Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Januari 2014 (23 Naskah)


SOBAT DALIT

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 23:13:29

“Saha anjeun?”, ceuk manuk ka jangjangna. Uman-imen si Jangjang ngajawab,” uing nu ngajak,… ngageleber, gugupay...” bari ngiplik lir ngabangingik. “Ari anjeun?” pokna Jangjang. ”Kuring?.. euh..nu sok nyoara,…ngajak, nitah, ngiritik, nyempad, muji, ngarayu, …oge.. ngabohong..héhéhé!” Panon manuk ngaburileng, pok mairan,”Raos nya, ari kang Jangjang, katingali ngélépékna, katohyan suat-sietna, aya hébat dunungan urang…” bari keukeureuceuman, pépélététan, kucap-kiceup, meureudeuy sagala. “Oge, ayi Pamatuk bin Baham, mani béntés ari nyarios, mani écés ari nerangkeun..”, ceuk si Panon. “Tétététététététét……… “, Ceuli manuk ngabérélé. “Héy, héy, héy….. uing mah tara kapilem… ngan cicing wééé ngadedempés… bari kudu mokuskeun perhatian bok bilih dunungan urang diomongkeun, dipitnah, diharubiru….yéyéyéyéy…” rada ngahiung sorana. “Hihihihihi…hikhik “, si Irung ungsrak, ingsreuk, hayang dipaliré. Létah ulal-elél, tan sora. Tapi asa kadéngé sagala omonganana. Lima sobat dalit, dangkadang teu karasa aya, teu karasa euweuh, teu kapiara. Bong manusa. Eh… bong manuk!
NB: (Wilujeng Rebo, 1 1 2014)

NU NGORÉJAT

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 22:47:36

Gering nangtung ngalanglayung. Nu geulis témbong geugeut di jabaning lamunan. Remen maturan saré dina impian. Tiap lilir humandeuar. Leungeunna uyup-ayap. Mukakeun simbut. “Kéhéd!” kekerot. Wanoja nu tadi maturan mah teu nyampak. Nu nyésa ukur lacak. “Baseuh!” gebrus mandi. Hiji mangsa ngadeuheus ka Yamadipati. Meredih sangkan ngimpi jadi nyata. “Sanggup énté narima akibatna?” cék Yamadipati. “Yaktos, nun, bade saé bade awon,” omongna, bungah. “Heug lamun kitu mah!” Nyaan jadi kanyataan. Waktu lilir nu dénok nyampak, umat-imut semu éra. “Abdi badé ka jamban ti payun,” ngaléos ti pajuaran. Manéhna seuri bagja. Tuluy peupeureuman. Bawaningku capé reup saré, tibra nakeranan. Dituturkeun ku impian. Dina itungan téh ngimpi diudag-udag maung nu keur meujeuhna lapar. Sihungna ranggéténg. Gaurna handaruan. Simana ngaleumpeuhkeun léngkah. Manéhna ngayekyek ngiihan sorangan. Maung beuki deukeut. Koréjat lilir. “Untung ngimpi! Ngusap beungeut!” Gaur. Gaur. Rénjag. Ras ka Yamadipati.

KATULAH KU PAMOLAH

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 22:45:54

Ti isuk nepi ka soré pagawéanana ukur jadi tukang baramaén di lampu merah jalan Cikarang. Pikawatireun ningali kana waruganamamah ukur nampan kanu lalar liwat bari ngésod sirah tungkul cimata katingali rembes dina juru panonna . Tuurna dibeungkeut ku lawon bubututan katingal tos lecek malah sakapeungmah sok digembrong ku laleur. Seueur nu sungsong marasihan dumasar tina rasa kamanusaan tur watir ningalina. Hiji mangsa dina waktu manéhna keur nampan sakumaha biasana kabeneran harita hujan ngaririncik ujug-ujug gurilp jeger...! sora gelap tarik pisan. Koréjat éta jalma hudang teu sakara-kara, tuluy ngabecir lumpat tarik pisan meuntas jalan bari teu luak-lieuk. Kersaning Nu Maha Kawasa aya mobil truk nyemprung ti beulah kulon, cekit....jebrod...! neunggar pisan ka éta jalma dua sukuna ancur wates tuurna.

SATRIA

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 22:07:09

Midua haté. Paturay mungkas kasono.
"Insya Alloh taun payun tepang deui!" Barét hejo selap kujang matandang neuteup imeut.
"Amin" kécap pangakhirna tina sagara rasa. Nuning ngarangkul.
KRI Fatahilah miang meulah ombak kakalérna geusan buméla martabat nagara.

BAH HOKCAY TARAWÉHAN

Kénging Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 21:19:30

Bulan Puasa jadi waktu anu merenah pikeun anu rék asup Islam. Nya kitu pikeun Bah Hokcay anu geus lila hayang asup Islam. Hiji poe ngadep ka Mama Ajengan.
Bah Hokcay : “Mama, saya téh rék asup Islam, tapi hayang nyaho heula prak-prakanana”
Mama Ajengan : “Nya ké peuting atuh milu sholat Isya sakalian Tarawéh.”
Waktuna sholat Isya, lancar teu aya nanaon, wekasan Isya, tarawéh dimimitian. Ti rokaat ka hiji geus mimiti obyag. asup rokaat ka hiji dina witir, beuki maceuh Bah Hokcay kabantingkeun nambru dijuru, sirahna bonconor tidagor kana témbok masjid, nyungkur.
bérés tarawéhan Bah Hokcay gura-giru nyampeurkan Mama Ajengan bari muringis nahan kanyeri.
“Mama, saya moal jadi asup Islam téh.” pokna
“Naha..?” Tanya Mama
“Ah ripuh geuning asup Islam téh, awak asa pasiksak kieu. Engké wé mun saya hajatan rék nanggap tarawéh ngarah ramé, siga Kung Fu.” pokna méré alesan…
Mama :”??????”

NANG! NING! NUNG!

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 21:03:30

Nanang dibahanan baju ku Enung, batik beureum sisingaan. Ngejréng, hégar! Sedeng Nining mah mahanan batik bungur sahéab. Kalem, komaraan! Duana disimpen di mobil. Méh bisa langsung ganti mun uleman ka Cép Duloh. Luyu jeung rencana, Enung jeung Nining dijangjian heuleut dua jaman, méh teu pagedrug datangna.
Tirilik sms ti Enung.
“Tinimbang nunggu lami badé mios ti payun sakantenan babantu, wios teu?” teu dijawab.
Torojol sms ti Nining.
“Urang tepang di tempat hajatan baé. Wios abdi ka na angkot bilih macét nya Ang?” sms ukur diteuteup. Heneg! Marawa karep sorangan. “Kuma béhna wéh!” gilig. Mulang ti pagawéan langsung ka tempat hajatan dibaju dobel, rangkepan. Nu bungur di luar, nu beureum di jero. Srog! Anjog ka tempat nu di tuju. Nu duana geus nyarampak. Aruplek ngobrol. Bubuhan sobat dalitna mangsa di kobong baheula. Kacipta mun ayeuna wakca.
Dumadakan léngkah kandeg. Nu dagdigdug jeroeun dada robah sora, tatalu sarilung. “Nang! Ning! Nung!”

LAIN CINTA BIASA

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 20:55:04

…Syukuri apa yang ada
Hidup adalah anugerah
Tetap jalani hidup ini
Melakukan yang terbaik…

Lagu nu dalit dihariringkeun. Ningtrimkeun haté. Di sagigireun ihlas, sabar jeung tawekal. Narima takdir, nu geus jadi titis tulis ti ajali. Sumanget mapaésan hirup ku lalakon-lalakon éndah. Sapanjang rénghap dibarengan sukur. Kabagjaan nyanding. Miguraan lampah ti waktu ka waktu.
Ngarasa sampurna . Utamana saprak aya Kang Dani. Kanyaah jeung katresnana nu wening nambah wewegna batin. “Kang Dani nyaah jeung tresna ka Lastri, teu bisa dipungpang dihalangan!” Pokna unggal nganjang. Cangcaya mun seg ngaca ka diri. “Naha enya Kang Dani bener-bener micinta atawa ukur karunya?” Kacangcaya laun-laun ilang. Kanyaah, katresna jeung kasatiaan Kang Dani lain pupulasan.

“Teu isin sasarengan sareng Lastri?” Pananya nu dijawabna ku tangkeupan geugeut . “Teu kénging nyarios kitu!” Haréwosna. Kuring ukur bisa nyusup ka na dadana, teu bisa males tangkeupanana. Ngusap pipina nu baseuh kucimata bagja.

SEUEUL..

Kénging Hibban Muttaqin
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 19:55:24

Si ema, kasebatna jalma miskin, da sok katingali jadi baramaén, nu mangkal di sisi trotoar, hareupeun kantor bank,, bari awak caludih, papakéan kuleuheu,, nyarita ge siga nu rero, rada cadel,,

Siga biasana, bari nunggu nu méré shodaqoh, hiji waktu si ema merhatikeun aya pamuda nu kaluar ti jero kantor bank,, katingali keur ngasupkeun bungkusan kana kantong kérésék,, tuluy muru muka kana panto mobilna, gék wé diuk di tukangeun setir,,,

Ditungguan ngaliwat, mobil téh tacan kénéh maju, da katingali éta pamuda téh keur jongjon sorangan ngopi leupeut jeung bala2,, "ah, urang sampeurkeun, sugan wé méré nu 5 rébu atw 10 rébu,," gerentes si ema, bari ngadeukeutan gigir panto mobil, tuluy ngasongkeun leungeun,, "dén, shodaqohna dénnn..!!,,, "hampura ma, teu aya récéh,,!" témbal pamuda singket..

Si ema surti, tuluy balik deui ka tempat asalna... teu lila éta mobil téh kaluar ti buruan parkir,, lung kantong kérések, dialungkeun tina jandéla panto mobil,, "tah ma, méré.! lumayan loba kénéh..!! ceuk pamuda bari mobilna mah tuluy ngabelenyeng...

Éta kantong kérésék disanggap, tuluy dibuka,, "leuhh, enya wé loba kénéh,, teu méré duit gé,, lumayan lah, keur meujeuhna lapar,," gerentes si ema bari ngeureuyeuh dahar eusi kantong kérésék,, aya leupeut, bala2, géhu lengkep jeung céngékna..

Pas ngodok leuwih jero, dina éta kantong kérésék aya bungkusan tina kertas koran,, "leuh, iyeu naon..? tuluy we dibuka,, pas ningali eusina, si ema langsung ngagebeg, reuwas kacida,, panon molotot ngahuleng,, bari terus leungeun pepereket nyepeng pageuh kana éta bungkusan,, teu lila si ema kalahkah ngajoprak, kekejetan bari siga nu kapiuhan teu sadar,,,

Jelma2 nu ningali kaayaan si ema siga kitu, langsung pada moro milu nulungan,,, tuluy wé dibawa ka kilinik nu deukeut,, Di kilinik, digolerkeun dina brankar, teu lila si ema katingali sadar deui, dokter langsung mariksa, bari nanya,, "kunaon ema téh, naon nu karaos ku ema..? ,,, "yeuh aden, ema téh nuju seueul,, seueueulll pisan,,!! tembal si ema, bari nyenyepeng bungkusan...

Tuluy dokter teh mariksa kana lebah beuteungna,, "iih, ai adén, naha bet nyabakan kana beuteung ema,,!! ceuk si ema siga nu géték,, yeuh, ema téh keur bungah,,!! bari nembongkeun eusi bungkusan,, poe ayeuna mah, ema teh seueul altos...!!

MUTILASI

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 19:51:03

"Junjunan, nitip ieu haté dina manah salira," pokna. Laju ngabedél dada. Sakimpel haté diasongkeun. Ditampanan kalayan juuh cisoca. "Ieu titipan ti Salira, tinangtos dipusti-pusti dugi ka mulihna." Sêrépét, mesat patrem. Nurih dada, dua haté diréndéngkeun. Pasesedek. Taya tempat keur haté séjén. Nyeueung kitu, imut reugreug. Dua rénghap paturay, mileuleuykeun.

Lawas tilawas, kapopohokeun. Dina laku gawé, taya rasrasan. Kejem. Puguhing teu boga haté. Dina tungtung katompérnakeun. Aya kiriman bungkusan. Brak dibuka. Keketegna ngajenghok. Eusina aya opat barang.
Patrem, haté dua siki, jeung jajantung.

NU RUMASA

Kénging Daniel Rans
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 18:08:37

Geus jadi budaya kaluwarga kuring. Dina lebah maleman panggantian taun anyar. Sok ngayakeun acara ngarumpul dihiji tempat. Leuwih eyueb batan acara halal bihalal Idul Fitri atawa Natalan bersama. Da dina acara éta mah sok séwang-séwangna. Teu sakabéh kaluwarga bisa nyempetkeun ngariung. Maksakeun ngarumpul.
Villa Kabayan di Ciater nu jadi pilihan. Dalapan mobil ngabring. Laju Nepi. Ngabaracokak. Ngabarakakak. Balakécrakan. Nikmat. Tepung lawung jeung dulur jauh lan baraya nu aranggang. Wawanohan. Sosonoan.
Peutingna ngadarua. Ménta saréhat panjang yuswa. Rejeki nu ageung tur barokah. Utamana ménta disalametkeun di dunya jeung jaga di akhérat. Khusyu. Kucara kayakinana masing-masing. Nyalsé. Ngawarangkong deui. Tapi teu tenang. Di villa sagigireun kadéngé sora sing cowowong. Sigana marabok. Pésta euyah-euyahan. Jung, kuring nangtung.
"Rék kamana manéh, Dan?" Mamang nanya.
"Deuk nyaram nu marabok. Ngagandéngan pisan, Mang!" cékéng.
"Montong! Keun wéh antep. Kawas sia teu siga kitu wéh baheula!" Mamang nyaram. Gék, kuring diuk deui. Rumasa.

NU NEPUNGAN TUNGTUNG PEUTING

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 15:32:46

Manéhna datang. Tungtung peuting. Meuntasan jandéla nu éta. Jandéla nu lila teu muka. Sésélékét. Kana sesela sarigsigna. Ngabedega. Ngideran rohang ku teuteupna. Gumerendeng. "Rék kieu waé?" pokna. Neuteup seukeut. Béréwék. Nyoéhkeun kalénder nu kari salambar. Béréwék deui. Sababaraha balikan. Wur. Kalénder bubuk diawurkeun. "Nu heubeul geus dipiceun. Nu anyarna...?" Sieet! Bus. Manéhna. Ka jero eunteung. Bray. Saniskara carita patingkelemeng. Pirang-pirang lalakon. Kumalangkang. "Geuning bet kadalon-dalon. Haben waé ngumbar cipanon" cenah. Mencrong. Ragamang. Leungeunna ngarongkong wéker. Reketek. Reketek. Pamuteran jarumna diputer-puter. "Kapan wanci teu kungsi eureun ngamalir. Saban wiletanna teu weléh nyésakeun carita." Jarum wéker terus muter. Lelet. "Urang nu nangtukeun wangun caritana." Beuki lelet. Beuki lelet. Téténjoan ngilu muter. Lelembutan muter. Eunteung muter. Kamar. Risbang. Jandéla. Panto. Manéhna. Kabéh muter. Kaasup balati. Enya. Balati nu ku manéhna disodorkeun. Muter lelet hareupeun panon. "Ayeuna mangsana. Sab isukan geus lain nu urang." Ragamang. Gep. Balati ditéwak. Reg. Sagalana ngarandeg.

112014

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 13:18:27

Ngaburisat. Peuting tadi langit dirogahala réwuan cahaya. Tingsuruwuk. Kembang seuneu jarangjangan, ngigel kakalayangan dipirig surak euyah - euyahan. “Happy New Year,” sora réang patembalan pabedas - bedas jeung jelegurna pepetasan. Ngajelegér. Peuting tadi lemah dieundeurkeun sora bedil patémbalan. Sakiceup ti puseur dayeuh, mungkas taun dieusian acara silih intip ketug jajantung. “Happy New Year bangsat,” nu tiarap ngajorowok bari ngutahkeun pélor tina AK- 47. Maranéhna pésta, maranéhna silih rogahala. Maranéhna sukan - sukan, maranéhna nandonkeun nyawa. Nu parésta, anteng sapaparat peuting. Isukna runtah patulayah, waruga pating solengkrah. “Happy New Year,” ceuk tukang sasapu jeung nu ngajaga kamar mayit.

HÉY!

Kénging Asep Saepudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 12:50:11

Keur jongjon lalanggiran, "Héy!" Cenah. Dilieuk taya sasaha. Jongjon deui, mukaan lambaran buku. Gambar-gambar, tulisan, rupa-rupa. Aya nu éndah, aya nu pikaijideun. Sababaraha lambar kosong. Aya ogé nu ukur tulisan, 'Happy Birthday' laju kaselang lambaran kosong deui.

"Héy!" Sora nu tadi. Barang ngarérét ka luhur. Guprak! Gulungan kalénder kana beungeut pisan. Puluh-puluh kalénder. Sésa taun-taun nu geus liwat. Kuniang hudang, ditengetan. Unggal angka, poé, geus dicakraan, dicéklisan. Asa wawuh. Unggal meuli kalénder, gambar awéwé buligir nu aya tatoan deukeut bujalna. Tato srangéngé.

Pira kalénder hapeuk. Dibalangkeun deui ka luhur. Duka nyangsang dimana boa. Jongjon, lalanggiran deui. Sésa buku asa kandel kénéh.

Karék gé ngaragamang. "Hey!" Ngarérét ka luhur, lebah datangna sora. Beletakkk! Arloji badag. Kana cukang irung pisan. Ngagoak teu nyowara. Rék kapiuhan, can tututug carita. Nyekel irung nu baloboran. Karérét, jarum arloji, majuna mundur. Tik tek tik tek...

MULEK

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 12:15:12

Dina enas-enasna mah kuring ogé ngarti kana kawijakan pamaréntah. Sanajan teu nepi ka tamat, goréng-goréngna, kapan kungsi ngasaan bangku SMA. Kuring ogé sarua jeung batur, nyaah ka sarakan, kaasup teu hayang boga kota rungseb ku anu jajaluk. Tapi dalah dikumaha?. Lain teu ihtiar. Malah déngkak mah nepi ka béak. Lain teu éra deuih, lamun kudu usang-asong leungeun -- bersaben. Tapi kapan beuteung mah teu bisa diajak adu arguméntasi. Komo deui beuteung si nyai anu can manjing lima taun.
Tuntung taun, teu saésé-ésé acan jalma anu ngersakeun méré piwelas. Duitna dipaké meuli tarompét atawa keur curak-curak mapag maleman ganti taun -- sugan.
Peuting beuki nyérélék. Budak terus ngerewih bari nyekelan beuteung. Untung kabébénjokeun ku sora tarompét jeung pagaliwotana patali marga.
Panceg tengah peuting, kembang api anu seuh-seuhanna mah duit -- dibeuleuman, minuhan langit kota. Dina wilangan menit, duka sabaraha miliar pérak anu dihuru. Teu dipikiran teuing kétang. Duit-duitna, hak-hakna, ngabeberah sorangan.
Pésta pabaru réngsé. Anu lalajo bubar. Budak mimiti ngarenghik deui: “Ema lapar…..”, terus ngulahék. Reuwas. Kembang api jilid dua ngabeledag dina jajantung. Haseupna mulek, moékan taun anu rék dilakonan. (Geka, 01/01/14)

HENTEU SORANGAN

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 11:48:40

Uing beunta, Culang cileung bari ngagerentes, “Keur dimana ieu?” Baluweng teu apal dimana jeung keur naon. Lalaunan leungeun ngaragamang, kurah koréh ngumpulkeun pangacian. Sugan wé aya sajorélat kecap saencrét ingetan nu mastikeun uing keur naon di dieu. Angger lebeng. Tiiseun. Paroék. Teu karasa panon baseuh pinuh cimata, nginghak sorangan. Ngararasakeun kahanjelu nasib diri nunggeulis teu walakaya.
Sanggeus haté jejeg jeung cimata raat, uing ngajubleg ngaraga meneng. Aya jorojoy na jero kalbu keur nyambat kanu Kawasa. Neda hampura kana sagala rupa rasa jeung réngkak paripolah nu jauh tina papagon mantenna. Lalaunan nginget nginget deui surah Alfatihah nu geus lila teu liwat kana biwir komo ancik dina sanubari mah, kabulen ku rajakaya jeung urusan dunya. Tamat maca ummul qur’an bari tagtégtog. Burinyay aya cahaya, uing peureum saharita.
Pas beunta, kénca katuhu ngempel jikan jeung anak incu. Kakuping dokter nyarios,”Alhamdulilah bapak parantos sadar tina koma na”. Teu karasa cimata tobat ngalémbéréh maseuhan raga.

BALÉBAT DI BASISIR TANJUNG BARU

Kénging Neneng Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 11:03:56

“Meungpeung karahatan cangra, Akang miang ayeuna. Méméh subuh gé mulang,” Dana nyarita ka Nawangsih, wanoja nu karék dua bulan resmi jadi batur hirupna. “Urang babarengan mapag balébat taun anyar bari meuleum Étong,” pokna deui bari neuteup Nawangsih, deudeuh. Nawangsih unggeuk. Dana nyorong parahu rada nengah. Laju diwelah bareng jeung pamayang lianna geusan néang pangupah jiwa. Dianteur gupay Nawangsih nepi ka ngilesna. Wanci manjing janari. Lumaju, ngagayuh ka subuh. Humiliwir angin nebak daun kalapa patingarulang. Sora lambak jumelegur lirih. Nganteurkeun budah cai, nu nyisi muru basisir. Noélan suku Nawangsih nu keur anteng ngajanteng neuteup ka jauhna, ka lebah jumelegurna ombak, ka lebah laut nu mayapak satungtung deuleu. Nganti nu jangji mulang mangsa balébat. Gék, Nawangsih diuk dina kikisik, nangkeup tuur. Indung sukuna diuyek-uyek ngomékeun kikisik bari panonna teu lésot mencrong ka tengah laut. Nu dianti can mucengis. Balébat patingarudat. Lapat-lapat, mingkin deukeut. Hiji parahu nyungsi basisir. Taya nu ngawelahna.

DE AUDITU TESTIMONIUM DE AUDITU. 2

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 10:41:19

Tungtutan jaksa. Sholéh ngarudapaksa Inah, tatanggana. Didi, bapa Inah, balik ti kebon jam sapuluh, ningali terdakwa kaluar lumpat ti imahna. Dodo balik jam sawelas, ti jarak lima puluh méter, ningali ogé terdakwa kaluar ti imahna bari mawa péso leutik. VeR, hymen Inah soéh jam salapan. Nungtut terdakwa dibui opatlas taun.
Pleidooi Cahaya. Inah ngabigeu di pasidangan. Piraku Didi jeung Dodo ningali kajadian anu sarua, padahal baralikna béda sa-jam. Piraku ti jarak lima puluh méter, bisa ningali terdakwa mawa péso leutik. Piraku terdakwa lumpat ka imahna nepika sa-jam, padahal jarak imah maranéhna ngan lima méter. Jaksa teu ngaréken kasaksian Imron jeung Sugi, yén indung Inah tara ka kebon, aya terus di imah. Poé kajadian nurutkeun bé-a-pé, Inah balik ti acara kémah jam satu beurang. Euweuh bukti péso. Euweuh saksi dokter nu nyieun VeR. Terdakwa kudu dibébaskeun.
Putusan pengadilan. Terdakwa Sholéh, salah. Kudu dihukum bui salapan taun potong masa tahanan.

KADO KEUR KI ASNALI

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 10:16:32

Tiluhiji Désémbér 2013 téh milangkala Ki Asnali ka-75. Di toko kolontong. Nini Asnali balanja kado spésial keur salakina. Sapasang emuk nu maké aksara Mama jeung Papa.

“Kumaha seratan dina kartu ucapanana, Ni?” nu jaga toko nanya méméh kado dibungkus.

“Tulis kieu wé Néng, NAJAN UMUR AKI GEUS TILU PARAPAT ABAD, bagian luhurna. Di handapna MUGA-MUGA TETEP SÉHAT, TAMBAH KUAT & SUMANGET! I LUV U..!” walon Si Nini.

Peutingna, mapag taun baruan. Bari nungguan tabuh 00:00. Ki Asnali saanak incu ngariung, sukuran pangéling-ngéling Ki Asnali milangkala. Lebah acara murak kado, dimimitian muka kado ti Si Nini. Sanggeus bungkusna dibuka, gorolang kartu ucapanana dibacakeun ku Ki Asnali, tarik pisan.

“Najan umur Aki geus tilu parapat abad bagian luhurna, di handapna muga-muga tetep séhat, tambah kuat jeung sumanget! Ay lap yu ..!” Ki Asnali sabondoroyot sareuri ager-ageran. Si Nini kapiasem.***

PULANG PULUNG, PULANG TARIMA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 07:30:48

Burial buncelik. Nilik nilik nu teu sidik. Susuganan aya milik. Najan saeutik. Dikeureuyeuh moal belik.

Mang Uhé anteng ngoréhan runtah. Leungeunna siga nu mataan. Milah milih. Teu kaliwat, taya nu diliwat. "Subhanalloh, jodo mah moal kamana..." Neuteup seukeut eusi kardus. Teu talangké, diasupkeun kana gorobak. Gura giru balik. Rusuh.

Teu karasa, teuing teu dirasa. Umur nambah, jatah hirup ngurangan. Mang Uhé masih kénéh can boga bébéné.
"Kang, badé diwalian kusaha atuh Enéng téh?" Widadari kardus gégéléhan, teu sabar hayang mulang tarima.

SANGGEUS PÉSTA TAUN BARU

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 07:12:32

Basa pamajikan jeung budakna tibra kénéh, geus solat subuh Mang Odang kaluar ti imah panggungna. Mawa karung kosong jeung kakait beusi. Rék mulung béntang. “Loba meureun ngalayah di jalan. Da katingali ti peuting sing barasat, muncrat, terus marurag,” ceuk pikirna. “Meungpeung nu geus paresta kembang api sararé kénéh.”
Jalan dicukcruk. Lapang dipariksa. Lebeng Mang Odang teu manggih béntang. Nu pabalatak ngan ukur nafsu jeung amarah. Panonna baruncelik. Katingali masih engap-engapan.
Rada berang Mang Odang balik ka imah. Nu kabawa ngan ukur torompet penyon nu geus kajejek. “Lumayan, jang si bungsu,” pikirna.[]

SUGANTÉH

Kénging Ratna Ningrum
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 06:40:23

Bêrés maké calana jeung béha. Rap kana baju luluran,naha atuh ari leng! Sirah karasa muter,panon ranyay, napas kacida beurat. Maca istigfar satarikna. Antara inget jeung henteu Si Cikal nu keur ngoprék Hapé, ngajerit muru awak kuring nu geus ngudupruk. Si Bungsu kadéngé mamah-mamahan bari cerik. Panon teu bisa peureum, molotot baé, nafas réngahap ranjug, ramo leungeun hareuras. Ceuk Si Cikal mah mamah siga kasurupan. Geumpeur terus dibacaan Yassin jeung ayat qursi. Dua jam lilana kuring teu inget dibumi alam. Lilir téh geus aya du Rumah sakit. "Renuves" ceuk analisa dokter mah. Gangguan jantung jeung pernafasaan. Lumayan menang lima poé kuring mondok di Rumah sakit. "Ih meni reuwas mamah. Sugan téh harita badé pupus, da nembéan ninggal mamah kitu" Si Cikal bari mencétan bitis sanggeus kuring aya di imah deui. Hariwang ceunah, pan can bisa méré incu ka mamah téh. Emang rencana taun hareup aya maksad rek rarabi. "Ke heula mamah rék néangan heula keur akina nya !" Ceuk kuring bari seuri...

1 JANUARI 2014

Kénging Rin Riani
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 01:50:58

Barasat, beledug, burinyay. Mancawura rupa-rupa warna nyasaak langit nu mongkléng. Surak ayeuh-ayeuhan, tatabeuhan ngagembrung. Moyég di unggal tempat. Sukabungah balakécrakan disampakeun mangpirang rupa kadaharan.
Ukur kawasa nyérangkeun, lain keur kuring, taya nu keur kuring.
Kabéh gé bagéan maranéhna.
Sawatara waktu simpé. Mesin waktu ngarekét, ngeureuyeuh muterkeun mangsa. Peuting lekasan. Langit hibar nganteurkeun balébat. Panonpoé nguliat, ngaroris jagat. Taya nu nyésa, kari runtah patulayah.

PEUTING IEU

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 01 Januari 2014 00:06:29

Taun lawas geus ngampih, dina langit peuting. Nu tingburinyay ku papaés mangsa. Kembang api taya eureunna pating buricak. Bruy bray nembongkeun lampahna. Taya alesan nyumputkeun cimata.
Rupa-rupa rasa nu nyangkaruk, sumarambah sakuliah ragana.
Sanggeus sataun lilana ngarasa capé kacida. Kakara ayeuna bisa ruménghap. Leupas tina bangbaluh rasa nu geus kedal.
Awakna asa reged teu puguh rasakeuneunana, ngahudang muhasabbah ka dirina.
Allah Maha Rohman Rochim. Ditingalikeun ku Mantenna, sakabéh lalakonna suka nu leubeut dosa. Dina mumunggang mangsa. Bruh bréh. Moal kaitung lobana. Aya ihtiar pikeun tobat, nu leuwih munel batan jarum sakuliah awakna, nu keur dilakonan.
Jarum akupunktur nu tadi ditapel-tapelkeun dina awakna, dicabutan hiji-hiji, tulatén. Bari ngusapkeun cacai nu tiis kana urut nyecebkeun jarum, terapist méré sumanget pikeun manéhna nu nyorangan, saprak pamajikanana geus tiheula ka pawenangan.
Peuting ieu, manéhna hayang tobat, masrahkeun awak sakujur, ka Mantenna.
Di luar sora petasan awor jeung sora tarompét, di langit masih pating burinyay.