Ku Godi Suwarna
Tukang Parahu anteng ngawelah. Tas meuntaskeun. Aya nu gugurilapan. Katojo srangéngé soré. Ngangkleung di bangawan. Beuki deukeut. Bréh. Kandaga. “Ieu geuning nu kaimpikeun téh,” gerentes Tukang Parahu. Gasik dihanjatkeun. Jog ka darat. Kandaga diusap-usap. “Haruuuh, untung teu kapanggih ku Firaun,” ceuk Mang Ibrani. Ujug-ujug geus ngajega hareupeunana. Tukang Parahu kerung. “Kadieukeun, Jaaang..!” nu cumeluk rentang-rentang. Horéng Aki Balangantrang. “Jiiih, ieu mah jungjunan uing!” Mang Ibrani ngahalang-halang. “Incu kami, deuleu!” Aki Balangantrang nyérénténg. Langit ujug-ujug ceudeum. Angin gumelebug. Kandaga hurung. Ngagegebur. “Kandaga téh eusina orok! Pinabieun nu baris ngaping manusa!” Mang Ibrani ngagantawang. “Heueuh! Incu kami! Pirajaeun nu bakal ngukir sajarah!” Aki Balangantrang ngéngkréng. Der pacental-cental. Langit beuki mongkléng. Tatitna patingbarasat. Guludug patingbeledug. Kandaga ngelun. Halimunan. “Meugeus! Montong paraséa! Cuang buka wé heula!” ceuk Tukang Parahu. Kandaga dibuka. Bréh. Enya wé. Aya orok beureum. Burahay. Matana moncorong. Tandukan. Nangkeup globe. Ngaherengan. Nu nyakséni tingpuriding. Hawar-hawar, sora Dajal tinggalakgak ngaweuhan ka madhabpapat.