Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Désémber 2012 (42 Naskah)


BUDAK KENEH

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 23:14:13

Bukit Jalil jadi saksi. Timnas keok dua jendol.
"Ganyang.. Malingsia."
"Boikot!"
Nu gila bola pating corowok jiga manehna nu pangbisana. Komentator ngablam-blam kitu-kieu..
Heg wae, pilakadar cocorowokan mah, asal ulah dipraktekeun weh.
Tuh, tingali di Gaza! Belis Israel nu kudu diganyang, ditumpur-ludeskeun.
Malaysia teh mayoritas Islam. Saaqidah jeung urang. Dulur urang. Piraku gara-gara kaulinan menbal kudu silih ganyang?
Ulah nepika boikot itu, boikot ieu.. Nu ngajadikeun pegatna tali babarayaan.
Komo omaat.. Pisan, ulah nepika ngahina jeung ngaboikot Upin Ipin! Salian ti teu baroga buuk, maranehna teh kapan barudak keneh, pahatu lalis deuih.. Karunya!

Kasihan.. Kasihan.. Kasihan..

*tina status Yanti MD*

TAPA

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 23:07:40

Rumasa, nulis fikmin téh, sok caliweura. Taya pisan mangfaatna, keur balaréa. Ti semet ayeuna, kuring rék tapa heula. Di guha, nu ngan kari, hiji-hijina.

MAJNUN

Kénging Doddy Er Addo
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 23:05:13

Basa Qais ngadéngé béja yen Laila geus dikawinkeun jeung lalaki séjén, Qais ngarasakeun kareuwas nu teu aya papadanana. Dunya asa ngariyeg. Langit karasa runtuh. Béntar sing burinyai disusul ku sora guludug aleut-aleutan dina sirahna. "Lailaa....! Na...meni téga ka Akang. Raga Akang nepi ka kieu téh pédah Anjeun Laila...! Unggal peuting huleng jentul ragap taya dahar teu mirasa lantaran mikiran Anjeun Laila...! Anjeun gé nyaho. Kabéh geus pada nyaho! Akang indit ti imah, geus teu ngagugu kana kahayang kolot, pedah anjeuuun Laila...! Kuring rido disebut Majnun. Sabab da émang enya kuring kagégégéloan ku anjeun Laila! Tapi ayeuna?! Na... meni téga téga teuing. Lailaaa.....!" Qais terus ngajerit nyebut-nyebut ngaran Laila. Teu percaya, yén Laila bakal ngahianat kana cintana.
"Duh Gusti kieu gening nasib diri. Na kedah kumaha ari abdi abdi Gusti?" bari nyegruk ngarumpuyuk sumu sujud .
tapi teu lila, da sangeus nyusut ci panon Qais nangtung deui. Tuluy ngaléos indit. Maksudna mah rek muru tempat séjén. Atuh sugan we aya ngaran Laila nu bisa dipanggihan.

SETYAWATI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 22:44:39

Basa ngajarumat trésna, kembang asih putih wening teu weléh mangkak bari nitis galih sanubari, najan kapaksa ngorbankeun nu ngayugana, alatan Narasoma era ku mitoha dina jiirim danawa, Resi Bagaspati iklas nemahan pati alatan nyaah ka nu jadi putra, tapi teu salah pamilihna, nepi ka palastra di Kurusétra, Narasoma satia mikatrésna ka dirina.

PATUTUNGGALAN

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 22:15:02

Lampu dipareuman. Sangkan teu napuk teuing. Tetep ngahieng. Dusun! Euntreup 'na ceuli. Karasa ngajeletot. Keur nyeuseup. Keplok. "Aduuuh..!" Ngajelengeng. Gigideug. Kuniang hudang. Ngodomang. Kapanggih. Laju ngedeng deui. Nangkarak. Sayaga, nyekel rakét. Lep, mata ngaliuhan. Pitunduheun datang. Ngahieng deui. Euntreup 'na irung. Atah adol! Keplok. Térétét. "Wadaaaw..!" Kasetrum. Reuwas. Hudang ngagentak. Luncat tina dipan. Suku tikudawet. Nyuksruk. Tarang disampakeun juru bupét. Jedak. "Tobat! Tuluung! Tuluuung!" Taya nu nulungan. Kabéh indit jeung papacanganna. Malem mingguan. Uing nyorangan. Di kosan.

KABEL HÉJO

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:53:59

“Kijang hiji ka kijang dua. Kumaha kondisi lapangan? Ganti...”
“Bom tos payuneun, Komandan. Nyuhunkeun instruksina! Ganti...”
“Okéh Sersan! pokus kana bom. Sabaraha menit deui waktuna?”
“Ayeuna 00:05:15 ngitung mundur.”
“Aya waktu 5 menit. Ayeuna buka tutup bomna! Aya sabaraha kabelna?”
“Aya opat...”
“Teukteuk kabel héjo, San!” Krek diteukteuk.
“Paéh bomna, San?”
“Henteu, Ndan. Waktu mundurna tambih énggal...”
“Nu diteukteuk kabel warna naon kitu?”
“Héjo, Ndan”
“Teu salah neukteuk, Sersan?”
“Yakin nu héjo, Ndan”
“Warna naon nu nyésa?”
“Beureum, hideung, héjo...”
“Naha aya kénéh kabel héjo?”
“Kabel héjo aya dua. Héjo kolot sareng Héjo langit.”
“Aaaah Gélo siah. Langit mah biru goblog, lain héjo...”
“Di kampung abdi mah da héjo...”
“Kumaha sia wé lah. Nu diteukteuk téh kabel biru. Hartina waktu ngabeledugna téréh...”
“Siap! Nampi instruksi salajengna...” Hariweusweus.
“Kondisi darurat, Ndan. Limalas detik deui bom ngabeledug. Ukeun paréntah!”
“Okéh! Ayeuna tuturkeun omongan kuring...!”
“Siap, Ndan...”
“Lailahailallah...”

KABEL HÉJO

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:49:38

“Kijang hiji ka kijang dua. Kumaha kondisi lapangan? Ganti...”
“Bom tos payuneun, Komandan. Nyuhunkeun instruksina! Ganti...”
“Okéh Sersan! pokus kana bom. Sabaraha menit deui waktuna?”
“Ayeuna 00:05:15 ngitung mundur.”
“Aya waktu 5 menit. Ayeuna buka tutup bomna! Aya sabaraha kabelna?”
“Aya opat...”
“Teukteuk kabel héjo, San!” Krek diteukteuk.
“Paéh bomna, San?”
“Henteu, Ndan. Waktu mundurna tambih enggal...”
“Nu diteukteuk kabel warna naon kitu?”
“Héjo, Ndan”
“Teu salah neukteuk, Sersan?”
“Yakin nu héjo, Ndan”
“Warna naon nu nyésa?”
“Beureum, hideung, hejo...”
“Naha aya kénéh kabel héjo?”
“Kabel héjo aya dua. Héjo kolot sareng Héjo langit.”
“Aaaah Gélo siah. Langit mah biru goblog, lain héjo...”
“Di kampung abdi da mah héjo...”
“Kumaha sia wé lah. Nu diteukteuk téh kabel biru. Hartina waktu ngabeledugna téréh...”
“Siap! Nampi instruksi salajengna...” Hariweusweus.
“Kondisi darurat, Ndan. Limalas detik deui bom ngabeledug. Ukeun parentah!”
“Okéh! Ayeuna tuturkeun omongan kuring...!”
“Siap, Ndan...”
“Lailahailallah...”

MARSINAH

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:43:18

Rebun-rebun. Kulutrak! Marsinah muka panto kontrakan. Gura-giru ngaluarkeun sapéda. Sajajalan angenna cuscos. Ngacacang. Nyeuit, duméh tadi saukur nyadiakeun kulub bonténg jang mumuluk anakna, Sammizola.
“Sammizola téh ngandung harti améh gedé hamperu siga Emile Zola,” ras talatah pamungkas salakina.

Nikreuh. Ngandelkeun suku sabeulah, hirup pohara beuratna. Lain wungkul manéhna, batur gé sarua weritna. Sawah jeung pakasaban mindarupa. Tina tani jaradi buruh pabrik. Wirahma hirup nuturkeun mesin, bagilir muter aplusan. Indit isuk balik soré, pon sabalikna. Upah tilas-tepus panyombo hirup.

Lain teu hayang hojah. Arék pok heurin ku létah. Pamikiran ditalikung, hésé meta. Najan awéwé, teu éléh déét. Éléh papan meunang halis. Rerencepan. Marsinah ngaharéwos. Pating kecewis. Ti biwir ka biwir. Jadi sabiwir hiji. Hawa pabrik mingkin sahéng, awor jeung giblegna aspirasi. Ngaweuhan ti pabrik ka pabrik. Cakcak bodas rancingas. Ngabandungan. Ngeteyep muka rusiah. Juragan, reup geuneuk. Sabulan kalarung. Marsinah ngajampana, katideresa. Di buruan panti-asuhan, kareungeu kesrak sora sapu dibarung ingsreuk. Sammizola.

PASIR JALIL JADI SAKSI

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:42:58

Peuting masih balakecrakan ngadaharan waktu nu teu tangtu asal usulna, bentang paburantak ngajujut turunan sewang-sewangan. Mega hideung ngahaja sidakep nungkupan beungeut nu antukna peuting jadi nguluwut, sumawonna bentang bengrasna ilang.

Kabeh mencrong ngajojo bumi nu tinggurilap eak-eakan, nempo ka legok teu saeutik nu ngadadak jantungeun, ngarenghap jadi parondok, eungap minuhan dada, aya nu ceurik balilihan bangun nu kanyenyerian, oge seuri kapaksa, pon kitu ditonggoh aya nu beungeut euceuy huntu kekerot nahan kaambek nu kapegung minuhan rasa mokaha.

Peuting, bentang jeung mega silih pencrong bangun nu pada surti, tuluy muru ka bumi nyurup jadi jalma nyanghareup kotak gambar nu ngaranna televisi...

Paingan, timnas keok dua jendol jang.. Peuting cumalimba, bentang jeung mega lolongseran.

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:39:18

Geus Kitu Kuduna

KAHIBARAN

Kénging Purnama Alam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:26:47

Panon poé ajeg tengahing wanci. Spéker Masjid tingarulang. Gugupay. Tinglalénghoy warna-warni pasemon. Haji Somad, kokolot pasar. Najan pangheulana, katempo léngkahna semu nu beurat. Dituturkeun nu samutut jeung nu uleng mikir. Di lebah ditu, Ki Mahdi ngerepan léngkah. Sieun kaporotan barjamaah. Ana jol, da enya wé! Kaporotan. Gasik asup. Bet ngadon ngahuleng. Nyaksian Haji Somad, imam, bur-ber ngiangkeun dagangan. Ka Tasik. Sumedang. Ciamis. Nepi ka balikna deui ka Garut paciweuh adu regeng harga. Si Aki undur. Solat sorangan di tukang. Réngsé nu barjamaah. Kabéh mencrong ka manéhna. Tinggerendeng. Pada pupulih ka imam. Bérés Si Aki solat, laju ditalék. "Naha teu nga-amum?" Haji nahan ambek. "Pangapuntenna, Jang Haji! Aki mah geus kolot, moal katanagaan nuturkeun. Komo dina memenitan kudu sasabaan ka ditu ka dieu kitu mah, moal kiat!" walon Si Aki, tétéla.

MANUK BURUNG

Kénging Abah Helmi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 21:19:06

Taman Maluku, leungeun katuhu nyekelan manuk, geus bocor, kaciri baceo terus. leungeun kenca ngeukeuweuk duit sarebu. Diasong-asongkeun. Nu pituin, nu kajajaden tingburiak garilaeun. Dasar burung!

W A F A

Kénging Ahmad Siti Jamilah Hamudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 20:55:11

Di Raudhoh Ar Royyaan Lil Banaat. Kiduleun tangsi Israél nu pinuh ku asykari nu éjégélér ngajaga lawang sakéténg nu bras ka Gaza. Sabada istirahat ka hiji, aya razia ngadadak. Banaat tos teu aranéheun deui, komo ti saprak Israél ngablokade jeung ngabombardir deui Gaza. Sasaran raziana kayaning hapé, iPhoné, jeung barang-barang nu nyurigakeun pikeun alat picu bom bunuh diri. Tapi lamun kaayaan riceuw kieu mah, sakadar nyelapkeun gambar Syéh Yassin gé sok milu karampas.
Harita nu ngarazia mudir langsung, dibantu ku wali kelas. Baris ka hiji, ka dua, ka tilu, bérés taya masalah. Wafa nu diuk di baris ka opat, bangku ka lima tagiwur. Kantong dicekel pageuh. Mudir tos dugi bangku ka opat. Kantong beuki ditangkeup.
"Weriniy shanthotik." Wafa késangan.
"Ya bintiy, yallah weriniy." Wafa carindakdak, kantong ditangkeup pageuh.
Mudir miwarang ka wali kelas supaya neruskeun hancana. Wafa dituyun, dicandak ka rohang guru. Song, cai herang sagelas.
"Yap geulis. Ibu ningal tasna. Aya naonan?" Wafa gideug, bari nginghak.
"Mangga atuh buka ku anjeun." Wafa ngagugu. Eusi tasna taya nu anéhan. Buku, patlot dikaluarkeun. Mung nu panungtung mangrupa bungkusan! Bray dibuka.. Eusina ukur tamiz jeung khubus sesa.
"Abdi isin pami diudulkeun dikelas. Roti sésa kénging ngempelkeun waktos istirahat. Tuangeun ummi sareng pun adi kin di bumi.."
Mudir teu wasa nahan cimata, gabrug Wafa ditangkeup tipepereket.

*kenging tina tautan teman*

SERAT KANGGÉ MAÉSAROH

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 20:41:35

Sawangsulna ti Johor, sim kuring karah ngaheruk, Maé. Ngeungeuweuk serat Pa Hadi, duka saha nu kedah dituju. Di Jakarta, panto ting gorowong, lampu harurung hérang. Tapi, tiap korsi bangun suwung. Kantor-kantor, oge stémpel nu reuteum di juru méja, sapertos jalmi nu tanpadaksa. Teu walakaya. Hirup niliktik nyalira, tara ieuh aya nu garah geureuh.
Kiwari, koran-koran nuju ribut mertélakeun UMR nu dugi ka Rp 2,2 yuta. Wiwin sabatur-batur ajrag-ajragan, taun payun baris narampi rapél. Mumuh ngiridit bumi di Cempaka, teu tebih ti pabrik tempat damelna. Yéti mekelan giwang ka ibuna, nu ngadangkal ka Purwakarta mireng putrana kasinugrahan. Dibenum janten staf diréksi.
Di dieu, di léngkob Pabayuran, Binsar sareng sim kuring pating haruleng payuneun komputer: Bingung, kumaha mayar padamel nu gajihna kedah nérékél. Di Cidaun, si Ema gogorowokan: Ihad saadi-adi tos sapuluh taun teu acan kénging gawé. Serat ti Pa Hadi kaluli-luli. Maé tangtos teu acan tiasa kaluar ti rumahsakit.

PAPUKET

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 19:21:58

Hiuk. Jedak. Bangbaraan. Sakilat. Nyingcet. Sor suku. Dirojokkeun. Koléang..bru. Peureup buleud. Bangun nyeceb. Ngek, keuna. Gurinjal. Leungeun ditongtak. Awak ngabetrik. Tajongan tipuan. Bari malik. Jiga rék kabur. Sérépét..nyamos. Ngelok ngatuhu. Dipapag ketigan. Jebrod..careham keuna. Palebah tungtung. Huntu coplok.

"Nuhun. Geus saminggu. Nyanyautan waé. Bébas ayeuna mah." Laju silirangkul.

KALANGKANG

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 19:14:57

Teu weléh ngukuntit, kalan-kalan nutur-nutur ti tukang, sakapeung sok miheulaan, malahan sok aya Beulah kénca atawa katuhu, nu puguh tara pasti beulah mana nuturkeun diri

SURAT KEUR CALON...

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 19:10:41

Lain, lain ngan ukur kedal sumpah nu pinuh ku runtah, tapi bener-bener nu bisa mawa amanah bari daria dina ngemban pancénna pikeun karaharjaan balaréa nu geus milih manéhna

ABI OPÉ MAMAH

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 17:41:48

“Mamah, pami midangdam téh naon?” cekéng rada cadél mangsa maca fiksimini basa Sunda.
“Midangdam téh sami sareng mikainget” pokna bari ngusap embun-embunan. Kitu jeung kitu sapopoé.
Rumasa budak kamari: jung nangtung – léngkah sakali – gudubrag. Nyéh pun biang seuri laju tuur di usapan. Teu kebat, burutuk, gubrag. Jung nangtung – seureuleu – jengkang. Antukna mah ngorondang.
“Badé kamana atuh adé, dieu!” pokna nyauran tikajauhna. Reukeuteuk kuring seuri. Korondang deui – pun biang nyampeurkeun. Anjeuna imut mangsa kuring mikeun kempelan fiksimini nu ditulisan beunang kuring dina keretas sababaraha soék. Ci socana ujug nyalalangkrung dina bulu socana.
“Pami deudeuh téh naon mah?” Cekéng bangun nu teu ilik. Teu buru di béré apal, kalah ngok nyium. Reukeuteuk kuring seuri, sedeng pun biang kalah sibuk nyusut ci soca. Teu kungsi lila.
“Abi… !!! Ieu tinggal budak!” pokna ti jero kamar.

DITUSUK

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 17:09:32

awak aduregeng bari panon rambisak, leungeun jeung suku teu bisa dioyagkeun, saeutik ngeser ge langsung ngajedud.. padahal nangkuban teh karek sapuluh menit. Cipanon teu katahan bet kaluar teu bebeja, era weh disangka lalaki leutik burih, tapi da ieu mah nyaan linu mun oyag saeutik oge.

Diajaran ngimpleng lamunan jeung pangalaman anu keur aya dina kasenangan, keur bagja jauh tina kasedihan, nuju hepi saur murangkalih gaul mah. Tapi angger we saeutik nguliat langsung ngajeletut..

Antukna mah ditatahan we sakumaha cangkeulna teh bari bijil kesang ngoprot jeung rada bau, padahal mandi mah rutin saminggu sakali.

Ahirna perjuangan nahan kanyeri teh rengse..aya tilupuluh jarum akupuntur nu dicabut tina tonggong. Cag.

MENTA JAMPE

Kénging Achmad Dradjat
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 16:49:04

" Kang nyuhunkeun jampena sangkan abdi jongjon digawe di sakola teu dirongrong ku tamu anu teu dikenal.! " Ceuk Pa Tatang hiji waktu.
" Jampe naon atuh Yi akang mah teu gaduh jampena, eta mah kumaha urangna "
" Ari sareng nu kenal mah teu nanaon Kang, tara seueur saur, aya geuning nu sok tipopolotot, jual anu, menta anu, sumbangan anu."
" Akang mah satungtung nyekel pingpinan di sakola, tempat diuk tara misah jeung guru malahan saampar, papan nama Kepala Sekolah ngahaja teu di pasang, didieu kauntunganana nu matak akang mah jarang kadatangan semah teu wawuh salilana ge."
" Untungna di mana kang ?"
" Kapan lamun aya semah nu teu wawuh nu ditanyakeun teh kepala sakola tara nanyakeun guru."
" Ke...ke can ngartos kang !"
" Hiji waktu akang kadatangan semah teu wawuh cenah ti Pusat datang-datang nanyakeun kepala sakola, ari nanyana ka akang pisan, ku akang dijawab keur kaluar padahal guru-guru harita keur araya kabeh da waktuna istirahat."
" Eta semah nanyakeun tektek bengek sarana prasarana malahan jeung nanyakeun BOS sagala "
" Diwaler ku akang ?"
" Nya enya atuh, piraku teu dijawab satungtung nanyana henteu nyimpang tina aturan mah"
Serengeh Pa Tatang seuri ngartieun meureunan.
" Paingan atuh akang sok katingal disaur ku UPT, panginten nampi laporan akang sering mangkir."
" Nya .... tapi da tos apaleun pingpinan oge, sok komo ari guru-guru mah tos dikilungan ti anggalna, nu penting mah jadwal kegiatan dilebetan sina ka baca ku sarerea."
" Nuhun Kang ah, bade diturutan ku abdi hehe..."

NU NYARANG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 16:28:02

Hajat Bapa Ageung. Pajah, waragadna gé tepi ka milyaran. Digelar tepi ka tujuh poé tujuh peuting. Pangbagéa murudul ti gegedén. Kaom ménak taya nu teu kaondang. Rayat purah babantu. Cenah, geus sakuduna kitu. Candoli petingan. Balandongan dipulas emas. Malati seungit ngadalingding.
“Omat, tong poho! Disarang!”
Tukang nyarang kahot dikerid ti sakuliah nagri. Nu kuleuheu, nu ginding. Ti poé kahiji geus ngetrukkeun sakabéh élmuna. Dibarung rupa-rupa parabot katut rampé. Dipasieup wirahma jampé pamaké. Ngagugulung rangrang. Melak halu. Ngawur uyah. Taneuh dikalang. Cindekul na juru nu hieum. Babacaan.
Barudak éak-éakan. “Trang-trang koléntrang. Si londok paéh nundutan. Tikusruk kana durukan. Mesat gobang kabuyutan. Nyéh prot nyéh prot. Nya nyéréh nya kempot!”
Nu nyarang ngababétkeun sapu nyéré. Awakna ngagaleter.
Handaruan sora ti langit. “Eureunan, siah! Teu disarang gé aing mah moal turun! Bumi nyaranéh geus pahang, deuleu!”
Tigerat parat tepi ka tujuh taun.

LAHANG JEUNG KAHAYANG

Kénging Wawan Darmawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 15:38:32

Teu sirik unggal poe tangkal kawung tukangeun imah teh diilikan. Asana moal aya nu pang bagjana hirip teh. Sakeudeung deui ge kembangan tah kawung teh. Kabayang dina lamunan. Sapoe salodong, diitung eusina kira-kira 70 gelas. Sagelasna teh rp. 2.500. Lamun ditinggurna apik, sigana bakal kaala 3 minggueun mah. Eta teh tina hiji leungeun. Lamun ditilik-tilik, pileungeuneun na teh aya 3 jadi kuring teh tinggal ngitung. Bisa meureun keur ningkatkeun biaya rumah tangga mah. Diitung 3 leungeun x 21 poe x 70 gelas x rp 2.500, meureun jadi kana 10 jutaeun mah. Lumayan cek hate.
Rebun-rebun keneh geus hudang, sanggeus solat di masjid, koreleng ka tukangeun imah, tangkal kawung tetep ngabedega, siganu tetep tigin kana janjina rek ngabagjakeun ngabagjakeun nu boga. Kabagja beuki nambahan, Asih, budak nu bungsu keur meujeuhna kembang buruan. Harita nyampeurkeun. Cek kuring : "Ke sabar nya bageur ... hoyong naon, ke ku abah dipangmeserkeun. Budak seuri jiga nu suka.
Dua poe ti harita langiut angkeub. Kuring jeung pamajikan cuh-cih nenangan budak bungsu. "Na kamana ulinna atuh budak teh" pamajikan nyarita semu keuheul tapi melang. "Matak kami mah teu nyaho, pan bieu teh kakara datang ti sawah da sieun kahujanan", kuring mairan. Buricak ... jeger sora gelap meh bareng jeung kilat sarta dibarengan ku sada budak ngajerit. Bari istigfar kuring moro ka lebah datangna sora, nu sidik tukangeun imah.
Gusti ... na geuning bet kieu jadina. Tangkal kawung nu dipusti-pusti teh kabentar gelap teus ninggang si bungsu nu aya handapeunana. Allah hu akbar...!

WANCI SAREUPNA

Kénging Acep Deri Cahyadi I
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 15:12:58

Langit alum, bulan henteu pati béngras, méga bodas tingsoloyong, lapat-lapat sora gunung, galindengna matak waas, kagagas, satengah mupuas. Malati siga nu seuri, kembang wéra jiga nu ngéra-ngéra. "Awas aya kila-kila! Awas aya marabahaya!" Juringkang palebah geréja maniloka, handapeun munara. Aya wadiabalad ngajega, pangawakan museur tangtungan, gagah, perkasa. Péstol rabeng muru warugana, teu rogrég-rogrég. Rebuan pélor geus di kerid, "dar-dér-dor" sorana ti unggal juru madhab. "Jelegur", bareng jeung cai nu ngaguruh handaruan. Clak, clak, clak, koréjat, pangacian lalumpatan, hujan rongkah meulahkeun talang handapeun suhunan.

NU DATANG MAWA KAMELANG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 15:08:05

Imah potongan baheula. Dina korsi tepas, hiji awéwé umur
tilu puluh lima taunan keur muih-muih tasbéh. Biwirna
karérét keur babacaan. Keureutan beungeutna nu geulis,
leuwih cahayaan, katambahan ku gurat sabar na sorot
panonna.
"Mah....Nénéng tos réngsé ngadamel PR. Tos ngupingkeun
deui dongéng nu énggal. Bapa mah pinter ngadongéng, nya
mah?" Budak umur salapan taunan meni capétang
nyaritana.
"Ngadongéng naon bapa téh, geulis?" Imut, bari tuluy
metot anakna lalaunan. Dilahun. Ditangkeup ti tukang.
"Ngadongéng taman sareng walungan nu caina aya tujuh
rupi. Saur bapa mah, seungit caina téh. Nénéng hoyong
ngiring ka bapa, tapi saur bapa, tong waka ayeuna." Teu
weléh capétang.
Manéhna imut deui. Mageuhan tangkeupan, bari gado
diusap-usap kana sirah anakna.

TISAPRAK

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 14:30:16

Teu nyangka puguh gé. Indung Si Cikal ngadak-ngadak akrab jeung indung Si Bungsu. "Saha nu geus boga jasa?" haté tumanya bari pikiran mah kumalayang ka jauhna. "Abdi badé jajap heula mamahna Si Enéng ka Sumedang. Pulang-pergi da...," ceuk Indung Si Cikal bari sun tangan. Rot cikopi nu ngan kari gegedohna dibéakeun, belenyeng ingetan kana obrolan akina barudak. "Apa mah mun geus sapatemon jeung indung hidep, tara langsung beberesih, harita kénéh indit ka indung hidep nu kadua. Kitu tah carana mun hayang boga pamajikan alakur mah," soanten Apa ngadak-ngadak ngajelengéng deui kana ceuli.

SI JALU

Kénging Erwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 14:29:27

Kapireng ngagoarna bedas naker. Roroésan. Haté bungangang. Kedal teu eureun sukuran ka Anjeunna. Sedih kingkin salila ngadagoan dalapan taun, digantian ku hiji kabagjaan dina poé ieu nu taya hinggana. "Mangga, Pa!" Ceuk bidan bari ngasongkeun orok nu karék dimandiaan. Dibedong. Gasik ditampanan. Kaangseu seungit minyak telon. Sora ngageter basa ngahaleuangkeun adan lebah ceuli katuhuna. Disambung qomat lebah ceuli kéncana. Kawajiban saurang bapa pikeun anakna nu karék gubrag dilahirkeun ka alam pawenangan. Gedé harepan, mudah-mudahan dijadikeun budak nu soléh. Orok diteuteup. Celengok kana taarna. Cimata kabagjaan murubut teu kaampeuh. "Kolostrumna énggal pasihkeun!" Ceuk bidan. Orok disarékeun sisieun indungna. Burial. Lol. Gep. Orok jiga nu surti. "Capé, Mah?" Nu ditanya saukur godeg dibarung ku imut. Anteb niténan orok nu keur ngagenyol. Bangun nu halabhab. Cumalimba. Nempo cocooan kameumeut ayeuna geus direbut ku Si Jalu. Orok malik ngarérét ka bapana. Ngiceupan.

ANGGRAÉNI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 14:29:07

Kuring nu satia ka salaki, moal katipu ku kasépna satria panengah Pandawa, nu cenah ceuk béja, Arjuna satria sakti mandraguna, hanjakal eta béja bngan saukur béja nu taya hartina, Ékalaya nu jadi acining birahi Anggraéni palastra alatan kalicikannana, béhna mah nu katelah Janaka, lalaki leutik burih bari ngotoran kasatriannana.

BARUNTAK

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 14:04:00

Laut, reujeung cucuk lauk. Gunung, jeung regang regang kai. Kota, nu pinuh sampah. Padesan, nu parena hapa.
Mahasiswa, hideng tawuran. Pamingpin, nu ngarampas hak rahayat.
Sakabehna sadia, Ngan di indonesia.

RÉMA-RÉMA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 13:59:27

Bobogohan jeung manéhna méh unggal waktu amprok, digulang gapér nepi ka lecek, kuleuheu. Alusna manéhna sabar, tumarima baé sanajan dikukumahakeun ogé, malah mun kuring kabandang kunu lian gé, angger baé sikepna basajan saperti biasana, samalah mah leuwih soméah.
“Batan malaweung mah mending ngobrol sareng abdi” manéhna ngaléndé na lahunan, kajeueung bajuna geus lalayu sekar. Kuring unggeuk, najan horéam gé maksakeun nyaliksik kalawan delik, ngilo kalawan gemet malah mandar uteuk bisa ngamaphum.
“Ang… abdi atuh…ang! Pilih kasih ning? Pan abdi gé tos dipimilik ku Akang” manéhna raong pating selendep mépét, terus parebut diuk na lahunan. Kuring kasedekeun ka juru panto tapi maranéhana terus muru, ahirna katindihan, ngalempréh. Maranéhna puas kuring lungsé.

Poe ieu kuring wisuda diiringkeun ku pager ayu. Lir bidadara turun ti kayangan, gandang, tegep taya karingrang. Karasa nikmatna ‘perjuangan’, teuing mun kuring kuliah curang, pasti ukur kahieuman kalangkang.

SILOKA

Kénging Ki Denkur
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 13:28:43

Seunggah nyorang lampah. Lebah nanjak bakal nengek. Kudu roroésan néangan pamuntangan. Ngahégak. Mun mudun tangtu nurugtugna. Teu bisa rusuh. Inggis titotog kana gawir nu sakitu nangtawingna. Jukut riut, putri tidur, sabangsaning cucak cucuk, geus nyampak ménta wadal. Sakali dikoséwad, ngagorobas tangtu baloboran getih, tinggalabres.
“Badé kumaha atuh urang téh geulis?” pok téh ngarérét kanu geulis. Nu dirérét ngeluk tungkul. Katangén tina kerut taarna, ngemu kabingung.
“Urang lakonan wé Kang, urang singraykeun heula sagala hahalang lampah urang,” cenah.
Krek, dua dampal leungeun pacekel, geugeut pageuh. Saléngkah dua léngkah, leumpang waspada. “Geulis tebih kénéh?” cekéng.
“Sawios Kang urang leukeunan wé. Akang ulah pegat ti abdi nya, bilih abdi tigebrus,” cenah.
Tékad beuki buleud, rék nungtun nu geulis nepika puncrutna. Bréh leungeun jadi jangjangan. Geleber nu geulis dibawa hiber. Teu leumpang deui. Tapi angger kudu norobos heula hahalang nu di luhur. Pucuk caringin, dahan alba jeung méga ngagulung sakapeung meredong sakapeung bodas nyacas.

TITIS TULIS

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 13:16:46

Ari ngajenghak nyeri dada waktu ambekan mah sering ngalaman tapi biasana tara lila ngan saambekan, kadua-katiluna geus teu nyeri deui. Tara ka dokter da ngarasa séhat. Pajarna gé panyakit mah tong dirarasakeun teuing, engké gé cageur sorangan. Dina hiji waktu, nyeri dadana karasa deui. Ngarenghap teu bisa jero dan nyeri, eungap pisan. Ngajenghak , dada nyeri jeng peurih. Saenggeus sapuluh menit kitu na téh, ambekanna normal deui. Teu sakara-kara. Keur naon ka dokter ari cageur mah ? Tilu bulan ti harita, manéhna ngarasa nyareri saawak-awak, dada, beuheung, taktak, caréham, angen jeung tonggong. Cenah, dikerokan gé biasana sok jagjag deui. Teu lila ti harita, manéhna teu bisa ambekan pisan. Maot di tengah jalan ka Rumah Sakit.

TIBATAN EUWEUH

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 13:02:49

Mang Ateng lalaki sajati lalanang jagat, panggagahna sa Kabupaten Cikeumeuh.

Hiji poe manehna hayang tanding, tapi euweuh deui anu wani ngalawan. Keur kokotetengan neangan lawan, manehna tanggah kana tangkal manggah, langsung manehna ngomong " you are next, sweety" omongna teh bari nunjuk ka anak careuh.

(inspirasi : status rerencangan anu ku abdi dipairan)

MACET

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 13:01:01

Teeeet!! teet!! teet!! kelakson mobil motor patembalan, ti ditu ti dieu. mobil ngarayap maju salengkah salengkah. Supir angkot tinggorowok da puguh diudag udag setoran. Geus puguhing motor jiga siraru tinggeleber, sakitu mobil di jalan kot ka ngentep teh.
Nu gigireun pipilueun kukulutus, nyalahkeun pamarentah nu mere ijin trayek treuk abra jeung toronton nu ngakut batubara. " geus puguh jalan leutik lain tol ieu teh." pokna bari kutuk gendeng.
Sora tut tet kelakson mobil motor paselang jeung pating corowok supir. lila lila salin jinis. jadi tingjarerit, tingkoceak. kuring peureum bari nungkup ceuli. Tapi nu tingjarerit angger kadenge. Sorana nobros kekendangan ceuli, nyolokan panon irung, nyasaak sirah. Leung lieur teu inget di bumi alam.

TEU APAL MIMITINA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 12:17:32

" Kumaha mun digabungkeun ka Enonesa jadi propinsi nu ka 35 ...!"
" Naon tea , Bah ....? "
" Heueuh eta ....Palestina ....!"

BUKU-BUKU(22)

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 12:01:07

Bobogohan jeung manehna meh unggal waktu amprok digulang gapér, nepi ka lecek kuleuheu. Alusna manehna sabar, tumarima bae sanajan dikukumahakeun ogé, malah mun kuring kabandang kunu lian laju pindah tresna ka lain manah, angger baé sikepna basajan saperti biasana, samalah mah leuwih soméah.
“Batan malaweung mah mending ngobrol sareng abdi,” manehna diuk nyaketan, pédé baé sanajan bajuna lalayu sekar. Kuring unggeuk, najan horéam gé maksakeun nyaliksik kalawan delik, ngilo kalawan gemet malah mandar ka cangkem ku uteuk.
“Ang… abdi atuh…ang, pilih kasih ning? Pan abdi gé tos dipimilik ku Akang” manéhna raong bari sing selendep mépét, terus diuk na lahunan, kuring kasedekeun ka juru panto tapi maranéhana terus muru, kuring katindihan, ngalempréh, maranéhna puas kuring lungsé.

Poe ieu kuring wisuda diiringkeun ku pager ayu. Lir bidadara turun ti khayangan, gandang, tegep taya karingrang. Karasa nikmatna ‘perjuangan’ teh, teuing mun kuring kuliah curang, pasti ukur kahieuman kalangkang.

TEMBANG TUNGTUNG HAREPAN

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 10:53:34

Jauh dijugjug anggang diteang. Mapay beja ngudag cenah. Nyacapkeun kapanasaran.
"He angin! Cing mere iber teh nu pasti jeung yakin benerna! Dewek geus sagala beak."
Hiuk, gelebug! Angin napsu. Laju luluncatan ti pucuk ka pucuk tangkal. Runyah-renyoh
siga monyet rek ngarontok, ngerewes, nyakar, ngegel. Kasigeung, disangka ngalejokeun.
Gerewek buukna. Biur dibawa ngapung. Dibuntang-banting.
"Sok bisi rek bebela mah!"
"Ampuuun! teu ngarti!"
"Pikir! Rek menta tulung ka saha?"
"Teu ngartiiiiiiii!"
Belewer dibalangkeun. Nyangsang na kawat listrik. Gegerepekan. Untung kaburu ragrag. Ngan awak rangsak.
"Tah kitu melaan kasakit teh. Komo nu ceuk manusa can aya ubarna mah." Angin mindoan.
Janari ngagayuh ka subuh.
"Nun Gusti, rumaos tambarakan. Sarupaning hariring peuting dirampid. Teu nolih hak.
Upami bade didamangkeun, moal dimurah-mareh deui. Upami ieu jalanna maot abdi, mangga. Abdi nampi."

BANYUASIN (JANG MAMAN PUPUS)

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 10:07:12

Ti saprak ngadon ngobrol di bumi Pa Lurah, ngeunaan hoyong pupus di masigit bari ngeukeupan laptop, tiap tepang, anjeunna karah teras nyarioskeun perkawis Banyuasin, hiji tempat nu teu acan kantos katincak ku anjeunna. “Ajengan, rupina éndah kacida upami urang salelembur ngumbara ka Banyuasin. Urang icalan baso atanapi miara kalenci, étang-étang mantuan pamaréntah ngawujudkeun swasembada daging, ” saur anjeunna – bari teras mukaan situs pemkab Banyuasin.
Malih, samulihna nepangan Kang Asép di Lémbang, tumaros ngeunaan bagbagan budidaya kalenci, anjeunna gé kantos ngagaleuh kalenci sajodo ti Pasar Héwan. Mung karah dikencarkeun di taman payuneun bumina. Atuh, kalenci téh maraot. Strés, da seueur teuing dicoo ku barudak. “Keun, étang-étang diajar...,” saurna téh.
Ari tadi subuh, Mang Albért karah hariweusweus: Basa muka lawang masigit badé ngahaleuangkeun adan awal, Jang Maman ngajepat payuneun mimbar. Tos teu aya di kieuna. Di gédéngeunna, laptopna masih hurung. Malih, internétna gé nuju online. Situs pemkab Banyuasin dina layarna. Innalillahi... Wilujeng angkat, Jang...

TELAT SABULAN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 09:47:31

" Pih , tos telat sabulan !"
" Alhamdulillah atuh ,Mih... .Keun tong buja-beja heula ka batur ,isin bisi teu tulus !"
" Puuunten.....! , araya di bumi ?"
" Mangga , Pa .., bade aya naon ?"
" Sim Kuring patugas PLN . Telat sabulan nya , Pa !"
" Haar ..geuning Bapa terang ? ..."
" Kantenan we terang mah atuh , pan sasih kamari teu acan mayar !"
" Walah kumaha atuh ? "
" Nya panginten kapaksa upami teu dibayar sasih ieu gaduh Bapa mah diputus !"
" Aduh ..upami diputus abdi ngangge naon ?"
" Nya sapertos nu sanes atuh digentos ku lilin !"
.........

NISKALA LINGBUNG

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 09:22:22

Niskala, keur ngalamun. Di sisi walungan, nu caina hideung tur pinuh ku runtah. Ka ambeu, selengseng bau bangke. Ohek! Manehna utah, na handapeun tangkal beusi nu ngaranna sutet. Panonna ramisak, peurih ku haseup pabrik jeung knalpot kandaraan. Hegak, karasa eungap. Niskala, kapiuhan.

NISKALA LINGBUNG

Kénging Djiwa Saksena
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 09:22:21

Niskala, keur ngalamun. Di sisi walungan, nu caina hideung tur pinuh ku runtah. Ka ambeu, selengseng bau bangke. Ohek! Manehna utah, na handapeun tangkal beusi nu ngaranna sutet. Panonna ramisak, peurih ku haseup pabrik jeung knalpot kandaraan. Hegak, karasa eungap. Niskala, kapiuhan.

SOS

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 05:31:29

Gidig ka ditu, gidig kadieu. Mang Dudung sibuk ngilu ngurus bantuan keur korban bencana. Ti isuk jedur nepi sorè jedèr manèhna nulis ngaran anu mèrè bantuan, nulis sabaraha urang korban anu perlu dibantu, nepi ka ngangkut barang jeung utuh etah ka relawan lainnna.

Dirigdig ka lokasi bencana, eta bantuan teh dibagikeun rata kabagean kabeh. Atuh para korban barungah, meunang duit munel, meunang indomie loba, meunang baju aralus keneh, waaah pokona ceuyah jeung bungah..ngah..ngah weh.

Cape. Mang Dudung reureuh nyusutan kesang nu luut lèèt. Waktu geus manjing magrib. Sabot kitu, meunang sms ti pamajikanna :

"Bapana, Si Ujang meunang surat ti sakolaan, ti mimiti isukan teu meunang sakola deui da can mayar spp 4 bulan. Usaha atuh bapana, neangan duit sangkan budak bisa sakola, jaba adina ge can boga saragam sakola deuih, kentèng imah bocor, hansip nagih uang ronda, anu boga imah menta duit kontrakan, cing atuh bapanaa...".

Langit angkeub,sakeudeung deui hujan badag

ARTIS KDI

Kénging Jana Adiwilaga
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2012 02:12:26

Anis, rumaja geulis, alus laur hadé tantung, pinter nyanyi, bentang Lembur Cilayung.
Harita téh keur mejehna ramé artis KDI, nu dipigandrung ku Anis.
Anis mindeng tampil jadi biduan dina hiburan organ tunggal di lemburna atawa tatangga lemburna.
Hiji mangsa ba’da isya. Anis wakca ka indung bapana, yén mun manéhna maot hayang didangdanan jeung dirias jiga artis KDI. puguh wé indung bapana rewas lain memeesan komo indungnamah nepi ka rawah riwih.
Sabulan ti harita Anis di pundut ku nu Rahayu di ala ku nu Kawasa, atuh lain deui saréréa bingungna, sanggeus babadamian jeung kokolot lembur nya layon Anis satutasna dimandian, didangdanan, diboéhan, disolatkeun sarta dikurebkeun.
Waktu layon diasupkkeun kana liang lahat, sanggeus merenah paleubah pameunteuna dibuka, na atuh barang dibuka layon téh nyarita, “NAKSIR NI YEE”, da étamah nu ngureubkeun kuat ka rajleung bari terus notog notogkeun manéh, atuh kitu deui nu nganteur kuat ka buriak kalabur.