Ku Godi Suwarna
Geus reup-reupan. Tapi keukeuh ménta dipeuntaskeun. Jajaka. “Hayang sabaraha? Dibayar, Mang!” cenah bari culang-cileung. Teu ngeunah cicing. Tukang Parahu kalah ngajentul. Nyidik-nyidik. Asa-asa. “Kalah molohok! Gancang, Mang!” cenah deui. Tuluy luncat kana parahu. Kapireng nu tinggorowok. Hawar-hawar. Laju Tukang Parahu ngawelah. “Gancangan, Mang!” ceuk Si Jajaka. Nu guligah. Nu teu weléh ngalieukan ka darat. Enya wé. Témbong nu patingjuringkang. Samar-samar. “Anjing Komuniiis! Teroriiis! Nyerah siah, goblooog!” nu di darat tinggorowok. Sora bedil tingborobot. Sora pélor tingharieng. Tingkecebuk dina cai. Manéhna ngawelah satékah polah. Halimun. Parahu nembus halimun. Bangawan dirurub peuting. “Haruuuh, méh wé!” ceuk Si Jajaka. “Aya naon atuh, Ujang?” Tukang Parahu nanya. “Bongan wé! Nu beunghar beuki baleunghar! Teu malire nu malarat! Geus waktuna para gegedén dirorod, Mang!” walon Si Jajaka. Tukang Parahu ngahuleng. “Ujang téh saha téa?” pok nanya deui. “Ssst! Ulah geruh, Mang! Uing Che Guevara!” haréwosna. Tukang Parahu teu lémék. Tungkul deui kana cai jeung pangwelah.