Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Oktober 2011 (93 Naskah)


EMAAA !

Kénging Wangsa Urang Subang Pituin
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:57:17

Tengah peuting rengse maculan kebon kacang nu sacangkewok di leuweung leutik hadiah istimewa ti mitohana, Mang Juha kasarean, nepi ka poho pacul pusakana teh teu di wadahan deui kana warangkana, demi anakna nu leutik nu sare disagigireunana kaparengkeun lilir, tuluy leungeun anakna teh gupuy-gapay neangan botol susu parantina nyusu, barang gep leungeun budak teh nyagap kana pacul pusakana Mang Juha nu leueur keneh da teu kaburu dikumbah, celengkeung teh anakna nyarita bari matana mah peureum:"Emaaa ieu cau ca'a meunang mecek ciih.....".

CARITA ALAM GAIB

Kénging Rd Nugraha
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:52:53

dina pereumna panon aya titik hideung jiga lobang cacing,duka timana jolna,,sluuup kasedot sa awak awak asa aya dina lorong,.sajajalan manggih mata bolotot,hulu ngalayang,.naon etah!? bari ngagibeg raraga,,sangkan batin teu nepi nepi ka ujung lorong nu caang ngabentrangg,,dikuatkeun ku dikuatkeunna,,babacaaan sabisa bisa bari hah heh hoh,,,wuzzz ngalewatan ujungna,,gubraakk labuh!! ling lung ieu dimana,,??! eta taman mani endahhh pisann,,,ieu sugan nu disebut zanura teh,,,,,??!

FIKMIN

Kénging Aditia Gunawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:51:16

BINGBANG NANGTUKEUN PUTUSAN
Aya pameget duaan mésér sabungkus kondom ka supermakét. Haté teu weléh ngabadé, ku nu mana dipakéna.

DUET

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:50:18

naaa,,,ari didinya
nyanyi teh kalah ngajak ucing-ucingan

nya heueuh atuh,,pan urang pajauh jauh
(nu nembal aya dina webcam leptop)

CADAS MALANG

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:48:36

Peuting masih kénéh neundeun siloka, padahal bulan ngempray badis taya hahalang,lebah rungkunrungkun haur canéom, ting pelenghir seungit kembang laksarupa, pacampur jeung hanyir getih. Sakapeung kadéngé sora toké nyodét haté.

Sisi leuwi, deukeut durukan nu kari ruhakna, pabalatak tulang lauk, kuntung ganja jeung botol kosong, layonlayon ngajaloprak nyiar lakon séwangséwang, nimu Sawarga luhureun amparan koral, dipirig ibun katiga nu turun bareng jeung koléang kalakay.

Lebah Cadas Malang aya nu keur kekecebekan, meresihan tatu jeung sahunyud tugenah. Tapi hangru pejuh, angger ka angseu tina sirahna.

KILA KILA

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:42:45

kang,jangji moal ngawayuh abi
(si nyai ngahelas renghap ranjug)
nyai mah inget baheula,mimiti tepang
mes,,mes,,cinta
mes,,mes,,nyaah
teu nyangka ayeuna akang jiga kila kila
geuning buktina akang geus ngadua
akng tega
akang tegaaaaaaaaa
(gedeblug si nyai,neundeun gagang telepon kana hawu,si nyai terus pingsan)

KULIAH

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:30:08

. Serebung haseup roko kaluar tina biwir anu dimonyongkeun. Lengak. Korsi nahan sirahna. Jeroeun dadana terus ngageder maturan tungtung haseup. Teuteupna nuturkeun. Treup. Cakcak keur gurger dina lalangit imah. "Aing mah hayang beres Oktober", biwirna ngalipsing cakcak. "Nopember we tahap 1, Desember tahap dua", cek biwirna oge. Leng-leng. Caritaan pamajikanana ngeusian ceulina nu katutupan kupluk. "Tos seep kang icaleunna oge". komputer dibuka deui marengan jam jeung sora bebence.

WIDADARI

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:20:21

awakna sasampayaneun,buukna hideung meles,leumpangna persis macan kenangan,panonna siga pisan merak kucap kiceup.
duh,,,gusti,ieu meureun nu namina widadari.
hanjakal eta bitis meni pinuh ku bulu hiiiiiiiiiii...

KALANGKANG SAMAR

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 23:05:54

samar-samar aya kalangkang niruk mata bari terus nojos liang irung, manehna muringkak bulu punduk, sok komo nempo kalangkang dirina neuteup seukeut dirina, teuteup nu moncorong beureum burahay bari terus ngarerab kulitna nu hideung lestreng, ngarerab biwirna nu keur nyeuseup mariyuana bari ngagakgak ngarawel kalangkangna sangkan jadi sobat dina sabotol ngimpi

DONGENG BAPA

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 22:56:13

"Jaman baheula mah, Ujang, ka super market mawa duit sarebu teh, Bapa mah bisa mawa indomie, roko sabungkus, sabun, odol, jeung susu kaleng." "Ari ayeuna kumaha kitu, Pa?" ceuk nu nanya,." Ah, ayeuna mah teu bisa, geus aya kamera cctv.."

ELEGI PEUTING

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 22:52:58

“Tong nyamuni tukangeun kasimpe bari ijigimbrang lebah lalangse” aya harewos tina hiliwir angin peuting. Manehna ngarenghap, asa aheng aya panegor ka dirina alatan teu bisa neuleuman jati dirina nu teu weleh kaumbang-ambing ku waktu. Hatena nguliat lebah kecap pananya, naha bisa nasibna robah? Deui-deui manehna ngarenghap bari terus nyeuseup sapotong roko nu haseupna luak-leok ka lebah remeng-remeng kamarna nu kacaangan ku lampu lima watt

MENAK

Kénging Eex Vanbarnazz Purusaningsamorogolrogol
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 22:09:53

" Ma ujang mah ngaran teh hayang diganti ah,tong dingaranan Erick da urang sunda" "Heug jang ku ema diganti ku RADEN JAYA KARNA TIRTA meh surupjeung jaman kiwari loba menak "CONGE".

SUTRADARA

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 22:08:21

Fikmin # Sutradara # Nu nonton éak-éakan, suka bungah maranéhna gogonjakan. Para pamaén asa dikendangan nempo panonton nyarepeng beuteung bari seuseurian. Maranéhna ékting beuki édan. Satukangeun panggung, saréngséna pagelaran, sutradara ceurik sorangan.

KI SUNDA

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 22:03:52

Kuring anteng neuteup jirim nu aya na implengan, kuring beuki gemet pray...pray...tina ragana kalaluar ungkara ngaliwatan pori pori kulitna tingcarelak lir mutiara, gumulung ngajadi sajak sajak pinuh katresna ka Nyi Sunda, kadang lumengis, kadang romantis kadang ngahegak pinuh amarah....

BEUNGEUT

Kénging Jun Nizami
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:59:49

"Astagfirullohaladzim..geuning hirup teh bener-bener teu adil. Bet hayoh we kuring nu kudu nanggung kaera, balas sagala hal anu teu dilakonan ku kuring..." ceuk beungeut rumahuh na jero hate. Bari ngusap dada.

NU NGARUCU

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:50:54

"Tuh, euy aya deui nu kapakan téh!" Ceuk hiji budak. Curukna ngacir nunjuk kana TV nu ngagolak digembrong sireum. "Heueuh euy! Ngan ayeuna mah nyangsangna di tengah leuweung" Témbal baturna nu mamawa gantar dina taktak. Sora budak beuki réang. Adurényom. Silih témpas, silih badug, silih suntrungkeun. Tapak nu ledeg ditincak deui, ditincak deui, kakait papanjanjang-panjang. Lumpat pagancang-gancang. Muru teuing langlalayangan teuing naon, nu puguh geus rangsak katinggang hujan. Beureum.

NAMINA NENG GINA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:45:34

Satamat sakola dasar, si cikal aya ku matak reueus, make jeung aya kahayang masantren jauh. Teu aneh ari kukituna mah, apanan kuring jeung indungna ge pernah ngasaan masantren kanu jauh.
Nya kahayang si cikal teh dicumponan. Kuring sakulawarga indit nganteur manehanana masantren ka ajengan utuy di pasantren al ittifaq pasir kiara. Barang anjog ka pasantren, kuring sakulawarga kacida dibageakeun ku pangersa ajengan. Lain nanaon, da kabeneran baheula masantrena di aki kuring, mama busyro lebak muncang.
Barang rek balik, kareret aya awewe geulis, make tiung bodas, ceuk ajengan utuy, eta teh anakna nu karek balik kuliah di mesir. Kuring spontan nyarita ka pamajikan "mah..engke mun nganteuran bekel keur si cikal, keun we ku papah.."

KAMOCENG-2

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:23:56

Balukar tina ngahiji jeung huut, manehna kapacok hayam. Pareng hayam jadi kamoceng, manehna ngan ukur jadi tikotok.

DAGANG LEUPEUT

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:22:22

. "12 siki deui", cek Ma Iyah anu geus 12 taun dagang leupeut dina tolombong di pasar simpang, basa anakna anu KA 12 menta duit keur biaya kuliah.

WANCI SARIAK LAYUNG

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 21:21:44

Kalangkang diri nu rumanggieung geus tepi ka wanci sariak layung nu mimiti alum maksa lelembutan ka lebah panineungan mangsa bihari, mangsa urang duaan silih usap orat dina bunina kampuh nu mongkleng, bet ngahudang pananya, naha bisa kalangkang bihari dikabiri saacan adzan subuh ngagentraan? Diri ngan ukur bisa ngeunteung dina kaca nu geus cerah, susuganan manggih jalan pikeun mupus dosa kasalingkuhan mangsa ngora

MURID JEUNG ANAK

Kénging Iwan Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:52:49

Basa muridna menta waktu luang di luar jam, Guru Anas teu talangke ngajangjian. "Engke siang!" pokna geura nyaluyuan. Ngan basa balik ka imah, anakna ngajak ulin momobilan, manehna teu talangke ngajawab bari nyangangang,"Na teu nyaho bapa maneh teh cape balik digawe!"

NU RESEP DUNYA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:36:02

Poe minggu, kang ujang nganteur budak naek korsel. Tilu rebu sakuringna teh. Naekna ti hareupeun tihang, turun oge di dinya.
Isukna kapala desa ge hayangeun naek korsel, tilupuluh rebueun, sapuluh kuring. Naekna ti hareupeun tihang, turun oge di dinya.
Poe salasa torojol bapa camat. Sarua hayang numpak korsel, tiluratus rebueun, saratus kuriling. Naekna ti hareupeun tihang turun oge di dinya.
Torojol bupati, gupernur, presiden. Kabeh naek korsel. Naek ti hareupeun tihang, turun oge didinya.
Ngala dunya dipake keur kasenangan dunya deui, euweuh bedana jeung korsel. Naek di dinya, turun oge di dinya.

SORANGAN

Kénging Irfan El Fikr
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:33:13

ngarangkul jarum jam na handapeun kalangkang bulan bari nyegruk balilihan,
'tong incah balilahan...kuring lewang nyorang jalan sorangan...'

DEMI ASEUPAN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:24:20

nyeuseup hawa lebah lulurung eungapna kota aya nu haharewosan jual beuli kabagjaan malahmandar teu dipotong komisi ku mucikari,lain, lain embung ngabagi untung, tapi kapaksa ku kabutuh najan enya kudu nahan cimata alatan jual beulina nista, demi aseupan nu nanggalang di dapur sangkan ngebul ku haseup bau hangru

PANGBEUNGHARNA

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:12:37

Sanggeus dipecat ti pausahaan Bakery, sayah teh ayeuna mah jadi jalma pangbeungharna saalam dunya. Boga mobil teu kaitung, mobil pajero (pajejel-jejel di jero). Atuh mun keur hayang naek Karimun (kari muntang), clak bae. Sakapeung naek eskudo (estuning kudu didorong), ari kabeneran eta ge. Eta kabeh mobil teh otomatis. Otomatis kumaha? Ceuk nu nanya. Enya, otomatis...mun teu mayar otomatis ditampiling ku supir.

TETELA DEUI

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:05:12

Saptu beurang, gempungan nyawalakeun budaya sunda. Di mimbar Juragan Ijun jentre nerangkeun budaya sunda.
"Sunda teh lain ngan ukur basa, suku atawa kasenian. Tapi sunda teh mangrupa ajaran atawa ugeran, falsafah hirup. Kukituna urang kabeh nu ngarasa sunda, kudu nanjeurkeun kasundaan ngarah boga ajen. Lamun urang sunda masih ngagugulung pasualan puseur dayeuh, mending eureun jadi urang sunda. Komo deui boga anggapan lamun puseur dayeuh teh, mangrupa tempat. Eta pikiran teh deet, dekeng sadekung ceuk urang hilir mah. Para wargi, puseur dayeuh teh lain tempat, tapi ieu yeuh...ieu yeuh....! Akur?Saluyu?", Juragan Ijun nepak dada jeung jajantung.
Atuh seak hadirin teh sorak,"Hirup sunda, hirup sunda!"
Keur eak-eakan kitu, Juragan Ijun nampi telepon, "Iya, sudah saya tegasken, piraku bohong atuh, suer..suer pisan, please deh!"

DASAR

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 20:00:08

hmmmmmmm, alamat palsu. Dasar kau keong racun. Anu kitu tah mangkeluk anu kudu disunatan deui teh? Dewi ngararuh peuting eta, dumeh dompetna anu lepet aya nu ngiwat. Beu, naon eusina atuh?

INSPIRASI

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:57:43

ti enjing dugi ka sonten milari inspirasi kanggo fiksi mini hasilna fiksi mini inspirasi, tah ieu teh inspirasi fiksi mini abdi, ari nu anjeun mana?

JAGOAN EMA

Kénging Asep Ruhimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:54:41

"Ema uing mah jagoan," Cenah, bari teu kaur ngingsreuk, lap deui-lap deui irungna ku baju sepe tangan panjang. Jam 11 beurang leho dina leungeun bajuna kuat ngeresek balas kapoe. "Kamari tatangga pasea tingserenteng, ku ema dipisah," pokna deui. "Komo indung urang jagoan pisan," ceuk baturna bari gegetret. Nu kasaksen tadi peuting diomongkeun, kabeneran lilir, "Bapa uing didengkek bari dikesud, teu ngalawan...."

BEJA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:40:03

Cipanon mimiti ngalembereh dina tungtung mata "Ya Alloh..mun seug enya nu janten caroge abdi teh gaduh deui nu anyar,mugia Anjeun ngiatkeun hate abdi "manehna lumenggis dina shalat peutingna.Keur anteung munajat kadenge di luar imah sora gerung mobil.Manehna buru buru kaluar di kamer rek mangmukakeun panto.Geus jadi kabiasaan anyar salakina,ayeuna mah sok balik tengah peuting najan teu remen ge."Mamah jiga tos nangis,kunaon ? "ceuk salakina nitenan mata manehna."teu aya nanaon,nembe tos netepan"manehna ngawalon."oh..panginten teh kunaon"ceuk salakina neuteup bari imut.Hiliwir seungit parfum ka angseu ku manehna "ieu mah lain seungit parfum nu biasa dipake,tapi seungit parfum awewe "gerentes hate manehna.Ngadadak bruh breh omogan sobatna tadi beurang,yen sobatna teh pernah ningali salakina minggu kamari keur duaan jeung hiji awewe di restoran.Teu katahan deui cipanon nu tadi ngeyembeng ayeuna mah budal mairan jerit hatena.

EUH

Kénging Uchuufp Chupfuu
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:21:31

batur ribut..
kuring hitut..
batur ngahephep..
kuring pingsan..pleuk

SI GELO

Kénging Uchuufp Chupfuu
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:19:26

peuting peuting..
ngeung.. ngeung..
ngeeeeung..
garandeng tea jeleuma, kehed siah!!!
'hiling ku aing'
'ngeeeeeeung'
ceuk reungit nu ngaran na valentino rosi, bari nyusul..

ANTENG

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 19:11:04

Tap leungeun kana BlackBerry. BBM ti babaturan kantor, babaturan sakola, babaturan dina facebook réa can dibales. Belentrang aya pesen anyar dina facebook, aplikasi dibuka, réa nu ngoméntaran seratanna, ma'lum sastrawan anyar nanjung. Méntion dina twitter ogé teu kaitung, follower ngarébu. Kana yahoo messenger kitu ogé. Teu burung dibacaan hiji-hiji, bari dibalesan tangtuna. Ti isuk nepi ka soré, ti soré nepi ka isuk deui. Sadar-sadar inget, budak nu karak umur tilu bulan geus teu walakaya, poho teu disusuan.

KALANGSU

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 18:32:14

remen nu ngagorowok, "ULAH KADINYA! NYASAR". leuh, maenya teuing? ngan tambalang eta teh ukur semet dina pikiran jeung facebook. di tempat sejen kuring teu wani ku dedeg simbar dada tukang gorowok eta. pusing tuda, gogorowokan jiga nu heueuh manehna nyaho kamana kuring nuju. padahal, kuring sorangan nu ngagandeuang leumpang mapay-mapay jalan nu loba parapatan bari ngahariring teh teu kungsi nyaho kudu nuju ka mana. kungsi eta oge tukang gorowok ngingetan, cek manehna, basa opat bulan kuring di bali kungsi aya nu ngadibejaan tempat tujuan kuring. ngan geuning sakiceup incah ti bali langsung ucul. teu inget sakecap-kecap acan. geus ah, ayeuna kuring ukur hayang menikmati kasarung kuring. eta ge mun bener kuring keur kasarung...

NGEUNTEUNG

Kénging Etti Rs
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 18:19:29

Sakur jalan nu kungsi diliwatan bruh-breh dina eunteung heubeul. Aya nu ngembat datar, aya nu lempeng tapi nanjak-mudun, aya nu pungkal-pengkol, nu meulit pasir, nu nembus gunung, nu sadataran wahangan. Kuring ngagebeg barang mireungeuh jalan nu brasna kana jungkrang, gawirna nangtawing, dasarna teu katembong da kahalangan ku daun paku nu ngaguyun gomplok. Leuh, geuning geus panjang pisan jalan nu kaliwatan

BUBUK NARKOTIK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 18:02:57

Aya nu kabur ti rohangan kaguligah simpe, teuteupna kosong molongpong mapaes pias koleasna bari nyeuseup bubuk imajinasi nyuntikeun obat ilusi, lelembutannana kumalayang ka lebah sorga pupulasan ngarasuk ka lebah sela-sela otak, laju kekerejetan, ngalayang sukma ninggalkeun raga.

UNDERGROUND

Kénging Wisnu Ibrahim
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 18:00:26

Dangdanan badis iblis dina film. Beungeut coréléng, ngaranggahkeun leungeun bari nyambat sétan. "Sataaan!" musik ngaguruh. Sora gitar nguwak-ngawik, kibor geueuman. Sora manéhna ngagulung na tikoro. Gerem marakayangan, dihuru lampu rebuan wat. Penonton diayun ambing dajal. Sataan...!

Bérés manggung, manéhna jeung grup bénna ngariung tukangeun panggung. "Alhamdulillah konsér urang suksés!" cenah.

JURIG (NU PANYAWAT JANTUNG SAE NA TONG MACA IEU KARANGAN

Kénging Ahda Imran
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:57:59

Aya hiji fiksi mini, keur dibaca ku nu rek bunuh diri. Saaenggus maca eta fiksi mini maneh na tulus bunuh diri na. Terus jadi jurig dina tangkal kalapa. Unggal aya tukang kalapa eta jurig cumarita yen maneh na teh sabenerna jurig. Tapi eta tukang kalapa teu sieun padahal teu babacaan. Biasa we. Maneh na ngadengekeun eta carita jurig bari ngorong. Ningali kitu eta jurig jadi teu narima, asa teu diaku jadi jurig. Maneh na ngaleos, indit ka jalan tol, tuluy ngageleng maneh. Mobil nu nabrak na teh anak dunungan tukang kalapa anu sok nulis fiksimi...

POHO

Kénging Uchuufp Chupfuu
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:56:24

Abah.. Asslamkm..
iyeuh hasil teh, tilas tadi ngajualkeun eta tea..
ka abah, goceng..
iyeu ka abi ceuban na..
''cu.. ari si nini mana?''
ongkoh tadi ceuk abah, titah di kilo..
''cu..''
naon bah?
''urang geulut yu''

TILANG

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:50:53

" Naon ari Bapa, Uing make helm, Sim jeung STNK, aya, !!, Naha Uing bet ditilang..??
Ceuk hiji Pamuda gaya, morongos ka Pulisi Lalulintas, nu jaga di Parapatan.

" Aing Geuleuh Kamaneh, titatadi ijigimbrang, lajag lejeg make jeket,make helm, tapi teu make motor, ceuk Pulisi.

CAPRES

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:37:18

manehna teh tokoh ngora di dunya pulitik nasional. kacida dipikaserab ku babaturanna oge ku musuhna. kuring wawuh jeung manehna teh alatan manehna kungsi menta tulung ka tempat gawe kuring keur mariksa peluang meunang calon bupati hiji daerah nu didukung ku manehna. di dinya remen teteleponan. konsultasi kumaha cara sangkan si calon tadi meunang. sanggeus calon nu didukungna jadi bupati ge hubungan jeung manehna teh nuluy. kuring jeung manehna jadi sobat. malah kungsi deuk usaha bareng nyieun lembaga konsultasi pulitik sorangan. ngan teu jadi, manehna kaburu diondang ka amerika, meunang beasiswa keur sakola jadi doktor. pleng weh ngampleng, lila tara deui panggih. nepi ka hiji mangsa maca warta manehna nyalon jadi presiden. "pantes deuk kitu ge", cek pikir kuring, bari ngawangwang pangalaman ka tukang.

hiji poe kuring indit ka ondangan nikah patner bisnis. kasampak manehna ge aya. atuh ngobrol kamana-mendi, nyacapkeun kasono. nepi ka manehna pamit ti heula, bari nyimpen piring parasmanan nu masih nyesa satengah kadaharanana. ningali kitu, kuring teteg eudeuk bolay nyoret aran jeung gambarna di kumbung tps engke.

LULURUNG SAHWAT

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:18:23

Lebah lulurung mongklengna peuting, na remeng-remengna bulan sapasi, kebon kacang robah jirim jadi pasar senggol nu pinuh ku suku-suku ngajegang nembongkeun palawangan, malahmandar oray welang asup tataheunan ka lebah dagangan ranjang nu nangkarak bengkang bari tataranjang, ngondang birahi sahwat urat rengkeng diusap lambaran ti mimiti puluhan nepi ka ratus rewuan, ditungtungan ku tingirihil nempo nu jajan cengar-cengir kapatil ku panyakit si centil.

CAN PAYU?

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:17:24

fiksi mini ukur rame dina facebook jeung twitter, seug jadi buku mah can puguh payu. Kitu ceuk hiji sms anu katarima ku hp uing. Bet hanjakal eta hp teh tadi, leungit. Teuing murag di jalan. Nu leungit teh foto manehna deuih, makaning karek tepung saminggu kaliwat (2011)

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:13:36

hese
Dispilin
Dipsilin
Dilipsin
Disiplin
Hese nulisna ge komo ngalakukeunana

JARUM PENTUL

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:13:00

Jarum pentul teh ngulapes, aneh. Teu bisa nojos. Atuh kitu mah kahayang teh pasti bolay. Duh, kumaha atuh? Mangkaning geus kacipta ti anggalna bakal bagja. Nu kasampak geuning bet ngulapes, teu bisa nojos. (2011)

GEUGEULIS PANON

Kénging Dede Zm
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 17:12:28

Budak teh ngéar waé.
"Ku insana!"
"Jawér kotok!"
"Boros honjé!"
"Béré cai jampé!"
"Saré kudu ngulon!"
"Ieu ti ma haji cai zam-zam!"
"Baca ayat kursi!"
Jep
jempling kabéh.

OD

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 16:53:05

Daharna ngalimed. Jeung jengkol ngora téa!. Sapoé ti harita aya béja manéhna diopname. Ceuk dokter mah “ Over Dosis”.

TOBAT

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 16:45:10

Kolot eukeur, kagoréngan geus sagala dilakonan. Mabok jeung nyiméng mah ngocor dina kahirupan, bubuhan waktu ngora gaul jeung Paguyuban Ajag. Sahaok kadua gaplok. Tara éléh dina ngagos ka batur.

Ayeuna meureun waktuna tobat téh. Buuk geus riwig ku huis, awak sésa nyiméng begang lain bohong. Bédana, ayeuna mah méméh dur bedug geus aya di masigit. Sok milu tadarusan jeung minggonan.

Kakeuheul ngan hiji. Budak cikalna , poé kamari kabéjakeun keur ngabubugang sisi jalan, alatan weureu ku inuman.

ATEUL

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 16:34:47

Unggal eureun dina lebah stopan, manéhna ngagaroan hélmna. Sakali dua kali mah diantepkeun. Tapi ari terus-terusan nyieun peta kitu mah panasaran, terus ditanya:”ku naon ngagaroan waé hélm?”. “Puguh ieu sirah arateul” jawab manéhna . “Naha anu ateulna sirah, anu digaroanna hélm?” ceuk kuring deui. “Abdi mah lamun ateul bujur ogé, tara dugi ka morosotkeun calana” ceuk manéhna teu riuk-riuk.

SURAT CINTA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 16:20:34

Jungjunan...mun abdi micinta ka salira, sanes jalaran ku kasepna, sok komo pami ningal salira nu tebih tina rupi Arjuna, ngarendengna ge asa isin nyalira. Pami salira palay uninga, naon nu dipikacinta ti salira, taya sanes mung harta nu teu sirikna ngaleuya. Abdi mah teu hoyong terang, naha harta salira teh kenging gasab tina artos nagara atawa sanes, eta mah salira nu langkung uninga. Jungjunan..., cinta abdi ka salira, saleresna cinta kana angka-angka nu tos ngabandrol dina raga nu disarengan ku basa nu teu kinten mesra malahmandar kabita. Saupami wirahma cinta abdi sakapeung sok nguciwakeun salira, jalaran ti waktos ka waktos abdi teu weleh nimbang-nimbang pamasihan salira, peryogi kauninga nalar abdi teu benten ti panggal nu muter teu angger, eta margina pami cinta abdi ka salira mung saukur kanggo nyumponan kapentingan pribadi, panginten salira ge tiasa nyindekkeun, pami cinta abdi kanggo salira cinta nu kedah nganggo imbalannana harta.

BALUWENG 2

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 15:20:07

Sudin baluweng mikiran naha loba anu ngadadak gelo teh pejabat, padahal mah loba pejabat ngadadak gelo.

FIKMIN

PASLU

Kénging Uchuufp Chupfuu
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 14:44:50

ngaku na teroris islam, ari jabatan nyaeta tukang nga'bom gereja?
Hah..kuring mah sok hayang seuri, nyaeta hayang seuri ku beuleuguh maneh na. mun eunya eta tiditu na teroris islam, sox tah bom panyicingan lokalisasi nu aya tunasusila na, atawa tah nu ngadugeum, sakalian oge tah nu keur manggung bari barang-bere aurat.
nu nga'bom gereja mah lain teroris, nyaeta jeuleuma nu keur poho yen maneh na salah kiblat.
ah ngerakeun wae nu nyieun KTP

DÉWI

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 14:20:33

.

Di mana, nya? Pan geus jangji rék tepung di dieu. Luak-lieuk. Horéng dayeuh geus robah pisan. Wangunan pajangkung-jangkung. Patalimarga. Jelema pasedek-sedek. Baliho rupaning iklan tingbelegedeg. Iklan pakéan. Iklan kosmétik. Iklan cét buuk. Dayeuh lir nu dikepung iklan. Bréh. Déwi. Déwi ku matak pangling. Tapi moal kapalingan. Déwi keur meuntas. "Wiii...!" manéhna nyalukan Déwi. "Eloh siapa...?" ceuk Déwi sanggeus pahareup-hareup. "Déwi, Aa tos lami ngantosan..!" manéhna ngarangkul Déwi. Nu dirangkul ngajéréwét. Ngejat. "Héy, héy kurang ajar lu, yé..!" sora mojang nu nyarékan tinggantawang ti tukangeun. Manéhna ngagentak malik. Gebeg. Mojang-mojang bet sarimbag pisan jeung Déwi. Culang-cileung. Gustii! Déwi. Dewi sakuriling bungking…!

(Revisian)

NARSIS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 13:35:32

Lain, lain kuring narsis, tapi ceuk sasaha uing teh geulis, malah boa geulisna ge leuwih ti Dewi Rengganis, ceuk urang Batawi pajarkeun teh uing gadis yang paling manis, memang enya mun dibandingkeun jeung babaturan nu kabeh ge lalaki nu sarua narsis, uing teh wanoja geulis bari manis, hiji nu teu narsis teh, ku uing ge diaku, ayeuna-ayeuna mun kuring ngimpi birahi sok nyaan pipis na kasur ipis, naon landongna atuh supados ngimpen teu pipis? Cobi wartosan, supados uing teu beureum damis!

WANCI LILIR

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 13:32:53

Saliliran. Nyah beunta, bet disampakkeun ku kasimpe anu mongkléng. Nyeukeutan pangreungeu. Sugan aya hiliwir tahrim. Kajeun ngan hawar-hawar. Sono kana kongkorongok Si Jago. Nineung ku ngok-na. Asa hayang ngadéngé sora adan. Kajeun, najan rébék teu ngeunah kadéngéna gé. Tapi kabéh lebeng. Nu aya bet kaambung angseu sirara. “Asa karék saliliran, Enung. Teungteuingeun salira, ngageuing téh bet ku dalingding telekin!”*

JEMPOL

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 13:32:47

"asa beuki lintuh awak teh!", cek pikirna. basa isuk-isuk anteng netep eunteung. "ngan asa teu matut. jiga lintuh diobat cina", tambah pikirna. "jeung asa nyareri satulang sandi deuih", pikirna terus noroweco. sorangan.

riweuh teuing nyarita sorangan, teu ningali, da ngan sakilat, jeung deuih teuing ti mana asalna, ujug-ujug aya suku beurit nincak manehna. "jadol siah, tong samborong nincak aing atuh!", goak si jempol.

RUMASA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 13:22:13

Isuk keneh geus siap-siap indit ka pangajian. Sakumaha biasa, rap baju takwa dipake, kopeah bodas, sarung hideung ditambah ku sorban warna hejo, warisan ti almarhum bapa.
Kuring ngeunteung, tuluy ngimpleng naon-naon nu jadi bahan pikeun tepikeuneun engke. Hareupeun eunteung tuluy mamantes maneh. Bet asa aya kurang wae. Ret deui kana eunteung, bet asa beuki loba nu kurang.
Baju geus make, sarung, kopeah, sorban sarua oge geus dipake. Ayat jeung hadis geus eunteup dina sirah. "naon nu kurang?".
Neuteup deui kana eunteung, gebeg! Naha panon kuring jadi euweuh, leungeun kuring jadi euweuh, sakabeh awak jadi euweuh!. Nu aya ukur letah. Nu aya ukur letah!
Rumasa karek bisa nyarita. Panon jeung awak nu sejenna mah can pati bisa deuheus kaNu Maha Kawasa

BALUWENG 1

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 12:57:48

Blug! Panto kamar dibanting. Jetrek dikonci ti jero ku sorangan. Beleweng sirit konci dialungkeun ka luar ngaliwatan tralis jandela. “Hahaha, rasakeun ku sia di luar teh ripuh deuleu….!” Gog nagog bari ngarames sirah, “Sok ngajleng atuh konci, aing teu bisa ka luar…!!”
Cimahi, 1 Oktober 2011 (Saptu, 08:30 WIB)

DEMONSTRAN

Kénging Yusran Arifin
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 12:06:57

Turun ti Masjid. gep, suku kana Tarumpah. "Ullluuuh! kuring ngarenjag. Tarumpah merejel. Tuluy ngejat bari muir. Kuring nyusul tepus. Ngered kana pager. Tarumpah katingker.
"Sabar, Bos!" ceuk tarumpah rada panik.
"Ngalawan, maneh?" Kuring muncereng.
"Lain ngalawan!" ceuk Tarumpah bari nyorocos. Ieu masalah kaadilan. Masalah hak azasi. Tarumpah tuluy orasi: Kuring geus bosen ditincakan. Hirup hayang robah. Hayang jadi calana. Jadi Cangcut. Rok. Beha. Kutang. Sabuk. Kameja. Dasi. Koppeeee..aahhkkk!!! Dereded.. Dor! Dor! Dor! Panon kuring murudulkeun pelor.
"Ngalawan, siah! Saparatis!"

ARAKAT

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 11:37:55

manehna kacida kumawasa. mun aya pangeusi imahna beda jeung aturan manehna, teu sirik unggal usik arakat ngaganggayong ku parentah: "ulah kitu, teu sae!"

hiji waktu, aya lalaki cukup umur datang ka imahna. deuk milu mondok. imah arakat teh memang pamondokan, tempat meh kabeh jalma di unggal juru ngilu nungguan. nungguan dicalukan ku Manehna.

samemeh ditarima milu mondok, saperti biasa, arakat ngawawancara eta jalma heula. ditanya aran, asalna ti mana, jeung rea-rea deui. tina eta wawancara, arafat nyaho lalaki anyar eta boga kahayang nu mahiwal. moal kawin! puguh we arakat ngarasa resep. asa manggih korban. si lalaki laju diceramahan. malah semu-semu dipaksa sangkan ngarobah kahayangna. kudu sarua jeung aturan arakat.

katembong si lalaki semu keuheul. geus teu tahan jigana mah ngadenge ceramah si arakat. laju nyarita semu nyeuneu: "MAS, ieu hirup kuring! jeung kuring bagja ku pilihan ieu. jadi tong gandeng lah!"

SAMAGAHA

Kénging Yusran Arifin
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 11:30:48

Gas ditincak. Digaley sateker kebek. Ujang mangprung. Nyai mangprung. Bareng ngabalapan angin anu linglung. Brakk! Tabrakan teu kaampeuh. Getih muncrat. Awak paburisat. Dunya eundeur.

Opat bulan ti harita. Nyai bucitreuk. Egang leumpangna.
"Gugurkeun, siah!" bapana muncereng. Huntuna kekerot. Nyai digusur ka buruan. Ka sawah. Ka tegalan. Ka jalan. Dipaksa. Digusur bari ngacir. Nyai jejeritan. Ampun-ampunan. Adug-songkol. Pyaarr! Beuteung Nyai rangsak. Getih muncrat. Orok beureum ngajaul tina pianakan, ngayunkeun balati. Bless! Nanceb dina beuheung Akina.
"Gampang ngahukuman mah, Ki!" ceuk Orok baru nguyup getih.

PANALEK

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 11:20:35

mung hiji nu dipikalay waleran ti salira, entong dua atanapi tilu sok sumawonna dugi ka langkung, jalaran mung aya hiji pilihan tina patarosan nu hiji-hijina, margi salira ge uninga pami walerannana langkung ti hiji tina patarosan nu hiji-hijina, panginten salira teh kasebat teu gaduh pamadegan, gampil robihna, kukituna cekap hiji walerannana, hiji namung pasti! Kersa atanapi henteu? sok geura waler kalawan pasti!

TETELA

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 11:19:56

Sora kendang penca beuki deukeut. Dina eunteung,awak panceg. Iket barangblang semplak, setelan komprang. Asa ngora, ceuk hate. Hoe diusapan bangun deudeuh. Poe ieu, enya poe ieu pisan saenggeus mangtaun-taun teu gumalendang dina dunya sampyong, ayeuna ninggang waktuna. Hate beuki gilig, regot cai herang diinum bari mapatkeun jampe pamake.

Diuk di tepas ngadagoan nu nyampeur. Lain sakatiga aing jadi jawara, gerentes hate bari angger ngeupeul hoe. Saha jalmana nu susumbar nangtang aing, teu karasa leungeun beuki pageuh ngeupeul hoe. Jajantung ratug, sora kendang penca jiga nu ngahiap-hiap.

"Bapana, poekeun yeuh seuseuhan teh," gantawang sora pamajikan ti dapur.
Saharita, sora kendang penca beuki jauh. Teuing kamana.

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 11:08:07

budak beunghar ngarang

aya hiji budak nu beunghar, sakolana kelas opat sd. hiji mangsa kelasna meunang tugas kudu ngarang ti guru basa sunda. cenah jejerna usum pere. gutrut manehna ngarang. kieu:

kulawarga pa kupayung henteu beunghar. rencangna oge ngang hiji. mobilna hiji. basa pere sakola, kulawarga pa kupayung ngan piknik ka bali saminggu.

ISTIMEWA

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:48:01

mun macaan dongeng, carita ngeunaan anjeun, aya rasa nu teu weleh teterejelan, maksa hayang ka luar: dolim. enya, kuring ngarasa didoliman ku Manehna.

pan cek eta dongeng, najan anjeun sah jadi manusa istimewa teh dina umur 40 taun, ti leuleutik anjeun geus diistimewakeun. salasahijina, dina umur 6 taun (atawa 8 taun, gumantung nu ngadongengna), anjeun dibawa nyamuni ku dua malekat, ti dada nepi ka bujal anjeun dibelek, hate anjeun diwasuh cijamjam, ngarah beresih.

ku kitu, alatan dongeng sarupa eta, rarasaan teh teu adil mun anjeun istimewa sabab bakat: anjeun dicipta istimewa.

ayeuna, kuring menta idin ka anjeun, dongeng kitu teh rek diduruk wae. sina lapur jadi lebu. keur kuring cukup anjeun istimewa teh nya alatan anjeun sorangan. istimewa anjeun diwangun saeutik-saeutik.

INDUNG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:39:11

neng,pandamelkeun jus buah ih,aa haus
sujang,cik atuh sing sadar,uing teh indung maneh
hampura mamah sayang

PAJARATAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:37:45

Gundukan taneuh beureum handapeun samoja diceceban ku handeuleum, baseuh ku keclak cimata nu ngusap tetengger nu diukir ku asma bari diawuran kembang rampe dituturkeun ku doa

MAYIT

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:33:52

cai sapuluh ember, sapuluh guruhul kamper, raga tanpa sukma karuang ku lahan dua meter

SAKARAT

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:30:49

ngitung ketegna jajantung nu rek dipateni ku waktu bari milang amal jeung dosa

RUMAH SAKIT

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:30:30

Nya didieu, di rohangan nu loba jalma teu walakaya, Izrail teu weleh ngintip renghap napas bari ngileng-ngileng nyawa nu rek dirabut tina raga nu ngalungsar lebah kasimpe.

NEMBAK

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:18:41

naha neng,geus tujuh kali ku akang.geuning teu oyag oyag,teu narima tembakan deudeuh akang

LEBAH SAREUPNA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:13:27

Ngarongheap dina pameunteu alum, ceuleuyeu neuteup lemah nu renung ku sirung-sirung, nya lebah lemah eta kuring ngalungsar teu walakaya alatan kagadabah ku kekebul nu mapag pati alatan takdir

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:06:43

ngimpi
jaga mah citarum baris aya di tengahing kota bandung. hayang ngimpi citarum siga seine di paris.dipiara dihade-hade. matak tumaninah lalayaran.di sisina, peuntaseun jalan, gedong sigrong ngajajar jadi umbul umbul kota.

NAPSU

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 10:05:46

Sukma melesat ka jomantara, ngambang luhureun mega-mega malang, robah jirim jadi jangjang nu ngalayang muru mumunggang kasimpe, sugan jeung sugan bisa nyeueung lengkob amarah kadempet kahayang nu ngacleng kalebah kabingung, ngajiret jerit simpe ti lebah kaguligah alatan marudah nu ngondang Batara Kala pikeun mateni dirina.

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 09:47:04

leiden
urang mere ngaran lembur make kecap cai. ciamis, cikoneng cibodas cihideung cicaheum cimahi cianjur- cenah alatan cai mawa kakahirupan. hanjakal ngan kari ngaran. si caina mah dianakterekeun. teu dipiara. teu dipalire. kiruh nepi ka hideungna. disumputkeun tukangeun imah, da geuleuh. tapi deungeun-deungeun, walanda, ngahaja mawa walungan ka kotana. dijajarkeun diantara imah jeung jalan. dialus-alus, bersih jeung dipake lalayaran.

SERATAN PUN ANAK 2

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 09:46:22

"dinten minggu, abdi sareng rai abdi nu kadua, diajak ku bapa angkat ka bengkel. Saur bapa urang ngagentos oli cenah. Sok resep pami diajak ku bapa teh, sok dijajanan sagala rupi. Benten sareng mamah. Mamah mah upami ngajak ameng teh, paling ge ngajajanan ciki hiji ewang.
Dina mobil abdi nyetel dividi, vidio klip agnes monica. Rai abdi mah baeud we, da hoyongeun nyetel pilem dora emon.
Nuju anteng nongton, hape bapa disada, ku bapa diangkat. Kakuping bapa nyarios "eh, ayang..aya naon?". Abdi naroskeun ka bapa, saha nu nembe nelepon. Saur bapa, nu nelepon mamah, nitip pangmeserkeun lisah kalapa cenah. Abdi heran, da nami mamah mah siti nursholeha, sanes ayang.."

JURIG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 09:40:33

neng,sieun teu ku jurig?
Henteu,sieun kneh ku beungeut aa nu serem

SOCA DINTEN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 09:31:23

soca dinten beureum getih,ngagedig ka belah kulon.jorojoy angin kaler mawa beja jeung sora sora tembang,soca dinten eureun lebah pucuk gunung,moe kecap kecap nu kaluar tina taneuh tepi ka ka jadi hariring,hariring nu kuring bekel keur peuting

RANJANG BILATUNG

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 09:00:23

Basa dua raga tataranjang bari silih gesek aya sora rada keurang nu kedal tina biwir-biwir runtah pinuh ku tulang-taleng, balatak luhureun ranjang bau napsu hangru, bilatung riab ngagembrong bangke mamala cikahuripan nu malur raga nu dibungkus daging buruk matak uruy jiwa-jiwa pinuh kasimpe dina melegmegna peuting. “Horeng, nu disebut kahirupan teh teu beda ti raga nu teu weleh nyorang lalakon, sakapeung ngarayap sakapeung lumpat lebah kulit nu beuki lila beuki karijut bari ngitung sesa umur....” gerendengna bari nyangsaya lungse lebah usap ramo-ramo buhaya nu seuri bari neuteup raga nu teu walakaya nadah kejemna kahirupan

HATE

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 08:52:36

“..... Hate jalma saha nu nyaho, sabab isi hate teu bisa katinggali ku mata lahir. Mata kagungan Alloh, Kitu oge hate. Nalika marengkeun, teu aya nu mustahil mungguh Mantena”. Kurang leuwih, kitu wejangan nu didugikeun ku Kiyai
.....
Nalika Kiyai janten imam sholat, salah sahiji santrina jol nyakakak seuri.
Saba’da sholat Kiyai naros.
“Naha anjeun nalika kuring jadi imam jol nyakak seuri.. naha nyeungseurikeun kula..?”
“Ampun paralun Kiai.. waktos pangersa janten imam.., dina khusyuna sholat, abdi nyakseni anjeun nuju jongjon ngakeul sangu” Cek muridna, bari depe-depe.

SALINGKUH

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 08:38:35

. Motor ngabiur meulah kota. Leungeun anu kenca nangkel pageuh kana cangkeng semu ogo; leungeun anu katuhu, sibuk nulis sms mesra duka ka saha.

BINGUNG

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 07:32:42

Nuju ngalalanyahan diajar basa isarat raga salira nu teu puguh kamana loyogna, sakapeung matak bingung ngahartoskeunana, jigana wae peryogi kasabaran kanggo nyicingan kasimpe

NGANTOS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 07:32:18

Basa salira ngudag-ngudag panonpoe, suku ngan wasa ngajengjen lebah kalangkang diri, rumaos, rumaos pisan, diri teu kaancikan ku kecap sabar, sok komo pami ngantos salira nguniang tina ngimpen, nu disebat sabar teh duka dimana ngancikna.

PÉSO

Kénging Sanjaya Dhipa
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 07:28:09

Peuting harita, seuseukeut péso geus eunteup dina beuheung. Duh... teu wani usik saeutik-eutik acan. Oyag seutik, tangtu kulit beuheung kabesét. Ukur peureum wé bari babacaan sabisa-bisa, neda kasalametan ka Nu Maha Kawasa. Teu lila, manehna nyarita, "Atos bérés, Kang... mangga geura ngaca. Lalening deui ayeuna mah..." pokna bari meresihan péso cukur nu bala ku janggot kuring.

PABUKON

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 06:41:42

Nya didinya, di Padepokan Pabukon, padepokan nu amacak ku kitab-kitab, Pandita Linuwih ngawuruk catrik-catrikna nu lobana teu sabaraha, nungtun nuyun dina bagbagan agama jeung darigama nu dibarengan ku elmuning kadigjayaan kahirupan pikeun kamaslahatan dunya aheratna. Padepokan nu pantona teu weleh muka ngahiap-hiap balarea nu hanaang ku sagala rupa diksi, saukur direret, dianggapna eta padepokan ngan saukur gudangna aksara nu taya hartina.

KATINEUNG

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 04:40:50

unggal ngadenge adan manehna sok lumpat, notog-notog karep, tuluy nyumput sabuni-bunina. kitu jeung kitu. saban poe hirupna sasalingkeran ngajauhan sora masigit. rancingeus jeung gegebegan. mangkaning weewengkon mana nu kiwari teu katoel ku adan. sakitu adan sok patarik-tarik. enya, adan teh kalan-kalan siga anu tingpedengkreng. paieu-ieu aing. manehna tungtungna nyingkur ka leuweung. bari nafakuran diri naha bet sieun ku adan. weleh teu kapanggih, iwal kalangkang panyepret jeung paneunggeul nu ngahanca awakna. adan teh lir tangara raga bakal kasiksa.
di leuweung manehna manggih adan oge dina daun, dina batu. anehna, manehna teu ngarasa sieun. antukna manehna teu mulang deui ka lembur.

SUGAN BAE MANEHNA

Kénging Jal Niffari
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 03:22:48

Girimis masih keneh turun. Katembong patingborelak, kasorot ku lampu. Jalma di lebah peron tinggal sababaraha urang deui. Teuing ka marana, teu kanyahoan inditna. Gebeg teh, basa nenjo nu ngajanteng pangtungtungna. Sidik ditiung. Boa enya manehna, mani teu kanyahoan datangna. Tapi basa disampeurkeun, horeng kasamaran, ukur sisigaan, pedah sarua ditiung. . . . .

WARISAN

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 02:49:20

“MASALAH bagi waris mah geus puguh aturanana, Céng! Aturan agama nu saadil-adilna. Siga sual tanah titinggal Mimih nu ayeuna dicicingan ku Étéh, indung hidep. Cék aturan waris hak Amang. Kudu dilaksanakeun. Sual éta tanah saterusna ku Amang dibikeun ka hidep, éta mah séjén deui lalakonna. Kanyaah kolot ka anak ngaranna. Ti Amang ka hidep. Tah, ayeuna Amang masrahkeun. Hég urus ku hidep sing jadi kahirupan anu maslahat dunya katut ahérat.”

Sekin titinggal Apa nu geus dilugas tina sarangkana téh karasa nyecep kana kulit tonggong.*

KABELEJOG

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 02:00:01

. Satutas maca buku di imah babaturan. Dokter. Leng karasa lieur. Letah pararait. Dada nyeri jeung eungap. Antukna, gubrag. Awak hese ditahanna. Leuleus satulang sandi. Duh boa enya keuna ku malaria, hepatitis, boa HIV, boa raja singa. Boa jantung koroner. Ciri-ciriina sarua jeung anu aya dina awak. Awak beuki leuleus mehmehan kapiuhan. Dina irung aya anu baseuh. "Getih?". hate beuki soak. Bray panon beunta. Babaturan geus campego ngocrot-ngocrot kayu putih. "Kuring gering?”. “enya!”. “yeuh resepna beuli. Endog meri 3 siki, nginum susu, kudu sare ulah leuwih ti jam 11, jeung ulah sok daek maca buku ensiklopedi kesehatan ari leumpeuh yuni mah". Eta saran digugu. Enya bener aya karasana. Awak jagjag sabihara bihari.

JEP

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 01:47:35

Sora orok ngoar. “Jep, jep. Urang teruskeun dongéng téh, Ujang. Tah, sanggeus siduru sasarengan, Maung Jalu tuluy kabur bari teu lirén guar-gaur. Ari Maung Bikang tuluy ngajuru. Anakna lucu. Tapi euweuh sihungan, euweuh kumisan. Atuh leuweung ngadadak ibur. ‘Geuning éta mah siga bilatung,’ kitu cenah. Maung Bikang pada ngajebéngan. Pada ngancunan. Maung Bikang isin kacida. Teu lirén nangis, jaba lapareun da taya nu masihan emam. Jaba dikantun ku Maung Jalu. Maung Bikang tuluy mapah tebih pisan. Capéeun.”
Sora orok beuki ngoar. “Jep, jep. Dongéngna téréh tutug. Tah, Maung Bikang tambih bingung. ‘Ah, mending niis di nu suni.’ kitu cék Maung Bikang. Atos wéh.”
Sora nu ngaguik. Cahaya hibar ngadeukeutan. “Yap, ku Ema diakeup. Pageuh pisan. Jep nya, tos nangis. Pan urang bobo…” manéhna ngagolédag. Suku kénca-katuhu, nyampay dina beusi nu manjang siga tarajé, kasorot cahaya mabra nu beuki deukeut. Beuki deukeut.

BORDERLINE

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 01:22:21

. Temen Dian Rana, umurna geus 27 taun, kituna deui lanceukna geus 32 taunan. Can baroga pamajikan, sok sanajan geus kararungahal ku adi-adina anu awewe. Keur Dian Rana mah, kulahiriah asa moal mungkin we boga pamajikan, saha anu daekeun. Sanajan engke geus umur nincak leuweih ti ayeuna. Keur mah awakna jauh kana disebut geus umuran. Teu oge disebut kore, atawa bondol. Henteu. Awak mah normal sakumaha mistina. Malah lamun diukur tanaga mah, manehna bisa ngelehkeun, ceuk paribasana, munding dongkol anu keur ngagaru. Tapi kituna deui manehna tetep sakola. "Dimana sekola teh yan?". "SLB", jawabna.

PAJARATAN CINTA

Kénging Sanjaya Dhipa
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 01:12:25

Asih pasini lugay na kembang samoja, taneuh beureum papaes nu moal sirna.

100% HALAL

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2011 00:26:46

Sawareh tina hasil nyopet teh dibeulikeun 7 dus indomie. Satadina mah manehna ngamaksud hayang sodakoh ka pasantren.
“Hampura, kami mah teu narima barang haram!” Ceuk ajengan bari tuluy ngaleos. Si Copet kerung, dina hatena ngagerentes, “Heran aing mah, naha bet ditolak? Piraku ajengan teu nyahoeun? Pan ieu Indomie teh geus make label MUI, dijamin 100% halal.”