Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Maret 2012 (87 Naskah)


MAJUM

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 23:37:35

M ungguh asih teh sungkman ati
A sa nembe kamari enung nyimpay pasini
J angji saati bari ngahiji
U rang raketkeun tali cinta nu duaan
M ugia langgng aya dina katingtriman....

RUNDAYAN UNGKARA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 23:37:16

Dumalitna dua jirim nu dicangreud tali akad tikah, gumulung dina baseuhna mangsi birahi, ditiupan ku hiliwir angin, ngarenghap na amparan rasa, laju ngagelarkeun beubeulahan jiwa. Rundayan ungkara basa ngagelarkeun katresna antara mojang jeung jajaka, namung napak dina ugeran, nya aranjeunna nu teu weleh aya na kongkolak soca pikeun tatan-tatan maca nu pinuh ku rasa, teu benten ti ibu ramana basa munggaran ngareka ungkara bari maca lebah simpena cumarita

GARA-GARA HP

Kénging Abah Ogo
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 23:25:51

Salingkuh

"Sanaon Aa tos sepuh, tos peot, tos janten Abah nu ogoan tur rambutna ditabur kembang kopo, abi moal kuciwa. abi tetep micinta, miasih ka aa," cek Sumi dina telepon jam satu peuting. "pokona mah dinten ieu abi hoyong tepang, hoyong namplokeun kaasih ka aa," terusna waktu nelepon ka janarikeun.
Manehna memang lin lajang atawa randa kembang, tapi masih bener-bener boga salaki ka nu ngaran Sarwan. Kitu deui kuring sorangan, pan jelas Ambu Kasjem nu pipina kokoloteun alatan korban alat kecantikkan nu teu tanggungjawab, teh masih pituin jadi pamajikan. Ngann sabot usum HP, tina-lucak-lacak nomor bet hayoh nyambung ka nu ngaran Sumi. Inyana minta ketemuan alias kopi darat di lebah muara deukeut tambak udang.
Jam salapan beurang kuring gulasahan nunggu anjeuna. Sakedap deui, cenahm masih di jalan. Aya rasa was-was oge, perang sabil kawilang rosa dina dada. Lin inget ka anak pamajikan, tapi rasa minder nu tiada tara. Sok sieun Nyi Sumi
ngagorowok atawa ngajerit nempo nempo kaayaan kuring nu geus aki-aki.
"Sakedap deui aa, antosan abi de meser emameun," cenah dina SMSna. Memang ukur beda kacamatan. Saupama Nyi Sumi ngajerit atawa ngoceak, kuring mah moal eleh geleng rek surak.(*)

NA AMPARAN SIMPE

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 23:02:53

na amparan samak pandan saheulay, aya nu ngantos-ngantos pati, hanjakal asa lami, padahal teu kinten diantosna mamanawian tiasa ngahibur kasimpe dina amparan saheulay ku engklak nu pinuh birahi, rupina bae ieu raga moal tiasa nahan, padahal seuneu tos ngabebela ngarerab raga. Hanjakal basa nu dianti-anti sumping, seuneu mareuman birahi, kalindih ku renghap dina harewos haroshos, samak saheulay asa direncangan, lajeng simpe

DUA KOMALA

Kénging Abi Cepian Ibn Al-khairi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 22:56:06

Dina hujan kaburitnakeun. Hujan nu mawa carita antara anjeun, kuring jeung anjeun. Harita, “Kang, sareng yu!” Ceuk anjeun handapeun payung pulas kayas kembang malatian. Halimpu ti belah katuhu. Rét kuring ngarérét. Geuning imut anjeun ngabagéakeun. Sabot urang paadu teuteup, Gumuruh hujan dumadak simpé. “Akang!” Ceuk Anjeun belah kéncaeun. Rét. Handapeun payung pulas biru, geuning anjeun nu teu pisan kalah gelenyu imutna. Tapi hujan dumadak ngagebrét. Naker. Dina haté kuring, nu urug kénca katuhu. Kénca piraku, katuhu moal enya. Ah barieukeun. “Haturnuhun, abdi tipayun nya!” Kuring hariweusweus. Bari ngaléos mawa haté nu gudawang. Ninggalkeun dua rasa nu pasti sarua pisan honcéwangna.

NURUS LANGIT

Kénging Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 22:43:06

Dua lalaki pahareup-hareup gigireun tutunggul kuburanna. Ngadu teuteup nu nyoara na angenna séwang-séwangan.
“Aki, naha atuh maké kawin ka céléng? Alatan éta ema kawin ka anjing”
“Bongan hidep maké hayang ngawin indung”
“Asa ku teu kaharti, na lain hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang?”
“Cu, tuh tingali, ka mana cai walungan miangna? Hana mangké hana nguni, tan hana mangké tan hana nguni”
“Naha kitu Ki, teu pabalik?”
“Cu, Aki mah ngan ngalakukeun amanat jaman kahareup. Nyatana ngan ngajalan pikeun laksanana kahanyang nu bakal jadi incu, nya hidep sorangan”

SURAT CINTA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 22:32:57

Jalaran engkang sanes turunan menak, sok komo turunan jalmi kaya, wawantunan engkang nyerat ungkara kanggo salira, nu diserat ku mangsi nu pinuh ku rasa rumasa, dina kecap munggaran engkang teu tiasa kukumaha, sateuacan ditawis aya karumasa, waktos tepang, serat disanggakeun ka salira, ah, naha kanggo saha nu aya dina raga salira?

GEOL SAKTI SI CURUK BESI

Kénging Anugrah Nunu
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 22:19:51

“Lain Ki. Kamari ieu teh asa can tuntas. Carita pangalaman Aki ngajawara keur ngora tea geuning”. Jaka muka obrolan.
“Bener Ki. Teruskeun atuh! Uing mah asa gantung areuyeun kamari teh”. Dadan ngilu ngengklokan. Otong jeung Duloh nu ngilu ngariung unggeuk tanda satuju.
“Tah kieu eta teh”. Teu kudu dipenta ngaduakalian Ki Adun mimiti cumarita. Curukna dianteulkeun kana taneh buruan. Pepeta ngajelaskeun carita nu dipedarna. Nu opatan mencrong ka Ki Adun.
“Satutas ngajawara di Bandung. Enya di Cicaheum tea. Aki teh indit ka Batawi da hayang ngajajal pangabisa jawara Pariuk”. Curuk Ki Adun ngageser. “Jogol rame jeung eta jawara. Aki eleh. Kuwirang. Aki teu langsung balik ka Bandung. Tapi tuluy ka Banten”. Nyarita kitu curuk Ki Adun ngageser deui. Ku sumangetna ngadongeng, Ki Adun teu engeuh yen curukna muru kana tikotok hayam ledok. Leye. Huleng. Sareretan katempo ku manehna curukna lamokot ku tikotok. Nu opatan nyerengeh. Sadar nu opatan nyahoeun curukna midek tikotok. Ki Adun teu eureun ngadongeng. Api-api teu aya nanaon.
“Tuluy Aki teh muru imah Ajengan Yusuf”. Curukna digeserkeun saeutik tina tikotok. “Tah didieu mah Aki rada lila cicing teh. Neuleuman heula elmu sakti geol maut si curuk besi jang ngelehkeun jawara Pariuk tea”. Marengan nyebut elmu sakti geol maut si curuk besi. Curuk Ki Adun teh muter siga nu ngaliang. Geus ngarasa beresih.
“Tamat we”. Ki Adun mungkas caritana. Tuluy ngagedig ka jero imah. Teu kaluar deui nepi ka isuk. Ninggalkeun nu opatan nu keur saleuseurian.

KALINDIH

Kénging Fatih Nurul Anwar
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 22:09:12

Geus maneuh, ari malem Kemis bada Isa teh sok ngahadiran pangajian di Masjid Al-Falah. Rumasa diri teh masih sepi harti, sepa pangabisa, utamana dina bag-bagan agama. Kabeneran dina peuting kami teh keur ngaguar tafsir surat Al-Balad, "Henteu! Kaula sumpah ku ieu nagri (Mekah). Jeung anjeun (Muhammad), padumuk di ieu nagri." Nalika ngaregepkeun tafsirna, yen kacida teu pantesna Nabi Muhammad padumuk Mekah pituin diboikot jeung dikucilkeun di nagrina nyalira, da lelembutan teh bet ngalayang kana nasib Bi Ilah jeung Kang Dudi. Duaanana teh pituin urang lembur. Maranehna ngawarung geus welasan atawa puluhan taun boa. Boh Bi Ilah, boh Kang Dudi remen sok kadenge ngangluh, sabab, ayeuna mah warungna sepi ku anu meuli. Pirajeunan ditalengteng, "Naha?" Jawabanana sarua,"Ti saprak aya minimarket di wewengkon urang!" Duh, Deudeuh teuing.

SABULAN DEUI

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 21:32:49

“Kumah, Dok?” tanya pamajikanana. “Paling kiat sasasih deui, Néng.” Ngaléos. “Cilaka!” ngoréjat. “Kitu geuning kasauran doktor. Engkang téh nyaah ka abdi atanapi ka tétéh?” cék nu ngora. “Nya, ka Enung atuh.” Gutrut nandatangan. Kabéh harta banda ngaran Nénéng. “Kumaha hasil?” tanyana. Manéhna unggeuk. “Majar akang diponis sabulan deui? Geuning ieu geus liwat dua bulan?” kerung. “Sasasih deui téh engkang miskin!” nénéng ngajanggilek. “Nénéng!” kekerot. “Kaluar!” dua lalaki jangkung badag ngusir ti imahna sorangan.

SMS

Kénging Bagus Nurjaman
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:50:40

"TAH GEUS KANCEUH DEUI PANYAKIT DUNUNGAN URANG TEH. MAJAR LPJ BOS PANG ANYARNA KURING NU NUNDA. UNGGAL LEUNGIT BARANG SOK NUDING KA NU SEJEN. NAHA NU KIEU TIASA DILEBETKEUN KANA CUCI TANGAN TEU?"
SMS dikirim ka Kang Kurnaedi guru kelas genep. Tidituna mah curhat. Keuheul pedah dituding kitu ku kapala sakola.
Hayang nyaho kumaha komentar Si Akang nu pernah ngarasaan katuding siga kuring. Samenit,dua menit, tilu menit...... sapuluh menit, jawaban can hol keneh wae. Teu boga pulsa atawa SMSna can katarima kitu? Atawa........ Boa-boa salah ngirim.
Panasaran SMS tadi dibuka. Jadooooollll...... Geuning SMS teh dikirim ka Kuraesin, ngaran kapala sakola nu keur diomongkeun. Aduh alah ieung, titingalian kararoneng. Bumi alam pareum lampu. Taya sora nu kadenge deui. Lessssss..... kapiuhan.

CÉLÉNG WAYUNGYANG

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:18:49

Bagong garung kasarung di pakalangan. Meupeus keuyang tur bayangan. Taya nu ludeung nandéan. Dikepung anjing salapan, kabéh ogé jadi bugang. “Der ah anjingan, teu kudu mayar!” panitia ngawawarkeun. Taya anu nyebut sanggup. Miris ku sihungna, nyacar bolang kekemplongan.
Bagong nguir tatanggahan, ngider kalang pangaduan. Jleng luncat sakilat pisan, ngaliwatan gedég jangkung. “Bagong kabur! Tong cileureun!” Tapi, malim geus leungit wawanén, jampé parancahna cambal.
Nobros kebon, ngaburak-barik dapuran haur. Gok jeung anjing bulu tumang, nu geus lila ngadagoan.
“Di kalang gé teu katémbong. Sakitu haben dipapay.”
“Nya ka mana étah budak. Lunta bet kamalinaan. Matak bosen ngaprak nénéangan.”
“Ari lebah dinyana mah, kami ogé nya sarua, sanajan ukur ka incu. Gedé ku gedéna, najan geus jalugjug jangkung, angger waé matak melang. ”

HESE MACA

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:17:54

"Yeuh ba jadi ban. Ta jadi tan. Na ujug-ujug jadi bun," indung budak nyereng. Kaambek nyedek. Keuheul boga budak hese ngarti. "Sok baca deui!," sorana beuki narikan. Napasna mondokan. "Ta...tan, qo...qun." "Salaaah!, pan tadi ge dibaca qon," kadenge beuki ambek. Kesang ngoprot bati ku napsu. "Pan ceuk mamah ge qo..qooon!." Gewewek ceuli budak dijiwir. Tutunjuk dialungkeun. Budak indit bari nginghak. "Meunggeus, matak cape hate ieu mah." Beak dengkak. Di kitu di kieu angger teu ngarti. Geus sabulan bulak balik Iqro Tilu.
Ti peuting harita budak jadi beda. Teu kaop ningali Iqro langsung nginghak. Ngadadak hareeng. Nyeri sakulit daging. Bari meungpeun beungeut. "Sieun bapa...sieeeun, ujang keukeupan," sorana ngageter. Sing sabar anaking...

SAMPING KEBAT

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:11:09

“Pamali!” Indungna ngocéak. “Bongan miskin!” jedak dijijek. “Ulah!” ceu Ijah ngajerit, perhisan jeung popoéan diringkid. “Tah, samping kebat mah aing teu butuh!” duitna dipaké judi. Rucah. “Éléh deui baé!” ngagedig. Gurilap. Bedog dipaké nyokél jandéla. “Bangsat!” jalma rajleng. Lir moro bagong. “Ujang matak tagé.” Indungna ngagukguk. “Engkang,” ceu Ijah ngarurub ku samping kebat. Nginghak. “Anjing! Aing paling rujit neuleu samping kebat ieu. Naha dipaké ngarurub aing?” teu bisa hojah. Digolérkeun di tengah imah pada ngariung.

SUBUH

Kénging Rd Okke Chandra
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:07:57

Wayah tereh subuh, sora jangkrik diluar reang
kesang Leni nyurulung teu eureun eureun
tunduh, bingung, sieun ngahiji dijero hate na
angin diluar kadenge tarik ngagelebug
seuneu lilin nu nyaangan kamar oyag oyagan
kalangkang motah siga nu ngaririwa leni
nu ngadadak ngarasa katirisan di jero kamar
Beuki lila lilin nu hurung beuki tarik oyag na
Nguatkeun hate Leni niup....
FUUUHHH..!!!! pet!!!! Lilin pareum.
“Hampura akang... abdi tos teu kiat nandang
dosa nu salami ieu abdi lakonan” gerentes leni
ngaharewos dareuda meh teu nyora...
ti kajauhan hawar hawar kadenge reang
sora urang kampung nu ngaronda gogorowokan
“Cegat !! Cegat!! Kadinya tah babi teh lumpatna!!”
“Paehaann!!!”
Leni morongkol ngagukguk ceurik diluhureun sajadah

NGAJEHJER

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 20:01:47

Pareng kajadian mah, tatanggana ribut pajar jang Ahmad kasambet alatan nuar tangkal jambu lilin hareupeun imahna. "Puguh aya lelembutan. Jurig. Genderwo", cek tatangga. Aya kana sabulanna tara aya anu wanieun ngaliwat ka imah indungna jang Ahmad. Sieun aya wayah anu nuturkeun, cenah. Hayoh milu kasibat. "Keun bae ah, euweuh anu ngalayad oge. Barina ge saha anu daekeun ka uing narempo. Ulah anggur mah. Era atuh uing ditempo kaayaan kieu mah, bisi katinggali jomomomna", cek jang Ahmad ka lanceuk awewena anu geten ngompres sukuna anu misalah. "Sireum lada, tah anu jadi kakarina teh", pokna deui. "Tuda meni ngagembrong nyoco sakujur awak. Pareng kajeletot kana bobogaan, nya diragap. Poho! Sugan teh lain keur di luhur tangkal", lanceukna ukur melong jeung hayang seuri jigana teh. Ditahan. Harita, dua poe jang Ahmad teu usik teu malik, ngajehjer, alatan ragrag tina tangkal jambu. "Kasambet, ka tulah timana horeng", pokna deui, puguh manehna mah rag rag, regang anu karek di tigas ku bedogna keuna pisan kana manuk anu geus puluhan taun dipupusti ku manehna. Wajar lamun ngajeler sakitu poena.

STATUS ITEUNG

Kénging Dery Andriawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:45:29

"Wengi Juma'ah, ngantosan ngeclakna hilal"

LA AZIIDANNAKUM

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:38:56

Raksukan nu pinuh ku tatambalan, malihan palih handapna katingal seueur nu rawek. Ngadeuheus bari cumarios " Pangersa..manawi teu kaabotan, cobi pangdu'akeun ngarah abdi janten jalmi beunghar. " nu diajak nyarios, imut, lajeng ngawaler " Sing seueur syukur we mang.." "har, ari pangersa..bade naon nu disyukuran ku abdi? sadidinten ge kadang neda kadang henteu " leos. Nu ditaros masih keneh imut. Teu lami, torojol jalmi nu sanes, gandang, raksukan sutra kalintang harerang " Pangersa..du'akeun abdi supados janten jalmi miskin. Seueur harta teh gening ngadon ngawagel kana khusyuna ibadah " " Gampil mang...lirenan we rasa syukur emang ka Gusti.." ngadon kerung, lajeng cumarios deui " har, ari pangersa..moal tiasa ari kedah liren tina syukuran mah. Sehat nu katampi ku abdi, oge ni'mat-nimat nu sanesna estu syukuraneun wungkul. "
Harita. Nu miskin tambih sesah. Nu beunghar nambih bingah.

NAGRI SÉKSI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:31:07

Présidén Nagri Répéh-rapih kacida hélokna nempo rahayat nagri nu rék dibeulina, Nagri Acakadut. “Miskin tapi séksi,” pokna, bari nempo ibu-ibu nu keur nyusuan budakna. “Aya nu leuwih séksi,” ceuk Présidén Acakadut bari tuluy ngajak tamuna ka sisi walungan. Enya bae awéwé-lalaki kolot-budak garuyang di dinya. Sang Tamu beuki katajieun. Jalan-jalan deui. Brul, barudak kalaluar ti sakola.
“Naha sakola téh siga kandang sapi, apanan kuring kungsi méré bantuan?
“Ih, ulah ningali sakolana, tingali mah nu ngurusna. Tuh, mobil sakitu maréwahna. Ngahaja barudak sakola sina laleumpang, supaya saréhat. Jaga, geus teu kudu aya deui kartu miskin. Nu gering mah sina nu baleunghar baé,” ceuk Presidén Acakadut bari pepeta, reueus naker.
Tamu ungut-ungutan, “Jadi!” Kituna téh bari ngaluarkeun duit milyar-milyar. “Sok wé urus ieu nagri. Mun taun hareup kuring ka dieu deui, miskinna kudu leuwih séksi ti ayeuna.”

ÉKÉK

Kénging Akoer Lah
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:25:28

Hiji soré aya aki-aki keur diuk di sisi trotoar. Di dinya loba barudak ngora nu maraké dangdanan pang (“funk”). Diantara barudak éta aya nu jadi perhatian si aki, nyaéta Encuy. Maké pakéan merecet tina bahan kulit. Ngan buukna béda jeung balad-baladna, nyungcung siga ékék, dipulas warna-warni. Si aki téh merong terus ka Encuy. Ditempokeun kitu waé, Encuy nyampeurkeun. "Kunaon Ki nempo waé ka kuring siga nu anéh?" ceuk Encuy teureugeus. Si Aki ngajawab, "Asa inget waktu keur ngora, lalampahan aki baheula matak kukurayeun. Naon waé nu matak pimabokeun geus kaalaman”. “Terus, naon hubunganna jeung uing?” témpas Encuy. “Justru éta jang, pernah aki téh baheula mabok parna nepikeun teu sadar ti temah wadi. Aki téh pernah merkosa manuk ékék!. Numatak nempo waé ujang téh lain anéh, tapi mikir naha ujang téh turunan aki lain? da éta buukna sarua pisan jeung ékék nu baheula diperkosa téa!" ceuk si aki dumareuda...

NGEBET CINTA

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:19:27

Cinta eta emosi
Ngebet kana cinta
Hirup kana cinta
Kakuatan kana cinta

Arek kana cinta eta emosi
ngantepken ngabogohan
ngatukangan ngapayunan
Ngelehan ngawanian

Gelombang magnit anu dilepaskeun,
Dirasakeun kana radius sabaraha meter
kunaon pesona biologis
Arek lengit jeng waktu

ASIH NU NYANDING

Kénging Iwank Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 19:13:47

Asih anu ngadalinding minuhan hate. Meungkeut sakabeh rasa. Katresna nu nyanding, ngancik na diri. Sanajan asih, sanajan deudeuh, sanajan tresna, kuring ka anjeun, anjeun ka kuring. Moal bisa laksana, moal bisa ngahiji.
Mimitana kuring panggih jeung manehna alatan kokojayan na 'dunia maya'. Silih simbeuh, silih toel dina 'inbox'. Tukeuran no hp tuluy smsan, tukeuran pin BB tuluy BBMan. Teu sirikna unggal poe 'say hello' jeung manehna, nyacapkeun kasono, nyacapkeun kadeudeuh. Heu euh ceuk beja rasa bogoh teh ajaib. Can kungsi paamprok jonghok, can kungsi pateuteup, ngan saukur neuteup poto profil, jorojoy rasa suka minuhan hate.
Manehna geus aya nu miboga, nya kitu deui kuring.
Ehm geulis, urang silih du'akeun. Mugia anjeun jeung nu miboga anjeun
salawasna dieuntreupan kabagjaan. Nya kitu deui simkuring.
Wilujeng wengi Jum'at ka sadulur-dulur. Sok geura tatan-tatan, mugia sing pedo, ... Heu heu

RANSEL BEUREUM

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 18:53:11

Hulang-huleng bari nyarandé. Ngulinkeun pulpén dina rémana, “hésé!” cenah. Kertas diteuteup. Karék meunang tujuh kecapan. Nu tilu mah dicorét deui. Sieun pasalia jeung paneja. Trét deui, ngalalanyah ungkara, “Lis, hampura ... ” jeung saterusna. Neger-neger haté, nahan gumuruh. Tapi Lilis beuki geulis, beuki amis, imutna nu sosialis, dilakna, “ah, moal!” cenah. Moal ngabobodo rasa. Kertas dikenyed, diririkes dina keupeulna. Rét ka juru, karanjang sampah. Teu lung kénéh baé. Kasima ku ransel beureum nu ngagantung luhureunana, ngahudangkeun réwu carita.

MANUSA

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 18:23:29

Derekdek ki Usup ngadongengkeun pangalamanana di tetek euweuh nukaliwat.Kang Unang siregep pisan ngabandungan,tayohna kataji ku pangalaman ki Usup anu kacida ahengna."tah kitu Nang.matak ceuk uing oge euwuh elmu panungtung.manusamah ukur darma wawayangan, teu jawara teu kaya, waktuna bilatung huntu ngeleketekmah gegerungan Nang euy."ceuk ki Usup bari mesem.

BURUNG GARUDA

Kénging Dery Andriawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 18:19:12

Di Hiji kelas. Guru Panca sila keur nerangkeun Burung Garuda anu mangrupakeun lambang nagara Éndonesia.
“Kumaha ngarti maneh Kabayan?”. Si Kabayan anu keur nundutan, ngageubeug rada reuwas.
“Ngartos bu..!” pokna téh bari semu anu éra.
“Aya anu rék ditanyakeun..?” Bu Guru nanya deui.
“Dupi, Burung Garuda teh Jalu atanapi Bikang?”. Malik ayeuna Ibu Guru anu reuwas, teu nyangka bakal ditanya jiga kitu.
“Jalu bu..!” ceuk budak anu diuk di tukang miheulaan.
“Naha maké Jalu” Bu Guru malik nanya.
“Lamun Bikang, dasarna moal Panca sila, tapi Panca emok.” Jawabna téh. Bari seuri di tahan, Bu Guru malik nanya deui ka Kabayan
“Kumaha ceuk maneh Kabayan..?”
“Leres Jalu bu..! margi upami bikang, sampéana moal cangegang..nya rada-rada rapetlah sakeudik” jawab Kabayan leuwih écés.

BABAT???

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 18:18:01

" Geulis, aya sangu sesa teu jang parab si jago...?" Aki Patah nyampeurkeun Ma Iti nu keur gegeroh. " Boro-boro keur parab hayam...Keur maraban didinya oge can tangtu aya!!!" Ma Iti cengkat bari matana burial buncelik. Aki Patah ngaleos, teu lila balik deui. "Ari keur Papap mah aya meureunnya...hehehe..Papap rek dinner yeuh.." Ceuk Aki Patah bari noel gado Ma Iti. " Aya!!" Walon Ma Iti make nada 5 oktaf. "Ari rencangna aya teu?" Tanya Aki Patah. "Babat jeung gepuk." Aki Patah haged mawa piring. Barang mukakeun tudung saji Aki Patah ngadon ngahuleng. " Maaa!!! Mana babat jeung gepuk teh??!!" Ma Iti nyampeurkeun bari tutunjuk kana piring. " Ari ieu teh babat- tok peda...jeung gep kurupuk!!!" Aki Patah pundung,piring seng dibalangkeun laju ngaleos ka pipir tempat kandang si jago,hayam aduna.

HANJELU

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 17:53:37

Di ruang tata usaha ibu-ibu ‘modis’ maké kerudung gaul nu sanggulna nyungcung nungguan kuring. Pakéanana tina bahan kaos ipis, matak sagalana kaciri nyitak pisan. “Ibu ti bagéan kesiswaan?” Jol kerewek kana dampal leungeun. Awak rada doyong dibetot ku nu ngajak cipika-cipiki. “Kieu, Ibu, Délla téh putra pun adi almarhum. Ku bapana teu dipaliré. Nya ku abdi disakolakeun. Rumaos janten jalmi sangsara, karunya bisi teu dianggap ku réréncanganana, nya ku abdi dipangmésérkeun lénsa kontak sareng béhel. Da seueur nu sapuluh rébuan gé. Teu nyangki badé kieu. Paningalna janten burem, teu tiasa maca da aksara gé teu katingali. Jabi sariawan saeusi baham, inféksi tina béhel. Ayeuna téh namprak wé, Bu, teu tiasa barang teda tos tilu minggu. Dilandongan ka puskesmas tos opat kali. Tapi teu acan damang. Ulah dikaluarkeun, Bu, nya, sing hawatos…” Kur wasa unggeuk. Watir jeung hanjelu.

..??..

Kénging Abi Ceuceu
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 17:47:19

Poe ieu,,sore ieu,,peuting ieu,,munggaran kuring teu nyorangan deui,
Asa bingung, tagiwur, teu puguh cabak,,komo mun ngadenge gonjakan babaturan jeung kolot2 mah "awas nyai tong reuwas, pkkna mah deudeuieun ue"
Leeng asa bingung, mmngna aya naon kt? Gerentesna..
Jam disada salapan kali,,aya nu metot leungeun ngajak ka enggon,,kuring teu wasa nolak,,nuturkeun kamana nu metot..
Jantung ratug tutunggulan..rey asa beureum beungeut,,ambekan asa teu paruguh wirahmana...
Lalangit asa ngadeukeutan,,poek,,eungap,,!!

NU TEU LEUNGIT

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 17:16:08

Lebah raga kuring ayana.
Tah palebah dieu nu rada nyangkeredong kajero.
Tempat ngadulag jeung tutunggulan.
Sakapeung seseblakan, sakapeung ngahariring ngawirahma.
Cinta jeung kanyaah teu beunang disisilihan.

SURAT WASIAT NNI OO

Kénging Olga Kamajaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 17:15:21

Nini Oo dirawat dirumah sakit, ceuk dokter mah asma-na teh geus parah pisan jadi kudu dipasang saluran oksigen. Geus sabaraha poe iyeu nini Oo teu bisa ngomong jeung jiga anu geus parah pisan (koma). Disangka moal lila deui kanu ajal, anakna ngundang kiyai Toha ambeh didoakeun. Bari keur komat kamit Kiyai Toha ngadoa, teu sa prak lila raray Nini Oo ngadadak pucet jeung semu geuneuk jiga anu teu bisa napas. Leungeun-na ngeleper bari tutunjuk kanu kertas jeng pulpen anu dicekelan ku incu na, jiga anu butuh rek nyieun surat wasiat. Geus di pangmawakeun kertas jeung pulpen sesa tanaga nini Oo nulis surat di bikeun ka Kiyai Toha.

Bari terus ngadoa Kiyai Toha langsung nyimpen kertas eta kanu sakuna da pikirna ieu surat wasiat bari asana teu waas kudu macakeun surat wasiat langsung harita.
teu lila nini Oo maot oge.

Dina po'e ka tujuh kiyai Toha di undang ku keluargana almarhumah nini Oo. Geus mimpin doa Kiyai Toha ngomong, "Sadulur kabeh ieu aya surat wasiat ti almarhumah Nini Oo anu can di tepikeun ka kabeh jeng ka incu-incu.. anu pasti ieu nasihat ekeur kabeh jeng anak incuna",

Hayu urang baca bareng-bareng..
Kiyai Toha maca bari eusi suratna :
...."Toha sia ulah ngadiuk'kan selang oksigen aing".....

TUNGGARA LEBAH SIMPE

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 17:07:49

Saacan kalimah kedal ti budak yatim piatu, aweuhannana niruk tengah peuting lebah jajantung kasimpe bari geus amacak handapeun bulan

CINTA TEU SALAWASNA KAPIMILIK

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 16:35:46

“Ke heula kang, apan injeuman can lunas, ayeuna nginjeum deui, kumaha ieu teh”?Ceuk Den Gana ka kuring, basa nginjeum duit keur mayar uang pangkal budak.”Manawi Den, sih piwelasna, apan unggal dinten dicicil tina setoran angkot” Kuring ngalengis, Sabot kitu aya nu ngolebat titukangeun panto, kaciri hordeng kamar semu katebak angin.”Wayahna kang moal bisa mere nginjeum, kuring aya beulieun, pamajikan hayang geulang koroncong mangkaning jutaan,”Tembal Den Garna ka kuring. Balik hate sedih mangkaning era ditatagih ku sakola, isuk teu bisa mayar, budak dikaluarkeun sakolana, Isukna kuring ka sakola budak, rek tamada ka kepala sekolah menta kabijaksanaan, sugan aya piwelasna menta waktu teu ngaluarkeun budak.”Oh perkawis putra bapa , moal dikaluarkeun putra teh, enjing pageto tiasa mayar, sareng aya titipan ti Ibu Gana kanggo bapa” Dijalan bungkusan dibuka, aya surat sacewir”Kang ieu geulang koroncong ical sadayana, kanggo mayar SPP, sareng kanggo kaperluan akang, mugi ditampi” Duh Ratna asih teh teuing ku wening.

HATE AWEWE

Kénging Eros Rosnida
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 16:29:55

Tara ti sasari Reni ngarasa ijid ningali kana bubuden Dani, komo basa Dani nyagap kana taktakna, Reni gancang ngajibegkeun awakna " kunaon Ren?" tanya Dani, Reni ngabigeu dina dadana ngahuru rasa kaceuceub nu taya hinggana,komo ras inget basa nempo Dani keur ngagalentor Dewi sobatna di kamar kontrakanna, amarahna hampir mura lamun teu inget sieun aya mamala mah. Mani hayang ngaragaji tah kana suku Dani mun aya ragajina mah. " Reni kunaon?, bageur, geulis, naha teu sono ka akang?" tanya Dani bangun sono jeung geugeut. Reni teu nembalan bari ngalieus teu karasa murubut cimata.

HAND PHONE

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 16:05:35

"Siapa-- Halow-- Haloow.", "Gélo sugan! Ditanya kadon seuri. Iseng amat!" Opan anu kakara boga Hapé Syimbian rungah-ringeuh. Hapé di elapan, teu sirikna didama-dama. "Patékong anyar!" Dipoyok dilebok. Walpaper ngadadak hirup, ngajirim si Korin, disusul haseup hideung. "Teu sieun! Nu bijil leuwih ti Manéh ogé, Aing hamo gimir!" Ujug-ujug paséa. Antara Opan jeung si Korin. Tapi bari saré. Jero kamar nu meredong.
Beuki teu kaharti lalakona. Hape disada deui. Weuh nu nyoara. Opan jadi sélon.

NU BAU

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:35:35

Seor - seor cai hujan mani ngaguruh, tatangkalan sisi jalan ting purilit katebak angin anu sakitu gedena.
Pepedut kandel hideung poek kawas peuting padahal kakara jam dua beurang,jaba tiiseun, asa rada karareueung.
,, Nung tutup we warung teh bisi sawer "
,, Muhun bu " budak teh ngajawab
Teu lila burudul barudak lalaki ka sisi warung bari ngomong : ,, punten ah ngiring ngiuhan "
Kuring ngan ukur silih reret jeung si Enung.
Kuring kana lawang nitenan anu ngariuhan, aya nu di anting irungna geus puguh na ceuli mah jeung rimbil ku rupa - rupa geulang.
Teu lila selengseng aya nu asup kana irung disurungkeun angin mani ngahiek. Aduh Nung cek kuring rada ngaharewos , bau naon ieu teh nya.
,, Bu eta nu bau mah " bari noel kana leungeun.
Ari dilieuk gustiiiiiii, teu kuat hayang seuri jaba teu kuat ku parfum na, pangawakan pendek leutik, kulit peot, pakean jin kaos jerona beureum buuk ngarumbay seret cangkeng janggot panjang pinuh ku geulang akar bahar.
Moal kitu jawara .

COBA MUN KU PERSIB

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:14:16

"Baku ilaing mah! Ari meuli udud téh sok di dieu waé,aya haté kadua leutik ka palayanna nu ganjen tadi nya?",
"hus sembarangan,déwék mah resep nénjo patung nu ngagiring bola tuh!",
"Alaah,naon alusna? euweuh kamonésanna ceuk déwék mah!, alus kénéh haji géol nu gutak-gitek, bisa ngabangbalérkeun beuteung lapar jeung rasa hanaang!",
"Nya lah kuma dinya bé,
da nyanéh mah kurang ngarti seni!",
"Heueuh,mengges atuh.hayu kaburu turun hujan ké,ulah dipelong baé patung batu mah. Sareukseuk déwék mah nénjo na, tadi peuting gé,jiga para pamaén urang di kebon awi. Coba mun ku Persib, Déwék mah yakin bakal leuwih 70 gol di gundulanana tah si Bahren atah adol téh!

jtwg

CEP ABAS

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:13:28

Reket, panto lalaunan dibuka, manehna ngalieuk heula ka tukang tuluy culang-cileung, bangun nu sieun kanyahoan, simpe taya sasaha. Lol, sirahna nolol, sup, cetrek lampu dihurungkeun. Keteyep-keteyep, panona rarat-reret, ngulibekan kamar, tungtungna eunteup dina hiji laci, sorolokna dibukaan hiji-hiji, breh nu diteangan katempo, tuluy dicokot, gek diuk di sisi enggon paranti Emangna sare. Cep Abas, budak olol leho anteng mukaan eta nu diteangan, meni ku imeut, mimiti teu daek cicing, beungeutna semu beureum, awakna ngadak-ngadak ngaheab, getih ngagolak, aya nu aheng nu can kaalaman samemehna, calana Cep Abas tuluy baseuh. Eta nu ditempoan hareupna di baca ku Cep Abas, PLAYBOY.

KANYAAH INDUNG

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:09:41

Eta budak kacida dorakana, manéhna loba paménta ka indungna. Mimiti manéhna ménta motor, isukna ménta hp, isukna deui menta léptop. Unggal-unggal, indungna ngan saukur bisa ngajawab “muhun kasép, insya Alloh”. Lila-lila éta budak teh kesel ku sabab kahayangna teu dicumponan waé, manéhna ménta ka indungna sangkan kabéh paméntana kudu aya dina waktu tilu poé. Indungna nyanggupan, tuluy indit bari ngan mawa awak wungkul. Teu karasa geus tilu poé, indungna datang deui bari mawa kabéh paménta manéhna. “Ti mana duitna ieu teh?” ceuk manéhna, indungna teu némbal ngan ukur bisa tungkul. Eta budak kacida ambekna ka indungna kusabab teu di tembal waé. Jleg éta motor jadi ginjal, hapé jadi getih, léptop jadi haté. Manéhna colohok bari reuwas. Les we kapiuhan.

KEMBANG SARU

Kénging Remi Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:06:19

Leuwi mana, dina diri? Nu sétrana jadi cikahuripan. Nyirungkeun kekembangan. Nu ligarna, ligar ku mangsa. Patamanan nu kebek, neuteup. Seukeut. "Lumar" ngaharéwos. "Kembang!" ceuk pangemut. "Supa, supa lumar" ngarérét. Duanana lajeng ngarenyu. Karaos, katumbiri nyungging langit. Langit mana, dina diri? Nu pameunteuna jadi eunteung. "Subhanallah" ceuk maranéhna.

SULAYA

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 15:04:36

Sulaya teh disusul-susul weleh teu aya, jungjunan! Leungit tanpa pamit ilang tanpa raratan...!

NGANGON SAWANGAN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 14:34:57

Anteb neuteup budak nu keur anteng ulin. Paromana nyacas mapadanan méga bodas. “Kahadé amengna!” Sora ti gigireun halimpu. Mudal ku kanyaah. Matak tingtrim kana haté. “Imut si jalu nyeplés ambu.” Kuring ngarérét. Manéhna imut. Nyiwit cangkéng bangun geugeut. “Tapi hideungna mah nurun ti abahna” Bari ngadilak. Duh gusti, panon iuh nu matak tibelat. Nu ngeueum harepan nepi ka jaga. Nurun ka budak nu keur dihareupan ku duaan. “Akang émut teu?” Sorana nampeu kana ceuli. “Naon téa, néng?” Manéhna seuri sakeudeung. Rangu. Ngarénghap semu panjang. “Kapan ayana kuring sarta ieu kaéndahan téh ukur dina sawangan akang hungkul.” Kuring ngagebeg. rut-rét ka sisi ka gigir. Tuluy gigisik. Ukur hiur angin dipirig ku sora jangkrik.

PEPELING

Kénging Dikdik Sadikin
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 14:10:18

Ulah rasa mokaha gede tanaga kudu ngukur kana waruga nu geus teu walakaya, umur geus wayahna sare tibra, ulah ngarawu ku siku masih keneh loba baraya nu teu nyatu,kudu inget urang teh kaluar tina liang bakal balik deui kana liang...heueuh!

RUDET

Kénging San Jani
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 13:48:47

Bet dumadak keuheul harita basa di pasimpangan. Keur meujeuhna panas ereng-erengan, motor ujug-ujug pareum mesin. Nya kuliah kabeurangan deuih, mangkaning dosenna katelah galak, telat saeutik ge moal burung mere peunteun C. Kapaksa we kudu ngadorong, sugan we di jalan manggih bengkel. Sabot keur ngadorong, teu weleh kasiap ku rupa-rupa mobil. Tapi aya hiji mobil nu supirna teu gableg kinten-kinten, keur mah nyiap, miceun puntung roko jeung bungkus sukro deuih hareupeun kuring.
" Na miceun runtah teh dimana wae!" ceuk kuring bari mencrong ka sopirna.
Supir teu malire, ngadon nincak gas sataker kebek laju muru stopan. Eta runtah dibawaan tuluy dialungkeun ka wadah sampah. Keur mah pabalatak ku sampah kota teh, katambah miceun dimana wae, atuh beuki we nambahan karudet. Rudet kotana, rudet kuringna.
Hiji poe kuring nyaba ka pameran buku nu aya di kota. Sugan we manggih buku nu dipikahayang. Sup kuring asup, katara aya nu keur sawala. Kuring ngadeukeutan sugan aya babaturan. Barang geus deukeut, disidik-sidik asa apal nu jadi pemateri sawalana. Beuki deukeut, panon beuki mencrong ka manehna. Beuki atra. Horeng,,,si supir keur ngabacokak hareupeun peserta sawala. Ret ka belah luhur, aya spanduk nu tulisanna " MELESTARIKAN LINGKUNGAN HIDUP UNTUK ANAK CUCU KITA". Kuring ukur imut. Bari ngaleos ninggalkeun eta tempat.

GILIG

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 13:48:44

“Nung… nyanggakeun tawis deudeuh. Asih Kaka ngan keur Enung. Carita urang rék dibawa marengan peuting munggaran. Najan lain jeung Enung, haté Kaka teu leupas tina iuh-iuh soca Enung nu sakitu lindukna...”
Seungit malati kaangin-angin. Patingsulusup kana sukma dihariringan angin basisir. Lalaunan ali meneng nu meulit limalas taun lilana dibuka. Diteuteup sakedapan, koléang… blus diteureuy ombak. Harepan ngaringkang marengan léngkah nu kebek ku harepan. Kang Wid nyampeurkeun. Imutna atra, ngenclang katojo matapoé nyingraykeun lalangsé haté.

NU MOYAN TENGAH POE

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 13:18:10

Lain teu kabagean isuk. Lain hudang kabeurangan.Lain hudang tengah poe. Lain ngahajakeun moyan. Lain rek nangtang balai. Lain teu sieun ku batara surya. Kapan kuring dagang cendol . Meungpeung keur hade poena. Mun hujan kaburu datang. Cendol kuring moal payu.

NGADU JAJATEN

Kénging Usin Muhsin
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 13:12:31

Tukang Cukur:"Ti rahayat leutik nepika raja,nurut ka bangsa kuring mah..."
Dokter:"Can sabaraha sakitu mah,pamajikan raja dipiwarang ngagoler teras muka raksukanna,dicampa,dikitu kieu.....tara ngabantah"
Tukang Gali Kubur:" Tong seueur carios....mangga enggal lebet!"
Nu Maca:" Tuh itu heula....nu anteng na leptop !"

NGEBET CINTA

Kénging Untung Wardojo
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 12:32:35

Cinta eta emosi
Ngebet kana cinta
Hirup kana cinta
Kakuatan kana cinta

Arek kana cinta eta emosi
ngantepken ngabogohan
ngatukangan ngapayunan
Sein wani

Gelombang magnit anu dilepaskeun,
Dirasakeun kana radius sabaraha meter
kunaon pesona biologis
Arek lengit jengit waktu

JL.BRAGA

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 12:14:13

Jl. Braga katelahna Paris van Java. " Jalan Braga jalan intelek", ceuk lagu. Tapi naha bet rarenjul taringgul, amparan batu bareulah...? Saha nu haat ngomean jeung kamana atuh kuduna urang nanyakeun?. Sok ah paliikiran jeung prak ah gawean!!
Wilujeng.

NEKAD

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:54:57

Keur anteng ngagas di jalan raya, teg!! Inget stnk tinggaleun di luhur meja. Diparapatan jalan Garuda rentang-rentang katinggali aya pulisi keur operasi. Ret kana erloji..." Haduh!! geus telat..!" gerentes hate. Ditikungan gas teu dikurangan. Pulisi nu ditukangeun mere isarah ka babaturanna nu aya ditikungan. Gewewek, ngajewang jeket kuring. Koleang...gubrag!!! motor muih di tengah jalan,awak kuring ngalayang laju tibeubeut kana aspal. Pipi kuring nu lemesna siga boneka porselen barabak. Kuring cengkat, satengah lumpat muru polisi nu ngajewang tadi. Jekuk! Jekuk! peureup nyarang na pipi kenca jeung katuhu laju di dagorkeun kana tihang listrik. Kapiuhan!! Antukna kuring dibawa ka kantor pulisi. Diinterogasi. " Kunaon maneh wani-wani ka aparat?" Tanya komandan bari neunggeul meja. " Kira-kira we,Pa...Nilang mah nilang tong nyilakakeun. Tinggali ieu pipi barabak. Da abdi nyeri hate hayang pipi mulus kieu teh ngabelaan ngagadekeun emas ka pagade jang perawatan di klinik kulit ERHA nu tiap bulan seep 600 rebu!!!" Tembal kuring malik nyentak.

UDUD

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:53:26

(Namatkeun)
Hiji wanci, bet asa rek mobok manggih gorowong, rek meuntas meunang cukangan. Dina hiji peuting, malem Minggu harita teh, kuring seja lalajo panggung dangdutan. Eeh … kasampak manehna keur nangtung hareupeun pisan, nonggongan kuring. Teu talangke jangjawokan pelet peperenian teh dipapatkeun kalayan daria. Puh … puh … ditiupkeun kana tungtung udud. Sut disundut. Gasik eta udud teh diseuseup jero pisan. Satuluyna, kalayan kebek kayakinan ku kamatihan eta pelet Karawang, nya teu antaparah deui, serebung-serebung weh haseupna ditiupkeun lalaunan ti tukangeun manehna.

Teu kungsi lila, si manehna rada gohgoy alatan muleukna haseup udud. “Aah, keuna siah,” ceuk gerentes hate. Manehna tuluy malik nyanghareup ka kuring. Teu ku hanteu manehna melong beungeut kuring anteb pisan. Kuring kaget pacampur atoh. “Yes, hasil euy! Sukses, he he he …!”

Gampleng! Si manehna nampiling pipi kuring satakerna, bari tuluy gasik ngabingbrit ngajauhan kuring.

Kuring ukur ngembang kadu, mata simeuteun ….*** Cag!

UDUD

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:51:03

(Bag. Ka-1)
Tong disebutkeun kuring urang Karawang mun teu bisa meruhkeun hate awewe pantar kitu-kitu wae. Atuda nyeri hate kabina-bina kuring mah. Panas mani ngentab-ngentab. Malah tungtungna mah asa ditangtang.

Rek teu nyeri hate kumaha, sasat kuring teh dihina basa nu leuwih ti misti. Asa dileyek sirah. Cindekna mah diwiwirang bebeakan. Majar kuring teh lalaki teu uyahan. Lalaki teu gableg kaera. Lalaki miyuni kunyuk rawun. Lalaki teu ngukur kakujur. Huis geus minuhan babatok, awak geus bau taneuh. Hayoh kumawani ngahelaran wanoja nu pantesna mah jadi anakna.

“Dipelet siah ku dewek,” amarah kuring teu kawadahan. Teu, teu kudu menta tulung ka dukun. Kuring ge geus boga, wawaris ti si Abah (alm). Piraku teu matih, sasat meunang muasaan niis jeung patigeni, malah geus ditawajuhan sagala. Nyumponan sarat mawa hayam bodas, beas bodas, lawon bodas, tur sasajen. Yeuh, kuring boga pelet udud deuleu. Diserebungan ku haseupna, tanwande maneh bakal kelepek-kelepek….*** (Hanca)

DINA RÉRÉT

Kénging Ki Jante Arkidam
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:50:53

Rekah imutna,pageuh nalian juru paneuteup. Ngoyagkeun rohangan haté nu simpé,
mulang-antingkeun angin nu humandeuar. Kukuh!,
Iwal anjeun nu cékas dina implengan nu célak,nyelap dina bengketan sagala warni nu ligar hégar. Hamo kasilih nu lian dina renungna kahayang,dina tumamprakna alas harepan,nu nyambuangkeun wawangen impian.

jtwg

BENTANG

Kénging Beni F. Syarifudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:48:41

Sok aya paribasa. Kawas ngajul bentang ku asiwung. Nya moal beunang-beunang. Ngan hiji mangsa mah bentang teh beunang diajul. Murag hareupeun imah. Dipupusti, diampihan eta bentang teh. Geus kana samingguna, mun seug datang peuting sok digantung dina lalangit imah. Caang pisan tibatan lampu neon.
Poe kadalapan, ujug-ujug aya nu datang ka imah. Ngakuna mah Pandita ti Tadjimalela. Datangna teh mere pituduh, eta bentang rek diinjeum cenah. Aya nu kudu dicaang di beh kulon. Nya diaminan bae da ngarasa percaya. Peuting eta keneh laju indit nuturkeun eta Pandita. Anjog ka lebah pajaratan. Si bentang teh tuluy digantungkeun lebah dahan kiara.Atuh palataran pajaratan teh ngempur caang, nyambuang ka sagala arah. Ngan bati olohok wae, nempo eta kajadian. "Tah ieu maksud kuring nginjeum eta bentang teh," ceuk Pandita. Angin ting arigel nebakan silalatu.

2012

PANGADILAN

Kénging Yusef Muldiyana Full
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:41:50

MAT GADIL nepungan Mat Harta , sobat nu remen panggih unggal waktu. “Ta, tulungan. Isuk kuring ka pangadilan. Daék ilaing mantuan?” Raheut haté Mat Gadil, sobat dalimna, ngajawab ukur ku gideug.
Laju nepungan Mat Jalma , babaturan nu sok didatangan saperluna, tara unggal waktu. “Kuring daék nganteur semet lawang pangadilan. Hamo asup ka jero” cek Mat Jalma.
Antukna ménta tulung ka Mat Amal, sobat lila anu tara ditepungan pisan. “Dil, déwék siap ngabéla anjeun, sabisa-bisa”
Di hareupeun hakim, Mat Amal bébéakan ngabéla. Salah benerna kalakuan Mat Gadil, manéhna anu nangtukeun.
Mat Gadil keur aya di pangadilan akhérat. Mat Gadil dipundut ku nu kawasa, Mat Amal milu dikubur. Mat Jalma nganteur semet lawang kubur, Mat Harta teu elol-elol, haré-haré, teu nempo sobat dikubur.

LAMUNAN UDIN

Kénging Nyi Roro
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 11:32:22

Nyéh, Udin imut bari ngitung duit. Poé eta lumayan mucekil ngojég payungna. Duitna rék dibikeun ka emana sina meuli béas, da unggal poé sok ngaron baé. Sésana rék ditabungkeun keur meuli payung dua siki, rék disewakeun ka babaturanana. Mun usaha ojég payung Udin maju, batina rék dipaké ngamodalan emana dagang cilok. Mun dagang cilokna payu, pasti loba batina, Udin hayang sakola.

“Buru! kadieukeun duitna! Awas mun ilaing ngajorowok menta tulung!!!” ceuk Kang Parta, préman nu sok malak barudak.

MAHOGI

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 10:53:50

Sanajan tanggal 1 kakara clek.Mahogi kabogoh angger bae ku fikmin.

TUKANG JERUK

Kénging Echa AnggieAni
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 10:25:57

Kalagian teu pati pinuh elp Bandung-Cirebon teh. Ngetem sakeudeung di Cibiru. Jul jol tukang asong. “Jerukna, Neng? Diical mirah. Asli Mandarin. Tilu Rebuan,” tukang jeruk darehdeh nawaran. “Amis, Neng. Tilu Rebuan. Mitoha bade ulang taun ieu teh. Mangga galeuhan,” pokna deui. Kuring mesem bari gideug. “Mangga geura, Neng. Seueur pitaminna. Kana kulit matak bodas. Kana pangambung matak mancung,” nawaran ka nu diuk tukangeun kuring. “Amis teu?”. “Ih, teu amis mah uihkeun deui we ka emang!”. Jadina sapuluh opat. “Sabahara eta?” pok lalaki di hareup. Pantesna umur opatpuluhan. “Mirah, A. Tilu rebuan,” tukang jeruk sumanget muru ka hareup. “Marebu tilu, nya?” tawar si Akang. “Ih, kajeun ngajual mitoha kudu sakitu mah,” pok si emang teu kireum-kireum. Kuring bati seuri leutik. Inget ka mitoha si emang nu cenah rek ulang taun.

*fikmin kanggo nu garaduh mitoha...

NAHA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 10:21:26

Jang Umang nanya ka indungna:" Ema naha unggal malam Jumaah,pamikulen sareng bapa, sok seuhah ?".

MALES KAWIRANG

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 10:18:17

Waktu normal tinggal 5 menit deui, kasawelasan urang katinggaleun 0-10. Beu...., kacida wirangna teu bisa ngasupkeun hiji-hiji acan !!! Teu talangke, gajleng kuring asup kana TV deuk mantuan males kawirang. Kuring langsung ngetrukeun kabisa, dina waktu 4 menit kuring ngasupkeun 8 gol. Priiittt...., hanjakal waktu kaburu beak. Hasil ahir eleh 8-10, bae ah teu era teuing !!!
Isuk-isuk maca koran..., naha geuning angger eleh sapuluh jendol ????

PANGADILAN

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 10:10:21

MAT GADIL nepungan Mat Harta , sobat nu remen panggih unggal waktu. “Ta, tulungan. Isuk kuring ka pangadilan. Daék ilaing mantuan?” Raheut haté Mat Gadil, sobat dalimna, ngajawab ukur ku gideug.
Laju nepungan Mat Jalma , babaturan nu sok didatangan saperluna, tara unggal waktu. “Kuring daék nganteur semet lawang pangadilan. Hamo asup ka jero” cek Mat Jalma.
Antukna ménta tulung ka Mat Amal, sobat lila anu tara ditepungan pisan. “Dil, déwék siap ngabéla anjeun, sabisa-bisa”
Di hareupeun hakim, Mat Amal bébéakan ngabéla. Salah benerna kalakuan Mat Gadil, manéhna anu nangtukeun.
Mat Gadil keur aya di pangadilan akhérat. Mat Gadil dipundut ku nu kawasa, Mat Amal milu dikubur. Mat Jalma nganteur semet lawang kubur, Mat Harta teu elol-elol, haré-haré, teu nempo sobat dikubur.

BOHEMIA RHASODY

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 09:07:57

Kuring lain jelema Scaramoche kecing euweuh kawani”Keur melaan indung nu dihina batur aing geus maehan jelema ”Ceuk gerentesna.Figaro, Fandango ngengklak hate suka genah geus ngabales kanyeri indung,Mama Mia, hampura ngan jalan ieu kuring bisa nedunan, kulantaran mere harta teu walakaya, euweuh pakasaban keur mulang tarima welas asihna.Galileo magnifico nuhun, kuring geus dibere balati anu seukeut pisan. Bismillah, mun isuk pageto kuring dicangkalak, pamenta kuring ngan Allah nu ngahukum kuring lain jelema nu sarua loba dosa, komo Beezelbub ulah pipilueun!!

KADO ONDANGAN

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 09:00:05

"Na rek mere naon ondangan teh?," ceuk kuring. Sepre geus ti Uwana. Simbut da hareudang di Subang mah. Setrika teu kabedag hargana. Buku teknik bercinta da geus pangalaman manehna mah. Barina ge teu beukieun maca. "Baju atuh!," ceuk pamajikan semu nyereng. Moal ah bisi teu resepeun, der teu dipake. Sapatu? Moal teu apal nomer. Tas, kiriditeun keneh. Mejikom moal kuateun listrikna. Pan loba HP murah? Bisi diseungseurikeun. Duitna atuh? Moal bisi leutik teuing. Pan kudu dingaranan dicatet ku Juru Tulis. Kicenset, alus teuing di kampung mah. "Geus we atuh kumaha dinya lah," ceuk manehna bari ngaleos bakat ku cangkeul. Wanci beuki peuting. Nu baralanja geus pada mulang. Bus kuring asup ka toko kolontongan. Maleman tas hajat mitoha kapiuhan. Majar aya nu ngado balanjaan. Barang dibuka. Euleuh Kuku Bima TL saruntuy. Rumput Fatimah. Obat merah, kapas sabungkus. Jarum jeung benangna. Obat nyamuk. Ngan aya batu saguruntul. Ditilik-tilik jiga hajar jahanam. Bekel ti Arab basa krismon.

NU MUHIT ASMARANDANA

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 08:17:01

rét kana pigeulang leungeun, jam lima leuwih lima. unggal bangku geus aya nu ngadiukan. kuring nangtung di lawang gerbong. ngarasakeun angin isuk nu ngahiliwir. lipetan sapedah disimpen di gigireun bangku. aman, jam mangkat karéta sapuluh menit deui.
"tisu, tisu, tisuna a?" cek tukang asong nu ngaliwat. kuring gideug. tina saku hareup kantong gandong ngaluarkeun anduk leutik, ngelap késang dina beungeut, buuk, jeung beuheung. leungeun ngaragamang kana botol, nu nogél ti saku gigir kantong. "aqua a?" tukang asong séjén ngaliwat. kuring gideug deui. tutup botol dibuka, caina maseuhan tikoro. nambaan halabhab. lumayan nanjak jalan ka stasion téh.

DO'A

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 08:04:01

Na amparan sajadah, aya cahya doa pinuh dosa

NYAKOLAKEUN

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:51:52

Kerung, basa utang itung maké kalkulator. Lima taun nyakolakeun budak ka paguron luhur méakeun waragad 75 juta. Ari budakna ayeuna geus sarjana gé angger nyusu ka indung. Sagala kudu dihuapan. Pagawéan sapopoé ukur mikmin. Bari fikminna asana teu alus-alus teuing. Da lamun kaasup petingan mah meureun dijeujeuhkeun ku Nana Sukmana jeung Nazarudin Azhar, bisa midang di Galamedia atawa Kabar Priangan. Jajauheun kudu meunang lektop ti Ganjar Kurnia mah. Pajarkeun hayang jiga Tatang Sumarsono atawa Godi Suwarna. Nu puguh mah sawah jeung kebon béak dijualan. Boro-boro ngahasilkeun. Duit puluhan juta téh balik modal gé henteu. Mikir kadinya mah mending Haji Jamal harita, duit sakitu dipaké meuli si énéng meunang lima welas. Nepi ayeuna, tilu bulan sakali meunang untung tara kurang ti sapuluh yuta. “Halah, aing mah. Ari sia rék kitu waé palakuan téh” ambek nempo nu keur ceuceuleukeuteukan maca fikmin Yusef Muldiyana II jeun Irman Dimyatie.

WASIAT INDUNG

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:51:17

Sagalak galakna gé indung, moal ngahakan anak sorangan. Éta pisan, mamah émang paling galak. Tapi karasana ayeuna. “Ngaji! mun teu daék, yeuh rasakeun!,” gebot sapu nyeré kana suku. Ku ngadilak socana gé, kabéh budakna sarieuneun. Anu ngabring, kapangajian ngan ti keluarga kuring. Jam 2 wanci janari, anjeuna tos sumujud kanu kawasa. Sadidintena sibuk pangaosan. Kanker anu nyidekem teu diraos. Anjeuna mulang. Imut. “Sing Alakur Jeung Dulur.” Wasiat Anjeuna… *3. (Cag ah.. tos 3, Bade mudik Heula..! Permios).

DOMPET

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:43:48

Geus lumrahna saalam dunya, barang anu haregaan jaba dikurung ku centeng bordil gegeden awak, tangtu moal salah kalintang deui kualitasna tangtu ka sorgana. Hehe, bener2 titadi peuting asa di sorga manikmaya weh mun cara kidalang ngawadul mah. Ngan orokaya, saberesna sasarap mesra panungtung, naha bet dompet tea make euweuh. Ramo rajin rumpa rampa kana endong jin bari angger dipelong ku Rosa. Tapi da eta euweuh. Duh tangtu kabawa ku indung budak anu kamari sore meredih ka klinik pedah budak keur panas, jaba leungeuna loba bintik beureum bisi majarkeun DBD tea. Beu cilaka, moal boa matak uing digarebugan ku centeng edun tea yeuh.

"Ari akang tega kitu ngantep budak gering parna teu nganteur nganteurkeun acan?" Sora jikan harewoswos jiga anu ambekeun, barang rek dius indit kana bajaj.
"Euleuh ari maneh, kapan aing geus jangji ka bengkel arek ngomean mobil bisi kuma onam." Cekeng tea bari nyeuneu, jaba Rosa kameumeut geus sms deui sms deui.

DI AJAR

Kénging Ratna M Iwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:43:01

Tos lima lambar kertas nu di anggo kutrat kotret teh. Lima limana di aos deui masih keneh karaos teu paruguh kanu hate, kerewek weh lima lambar kertas di rorojet. Sreet, lambar kagenep nu nembe bieu di tulisan oge ku kuring di soehkeun deui. Bari kerung pun biang naros
“Nung, nuju naon?”
Bari cumalimba kuring ngajawab “ duh, ieu ema abdi nuju diajar ngadamel fikmin”.

SIOMAY

Kénging Yetti War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:22:25

Teu bisa dipaling, teu bisa dibebenjokeun .
Unggal sore pasti tah ngaliwat. Urang pegat geura sakeudeung deui ge pasti belna ngirining.

RARASAAN ATAWA KANYATAAN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:16:09

Hareupeun eunteung. Gulak-gilek. Runya-renyu. Muril-muril kumis, bari diciduhan saeutik. Janggot diusapan. Buuk ipis nu huisan disisir bulak-balik. Korong dikorekan. Cileuh ditoelan. Nyeh seuri. Ngaborelak bodas... huntu palsu! Ngagerentes dina hatena.... geuning aing teh kasep keneh!

SMS

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 07:05:18

i
Isuk keneh kabogoh kuring geus ngirim sms, eusina,laklak dasar nyarekan kuring.Nujadi lantaran tadi peuting kuring nga sms manehna, diajak sare bareng sapeuting di hotel panganyarna, pangalusan ,pangmahalna di Tasik.Ku kuring dibalesan unggelna :" Neng nubahaya mah sanes sare bareng ,tapi beunta bareng sapeupeuting ".Piraku manehna teu ngarti kana jawaban ti kuring.

SONO

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:58:53

Lawas teu panggih, lawas pisan. Hareupeun eunteung, kuring ngorowotan dada, metot jajantung, tuluy mocelan unggal huruf nu ngagetih wuwungan. Dijajarkeun hiji-hiji, nepika ngawujud ngaran anjeun.

BRAND IMAGE

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:55:37

Astrajingga kawalahan dihurup ku mangpuluh-puluh danawa. Teu katulungan, ngahanju, terus nyekleuk. Ninggali kayaan kitu, lurah Semar rikat néwak nyawa si Cépot. Dikeupeul terus diasupkeun kana kérésék, ditutup, ditalian ku karét geulang. Berebet lumpat ka imahna. diasupkeun kana jero freezer.
Si Dawala anu karék balik ti kebon kahausan, datang-datang langsung muka kulkas. Sirop dikucurkeun kana entik, terus nyokot és, dianclomkeun. Sirop ujug-ujug ngabudah, tuluy muir tarik pisan, ngabelesat, ngapung kawas piring terbang, mubuy ka jero taneuh di hiji pajaratan. Teu lila ti jero kubur aya anu ngurumuy. Babatek sakeudeung, terus ngingkig néangan eunteung. Sanajan bari jeung reuwas, manéhna ngagerendeng dina haténa :” Pédah kacelep ku sirop, beungeut aing mémang geus jadi beureum. Tapi aing angger kudu nganuhunkeun ka si Dawala, sabab beungeut anu samodél kieu, bisa dijadikeun brand image lamun dalang eukeur ngawayang"

OJÉG PAYUNG

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:54:39

"naha jang, teu ngajégang?"

KAPINIS

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:37:06

Girimis. Luhureun kantor bupati. Kapinis tingkalayang. Ulin jeung hujan. Jeung angin. Kapinis miasih tiris. Miasih girimis. Kulimis ku asih langit. Lain tiris boa nu karasana. Tapi amis. Amis kasono. Boa keur ngaji saban garis girimis. Kapinis beuki rabeng. Minuhan langit. Aya dadali nu nyayang di kantor bupati, usik bari ngintip. Huluna nu malik ngatuhu ngadadak tatanggahan nitenan anu keur sukan-sukan. Jangjangna kikiplik. Belesat. Jangjangna nampiling girimis. Pamatuk jeung ramona nyamberan kapinis. Langit pinuh ku bulu nu muguran. Gebret. Hujan badag kacida. Mupus sagala nu ngajuringkang. Kapinis ngaritung tatu di kolong sasak. Dadali mulang ka kantor bupati, cimataan.

LALAKI OROWODOL

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:35:48

“Na, ari Mamah, meni asa boros.” Sora kuring bedas. Ambek. “Punten , Apa, da kamari Sarah panas, janten dibantun ka dokter,” tembalna. Jiga deuk ceurik. “Teu kudu ka dokter, maké obat warung waé atuh! Jelema teu gableg mah teu meunang gering, lain?” Ambek beuki nyedek. Pamajikan ukur nginghak. Puas mun geus kitu téh. Triliiit. SMS. “Aa, pangisikeun pulsa Neng atuh, 50 rebu wéh!” Buru-buru dibales. “Kantenan, Geulis! Antosan sakedap! Muuaacch!”

NOPE JEUNG COET

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:12:10

Aya hiji pamajikan kakara ganti nope, tuluy jorojoy na hatena aya niat ngajailan salakina. Manehna asup k dapur api2 masak, tuluy nlpon salakina.
pamajikan: Halow!
salaki: Halow! Neng, ieu nomer neng nu enggal nya? tong waka nlpon ayeuna! aya pamajikan keur di dapur. ke cuang sambung deui nya

teu kungsi lila beletak coet nu gedena meueusan nyayang na sirah si salaki.

NGABATU

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 06:02:33

Teuas. Geus ngabatu. Wanci Janari diketrékan. Angger teuas. “Kadaharan anu teu halal!,” gerentesna. “Lain, pikiran anu teu weléh maksiat,” témpas sora, teuing timana boa. Panon terus dicokélan. Néang sakeclak cimata. Hayang Tobat… *1.

BOBOS

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 05:12:03

Na bet boga sakadang mitoha anyar tea mani sakitu logor engselna. Asal lengkah prot, asal ngadeg pret, asal diuk prat. Cing atuh kadituh sing jauh Emaaaa. Kapan kuring keur ngararasakeyun keneh awor murak kadu pangantenan jeung anak silaing.

JOGJA ANYAR

Kénging Jajang Arohmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 04:57:33

"Lokasi Baru! Harga spesial! Diskon Gede-gedean!..." Sora spanduk gogorowokan. Lalumpatan sajajalan. Pas liwat, katenjo gedong sigrong masi ginding. Balon apung-apungan. Raksukan na etalase nyeungseurikeun. Tutumpakan pasuliwer. Weer...sora troli turun unggah. Balanjaan angkaribung. "Haling tong ngahalangan," ceuk satpam ka kuring nu keur ngajanteng. Asa kokoro manggih mulud. Tanteu, nyonya, nona dikaraleng. Leungeun tutunjuk. Panon rancingeus. Beungeut marahmay taya kamelang. Awak seungit. Dangdanan masket. Paingan da tangal hiji. Kusiwel, taeuna dikaluarkeun ka kasir. "Duh gusti na iraha ari abdi?." Ras inget nu dipikageugeut. Barangkeakan. Sapoe jeput teu beubeunangan. Bahruteng teu pimahieun. Sabot leumpang, hate seseblakan mikiran keur dahar. Cipanon ngalembereh maseuhan nasib diri nu ragap taya.

RAGA KATRESNA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 04:56:51

Aya kahanaang dina endahna raga katresna, jalaran sagelas rasa ngangkleung lebah upluk-aplakna sagara, teu walakaya, kahanaang sirna, gelas peupeus lebah rumasa, raga ngabelesat ka uwung-awang muru katresna mantenNa

UNGKARA RAGA SALIRA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 04:46:04

Dina kaca nu munggaran, unggal jeungkal raga salira, aya ungkara teu kabaca, alatan rasa sesah ngalelebahna, aya niat mulangkeun ka mangsa purba, jalaran ieu soca teu wasa ningal endahna raga rundayan hawa, nu ayeuna kantun runtuyan basa nu dianggap nimatna sorga dunya

BIRAHI UNGKARA BASA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 04:35:13

Basa anggoan hiji-hiji ngalumbruk na amparan kasimpe, trihangga raga salira nyandak birahi lalaki, gamulengna ngengklak dina wirahma pinuh rasa, namung halimpuna soanten salira teu kapireng, endahna engklak estuning maya dina kalang ungkara sajak nu rosa ku dosa

GOYANG, GITEK, GÉOL

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 02:35:22

Di Nagara Fikmin, aya Provinsi Fikmin. Gubernur, Awan Sufikmin, Wakilna Mang Dédé Fikmin. Cindek carita Awan Sufikmin nyieun aturan ; sakabéh rahayat teu meunang nari Jaipongan , sabab ngandung unsur 3G, goyang, gitek, géol. Tukang béca protés, dina ngabéca aya unsur gitek. “Piraku ngaboséh teu menang gutak-gitek?” Doel Sumbang atoh , dina 3G teu kasebut Gendut, gembrot jeung gembul. Ayip Rosidi surak, teu kasebut unsur galak. Tukang mabok ayeuh-ayeuhan, teu kasebut ganja, gélé jeung gédég. Asep Supriatna sujud syukur, 3G teu nyebut galing. Tisna Sanjaya bungah, teu kasebut gapték. Nu pang atohna Kang UU Rukmana, teu kasebut ngaran partaina. Kuring igel-igelan, bungah kacida, dina 3G teu disebut unsur gagah, gandang, ginding jeung gondrong. Alhamdulillah anu maos fikmin ieu ogé aman tina 3G, margi teu kasebat unsur, gumujeng.

WIN (BAG 2)

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 00:31:15

Win! atra katara kanyaah nu ngagalura na jero dada. asih nu matri dina diri, lir pancir nu pageuh maseuk. hanjakal gumuruhna lindu egoisme ngaruntagkeun cinta urang nepi ka paburantak carem tilem...!

GETIH

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 00:15:58

“Dahareun!” pating corowok. “Anteurkeun!” cék nu saurang. “Ieu mah racun,” haréwosna. “Pisahkeun atuh, kadé matak balai!” ngélingan. “Protéin!” celebek digayem. “Barudak!” lumpat ka luhur. “Obahkeun ku silaing jantungna! Awas ulah nepikeun ka eureun can waktuna!” paréntah komandan. “Siap!” pasukan ngamalir kalawan gancang. “Kakurangan, Nun.” Ngaheruk. “Kumaha atuh, Dok?” neuteup salakina anu ngalempréh. “Kedah énggal milarian getih anu sami. Upami henteu...” Doktor ngahuleng. “Getih kuring atuh!” cengkat. “Benten golongan sanés? Kedah nu sami.” Gogodeg. “Capé!” getih ngalungsar. “Kakurangan wadiya balad,” komandan nyuuh. “Engkang!” pamajikanana ngagabrug. Awakna oyag kabéh.

BULAN, ANJEUN KUNAON ?

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 01 Maret 2012 00:03:37

Bulan sapasi, nembongan bangun teunangan. Paromanna alum nguyung, mipiran langit kuwung-kuwung. Peuting ayeuna, ngadadak teu bisa lunta marengan bentang nuju muara. Duh!. Geuning sabeulah jantungna ditiruk angin nyuruwuk