Ku Godi Suwarna
Jang Shohiba ngagedig ka balédésa. Ngabuburit. Dijékét kulit potongan jas. Ti loak. “Pangling, Jang! Siga Sahruk Kahn!” ceuk Mang Uyuh. Manéhna nyéréngéh sajajalan. “Néng Ratih pasti kapincut!” ceuk haténa sabot ngusapan jékétna. Jog kanu dijugjug. Néng Ratih keur dirariung. Saingan wungkul. “Wééiiis, aya hadé éta jékét! Siga bandar dorokdok!” Dang Uzy ngancunan. Manéhna ngajenghok. Nu ngariung tingséréngéh. “Jadi lapar, euy! Asa hayang urab kulit!” Kang Irman ngékéak. Tingcakakak. Néng Ratih ngagikgik. Tarik. Manéhna lung-leng. Wirang. Sadar-sadar geus ngajanteng di tengah sasak Ciasih. Manéhna reumbay cimata. Jékét dibuka. Keleweng. Dibalangkeun ka walungan. Kumoléab dipirig ku adan Magrib. Tujuh poé ti harita. Néng Ratih ngurunyung lir nitih layung. Jang Shohiba curinghak. “Nyanggakeun, A! Kaheurap ku Pun Bapa!”ceuk Néng Ratih bari ngasongkeun bungkusan. Dibuka. Bréh. Gusti. Jékét kulit nu geus aduy. Bauna kabina-bina. “Hapunten, A! Harita...” Néng Ratih teu kebat. Adan Magrib ngalanglaung. Néng Ratih bet ngarangkul. Ngambung. Héok jékét kasilih dalingding asih...