Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Durma Mahayuda

Ku Godi Suwarna

Geunjleung. Majar aya nu ahéng di puseur dunya. Balaréa panasaran. Dideugdeug. Bréh. Enya wé. Aya nu muncugug. Ngajungkiring tanding gunung. Murubmubyar katojo sinar srangéngé. “Piramid…” ceuk nu olohok. Disaridik-sidik deui. “Hakaneun, Dak! Nu urang!” ceuk nu tuluy tutunjuk. Diheueuhan ku baturna. “Nu aing! Aing nu manggihanana!”ceuk nu nepak dada. Dipienya ku baladna. Der, paréa-réa omong. Taya nu daék ngéléhan. Tungtungna, ger tarung ragot kacida. Nu tarung satungtung deuleu. Jerit nu kasambut pati. Gorowok nu nangtang ijén. Gumuruh samadhab papat. “Perang dunya nu pamungkas!” ceuk béja. Pabéja-béja. Keur kitu, lemah inggeung ku geblig léngkah. Wadiabalad caruringhak. Médan perang sepi jempling. “Nyaiii, teu kira-kira! Dahareun dicongclokeun di dieu! Digembrong sireum, ieuh!” kapireng sora nu ngéngkréng tanding gelap dina sééng. Nu muncugug dirawu. Dialungkeun kana wadah runtah. Wadiabalad dilabrak sapu. Kantenan, balaréa paburisat!

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Dudi Herlianto: anyirr. ukur sireum. sugan teh andi arief haha
  2. Godi Suwarna: Dudi Herlianto:"Haha...! Sunan Ambu Bendu, Yayi..."
  3. Cassa Grande: saha nu nalungtikna, Kang? asa mingkin ahéng di tatar priyangan téh. mangkukna aya Tapak buta di Panumbangan. heu heu. kila-kila naon nya, Kang?
  4. Godi Suwarna: Cassa Grande:"Tangtos bakal langkung seueur deui kajantenan-kajantenan aheng. Kila-kila? Ke, cuang toong dina acara Nyiar Lumar di situs Astanagede Kawali, kinten sasih Juli taun ieu. Diantos, ah..."
  5. Maman Gantra: Tetela sugestif, nyihir, si Kakang Prebu mah... Geblig lengkah matak igeung. Bener ceuk saha: Minggu ieu mah lapak teh pepek ku para jawara.
  6. Cassa Grande: Insya Alloh. sering nguping wartos perkaiwis Nyiar Lumar. Ti Kang Evis, Ti Kang Riki Oi Desa ( Cihaurbeuti) Jrrd. sugan taun ieu mah tiasa nyaksian sareng ngiring ngengklak. he he. htr nuhun
  7. Ahmad Fawzy Imron: rupina ieu teh makrocosmos nu dipurengkedkeun tea..
  8. Godi Suwarna: Maman Gantra:"Nyeta, upami saehu tarurun gunung teh sim uing sok hoyong singkil. Etang-etang pamer jurus ka rerencangan. Da caricing-cicing soteh teu caricingeun, Yayi..! Eta teh nuju tarapa, ngemut-ngemut, ngalalatih jurus enggal pidangkeuneun. Tingal fikmin 'The End' karya Aom Deden Abdul Aziz, 'Sang Hyang'-na Jaro Lembang, Tubagus Hadi Aks. Fikmin 'Kawista' sareng 'Nu Nyuuh dina Lahunan' kenging Demang Darpan A Winangun. Jurus nu matak uruy wungkul. Pikabitaeun. Uing ge mo eleh geleng. Hehe...! Sareng aranjeunna teh tos biasa diadu ti jaman nuju aranom. Sering tarandang dina saembara-saembara ngarang. Sim uing nu dihiras ngajurian oge, sok kalah resep padungdung, janten patandang. Tah, ayeuna ge asa kitu deui. Bentenna teh teu di dieu mah aya hadiahan wungkul. Gratis tarung di dieu mah. hehe..."
  9. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Yaktos, Yi Haj...! Jagat difikminkeun. Kaleresan rada resep kana ngabonsay teh. Da mikmin ge sami sareng ngabonsay. Sagala rupina dipurengkedkeun. Kalebet anyut eta teh...! Heuheu...!"
  10. Skylashtar Maryam: waduh, endingna yahud kang
  11. Diarty Machyar: Good...good...good... Kang Godi top markotop soal "peranyutan". Hidup anyut..hahaha.
  12. Apoedy Sarah Ihsan: haruuuhh.. ieu mah fikmin teh, implengan di candak ka garut da majar teh aya piramid, na ujug" janten sireum nu keur perang.. heuheuheu...
  13. Deden Abdul Aziz: Kaget di awal dumeh nyabit-nyabit piramida nu mucunghul. Wireh ayeuna nuju gehger hasil penelitian LIPI aya wangunan di jero situs Gunung Padang... Pungkasan fikmin nu matak ngajenghok. Tegep, Kakang!
  14. Godi Suwarna: Skylashtar Maryam:"Waktos lapak ieu ngawitan dibuka, seueur nu endingna sapertos kieu teh. 'Ngagiwarkeun' imajinasi nu maraca, alias penipuan. Hehe..! Tos lami sim uing teu nyobian jurus ieu...!"
  15. Skylashtar Maryam: sumuhun,kang. da upami fikmin bahasa indonesia ge 'aricalana' teh nya dina ending. mung abdi teu patos apal upami nu dina basa sunda mah. tah ayeuna tos apal yen basa sunda ge geuning tiasa dianggo jurus ngagiwarkeun teh
  16. Asep Komara: Beu...simkuring bongoh..kakantun berita..mung sing percanten we Pa..Piramida-piramina nu aya di satangkarak buana, kawitna mah ti urang..ti Sunda...heu..heu..
  17. Ajeng Kania Rucita: tuh nya nyarioskeun sireum nu ngagembrong tuangeun ge kang Godi Suwarna mah tiasa janten rame. dupi piramida didinya teh maksadna tumpeng nya,kang. punten wawantunan diajar ngomentar.
  18. Dadi Arya: Ambuing, babak-belur deui...! Penipuan léhal nan cakial téa ieu mah.
  19. Tiktik Rusyani: Kedah ngomen kumaha deui atuh nya, nu jelas mah moal kataekan ku abdi mah, Kang. Eta sireum janten boga lalakon, emh...ieung..manawi teh bade kana politik. Nambut jempol ti sadayana fikminer ah, kanggo disanggakeun ka Kang Prabu.
  20. Yusef Muldiyana II: Boh masalah nu teu sapira boh masalah gede, ngabalukarkeun manusa hoghag neupi ka peurang. waah jawara ieu mah fikmin teh. Sukses Kang Sutanandika aeh maksad teh sukses Kang Godi Suwarna!!
  21. Yayan 'Bedog' Supriatna: Kang Prabu Godi Suwarna, gunung nu di Garut tea kitu? karah gunung naon nyah?
  22. Godi Suwarna: Diarty Machyar:"Hahaha...! Neneng mah good-na teh kana anyut wae...! Haha..."
  23. Herdy Mulyana: Nyawang gunung sadahurip bari maos fikmin teh Kang Prabu. Tos beres aya dua kecap patembalan. Piramid, hakaneun, piramid, hakaneun he2. Jempol ti wargi2 sa Kabupaten Garut kanggo pangeresa
  24. Godi Suwarna: Apoedy Sarah Ihsan:"Haha..! Ieu ge fikmin Garut keneh. Tah, uapami eta leres piramid, bakal aya kajantenan perang dunya nu pamungkas..! Hehe..."
  25. Akoer Lah: Asa emut ka carita Jonathan Swift nu judulna "Petualangan Gulliver di nagri Liliput", atw film Giant nu kapungkur sok diputer di TVRI.
  26. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"baruk...? Di gunung Padang ge aya piramid..? Halah, mugi-mmugi ulah galehgeran. Mangkaning panyawat genhgeran mah sok tepa. Siga jaman baheula artis PAPIKO tea...! Nya naon deui ketang, peupeuriheun Enonesa tos taya pupurieunana, atuh rame-rame ku sugan jeung boa...! Haha.."
  27. Godi Suwarna: Skylashtar Maryam:"Uhun, jurus giwar sae dina fikmin Sunda teh. seueur legena, carita rayat, mitos jrrd. nu tiasa diguwar-giwar. Der, ah...!"
  28. Rinto Variasirias: sae fikmina tiasa ngageungkeun sireum. Tantangan berikutna mah kggo kg prabu kumaha lalakon kahirupan sakadang kuman sehari2na? Heuheu,,,
  29. Godi Suwarna: Asep Komara:"Yaktos, Yayi...! Tangtos piramid teh bibit buitna mah ti Sunda. Eta teh arsitektur congcot. Urang Mesir onaman teu tarerangeun wanda congcot. Pasti kenging niron tina piramid buatan Garut..."
  30. Asep Komara: Ha..ha..duka dupi jaman Firaon, gandum na didamel congcot atanapi henteu..heu..heu..da urang Aztek, Maya, Inca..asa karuhan moal gaduheun congcot...
  31. Godi Suwarna: Asep Komara:"Haha...! tah, upami Inca mah arsitektur congcot dipotong pucukna..! Eta mah sakocoran keneh sareng urang, Yayi...! Tiasa ditingal tina pakulitanana..."
  32. Godi Suwarna: Ajeng Kania Rucita:"Uhun, Neneng...! Parebut congcot sapertos di nu hajat. da kitu urang Enonesa mah, kana 'congcot gratisan' mah sok haraget, sok parebut. Untung urang mah sanes urang Enonesa. Urang mah urang Suna. Heuheu..."
  33. Ajeng Kania Rucita: hehehe..enonesa! suna! hehehe maksadna teh indonesia sareng sunda nya kang Godi Suwarna? ah seueur urang suna nu janten urang enonesa ge, kang!
  34. Godi Suwarna: Ajeng Kania Rucita:"Wios nu sanes mah. Urang mah mending ngadamel nagara Suna. Sim uing Rajana, Neneng prameswarina. Okeh...?"
  35. Ajeng Kania Rucita: hehehehehe....
  36. Godi Suwarna: Dadi Arya:" Penipuan lehal nan cakial? Haha...! Eta raosna janten pangarang teh. Tupa-tipu ge teu dihukum sapertos para puli-tikus...!"
  37. Godi Suwarna: Tiktik Rusyani:"Pameget mah dina karya-karyana teh sok paralay ngalalana, kaluar ti 'bumi', nganclong ka mana mendi. Kalan-kalan kirang dina perkawis ngalenyepan naon nu kaalaman. Tah, upami Ibu-ibu mah ngeletek di bumi, karya-karyana oge teu kedah tebih ti budeureun eta. Pasualan rumah tangga, dapur, pendidikan murang kalih jrrd. Tapi hasilna tiasa langkung jero, da tiasa janten bakal tareleb ngalenyepanana, kana pasualan-pasualan nu tos dipiwanoh mah..."
  38. Muhammad Shohiba Nu'man: Jurus dangeuak. Ti ngawitan, tos kajiret ku urusan piramid nu nuju janten trend topic. Manahoreng tungtungna mah urusan patuangan geuningan. Heuheu.. Telak pisan satirna, Kang Prab!
  39. Godi Suwarna: Yusef Muldiyana II:"Hahaha...! Eta ngaran uing tepi ka pabeulit jeung nu batur...! Tah, nyeta kitu manusa mah. Komo manusa Enonesa mah. Nu leutik nu badag ge, asal hakaneun nu haram, teu weleh diparebutkeun. Untung we urang mah lain manusa Enonesa. Urang mah manusa Suna... Hehe.."
  40. Tiktik Rusyani: Leres pisan, tos janten sunatulloh, istri mah pan kedah ngarumat rumah tangga ngadidik turunanana, janten nya didinya weh dunyana teh, mun tos ngapung ge teu weleh hariwang sumoreang boa pupunden ati teu kapirosea ku' Asisten rumah tangga'. Dunya pameget dunya nu kedah lega awahanana,malih eta nu saur abdi mah lalaki langit lalanang jagat sanes nu ngotok ngowo sieun ku bojo. Prung ah, ngapung dina dunya sewang-sewangan namung sili lengkepan.
  41. Godi Suwarna: Yayan 'Bedog' Supriatna:"Uhun cenah, mang Yan...! Laaah, gunung nanahaon teh. Da tilu gunung. Gunung Putri asana nu hiji mah..."
  42. Godi Suwarna: Herdy Mulyana:"Hatur nuhun oge, Yayi..! Aya gunung Piramid di garut. Janten sim uing tiasa ngarang fikmin; antara piramid sareng hakaneun... hehe..."
  43. Abah Sarjang: Alah ari panginten teh bade ngabahas nu karcisna sayuta tea, sihoreng permasalahan hakaneun... Ieu mah jurus Musashi ngabongohan Kang Prab. Padahal uing nu biasa ngabongohan teh, ayeuna ngadangheuak ku nu ieu mah...
  44. Akang Remi: sireum nu tuman gotong royong,rempug jukung,hirup sauyunan. tiasa jadi papaséaan.alatan napsu sarakah,teu daék walatra ngabagi rijki. Nu Kagungan tumpengna, janten Bendu.lemah inggeung.dunya jempling. Wadiabalad dilabrak bencana. balaréa paburisat.siga carita kiamat. bongan hirup teu jeung aturan.....aéh, da sireum éta mah. nya kang perbu Godi Suwarna. (daweung,diajar ludeung.mairan, sugan teu tebih teuing sareng fikminna.) ngalagena, Kang.Nincak Wirahma....heuheuheuheu......
  45. Godi Suwarna: Akoer Lah:"Taaah, eta, Yayi..! Lamunan keur budak. Kalan-kalan sim uing mah keur budak teh sok api-api janten Gusti Aloh. Ngadalangan rupi-rupi cocooan. dasar bocah..."
  46. Godi Suwarna: Rinto Variasirias:"Hahaha...! Ngabadagkeun sireum ge repot da panon aki-aki mah tos bolor, Jang...! Tah, ngabadagkeun kuman mah bafean nu aranom we. Nu socana baruringas keneh..."
  47. Jajang Ruswalih: deudeuh teuing sireum,sing tawekal
  48. Is Tuning: ... "Tuh nya, gara-gara ilaing tah !" "Ah, puguh énté nu bacéprot baé !" "Meugeus gandéng sia téh, puguh gara-gara sia !" "Naon ilaing popolotot ka aing ? ngajak tarung ?" "Jadi ! sugan aing sieun ka énté ?" Jeprot ! manéhna neunggeul. Nu diteunggeul ngagilek, atuh nu nunggeul ngajarigjeug, ana keur kitu, seaaak ! lawanna teu antaparah najong sataker kebek, ngeuna pisan kana hulu angenna. Hiuk ! Gebro ! Angenna seueul, orolo utah. sangu konéng, congcot tumpeng.
  49. Maman Gantra: Eta nu ngaborolo teh aya nu mulung. Duka ku saha, jeung teuing dipake naon.
  50. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Biasa, Jang...! Jurus fikmin Sunda jadul. Tos lami dikantunkeun ku urang. Padahal, ieu jurus kantos ngetren pisan dina fikmin Sunda awal. Ampir kapopohokeun. Lebar. Nya diasah deui ku sim uing. Nipuna dilahutakeun, kagok edan sakalian. Nya, luamayan we matih keneh geuning..."
  51. Hadi Aks: Wah, sirah uing didagorkn deui bae, Ang! Moal salah si kakang Kumbakarna nu ngarawu gunung congcot teh! Bajuna biru digmbran tilu berlian!
  52. Godi Suwarna: Tiktik Rusyani:"Yaktos, tos kitu kedahna, Bu Neneng..! Pada-pada mancen tugas sewang-sewang. Utamina gotongroyong dina raraga moro Yahudi...! Hehe..."
  53. Akoer Lah: Kang Godi Suwarna, pami dina pupuh mah, durma teh rasa kawani di médan yuda (perang), tapi di dieu mah yuda fikmin: Durma : Moal ngejat sanajan ukur satapak, Geus dipasti ku jangji, Mun tacan laksana, Ngirim fikmin petingan, Heunteu niat seja balik, Najan wiwirang, Dikékéak ku admin.
  54. Godi Suwarna: Abah Sarjang:"Nu sayuta juh milyar tos kantenan ka laut. Kumargi para penonton katipu, uing ge rek nipu nu maraca we, Bah..! Nurutan para gegeden. Mung, gegeden nipu mah namina notorogan, pangarang nipu mah biasa... hehe..."
  55. Godi Suwarna: Akang Remi:"Tapsiran nu sae pisan tah...! Ulah asa-asa nyurahan, Yayi...! Der we ari tos kacepeng kecap sareng kalimah koncina mah. Apresiator sastra Sunda teh biasa teuing dihuapan ku para pangarangna, ku karya-karya nu 'ngagerean cepil, nu garampil teuing disurahanana da sagala ditembrak-tembrakkeun teuing. Tah, upami aya karya nu ngajak ngemut, para apresiator teh sok janten marurengked, teu laludeung napsirkeun. Langsung we nyarios: Teu ngarti aingah..! Hawatos. Apresiasina teu undak-undak, da nyeta teu diundakkeun ku para pangarangna. Rajeun aya nu rada 'beunta' kana ngapresiasi, sok nyarios kieu: Awam mah moal ngartieun! Tah, gede hulu nu kitu teh. Nganggap dirina leuwih luhur ti batur..."
  56. Arom Hidayat: Haduh! Fikmin petingan deui baé. Nyanggakeun jempol sadayana Kakang Prabu si raja ideu!
  57. Godi Suwarna: Jajang Ruswalih:"Hatur nuhun, Jalma..! Hiks..."
  58. Akang Remi: punten kang perbu Godi Suwarna, nembe nuju anteng di gedong fikmin, teu ka kuping salira nyauran. Muhun, nuhun kang. InsyaAllah, bade dicobian.
  59. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: lebar tumpeng kénging hésé capé malah digembrong sireum, hanjakal tadi téh teu ditutupan kabujeng anteng mukaan fikmin
  60. Godi Suwarna: Akang Remi:"Haha...! Tangtos betah di Gedong Fikmin mah. Urang teh janten asa hebat pisan...! Nyaan. Berkat Mang Dadan Sutisna. Numawi, cuang dungakeun ku sarerea, mugia Mang Dadan sing enggal ngawayuh.... aaeeh... hehe..."
  61. Godi Suwarna: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu:Mangkaning tumpeng Nyimas mah tangtosna ge nyungcung pisan congcotna teh. Pasti pelem kacida da..."
  62. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: kantenan wé Kang..jabi ieu mah tumpeng peda beureum sareng teri jéngki
  63. Godi Suwarna: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu:"Ulah hilap kurupuk sareng bontengna, nya...?"
  64. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: tangtos aya éta mah, ditambih ku sambel tarasi nu medok
  65. Godi Suwarna: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu:"Asiiiik...! Pasti seuhahna kakuping ku sa-RT..."
  66. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: matak uruy salelembur
  67. Godi Suwarna: Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu:"Muncrut ge teu panasaran..."
  68. Is Tuning: Muncrut mah leuleus Kang Godiiiii ! ha ha
  69. Godi Suwarna: Is Tuning:"Leuleus namung nikmat, Mang Is...! Raos pisan sambel tarasi ledok ti Nyimas..."
  70. Is Tuning: Kang Godi Suwarna, saurna istri nu raos nyambelna... raos oge (di)sambelna heu heu
  71. Godi Suwarna: Is Tuning:"Kitu, Mang Is...? Pun Bojo mah teu tiasaeun pisan kana nyambel teh. Tapi angger we pelem..."
  72. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: untung atuh nya abdi tiasa nyambel..heuheu
  73. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Jurus dagor hulu di tungtung teh jurus fikmin sajati geuning, nya..? Angger matih, padahal tos dipopohokeun eta jurus teh. uing mah teu pati bisa 'jurus kelemeng' siga nu Demang Darpan A Winangun dina 'Nu Nyegruk Dina Lahunan' teh. Eta mah kedah sering barusuh manah heula..."
  74. Hadi Aks: Hahaha...nyuuh bae tuda si aang eta mah Ang!
  75. Godi Suwarna: Akoer Lah:"Weiiisssh, asoy dekh...! hatur nuhun kintunan pupuhna, Yayi..."
  76. Godi Suwarna: Arom Hidayat:"Nampi jempolna...! Nyanggakeun fikminna...! mugia mangpaat dianggena.."
  77. Rohendi Pandeglang: tah doangna fikmin eta model kieu, alurna karasa pisan, kalobaanna ceuk kula mah pangrasa doang muisi. Tapi teuin ketang, ja teu apal deuih puisi teh neorina kumaha?. Ah pokona mah mikmin weh burung.
  78. Hadi Aks: Dibaca deui dibulak-balik ieu fikmin. Kakara karaos Ang, aya lapis-lapis imaji nu kedah gemet disuay-suaykeunana. Lapisan kahiji, di bagian awal nu maca teu sadar yén anu manggihan jeung parebut ‘piramid’ téh saenyana sato (sireum) – tepi ka tilu parapatna, ieu fikmin mangrupa fabel. Fabel anu béda tina fabel-fabel nu ilahar – bandingkeun upamana jeung dongéng “Gajah jeung Sireum” anu dina versi Wahyu Wibisana dingaranan Ki Ingir (raja sireum) jeung Amo Dungeun (gajah). Dina éta dongéng ngan raja sireum baé nu kacatur hohoak nangtang téh. Di dieu mah sireum téh leuwih ti minculak. Lapis kaduana, nu maca kudu nyurahan sawatara kecap anu ngandung metafor sarta dianggap ‘konci’, nyaéta ‘nu muncugug/piramid’, ‘perang’ jeung ‘sapu’. Ieu teks téh raket pakaitna jeung konteks (réalitas) nu kiwari kasampak dina kahirupan urang sapopoé. Nu matak anu bréh dina pikiran téh rupa-rupa kasus nu kungsi kajadian di ieu nagri; kasus BLT, kasus promo HP Blackberry, raskin nu riceuw, demo buruh, jsb. Enas-enasna mah apan ‘hakaneun’ téa anu jadi bahan huru-hara téh. Sawatara peristiwa démo, diungkulan ku pamaréntah téh apan ku cara ‘disapu’, boh ku gas boh ku pélor. Kanggo dulur2 para fikminer, ku cara gemet ngalak-ilikna, ku émutan ieu fikmin téh seueur pulunganeunana, némbongkeun téhnik sareng karancagé nu luar biasa.
  79. Eman Rais: Hehe tangtos awugna nyah.
  80. Nana Sukmana: Nyumputkeun realitas dina metafor. Buni tapi nembrak. Atawa boa sinisme? Apan urang mindeng kabongroy ku hal anu teu sapira (sacomot kejo haseum). Ukur ku sahuap sakopeun, tapi tega silihtandasa. Century, Wisma Atlet, atawa proyék buku sastra anu ngan sacanggeum téga diparebutkeun, népi ka nu boga hadasna mah ukur meunang béjana. Ceuk uing mah sinisme ieu téh. Nyindiran realitas masyarakat anu nganggap hadé tur ahéng kana barang urut (sacomot kejo haseum, boa ukur hampas kalapa) diagul-agul. Apan murukplukna kapal udara, tingkerelepna kapal cai, jeung arucutanana gerbong karena api téh balukar tina ngagul-ngagul barang urut nu ku batur mah geus teu diarah. Geus dipiceun jadi rongsokan. Nyaan, nya pelem, nya imajinatif. Sindir sampir nu teu karasa. Tarurutan, eung! Tarurutan! Da tangtu ieu téh fikmin meunang ngunun heula. Lain meunang nilas langsung disuguhkeun. Koréh élmuna. Koncina ulah gereges gedebug!
  81. Godi Suwarna: Rohendi Pandeglang:"Ja sukur atuh, Adi, ari dia resep burung ka nu burung mah...!" (Hehe...! Hayang nurutan basa Sunda Kulon)
  82. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Tah, tah, tah, tos ngawitan bijil elmuning S 2-na. Der atuh, Adi..! Jeung, mesekna ulah ka nu uing wae deuih. Sing getol noong, noropong, fikmin nu sejenna deuih. Elmu mah digorolangkeun teh ka dituna bakal leuwih napel. Itung-itung ngapalkeun we atuh. Boa Dii Jaro bakal jadi Doktor munggaran anu ngulik fikmin Sunda. Der, ah..! Ide munggaranna mah ieu fikmin teh memang tina geunjleung piramid tea. Kutrat-kotret awalna rea ungkara nu nyaritakeun eta. Tapi sabada diutak-atik deui, aya kana sabulanna, piramid mah ukur nyesa sakecap, ukur pamuka lawang kana perkara nu leuwih jembar ti eta. Piramid mah sakadar 'napakkeun' nu maraca kana fakta, realitas, samemeh dibawa ngabelesat ka dunya imajinasi nu 'mancing' rupaning tapsiran. Ti dunya imajinasi nu apung-apungan ka mana karep, dina pungkasanana, ngahaja dibenturkeun deui kana realitas nu leuwih nyata, nu sok remen kabandungan dina kahirupan sapopoe. Tapi, eta oge angger masih keneh bisa disurahan deui ku rasa jeung panalar nu jembar. Kitu ti uingna. Tapi ana geus diapungkeun kana lapak mah, nu maraca boga hak pikeun napsirkeun, teu kudu sarua jeung maksud pangarangna. Kalan-kalan, nu geus kaalaman ku uing, tapsir nu maca teh malah sok leuwih jembar batan nu dimaksud ku pangarangna.
  83. Ki Hasan: Mun dianalogikeun kana fotografi, mimiti ditoong "zoom-in" jiga make suryakanta. Nu lalembut ngabaradagan. Asa dina film Jepang, "Satria Baja Hitam". Beungeut simeut, beungeut sireum ngaraksasa, cacarita, ngagalaksak. Dipungkas ku dielokeum, "zoom-out". Nu ngaraksasa balik deui kana wangun asalna.
  84. Godi Suwarna: Nana Sukmana:"Terus terang, Mang Na..! Tepi ka ayeuna uing mah sok hemeng mun ngabandungan Mang Nana nyurahan fikmin. Teu nyangka sacongo buuk yen Mang Nana teh singhoreng jembar panalar dina nyurahan sastra. Samemeh aya lapak fikmin mah iraha teuing salira ngobrol daria perkara ieu. Di dieu mah jol breh we geuning. Nyaan, ku lapak fikmin teh rea pamadegan nu robah. Kawas uing. Bareto mah tukuh kana pamanggih yen pangarang mah ulah pipilueun ngomentaran, napsirkeun karyana sorangan, lamun eta karya geus 'diumumkeun'. Tah, ayeuna mah teu kitu da apan dina FB, di ieu lapak, mah aya komentar, aya proses, aya lolongkrang keur silih simbeuh antara pangarang jeung publikna. Beda jeung mun karya mangrupa buku atawa mun dimuat di koran, dina majalah, di dieu mah pangarang jeung publikna teh sing sarwa langsung adu hareupan. Pangarang bakal hese 'nyingcet' mun ditakon ku publikna. Tapi, papadaning kitu, nya teu kudu ari tepi ka sagala diboretekeun mah. Komen pangarang bisa bae ku silib deui.
  85. Godi Suwarna: Ki Hasan:"Weeiiis, gorejag, Ki...! Boa mulih nyakeudeung...? heuheu...! Yaktos, kitu pisan. Hiji kanyataan nu disuryakantaan. Enas-enasna mah tina dongeng-dongeng keneh. Nu maca diajak ngalalana ka dunya imajiner nu boa ngan ukur aya dina dongeng atawa impian. Ngadongeng, eta nu ti kapungkur tos diniatkeun dina hate. Bongan juru dongeng tos langka pisan...'
  86. Ki Hasan: Hehehe, nyakeudeung dibaturan recetna manuk golejra Kang Godi. Maturan bari ngaregot kopi.
  87. Godi Suwarna: Ki Hasan:"Walah, mantaf, Ki...! Sami, sim uing ge nuju nyiteh bari ngelepus ieu teh. Sakedap deui bade turun gunung, bade ka Jakarta, nepangan popotongan. Seja neukteukan bari motongan tea, Ki...! Wangsul ka lembur kinten dinten Senen. Upami sim uing nuju ngalalana, sok tara tiasa OL, da teu tiasa husu. OL teh sim uing mah upami nuju di lembur we. Tah, kumargi kitu, sim uing seja nitip ieu lapak ka salira. Ulah dugi ka kawas di pasar, upami lapak dikantunkeun, sok diandih ku urang Batak.. hehe..."
  88. Ki Hasan: Halah kutan seja nyaba, ngalalana ka Batawi. Keun lapak mah, aya Kang Nana, Kang Dadan, Kang Nazar, dibaturan ku uing. Wilujeng angkat!
  89. Rudi Riadi: Ngawitan mah nyipta-nyipta tungtungna, rek dikumahakeun...haduh anggang tina panyangka..jurus tipu Kang Prabu Siritwangi.
  90. Endah Dinda Jenura: unggal ngaos ieu (tos sababaraha kali), angger kagugu ku "sora nu ngéngkréng tanding gelap dina sééng"... duka ku naon, tapi eta nu ngentring-na dina persepsi abi mah. atuh nyeh deui :D
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI