Teu diharélem. Kandaraan nu keur pasuliwer, rumandeg. Karagokeun. Rareuwaseun. Nu tarumpakna, patingjorowok. Mangpirang-pirang sora klakson, patingtorotot. Lalu-lintas parapatan méh kusut. Untung, pulisi nu keur ngajanteng, kaburu nyerenteng, ngamankeun si budak rumaja. “Hag, moal meunang ampun ditilang, siah! Pasusuratan motorna gé dimana boa.” Pikir téh, gumerendeng. Ngan naha, ku pulisi téh maké dibawa ka gédéngeun kios roko? Pulisi jeung budak rumaja téh guntreng. Jéntré, perkara nu keur dipadungdengkeunana. Balaréa di sabudeureun nu keur rajeg, teu sidikna patingbalieur. Api-api teu ngadéngé. Akon-akon teu nempo. Silihrérét, pating kélémés. Gumésem.***

TICENGKLAK

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 14:11:00

Éta mah nya, anjing, goblog, monyét. Meni racleng. Tina biwir barudak lalaki rumaja, ditukang bubur. Dicarék bari didelékan ku kuring, kalahka silih tuduhkeun. Teu lila aya nu gélo nyampeurkeun. Néhnéhna, Si Euceu. Beuteungna keur bureuyeung. Rék ménta bubur bangunna téh.
"Euceu...! Ari éta beuteung kunaon bet butikeuk?" Budak nu pang motahna nanya, bari hayang ka onél.
"Pan, ku sia! Maké jeung nanyakeun sagala." ceuk Si Euceu. Ngomongna bari nunjuk lempeng ka manéhna.
Gerrr... Kabéh nu keur ngabubur, taya nu teu surak.
"Ih..., teu..., teu singna! Nu tadina hayang ka onél téh, arap ap areup eup, bari euceuy beungeutna.
Bari nampanan bubur, kuring seuri kéom. Haté asa lugina.

BOLÉH DONG, SATU

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 13:53:42

Sab barudak hayang ngadon liburan ka basisir, tur Kang Dudi hayang nguseup di laut, atuh ngahajakeun indit ka Krui. Mobil keur nyemprung, bari ngadédéngékeun sora Michael Jackson, ujug-ujug katingali motor-motor baralik deui.
“Aya gabungan,” silih béjaan. Maksudna aya razia ku pulisi lalu lintas. Di palebah Sekincau, saurang pulisi méré aba-aba kudu eureun. Sagala ditanya, samalah bet nanya naon pakasaban sagala, duka naon urusanana jeung masalah patali marga.
“Bisa kami periksa bagasinya?”
“Sure,” jawab Kang Dudi. Kang Dudi jeung kuring ogé turun. Nuturkeun pulisi, sab pernah ngadéngé cenah osok aya oknum pulisi nu ngadon ngajebak, ngasupkeun narkoba. Kateuing bener atanapi ngan saukur pitenah. Ngan asa kudu ati-ati waé. Kang Dudi muka panto bagasi. Pulisi ningali sabebedan jeujeur.
“Wow, pasti mahal. Boléh dong, satu,” ménta.
“Saya malah masih kurang,” Kang Dudi ngajawab tandes. Manéhna ééléngéhan, éraeun.

ADRIANI

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 12:59:35

“Senyumanmu masih jelas terkenang. Hadir selalu, seakan tak mau hilang dariku ooh...Dariku...” Kareungeu penyanyi Pub ngahaleuang lagu “Tak Pernah Padam.” Ti Sandi Sandoro.
Lampu reyem-reyem. Biwir nyuruput long island tea. Panon neuteup nu nyanyi. Pangawakan jangkung. Buuk disheggy. Baju long dress hideung nu tonggongna ngaboléklak. Sapatu high heels. Kara sidik budak téh manis jeung familiar.
Matuh clubbing ka Pub ieu. Kadang bareng jeung rékan bisnis, atawa sorangan siga peuting ayeuna. Remen ningali manéhna. Acuh da geus biasa. Tapi peuting ieu manéhna luar biasa.
Réngsé ngahaleuang digupayan, nyampeurkeun. Ditawaran nginum, ménta cocktail. Ditanya ngaran, nikukur, “Adriani.” Ditémbalan, “Adrian. Namina ukur bénten sakediknya?” Manéhna ngahéhéh.
Ngobrol ngalér ngidul. Diajak méakkeun peuting, manéhna unggeuk. Ngan ménta dianteur hela ka Kosannana. Tepi kanu dijugjug, Adriani ngetrokan panto kamarna. Panto muka, lol awéwé, katingali beungeutna kara hudang, barang buukna disingkabkeun, treup panon kuring euntreup na panonna. Reuwas ukur bisa ngomong, “Dilla!!”

PAPATAH

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 12:50:14

"Yeuh..., teu kudu hariwang. Werit ideu mah jamak, wajar. Dina sagala rupa, dua hal nu teu weléh nunutur, di handap jeung di luhur, kosong jeung eusi. Tong melang, ké gé norojol sakadang ideu mah...," cenah. Daria naker.
"Enya ari kituna mah. Tapi asa kakaraeun yeuh, béakeun kecap nu pohara héséna...," cekéng téh humandeuar.
Manéhna mésem surti. "Tarêkahan atuh."
"Tarékahan kumaha?"
"Tarékahan ku rupa-rupa jalan. Naon nu dipikaresep, naon nu kapopohokeun ogé naon rupa nu bisa ngagenahkeun haté, nyaaangan pikir. Haté nu genah, pipikiran caang narawangan. Tinangtu imajinasi ngabinangkit," pokna.
Ngan saukur bisa unggut-unggutan. Melong Manéhna nu imut.
Teu kaharti. Apanan aing téh nu ngarangna. Naha aing nu dipapatahan ku boga lalakon karangan sorangan? Beu...

PLEUS MINEUS

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 12:19:13

Dedeg pangadegna lain caritakeun, da puguh geulis, imutna matak nurih ati, ngagerih sanubari. Manéhna balaka cénah kadeudeuh, kanyaah, katresna, ukur keur Kuring.
Rasa bagja euweuh bandingannana, padahal Manéhna hiji wanoja nu dipicangcam sakabéh jajaka nu wawuh.
Tapi kunaon haté boga rasa curiga? Réngkak paripolahna tara wani balaka tapi ditutupan ku ogona, ma’lum budak.

Aya deui hiji wanoja rék boga salaki, sagalana brukbrak, HPna gular-goler, saha baé nu mikahayang ka Manéhna, ditingalikeun. Inbok na di buka hareupeun Kuring, loba pisan nu hayang mikanyaah, malah cénah daék jadi salakina.
Dina nyanghareupan kuring, waktu paduduaan, teu aya tédeng aling-aling, jiga Kuring salakina.
”Néng, dupi Néng bogoh ka Akang?”
Manéhna ukur melong, bari ngagabrug panangan nyepengan tipepereket.
“Henteu Kang..!”

DOSA

Kénging Ade Nana Priyatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 07:40:08

pikeun sakum na jalma muslim atawa jelema we wajib hukumna mikawanoh ka na dosa. ukuranana rek dosa gede atawa dosa leutik...sangkan bisa ngajauhan kana eta dosa..... naon anu nyababkeun manusa milampah eta dosa ...salah sahiji diantarana... sok ngabogaan sifat kapangeranan.... sifat kapangeranan sok ngancik ka diri jalmi... kapan teu saeutik jalma takabur, adi-gung adiguna pedah luhur kuta gede dunya...kabeh nu sejen dianggap leutik aya disahandapeunana.... terus sifat ujub ngarasa hebat... pedah sorangan sagala bisa kabeh nu sejen mah dianggap bodo...dianggap euweuh anu nyaho... loba deuih jalma hirupna ngan hayang dipuji-puji weh, sagala gerak jeung gawena ...naon amal ibadahna euweuh deui tujuanana iwal ti hayang meunang pamuji batur...lamun kasenanang hirupna hayang langgeng hayang senang salilanan... lamun jadi pangawasa kapan hayang langgeng kudu jadi pangawasa salilana... kumaha carana supaya keukeuh pageuh dina korsi gilang kanaca ulah aya nu nyisikudi...

LAPTOP

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 01:39:21

“Karumpul babaturan, arulin di Buruan. Ulin ucing-ucingan, lumpat udag-udagan. Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten, los ka kolong bapa satar buleneng.” Kadéngé kawih dina MP3, laptop. Gelas pinuh ku sekar roko, bungkusna patulayah di mana-mana.
Kapeutingnakeun, printer geus mulay ngadat. Tintana teu daék bijil. Tugas jeung pagawéan beuki nguwat-ngawit otak. Statistik geus wani nakolan sirah. Dapodik beuki tarik neungeulana. Bénjol sagedé gunung.
“Hoyyyy.... Can saré manéh?!!!” Laptop nanya. Semu ambek.“Capé goblog…. Aing digawékeun waé ku Sia,” Printer sakarat. Ngacungkeun peureupna. Mata beuki belél. Cileuh ngagedéan. “Ampun jurig……… Moal deui-deui. Ék saré, nyaan. Moal nyoo deui laptop tengah peuting,” Gorowokna.

LAPTOP

Kénging Aji Nurhamzah
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 01:38:46

“Karumpul babaturan, arulin di Buruan. Ulin ucing-ucingan, lumpat udag-udagan. Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten, los ka kolong bapa satar buleneng.” Kadéngé kawih dina MP3, laptop. Gelas pinuh ku sekar roko, bungkusna patulayah di mana-mana.
Kapeutingnakeun, printer geus mulay ngadat. Tintana teu daék bijil. Tugas jeung pagawéan beuki nguwat-ngawit otak. Statistik geus wani nakolan sirah. Dapodik beuki tarik neungeulana. Bénjol sagedé gunung.
“Hoyyyy.... Can saré manéh?!!!” Laptop nanya. Semu ambek.“Capé goblog…. Aing digawékeun waé ku Sia,” Printer sakarat. Ngacungkeun peureupna. Mata beuki belél. Cileuh ngagedéan. “Ampun jurig……… Moal deui-deui. Ék saré, nyaan. Moal nyoo deui laptop tengah peuting,” Gorowokna.

TASAKUR

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2013 00:38:14

Lain rék bitotama. Teu loba ponggawa. Kalangenan Raja. Moro. Diaping Sesepuh. Diabring paninggaran peting. Séah dina kuda. Sapakarangna. Di leuweung. Raja cilaka. Ngulawing ka lamping. Tatu parna. Jempol dampal sampéan kiwana ditugel. Matak bahla. Raja kasiksa. Asa sirna wiwaha.

“Bawiraos, Sinuhun palias ngungun. Kedah tetep tasakur ka Nu Agung”, wejang Sesepuh. Raja amarah. Asa dihina. Nibankeun hukuman. Sesepuh dikerem di pangbérokan.

Raja waras. Sono moro deui. Ayeuna dikawal Sesepuh anyar jeung paninggaran mandahna. Raja kataji mencek ngora. Diudag. Birat lumpat. Raja jeung Sesepuh kasarung. Bras ka wewengkon primitip. Duanana dibaréngkos. Rék dijadikeun sasajén Déwata. Raja salamet. Pinilihna nu raga sampurna. Sesepuh anyar jadi wadal.

Raja mulang ka Kadaton. Muru pangbérokan. Sanduk-sanduk.

“Anjeun bener. Kudu tasakur kana musibah. Mun awak kula sampurna, ayeuna tangtu geus diduruk jadi lebu. Anjeun merdika!”, pangandika Raja.

“Pangapunten. Abdi gé kedah sukur ditibanan hukuman ku Pangersa. Mun abdi teu dihukum, meureun abdi wadalna téh....”. Raja ngaragameneng. Gumujeng.***