Ku Godi Suwarna
Beurat. Ngawelah téh capé pisan. Parahuna geus rangsak. Dicangcang sisi bangawan. Kawas raga nu karancang. Teu walakaya. Tukang Parahu ngalungsar. Mencrong bangawan nu caina beuki lecek. Beuki mabek. Runtahna ngarambang ti saban jaman. Ngarangkleung muru muara. “Wayahna, Mang! Rék ku saha deui!” aya nu nyoara. Ngajega nukangan layung. Gamisna. Sorbanna. Sing sarwa héjo. Nyambuang seungit kasturi. Nyieuhkeun bau bangawan. Sang Nabi. Teu burung cunduk. “Duuuh, bagéa, Jungjunan!” Tukang Parahu kagagas. Ngembeng ku cimata bagja. “Cuang oméan parahu téh, Amang!” saur Sang Nabi. Deker ngadangdanan parahu. Dikeureuyeuh ku duaan. Tug ka hibar balébat. Teu burung seseg deui. “Cuang meuntas, Mang! Keun, kami nu ngawelah!” saurna. Gap kana pangwelah. Cai nu kasiklakkeun katémbong patinggurilap. Parahu ngangkleung. Nyapuan runtah. Sang Nabi humariring. Nyuluk. Gumalindeng di bangawan nu jadi hérang. Beuki gumenclang. Anjog ka peuntas. Sang Nabi tuluy ngaruksak parahu. Diwewejek. Dirarangsak. “Hatur nuhun, Jungjunan!” ceuk Tukang Parahu nu surti, bari imut leleb naker.