Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Sabot Ngalenyap

Ku Godi Suwarna

Beus Rahayu geus ngadius isuk-isuk. Panumpangna metet. Uing saré. Ngan salenyap. Barang nyaring, geuning geus maju ka peuting? Luak-lieuk. Beus remeng-remeng. Kosong. Nu séjén duka di mana. Di luar, bulan bunder ngempur naker. Sadongkangeun. Pamandangan teuing ku ahéng. Kénca-katuhueun jalan kasawang sagara keusik, paselang jeung pasir cadas, gunung batu. Upluk-aplak. Reg, beus eureun. Uing nangtung. Rarat-rérét. Taya supir-supir acan. Uing turun bari hemar-hemir. Nyorangan. Jempling liwat saking. Culang-cileung. Gusti. Horéng uing aya di satengahing astana nu lega kacida. Tetenggerna parentul satungtung deuleu. Rét. Aya koran méh katincak. Dirongkong. Bréh. Potrét kandaraan nu paburantak. Aksarana ngajareblag: Beus Rahayu Tiguling, Panumpangna Taya nu Salamet. Deuleu étah! Ngimpi kitu? Uing bingung. Ukur bisa neuteup anjeun nu keur maca ieu carita…

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Dudi Herlianto: dadah ah... haha
  2. Chuvie Cupz: birigidig
  3. Yanti Sri Budiarti: hiks...hiks...
  4. Yayan 'Bedog' Supriatna: Ahung.."_/|\_" Rahayu, heu..heu..
  5. Wawa Wartini Syamsudin: HHiiiyyyy.......!!(nyumput ah!)
  6. Dadang Soekanda: Wah penipuan tingkat halus.... Boro tos siap ... ngajelegur.... ari pek sim kuring kalah janten gelo (seuri nyalira}
  7. Gus Maman: Ngaguluyung dongengna. padet. lugas.
  8. Ria Arista Budhiarti: purigrig,, aheuuuy!
  9. Mustika Kurniarasa Haroeni: mimpi buruk rupa ieu mah nyaa!
  10. Nanang Sahbana Afnani: Heu heu..saena sanes abdi nu ngarandapanana.!
  11. Teti Taryani: Beu, akang ningali aceuk nuju maca fikmin ieu... ning akang mah teu katingali ku aceuk? Hallaahhh.... di alam gaib...
  12. Lalat Socrates: si Aka mah sok nyingsieunan aki-aki model kuring... iiiyyyyyy keueung....
  13. Muhammad Shohiba Nu'man: muriding muringkak..
  14. Ya Soebarta: Moal waka koment ah, ngaragameneng heula...
  15. Arom Hidayat: Ajib.. Keueung.. Kang! Ras can aya bekel..
  16. Godi Suwarna: Dudi Herlianto:"Cekeeeek...! Hihihih...."
  17. Godi Suwarna: Chuvie Cupz:" Teu kedah ngabirigidig, Yayi..! Hiji waktos salira bakal nuturkeun..."
  18. Hadi Aks: Aduh, ngeunah nyaan Ang! Dibaca dibulak-balik. Kws rek salancar, ari heg matak ngajenghok. Fikmin si kejut indah, si anyut herang tea rpn nu kieu teh.. !!!
  19. Godi Suwarna: Yanti Sri Budiarti:"Pileuleuyan, Jungjunan...! Uing ditundung ku bumi. Kuring digupay ku langit...! Hiji waktos, urang bakal tepang deui. Tapi sanes, sanes di ieu dunya nu beuki bau sirara..."
  20. Yusran Pare: deuh...nyaan yeuh....hebat pisan!
  21. Godi Suwarna: Yayan 'Bedog' Supriatna:"Hung! Ahuuuung...! Mihape lapak fikmin, Jang..! Sing hade ngurusna. Sing nyaah ka adi-adi nu ngirimkeun karya...! Dungakeun uing...! Muga-muga tepung jeung Maha Cahaya..."
  22. Endah Dinda Jenura: whoaaaaaa... fikmin malem Jumaah...
  23. Godi Suwarna: Wawa Wartini Syamsudin:" Naha salira bet nyumput, Jungjunan...? Kapan urang tos pasini rek kacai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Kadieu, Jungjunan..! Diantos di pajaratan..."
  24. Nazarudin Azhar: suka banget! :DD
  25. R.Atang Supriatna: "FIKMIN jeung BULU PUNDUK" katawisna nembe FIKMIN nu ieu Kang Perbu,...:)
  26. Godi Suwarna: Dadang Soekanda:"Lalakon pamungkas...! Ditutup ku padung. Diurugan taneuh beureum. Ulah hilap, awurkeun kembang malati luhureun kuburan uing...!"
  27. Godi Suwarna: Gus Manz:"Dongeng nu dipeuyeum saumur hirupeun. Ayeuna dipurakna. Mugia ieu carita teu milu buruk, kawas raga nu pasti bakal ditapuk bilatung...."
  28. Endah Dinda Jenura: sareng ulah Kakawung-Ratuan kitu, pileuleuyan-pileuleuyan digupay langit-ditundung bumi, seber maosna ge :(
  29. Yanti Sri Budiarti: Ulah wakaaaa...hiks!
  30. Godi Suwarna: Ria Arista Budhiarti:"Jungjunan, uing mung ukur tiasa neuteup salira. Urang silih dungakeun bae. Mugia salira tepang sareng Si Jungjunan nu lawas kaimpen-impen. Mugia neras ka Bale Nyungcung. Mugia uing dikiateun mun salira pangantenan..."
  31. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni: "Jungjunan, naon bentenna antawis impenan sareng kanyataan..? Deudeuh, wilujeng kantun..."
  32. Gus Maman: kalem we Ki Godi Suwarna, targetkeun we 20-30 taun deui. "Belanda masih jauh". Insya alloh Fikmin mah salila internet jeung FB teu diharamkeun ku MUI, bakal langgeng. Janten pieunteungeun keur anak incu jaganing isuk pageto. amiin.
  33. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Heula-pandeuri bentenna mung sajorelat...! Diantos, Jang Haji..."
  34. Godi Suwarna: Teti Taryani:"Teu pindo damel, ''Ceuk..! Ti dieu mah atra pisan..! Mung, aya halimun nu ngalamuk dina soca batin Aceuk...! Mindingan salira nu moal tiasa ningali keclakna cipanon uing...! Pileuleuyan..."
  35. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Ulah sieun-sieun, Amang...! Cobi uing kirim du'a..! Mugia jalan sorangeun sing narawangan...!"
  36. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Ujang mah bagja, boga keneh bulu punduk. Uing mah daging ge rek caroplok tina tulangna..."
  37. Godi Suwarna: Ya Soebarta:"Sae..! Ngaragameneng di pajaratan nu taneuhna beureum keneh. Ngitung umur jeung sesana. Nimbang-imbang hirup..."
  38. Lalat Socrates: leres-leres tos manjing dina "aliran putih".... hihi-- bab jurig janten ngabahas do'a hahahahaha
  39. Godi Suwarna: Arom Hidayat:"Aya atawa teu aya bekel, mun disampeur mo bisa baha, Jang..."
  40. Munggaran Alfatih Z: Beuh..mani dugika ngarenjag, aduh..asa araringgis kantenan kanggo nu sok angkat2n kawas sim kuring mh *ngahuleng* tpi TOP bgt lah kang
  41. Ambuna Kaka: lah, jabaning malem jumaah, heug maos fikmin ieu! cieunggggggggggg.....
  42. Ahmad Yani: Janten emut kana " Komposisi Regang " ..... " Baeu lemah geura seuseup ieu raga !!! ", aduh asa nyorodcod ieu tuur !! Kang Perbu !!!
  43. Mustika Kurniarasa Haroeni: ngabekelna cekap laptop we kang, meh tetep tiasa ngadamel fikmin!
  44. Asep Ruhimat: hehe....untung ngalenyap janten teu terang jujumpalikanana beus ka jero jurang.
  45. Fitri Wulandani: ah, moal wareg maca sakali fikmin ieu mah :)
  46. Kangeri Kustiaman: Ting sariak !
  47. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Kiwari, uing yakin, Adi Jaro. Hirup teh sakadar fikmin. Lain, lain novel nu ngageblay kawas novel Sandekala. Fikmin, Jaro..! Sajorelat bari leubeut ku tarucing..."
  48. Chuvie Cupz: wilujeng berawang-awang ria nyakseni!
  49. Ucu Susandrawati: Ngiring belasungkawa atuh Kang.......Beus Rahayu nasibmu ....
  50. Godi Suwarna: Yusran Pare:"Upami tos kieu mah gampil bade nganjang ka Banjarmasin teh, Yi Haji...! Ayeuna ge tos dugi. Ngawuruk fikmin ka urang Banjar tiasa ti kalanggengan. Susuganan langkung mantap...!"
  51. Atun 'turuntun' Marios: serem fikmin teh fikmin edisi malem jumaah
  52. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Kening ngahaja meuyeum. Kawitna bade dikintunkeun malem juma'ah kaliwon. Tapi, uingna aduy manten sigana...! Ayeuna we. Sateuacan matang puluh, ieu fikmin kedah digrafis ku Juag. Mun, henteu, ke si Uken dicekek ku uing..."
  53. Ya Soebarta: Gebeg, karek nyadar gening uing teh keur nyumput di imah randa, tibuburanjat ngoment..Beu, cikeneh uing teh ngamen na jero beus Rahayu teh..untung keneh kang Prabu Godi Suwarna,lain dunya nu ragrag na,amun tepika dunya ragrag dek lumpat kamana manusa...?
  54. Rudi Riadi: Kang Godi....Atuh saha engke nu maca fikmin?
  55. Etti Rs: God, naha kawas firasat ? hehehe,,,,,,firasat atawa sanes, nu eces antara hirup jeung pati teh ukur diwates ku lalangse ipis pisan
  56. Godi Suwarna: Yanti Sri Budiarti:"Jungjunan, mungguh takdir mo beunang diulah-ulah. Salira aya di dinya. Uing mah biheung di mana. Nanging, katineung mah baris manjang nyarengan ka kalanggengan. Pileuleuyan..! Ambung kangen ka si Bungsu..."
  57. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:"Inalillahi banget yah..."
  58. Godi Suwarna: R.Atang Supriatna:"Leres..! Bulu punduk tiasa janten ukuran, kitu dawuh Almukarom Kyai haji Acep Zamzam Noor..."
  59. Hadi Aks: Ceu Etti Rs: Di Lembang hujan nj ngagebret psn. Sur-ser nguping lalangse nu ipis-ipis teh, Ceu! Hihihi...
  60. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Yaktos, 'Juag..! Tina kuburan uing bakal tumuwuh tangkal kawung Ratu. Sing saha nu bisa nyadapna, bakal jadi fikminer nu sakti manggulang-mangguling. Copelna, digembrong sireum...."
  61. Rin Riani: Kang Prabu Godi Suwarna,.... pan kawung ratuna tos dituar ku kuwu,...
  62. Etti Rs: Hadi Aks,,, naha sur-ser ? Tiris at muringkak ? hehe. Eh kumaha sabasastra teh iraha ?
  63. Endang Kasupardi Ti Cisurupan: Jadiiiiiilllll...melek-melek yeuh...neuteup ka uing....hahahaha
  64. Asep Ruhimat: tos we sabasastra mah ka kota banjar, pados caket ka pangandaran.
  65. Maman Damiri: Wawwww....boa-boa....
  66. Godi Suwarna: Gus Manz:"Reugreug nilar alam dunya teh, da sastra Sunda mimiti meletek deui ku fikmin. Rea pangarang anyar nu karyana harade. Teu sangka. Upama aya fikmin hade nu midang di ieu lapak, eta meh sarua jeung Fatihah nu dikirimkeun ka uing ku dulur-dulur, Prung, ah, sing harade mikmin..!"
  67. Anita Rohani: Gusti... sesuatu banget...
  68. Heni Sumarni: wah matri kang wuaaareg!
  69. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Fikmin malem Juma'ah. Bari ngawawaas pati nu pasti baris tumiba, kersa atanapi henteu... Hihihihih...!"
  70. Godi Suwarna: Munggaran Alfatih Z:"Sami. Ngarenjag kawas sim uing, nu ujug-ujug aya di nagri kalangkang, bati ngalenyap dina beus..."
  71. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:"Cieung mah ke direncangan ku uing. Antosan di lawang para..."
  72. Adinda Luthvianti: Powered by Telkomsel BlackBerry®
  73. Erna Rusnawati: Ah, atuh da Ang Godi mah rajana fiksi. Ngan eta n teu ngeunahna teh, make kudu meubeut meulit kn maca!
  74. Rak Buku Soni: sae pisan
  75. Yadi Fathur Berkata: Asa hoyong ceurik jeung hoyong seuri ieu teh. "Sedih euh"
  76. Godi Suwarna: Ahmad Yani:"Sajak Komposisi Regang, jaman sim uing belekesenteng, tos hoyong diseuseup ku lemah. Kantenan kiwari, dina mangsa buuk tos huis wungkul, huntu murudul, tulang-taleng lalinu, mata ngangge tasma. Napakuran hirup dina ieu fikmin, ngawawaas alam itu, etang-etang ngalalanyah..."
  77. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Numawi, sim uing mah can gaduh lektok ieu teh. Kintun atuh... hihihih..."
  78. Godi Suwarna: Asep Ruhimat:"Yaktos, teu weleh untung urang mah. Kacipta mun kedah karaos potong beuheung, sirah muncrat, leungeun katuhu ngacleng ka keler, nu kenca ka kidul, suku ka kulon, awak ka wetan Halah..."
  79. Godi Suwarna: Fitri Wulandani:"Nya naon deui atuh titinggal pangarang mah, lian ti karangan nu susuganan baris teras dibaca mun uing tos sirna ti ieu dunya. Mugia Neneng sing kersa teras ngaderes tapak lacak sim uing di alam dunya. Karya nu dibaca bakal ngabagjakeun sim di kalanggengan..."
  80. Endah Dinda Jenura: TIDAAAAAAAAAAKKKSS.... didamel ayeuna grafisna!
  81. Deden Abdul Aziz: satungtung neangan komen, jempol deui jempol deui... halah, ngalageday kieu ku guluyurna carita ieu mah, kakang. bet pareng keur ngedit berita kacilakaan deuih, gebeg teh! sigana nuju nyaba di dayeuh tos teu kiat hoyong mulih seja mudalkeun fikmin ieu... atuh leng deui, pun yayi katulerengan
  82. Mustika Kurniarasa Haroeni: kang godi muhun kin di kintun sareng chivas nya, hihihihi,, emut acara di bragfes sareng kang godi teh, angin2n bari meser skuteng ditraktir ku kang ayi,,!
  83. Adinda Luthvianti: Kang Godi si yayangku ngadamel illustrasi kanggo fiksimini 'Sabot Ngaleunyap' tos dikintun kana Fb kang godi, mangga kang Powered by Telkomsel BlackBerry®
  84. Hadi Aks: Ukur salenyapan. Geus nyah deui. Ciikopi jeung jarum super. Seger, ukur salenyapan....
  85. Ganjar Kurnia: sabot ngalenyap, jumaahan geus lekasan. kuring keuheul pada ngantep. Gep kana panakol bedug, terus ditakol ditihtirkeun siga bedug dawuh. ditinya tuluy ngeteyep naek ka para masjid, nuluykeun ngimpi beus rahayu nu tikusruk kana lamunan.
  86. Yayan 'Bedog' Supriatna: "Abah...tihtirkeun atuh nakol kohkolna !" si ujang ngajorowok ti jero kamar panganten, keuheul pedah mitohana mere aba-aba teh bet anca bae (*pung...*)
  87. Godi Suwarna: Kangeri Kustiaman:"Hiji waktos mah SMA Pasundan teh tiasa ngayakeun lomba baca fikmin kangge tingkat SMA. SD-SMP wios sina angger lomba maca sajak..."
  88. Godi Suwarna: Chuvie Cupz:"Wilujeng membumi, bernegara, sok sanaos tambih pajeulit kana manah..."
  89. Godi Suwarna: Ucu Susandrawati:"Beus Rahayu nu teu rahayu tea..! Heuheu..."
  90. Godi Suwarna: Atun 'turuntun' Marios:"gahaja diserem-serem. Suados Atun sieun, teras ngagabrug (deui) ka Si Ayank..."
  91. Godi Suwarna: Ya Soebarta:"Upami dunya ragrag ninggang sirah, urang sasarengan, ngabring ka Ditu..."
  92. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Ngaos fikmin ti kalanggengan, sigana bakal langkung aya echo-an. Ngagerem, rem, rem, reeeem..."
  93. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Adegan-adegan pati teh tos tingkolebat ti jaman uing keur ngora. Nya ieu salahsawiosna. Idena tos mangtaun-taun. Teu kersaeun janten carpon. Kasorang nya dina fikmin. Etang-etang ngalalanyahan pati nu baris kasampeur. Supados teu reuwas teuing. Hehe.."
  94. Endang Kasupardi Ti Cisurupan: ulah waka ah, abdi can mampu sapertos atawa mirip we siga akang. hehehe...
  95. Godi Suwarna: Etti Rs:"Firasat teh tos ti ngongora, 'Ceuk..! Tapi uing dipasihan keneh umur tug dugikeun ka kiwari. Aneh..."
  96. Yusran Arifin: Waaaaah.... Boa-boa beus teh, Alam Dunya?
  97. Godi Suwarna: Rin Riani:"Pan sim uing gaduh binihna. Jaten, tiasa dipelakkeun deui..."
  98. Godi Suwarna: Endang Kasupardi Ti Cisurupan:"Ngahaja tungtungna teu dijelegurkeun wungkul, nanging sina teras nyekek... hehe..!"
  99. Godi Suwarna: Maman Damiri:"Sanes boa deui, kang Haji...! nanging tos pasti ieu mah. Kantun ngantosan iraha waktosna..."
  100. Godi Suwarna: Anita Rohani:" Inlalillahi banget, yah...?"
  101. Godi Suwarna: Heni Sumarni:"Supados teu kagok teurab, Nneng..!"
  102. Etti Rs: Pan Godi mah BCB (benda cagar budaya), kedah lestari alias langgeng, minimal karya-karyana
  103. Godi Suwarna: Etti Rs:"Upami sim uing sah ti dunya, mugia Aceuk keresa janten kuncen di rorompok masa depanku..."
  104. Iman Ramdani: ajib kakang prabu, ampir-ampiran kadeoh, aya 3 nu digambarkeun ku kakang, nu katiluna teu katebah bener olohok satutasna maca eta FIKMIN, jempol
  105. Godi Suwarna: Yusran Arifin:"Nagara, alam dunya, tos sami-sami koropok. Kantun ngantos ngagebruna ninggang hulu. Waspadalah...! Heuheu..."
  106. Godi Suwarna: Iman Ramdani:"Kolot mah rea jurusna, 'Jang! Nya meujeuhna we da hirupna ge tos puluhan taun. Ieu ge bari diajar deui dina fikmin mah. Ngasah deui rupi-rupi jurus, dikembangkeun ka sanah-sinih. Sugan we kenging jurus-jurus khusus kangge mikmin..."
  107. Muhammad Shohiba Nu'man: "Uing bingung. Ukur bisa neuteup anjeun nu keur maca ieu carita…" Pungkasanana Kang Prab.. Ngajelegur! Ngajak "kalayan langsung" kanu maca pikeun ngaragameneng. Ngalalana jeroning ambeuhan nu lir taya tungtungna.. Hatur nuhun.. beuneur pisan piwuruk teh..
  108. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Idena mah tos puluhan taun hoyong ngarang nu kieu teh. Nembe laksana dina fikmin. Hoyongna mah fikmin teh aheng sadaya kawas nu ieu. Tapi geuning teu tiasa dipaksakeun. Aya oge nu salancar. Percintaan biasa, kumaha nu beger pakokolot. Heuheu..! Ke geura, iraha-iraha cuang postingkeun. Antos we. Nuju direvisi keneh..."
  109. Iman Ramdani: ajib_ajib maha guru...
  110. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Mulang ti Cianjur teh idena tos kokolebatan. Deker digarap. Tapi teu beres-beres. Kawitna mah tungtungna teh bade : 'Aksarana ngajareblag: Beus Rahayu Tiguling, Panumpangna Taya nu Salamet'. Tapi asa kirang anteb. Ngajelegurna biasa teuing. Basa wangsul ti ITB, nembe kapikir terasna. Ku kieu mah dijelegurkeun bari teras dicekek genggerong... heuheu..."
  111. Edwin Ain G: Euleuh, ulig teh mani kacep, euy?
  112. Bunda Langit: Puriding puringkak,,,
  113. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Grafisna parantos katampi. Hatur nuhun...! Mugia sing enggal dipangwayuhkeun, aeh, heuheu..."
  114. Rak Buku Soni: Ka Bandung Kang?
  115. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Oooh, harita aya di Bragfest, Kutan...? Ke, nu calikna palih mana, nya...? Panasaran ari bade ngintun chivas mah... Heuheu..."
  116. Godi Suwarna: Erna Rusnawati:"Alah, raja fikmin ti mana horeng, Neneng! Uing mah ti kapungkur oge Raja Kunyuk..."
  117. Godi Suwarna: Yadi Fathur Berkata:"Apan saurna teh nu tiasa seuri bari teras ceurik bakal kenging pencerahan...!"
  118. Dinda Mosa: Kang Prebu, sawewengi abdi sesah mondok....emut ka fikmin kang prebu, janten asa di pelongkeun bae ku.....jurig.
  119. Godi Suwarna: Adinda Luthvianti:"Ilustrasi fikmin kenging Ayankmu tos ditingali, tos dilenyepan. Cerdas pisan Si Ayank mah. Tiasa ningal pasualan ti sisi nu benten sareng nu sanes. Nuhuuuun, Bun...!"
  120. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Ukur salenyapan, barang hudang tos clak deui kana imbit indung budak...!"
  121. Godi Suwarna: Ganjar Kurnia:"hahaha...! Tetela, obat tidur nu pangmujarabna mah taya sanes iwal ti Juma'ahan... heuheu..."
  122. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Tangtos...! Ke upami uing ka Bandung Yi Haj diwartosan deklh.."
  123. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Kasep da jurig nu ieu mah. Bade...? Heuheu..."
  124. Rak Buku Soni: Asyik, sip atuh
  125. Dinda Mosa: HEUHEU.... Sakasep kasep na oge...jurig,.....
  126. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Siiip dekh...! Tiasa pangnyandakkeun honor sajak uing ti PR..?"
  127. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Jurig mah tahan lama, Neneng...! Haha...! Mana tahaaaan...."
  128. Dinda Mosa: Euh kitu...? tahan lama ...si batere 7.
  129. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Sim uing mah batrena opat las, Neng..."
  130. Dinda Mosa: wah...!!!langkung seru atuuh....., Kakang perbu teea....!!!!, eh jurig sanes..?...hahahha
  131. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Leres. Seru pisan. Taroskeun we ka nu parantos. Hahaha...!"
  132. Dinda Mosa: hahahahha......, seep infus sabaraha botol saurna..?
  133. Mustika Kurniarasa Haroeni: muhun ih hilap kitu,, eta nu calikna gigireun kang edi purnawadi,,
  134. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Teu kantos di-infus sim uing mah. Upami nginfus mah sering..."
  135. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"ooooh, ieu teh Si Neneng ayankna Aa Edi Purnawadi tea, kitu...?"
  136. Dinda Mosa: heuheu...ah kanda Prebu mah.......! Diciwit geura!
  137. Yusran Arifin: Buhan sae barang, Kang Godi. Ieu lapak mani pada napuk. Laris pisan.
  138. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Memang sim uing mah jalmina 'ah' pisan. Kadang-kadang 'oh, yes'..."
  139. Godi Suwarna: Yusran Arifin:"Numawi, sim uing dugi ka bareuh curuk balas ngawaler komentar. Nanging aya bingah oge. Kaubaran kenging saminggu teu raos tuang teu raos tunggang balas ngarevisi fikmin nu ieu..."
  140. Mustika Kurniarasa Haroeni: hahaha,, sanes ih, pitnah eta mah!
  141. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Adeueueueueueuh...! Heuheu.."
  142. Mustika Kurniarasa Haroeni: wkwkwk,, tong kitu ah kang, janten ngadak2 nirisan yeuh! bilih turun pasaran ah, wkwkwk
  143. Rak Buku Soni: soal honor mah abdi teu wantun nyandak Kang Godi
  144. Rudi Riadi: Kang Godi, Malem Ahad bade jihad ka Unpad?
  145. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Hahaha...! Ke ditaekkeun ku sim uing.."
  146. Godi Suwarna: Rak Buku Soni::Okeeeeh...! Sip dekh..!"
  147. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Pan uing mah ngajurian. Ngaburudul ka tungtung, yeuh.."
  148. Rudi Riadi: Muhun, nya...wilujeng puyeng atuh Kang...hehehe.
  149. Rak Buku Soni: sip
  150. Mustika Kurniarasa Haroeni: wkwkwk,, ditaekeun ka balkon nyah! *pami lalajo wayang*
  151. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Lektoookna, lekoooook...! barade, eueueuy...? Heuheu..."
  152. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Ditaekan ka mana we palayna. Siap dekh..."
  153. Yusran Pare: euh....kapiheulaan ku Endah euy ngagrafisanana...
  154. Godi Suwarna: Yusran Pare:"Teu sawios atuh, Ang, dua atanapi langkung ge. Upami manah tos tergerak, teu kedah asa-asa. kantun der weh ngawayuh, aeh, ngagrafis...! Heuheu..."
  155. Endah Dinda Jenura: kang Yusran, ih teu kenging kitu. der ah. langkung seueur langkung sae... nu Piwuruk ge tos gaduh sabaraha, kang Godi? duka salapan duka salosin tah :D
  156. Kangeri Kustiaman: Puguh nuju ngimpleng sareng ngalelempeng, taun payun mah lian ti maca sajak teh sugan maca Fiksimini Sunda ge diabenkeun, urang cobian !... dungakeun we Kang Godi Suwarna, aya keur pakeunna di abdi
  157. Mustika Kurniarasa Haroeni: asal tong ka beus rahayu weh kang! watir,,
  158. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Piwuruk teh nembe aya dalapan di abdi mah. Cobi pangningalikeun kana dokumen foto. Da ku modem sim uing mah teu kakemot. lambat pisan. Upami mendakan postingan enggal kintunkeun ka uing..."
  159. Cicara Cac: maca fikmin nu ieu, hate ngadak2 nirisan....ngahodhod tapi kesangan
  160. Godi Suwarna: Kangeri Kustiaman:"Cuang silih dungakeun we, Yi haji...! Mugia urang sami-sami mendakan jalan kagge ngayakeun lomba baca fikmin antar SLTA..."
  161. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:"Bade naek kana naon bae oge, siap naekkeun. Asl ulah palay naek kana tangkal kalapa we. Sim uing teu tiasa..."
  162. Mustika Kurniarasa Haroeni: hoyong digandong welah ku kang godi,! kiateun moal nya,,
  163. Godi Suwarna: Cicara Cac:"Kantenan sim uing mah dugi ka hilap tuang hilap tunggang. Hehe..."
  164. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni:" Siap ngagandong. Ngurilingan gedung sate, juh kuriling..."
  165. Acep Zoni Saeful Mubarok: hehe... katembak ku pelor carita... ho'okeun...
  166. Godi Suwarna: Acep Zoni Saeful Mubarok:"Pelor pusaka pisan, Yi Haj..! Disimpenna oge dina kolor...! Heuheu..."
  167. Mustika Kurniarasa Haroeni: orkeslah kalo begetoh,, kin senen nya kang! tong hilap sayogi jamu kuat ngagandongna,, da abi mah rada enjum,,
  168. Godi Suwarna: Mustika Kurniarasa Haroeni :"Okeeh dekh...! Urang ngariung dina acara diskusi fikmin Sunda di UNPAD..."
  169. Acep Zoni Saeful Mubarok: pelor kendor nu cicing dina kolor sabab geus teu boga pamor nu aya mung resep molor... hehehe...
  170. Godi Suwarna: Acep Zoni Saeful Mubarok:"Whahahaha....! Yi Haji mah ka uing teh sok suudon..!"
  171. Hadi Aks: FIKMIN: Ngalenggak atau tidak sama sekalih...! FIKMIN: Ngalengerek atau tidak sama sekalih...! (bari hah-heh-hoh mencrong layar monitor!)
  172. Mustika Kurniarasa Haroeni: siyapp kang! insya Allah sumping,,
  173. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Nyaan. Kitu pisan. Urang bisa ngalenggakkeun nu maca ku kaahengan fikmin. Urang bisa ngelenggerekkeun nu maca oge ku kaajaiban fikmin. Eta ku urang geus dibuktikeun. Ayeuna, kari hiji deui kapanasaran uing; naha fikmin nu basajan, nu salancar, bakal bisa 'nyirep' nu maca..? Uing keur ngotektak jurusna..."
  174. Wan's Arifien: lamun dina akun FB mah eta teh judulna "Godi Suwara Full, dilajeng kana Godi Suwarna II" nya kakang?
  175. Godi Suwarna: Wan's Arifien:"Hahaha...! Bagea, Yi Haji...! Lawas ti lawas...! Hayu, ah, cuang sami-sami mikmin...! Ulah seueur teuing ngemutan Enonesa nu sakedap deui oge bangkrut..! Hehe.."
  176. Hadi Aks: Pisan, Ang! Saemutan srg adi! Lwh bangga. Aya sbbrh hiji fikmin nu kitu! Kaemut deuih, tos meujeuhna aya 'nu lianr' nyawang fikmin tina sbbrh sisi. Kitu nu dipiharep dn diskusi engke. Nga-banding2 fikmin luar at dn bs Ind, di urg asa pohara 'nyeakna' bari 'liar'.
  177. Wan's Arifien: iiiih manawi teh kakang tos di mekkah, wireh nguping saurna kakang janten petugas pembimbing haji.....ari seug ngabimbing bi haji omoh meuntas rel kareta nya? Ah keun we sugan atuh tiasa angkat anu taun payun nya kakang?
  178. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Uing teu pati ngabandungan fikmin luar. Tapi, dumasar kana conto-conto nu kungsi dikirim ku Endah Dinda Jenura, karancage dulur-dulur fikmin Sunda karaos teu eleh geleng. Teras ngarotektak bari nalaktak. Kabandungan pirang-pirang jurus digelar di ieu lapak. Kantun aya ahli sastra nu jembar panalar, nu ngahalkeun nitenanana. Sugan we dina diskusi di UNPAD, para Fikminim-Fikminat bakal kenging pencerahan..."
  179. Godi Suwarna: Wan's Arifien:"Numawi, kawitna mah bade miang. Mung, kakantun kapal udara. Keun, ke manawi taun payun..."
  180. Erna Rusnawati: Nya lrs Kang Godi ngdambel fikmin n ieu sminggu hilap tuang hilp tunggang? Kiatan Akang, hawatos Si Euceu atuh nya!
  181. Godi Suwarna: Erna Rusnawati:"Leres, kitu pisan, Neneng...! Nya ngadamelna, nya ngawaler komentarna. Tapi wios, da pun bojo mah sabar pisan. Sabar we abdi ngawayuh ka neng Fikmin oge...! Nu ulah teh ngawayuh ka urang Subang, saurna.. heuheu.."
  182. Erna Rusnawati: Ciamis k Subang mah tebih teuing heuheu. Kang t nj kuliah abdi tos resep kn karya2 akang nu "nyeleneh" resep kn performa akang pn nj maca sajak. Tp ari ari k jalmina mah sieun abdi teh. Sparantos mc koment2 akang eta pmadegan teh robah 180'. Gening akang teh familiar hehe (curhat yeuh!
  183. Godi Suwarna: Erna Rusnawati:"Hahaha...! Dima'lum upami Bu Neneng sieun ku sim uing teh. Rumaos, 'penampilan' sim uing mah tebih ti Anjasmara, teu Sule-Sule acan. Sim uing mah sed we saeutik ti tukang teluh. Namung, sing percanten, ari hate mah teu tebih-tebih teuing ti Fasha Ungu. Heuheu..."
  184. Erna Rusnawati: Kang Godi, yaktos nyeples buah manggu. "genteul orangnya, putih dalamnya" heuheuy deuh! Sono hyg ngbandungan deui Akang mc sjk!
  185. Godi Suwarna: Erna Rusnawati:"Siap lah..! Sim uing siap maca fikmin, husus kangge Bu Neneng Erna..."
  186. Rudi Riadi: Kang Godi, engke mah tiasa diusulkeun oge saembara maca fikmin. Rupina bakal langkung anteb tah jihad urang teh...
  187. Rak Buku Soni: muhun lomba baca fiksi mini bari ngaliwet
  188. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Kangge tingkat SLTA wilayah Priangan Timur mah tos aya nu tatan-tatan. Kangeri Kustiaman ti SMA Pasundan Tasik. Anjeunna unggal taun ngayakeun lomba maca sajak. Taun payun bade aya lomba maa fikmin. Mugi-mugi we.."
  189. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Eta mah lombana tiasa dilaksanakeun di rorompok ajah.."
  190. Rak Buku Soni: ya, begitu pisan
  191. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Yu atuh...! Iraha bade mondok di rorompok...?"
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI