Ku Godi Suwarna
Sora léngkah tinggareblig di buruan. Manéhna curinghak. Sora nu ngagedor panto tepas. “Buka!” kapireng nu ngagorowok. Manéhna ngeteyep. Noong tina hordéng. Gebeg! Manéhna mundur. “Buka, euy!” cék nu gegedor kana jandéla. Manéhna ngayekyek di tengah imah. Késang badag. Késang lembut. Sora léngkah tinggareblig ka pipir. Manéhna ngorondang. Nyumput di kolong méja. “Buka, anjing!” sora nu gegedor kana panto dapur. Kana panto tepas. Kana jandéla. Manéhna nyorodcod, tuluy kiih na calana. “Dobrak wé! Dobraaak!” sora nu tinggorowok, nu gegedor, di mana-mana. Manéhna lumpat ka kamar. Gombrang! Jandéla kamar aya nu ngajebol. Bereyek. Ngambreg. Manéhna dikepung ku pirang-pirang Sajak bakal, Carpon bakal, Novel bakal. “Aing teu hayang jadi Fiksiminiii..!” cék nu ngepung. Tinggarerem. Tingpolotot. Tingragamang, rék nyekék kana genggerong!