Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Kembang Buruan

Ku Godi Suwarna

Hoyong janten Justin Bieber cénah Si Nyai téh. Unggal dinten gutak-gitek, humariring, nyarengan béntang idola nu ningkah dina dvd. Ari Mamah sok kalah teras jamedud da Si Nyai alimeun latihan ngibing. ”Sssst! Aa nuju ngapalkeun!“ saur Aa. Nyai kalah ngahajakeun. “Tos, tos atuh! Gandéng!” saur Tétéh. Nyai mah teras wé nyanyi. Kumalayang ti buruan ka suhunan. “Sandékala, Nyaiii! Di mana budak téh?” saur Enin. Nyai teras humariring nilar bumi nu sepina tos sapertos di kuburan. Teras nyanyi tina méga kana méga nu hurung dipulas layung. Teras nyanyi di payuneun Nini Antéh, ditanggap Para Pohaci, waktos bulan nuju ngempray. Tapi, Si Papap duka di mana. Padahal, Si Nyai hoyongeun pisan nyanyi payuneun Si Papap. “Ah, Si Papap maaah…” saur Nyai bari teras najong bulan!

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: asli ieu mah fikmin teh...
  2. Rak Buku Soni: asyik, seger
  3. Rd Nugraha: nyai saha tah ??
  4. R.Atang Supriatna: Abdi nuju hulang-huleng ngawawa'as, pami Fikmin ieu di tafsir kana karya tari kumaha jadina kakang Perbu? Janten Kormin pangintennya, Koreografi mini.
  5. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:"Hehe..! Mamahna palay ngawaris tari Sunda. Ari Si Bungsu keukeuh hoyong janten Justin Bieber..."
  6. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Ngahaja. Dinten minggu pasosonten, ngaleguk jus fikmin..."
  7. Nazarudin Azhar: Papap nuju asik miksimini hehe
  8. Iwan Hanjuang: digabung we atuh justin bieber bari topeng kelana.. he he he he
  9. Godi Suwarna: Rd Nugraha:"Si Nyai, putrana Si Papap.. heuheu..."
  10. Godi Suwarna: @ R.Atang Supriatna:"Upami diaos ditenget-tenget, sueur pisan fikmin Sunda di akun nu tiasa diangge sinopsis tari. geura mangga uningaan, Yayi...! Nya upami Si Nyai kaangge mah mangga teh teuing..."
  11. Rak Buku Soni: Sae Kang supados sehat kana nanut hahaha
  12. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:" Heuheu...! Ma'lum Si Papap-na janten Dalektur Admin..."
  13. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:" Tah, sigana bakal piahengeun sapertos fikmin. Siap we ngamusikanana, nya, 'Mang..?"
  14. Iwan Hanjuang: siap pisan di arransemen samba campur kulu-kulu bem dua wilet... he he he he he
  15. Kang Warsa: Ari careuh bulan teu kasebat-sebat?
  16. Deden Abdul Aziz: versi Si Ujang dina sajak... sigana bakal heded tah Si Nyai jadi boga lalakon dina fikmin, meh adil nya, Kakang! nunggu lanjutanana lalakon Si Nyai, ahhhh....
  17. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:"Deal, 'Mang...! 30% kangge pemusik..."
  18. Godi Suwarna: Kang Warsa:"Alah, uhun, euy...! Kaliwat, 'Jang..."
  19. Asep Salahudin: si papap nuju kilir
  20. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Ah, apal-apal wae ari saguru sa-elmu mah. Nyeta, nuju dipikran ieu ge. Sugan we jadi sabukueun atuh. heuheu..! Emut ka Sensei Mikihiro nu nanyakeun kunaon pang Dongeng Si Ujang bet disebut sajak. Mending teu ngangge kecap 'Sajak', cenah. Dipikir-pikir ayeuna, enya oge. Da asa leuwih pas disebut fikmin Sajak Dongeng Si Ujang teh. Tapi, bae, ah, da atos..! Si Nyai we ayeuna mah. Tomboy abis..."
  21. Godi Suwarna: Asep Salahudin:"Nuju kilir ka Pager Ageung. Caket bumi nu anomna Papap Asep Salahudin... heuheu..."
  22. Nanang Sahbana Afnani: Beuh..mani keuna pisan keur abdi mah..Ang, xixixi
  23. Deden Abdul Aziz: Katawisna Si Nyai mah langkung imajinatif, tiasa langkung liar... Hidup Neng Lalas, eh Si Nyai!
  24. Rudi Riadi: Apanan Papap Godi mah nuju ngasuh putri bungsu Nini Anteh, nu yuswana nembe 25 taun...
  25. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Keuna kana naonana, Yi haji...? Mugia we teu nyentang eusi kolor..! Heuheuy..."
  26. Rak Buku Soni: Mangle jeung Cupu Manik alusnya lamun muka halaman fiksi mini
  27. Nanang Sahbana Afnani: Heu heu..
  28. Muhammad Shohiba Nu'man: Janten kacandak ngawang-ngawang.. Mun seug Justin Beiber jogedna ku jaipongan.. tangtos si Nyai bakal saged latihan ngibing..
  29. Deden Abdul Aziz: Rak Buku Soni | pasti bingung ngahonoranana...
  30. Lalat Socrates: masih kedah diajar ka murangkalih Ang.... hihihiiiiii
  31. Rak Buku Soni: hahahaha safiksi mini Rp 100 rebu
  32. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Ari imajinasi mah kiat Si Ujang, Padamelanana ngawawaas manehna mah. Upami si Nyai mah maen otot. Kadang-kadang ka Si papap ge tega heureuy korong..."
  33. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Putra Nini anteh mah tos lungsurkeun ka mang Darpan A Winangun..."
  34. Aris Supena: Ternyata buah aya nu jauh ragragna nya ang?
  35. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:" Fikmin teh tos diincer ku Tribun. Justru masih ngantos keneh tawisan ti PR. Kumaha, wantun mayar saratus sa-fikmin, Yi Haji...?"
  36. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Qiqiqiqiq...!"
  37. Rak Buku Soni: upami abdi nu gaduh SAHAM mah wantun pisan, hanjakal abdi mah mung sauukur baud, anu iraha bae ditiasa dipangpengkeun ka solokan, kitu Kang Prebu Godi Suwarna.
  38. Lalat Socrates: Rak Buku Soni : hahaha eta kang Soni, urang pangpéngkeun ku saréréa yuu....!! moal kiat ku nyalira mah... hahahahahhaahha
  39. Aris Supena: KEMBANG BURUAN Ari tangkal mah KEMBANGAN,ari awak mah BURUAN dina awakna.aya nu jadi buuk,jadi buru dada jrrd...
  40. Rak Buku Soni: Hahahahaha Lalat Socrates, pangpengkeun ka pangkonan Ayu Ting Ting atanapi Marlina Sylencia
  41. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Justru Si Nyai teh nuju sesegutna latihan nopeng, der usum Justin Bieber. Atuh rada ebat kana nari teh...!"
  42. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"teras-terasan diajar ka murangkalih, Mang..! Ti kawit Dongeng Si Ujang.."
  43. Muhammad Shohiba Nu'man: rupina topengna tos digentos ku topeng Justin Beiber.. heuheu
  44. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:" Taaah, kitu sigana...! Di rorompok piuh ku Justi Bieber. Posterna, majalahna, dvd-na. Rieueueuer...! Heuheu..."
  45. Muhammad Shohiba Nu'man: hahaha... teu kiat hoyong seurina oge.. secara Kang Perbu Godi Suwarna gitu loh! Eta Jang Justin meni ngulayaban di salah sawios pupuhu sunda pisan! haha..
  46. Asep Ruhimat: eum, nyai...nyai...bet matak ngumbar fantasi geuning.
  47. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:" Apan dina raraga ngajar demokratis tea. Ari heg kalah malikan geuning. Ampuuun..."
  48. Godi Suwarna: Asep Ruhimat:"Biasa, Mang Asep..! Kumaha we Si Ujang, lanceukna. Sugan we ieu ge jadi sabukueun, yeuh.."
  49. Darpan A Winangun: Kang Perbu, asa teu rumsos kawarisan putri nini anteh, upami incuna mah muhun, heheh... langkung gamuleng. Kang Perbu ge moal teu lungsur kolor.
  50. Godi Suwarna: Darpan A Winangun:"Gamuleng soteh sapuluh taun kapengker waktos kuliah di UPI. Nguping wartos ayeuna mah tos janten buleud...?"
  51. Darpan A Winangun: Hahahah.... preeettt.
  52. Godi Suwarna: Darpan A Winangun:"Habis manis dibekok pula...
  53. Darpan A Winangun: Lepat sangka Kang Perbu, nu leres mh habis manis, kok aku jadi tambah manis ya... hahah.
  54. Godi Suwarna: Darpan A Winangun:"Hahaha...! Sieun kabacaeun ku urang ditu tea..."
  55. Hadi Aks: Asa breh 'Si Ujang', tp lain da, aya nu beda. Asa. Henteu! Lain!
  56. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Heuheu...! Fikmin munggaran perkara Si Nyai. Duka bade ka mana leokna. Cuang tuturkeun we ah..! Sugan we aya sabukueun. Gaya basana kudu dirobah sigana. Ngarah teu siga Si Ujang..."
  57. Hadi Aks: Pangling geura Ang, mun aya sabukueun model kitu, dina gaya anu benten. Moal teu aya tepung jg popotongan geura...heuheu...
  58. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Aya tilu deui nu kieu teh. Tapi moal waka diposting ah. Bade digosok we can herang siga anyut Ang Teddi Muhtadin mah..."
  59. Hadi Aks: Hahaha...
  60. Godi Suwarna: Aris Supena:" Buah nu sok jauh ragragna mah biasana buah kolor, 'Jang Aris..!" (Ke, kolor, kulur, nya...?)
  61. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Kacipta ngagenclangna kagungan si Bapa eta mah..."
  62. Bambang Q-anees: terusan sajak si ujang? kitu atuh... leuwih karasa sundana?
  63. Godi Suwarna: Bambang Q-anees:"Si Nyai teh adina si Ujang, Yi Haji..! Urang cobian didamel fikmin. Sugan we tiasa janten sabukueun. Hehe.."
  64. Bambang Q-anees: pasti eta mah. kelebihan fikmin tiasa leuwih bebas, teu diwates ku aturan-aturan...
  65. Yadi Fathur Berkata: Wahh.... nyaan Ang... asa ngimpi macana oge..
  66. Godi Suwarna: Bambang Q-anees:"Tah, eta. Jaman ngagarap Si Ujang mah beurat ku mikiran ugeran sajak. Fikmin mah asa rada ngemplong. Kantun nempatkeun Si Nyai bade di sisi mana, ngarah benten jeung Si Ujang. Gender-gender gheto loch kayaknya.. hehehe..."
  67. Godi Suwarna: Yadi Fathur Berkata:"Padahal mung sakadar runtuyan kalimah, sanes..? Hehe.."
  68. Ahda Imran: "Si Papap nuju ngahaleuang di karaoke"
  69. Godi Suwarna: Ahda Imran:" Si Papap mah sorana silung. Di tempat karaoke ge sok kalah maca puisi. Ngerakeun.."
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI