Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 April 2013 (30 Naskah)


MELAK CABÉ, NU JADI KALAH BONTÉNG

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 23:00:37

"Nyi, kumaha upami nikah urang tunda heula, sa-usum mah.?" Markum ngalieuk ka Mimin. Jongjon ngarabutan jukut teki. Leos, Markum ningalkeun jarami nu ngabebela. Nyampeurkeun Mimin. "Maksadna kumaha kang..? Mimin asa teungartos..?" tanggah ka Markum.
"Kieu Nyi, artosna ku Akang badé dianggé modal melak cabé, meungpeung pangaosna lumayan.."
Mimin nyaluyuan.
"Teulangkung , asal ulah janten bonténg we.."
Tatanén ngemploh héjo. Matak betah nempo. Markum maheutkeun poé kawin. Kulawarga Mimin sasadian. Sagala diayakeun. Kitu pamèntana Markum.
Duit geus béak malas juta. Cabé teu ka obat. Kaserang hama hileud. Kapaksa nganjuk ka Juragan Dana. Isuk kénéh Markum ngagidig ka kebon. Cabé sanggeus diobat kamari kabéh paéh. Asa ditujah badak. Markum ngembang kadu.
Nyawang pasawahan héjo lémbok.
Reg.. Motor eureun. "Mar., yeu.. katitipan uleman. Sareng ieu.."song ondangan jeung surat. Gap, ditampanan. Béréwék... Ceg surat dibaca "Kang... Mimin dijodokeun ka Juragan Dana. Hapunten nya..." rét kana ondangan. Kapireng poto Mimin ngembang céngék.
Markum jadi ngembang bawang.

KUKUPU KERTAS

Kénging Dewi Mentari
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 22:50:06

Kahayang mah urang téh ngobrol, Pay.
Ngarah jelas. Lain ngambang saperti ayeuna. Da masalah ieu moal bérés ku sms. Pan tungtungna mah kalahka silih sangka. Atawa silih salahkeun. Pok atuh geura balaka. Keuna ku paribasa. Hadé ku omong goréng ku omong. Geus capé haté tunggara. Pon kitu deui cimata. Boa geus ngamalir nepika sagara.
Wi hayang bagja. Siga baheula.
Teu tahan. Kasiksa. Ku jalan-jalan panineungan nu ku urang kungsi disorang. Inget waé. Jaba loba jangji nu can kasungsi.
Sakali deui. Wi teu tahan, Pay.
Hésé haté rék sadrah. Malah kalahka nimbulkeun amarah.
Kunaon, Pay? Ujug-ujug ngajauhan, satutas ngalungkeun trésna? Bari jeung ngiwat ieu haté?
Henegna ieu rasa. Ku Wi diawurkeun dina kertas kayas. Rek dijieun kukupu. Susuganan bisa hiber. Nepikeun tunggara nu mingkin rosa. Ka salira….

NÉANGAN LOLONGKRANG

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 22:38:16

Di sisi basisir Santolo, lambak ngéplok nyéblokan awak nu keur anteng ningali parahu nu ngangkleung di tengah sagara. Teu galideur najan lambak badag nembag kana awakna. Lés, parahu teu katingali deui. Lina cengkat tina diukna, lalaunan leumpang muru tengah sagara. "Lin! Geura atos ngeueumna, énggal beresihkeun di hotél, bilih siang teuing pan badé teras ka basisir Jayanti!" cék Gunawan ngingetan pamajikanana. Gebeg! Lina ngagebeg. "Satadina mah hayang ngojay leuwih tengah, susuganan lambak ngagulung awak, neuleumkeun raga badag. Keun ah! Sugan engké di basisir Ranca Buaya atawa di basisir Jayanti!" gerentes haté Lina bari nyampeurkeun ka Gunawan.

NINI-NINI NGIMPI

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 22:15:45

: 17+

"Cu! Tadi téh beurang-beurang Nini keur indehoy dina bangbarung, baru nungguan paré anu keur dipoé bisi dicakar hayam."

Nini Ijah gék dina talupuh bari nyeupah. Dodong keur anteng nyieun rarancang langlayangan,

"Terus aya naon kitu Ni, aya nu matak nini kudu bilang wow kitu?!"

Dodong ngaheureuyan Ni Ijah nu sakapeung ngagayem, sakapeung nyiduhkeun seupahanna, beureum kakonéng-konéngan atawa konéng kabeureum-beureuman.

"Nini ngimpi, padahal teu saré. Budak awéwé ngabring hareupeun irung bari teu pupuntenan. Terus ayanggung jeung jalu nu dangdanana jiga si Jagur, hayam pelung manéh nu keur meujeuhna. Na ari lalaki mah buni raksukana téh, ari awéwé mah katinggalina bubuligir kabéh Cu. Naha éta teh naon nya arti ngimpi nini téh?"

Dodong eureun, ngusap dada.

"Ni, éta mah atuh sarua pisan jeung Dodong ngimpina. Ngan pédah Dodong mah dina VCD anu si Bapak. Alus pisan éta mah ngimpi téh. Jigana Dodong tos manjing balég. Da "Si Jagur" ogé ngiring baseuh Ni."

MURU PURNAMA

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 21:59:47

Patingkocéakna calon pagawé basa ngaliwatan kuburan anyar, nu dicaangan ukur ku oncor, jadi hiburan keur kuring nu purah ngajagaan pos tilu, bisi aya nu kapaéhan, ma’lum acara ‘jurit malam’ dina raraga panarimaan pagawé anyar keur ditempatkeun di wewengkon Kabupatén Cianjur téh maké acara nyingsieunan sagala, ceunah mah méh kuat méntal. Kuring jongjon wé nyarandé dina dapuran cau bari ngalamun, nungguan béak nu ngaraliwat.
Angin ngahiliwir, langit béngras maturan purnama ngajadikeun peuting nu éndah. Keur anteng mépéndé bulan, gigireun aya sora meuni halimpu, “tiasa nyarengan abdi kang?”. Pas ngalieuk, ébréh hiji mahluk geulis kawanti-wanti, imut ngagelenyu, kulit sampulur awak semu cahayaan bari nunjuk kana purnama. Teu loba mikir, ujug unggeuk kawas bueuk meunang mabuk. Nu geulis nangkeup, tuluy ngagaléntoran, ni’mat pisan. Beuheung karasa diciuman, lalaunan ceb aya nu seukeut kana beuheung, tiis karasana, awak harampang, sugema.
Lalaunan muka panon, atra kuburan handapeun, kuring ngapung muru purnama bari disangkéh ajag bikang kajajadén.

JAJANTUNG

Kénging Prayoga Adiwisastra
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 21:55:38

Bari anteng tanggah neuteup panonpoé nu beuki ngulon turta beuki ngulon, manéhna katémbong beuki lewang luwang-liwung tengahing jajantung leuweung ganggong. Teu ku hanteu, éta paroman nu sasarina marahmay téh bet laju nguyung nataku. Dibabadé, éta paroman nu laju alum ngungun téh duméh kapalay ingkang ibu nu ngajurungan moro jajantung kidang nepi ka wanci kieu can kénéh baé kacumponan. Sedeng anjing nu ti kamari mula satia maturan manéhna bangun nu milu ngaheruk.
Ku teu sangka atuh, dak dumadak kapireng aya nu ngorosak satukangeun rungkun di tebéh kalér. Ana bréh, bet sakilat bagong badag naker katémbong lir natit ka tebéh kulon. Teu talangké, manéhna gasik ngajurungan éta anjing geusan ngudag itu bagong. Tapi éta anjing téh bet teu usik sapisan, angger baé depa gigireun manéhna. Manehna surti pangna éta anjing teu baé daék moro itu bagong. Gap leungeunna laju ngajéwang bedog.
Ayeuna manéhna geus gilig, haténa geus teteg kana hiji kacindekan. Dibaturan ku éta anjing leumpangna laju kebat muru ka indungna.
"Ma, ieu jajantung kapalay Ema." Bari rumanggieung, manéhna ngasongkeun hiji jajantung nu masih lamokot ku getih. Katémbong dada manéhna gorowong tur bobolokot ku getih.

GRAFFITI

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 21:35:42

Jujulukna, Si Vandal. Kasohor di papadana. Taya tanding. Lampahna lir dedemit. Seselendep dina kelemengna peuting. Gambar-gambarna méh minuhan témbok kota. Tulisan pulas beureum jadi ciri nu mandiri. Tulisan nu nyidem amarah. Kabéhdieunakeun, kalakuan si Vandal mingkin maceuh. Geus teu nénjo patempatan. Kumawani. Curat-corét dina témbok Balé Kota. Gambar nu sarua. Guilotine, ranté, jeung tulisan ; Mort Aux Rois. Nepi ka Walikota nyahoeun, ambek kacida, terus nitah néwak nu milampahna. Disaémbarakeun sagala rupa. Ahirna, Si Vandal kacerek. Disél. Dituduh ngaganggu katartiban umum. Ngan teu lana. Lantaran salila di pangbérokan, jojorowokan waé. "Aing titisan logojo nu neukteuk beuheung Louis XVI jeung Marie Antoinétte. Nya aing nu ngagantung manusa di Monas. Ilaing mah taya kawani!" Cenah bari ngeupeulkeun leungeun. Ahirna dileupaskeun.

PEURIH

Kénging Hena Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 21:08:33

Lain pertokoan di Orchard anu dijugjug téh. Kuring misahkeun manéh ti rombongan. Leumpang muru City Plaza, ceuk irongan, kurang leuwih lima menitan ti MRT Paya Lebar mah. Lalaunan leumpang téh. Bet pirajeunan hayang ngalieuk ka tukang. Kalieus, miceun beungeut. Tukangeun kuring maranéhna silih tungtun.
“Yi, antosan.” Kapaksa ngarandeg. Pasemon dibebener. Teuing siga naon rurupaan beungeut mangsa harita.
“Hoyong disarengan milari oléh-oléh. Saur Kang Érnés, Wanda mah sering angkat ka Singapur?”
Kapeurih nu dikemu salila lumampah, bedah sapisan. Awak kuring ngahuyungkung. Bru, nyuuh na handapeun hiji tangkal hareupeun gedong pertokoan. Kang Érnés muru awak kuring. Tuluy ditangkeup didiukeun dina amparan jukut. Rarasaan mah panangkeupna diképéskeun. Samar-samar, Si Tétéh hareugeueun nangenan ieu adegan.

KEMBANG EURIH

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 19:41:01

Salira kembang malati, pulas bodas mani nyacas.
Kagembang manah ku anjeun, ebat ngambung seungit nu masket.
Cobi emut ngagelenyu, sanaos sanes keur engkang.
Diri engkang, mung kembang eurih.
Saliara kadar ning raga..

ELOK BANGKONG

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 18:31:43

“Kang mangga badé tayamum mah!” Song lebu nu diwadahan baki diasongkeun. Leungeun kuring dituyun ngalakukeun susuci saméméh netepan nu lima waktu.
“Mangga kawitan solatna Ang! Abdi ngamum di sagédéngeun Aang!” Kapireng manéhna nuyun maca patihah, nu ngembeng dina kongkolak mata mimiti ngalémbéréh, nyakclakan bareng jeung galindengna jampé solat.

Karasa pisan bélana, sok sanajan manéhna can kungsi kabagjakeun kalawan daria. Asa éra ku getén tur gemet manéhna ngurusan kuring nu gering parna kiwari. Taya ka aral sumawona kageuleuh dina ngaraksa jeung ngariksa kaayaan kuring sapopoé. Nu teu walakaya. Nyayang! Samalah taya poé nu ka larung nuyun solat saban waktuna cunduk. Manéhna tetep satia ngamum najan kuring ngimaman ukur maké isarat.

“Assalaamu’alaikuum…!” Awéh salam
“Wa’alaikum salam… warohmatullohi wabaro kaa tuh” Kapireng sora halimpuna atra pisan basa manéhna ngusap beungeut kuring, nutupkeun panon nu teu rido papisah.

LALAKON

Kénging Ajat Aki
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 17:49:26

Indit ka pasar loak kiduleun kaum, lempang teh teu bisa gagancangan da puguh trotoar teh ngaheureutan alatan tukang dagang loba nu ngalapak luhureun trotoar, atuh ngalengkah teh ati-ati da sieun katubruk ti tukang ku angkot nu pasuliwer. sabot lempang panon mah ngareret kana eusi lapak tukang loak nu manjang nepi ka wetan. Resep nempoannana ari leuleumpangan model kieu teh. aya radio urut 2 band, anu gelombang na teh ukur mw jeung sw, teuing aya keneh setasion radio na nu nyiarkeun dina gelombang nu dimaksud, teuing aya nu kabitaeun nu rek meuli, teu nyaho, ngan asa aheng eta radio heubeul, aya keneh jaman kiwari di sisi trotoar.

Leumpang rada ngarandek sabot nempo ka lapak nu loba diriung ku nu ngaraliwat, kadorong ku rasa panasaran naha jujualan naon nu diriung teh, teu sadar geus aya di tempat riungan, geuning nu diriung teh tukang bako, aya bako mole, bako tampang jeung rea deui ngahaja ku nu dagang teh diamparkeun, deukeut nu ngajualan daun kawung diiket ngagoler. kakarak eces ayeuna mah yen nu ngarariung na oge horeng anu geus leuwih ti tengah tuwuh, geus caretuk huis, bari ngarobrol teh bari ting kelepus nyobaan bako nu aya, daun kawungna ngadudut tina iketan. kaambeu seungitna haseup bako, bangun nu nikmat naker kaluar tina liang irung jeung sungut. Teu karasa leumpang teh geus ngajauhan tina riungan haseup bako. sajajalan balik, dina pikiran mah napel keneh gambar trotoar nu bieu diliwatan, kahirupan diliwatan ku mangrupa-rupa tekah polah jalma dina nyiar pakasaban, geus kitu kuduna. Cag.

JODO

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 17:39:29

“Geura bae dék boga salaki deui mah, ngan ema titip, wayahna ulah daék di candung. Lamun manéh daék di candung, manéh meureun menang bagja menang bungah, tapi ema utah mokla”.Meni jentre pepeling ema ka kula basa bebeja aya nu ngajak nikah deui.
Ayeuna kula ukur bisa hulang huleng teu bisa majar kumaha, basa Kang Féri kamari balaka,teu jadi pisah jeung Ceu Imas.

*Mokla=getih

BAGJA

Kénging Cucu Unisah
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 17:35:03

Sok resep teh mun waktuna mérésan kamar néng Galih, kamarna sarwa bungur jeung kayas, kitu deui lomari pakéan jeung bonéka. Betah cicing lila, dalah baju nu geus rapih gé sok ngahaja dikaluarkeun deui.
Asana ukur béda bubulanan umur kuring jeung néng Galih téh, ngan hanjakal kuring mah teu bisa nuluykeun sakola, lantaran kudu mantuan si ema digawé, kabita mun nempo si néng diajar, saur ibu mah juara kahiji waé di sakolana, hirupna nyorangan teu boga batur di imah, ibu jeung bapa ngantor mineng balik peuting. matak basa kuring dibawa ku éma, néng Galih kacida atoheunana.
Hiji poé néng Galih ngageroan kuring ka kamarna, kasampak manéhna keur nangkuban bari nginghak, kuring diuk dina karpét nungguan nu ceurik, teu kungsi lila kuniang si néng hudang, gabrug ceurik bari nangkeup tipepereket " Nani mah bagja nya kamamana bisa babaréngan jeung bibi".
Kuring ngahuleng, asa teu ngarti geus puguh manéhna nu hirupna bagja mah.

NGADÉK

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 17:22:09

"Tingali siah, poé isuk, aing rék balitungan!" Ceuk manéhna kekerot nahan napsu kapegung. Tuluy sup ka dapur imahna, nyokot bedog anu meunang ngasah soré tadi.

Ras inget kajadian dua poé katukang, manéhna kungsi dipajeg ku kang Kumis, di warungna ceu Dédéh. Kang Kumis saurang réman, keur mabok beurat, bari leumpang sosoloyongan nyampeurkeun manéhna, anu keur jongjon ngopi ci kopi. "Cikan euy...! Déwék ménta duit? Pokna, bari nodongkeun péso balati, kana awak manéhna. "Ké..ké..abdi mah teu gaduh artos Kang? Ieu gé, nganjuk ka ceu Dédéh!" Walon-na. "Wah siah réa alesan, apan geus béak dagangna ogé? Montong papaéhan bisi dipaéhan ku aing!" pokna deui. Nya kapaksa, duit ladang ngésang téh, ku manéhna dibikeun, da sieun ku éta péso balati anu ditodongkeun.

Isukna sapérti biasa, Manéhna nguriling ka kampungna Kang Kumis. Asa ku kabeneran keur anteng nanggung bari nakolan piring, pasanggrok jeung si réman. "Cikan euy...! Déwék meuli?" pokna bari surungah-séréngéh. "Oh mangga kang!" jawabna. Saenggeus mangnyieunkeun, tuluy diasongkeun ka si réman, bedog nu aya di jero laci tanggungan dicokot. Teu dililakeun deui, éta bedog ku manéhna di kadék-keun pas sirah si réman...?

SUPATA INDUNG

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 17:06:39

Sreet..! Beuteung nu Markum ditiruk.
Wor.., getih maseuhan lemah. Awak
kuring jibreg mandi getih.
"Aing mol genah panasaran mun sia can
modar..! Susumar. Kuring di ulas-alés
kana bajuna.
Laju digiwing. "Paéh gan..! Soma jigrah.
"Ukur jadi pangacow dihirupan ge
tuman..!" Udi najong layon Markum.
"Hayu.. Soma siah urang mantog..!"
Méméh marulang. Kuring dimandian.
Kabayang waktu bolon, sok dimandian ku
Indung. Beuki gedé kalah asa ngalunjak.
Nepi kahiji poé.
"Na ari manéh Odang..! mintul-mintul
teuing dipapatahan ku kolot téh. Sugan
kudu jadi Pedang sia mah..!"

SEMAH

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 16:51:54

Kulutrak panto haté aya nu muka, teu uluk salam teu pupuntenan, siga nu bogana waé. Leumpang muru tengah imah pangharepan, dituturkeun panon kuring nu teu rido ngan teu walakaya ngahulag. Cugup cagap kana kolong meja jeung tukangeun korsi, oge mapay unggal juru meuni salsé euweuh kamelang. "Saha manéh, keur naon siah?" Kuring ngagorowok bari nyekel bedog cépot. Manéhna reuwas kagareuwahkeun, langsung luncat muru galar nyekelan kana sisi haté, karasa eungap jeung seueul. Pas nempo ka kuring, bati ngarénjag sabag beungeut kuring aya didinya, ngan leuwih cahayaan. "Uing néangan nurani manéh nu geus katutup ku nafsu dunya" eta tamu ngajawab tatag tur agem, tuluy neruskeun deui hanca, ulak ilik na kolong risbang, nérékél kana lalangit bari metotan lamad nu narapel pageuh na sisi haté. Titingalian kararonéng, kuring ngarumpuyuk nyekelan dada.

PAINGAN

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 15:20:50

Kara saminggu diistrénan. Der lembur ibur. Ceu Onah randa tukang dagang loték, digerebeg kawin alatan katohian ngampihan lalaki. Laju bulan hareupna. Si Uda jeung Si Tulang hoghag, silih salahkeun barudakna anu garelut. Ayeuna geus kurumuy deui masalah nu matak ahéng. Mat Dowél tukang dagang gado-gado dituduh neluh ku Mas Karto tukang dagang ketropak. Alesanana panyakit babareuhan pamajikana teu daék cageur, sok sanajan geus tatamba kaditu-kadieu. Cenah cék nu bisa mah kakeunaan teluh jelema anu sirik pédah kasab manéhna ayeuna keur meujeuhna maju. Na ari hég dipariksa ka pukésmas, ieu mah panyakit liper cék dokter téh. Paingan. Waktu pamilihan rw, dua Balon ngalundurkeun diri. Malah jadi biluk ngadukung uing anu kakara pindah sabulan, ti kota rék ngadon bubuara di lembur ieu. Beu.

GALURA RASA 8

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 14:02:27

"Na asa ku hésé meruhkeun manah salira," Diandra rumahuh.
Runtuyan waktu terus lumaku. Manglaksa du'a terus nganteng. Rupaning ihtiar terus marengan. Ngarempak papagon awéwé dulang tinandé. Ingkah tina jatining adegan diri. Teu kawawa ku jisim Hendra nepi ka Diandra teu walakaya.
Satékah polah Diandra mareuman galura rasa nu ngabebela dina jero dada.
"Naha taya satitik tempat pikeun ieu diri nyangsaya dina lulurung kalbu salira?"
Urang teundeun di handeuleum sieum. Urang tunda di hanjuang siang, ieu rasa sampeureun jaga. Mun haté Hendra muka pikeun Diandra jadi saurang babaturan atawa adi. Hiji mangsa nu teuing iraha. Tong teuing megatkeun silaturahmi sanajan teu nepi ka jatukrami. ***

MOKAHA

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 13:26:53

Tanggah. Niténan nu kudu disorang. Ceuk cenah éndah bakal kasorang lamun bisa ngungkulanana. ”Kudu bisa..!” Gerentes haté. Bekel keur nalukeunana asa geus cukup, waragad, pakakas, élmu, sumanget geus nyampak. ‘Karabiner’ dipariksa deui, leungen ngaragamang kana bubuk pélor nu aya dina ‘chalk Bag’. Ramo dibalur rata. Awak mimiti ngangsrod. Panon poé mancer luhur ubun- ubun basa awak ngangsrod panungtungan.
Niténan kaayaan sakuriling ponclot gunung nu bieu ditaékan. Disasar, diimeutan taya nu kaliwat. Jukutna, batuna, garingna, héjona, cucukna. Ngagerentes. ”Hemmh, ning ngan saukur kieu..? Majar éndah pisan!” Asa teu saimbang jeung tarékah ngungkulanana. Aya rasa kurang sugema. Lajag- léjég. Meléng kana tincakeun. Suku tisolédat nincak batu rempag. Awak ngoléang kana jurang. Untung leungeun bisa ngarawél tangkal leutik. Melenoy nahan awak nu gugulawingan, dihandap jurang nu lungkawing, batu bararadag ngajarentul. Tanaga geus ampir suda, panyekel geus méh lésot. Panon indung si Cikal karasa neuteup seukeut.

SABAR

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 11:15:13

Sésa peuting satengah luang. Manéhna. Jejem anteng nanangkeup bulan. Cahyana teu pati padang. Kajeun. Hamo dileupaskeun. Ngan éta nu dipibanda. Sanajan. Parahu rajeun umangkleung. Miang mayang ngudag kahayang. Ngulampreng nyawélan béntang. Antep. Keun. Sanajan. Bulan nyany-nyayan teu pati padang. Jadi suar palabuan. Cicirén darmaga majik pangbalikan. Hiji mangsa. Nu miang tanwandé mulang. Ti lawang panto, si Cikal nu nyérangkeun ngiring prihatin. “La tahzan, Ummi!” Najwa ngaharéwos, bari ngambung pipi indungna. Nu tansah satia nanangkeup bulan. Marengan, sésa peuting satengah luang.

KASARUNG

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 11:13:30

Jauh teuing lalampahan teh, norobos leuweung tur jurang. Gunung larangan, hamo teu kasorang...
Najan renghapan, lir nete tanjakan sarewu. Anjeun nganteur, pinuh ka deudeuh.
Kuring teu bisa balik deui, kalangsu na jero seuneu. Nu ngabebela ngaduruk raga, na leuweung anjeun..

PRE “POST POWER SYNDROME”

Kénging Wan's Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 09:13:37

Dalem Kancéng, geus naunan gering. Najan awak katempo sembada. Leumpangna, gagah. Tapi, sorot matana kaciri. Gering! Ditambaan mah, ditambaan. Mantri, tabib, dokter, béak dipapay. Harianeun, dukun. Euweuh nu metu! Beuki dieu, beuki kacida geringna. Gawé ambek-ambekan. Sesentak teu puguh. Sindir sampir. Batur téh salah waé, euweuh nu dipercaya. Guligah. Beurang teu ngeunah madang. Peuting teu tibra saré. Samar kahayang. Asa diririwaan. Dulur baraya dikumpulkeun, “Uing, tambaan,” ngomongna dumareuda. Ka Rumah Sakit Jiwa? Piraku, da teu owah! Nyacapkeun kapanasaran, néang Kyai. Dalem Kancéng, dirurub sorban. Bréh, tulisan “Kedah digentos haté sareng mastakana!”

ABOT, GUSTI…!

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 09:06:53

Rebun-rebun tuturubun, ngalanglang perumahan. Ngagagandong karung. Ngagigiwing pangoér. Mapay-mapay bak runtah, ka bak runtah. Hareupeun imah gedong, keur jongjon kurah-koréh. Milah-milih pulungeun, kayaning botol jeung gelas palastik. Keretas jeung kardus urut. Nu boga imah, ngagantawang, “Koplok! Diacak-acak babacak, siah!” ngabentur ku sapatu butut. Anjing hélder inguanana, dikeprokan sina ngudag. Indit ngabecir, tipaparétot. Bus ka pilemburan. Lar ngaliwat ka buruan nu ranteng sasampayan. Nu keur popoé seuseuhan ngagorowok, “Bangsat calanaaa…! Maling sampiiing…!” Nu ngariung di warung rajleng. Buk-bek welasan peureup jeung suku nyayang ‘na awak. Teu walakaya. Ditulungan ku Pa RW. Teu kabuktian ceceremed. Dileupaskeun.
Liwat Asar, can manggih kéjo. Awak ngeleper, késang tiis, téténjoan ranyay. Salatri. Rét ‘na tambang palastik beungkeut karung. Rét ‘na dahan nyagak, tangkal mahoni. Ngarahuh! Nguliwed ka pipireun garduh listrik. Pakéan rudin, rubat-rabét disalin ku nu bener. Ngagerentes, “Gusti! Abot ‘ning janten tukang mulung téh.” Gap ‘na hp. Nelepon. Ngoling supir pribadi. Ménta dijemput.***

ANAK BAWANG

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 07:59:42

Budak lima urang ulin di buruan, maén ucing bancakan.

"A Dodong, abdi ngiringan?" Dudung tungkul, ngarepkeun diajakan maén.

"Ah Dung mah alit kénéh. Jadi anak bawang wé nya?" Dodong némbalan bari nyiapkeun kenténg bareulah jeung batu rada gedé.

"Sumuhun, wios , asal tiasa ngiringan wé Dudung mah." Dudung bungah tuluy ngaberetek lumpat nyampeurkeun nu keur hompimpah.

"Dong, ari itu si Dudung rék dititah kumaha? Nyumput atawa ngajaga?" Usman gagaro ninggali Dudung luak-lieu teu ngarti kudu kumaha.

"Keun we antep, ngarana gé anak bawang. Teu ngaruh rek kukumaha gé." Dodong haré-haré ngabenerkeun kenténg anu geus bubuk, manéhna jadi ucing.

"Lain kitu Dong, cenah ayeuna mah bawang téh mahal pisan. Kumaha lamun urang jual éta si Anak Bawang, lamun payu mah kan urang bisa jajan."

"Ari ilaing édan bel? Balég wé atuh. Maenya si Dudung rék dijual ka pasar. Na rék kumaha mawana? Geus wé urang jual ka toko Pak RT ngén!"

JALAN ANJEUN, LAIN JALAN KURING

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 03:43:58

Jalan Kuring di wetan, Lain jeung anjeun nu memang kudu aya di béh kulon.
Sapuluh taun geus kaliwat, na jero sapuluh taun eta keneh, Duka kumaha carana rek mopohokeun imut nu sakilatan nanapél na rénghap ranjug kuring.
Tadi peuting, Jeung peuting-peuting nu kaliwat salila sapuluh taun, Anjeun aya terus sanggeus kuring ngucap salam ahir, Padahal kuring apal lain anjeun disatukangeun.
Tapi Pamajikan .! Pamajikan nu mirip pisan jeung anjeun.

SESA PANINEUNGAN DIPANAWANGAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 03:01:22

Nu nyesa ukur ngaran dina Pajaratan

BATIK NYI ANTEH

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 02:23:03

bulan ting jorowok

BONGBOLONGAN

Kénging Asep Sajah
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 02:13:43

Taun ngora, bisluit katampa. Diémbohan kadeudeuh tilu bulan gajih. "Nuhun gan !" ceuk biwir harita, sanajan patojaiyah jeung eusi haté. Ganti poé, minggu, bulan. Teu ngendek taun, korédas. Barang gedé barang leutik, geus puguh sisimpenan, palid ka laut hideung. Kutud, teu pérak teu sén. Sangsara béak déngkak.

Duruwiksa mager rénghap, nyaliara sawak-awak. Jebul si Jumad. Bongbolongan ka erong, modalna wani téga. Der digarawéan. Tah yeuh hasilna, ukur jam-jaman, duit sagémbolan. Rék dihijikeun jeung beubeunangan peuting kamari. Rek ngiluan ? isuk ka imah urang nya!

DUSUN

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 00:44:03

Jul jol, amplop nyalampeurkeun, sakitu, sakieu, nu rusuh pangabutuh, mikirna maké tuur, méja baseuh.
“Omat kedah ditampi, ageung mah henteu, hatur lumayan waé... kadé sanés nyogok, ieu mah kanggo mésér roko.” Kuring ukur unggeuk, pura-pura haré-haré.
Dasar rejeki, isuk kénéh geus jibrug, beuki beurang tambah hareudang bayeungyang, pasosoré leungeun roroésan, tilelep késang sorangan, hanyir.

NYI ANTÉH BISA NGABATIK

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2013 00:30:57

Teuing ti saprak iraha Nyi Antéh boga kaparigelan ngabatik. Sab teu kasebutkeun saha nu népakeun éta pangabisa. Da piraku ari Neil Amstong mah. Nu jelas ayeuna mah sakurilingeun imahna téh pinuh ku sasampayan batik. Rupa-rupa corakna téh. Aya batik garutan, tasikan jeung ciamisan. Malahan batik cirebonan gé aya. Kituna mah meureun ngahaja itung-itung dokumentasi jeung revitalisasi kana corak-corak batik nu kungsi aya di lemburna. Ngan ari batik corak bandungan mah tangtu moal aya. Sabab euweuh ti dituna. "Paingan atuh bulan téh ngan poék baé? Horéng kahalangan ku sasampayan batik Nyi Antéh! " Ceuk Ki Astahiam basa ngahaja nyimpang ka imah Nyi Antéh." Lah jaman ayeuna mah saha nu perlu ku bulan? Kapan di dunya mah geus aya listrik!" Tembal Nyi Antéh. "Geuraheun Nyi, mending mun teu unggal usik pareum mah!"Tembal Ki Astahiam.