Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Maret 2013 (38 Naskah)


BUBUJENG

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 23:17:43

Mangsa Raja bubujeng. Anjog ka leuweung gerotan. Kaayaan simpé. “Kamarana sato téh?” culang-cileung. Gorobas. Bréh bagong badag. “Téwak!” Raja bungah. Tuluy ngangkat gondéwah. Panah dilelempeng kana kekemplong. Belesat. Bagong kawas nu apal, geuntak ngagiwar. Clep, panah kana tangkal. “Udag!” Prajurit jung-jleng bari ngayunkeun kuli jeung tumbak. Bagong babalicetan. Anjing ngasruk. Les udagan leungit kateureuy rémbet. Iwal ti anjing nu bisa nyusud. Gerrrr. Adu hareupan. “Ari ilaing kawas lain ka mitoha!” Bagong morongos. “Manawi téh sanés ambu?” Ngawet. “Si Sumbi keur nyiram!” omong bagong. “Pun bojo téh nuju?” Anjing bungah. “Boga paménta. Hayang ati mencek!” cék bagong. “Mangga,” Anjing ngaléos. Teu kungsi lila geus balik deui bari ngégél ati meunang mungkus ku daun. “Ati saha ieu?” kerung. “Ati raja,” walonna. Nyel bagong keuheul. Langsung nyuruduk. Keuna pisan kana tarangna. Cer, getih rembes. “Nyingkah siah! Kurang ajar!” nyarékan laklak dasar. “Kunaon ambu?” anjing ngejat, tarang lamokot ku getih. Hélok.

TITISAN GETIH

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 22:59:23

Ngarakacak nempo budak diuk didinya. Mengo hareupeun tivi.
Sapuluh taun kaliwat Ato nu sok diuk didinya téh. Ampir unggal peuting. Ato bujang kuper jarang ngomong beda jeung lanceukna nu barangasan. Kituna mah pantes da kaingu ku lingkungan tempatna kasab.
Hirup jauh ti salaki ngajadikeun kuring mindeng katirisan.
Harita jam sabelas peuting kuring diuk gigireun Ato. Mimitina paantel kulit, Iblis ngahihidan. Di dinya hareupeun tivi kuring poho kana temah wadi. Nepika kajadian teu disangka-sangka binih adi beuteung nyebor rahim kuring. Reuwas kareureuhnakeun Iblis ngabeubeurah deui. Isukna, pagétona, nista jadi biasa.
Brakk! Panto kamar di jejek tarik nakeur. Salaki kuring ngajega. Ato luncat tina luhureun beuteung kuring. Crékk! Crékk! Sakolébat seuseukeut bedog niba kana sirah Ato. Getih busrat basrét. Kuring ngajerit bareng jeung poékna tetempoan.

NYUSUL

Kénging Ambu Pikar
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 21:47:36

Guprak..Pray! Poto nu ngagantung dina témbok murag. Surtini ngarénjag bari istighfar. “Gusti, mugi sanes kila-kila awon,” haténa norowéco bari nyapukeun bubuk kaca nu pasoléngkrah. Potona diteuteup anteb. Poto manéhna jeung Ajat salakina, ngais Asép, budakna nu orok kénéh. Sérélék, hordéng implenganana nyingray. Lalakon mangsa silih simbeuh kadeudeuh, silih siram kanyaah jeung salakina atra narémbongan. Hanjakal teu manjang lana, panyakit kanker nu nyaliara ngagorogotan awak Ajat, mangpéngkeun kabagjaan rumah tanggana. “Emmh.., geus genep taun Akang di alam kalanggengan, muga caang padang narawangan,” gerentesna bari rambisak. Haténa kasuat-suat. “Mamaah,” sora Asép muyarkeun lamunan. “Mana sapédah mini téa?” “Muhun, énjing mamah mésér,” Surtini ngabeberah bari ngusapan sirah Asép. Kagok geus jangji, sanajan teu boga duit, isukna, Surtini indit muru toko sapédah, sajajalan uteukna baluweng. Meuntas jalan teu luak lieuk. “Awaas..!” sora nu ngagorowok. Barasat, cahya bodas nyirorot ka lebah ragana nu karasa ngahampangan ngalayang nembus méga bodas. Jalma ngagimbung ngagugulung jasadna.

NU NYÉSA TI MÉDAN PERANG

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 21:43:11

Tapak-tapak angkara murka, atra pisan katangen ku manéhna, satutasna perang campuh tujuh poé lilana. Haseup hideung nu ngelun ti unggal ruruntuk gedong, bangké soldadu balad jeung musuhna, ogé rahayat sipil patingsoléngkrah. Sedeng lebah parapatan, aya sababaraha hiji bugang téng waja ngabagug. Dayeuh jempling jeroeun jempling. Sakapeung nu kadéngé saukur oyagna dangdaunan nu katebak angin.
Gap, kana bedil anu nyampay 'na taktakna. Dérédéd... Déréded... Miceunan pélor ka awang-awang. "Aing geus teu butuh...!" Nyorowok bedas naker. Kudupruk! Deku 'na taneuh. Ras, inget ka kulawargana nu ditinggalkeun sabulan campleng. Laju ceurik balilihan. Haténa ngageremet, sabab cita-citana can waé laksana. Isuk pagéto, kahayangna mah geus embung mireng deui sora tina pakakas perang.
Ceurikna ngadadak jempé. Curinghak. Jung, nangtung. Culang-cileung. Kebat muru sora nu geus ngagétkeun manéhna. Rumanggieung. Nahan kanyeri tina hariguna nu tatu. Léngkahna ngarandeg. Deukeut kamalir walungan nu meulah kota, aya orok nu keur ngéar gigireun layon indungna.

PEUTING MUNGGARAN

Kénging Dédi Hérdiana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 21:17:32

Panto kamar dibuka lalaunan, hordéngna nuruban sirah pamajikan, disingraykeun ku leungeun kencana.
Seleksek seungit kembang malati pacampur jeung seungit parfum. Pamajikan ngalieuk. Hate kuring nyeblak. Awak konéng dituruban daster nilon kayas ipis. Buukna ngarumbay panjang, galing muntang. Pakéan pangantén istri ngéntép dina tunjangeunnana.
“Eulis,,” kuring haroshos, asa teu puguh tatapakan.

NU MAPAGKEUN

Kénging Nining Sariningsih
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 21:10:49

"Hayu!" Muyarkeun lamunan.
"Salira! Saha?" Kasima.
"Kuring dititah mapagkeun Anjeun."
"Mapagkeun? Ka mana?" Kerung.
"Mulang!" Teugeug.
"Betah kénéh. Kedap deui, nya!" Teu némbalan.
"Hoyong nongton heula pilem." Teu ngadagoan jawaban. Ctrék! TV jeung DVD disetél. Kasét diputer. Ngahuleng. Geuning lain pilem karesep. Ganti kasét. Angger, pilem nu tadi. Nanaonan ieu téh? Kasét jadi sarua. Pan judulna béda. Panasaran! Dilalajoan. Ngalalakonkeun nu ngalahirkeun. Ih! Ciga ema. Enya. Ema jeung orok. Saha, nya? Beuki gedé, beuki wawuh. Ciga kuring. Enya. Kuring! Bruh-bréh lalakon hirup nu kaalaman. Pikaseurieun. Pikakeuheuleun. Pikasediheun. Pikasieuneun. Teu saeutik nu pikaéraeun. Matak beureum beungeut. Nu matak éra. Lalakon nu ieu. Mangsa kuring ngancrud. Tunggul dirarud, catak direumpak. Waktuna lila deuih. Nepi ka kiwari. Élékésékéng. "Hayu!" Manéhna noél. "Hoyong ngalereskeun heula lalakon ieu! Isin." Neuteup manéhna. Kalah ditongtak, "Béak waktu. Ayeuna kudu mulang!" Nyentak.
Kuring mulang. Dijajap cimata indung, anak, salaki, dulur jeung sobat. Tapi hiji gé euweuh nu daék maturan. Kuring sorangan.

DOLEP

Kénging Kenthunk Bahmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 20:52:09

Tos nabeuh ti karawang rék ka Bandung keun. na elf, rombongan gujrud patuding-tuding, aya nu nyambuang kacida seungit kawah candradimuka. Tibatan ngaku kalah jadi ramé kawas demo buruh nungtut gajih na di taekeun.
Tépi ka tujuan, eta nu tadi nyambuang salin jinis mindah rupa ngajangelék jadi hiji wujud mangrupa piring pisin rupana koneng, sigana balas ka deudeutkeun kunu gaduhna

UJUB

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 20:51:57

Tresna, nyaah, deudeuh, geus meujit, hésé disieuhkeun. Antara kuring jeung manéhna. Basajan pisan hal nu jadi pameungkeutna mah. Baheula, hahadéan téh teu kungsi kalaksanakeun. Kuring dirérémokeun nu jadi kolot.
“Naha, urang bet ditepangkeun deui?”
Panon cureuleukna mencrong seukeut. Gancang leungeunna diranggeum, dikeukeuweuk ‘na lahunan. Lalaunan, rambutna nu panjang diselipkeun kana ceuli. Aya nu tinggaréndang dina kongkolak panonna.
“Tos kieu gurating takdir urang. Ulah seueur émutan. Kersa pan?” haté kebek ku rasa ujub. Pasti léah da. Sikepna nu sumerah jadi totondén.
Nu ditanya téh tumungkul. Ana tanggah deui laju imut, asa beuki kareueut. Kempot pipina nambahan sari. Géléhé kana taktak, bari pokna.
“Sing jongjon nyarengan itu. Sesah geura mraktékeun adilna ngabagi rasa téh. Hamo aya nu iasa, kalebet Salira.”

BUDAK PINTER

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 20:25:54

"Ada berondong tua... Sukanya daun muda..." Kadéngé sora lagu dangdutan ngangkleuk tina kasét, ti jero imah bijil kaluar. "Borondong, borondong tua téh, nanahaon tatéh nyi?" ceuk ma Uyum. Nanya ka nyi Encih nu keur nyiaran manehna di buruan. "Borondong tua téh samodél borondong buatan majalaya" Nyi Encih ngajawab daria naker. "Naa disebut tua?" ma Uyum nanya deui teu ngarti. "Apan meureun éta kincana ditinyuhna téh rada kolot" nyi Encih ngajawab beuki daria.
ma Uyum ukur répéh. Na haténa mujikeun kana kanyaho nu jadi anakna, sok sanajan sakolana teu tamat SD, SD acan, tapi kapinteranana teu éléh kunu sakola luhur.

GANDRUNG LIWUNG

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 20:13:26

Angin humiliwir ngoyagkeun pucuk paré, nganteurkeun sengitna ka lebah saung. Ngumbar lamunan ka jauhna. “Énjing tabuh tilu sonten, Engkang seja nepangan Salira,” jangjina dina telepon. Kapireng kénéh. Minuhan lambaran-lambaran ingetan. Ngéntép merenah ‘na sela-sela bayah. Aya bagja miheulaan pikir séhatna, harita. Laju gasik mukakeun lawang haté. Ngapungkeun harepan. Anjeun pasti datang mawa carita éndah pikeun urang duaan. Langit beuki reueuk. Geus sababaraha soré kalarung. Paré geus mimiti karembangan. Jangji anjeun ukur sarupa bebegig sawah.

TUMUT

Kénging Fadar Seler Janesah
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 19:56:56

Nyi Asih bati ingetna baé, basa datang nungabéjaan, yén bapana gering. Namru. Ngan sok sasambat nyebut ngaran manéhna. Dalah dikumaha, Kang Karma salakina geus amanat, “Omat Nyai tong ningalkeun imah, saméméh Akang datang ti kota,” kitu basana. Isukna jol deui nungabéjaan, bapana geus teu asup kadaharan, teu cai-cai acan. Mindeng kapiuhan. Nyi Asih ukur beueus ku cimata, beurat kedal nyarita, moal wara nepungan bapana saméméh salakina datang. Sababaraha poé ti harita kurunyung deui nu ngabéjaan, yén bapana tos tilar dunya. Nyi Asih beuki leuleus, ngajerit haténa, sumerah kana takdir. Sapeupeuting ceurik balilihan, ras inget kana kanyaah nu jadi bapana. Nyegruk dina pangsujudan. Teu kendat-kendat ngadu’a pikeun kasalametan bapana. “Nyai! Ieu Apa,” aya sora ngaharéwos lalaunan. Karasa aya leungeun ngusapan kana sirah, pinuh ku kanyaah. “Apa pinanggih bagja, alatan hidep tumut kanu janten carogé.” Nyi Asih tanggah, luak-lieuk. Écés, nu bieu sora bapana. “Hapunten Apaaa…!” Bruk, nyuuh deui kanu pangsujudan.

MÉMÉH PISAH

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 19:23:27

Néng Ina nu getén tur satia, nu nganti-nganti bukti kanyaahna, ngalangkang baé. Ditimbang-timbang jeung Mia nu hayoh baé pakepuk ku dapur jeung sumur, teu pati miroséa dirina. Néng Ina nu lenggik. Mia nu bayuhyuh. Néng Ina nu andalemi. Mia nu mindeng rumahuh alatan capé dikepung ku pangabutuh barudak. Néng Ina nu teu weléh marahmay. Tungtungna gilig, rék mindahkeun asih ka nu anyar. Ngadéngé kaputusan salakina, Mia ukur nginghak. Sanggeus tarapti, Hérman amitan. Mia teu nganteurkeun saperti biasana. Ngan mihapé surat keur Ina nu disesepkeun kana pésak Herman. Bisi jadi mamala, surat diilo heula. Horéng catetan ubar nu kudu diinum ku Hérman, jadwal kontrol, jeung kadaharan nu dipahing luyu jeung saran ti dokter. Surat nu geus kucel dipésakan kénéh basa tilu taun ti harita ragana kapanggih ngagolér alatan kadungsang-dungsang.

SALAH RUBUH

Kénging Kenthunk Bahmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 19:03:48

Barudak arulin diburuan bale nu lumayan rada lega, aya nu sasapedahan, maen kaleci, aya oge nu ucing sumput, Teu kungsi lila aya nu cerik, canahmah labuh sukuna titajong kana batu.
"Kadi jang buru urang ubaran!", budak nyamperkeun.
Suku nu raheutna di kucuran betadin, celengkeung budak ngomong "alah meni perih-perih teuing meni tiis celi herang mata", nu ngadengekeun arolohok

KAKARÉN PASANTRÉN XXXV

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 18:18:14

Reg! Kadéngé aya sora mobil eureun hareupeun gapura pasantrén peuntaseun imah salah sahiji ustadz. Lalaunan Cép Duloh nyingraykeun hordéng jandéla hareup, ngintip nu sumping nalingakeun nu datang. Bréh katempo mobil rumah sakit bersalin jajap pasénna. Nyi Ningrum, istrina Cép Duloh turun bari ngais orok dituyun ku bidan désa. Cép Duloh geuwat mapagkeun, dagdag-dégdég bakat ku bungah. Cipanon kabagjan murubut maseuhan sorban kahajianna. Ningrum nyolongkrong nyium dampal panangan carogéna, Cép Duloh males ngangseu taar Ningrum. Silih rangkul sajongjongan. Song budak diasongkeun ku Ningrum. Cép Duloh nampanan bari rada jéjérégéd ma’lum kakara pisan mangku orok.
Orok dinangna-néngné, ditimang dipirig sholawat badar. Orok surti mairan ku imut basa diangseu digaléntoran ku bapana. Gebeg! Cép Duloh ngarénjag basa kapireng tina biwir ipis orokna aya haréwos nu ngagalindeng, “Kuu angfusakum wa ahlikum naaro!”

RALAT...

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 17:12:22

Menekung. Tengah peuting, meujeuhna jempling. Reumbay cimata maseuhan pipi. "Gusti, upami enya éta jodo manéhna, Abdi Ikhlas!" Nyuuh sujud. Saminggu ti harita, meunang surat ondangan.
Tengah peuting. Menekung deui, reumbay deui ku cimata. "Gusti, kénging diralat du'a Abdi? Gening nyeriiiii....!".... *

PRÉMAN KÉOK

Kénging Aria Damar Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 16:18:04

Ujo kaabus préman di pasar Cikarang anu pang galakna. Hiji mangsa kapireng ku anak buahna keur ceurik di juru kantor. " Bos naha bet céngéng, ma enya si Bos éléh tibang kupamajikan?" Tanya salah saurang anak buahna. " Gagal euy sayah kanyahoan nyandung, pamajikan ngadat, sirah ditakol ku bata sayah tetep tagen, punduk didagor ku ruyung sayah teu inggeung, gado disangsot ku halu sayah teu rigreug!" Pokna bari rambisak. " Ari éta ceurik kunaon atuh ?" tanya anak buahna panasaran. "Kumis sayah ditarik ka handap ari cambang ditarik ka luhur. Sayah bingung rék ngilu kamana ahirna kapaksa ceurik, kakarak dileupaskeun tah ku si jikan téh!" walon Ujo bari muringis siga nahan peureus. Anak buahna malah pating barakatak teu maliré pingpinanana anu masih inghak-inghakan.

SI KÉJOY SALINGKUH

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 15:59:51

Ku Intan Jamsah

"Cecelengcengan baé tah si Kéjoy nyah, padahal aing meléng sakeudeung doang, kuat aing nyileuk geus euweuh," ceuk si Saad, bari ngagurutuk téa bébéja ka si Satnah. "Ari itu ti marana Ka Saad?" "Éta tas ti pasar rék meuli pangasahan ja pakarang marintul kabéh teu neurak kana batang cau cau acan." "Oh ...," ceuk si Satnah, "Ulah gandéng Ka, si Kéjoy mah sok ka imah bébénéna, urut kabogoh baheula kuari rangda deui." "Ulah pitnah dia Satnah," ceuk si Saad. "Ih demi amat keur ieu géh kapanggih ngaboncéng ku Kula," ceuk si satnah. "Nya geus burung ari geus kanyahoan kitu mah, kaharti ku aing mun kitu mah, geus aing rek balik sorangan bae," ceuk si Saad. Barang geus naek ojeg, batur si Saad turun deui ngabejaan si Satnah, cenah kieu, "Awas dia Satnah, ulah bebeja ka si Rumsah pamajikan si kejoy dia nyah, mun si Kejoy sok nganjang bae!" Atuh teu antaparah deui si Satnah ngajawab, cenah, "Atuh aing geh lain nu bodo Saad, mun aing bebeja mah saruana bae aing ngahancurkeun rumah tangga si Kejoy." "Heueuh dia bagus," ceuh si Saad. Hartina mah eta budak dua nutupan kalakuan si Kejoy, ja karunya bisi rumah tanggana BARUNCAH. (Diedit ku Ki Hasan)

KAPALINGAN KONCI II

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 15:29:59

Soca ngembeng. Salami nyanding sareng sanes muhrim. Dina diri kuring rempeg pirang-pirang dosa. Cangkem digembok ranté beusi.
Padahal nembé dua dinten jeung manéhna.
Rét nempo tembok. Pinuh pirang-pirang lonté. Buruan bala. Runtah cawokah nandasa lisan. Luareun panto tinggaledor. Rajeg buaya. Pangambung coréléng. Ngintun serat nu teu uni. Sora sapatemon haroshos nongtoreng dina gambar hirup.
Ras émut ka anjeuna nu tos ngamumulé kuring "Bongan Akang talobéh. Ngantunkeun kuring teu tarapti. Ngagantungkeun konci di lebah lawang."
Jedak... Panto aya nu najong. Pucunghul waruga hideung. Nyasaak gambar orat. Rupi-rupi pakakas tingbelewer. Lonté buriak taya nu nyésa. Damar lilin kakalicesan. Angin séah nyapukeun buruan. Reup, poék. Awak kuring paburantak. Ngelun jadi haseup. Minuhan rohangan. Kerewek awak kuring aya nu nyepengan. Bray... Cahaya ngempur hurung
Hérang. Rét mireng eunteung. Asa teu percanten. Tèmrés diri kuring robah jadi lonté. Runtah di dunya pesbuk.

KUMPULAN FIKMIN

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 14:54:04

Wanci geus manceran. Di Masjid Jamé Désa Sukaseuri, jama'ah geus ngaliud. Rék jum'atan. Khusu. Maca wirid séwang-séwangan. Jang Duléh, sapopoé léléwodéh. Jum'atan mah teu campoléh. Pon kitu deui Dodo. Sasarina mangsa bodo. Ayeuna mah babalik pikir. Geus éra ku kakolotan. Panan kungsi meuleum kastrol. Di pasantrén Haur Konéng, najan teu nepi ka jucung. Dodo dipéto jadi mu'adzin 'na poé Jum'ah. "Ehem!" sora nu ngadéhém. Horéng Ustadz Dzulkarnaén. Jung, anjeunna nangtung. Léngkahna kebat muru mimbar di paimaran. Buku digiwing. Nyanghareup. Laju, uluk salam. Jama'ah rampak ngawalon. Awor jeung salamna Ustadz. Laju, Dodo cengkat. Ébat tina sila. Ngong, adzan ngalanglaeu. Teu lila, adzan réngsé. Ustadz cengkat deui tina diukna. Bubuka. Rét kana buku. Geus biasa, khutbah bari maca. Gebeg, Ustadz curinghak. Ngomong teu sadar, "Aéh, geuning? Ieu mah kumpulan fkmin?" Jama'ah séah. Rabeng nu méré
kamandang. Antukna Ustadz teu puguh rasa. Heuleut sawatara minggu, salembur ibur. Kajadian harita, ngeuyeuban fikmin petingan. Teu sangka.

HARIRING KURING

Kénging Adah Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 14:39:39

Geulis, dina mangsa endah urang kantos balayar di hiji talaga. Caina herang ngagenyas. Laukna pating siriwik. Kekembangan sisi talaga igel-igelan. Kukupu taretembangan. Ngalagu cinta keur urang duaan. Engkang ngawelah ngenca ngatuhu sangkan jukung majuna teu oleng. Aya kecap anjeun nu nyangkaruk dina ati. Kecap nu mo hilap najan keuna ku lawas. Anjeun kedal rek satia satuhu. Cinta anjeun moal dibikeun kasaha wae. Iwal keur akang sorangan. Ramo anjeun dicekel pageuh. Pinuh ku geterna jajantung. Diteueulkeun kana dada. Sina ngasaan kumaha dugdegna jajantung akang harita. Bincarung dina dahan kiara siga nu eraeun. Geleber hiber duka kamana leosna.
Kiwari akang mulang ka sarakan. Batin ceurik balilihan. Ningal anjeun geus rimbitan.

KONKLAF

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 14:35:45

Geus saminggu Séde vacante. Para Kardinal diperenahkeun di Domus Sanctaé Marthaé. Waktu kari 13 poé deui pikeun milih Paus anyar. Alun-alun Santo Pétrus mingkin gegek. Kardinal Camerléngo jeung tilu asisténna, katémbong ciweuh. Isuk-isuk, sup para Kardinal ka Kapel Sistine bari ngahaleuangkeun Véni Créator.
“Éxtra Omnes!”
Nu rék marilih, nampa keretas nu ditulisan “Éligo in summum pontificem...” Pasosoré, tina solobong Kapel Sistine, haseup ngelun. “Hideung! Hideung deui, euy!”
“Reureuh heula. Isuk pamilihan deui!” ceuk Kardinal Camerléngo.
Poé ka salapan. Kalawan husu para Kardinal ngadaru’a. Gutrut nulis pilihanana nu bakal jadi Sang Pelayan, ngokolotan Tahta Suci. Scrutineers mérésan, tur nguntun surat suara. Laju ngaduruk éta surat suara.
Pabeubeurang, tina solobong Kapel Sistine ngelun haseup bodas. Béwara ti Kardinal Camerléngo,”Geus kapilih Paus anyar! Sakeudeung deui baris midangkeun berkat Urbi ét Orbi. Wilujeng, ieu Paus anyar téh teureuh Sunda!”
“Habémus Papam!” ceuk sakumna jalma nu pagegek di Santo Pétrus.

ANU MANGGUNG DI NYALINDUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 14:07:47

Saparat jalan Nyalindung, pertelon Kadipatén, lempeng bras Palimanan. Kembang ligar mimiti mangkak sareupna, mulas hirup kapeutingnakeun. Ting koléar ukel laras konda di kabaya pulas kasumba wanda jaipongan. Dibarung dilak jeung kelétna, mapatkeun jampé pangirut pangundeur nu metik. Sentug kendang, garapakna kulantér, ngajurung mincid ngaragamang birahi. “ Iti kurih bentang sinyar maen di lapang Cicendo, nyeri peurih jeung nu anyar, ari ras ku dibobodo. ” Tabeuh gaplék, haleuang sindén, geus béak reureueus, tapi wiletan hirup, ngageuleuyeung teu wasa eureun. Dina rohangan rupek, lampu surem, aya raga padungdung mélaan kanyaah. Janari simpé aya hégak, haroshos, késang jeung cimata. Lambaran dosa ngageblég hideung dina embun-embunan. Uripé manungso darma ngelakoni. Lalakon moal waka pungkas. Kelemeng kembang buruan meupeus tugenah. Anaking, Ema mulang. Urang meuli bonéka kameumeut anu kaimpikeun peuting kamari.

ANU MANGGUNG DI NYALINDUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 13:56:46

aparat jalan Nyalindung, pertelon Kadipatén, lempeng bras Palimanan. Kembang ligar mimiti mangkak sareupna, mulas hirup kapeutingnakeun. Ting koléar ukel laras konda di kabaya pulas kasumba wanda jaipongan. Dibarung dilak jeung kelétna, mapatkeun jampé pangirut pangundeur nu metik. Sentug kendang, garapakna kulantér, ngajurung mincid ngaragamang birahi. “ Iti kurih bentang sinyar maen di lapang Cicendo, nyeri peurih jeung nu anyar, ari ras ku dibobodo. ” Tabeuh gaplek, haleuang sindén, geus béak reureueus, tapi wiletan hirup, ngageuleuyeung teu wasa eureun. Dina rohangan rupek, lampu surem, aya raga padungdung melaan kanyaah. Janari simpe aya hegak, haroshos, késang jeung cimata. Lambaran dosa ngagebleg hideung dina embun-embunan. Uripe manungso darma ngelakoni. Lalakon moal waka pungkas. Kelemeng kembang buruan meupeus tugenah. Anaking, Ema mulang. Urang meuli boneka kameumeut anu kaimpikeun peuting kamari.

ANU MANGGUNG DI NYALINDUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 13:39:27

Saparat jalan Nyalindung, pertelon Kadipatén, lempeng bras Palimanan.
Kembang ligar mimiti mangkak sareupna, mulas hirup kapeutingnakeun.
Ting koléar ukel laras konda di kabaya pulas kasumba wanda jaipongan.
Dibarung dilak jeung kelétna, mapatkeun jampé pangirut pangundeur nu metik.
Sentug kendang, garapakna kulantér, ngajurung mincid ngaragamang birahi.
“ Iti kurih bentang sinyar maen di lapang Cicendo, nyeri peurih jeung nu anyar, ari ras ku dibobodo. ” Tabeuh gaplek, haleuang sindén, geus béak reureueus, tapi wiletan hirup, ngageuleuyeung teu wasa eureun. Dina rohangan rupek, lampu surem, aya raga padungdung melaan kanyaah. Janari simpe aya hegak, haroshos, késang jeung cimata. Lambaran dosa ngagebleg hideung dina embun-embunan.
Uripe manungso darma ngelakoni, moal waka pungkas. Kelemeng kembang buruan meupeus tugenah. Anaking, Ema mulang. urang meuli boneka kameumeut anu kaimpikeun peuting kamari.

ANU MANGGUNG DI NYALINDUNG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 13:29:56

Saparat jalan Nyalindung, pertelon Kadipatén, lempeng bras ka Palimanan. Kembang ligar mimiti mangkak sareupna, mulas hirup kapeutingnakeun.
Ting koléar ukel laras konda di kabaya pulas kasumba wanda jaipongan.
Dibarung dilak jeung kelétna, mapatkeun jampé pangirut pangundeur nu metik.
Sentug kendang, garapakna kulantér, ngajurung mincid ngaragamang birahi. “ Iti kurih bentang sinyar maen di lapang Cicendo, nyeri peurih jeung nu anyar, ari ras ku dibobodo.” Tabeuh gaplek, haleuang sindén, geus béak reureueus, tapi wiletan hirup, ngageuleuyeung teu wasa eureun. Dina rohangan rupek, lampu surem, aya raga padungdung melaan kanyaah. Dina simpe aya hegak, haroshos, késang jeung cimata. Lambaran dosa ngagebleg hideung dina embun-embunan. Uripe manungso darma ngelakoni, moal waka pungkas. Kelemeng kembang buruan meupeus tugenah. Anaking.Ema mulang, urang meuli boneka kameumeut anu kaimpikeun peuting kamari.

PANYANGKA

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 13:05:56

Ngajar asa teu puguh. Barudak loba diculkeun. Mèh teu gandèng, barudak dititah ngagawèkeun latihan tina buku pakèt.
Geuleuh. Sebel. Kakara saumur dipihukum, nu geus muluhan taun, disalingkuhan ku salaki. Jeung belegugna tèh naha amplop nu geus kosong, bet di teundeun dina pèsak calana. Atuh kapanggih, da mèmèh dialungkeun kana seuseuhan, sok dirampaan hela.
Istirahat biasana jajan, ayeuna mah teu nafsu. Pikiran mutèr, mikiran eusi amplop. Na dikamanakeun? Da puguh duitna rada gedè jeung tara biasana. Hatè geus su’udon, boa-boa. Beu mun enya tèh manèhna ka awèwè!! Kacida. Kacida pisan, teu karasa panon geus rambisak.
Hapè disada katingali ti manèhna. Da aran nu muncul dina hapè “ My king”. Diantep, katilu kalina manèhna nelepon dirijek, gandèng. Teu lila aya sms. Bray hapè dibuka, eusina “ Mah di toko emas langganan mamah aya modèl nu dipikabogoh ku mamah tèa, diantosan tabuh dua ku apa!!”

MOMOBILAN

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 11:23:40

Bulan ngora. Ahir minggu. Kakara gajihan. Suka bungah.
Naék motor, ngajak pamajikan jeung si Aa, budak nomer dua, ka supermarkét. Balanja bulanan: rinso; pewangi; odol; sabun mandi; deodorant; emih instan; susu. Kuring ngaharéwos ka pamajikan, “Tong hilap CD jeung singlét bapa tos barolong. Nomor 36!”
Pamajikan unggeuk bari seuri.
Sakérésék badag balanjaan téh. Dua ratus rebueun. Disimpeun di hareup. Si Aa pindah ka tukang.
Méméh balik, nyimpang di toko cocooan. Inget ka si bungsu nu hayang momobilan nu bisa ditumpakan. Motor diparkir. Sup, kuring jeung pamajikan asup ka jero toko. Si Aa nyampeurkeun basa kuring nawar momobilan téh. Weweg, genep puluh rébu. Jaba bisa disada sababaraha rupa. Geus bebenangan mah, balik deui wéh ka tempat parkir.
Reuwas, kérésék badag téh euweuh dina motor. Kuring silih pelong jeung pamajikan. Tatanya ka ditu ka dieu, gararideug.
Balik ka imah si bungsu atoheun, langsung mombilanna ditumpakan. Sirine pulisi disadakeun, ceunah rék ngudag bangsat nu mawa kérésék badag eusi CD bapana. ***

PUCUK KUCUBUNG

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 11:18:32

Sok, sééng nu dieusi cai ditunda kana hawu. Sup, suluh. Cekés, panékér. Laju nyundut suluh. Gur! Hurung. Huleng! Nyi Onih mikir. "Rék masak naon? Da teu boga nanaon." Léos ka kebon pipireun imahna. Rét! kana tanggkal kucubung, nu keur gumucuk, terus ditarukan, dikumbah. Léos balik deui. Sadatangna ka imah, terus moro dapur. Kasampak sééng geus nyéngsréng. Terus daun kucubung diléob, dipeureut, dicocolkeun kana uyah. Lep, dihuapkeun. Teu sawatara lila, Nyi Onih pada ngadeugdeug ku balaréa.

PERKARA SESEBUTAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 11:16:08

Kanu nomer hiji nyebutna Mamah. Kanu nomer dua nyebutna Ibu. Ari kanu nomer tilu nyebutna Bibi. Komo kanu nomer opat mah nyebutna téh Tétéh. Pedah éta meureun umurna ngan kacék tilu taunan. Tapi teu jadi masalah. Asal ulah nyebut Ayi.

NGAJÉGANG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 09:37:53

Peureum kadeuleu, beunta karasa. Paribasa paling pas ngagambarkeun kasono ieu haté. Kumejot hayang geura amprok, nyacapkeun kahayang nu merenyeng méh teu katahan.
Poé ieu pisan nu didagoan mangsana datang, niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama. Geus panceg niat haté moal galideur deui, moal nogéncang kanu lian. Tetep renggenek. Sakapeung sok ngarasa anéh ku diri sorangan, naha dibéré resep ka manéhna? Teu béda-béda teuing jeung nu lian padahal. Awakna rada dengklang, boa éta numatak jadi bahan kamelang, Soca rada sipit tapi nyorotkeun sima nu matak sérab pikeun nu neuteupna Salira lempay, karasa pasrah tur tumaninah waktu awak kuring aya luhureunana. Teu dipaké aral subaha, najan kudu ngaluarkeun waragad nu sawajarna. Lewih ti kitu ogé asana bakal dikojayan. Sab haté kabeuli, saimbang jeung kanikmatan, kasugemaan nu karasa.
Manéhna geus aya hareupeun, soméahna, daréhdéhna masih teu leungit. Kuring nyingsatkeun calana terus ngajégangan manéhna, ongkos diselapkeun kana sakuna.

PANÉN DI ANTARIKSA

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 08:37:03

Wanci carangcang tihang. Berengkes, timbel saundem, deungeuna sangray pépéték, cihérang sabotol. Gap kana pacul, bedog disorén, seja nyawah. Ngamimitian gawé, “Bismillahirrohmaanirrohiim” ceuk Bah Atma. “Gencrang” pacul ngadék Réal Ěstaté. “Gencraaang” pacul gadék Pabrik. “Gencraaangg…” pacul mental, ngapung…kokocéakan. Bah Atma, muntang kana doran kabawa ka jomantara. Nyawah di awang-awang, ngagarokan méga. Tandur di alak paul, gemukna kompos angkasa.
Wanci Isya. Bah Atma, nyanghunjar di ambén. Ngareureuhkeun kacapé, ngupahan haté.
“Tadi ka sawah, Bah?” tanya Guru Maman. “Hageuy” témbal Bah Atma. “Téréh panén atuh?” ceuk Guru Maman bari nyuruput kopi. “Hahahaha…tuuuhhh panén di Antariksa Jang Guru, di Antariksaaaaaaa… hahahaha” Jawab Bah Atma bari seuri bangun nu ngeunah, curukna nunjukan baranangna béntang . Guru Maman, ngaheruk ngusapan tarang.

PÉNEN DI ANTARIKSA

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 08:13:20

Wanci carangcang tihang. Berengkes, timbel saundem, deungeuna sangray pépéték, cihérang sabotol. Gap kana pacul, bedog disorén, seja nyawah. Ngamimitian gawé, “Bismillahirrohmaanirrohiim” ceuk Bah Atma. “Gencrang” pacul ngadék Réal Ěstaté. “Gencraaang” pacul gadék Pabrik. “Gencraaangg…” pacul mental, ngapung…kokocéakan. Bah Atma, muntang kana doran kabawa ka jomantara. Nyawah di awang-awang, ngagarokan méga. Tandur di alak paul, gemukna kompos angkasa.
Wanci Isya. Bah Atma, nyanghunjar di ambén. Ngareureuhkeun kacapé, ngupahan haté.
“Tadi ka sawah, Bah?” tanya Guru Maman. “Hageuy” témbal Bah Atma. “Téréh panén atuh?” ceuk Guru Maman bari nyuruput kopi. “Hahahaha…tuuuhhh panén di Antariksa Jang Guru, di Antariksaaaaaaa… hahahaha” Jawab Bah Atma bari seuri bangun nu ngeunah, curukna nunjukan baranangna béntang . Guru Maman, ngaheruk ngusapan tarang.

TIMBURU KANU HALIMPU

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 07:11:46

Réngsé solat isya, langsung ngagolér dina kasur, pamajikan ogé ngagéléhé gigireun, tapi saréna malah nukangan.
"Kunaon atuh Mah ? Asa benten teu sapertos biasana," ceuk kuring bari nyampaykeun leungeun kana cangkéngna.
Pamajikan cicing, ngan karasa awakna oyag, kawasna mah ceurik.
"Bapa mah geuning teu nyaah ka abdi téh, abong abdi urang gunung, nembé ogé nikah saminggu, tapi bapa tos wantun salingkuh." témbalna berat.
"Saur saha? Naon buktosna?" haté rewas.
"Tuuuhhhh!" nunjuk hapé dina méja.
Gura-giru hudang, hapé dijéwang, dibukaan, tapi weléh teu manggih jawaban.
"Kadieu geura ku abdi !" Pamajikan ngarebut hapé dina leungeun terus mencétan tombol telpon nu rupana héjo.
"Cobi dupi ieu suanten saha?" Pamajikan beuki nginghak.
Hapé ditémpélkeun kana ceuli, hawar-hawar ti kajauhan aya sora awéwé, anu jadi sabab pamajikan timburu.
"MAAF PULSA ANDA TIDAK MENCUKUPI UNTUK MELAKUKAN PANGGILAN INI." bener-bener sorana halimpu, ngajak salingkuh.

TUKANG SARANG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 06:59:32

Ka Rémbong kulantang-kulinting di burieun ténda agréng, bangusna kunyam-kunyem teu eureun-eureun. Sakapeung neuleu langit, laju ngipas-ngipaskeun ramo katuhuna, nu rapang ku batu ali. Langit meredong, ceudeum. Pihujaneun ngagayot. Tina sela-sela ténda pang burina, sawara bikang ngacaprak, ngéngkréng ngajengér. "Deuleu langit Mbong, ulah hayang ngalebok persekotna doang, ari gawé kalahka molor dia mah. Aing teu hayang nyaho. Mun tepi ka kajadian, beuheung dia jaminannana".
Beuki beurang awan kalah beuki nangtang. Cluk-clak, pras-pris. Ka Rémbong beuki sering gadag-gidigna. Pirunan meledug, bau menyan campur pérétékna beuleum uyah, karasa beuki sering. Durugdug, noong ceungceuman di opat pojok, kabéh taya nu ngagunasika. "Gusti, aing tulungan. Mun nepi ka turun, meureun éwé aing moal bisa balik ti imah bidan" ngalengis nyuuh gigireun pirunan, barang pras-pris ngerepan.
Torélap, jelegér. Guludug mairan. Laju peureum, jung nangtung, ranggah nampanan gelap. Geleger, son sistem kadéngé nyawara calagara.
Bray beunta, bréh... éwéna dituruban samping kebat. Dirariung,

TEPUNG GANDRUNG SAJORÉLATAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 06:53:41

Ti dinten ka dinten, kalangkang salira teu weléh kokolébatan, soanten salira teu weléh ngagalindeng dina rasa. Usap réma salira matak gumeter kana raga, hanjakal tepang sareng salira mung sajorélatan bari ngantunkeun gupay panineungan.

KAPIGANDRUNG BALAWIRI

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 05:39:47

Bangun nu taya kacapé. Cilingcingcat dina rasa. Nyaliara ka jerona. Kana dada jeung eusina. Metet taya papadana. Ngabencarkeun uteuk Plato. Beletuk bitu ngawurkeun, kembang wangwangan lalangit. Ngulampréh didadamparan, alketip asih guméték. Bangun ngoconan birahi. Luméntab matak kajiret. Wirahma saban poéna, éstu meupeus simpé jaga. Leungit tan wilangan wanci.
Gumalécok dina ati. Ieu rasa ulah ingkah. Najan dina dangka singget. Hayang ngalanglaung, Nun. Dina umpalan jaladri. Purnama sina maturan. Ayun ambing kokojayan. Bina asih jero anjeun. Ulah..ngahulag asmara, matak jaradi werejit. Anggur jalujur tarapti. Tresna nu teu samanéa, dibénténgan cita-cita.
Tapi anjeun untang-anting, angger hésé dipépéndé. Luar-léor nyosor-nyosor. Guyang leutak bobolokot. Meuntas watés sakarepna. Henteu beunang dilelempeng. Sangkan jeneng bari wenang. Ngungudag kalangkang heulang, 'na jalan netek lungkawing. Nataran mah teu kuhanteu. Tatali asih ngajeprut.
Mangsa hareupeun tetengger, kuring ruménghap dareuda. Ngusap dada laju lambut. Anjeun ninggalkeun mamala. Lémbéréh beureum nyurulung. Nyébor tetengger ku hangru. Ladang anjeun balawiri. Melak asih dina nirca.

NGUNGSI KA BULAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 02:25:48

Jauh ti anjeun,lain hartina kudu terus-terusan mepende ati. Anjeun saukur ingetan nu napel pageuh,ngakar dina satiap renghap. Tiap poé sabenerna kuring teh cape, hantem didatangan ku imut anjeun,,imut nu pernah ngibéran bulan.
Isuk sugan aya ongkos jang naek beca, Tekad geus buleud ek ngungsi ka bulan, Sugan diditu mah bisa numbu-numbukeun ati nu dijojowet ku anjeun basa keur pipirakan.

KAPALINGAN KONCI

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2013 00:03:08

"Kang! sanés ka bumi ngadon kulem di buruan?" Nyi Édoh ngagubragkeun aisan suluh pipir imah kuring
"Puguh Nyi koncina aya nu ngajabel. Tuh gera tingal, maké diganti ku gembok sagala.!" kuring nuduhkeun panto nu aya tulisan "Facebook"
Nyi Édoh ngahuleung. Pok nyarita daria "Alah kantun gentos wé kang. Ngalih laur di pengker taneuh kosong.!"
Cetrék Nyi Édoh muka konci imah kuring. Dikonci deui ti jero. Panto digedoran. Teu dibuka. Leos ka matrial. Jleg! imah hareupeun. Bray! panto dibuka caneom taya pangeusi. Getrét nulis ondangan. Di iderkeun ka sakur nu wawuh. Ki Kuwu sumping masihkeun KTP. Ondangan nungtut tingtorojol. Tingpolohok nempoan bilik can dipulas. Jegér! Sora gelap nyambér suhunan. Bilik ngadadak pinuh ramat lancah. Tingpelentung di buruan pinuh kekembangang. Haseup ngelun minuhan langit. Sili udag jeung méga hideung. Seuneu ngabebela. Ngaduruk imah nu di eusi Nyi Édoh. Tina durukan aya sora babaung. Bréh! silalatu minuhan Nyi Édoh. Gancét jeung Si Tumang.