Ku Godi Suwarna
Listrik anjog ka kampung nu seungit lisung. Bray. Tajug ngempur matak sérab pangeusina. Cempor nyempod di kolong Paimbaran. Samak butut murungkut. Bedug meungpeun ku Panakol. Isukna, kurunyung sémah nu anyar pinanggih: Sepéker. Wanci salat, gantawang Sepéker adan. Bedug diliwat. Teu ditabeuh ieuh. Bedug mudigdig. Panakol ngagidir. Tengah peuting, Sepéker pépédéngkréng, jalang-jéléng, nincakan Samak nu beuki murengked, ngajebian Bedug, gugulayunan dina Paimbaran, tuluy ngadiukan Qur’an. ”Siaaah, dasar Yahudiii…!” teu kaampeuh, Bedug ngagorowok. Panakol diheumbatkeun. Geprék! Geprék! Gombrang! Sepéker dipékprék. Lampu-lampu dipeupeuskeun. Cempor katodél. Minyak bahé kana samak. Gur! Ger! Tajug kahuruan…
(Sabada maca Flash Fiction jeung Micro Fiction kintunan Endah Dinda Jenura)