Aya nu beuki pogot ngarangsadan kaendahan dunya na meredongna hate, aya nu sumujud pasrah sumerah diri ka Sang Khaliq na meredongna peuting
PURNAMA
Purnama nyaliara. Geus jadi nikotin nu ngabulen jajantungna. Unggal poé manéhna teu weléh nyeuseup purnama. Mimitina mah ngéténg. Tapi kiwari mah manéhna kudu waé nyeuseup sabungkus purnama. Duabelas purnama tuluy ngelun. Haseupna mebek minuhan sacangkéwok rohang dalitna. Calacahna ditampa ku asbak nunggelis bari sumegruk. Nyot deui-nyot deui manéhna kana purnama nu teuing ka sabaraha, nepi ka awakna badis kurupuk kacaian. Jadi rorongkong réréngkongan. Rorongkong tambih angot ngenyot, purnama beuki nyacas pias. Tiwas. Mangsa purnama tilar dunya, rorongkong ukur ngaheruk ngoréhan kuntung-kuntungna, bari nginget-nginget saban purnama nu kungsi diseuseupna.
"Tritura! Tritura!" cek demonstran bari ngeupeul ramo. Teu lili, "Hampura!Hampura! cek demonstran bari ngeupeul duit.
" pa, saur bu guru sapatuna kedah saragam !" | "wayahna jang pake weh heula nu eta, lumayan pamere babaturan bapa eta teh, urut anakna " pantesan loba koruptor, da eta kudu saragam, korupsi hiji korupsi kabeh.
"Abdi mah jalmi laip ... tuna harta sepi harti, tebih tina duduga peryoga".
Rék ngagolédag pisan, nyi Ikem narima sms ti kabogohna, eusina téh, nyi cing buka nol pesbuk dot com, akang geus kangen hayang ngobrol, via inbox wé nya méh murah, pulsa aa tinggal sarébu perak deui.
BEU
Dina uteuk geus pinuh ku bahan tuliseun. Kari tret nulis, jadi. Tapi, dimana tadi uing neundeun eta uteuk nya?.
Jentreng wiwaha banda Ki Sunda
Mapay raratan bibit buit ti huluwotan
Horeng, hurung herang leubeut ku ajen
Kakara engeuh....
Kiwari bangun leungit dangiang
Simpe parentul tunggul pajaratan
Sora peura, heuat nguliat
Pametik ukur mipit bari teu amit
Hamo daek nalungtik
Ukur ngarep-ngarep panghiap
Ti sakur nu haat.
Peuting ayeuna hayang saré, sugan isuk meunang daun sampeu!
Jisim abdi ge terang, salira teh Izroil nu tos nyangking nami abdi malahmandar ngawatesanan sakaca loh mahfuz, mung abdi teu terang dina kaca kasabaraha salira bakal sumping mapag sukma jisim abdi
Geuninga Salira can tiasa nyarengan tirisna usum hujan. Padahal simpe campur sareng sono nunyarakclakan sapaliheun pinareup kiwa. "Sms tos kakintun. Cikeneh"
Basa ngalongok gorong-gorong nu molongo ngagorowong, aya nu nyegrok tuluy ngagorok. "Cekok..Grok Cekok..Grok!". Sora goronggong mani ngagonggorokan ngagoronggong. Waktu ngagotong. Digosokan. Sabot polotot molototan na gorowong aya harewos na tikoro, "Man Robbuka?"
Urang sunda jarah ka mekah. Urang arab jarah ka puncak. Papada neangan sorga.
nya ieu nu disebut galura kaguligah nu kadua dina mangsa ngahaeub ka sareupna, asa teu biasa ku mangsa katiga ngalakay garing tutuwuhan kolbu, teu sapertos mangsa bihari...
Sukamiskin ceuk urang Bandung tapi aya di wewengkon elit nu mamur ku rajakaya. Ari di lembur Sukadana kiriman beas kelas "raskin" matak jadi rebutan rayat sadesa.
poe ka poe dilakonan asa cape
padahal nyawa kudu aya dina raga salilana
hoream, embung, jeng ulah waka salira ngangkleung
sapoe, duapoe, tilupoe jeng salilana
urang hirup ngan ukur hiji
pikeun ngabakti, muji, kailahi roobi
nyawang katukang, ngagunuk dosa
hampura........... tobaaaat.............
urang amparken sajadah
menekung mujasmedi kailahi robi
urang lubar eta nungagunuk
sena ngangkleung dilaut katineung.
Ciambu, Hiji November 2011
: Basa harita dibandungan, Asep karek bisa konci 'A' jeung 'D' wungkul, nepi ka ahirna Asep ayeuna bisa maenkeun sakabeh koncina, malahan kasebut jago diantara babaturana. Ku rajin,sabar jeung daek tatanya Asep ayeuna kakoncara nepi ka bisa ngahibur dina beus kota.
nete hambalan panonpoe, naha kenging pami abdi sindang ka bumi salira, jalaran tos kumejot sono ka jiwa nu pinuh madu...
Wanci entrang-entrangan. "Waregah naker laah, rek lunta teh! "cenah bari kerung neuteup panon poe. Juragan mah sakur mencrong ti kajauhan semu nyingkahan bari nyebrotkeun seuneu elas bari ngahieng. Leumpangna ngagancangan, bari geus rada jauh mah leumpang ngagandeuang antare jeung lingsirna ngulon. Basa anjog di dayeuh lembok aya tulisan ngajeblag "SOUL : REBEL". Talamba-tolombo. Saung agreng nu lega amparan tegalan ngabalungbung. Manghektaran. Taneuh nu ngaplak pinuh ku lelegokan ukuran dua ka dua meteran. Satungkebing deuleu aya dua cukang. Jambatan panjang nu sajajar loba ku lombang. Diliwatan bari nyekel pageuh semu panasaran, ditingalian horeng lombang teh taneuh nu sarua siga di tegal nu legok ngan saat. Ditoong aya batu badag ngawagu aya tulisan 'Prasasti Cieunteup Panggeteran Kolbu'. "Gustiii..Dimana ieu? Endaaahh!" Cenah bari mandi ucing semu panon peupeureudeuyan. Barang suku salengkah-salengkah nincakan, aya cai nu kaluar tina sela-sela dasaran. Reg, tuluy ngalengkah deui ngaliwatan hiji-hiji. Serang angon sigana ieu mah, tapi beda jeung serang di lembur Cipanas. Nu ieu mah karasana tiis jeung hipu. Katingali bebegig terus ngengklak angkleung-angkleungan nagabageakeun. Kadangkala lini sok rajeun datang lima menit sakali. Aheng! Beuki pageuh leumpang di wewengkon SOUL:REBEL beuki betah. Teu karasa geus rek nepi ka tujuan. Can parat ngalengkah, sakolebat pedang nebas beuheungna. Huluna. ngulahek tumuluy ngagulutuk. Ngulapes. Bulu-bulu hideung dina awakna maluguran teu walakaya. Lalaunan kalangkangna leupas tina ragana bari ninggalkeun tapak ngaliarkeun taleus ateul..
Belewer handphone dibalangkeun kana awak nu keur lalajo mengbal. Kakara ge reuwas, Mang Jaja langsung disemprot ku gantawang Bi Neneng: "Tah siah rasakeun henpon lacur! Saha Afi teh? Kabogoh maneh? Yeuh, Jaja, batur mah suhud digawe nyukupan anak-pamajikan, ari maneh ngadon jangjian di hotel jeung bikang ateul! Dimana imahna si Afi teh, heh? Rek dijenggut digusur ku aing, ditaranjangan hareupeun kolotna ngarah era boga anak tukang ngaruntagkeun rumah tangga batur! Dasar ungkluk! Geus kawin atawa lalagasan keneh si koplok teh? Mun geus kawin rek dibejakeun ka salakina, mun acan rek disebakeun ka si Juha, nu gelo di pasar, malaur teu payu ka bujangan, cuih! Maneh deui teu gableg cedo, bobogaan sagede regang oge meni agul ditembong-tembong ka batur! Montong mungkir siah! Tah buktina dina SMS diantosan di hotel Fikmin cenah!"
"Na ari maneh," Mang Jaja muncereng bari ngojengkang nyokot HP nu untungna murag kana korsi. Hurung keneh. "Aing teh kapan keur nga-lobby pangwangunan pasantren! Ieu mah lain Afi awewe, tapi AFI, Ahmad Fawzy Imron! Pek telpon teu percaya mah!"
Ukur ketug jajantung anu kadéngé. Teu lila kasilihkeun ku haroshos angin anu ngaharewos, kawas mupuas. Malah nyeungseurikeun. Terus ngabarakatak tarik pisan. Ku kuring teu dipaliré. Tonggoy. Tayohna keuheuleun, da teu lila ti harita ngamuk nguwak-ngawik ambek kapegung. Ngagelebug, ngawur-ngawurkeun lebu. Ngahiber-hiberkeun kekebul, jeung kembang-kembang anu geus layu.
Salambar daun samoja, ngalakay, ngoleang ka luhureun pajaratan, ngusap tutunggul marengan kecllak cimata
sanggeus seubeuh ngagalentoran tungtung halis, gulusur lambeyna mapay pipi, ambekan kaciri ngerepan siga nahan galura mokaha rosa,soca ceuleuyeu lambey ipis kebat ngalendotan beuheung kebat kana puhu ceuli,kalawan sora nu haroshos manehna ngaharewos kana ceuli salakina satengah di tompokeun''kang!, pabeasan koredas, jaba nu boga kontrakan nanagih wae!''
Wanci manjing kasareupnakeun, hujan ngaririncik gede henteu, leutik henteu, ngan ngeureuyeuh, mun seug maksakeun geus pasti ieu pakean teh baseuh, jaba dina tas mawa dokumen nu pararenting, nya kapaksa kuring mengkolkeun motor ka hiji toko sisi jalan nu kabeneran tutup bari palataranana rada lega tur aya iuh-iuhan. Reg motor teh di eureunkeun di tempat nu merenah, tuluy mesinna dipareuman, ret ka lebah kenca aya bangku panjang, jrut kuring turun tina motor, tuluy diuk dina eta bangku nu kabeneran aya wanoja nu sarua keur ngiuhan, bari ngadadago hujan raat, tamba tiiseun kuring ngawanikeun maneh, ngajak ngobrol ka eta wanoja di barung ku heureuy atuh mingkin pogot bae ngobrol teh lir nu geus loman nu heubeul karek patepung, nepi ka teu karasa hujan teh geus raat. Kiwari geus opat taun eta kajadian lumangsung nu hamo ilang dina implengan, ayeuna kuring geus boga bati hiji tina hasil tepungna tali kaasih nu dibakutetkeun kana tihang kanyaah nu hamo pukah, da dibeungkeut pageuh ku akad tikah jeung manehna.
Poe ngarayap ka poeknakeun maturan rupa rupa nu nyangkaruk dina pikiran.Najan teu ngarti,tapi panineungan mukaan deui catetan nu bihari. "abdi sono " tukangeun lelembutan pating gorowok nyambat nyambat katumbiri nu geus ngiles.
Unggal sonten rerencepan bari diharudung sarung. angkat ka warung jajamu nu sok nyayogikeun endog hayam kampung.
...Beak !
Jang Umar dangdak-dengdek hareupeun kaca. Jins belel, kaos oblong bodas nu dipurintilkeun palebah leungeunna, beubeur gambar tangkorak. Tegep, cek pikirna. Rante ngait kana loket na pesak. Aman. Pasini jeung Neng Ati rek tepung di Mol Ciherang. Beu, ieu hate, tagiwur luar biasa. Padahal nyanghareupan Bang Jeki mah… wani ku peureup hiji ge!
“Ati…” Jang Umar haroshos, geumpeur.
“Akang…” Neng Ati meh teu kadenge. Panon tingkariceup pinuh ku kasono. Diuk pahareup-hareup ngahanca baso rudal karesep duanana.
Teuing ti mana jolna, juur… teh sirop sagelas dibanjurkeun kana awak Jang Umar.
“Dasar pleyboy kangkung!!” ceuk Neng Mira nu tadi dijangjian rek tepung peuting engke.
“Simpe....., leres teu weleh simpe pami urang nuju duaan, rehe teu weleh ngamalir kana hate, nu kadangu mung sora jangkrik nu ngagerik bangun ngageuri. Bet janten rarisi araringgis, sok sieun salira teu nyebat deui nami abdi, malah boa salira ge bakal mupus nomer hape abdi, mun leres teh panginten salira moal maos deui SMS abdi, kadituna boa salira moal neuteup deui abdi sapertos nu atos-atos, teuteup nu nyandak geugeut....” gerendengna bari ngarenghap.
"Anaking, hidep teh kembang nu endah tur unik nu ligar marengan sumiratna balebat harepan...." gerentes hatena bari neuteup nu jadi anakna.
"Sanajan nolad, sanajan tukik tapi Aing mah tetep sastra. Sanajan rungseb batan kulit landak, tapi Aing mah karya nu teu rumasa bakal rajét. Ari nu rajét saha atuh?. Nu puguh mah lain Aing. Tuh nu rajét mah si Nonéng. Boga beungeut geulis, buukna galing muntang, bulu panon centik. Tapi saban peuting tara reureuh mangkal di saritem. Bari ngagégémol pangharepan, kabungah nu sakedét". Ceuk fikmin nu munggaran ngupahan kuring.
Memeh mulang, Mas Bejo satpam di sakola nyampak keur ngalobrol. Mani medok-medok bae.
"Apal enteu, Jang Guru, manungsa teh didamelna tina kangkung," pokna.
"Baruk?" asa kakara ngadenge.
" Pan nyitakna ge ... bari mekangkang ... jeng mekungkung..." cenah.
Enya kitu? Ah, hese ngabayangkeuna ge. Duka mun kuring geus rimbitan mah...
Katumbiri, geuning lain keur kuring.
. Cap cus, cek jikan basa kuring mulang ti pagawean. "Aya naon?', tanya teh. ret kana anduk, rek kana papakeanana anu geus singkil rek capcus engke peuting dina bulan ngora.
Basa kuring ngawanikeun diri wakca seja nitipkeun kaasih, neundeun kadeudeuh, nyimpaykeun kanyaah ka manehna, harita kuring ditampik sapajodogan ku manehna kalayan sarebu alesan nu murudul tina lisanna, alesan kuring can gawe tea, alesan kuring can aya nu dipikareueus tea, jeung sajabana. Harita kuring ukur ngabetem, teu lemek teu nyarek, narimakeun bari ngarumasakeun kaayaan diri nu jauh tanah ka langit jeung manehna teh, tapi kuring henteu ieuh kuciwa, kalah ka sabalikna kuring ngarasakeun bebas henteu diganggayong teuing ku perbawa rasa nu samemehna jadi pangrobeda. Kiwari geus aya kana lima taunna, kaparengkeun kuring tepung deui jeung manehna, di tempat harita kuring wakca ngedalkeun rasa ka manehna, ayeuna manehna geus nungtun budak hiji umur dua taunan, "Kang omat tong hilap, nelepon abdi aya picarioseun". Ceuk manehna bari mere sacewir keretas kartu nama lengkep jeung alamatna.
dangdut OMA parebut liang ceuli
inghak nu CEURIK parebut ci ibun panon
aya bagong lumpat ka kota. bagong tea bagong. sagala ditubruk. eta bagong anteng tutubruk. teu apalaeun yen panguesi kota saestuna anjing wungkul. jol rageg we. di hiji parapatan, bagong dikepung sihung jeung babaung. Bagong sadrah dirogahala, ukur imut bari ngaharewos, " di kota mah anjing ge marake dasi!"
Hulang-huleng ti isuk kénéh. Dahar geus teu mirasa, saré geus teu tibra, pikiran pinuh ku poé isuk. Énya isuk...isukan pisan. Teu bisa majar kumaha da geus kitu gurat takdirna, tinggal kuringna wé nu kudu ihlas.
Wanci haneut moyan di giring jagal téh. Suku di eurad sangkan ngagoler bari nyanghareup kiblat. Bedog seukeut ngan sakilat metot nyawa.
Fikmin
Tatangkalan nyieun Nagara jero leuweung. Kabinet leuweung geledegan geus disusunkeun. Nujadi Presidena Si Kabayan. Teu lila tiharita, Leuweung didaruruk Manusa.
Cinta kuring ka anjeun, lir ibarat calana jeans.
mingkin belél, mingkin raos dianggona.
mamah,mamah,tingali itu aya nu gelo tuak taek kana kenteng..
Caliweura sujang,eta teh bapa ilaing
Sapanjang jalan, nu katempo ngan saukur bujur
Duh, Jungjunan
raga mah jagjag waringkas
mung hate nuju prikitiiiiiwwww....
"Seja ngiring babaung dipalih dieu Gan" Walon Ucing amis budi. Lauk Nilem alemprak luhur suhunan, 3 aleutan manuk golejra tuluy nyedong jero susukan leutik. Duka jalu duka bikang diri kuring poe ieu.
aya hiji presiden. ngarana sby. karesepna ngarang lagu jeung nyanyi oge nyieun album. rahayatna loba nu gogodeg jeung ngaharuleng, da maranehna mah butuh persiden. tukang ngamen mah geus loba. di tv, di panggung, di parapatan.
“ Kuring Bedil! “ ceuk Seuneu nu ngagugudag. Curukna tutunjuk. Tuh, kaditu! Tah, kadinya! Pélor paburisat tina sungut. Tina panon. Tina irung. Tingjorélat ngudag wanci anu ngilat. Pélor-pélor hurung. Tinggorowok di Leuweung nu beuki peteng. Leuweung hurung. Ngabebela. Kakayon tingkocéak, kahuruan. Leuweung ruhay. Langit beuki hangit. Pélor-pélor terus nyebrung. Muru kalangkang nu tinghariang. “ Ampun, Gustiiii! Saha ari kuring?” ceuk Pélor, anu rangsak dina Jurang.
2011
"Ma... teu cios nongton pameran di UNPAD teh".
"Naha... ? Ku naon?
"Teteh wungkul nu diseratna oge, Mono mah teu diaku".
"Dasar budak kembar". Indungna ngalimba.
Aki-aki tos lemong, ngagaleuh waos palsu. Ngahaja teu pupulih ka Si Nini, maksadna mah hoyong maparin 'kejutan'. Wengina, sanggeus Si Nini di kamar, teras keketeyepan, rap masang waos palsu. Si Nini geus teu aneh mun aya nu gagarayaman. Barang nyah beunta, Si Nini ngagurubug, reuwas. "Kunaon?" Ceuk Si Aki milu reuwas, bari nembongkeun waosna. Ari pok teh, "Aeh, sugan teh brondrong...."
Irvan Mulyadie
MANÉHNA teu walakaya. Ngagolér, direjeng, digulanggapér. Leungeun lalaki nu curukna aya tapak raheut kakeureut téh ngalaan sakur panutup nu aya dina awakna. Bret. Bret. Bret !!!
Manéhna pasrah da geus puguh taya daya keur ngalawanna. Lain pantar, béda tanaga. Teu kuat nyora-nyora acan. Leungeun lalaki nu curukna aya tapak raheut téh ngaragamang lalaunan. Pel, kana sukuna. Gep, kana pingpingna. Gap, kana dadana. Ser... sora getih nu ngamalir dina saban urat-uratna. Urat-urat si lalaki nu dina leungeunna aya raheutan.
Panonna neuteup teu kiceup-kiceup kana awak nu geus taranjang hareupeunna. Teu kanyahoan, ujug-ujug aya pakarang nu panjangna kur sajeungkal dina leungeun éta lalaki. Teuing meunang di mendi. Ngagurilap.
Manéhna kur bisa peureum, geus teu wasa ngabayangkeun naon rupa nu bakal tumiba kana dirina. Si lalaki nyéréngéh konéng. Pakarang nu sajeungkal téh di abar-abar, jiga nu nyingsieunan. Sabot balangah, gabres, pakarang téh ditojoskeun kana awakna. Manéhna jiga ngajerit, ngan teu bisa. Gabres deui, gabres, gabres, gabres.....bresss !!!
Brus wé kana katél nu pinuh ku minyak letik nu ngagolak, ngagotrok, raéng sahéng jeung asakan nu lianna. Hawa panas, kaambung goréng daging ti dapur réstoran Bébék Goréng Mang Gedebul.
ehm geuning kieu rasana geus lila teu panggih jeung sobat teh. basa tadi peuting bari teu panggih jeung jinisna ge kuring bungah kacida, pedah meunang elmu anyar deui ti manehna.
"Hirup mah fiksi teu katempo ku panon tapi ku hate" ceuk manehna.
"Naon maksudna" tembal kuring.
"Mun hayang neleman hate kudu apal elmuna, yeuh ku uing di bere amalan-amalanana. Nga-Ngo-Ngu-Ngi-Nge. unggal ngamalkeunana kudu ngajakan batur jeung ulah poho seuri" manehna nandeskeun.
abong sobat teh panutan, sagala rupana ceuk pasti manehna bener. enya isuk keneh kuring ngumpulkeun batur salembur bari seuri di warung ceu kokom.
15 menit gorengan, kopi jeung roko tina etalase warung ceu kokom ledis teu nyesa. nempo daganganana beak ceu kokom bungah. tapi kabungah ceu Kokom teu luyu jeung hate uing.
"Naon maksudna eta amalan teh?? jaba duitna teu cukup ieu teh. kudu kumaha ngomong ka ceu Kokom"gerentes hate.
teu lila ukur 42 menit, batur salembur geus bubar, bari cukup ku nuhun.
"ehm, ehm 32.700 eun kabehanana" sora ceu Kokom narikan. basa ceuk Kokom gegeroh gelas urut ngopi, eta sobat nu tadi peuting jol aya gigireun.
"Tong loba nanya, tuturkeun uing." Beretek manehna lumpat, uing ge ngilu lumpat.
"Naon maksudna amalan tadi peuting teh, Kang" uing ngagorowok da manehna rada jauh.
"Ngariung, ngopi, ngudud, ngitung terus ngejat" bari speedna ditambahan. les sora teh leungit.
"Jadol siah, sugan teh bener. abong fiksi kudu diteuleuman wae ku hate" Ripuh.
kuring meunang beja,grafis-grafis patingharewos,raeng pada ngalobrolkeun yen didayeuh keur aya hajatan,aya nu rèk diqurbankeun,aya nu rèk dipeuncit,dicacag diwalang-walang,ari ceuk sakadang kopi "milu ngiuhan euy,hujaneun yeuh" sakadang kopi luncat kana cangkir dibarengan ku gula jeung cipanasna
Diparatkeun dina sagelas kopi jeung kebul roko nu minuhan sogorolong lalampahan. Impian mangprung meulah celak celak lampu nu masih kénéh pating kuniang. "Kuring hayang mulang Kang" Salambar surat pondok ditulis Kapinis di imah peteng
Micinta salira teu benten ti ngalamotan es krim...
Murid nyieun tugas, guru...zzzzzzzzzzzz.
Peuting beuki nirisan, pepedut beuki ngandelan, Aki Japri ngahodhod bari ngehkeh batuk bari terus ngeukeupan incuna nu ngageubra tibra di emper toko babah Cina. “Geura cageur Jang, Aki ngan saukur galandangan nu taya guna.....” gerendengna bari ngusapan sirah incuna nu beuki ngageubra. Batukna ngehkeh deui, meupeus kasimpe. “Horeng hirup teh katumbiri, warna-warni ku tunggara jeung kalara....” gerendengna lebah selas-sela ngehkeh batukna.
Jepret, belesat, ceb, burial. Ray, ray, gubrag, bluk, lesssss.... Jamparing nanceb 'na tonggong layon nu ngudupung.
Hudang saré téh langsung ngeunteung. Nelek-nelek beungeut jeung badan sakujur. Bet kabéh robah. Lain beungeut uing. Lain rupa uing. Awak lain anu uing. Rét, tina kaca eunteung, pamajikan nu ngagolér luhureun kasur. “Geuning nu keur ngagolér téh awak aing…”*
"Tiris!" Ceuk hiji gambar nu murag. Kusah-koséh néangan pibatureun. Gurilap! Gambar-gambar séjén narepungan cahaya. "Hayu hanjat ka gawir nu leueur ku sésa hujan." Témbalna réang diantara cikaracak.
"Ikh..sumanget ningan jihad pameran Fikmin téh, taya tunduh seutik-seutik acan ogé", gerentes haté bari panon mencrong para mahasiswi nu lalar-liwat. Rét kana jam , 16.10, geus méh sa jam tacan masangkeun fikmin hiji ogé, heu..heu..
Engkang teh sono ka salira, sono neuteup salira, sono kana imut salira, sok sanaos salira tos lain-lainna deui jalaran nikah sareng pilihan salira, namung Engkang iklas, asal salira tinemu bagja. Eta pisan numawi Engkang lunta ngalalana, etang-etang ngabuang diri bari nyandak kalara. Salira ge kedah uninga, unggal neuteup bulan bet asa neuteup genclang soca salira. Sakapeung sok disawang bari diwangwang sumirat cahya soca salira nu gumbira gendengeun tuang raka. Duh ku hoyong gumujeng gendengeun salira, pinuh ku cahya bulan mabra. Namung Engkang langkung sae ningal salira tikatebihan malar salira bagja dina kagumbira, demi salira buah hate nu teu weleh dipikatresna....
Ngadon ngajejentul di téras kampus nu baheula. Lelenggutan. Geus tilu fikminan kuring ngimpi. Nu didagoan can norojol kénéh baé. Ngoréjat. Kahudangkeun ku sora léléngkah nu ngaliwat. Dilieuk téh taya sasaha. Panon poé karék meleték, kahirupan masih kénéh combrék. Rét ka tukang, bati lumenyap. Tapak lalampahan mangsa jadi mahasiswa geus jadi jungkrang. Pamohalan kasorang deui. Gambar anjeun ngelab-ngelab, gugupay ti béh lewangna. Kuring meungpeun. Ngalieus ka hareup, bréh lulurung nyampak. Ti kiwa-tangenna dingding kulawu keur mintonkeun mangratus fikmin. Méh unggal carita ngajadi eunteung nu ngajak nyurahan diri. Sadami-sadami jadi ambekan. Ngaweuhan. Jadi haréwos nu mairan angin, “naon nu bisa didago tina hieumna panineungan?”
Di payuneun baitulloh aya nu ngadu'a bari sumegruk,
" Gusti jantenkeun abdi haji mabrur tur pinuh kaihlasan , tambihan rijki abdi kangge ngagentosan artos PBB anu kantos kaangge nambihan ongkos ONH !"
Jalaran sono ka salira, emutan teh teu weleh manco ka salira. Sakapeung sok kaangseu lisah nyongnyong nu biasa dianggo ku salira, pami tos kitu, mastaka asa lenglengan asa bade katurelengan. Nya eta pisan nu janten marga lantaran, kunaon pami emut ka salira sok ngeclakeun cisoca, sedih Nung, sedih pisan, jalaran teu tiasa mangmeserkeun lisah merk Bulgari Omnia Gren Jade nu janten implengan salira, hapunten, hapunten pisan...
Satekah polah Enny neger neger maneh dihareupeun salakina."kumaha reunian teh Mah " salakina nanya."Nya kitu we,ukur ngobrol ngaler ngidul bari gogoncakan nyaritakeun naon bae nu kaalaman mangsa keur sakola"walon Enny bari baluar balieur teu wani paadu teuteup jeung salakina."Naha kuring jadi kieu ? Ceuk gerentes hatena.Hawar hawar kadenge aya sora nu ngageroan manehna "Mamaaah..." ceuk hiji budak trus nangkeup bari nyiuman pipina."Mun maranehna nyaho naon nu geus dipilampahna tadi.,mana teuing .!!! " na dada Enny harita aya nu ting seredet