Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Nyieun Heuleur Jeroeun Huma

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 23 Désémber 2011 15:16:34

Buaya. Unggal dinten. Dina waosna, nyelap. Daging. Tilu pamuda balakécrakan. Pésakna merekis dua séwang wanoja. Di handapeun méja, busung lapar ngalangkarak teu walakaya. Dipacokan manuk. Haseup ngelun. Seuneu ngabebela. Jelema awakna gararéhéng. Sarakah surak éngklak-éngklakan. Jero dada, padungdung gelut marebutkeun sasaktén. "Jampé jampé harupat! Geura gedé geura lumpat…!". Bangké orok patulayah jeroeun téténong.

Komentar (14)

Mahpudin
dimana ieu teh??? heuheu..
Godi Suwarna
:"Halah, aya nu patukang tonggong. Aya nu ceuyah kacida. Aya nu ripuh beak karep. Sapertosna mah nuju nyobian jurus enggal. der, ah...!"
Jojo Johari
Aeh, aeh, ka banjaran, meuli boeh diajaran. Sumpahna oge daek suwer. Balas maca fikmin#SABDA SANG UTUSAN# oge tacan walagri, ayeuna disampakkeun ieu. Piraku kudu kelenger mindo mah? Dimamana oge nu mindo mah beger heuheuheu
Rudi Riadi
Aeh, aeh....beuki aheng wae yeuh urang Dubai teh fikminna...Mangga nyanggakeun jempolna, Kang.
Ya Soebarta
Sanes ang Apoedy Sarah Ihsan, sanes di nagri Fikmin ieu mah..!! nagri Fikmin mah teu pahare-hare, silih geuing silih tulung teh asa jeung dulur enyaan..!!
Ida Nurulhuda
Di mana atuh nya éta téh...?
Ya Soebarta
Heuheu, manawi di Nagri Fikmin mah teu kengeng dugika kitu rupina kakang..!! ayeuna kang perbu Godi Suwarna, salaku Presiden nagri Fikmin mugia sing gemah ripah ieu nagri anyar teh, teu kengeng aya deui anu patukang tonggong..!! ngapung teh cuang enyakeun..!!( eh naon nya nyarios teh, nyambug teu nya..?!)
Ya Soebarta
Kang Jojo Johari, ulah waka kalengger kakang, kapan nagri Fikmin kedap deui bade ngapung, tara delay da di dieu mah...!!heheheh, haturanan kakang..!!
Ya Soebarta
Nuhuuuuuun ang Rudi Riadi jemprolna, bade diawetkeun ah meh janten mumi....!!haturan ang.
Ernawati Siti Syaja'ah
Kang Ya.....meni hebat. Jempol, pol, pol,
Ya Soebarta
Aceuk Ida Nurulhuda, rupina mah di jero dunya, di jero dada, tapi anu karaos pisan mah di lebet hate pun uing aceuk..!! heuheu, sanes di nagri Fikmin da..!!
Ya Soebarta
Aceuk Ernawati Siti Syaja'ah, hatur nuhuuun aceuk, duh sae heg jempol na ge, bade diawetkeun ah...!!heuheu, haturan aceuk...!!
Ernawati Siti Syaja'ah
hehe....kumaha atuh meni isin, mangkaning jempolna ageung. Heuheu.... Cisurupan masih tiris wae, raos ngagojod, kumaha Dubai kang?
Ya Soebarta
Sami di dieu ge ngahodhod aceuk Ernawati Siti Syaja'ah, nuju usum ngagojod simbut, siduru di hawu raosna mah, nungguan wedang gula ngagolak, teras weh dibanjurkeun kana bubuy sampeu...!!! haruuuuuh hoyong geura ngawayuh weh kadituna teh, eh hoyong geura mudik maksad teh...!! heuheuheu.