Gok. Polohok. Moal. Moal kapalingan. Trijata pisan. Trijata nu diiwat ku Jembawan rébuan taun ka tukang. Tepung deui di dieu. Cinta lawas mangkak deui dina dada. “Anoman angkat ka pasaaar!” ceuk Si Bos bari nakolan dogdog. Nu lalajo surak. Trijata umat-imut. Nangkeup ka hiji Jajaka. Leng. Lalanjung. Rumanggieung ngurilingan pakalangan. Dirényohan ku nu lalajo. “Buluna bodas! Lucu déh ih!” ceuk Trijata. Éta sora bet kapireng gumalindeng dina haté. Haténa. Tapi aya nu nyérését. Barang nénjo Si Jajaka jeung Trijata beuki geugeut. “Anoman miang ka médan peraaang!” cék Si Bos. Dogdogna ditilingtitkeun. Gap kana bebedilan. Serenteng ka tengah kalang. Si Jajaka didorodod. Kalah ngusek seuseurian. Trijata nyikikik. Nu lalajo tingcakakak. Pudigdig. Bret. Ranténa pegat. Bebedilan dibalédogkeun kana beungeut Si Jajaka. “Kunyuk goblog!” Si Jajaka ngagorowok. Dirontok. Ger galungan. “Monyétna édaaaan! Monyét édaaan!” nu lalajo tingjarerit.