Update: 20 Januari 2013 13:10:19

Tukang Parahu Xii

Ku Godi Suwarna

Pawitan cenah ngaranna téh. Urang Galuh. Ngadon ngaheruk sisi bangawan. Nyawang ka girang. Salila-lila. “Bébéné uing rék disébakeun, Mang!” témbalna sanggeus ditalék. Ngageuri. Tukang Parahu ngaheneng. Ras kana kila-kila. Balai bakal tumiba di Wétan. Ketir. Peutingna mongkléng. Katémbong nu ngagegedur ti béh girang. Pawitan curinghak. Élékésékéng. Bréh. Horéng aleutan parahu. Muru sagara. Oborna patinggalebur. Tukang Parahu guligah. Tungtungna teu burung gilig. “Hayu, Jang!” pokna. Tuluy arunggah kana parahu. Diwelah. Rerencepan. Garanyam-gerenyem. Bari ngulang-ngulangkeun pangwelah kana abringan parahu. Jagabaya dumadak kur-ker. Karérék. Bréh. Aya putri bangun jauh panineungan. Nyorangan. Ngalamun dina hulu parahu nu pangbadagna. “Nyai, ieu aya nu hayang tepung!” manéhna humaréwos. Nyi Putri ngalieuk. Nyidik-nyidik. “Kakang Pawitaaan…” Nyi Putri méh ngarumpuyuk. Gasik dipangku. Pindah parahu. “Cingan, éta cindé, Nyai!” ceuk Tukang Parahu. Nyi Putri mikeun karémbong. Lung kana parahu badag. Jleg. Ngajanggélék jadi Nyi Putri. Putri Citraresmi. Teu dipiceun sasieur. Gura-giru ngawelah. Rurusuhan. Meuntaskeun sapasang rumaja. Muru daratan kabagjan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Apoedy Sarah Ihsan: mindah rupa, ngabelaan nyi putri supados bagja... hiks..
  2. Muhammad Shohiba Nu'man: Cihuy! Hepi Ending eung.. Seger pisaan, Kang Prab! Hidup Tukang Parahu..!!
  3. Rak Buku Soni: sip
  4. Cucu Unisah: Muru daratan kabagjan....tegep..
  5. Nazarudin Azhar: Wahhhasiiikkk... Lebah dieu, katapis ngolah basa, gagasan, sareng sawangan, ditambih geter manah nu teu weleh kayas, hehe, janten fikmin nu pol pisan! Mantab!
  6. Kang Hanjuang Siang: ke ke naha jol ka citraresmi Ang Prebu..?
  7. Diky Mulyadi Pamanahrasa: Apal eta citra resmi..pasti sim kuring daptar jdi tukang parahu,,,nikmat,,,pisan,,kakang
  8. Munggaran Alfatih Z: citraresmi oh citraresmi...
  9. Neneng Sitanggang: Kang Godi Suwarna, bade kopas nya, kangge belajar hehehe...
  10. Godi Suwarna: Apoedy Sarah Ihsan:"Tukang Parahu mah siap bumela, siap bitotama, demi cinta para rumaja...! Nu jaromlo, nu paralay tereh kangungan jodo, sumangga dalaptar ka Tukang Parahu...!"
  11. Rak Buku Soni: sukses sukses Ang Godi Suwarna
  12. Apoedy Sarah Ihsan: teu nampi nu bade ngajangkepan nya ari tukang parahu??? heuheuheu....
  13. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Jiiih, ari Ujaaang...! Tukang Parahu mah siap bumela, siap meuntaskeun para rumaja muru daratan kabagjan. Kalebet siap meuntaskeun Ujang. Sok, palay sareng saha? Tapi kedah sing jelas heula tah kapalay teh. Kumaha tuda Ujang mah dina Nyiar Lumar oge. Ongkoh palay Ka Nenk Diah. Pas kareret, nuju uplek sareng Nenk Citra di Linggahiang. Balangah sakeudeung, bet keur ngengklak di lapak ronggeng sareng Neng Mumung. Jog ka Cikawali, geus guntreng jeung Neng Resmi bari nyawang bulan. Palay ka saha atuh Ujang teh...? janten bingung ka Tukang Parahuna oge..."
  14. Deden Abdul Aziz: Kabangbalerkeun ku fikmin ieu mah, Kang Prab. Gagasanana tiasa dipengkolkeun dugika dinya... Kacipta urang Wetan kabelejog da nu seba mawa putri mamalihan
  15. Budi Mugia Raspati: Gemet, karaos pisan asakna ieu fikmin, hasil olah rasa olah basa, duh bati kumetap Kang Prabu..
  16. Rudi Riadi: Fikmin nu ngareugreugkeun, Kang Prabu.
  17. Dewi Ratna Damayanti: Duuh., jadi asa jamam manglenya...
  18. Muhammad Shohiba Nu'man: Kang Prabu Godi Suwarna.. Atulaaah.. Teu kitu-kitu teuing da.. heu heu.. Kacow kacow!
  19. Endah Dinda Jenura: wheiiisss... sakti pisan Tukang Parahu, tiasa nyirep jagabaya sapeleton, heuheu! mantap, Kang...
  20. Teti Taryani: Plong...! bagja pisan ngabandungan nu pinanggih bagja! Maos bagean awalna leres-leres ngiring deg-degan, sur-ser, inggis kajantenan nu geulis janten tumbal. Kersaning Nu Mahaasih, dipareng tepang sareng tukang parahu nu bumela ka nu silihpikacinta. Nuhuuun, Mamang...!
  21. Irman Dimyatie: :"Halah...! Naha punduk uing jol muringkak ieu teh? Nu mana atuh putri Citraresmi nu asli? Ret gigireun. Aya nu ngagelenyu. Imut kareueut. "Abdi nu asli mah..!" cenah. Gebeg. Les uing kapiuhan. Ieu ge ngomen bari dina kaayaan kapiuhan, Ang."
  22. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Ang Soni mah upami ngomen teh teu weleh parondok; Sip. Atanapi, Sae. Kitu hungkul. Sapertos nu alim babagi elmu di ieu lapak..."
  23. Godi Suwarna: Cucu Unisah:"Muru daratan kabagjan. Eta nu teu weleh dipiharep ku urang duaan, sanes? Heuheu..."
  24. Rak Buku Soni: muhun, tapi da kumaha atuh memang sae fikmina. Epektif, kreatif.
  25. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:"Hatur nuhun, Yi Perbu...! Saleresna, ieu fikmin tos rengse dipidamel memeh uing ka Ostrali. Kitu teh sabada aya mingguna diudat-edit. Basa uing miang, ieu fikmin dititipkeun ka Endah Dinda Jenura, sareng ka Ki Hasan. Bilih aya nanao di perjalanan, kitu ceuk uing ka Ki Hasan. Tah, nembe, lungsur wangsit ti luluhur, reh ieu fikmin kedah diposting wengi ieu. Pung weh..."
  26. Yusef Muldiyana II: Beuki ngalegaan yeuh tukang parahu pangalamanna
  27. Godi Suwarna: Kang Hanjuang Siang:"Upami palay uninga jujujutanana, sae aos teras komen-komen ti nu sanes, Ang..."
  28. Godi Suwarna: Diky Pamanahrasa:"Upami terang Aa Diky ngiring mah sigana Nyi Putri teh wios bedo ka Majapait tah.. hehe.."
  29. Godi Suwarna: Munggaran Alfatih Z:" Munggaran, oooh, Munggaran, oooh yeeessssh...!"
  30. Dinda Mosa: Kanda Prebu ...Hatur salam ka Tukang Parahu,.....aduh mani hoyong ulah Fikmin eta teh kajantenan anu saleresna we atuuuh......
  31. Yadi Fathur Berkata: karuhun urang teh tukang parahu... Pan aya laguna ning "nenek moyang ku tukang perahu".. cenah..
  32. Godi Suwarna: Neneng Sitanggang:"Bade dikopas, Nenenk..? Jiiiih, nya mangga teh teiung sok sanaos bade dikopas sareng nu ngarangna oge...! Heuheu..."
  33. Ummi Annadzriel: :" Kang Godi, dupi lembur nu nelah Karang Pawitan di Kawali, eta teh tilas padumukan ki Pawitan ktu?"
  34. Neni Geo Albanjari: na fikmin mah tiasa dibulak balik, kahoyong mah kajantenan teh kitu.... asa janten sararedih maosna Kang....
  35. Godi Suwarna: Apoedy Sarah Ihsan:"Nu bada ngajangkepan, saperttos Ang Abu Ainun, tiasa konsultasi sareng Ang Haji Usep Romli nu tos diktor dina widang perwayuhan..."
  36. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Nyi Putri tea pupujan urang sadaya. Piraku kedah palastra di Tegal Bubat. Bararaid teuing, sanes..? Nyi Puti mah salamet, hirup langgeng di buana panca fikmin. Teu weleh murudul dina fikmin nu hareded ti kaom ema. Edun, Yi Perbu...! Janten sarae pisan fikmin kaom ema teh. Nu biasa ulukutek, dicandak ngalalana di Nyiar Lumar, fikminna jol tingburicak-tingburinong. Urang onaman ngalalana saban dinten..."
  37. Neneng Sitanggang: Kang Godi Suwarna, muhun ah urang kopas wae sareng pangarangna...
  38. Wawan Setiawan Husin: Nyi Putri... wi ol luv u... Ibu....! wi luv yu, wi luv yu, wi luv yu,... ceuk abi mah anjeunna 'feminis awal Sunda'... suer dech... mangga ditingal tina teori modern feminism ogeh.... wi luv yu,... wi luv yu... ibu putri!!!
  39. Godi Suwarna: Budi Mugia Raspati:"Tos lami pisa ieu fikmin dipendem, tos bade dua sasih. Teras we diakalan, diukal-akeul. Taaah, ayeuna, tos dugi kana waktosna ieu fikmin dikencarkeun...."
  40. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Reugreug, pageuh, tingtrim, bagjaaaaa...!"
  41. Godi Suwarna: Dewi Ratna Damayanti:"Asa jaman mangle atanapi asa di Kawali, waktos urang Nyiar Lumar..?
  42. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Halaaah, sok ngangles. Da salila Nyiar Lumar teh uing rea nyebar jurutelik. Pikeun ngintip kalakuan para fikminer. Naon wae nu dipilampahna. Tah, nu tadi teh laporan ti Jurutelik Aria Toni Lesmana. Hahahaha...! Rasain dekh loe...!"
  43. Muhammad Shohiba Nu'man: Deuh, aingah... Kang Toni aji halimunan.. hahaha..
  44. Akoer Lah: DANGDANGGULA Bilih hoyong terang Citraresmi, angkuh timpuh lungguh hadé lampah, saréséh saé bubudén, cangker singer tur akur, yasa basa jeung tata-titi, mun ka sémah soméah, tindak undak-usuk, balabah gedé wiwaha, sarta surti kana sagala perkawis, élmu kasasmitaan. Ari tata-titi leuwih rintih, tindak-tanduk teu aya awonna, éstu mo aya nu nendéng, marga alusna mulus, malah loba resi nu sumping, jeung ménak nu uninga, ti nu jararauh, ngalamar putri sang raja, sami wirang lantaran henteu ditampi, émutna ka Pawitan.
  45. Rin Riani: Tukang parahuuuu,..... peuntaskeun abdi muru daratan kabagjaan,......
  46. Diky Mulyadi Pamanahrasa: Kang Godi...tah eta leres pisaaan,,,hehe,,teh Rin Riani,,mangga mung nuju ditawu heula ieu parahuna,,
  47. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Janten sakti Tukang Prahu teh ari tos tepang sareng Che Guevara, Sang Nabi, Resi Bima mah. Nampi meuntas-meuntaskeun abegeh muru daratan kabagjan. Upamina, Jang Nu'man, Cep Simi, Arom Hidayat, Abi Cepian Ibn Al-khairi, Uzanx Boam. Kantun nyararios sing jelas, palay mareuntas sareng saha. teu puguh wae tuda barudak mah..."
  48. Godi Suwarna: Teti Taryani:"Hatur nuhun, Aceuk..! Nya kitu, Amang teh bingah pisan ningal rumaja tos baragja di peuntas. Keun we Amang mah teu aya nu merhatoskeunj oge. Teu aya nu mikacinta oge. Tos nasib Amang, teu weleh kirang kasih sayang. Wios, Amang mah teu kedah diaremutan" kitu saur Tukang Parahu bari teras nangkeup pangwelah.
  49. Akoer Lah: Ieu kitu parahuna? punteeeeeen Kang Prebu, ieu tos bangor nautkeun dai foto, da emut tuda memeh ka Kawali teh amengan heula di Situ Panjalu, hehehe.....https://www.facebook.com/photo.php?fbid=423225431026674&set=a.422605037755380.85808027.100000176633711&type=3
  50. Godi Suwarna: Irman N Dimyatie:"Nyai Putri nu asli mah tangtos nu harita ngarengkenek di hulu cai Cikawali, nu ngangge raksukan bodas-bodas tea. Nu teu weleh micinta ka sim uing, salaku Kakang Pawitan..."
  51. Godi Suwarna: Yusef Muldiyana II:"Atuda angvYusef mah tos lami tara mikmin, tara ngalongok lapak fikmin.. janten teu uninga reh Tukang Parahu teh tambih tebih lalakonna. Ulah ngampleng atuh, Ang..!"
  52. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Da kitu kajadian nu saleresna mah, Nenenk..! Mung, teu tarerangeun we, yen nu ka Wetankeun mah eta teh putri mamalihan...!"
  53. Godi Suwarna: Yadi Fathur Berkata:"Yaktos, lagu eta pisan, tah. 'nenek moyangku orang pelaut' malah aya tambihna: 'setiap waktu ngagaro anyuuut..! Heuheu..."
  54. Cucu Unisah: rupina pami di jantenkeun pilem langkung pelem nya kang Godi Suwarna...
  55. Dinda Mosa: Halaah,.....sae we atuh,.....mugia dipaparin kabagjaan sadaya seuweu siwi na......:)
  56. Wawan Setiawan Husin: "Muru daratan kabagjan." Nyi Putri di fikmin ang Godi, ngawelah... enya pan di Nyiar Lumar,"Gentala Bubat", Nyi Putri janten Center Figure, kanggo fikminer makarya. Fikmin ieu jadi EUNTEUNG GEDE, Putri ngawelah (directing, excecuting,finishing), ang Godi nyarengan... apa ga heded tuh!! kalangkang putri jeung kalangkang Godi tepung. Lawung.Burinyay hurung. Jigana macana perlu/lain KUDU, sakitu kali supaya ngarti. Pan Pawitan teh urang, kalangkang urang, nu neangan/bari hayang bagja nenagan ideal urang simbolna: gorehel nyi Putri. PAWITAN bisa jadi TUBUH/RAGA nu butuh SUKMA/RUH, jiga cangkang butuh eusi. Awalna lingga jeung yoni. Lapis ka dua Tubuh jeung Ruh. Lapis katilu Mahluk cinta/rindu Khalik. Kaopat ................ meuyyyeuuun.... ang ang sareng teteh teteh...!
  57. Endah Dinda Jenura: nyeta atuh barudak teh duka kunaon... hanas cepil tos rebing badis pangwelah diangge ngupingkeun curhatan saneskanten, ana disungkrudkeun ka walungan bet tibuburanjat haranjat deui, ampun deeeehhh...
  58. Entjep Sunardhi: Tadi kabaca ku akang waktu memeh aya jempol jeung komen da kakara memenitan. Hanjakal nuju dina kendaraan bari noong tina parabot leutik. Lapur teu jempol teu komen. Pas dibuka deui duh mani tos heurin usik, asa hese kudu seseleket diantara para jadug. Bari leungeun diacungkeun, jempol akang kasanggakeun ka Ang Prabu, ngiring sugema.
  59. Godi Suwarna: Ummi Annadzriel:"Ke, ker, dupi di Kawali aya nami lembur Pawitan kitu..? Sim uing kirang paos tah. Atanapi kantos kitu, salangkung, nguping nami eta lembur..! Wah, upami leres di Kawali aya lembur nu namina kitu, nyambung pisan atuh..."
  60. Godi Suwarna: Neni Geo Albanjari:"Yaktos, Nenenk. Carios perkawis Nyai Putri teh estu ngagerihan hate urang. Nya dina fikmin mah cuang sina bagja salalawasna we. Apan kitu ari fiksi mah. Urang tiasa nata sakahoyong. Carios tragedi tiasa didamel sabalikna..."
  61. Godi Suwarna: Neneng Sitanggang:"Yaktos, ulah kapameng. sakantenan kopas sareng pangarangna. Lumayan, tambi ulah seueur teuing beurit di bumi Neneng..."
  62. Godi Suwarna: Wawan Setiawan Husin:"Hatur nuhun kana surahanana, Ang Suhu...! Pawitan, pawit alias modal. Katambih-tambih, saur Aceuk Ummi Annadzriel di Kawali aya lembur nu namina Pawitan. Padahal uing teu terang. Aheng. Nyambung pisan, Ang Suhu..."
  63. Darpan A Winangun: Ang Prabu, pangwartoskeun, mugi uing ge dipangmeuntaskeun, bade ka cianjur bade ka cisarua ge pek teh teuing. Asal ulah ka Zimbabwe we...
  64. Wawan Setiawan Husin: Di Garut aya daerah (kacamatan?) Karang Pawitan.... Pawit... di Bandung mah Pabit..jiga maen kaleci atawa kobak jadul tea... ang: sabaraha pabit maneh?... Pawitan bogoh ka putri... yahh ... identitas...laik dis weh!!
  65. Neneng Sitanggang: Kang Godi Suwarna, moal teuing atuh kang.. paling ku abdi di laminating teras di piguraan... hehehe (maksadna FIKMIN na)
  66. Neneng Sitanggang: Darpan A Winangun... mana proposal tea?
  67. Darpan A Winangun: Pami teu lepat, Pawitan teh asalna tina kecap paawitan, nu hartina asal, atawa mimiti. Ari karang teh sok disaruakeun jeung tempat matuh atawa lembur. Turunanana aya pakarangan, banjar karang, jsb. Janten Karangpawitan lembur asal, atawa tempat mimiti. Duka tah, tokoh Pawitan Ang Prabu teh kumaha pancakakina, naha aya patalina jeung Karangpawitan?
  68. Godi Suwarna: Akoer Lah:"Weiiis, hatur nuhun kana komen pupuhna, ang...!CIeu mah tiasa digalindengkeun dina acara baca fikmin, yeuh..!"
  69. Godi Suwarna: Rin Riani:"Siiiap, Nenenk...! Sumangga. Tangtos dipeuntaskeun. Palay sareng saha meuntasna...?"
  70. Godi Suwarna: Diky Pamanahrasa:"Tuuuh, Nenenk Rin Riani palay meuntas, saurna, Ang..! Cobi taros, palay teu meuntas sareng Aa Diky, kituh.. hehehe..."
  71. Rin Riani: Palay sareng nu salawasna kirang kasih sayang,....... kakang Prabu Godi Suwarna,.......
  72. Godi Suwarna: Cucu Unisah:"Tah, upami ieu fikmin di-filmkeun, Nenenk palay janten sahana..?"
  73. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Nya kitu nu dipiharep, Nenenk...! Bagja kangge seuwi-siwina tea. Mugia..."
  74. Eboed Eman Budiman: Tétéla tukang parahu téh sakti mandraguna
  75. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Nyeta kitu, Kuyank...! Teu puguh lah barudak mah. Hanas ku Tukang Parahu henteu. Teu dilamar, teu dipeuntaskeun. Terang bade teu puguh kieu mah tos we atuh bade sina meuntas wae sareng pangarangna lah. Kagok riiieueur.. heuheu..."
  76. Diky Mulyadi Pamanahrasa: Mhunah bade di talék heula..teh kérsa dijajab ku simkuring.mung rada lami ieu téh.margi parahuna bocor..kuring bade nyiar pakal kanggo nambal parahu...hehe
  77. Cucu Unisah: janten Citraresmi luhur teuing, hoyong jtn kabogoh tukang parahu bilih di tampik, tos we kang bade jtn candoli we abdi mah...hehehe
  78. Godi Suwarna: Kang Entjep Sunardhi:"Nya kitu tea, Ang..! Urang mah sebagainyah aki-aki, nya bagean ngasuh we. Mepende, meper nu marudah, nu amarah, nu barusuh manah bada mulang Nyiar Lumar. Kitu minangkana mah ieu fikmin teh, nu mawi diposting ayeuna oge. Reh Nyi Putri mah salamet. Ngancik dina hate urang sadaya, ngancik dina pirang-pirang fikmin..."
  79. Godi Suwarna: Darpan A Winangun:"Hahahaha...! Taaah, kitu atuh. Ngan bae, mun meuntasna sareng urang Cianjur, ieu parahu kudu dipanggul heula ka Cirata. Rada abot tah. Kedah rada badag ongkosna ge eta mah. Jaba, nguiping wartos, nu di Cianjur mah salirana tos meral pisan. Nambihan abot kana ongkos etah.. heuheu..."
  80. Godi Suwarna: Neneng Sitanggang:"jiiiih, ah, Neneng mah. Saurna bade dikopas sareng pangarangna. heuheu..."
  81. Godi Suwarna: Darpan A Winangun:"Hatur nuhun kana komenna anu kadua, Yi Perbu...! Komen anu nambihan kaweruh uing. Da nu ngolebat ngawitan teh mung ukur kecap pawit. Modal, dasar, atanapi asal. Salajengna mah dipaparah ku rasa we. Nyambung pisan atuh ari kitu mah. kantenan, da geuning di Kawali ge aya lembur Pawitan teh cenah. Sim uing nembe terang..."
  82. Godi Suwarna: Rin Riani:"Taaaaah, da memang kitu kedahna. Nenenk mah tos aya titistulisna kedah ngajodo ka Tukang Parahu nu teu weleh kirang kasih sayang sami sareng sim uing..."
  83. Rin Riani: Aminnnn,..... muga Allah marengkeun,...
  84. Godi Suwarna: Rin Riani:"jiiih, ulah waka Amin, Nenk..! Sing jelas heula. Palay meuntas sareng Tukang Parahu atanapi bade sareng Nu Ngarangna..? Heuheu..."
  85. Rin Riani: Tukang parahu nu nuju ngarang we ah,... kang Prabu Godi Suwarna,....
  86. Godi Suwarna: Rin Riani:"Wahahahahaha...! Pinteeeer dekh..."
  87. Rin Riani: Saha heula guruna,.... heu,... heu,...
  88. Uzanx Boam Hardrocker: putri citraresmii...antosan abi
  89. Godi Suwarna: 'Eboed' Eman Budiman:"Yaktos, saleresna Tukang Parahu teh sakti pisan. mung, anjeunna mah tara nyirikeun, Ang! Hehe..."
  90. Abi Ibn Al-Khairi: Nyiar Lumar. abdi mah bati handeueul teutiasa ngiring. Ang Perabu wios abdi mah meuntas nyalira w nyanggakeun Seruni.
  91. Godi Suwarna: Diky Pamanahrasa:"Waaah, cilaka, Ang..! Si Eteh Rin Riani teh geuning palay dipeuntaskeun ku Tukang Parahu nu nuju ngarang. Punten we, Ang Riky karunghal ku Tukang Parahu... heuheu..."
  92. Godi Suwarna: Abi Cepian Ibn Al-khairi:"Nyeta atuh. Sim uing ge handeueul pisan Cep Abi teu tiasa ngiring ngalumar teh. hanas, para Puti Galuh, titisan Diah Pitaloka tos dijajarkeun ku uing, kantun milih...."
  93. Nasrul Jatnika: Ang Perbu Godi Suwarna:"Mun urang nyiptakeun mesin waktu. Urang robah siga fikmin ieu Citraresmi jeung Ki Pawitan. Asa jadi film Holywood. Happy Ending"
  94. Wawan Setiawan Husin: @ang Rak Buku Soni, minimalis ngomentarna. "sip. sukses". naha nya? Babagi dong ang Rak, lebar bilih poho babagi ka batur n balarea...
  95. Rohendi Pandeglang: Beuh, bagoor jasa, ngarebu kecap deuk ditulis, tapi sieun masih teu ngagambarkeun endahna ieu bacaeun. "Beuh" weh pokona mah.
  96. Eboed Eman Budiman: Komo nu ngarangna mah, ku ajian NyiLum nu tarebih gé tiasa disedot. Hasilna rrruarrr... biasa, fikminna patingjelegur buricak burinong nyaangan alam fbs heuheu
  97. Godi Suwarna: Cucu Unisah:"Taaah, sigana eta nu pas mah. Janten Girang Candoli. Tukang babagi honor. Siip dekh...! Ke ku sim uing didaptarkeun ka pinprodna..."
  98. Ambuna Kaka: duh,.....................endah pisaaaaaaaaaaaaaaaaan.
  99. Godi Suwarna: Rin Riani:"Guruna kasep teu, Nenk..?"
  100. Godi Suwarna: Uzanx Boam:"Mangga..! Di antos malem jumaah di Astanagede', kitu saur Nyi Putri. Cobi bade kumaha, tah..?"
  101. Godi Suwarna: Nasrul Jatnika:"Yaktos, Ang..! Pasti resep...! Nya ku fikmin we mesin waktuna mah. Sina aheng pisan. Sugan we engke bakal aya produser ti Holywood nu bade milemkeun ieu fikmin. Ang Nasrul nu janten Ki Pawitanana..."
  102. Godi Suwarna: Wawan Setiawan Husin:"Numawi atuh...! Ang Soni mah sapertos nu koret kana elmu panemuna. Alim babagi di ieu lapak da sakalina ngomen teh, nu langka tea, mung ukur sakecap, duakecap...."
  103. Ummi Annadzriel: ;" Mhn kang, pasar + terminal Kawali th eta di leresan lmbur Karang pawitan. Palh lebakna tilas pasar hbeul nu ka/di -huru namina lmbur Pari. Malhn dnya mh aya pacaduan nanggap wayang golek saurna."
  104. Godi Suwarna: Ummi Annadzriel:"Jiiih, kutan...? Waktos sim uing ngarang novel Sandekala, ujug-ujug mucunghul we nami : Pawitan. Nya eta beubeureuhna Putri Citraresmi, sami sareng dina ieu fikmin. Sim uing teu terang reh di palih dinya teh nami lemburna Karang Pawitan. Sumpahna ge sing daek demi, Nenenk..! Pami kitu mah nyambung teu kahaja tea. Aheng pisan, yeueuh..!"
  105. Yanti Sri Budiarti: Ngaheruk salami-lami saatos maos ieu fikmin. Teu cekap sakali maosna. Sina namper. Nuhun Kakang Godi Suwarna...:)
  106. Godi Suwarna: Rohendi Pandeglang:"Kenging nabung ieu fikmin teh. Tos ti kapungkur. Aya kana dua sasihna ieu fikmin digulang-gaper, diudat-edit. Rengse Nyiar Lumar, nya teras we cengcelenganana dibobok. Pung weh..!"
  107. Godi Suwarna: 'Eboed' Eman Budiman:"Alhamdulillah, Ang..! Nyiar Lumar teh teu weleh dideugdeug ku tatamu nu tarebih. Sering ngaidean karya-karya aranjeunna. Kantenan ayeuna mah, da tatamuna seueur fikminer. mani langsung 'lumar'na tingburicak di ieu lapak..."
  108. Godi Suwarna: Yanti Sri Budiarti:"Siiip dekh, Bu Nenenk...! Hatuuur nuhuuuun..."
  109. Ummi Annadzriel: :" Karaaaah . . . . !!! Jih, naha nya . . . . !?!? Aya kanteh beureum nu nyamuni kneh rupina antawis akang, Astana Gede, Nyiar Lumar sareng nu ngageugeuh dayeuh nu ngagelarkeun neng Dyah Pitaloka. "
  110. Yuharno Uyuh ONod: Ang Rebab uing oge di rekam ku Nyai teh. Heangna nghudangkeun nu talibra, dina mabrana lumar.
  111. Godi Suwarna: Ummi Annadzriel:"Taaaah, yaktos! Rupina kana kitu...! Da seueur pisan kaahengan saparantos sim uing sering idek liher di Astanagede, di Nyiar Lumar teh. Rupina, bade teras we dikurah-koreh, saha nu terang Ki Pawitan teh bujangga karaton, nu ngadamel 'sajak-sajak' dina batu prasasti Kawali. Boa anjeunna teh luluhur sim kuring.. hehe..."
  112. Kursiyani Ayana Dimejarini: Kang Godi Suwarna meni raoseun pisan macana, palay Rini diajar nyerat fikmin samodel karya akang. Nepangkeun abi Korsiatun Adyarrini, karawitan SMKN 10, murid Pa Yuharno Uyuh
  113. Ki Hasan: Tah di-gaya-carita-film-india-keun mah, nu sok 'happy ending', karasa hegarna. Da enya jigana, mending ditarepungkeun atuh nu jaromblo, nu kaparegat duriat teh. Nu parasea ge mending dialakurkeun ngarah sina hirup babarengan. Mantap Kang Godi Suwarna.
  114. Godi Suwarna: Korsiatii Ayanadi Mejadiah:"Weiiis, siswi Pa Uyuh mah tangtos calakan...! Moal sesah ngawulangna oge..! Siap lah janten guru Nenk Rini, nyuluran Pa Uyuh...."
  115. Yuharno Uyuh ONod: Siiiip Ang...
  116. Maman Gantra: Leres Ki Hasan, Kang Prebu. Episode ieu mah sekuel Tukang Parahu teh teu karaos alum cara sasari. Langkung hegar. Rupina alatan lami mendemna? Atanapi kahibaran enon di Ustrali sareng kasinugrahan Nyiar Lumar, manawi? Hehehe.... (Sareng abdi nembe terang Kang Uyuh teh geuning ngawulang karawitan? Pantesan kamari, di Nyiar Lumar, ngaborong suling sareng tarawangsa ku nyalira. Bari wirahmana, keur sim kuring nu awam, kakuping aheng, Kang... Sanes suling sareng tarawangsa nu biasa... Tegep!)
  117. Yuharno Uyuh ONod: Nuhn, smuhn Aang, eta mah kaleresan we, tamba tiiseun.
  118. Maman Gantra: Ih, sanes tamba eta mah, Kang Uyuh. Keur abdi, Nyiar Lumar kamari tos nembongkeun kadinamisan seni Sunda (upami teu disebat kadinamisan manusa atanapi budaya Sunda). Satengahing ngahening, nyawang ka alam tukang, urang oge negeskeun lakon urang dina ngamumule Buana Panca Tengah, sakumaha nu disigeung ku Kang Wawan dina salah sawios fikminna: Hirup nanjeur di kiwari. Naon nu nyampak dina Nyiar Lumar kamari, upami abdi teu lepat, leubeut ku pintonan kasenian nu ngiwari (kontemporer panginten basa legegna mah), bari tetep nepikeun pesen atanapi sumanget ti bihari. Ti ngawitan koreografi nu disanggakeun ku Teh Neneng, "pentas" fikmin (wanda enggal dina sastra), kirinding nu diadumaniskeun sareng hitar, oge teaterna barudak SMA Kawali eta -- nu edun pisan karaosna. Kangge sim kuring, Nyiar Lumar satemenna ngebrehkeun karancagean Kang Godi saparakanca dina nembongkeun Sunda nu dinamis, nu teu sakadar ulukutek dina kabaheulaan. Baheula ukur sajarah, sumangetna -- kreativitas -- nu dihanca. Salira tos ngiring nyeukeutan atanapi ngajembaran wanda kadinamisan eta. Sanaos "ukur" ku suling sareng tarawangsa. Wilujeng!
  119. Yuharno Uyuh ONod: Muhn Ang, hatur nuhn. Saleresna na batin mah ngocoblak, banget reueus ku kaparigelan nonoman. Masih keneh micinta budayana. Angot upami Aang nganjang ka Sakola tempt abdi ngawulang. Tangtos banget mireueusna. Margi di jaman "Edan" kiwari, nyedek budaya deungeun. SMKI hiji lembaga ngajaring, nyaring dina ngarapetkeun barisan pikeun ngahadangna. Sok sanaos eta lembaga teh ngamcanagara seungitna. Nanging masih aya pupuhu anu api lain.
  120. Godi Suwarna: Ki Hasan:" Yaktos, Ki..! Saha nu teu resep atuh kana happy ending. Hehe...! Peupeuriheun kanyataan teu weleh peurih. Tos muncak pisan seresetna Astanagede teh. Dina novel Sandekala mah tokoh-tokohna ditumpurkeun pisan. Tah, dina ieu fikmin mah dibagjakeun, nyenangkeun karep...."
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI