Ku Godi Suwarna
Gambar panimu téh diberesihan. Gambar Nyi Mojang nu leleb imutna téa. Ditatap. Diusap. Pel. Dipajang dina bilik rawing. Silih teuteup. Manéhna ngarahuh, tuluy kaluar ti saung bututna di jarian. Lunta saba kota. Pulang-pulung sanajan awakna nyebrét. ”Sia nu ngabangsat hayam aing, nya?” nu nyorowok tuluy nonjok. Manéhna digarebugan. Getih boborot. Mulang ka saungna bari ngalangsud. Ngarumpuyuk dina samak. Rét kana gambar. Kosong. Kari keretasna. Manéhna peureum. Awakna beuki nyebrét. Aya nu ngudaran pakéan. Nyéka raheut. Meresihan getih garing. Manéhna beunta. Bréh. Nyi Mojang. Diuk gigireun. Manéhna disangkéh. Dihuapan. Madu asih ngageleser dina tikoro. Nyaksrakna saawak-awak. Nyi Mojang ngarangkul. Manéhna nangkeup. Kumalayang. Ngawang-ngawang. Papasangan. Ti harita, gambar Nyi Mojang nu geus ratusan taun nyorangan, ayeuna jadi duaan. Majang dina bilik rawing. Maranéhna silih asih salawasna.