Ku Godi Suwarna
“Lutuuung!” tukang béca nyorowok. Breng. Patinggorowok. Lutung dikepung di alun-alun. Gajleng. Luncat tina pager kana tangkal badag. Batu tingbelewer. Lutung terus nérékél ka puncer kayon. Nyumput. Teu empés-empés. Peutingna, Lutung turun bari culang-cileung. Cinutrung dina dahan panghandapna. Luak-lieuk. Dayeuh marakbak. Patalimarga gumuruh. Reg. Aya sédan eureun. Nurunkeun mojang nu hurung hérang. Lutung curinghak. Nyi Mojang tuluy ngajanteng bari ngelepus. “Purbasari!” Lutung ngagentra. Nyi Mojang tanggah. “Halah, Guruminda! Geus jol deui baé!” ceuk Nyi Mojang bari jebi. Lutung ngadeukeutan. Nyi Mojang ngiser. “Cuang mulang ka gunung, Nyai!” omong Lutung. “Kudu sabaraha rébu kali aing nyarita? Moal! Aing betah di dayeuh!” Nyi Mojang ngajéngkat. Reg. Aya motor eureun. “Huma urang bangkar, Nyai!” Lutung ngalengis. “Émangnya gué pikirin!” ceuk Nyi Mojang, tuluy ngadius diboncéng Buhaya, di dayeuh nu leuwih ganggong batan leuweung geledegan.