Ku Godi Suwarna
Néng Ratih élékésékéng di tepas. Nganti nu rék ngapélan. Rut-rét. Ka jalan. Kana kembang nu karék meunang nyusun dina pasna. “Tah, ka Cép Soni mah panuju, Nénéng..!” kitu ceuk bapana nu biasana galak. Iwal ninina nu keukeuh teu doa téh. Duka kunaon. 20.00. Pas. Néng Ratih umat-imut. Ngambung kembang. Tatanggahan kana lalangit. Cakcak rapang. Disarada. Bangun nu milu balegér. Kapireng sora mobil eureun di buruan. Sora bél. Néng Ratih giak. Muka panto. Cép Soni nyéréngéh di lawang. Persis wé Brad Pitt. Néng Ratih rampang-reumpeung. “Mangga ling…” ukur sakitu-kituna. Da imbitna ujug-ujug disada. Beuneur pisan. Teu kakémot. “Aduuh..!” beuki geumpeur. Beuki brat-brét-brot. Peledek. Tepas ngelun. Halimunan. Semu héjo. Kembang dumadak tingkulahék. Gararing. Cakcak murukpluk. Néng Ratih méh ngarumpuyuk. Tapi imbitna terus disada. Na atuh, Cép Soni bet robah wujud: huluna nyucunguk, awakna ngabayawak. Ngajol. Kabur tina jandéla. “Nya, cekéng gé? Untung hidep boga ajian ti Aki…” ceuk ninina nu ngelol ti patengahan.