Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Serat Kasmaran

Ku Godi Suwarna

Jungjunan, tepang sareng salira téh waktos girimis munggaran. Harita, tatangkalan tingkulisik lalaunan dina dada sabada halodo panjang. Laun-laun, kembang mangkak di puseuring kalbu kuring. Lajeng urang sasarengan ngambung dalingding katresnan. Jungjunan, kapan hujan teras ngecrek waktos urang sapatemon diamparan pirang-pirang kekembangan. “Asih urang bakal langgeng dumalingding!” kitu saur salira harita, waktos manah nuju cipruk ku kageugeut nu langkung meueut ti madu. Nanging, geuning hujan tambih nyéah. Angin puyuh gumelebug. Jungjunan, salira bet teras ngejat. Boa jaheut ku cucuk kembang katresnan saparantos birahi kantun ruhakna. Hujan tambih ngagegebrét. Salira duka di mana. Kuring bati rumanggieung milari ringkang salira ti halimun ka halimun, di antawis tatit sareng guludugna. ”Jungjunan, salira kebat ka mana?” sora kuring kasilih gumuruh banjir, lemah urug, jerit pirang-pirang jalmi nu dikepung ku balai. Di dieu, kuring nyuuh kana tetengger sorangan…

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: keyen uy...
  2. Jejen Jaelani W: Sami sareng Kang Iwan komentarna...
  3. Nina Rahayu: moal ngoment ah...terlalu eduuun untuk dibaca!!
  4. Taufik Rahayu: langkung ti keren ieu mah, komo eta fotona...
  5. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:" Tingal atuh potretna, Amang..!"
  6. Iwan Hanjuang: bisaan ieu tah lukisan atawa pdoto shop? artistik na alus pisan..
  7. Hadi Aks: Nembe tiasa ngaharuh. Can tiasa ngomen, Ang! Huh....!!!
  8. Godi Suwarna: Jejen Jaelani W:"Uing ge nurutan Mang Jejen..! Ngan uing mah ngangge potret..."
  9. Is Tuning: emh.... ck..ck.. jaba potrétna gé emh...ck..ck...
  10. Deden Abdul Aziz: puitis pisaaaaan, Ang Prab...
  11. Imas Srimulyani: Hebat kang godi, harus d abadikan orang yg kaya gini mah, beuki kaedanan we abdi ku akang
  12. Godi Suwarna: Nina Rahayu:"Terlalu edun kumaha, Jungjunan..? Cobi diperjelas ateuh. Jungjunan mah suka bikin penasaran dekh ikh.."
  13. Nina Rahayu: Sengaja tidak kuperjelas...Supados Kakang Prabu Godi Suwarna!! tambih penasaran..he..he..
  14. Jejen Jaelani W: Wah ada sesuatu rupina sareng Nina Rahayu...hehehe...
  15. Iwan Hanjuang: supados jelas diontrog saja tah Nina Rahayu teh, kalem rusiah dijamin... he he he he
  16. Muhammad Shohiba Nu'man: Kang Prab, wios abdi nyegruk di dieu? sieun citangis ngalamurkeun gambarna? ieuuung..!
  17. Godi Suwarna: Taufik Rahayu:" Potretna teh kenging sababaraha puluh kali jepret. Sebagainyah fotomodel amatir, sim uing dugi ka misalah beuheung jalaran sering dicengklakkeun..."
  18. Jejen Jaelani W: Tah leres, kedah diontrog...
  19. Maspri Dkc: Potretna keren, nyakitu deui eusina, make aya:" waktos urang sapatemon diamparan pirang-pirang kekembangan." duh....
  20. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:"Ku sotosop rupina mah, Amang..! Kenging jurupotret anom ti ciamis. Apan uing teh lian ti tukang ngarang, sok janten soto model di lembur mah. Heuheu..."
  21. Nina Rahayu: Bade lumpat ah bilih aya nu ngontrog. marangga ka sadayan...Ngaciiiiiiiiiiiiir!!
  22. Jejen Jaelani W: tuhb kabujeng kabur Kang Prabu...
  23. Abi Ibn Al-Khairi: JUNJUNAN, "Saparantos birahi kantun ruhakna" Kang Prabu, Sufisme pisan. Ieu haté nu kérémpéng meni langkung kapeupeuh. Dugika nyaring. Haturnuhun Piwuruk na Kang Prabu.
  24. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Ngajaran nu siga kitu, Jaro..! Dipaskeun dina wates puisi-prosa. Fikmin tapi mrosa liris. Kabita ku batur. Dina fikmin wanda kieu mah horeng genah 'nabeuh' basa Sunda teh. Sina gumalindeng. Cek Neng Sandra urang Ustrali :"Bahasa Sunda itu merdu. Kalau bahasa indonesia garing, seperti bahasa bisnis" cenah. Tah, dina fikmin model kieu mah bet karasa basa Sunda teh 'merdu'..."
  25. Godi Suwarna: Nina Rahayu:"Ke, dupi Nina Rahayu teh istrina Taufik Rahayu..?"
  26. Is Tuning: Sunda teh merdu, halimpu.. mun dina sangu mah pulen..
  27. Godi Suwarna: Is Tuning:" Cck, Cck, Cck..! Glk, glk, glk..."
  28. Rak Buku Soni: sip tah
  29. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Fikmin muitis. Heuheu..! Tadi mah moal waka dipidangkeun. Tapi, duka kunaon, ujug-ujug ngacleng sorangan..."
  30. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Sim uing kedah diabadikeun, Jungjunan..? Kedah kumaha carana, cobi? Piraku ari kedah didamel mumi mah sapertos firaun. Kajabi, upami teras abadi, ngancik dina manah salira, Jungjunan..!"
  31. Lugiena De: Bade disebat sajak tiasa, prosa liris mangga, fikmin komo deui. Nu pasti ku nilik ajen mah ieu sanes ha-ha-ha-ha.
  32. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Fikmin dina raraga mapag usum hujan. Sapertosna mah bakal ngecrek pisan. Mugia ulah aya banjir, ulah aya longsor. Tapi...."
  33. Muhammad Shohiba Nu'man: "Sawios "Tatapi-na" mah tong dilajengkeun Kang Prab.. Pasrahkeun bae kanu....."
  34. Godi Suwarna: Maspri Dkc:"Nya kitu, nuju nyacapkeun karomantisan nu ujug-ujug nyelek. Saparantos tepang sareng para fikminer di bandung; sareng Nyai Endit, sareng Yanti Sri Budiarti, Dinda Mosa, Ambuna Kaka, Bening Pagi sareng nu sanesna, mulang ka lembur teh sim uing bet teras puang-piung. Hate janten asa gorowong, kosong. Nya ngadeker ngarang nu sapertos kitu. Kawitna mah ade dijudulan : Kunyuk Gandrung. heuheu.."
  35. Rak Buku Soni: kunyuk gandrung ka saha Kang Godi Suwarna?
  36. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Kunyuk mah selalu gandrung ka Dewi Persik.. heuheu.."
  37. Rak Buku Soni: hahahahaha sae tah di fikmin keun
  38. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Cilakana, Dewi Persik kagak gandrung sama Kunyuk.."
  39. Rak Buku Soni: eta oge fiksi mini lanjutanana hahaha
  40. Godi Suwarna: Nina Rahayu:"Jungjunan, salira mah tega pisan ngantunkeun kuring sorangan...! Jungjunan, anjeuna mah kalah ngabecir sapertos uncal kumincir..."
  41. Godi Suwarna: Lugiena De:"Ujung-ujungna mah uing ge teu ieuh mikiran ieu fikmin atawa lainna. Tapi eta ge sanggeus maca sawatara kamandang perkara fikmin, bari terus ngajaran ngarang make padika anu kungsi dibaca tea. Da, nya kitu, ari geus mimiti rada ray-rayan mah teu kudu mikiran teuing bentuk. Saterusna kaweruh, tehnik teh apan geus kudu jadi naluri. Nya, muga-muga we uing terus katuyun ku intuisi.."
  42. Rak Buku Soni: tah kitu
  43. Maspri Dkc: Pokona mah kalandep weh Yi Prebu....jempol.
  44. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:" Ti baheula ge kitu uing mah, Yi Haj...! Nu ngaran teori teh ngan ukur keur ngasah intuisi. Kawas nu diajar naek sepedah. Mimiti neori heula, nicak pedal, nahan setang, direreyang bari angger jungkir deui, jungkir deui. Tuluyna mah, lancar we ari geus jadi naluri mah. Nya kitu nu karaos dina ngarang ge. Rek sajak, carpon, novel atawa fikmin ge..."
  45. Imas Srimulyani: Ya Allah disebat jungjunan ku panutan meni asa ngawang2 nhn kang, akang tangtos abadi d tatar sunda, sok kantenan dina sanubari abdi, apan akang teh tos ngancik dina ati tinuju abdi leutik keneh, loving you forever kang, may be someday I touch your great
  46. Rudi Riadi: Tina karya karya Kang Godi katawis euwyeub ku bacaan. Tapi Kang Godi nya Kang Godi, teu kagoda ku 'tuturut munding', teu kauger ku teori dulce jeung naon ku hanteu. Karya Kang Godi malah sok jadi panaratas nu sejen., pikeun narabas leuwih jauh deui. Bari jeung seueur nu teu tiasa mapakan, angot ngaluhuran mah. Hidup Kakang prabu....
  47. Godi Suwarna: Abi Ibn Al-khairi:"Saparantos birahi kantun ruhakna'. Uing jadi inget deui kana sajak Tresnaning Tresna' nu disanggi ku Dian Hendrayana II. Dikawihkeun ku Neng Rika Rafika. Dipidangkeun di aula UNPAD. Na atuh, sim uing teu kiat hate, teras ngarengkenek di panggung sareng Neng Rika... Tobaaaat..."
  48. Endang Kasupardi: belenyeng-belenyeng ngaosna teh. na tungtungna ngajedug na tetenger. beuh....beuki ngalayang yeuh....
  49. Iman Ramdani: "Subhanallah.."
  50. Godi Suwarna: Is Tuning:" Basa Sunda teh 'merdu'. Nya kitu nu karaos ku sim uing sabada puluhan taun ngarang nagngge basa Sunda. Kawitna pisan mah uing teh sok ngarang ku bahasa Enonesa. Sajak, Cerpen. Basa dina hiji mangsa nyobian ngarang ku Sunda, hih, da teras we manjang. Deudeuieun ku ni'matna., sanaos ngarang dina Sunda mah honorna tebih ti karangan Enonesa. Ah, da kagentosan ku ni'matna tea..."
  51. Dian Hendrayana II: fikmin nu ieu urang sanggi deui atuh nya Ang, supados langkung gandrung ka Dewi Persik he he
  52. Godi Suwarna: Dian Hendrayana II:"Taaah, geuniiing...! Siiip dekh, Yi Perbu...! Uing siap kaul ngarengkenek sareng Nyai Endit upami engke kawihna dipidangkeun dina acara gempungan para fikminer... Haha..! Deeeer, ah..! Goyaaaang, teruuuus...!"
  53. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man: Tah, 'tapi'na mah kangge nu weruh di semuna. Kangge nu tiasa maca alam dunya, bari teras tiasa ngarang fikmin. Cobi geura mikmin bari ngadangukeun galindeng tembang Ceu Euis Komariah. Halah, manah ngarakacak, fikmin teras nyarakclakan..."
  54. Abi Ibn Al-Khairi: Haturnhun kang Prabu usum hujan, murudulkeun tehnik sareng teori. 2 taun deui mah kedah aya wisuda S. Fikmin. S. cigana kang?. Hehe
  55. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Sim uing tos lawas ngancik dina manah salira..? Walah, walaaah,..! Jungjunan, di dieu hujan ujug-ujug raat. Srangnge hibar na hate.."
  56. Heni Sumarni: JUNGJUNAN anjeun ngejat saparantos kacugak cucuk katresnan, mangsa birahi robah miyuni ruhak kacugak???....edasaaasss!!!
  57. Godi Suwarna: Abi Ibn Al-khairi:"Meungpeung keur hade poena, bari ngabuburit ongkoh. Lain uing wungkul, itu geuning para kasepuhan murudulkeun rupining elmu panemu. Kang Hadi Aks midangkeun fikmin nu temana kurban bari komen-komen-na daria pisan. Kitu deui Kag Hawe HW Setiawan, Kang Tatang Sumarsono, Kang Ganjar Kurnia dina komen-komen-na kana seratan Kang Hawe. Murudul pulunganeun ti para kasepuhan. Uing mah can sepuh-sepuh teuing seeh...! Hehe.."
  58. Godi Suwarna: Heni Sumarni:"Kateuhak ngawitanana mah. kateuhak ku madu asih. teras kacugak ku seuseukeut geugeut. Nya kitu, Jungjunan, saupami geugeut teuing, tangtos aya anu keukeureuweut matak raheut kana.... kana manah we, nya..? Ulah dipurwakantikeun teuing bilih jorang. Heuheu...!""
  59. Imas Srimulyani: I have loved you since I was a girl, love 4 your writing, and I always have a nice dream to touch your hand, to see your eyes, and so to wave your grey hair he .. he, hapunten kang ah heureuy bakat ku gandrung kasalira, teu kenging bendu nya
  60. Maspri Dkc: Teh Imas Srimulyani His hair is not grey, but he is blonde...hehe
  61. Hadi Aks: Ceuk adi, nu kdh kaguar ku kalangan kritisi (Hawe asana kungsi nyabit2 perkara ieu dina "Jagat Pati Godi Suwarna" tea), galindeng wirahma Aang mah beda jeung galindeng dangding, rumpaka tembang, atw sajak2 Surachman katut Deddy Windyagiri. Lain galindeng nguyung, sumoreang, atw ngawawaas kaendahan tatar Sunda. Tapi sabalikna ti eta! Hariringna lain ukur peurih nyelekit, tp karasa nonjokna kana jajantung. Karasa 'ngadagorkeun sirah' ceuk Aang mah, enyaan. Proses kreatif para pangarang (nu dina lapak Hawe jd bahan padungdengan), sigana bkl teras kaasah nalika maranehna beuki sadar pentingna nyeuseup tur ngicip-ngicip karya nu lian -- boh cangkangna; basa, wirahma, jsb. boh eusina; ide, tema jsb. Nmw gede hate nyaan, yen nu narulis fikmin bari daria nuturkeun lacak nu lian, bakal gancang, morontod tereh alusna teh!
  62. Godi Suwarna: @ Hadi Aks:"Unggal pangarang pasti boga ciri mandirina. Kitu teh mun arinyana ngarangna geus puluhan taun. Tapi, sanajan karek maju ka dua bulan, dina lapak fikmin ieu uing sering manggihan karya pangarang anyar nu 'ngeusi'. Tinggal daraek neruskeun Uhun, uing teh sok ngarang nu matak nyelekit bae. Aneh. Komo mun ngarang nu aya cinta-cintaan kitu. Moal boa, sacara teu sadar, uing teh jalmi nu kirang kasih sayang... heuheu.."
  63. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Ooooh, nu ngancik dina manah salira teh horeng mung ukur karangan sim uing. Manawi teh nu ngancikna sakantenan sareng nu ngarangna. Heuheu..." Jungjunan, hujan bet ngagebret deui. Langit mongkleng dina kalbu jalmi ge-er...!"
  64. Imas Srimulyani: He he aya nukalangkung kang kawitna tina karanganana lami2 k jalmina, mung inggis ambon sorangan alias bertepuk sebelah tangan he .. he, iraha nya urang pareng tepung patarima panangan ?
  65. Imas Srimulyani: Kang maspri sumuhun nya blonde ala kang godi, janten trade mark kang
  66. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Asooooy gebooooy...! Haha...! Suraaak, 'Daaak..!" cek sim uing bari susurakan, ajrag-ajragan teras tigejebur ka balong.
  67. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Jungjunan, perkawis buuk nu hawuk ulah janten emutan..! Wios teuing, da rambut nu sanesna mah estuning hideung meles keneh pisan..."
  68. Edwin Ain G: Mundel pisan beubeunangan dinten ieu mah, lian ti kataji ku fikmin Kang Perbu, oge komen2na ngaeuyeuban pangaweruh kana ngasah karesep nulis da.. Sueeer..deh!
  69. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Walah, eta Jang Guru mani bebeakan kitu. Nyeta, sabenerna mah uing teh taya niat jadi panaratas. Sumpahna ge sing daek demi! Uing mah ngan ukur kaparengkeun jadi jalma nu guligah bae, alias barusuh manah salalawasna. Heuheu...! Tah, ngarang ge di mimitian ku guligah ngabandungan sastra Sunda ahir taun juh puluhan bet ngeuyeumbeu dina aliran realis. Harita, deker uing ngarang "Kalangkang Budah', nepungkeun Sangkuriang jeung Oidipus. Dipariksa ku Ang Tatang Sumarsono memeh di kirim ka Mangle. Barang dimuat, butur ujug-ujug guyur. Pro-kontra. Tah, ti dinya sigana uing disarebut panaratas teh. Padahal, uing mah ukur nuluykeun lacak karuhun; ngadongeng, tapi dina carpon. Dina dongeng tea rea kajadian aheng, nu teu asup akal, nu teu realis, tapi angger ditarima ku nu maca..."
  70. Ambuna Kaka: aziiiiiiiiiiiiiiib, uedan ang prabu!
  71. Nyai Endit: Ambuna Kaka .. Ang Prabu emang uedan!! ..hahaha
  72. Yadi Fathur Berkata: fikmin ieu lir ibarat cristiano ronaldo keur ngoecek bola matak sedap numaca matak sugema mun dibandungan.. mungguh uing..
  73. Ade Rahmat: Mani nyeredet kana hate eta carita euy, ngalaman jiga kitu teh waktos hudang tina pangimpian, jibrug lain kairisan atawa dihudangkeun sare diseblok ku cai tapi kamana atuh bidadari nu bieu kokojayan di talaga teh,,,jadi rieutlah hudang sare teh.
  74. Godi Suwarna: Edwin Ain G:"Sigana, ayeuna teh nuju hade poena. Seueur nu ujug-ujug sarumping kana lapak urang. Aya Ang Tatang Sumarsono, pangarang Remegade alias pemburu hadiah sastra. Anjeunna mah bujeng-nujeng lomba sastra nu hadiahna uang, dalah gapleh ge upami aya hadiah artosna mah tangtso dibujeng. Heuheu.. Aya Dang Hawe HW Setiawan, nu hayoh we cilingcingcat ka Walanda, Ustrali, China, bari tara nganjang kana lapak urang. Tah, ayeuna mah rawuh sadayana. Rame dekh ikh..."
  75. Ambuna Kaka: muhun ang prebu! kantenan sapertos abdi nu diajar keneh mah! leres-leres janten nambihan pangaweruh. mugia bae tiasa nuturkeun bari jeung ngeteyep ogen.
  76. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:"Yaktos, Neng..! Mending ngeteyep we urang mah. Kantenan sim uing mah da tos aki-aki, leumpang di jalan fikmin teh bade nyalse we, ngeteyep, ngarah tiasa antap-intip. Digas ti ayeuna mah bilih tulang-taleng caroplok. Namung, sanaos urang ngeteyep, hiji waktos bakal dugi ka tujuan. Kitu, Jungjunan..."
  77. Ambuna Kaka: heu heu........
  78. Atun 'turuntun' Marios: Eta si jungjunan sigana jalaran harga sapi sareng domba mahal, jadi we nu dikurbankeun teh perasaan akang.... hihihi
  79. Godi Suwarna: Endang Kasupardi:"Bade ngabelenyeng ka mana bae oge, tungtungna mah tangtos nyegruk dina tetengger sorangan... hehe..."
  80. Godi Suwarna: Nyai Endit:" Edan teh Enak dan Antik.. Baradeee nu edaaaan...! Heuheu...
  81. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:" Naha, nya, Ambu mah ari tos nyebat aziiiiiiiiib teh sok teras : heu heu... Getek manawi..? Haha.."
  82. Edwin Ain G: Nu ngalantankeun abdi gede hate rada gede hulu, malah agul, nya eta abdi nu sanes sasaha, aya dina grop tempat ngumpul inohong2, pangarang2 sareng panyajak2 nu tos mucicid, aeh..punten, nu tos moyan! Kenal berteman Godi Suwarna nu anjeunna teh nalika abdi SMA taun 87-89 sajak2 tos dipikaresep dipikalandep. Sumpah, dong!
  83. Ambuna Kaka: kutan!!!
  84. Yanti Sri Budiarti: Duh etah sapatemon...hiks!
  85. Godi Suwarna: Edwin Ain G:"Sami uing ge, 'Jang..! Sami-sami resep ngariung di ieu lapak. Sim uing nu tos dugi kana makom 'cita-cita hidup', bet ujug-ujug buringas deui hoyong ngagendeng Neng Fikmin. Para pangarang, nu tos lami teu ruang-riung bari reang, ayeuna mah pagulung-gulung deui di ieu lapak. Pareng kopdar sonona luar biasa. Galecok deui hate teh. Leuwih-leuwih ti baheula jaman ngawitan ngarang. Lain uing wungkul nu kieu teh. Ku Neng Fikmin teh seueur aki-aki nu ngadadak gorejag deui siga tos naruang viagra..."
  86. Ganjar Kurnia: Ceu Aam dina gempungan nyebatkeun aya sababaraha bentuk fikmin. Maca Serat Kasmaran, naha anu kieu anu disebat prosa liris teh. Punten alewoh, pan uing mah insinyur pertanian>
  87. Godi Suwarna: @ Ang Ganjar Kurnia :"Dupi nu pastina mah sim uing ge teu terang, Ang..! Mung, memang ku sim uing ngahaja pilihan kecapna 'diperketat', dipilih nu tiasa murwakanti, supados basa Sunda karaos galindengna. Oge bari diwirahmakeun. Rupina, galindeg sareng wirahmana tos nyerep kana manah Ang Dian Hendrayana II, da bade didamel lagu, saurna. Atuh plotna oge digarap. Ti kawit tepang mangsa girimis munggaran, dugi ka janten kapeurih, balai, ku paturay. Upami nu ditataan di luhur kasebat ciri-cirina prosa liris, nya tiasa janten ieu fikmin teh mrosa liris. Kitu manawi, Jungjunan... aeeeh... Heuheu.."
  88. Godi Suwarna: Ang Ganjar Kurnia :"Saleresna mah eta teh rusiah dapur. Ulah diucah-aceh, Ang..! Rusiah pisan.. "
  89. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:" Si Ambu ngintip dekh ikh..."
  90. Ambuna Kaka: xixixixixixxixixixi...........
  91. Ganjar Kurnia: @ Godi Suwarna milih kecap, murwakanti, ngagalindeng, ngawirahma, ngagarap plot...... hatur nuhun kana rusiahna, kitu tah dulur-dulur.
  92. Godi Suwarna: Yanti Sri Budiarti:"Nu teu acan nincak opat puluh dinten mah ulah ngemut sapatemon... Haha..! Wilujeng, ah.
  93. Godi Suwarna: @ Ang Ganjar Kurnia :"Hahahahaha...! Kawas dina fikmin kagungan..."
  94. Endang Kasupardi Ti Cisurupan: oh...kituuuu...kapanggih dekh..nuhun Om Godi hahaha
  95. Godi Suwarna: Ade Rahmat:"Sapanjang jalan soreang, moal weleh diaspalan, Mang Ade...! Haha..."
  96. Taufik Rahayu: tah geuning... rusiah teh kapendak ayeuna mah. kantun nga-aplikasikeun.
  97. Atun 'turuntun' Marios: kang filmkeun ah ka kang Nazarudin Azhar . . . sae yeuh....
  98. Godi Suwarna: Taufik Rahayu:"Nyaan, 'Jang..! Saumur-umur nembean sim uing buka-bukaan. Halah, boa ngisinkeun. Saleuheung upami nu buka-bukaan teh seksi. Ninggang di uing nu kari tulang-taleng sinareng hitut. Apan matak wirang, sanes...?"
  99. Rudi Riadi: Karya-karya Kang Godi mah seksi, janten upami buka-bukaan ge moal kenging ku undang-undang pornofikmin.
  100. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Mun uing seksi mah pasti geus dikawin ku Dewi Persik..! Mun uing kawin ka Dewi Pewrsik, uing moal jadi tukang mikmin kawas kieu. Beken henteu, beunghar henteu. Heuheu..."
  101. Lugiena De: Bakal janten Cipul Jamil. Heu heu heu...
  102. Taufik Rahayu: katawisna mah upami sadayana fikminer, ngindung kana rusiah Gan Prabu, cariosan ayak-ayakan kang Tatang teh, bakal ngamuara kana ayak-ngayak emas... kacipta...
  103. Godi Suwarna: Lugiena De:" Pan Ujang ka Julia Peres. Ngarah imbang..."
  104. Lugiena De: Atuh kena parasea. Heu heu heu...
  105. Godi Suwarna: Lugiena De:"Keu we sina parasea. Ngarah urang jongjon mikmin..."
  106. Lugiena De: Ah lebar sageulis-geulis disina parasea mah. Hayoh keh silih cakar. Heu heu heu...
  107. Godi Suwarna: Taufik Rahayu:"Ari ngindung mah omat ulah, Jang Opik. Da uing mah lalaki. Nu wenang mah ngintip tehnik. Ari tehnik dasar tea apan prah di mamana ge, kitu-kitu keneh. Lamun keyeng, tangtu bakal kagungan tehnik sorangan, nu bakal janten ciri mandiri sewang-sewangan...!
  108. Godi Suwarna: Lugiena De:"Di lembur uing mah nu sok parasea kitu teh sok dibere sambel tai meri...!"
  109. Lugiena De: Kantos ngadangu perkawis sambel tai meri teh. Heu heu heu... Na ari kolot baheula nya, asa teu kira-kira nyingsieunan teh.
  110. Iik Setiawan: Moal ngomentaran ah, batuk
  111. Imas Srimulyani: Sihoreng seueur rambutna akang teh rambut naon deui nu meles teh? tapi aku ingin menyentuh rambut hawukmu, menciumnya biar aku tau shampoo apa yg akang pake
  112. Nanang Sahbana Afnani: Ang..maos nu ieu mah dumadak mata teh cenghar deui..,enyaan lian ti tapa jigana embun embunan abdi kudu ditiup ku pangersa sina katepaan bisa nulisna.!
  113. Nazarudin Azhar: eta tungtungna sok dikeueungkeun kitu, janten tingsariak.. heuheu...
  114. Ayah Dkc: grafisna Energik prabu.......Fikmina melodramatik....ah pokonamah ngalageday....ck ck ck.
  115. Asep Supriatna: macana teh bari diilustrasian lagu tresnaning tresna....mani pelem....gueh bangetch....gitcuh loh....haha...
  116. Godi Suwarna: Asep Supriatna:"Sim uing mah mung sakadar penyambung lidah masarakat, Yi Perbu...! Jaman kiwari, seueur pisan jalmi nu kamarang-kamanting alias murang-maring. tangtos eta teh kirang kasih sayang sapertos Yi Perbu. Mugi-mugi we ku nyegruk kana tetengger teh sing dipasihan kakiatan kangge ngalajengkeun kahirupan. Kantenan Yi Perbu mah da jodona ge tos nyantong pisan. Tos caket pisan, tos modonghol. Diheujeunkeun saeutik ge tangtos ngaburusut...! heuheu..."
  117. Kez Sukezz: Romantis! Asa nembean maos fikmin kg Godi nu kieu..matak tingseredet..tingsereset..heuheu
  118. Godi Suwarna: Kez Sukezz:"I. Benten sareng wanda fikmin sim uing nu nyarpon, nu seueur 'rekeyasana', nu ieu mah asli jorojoy tina hate sim uing nu kirang kasih sayang...! Hik....! Hiks..!"
  119. Kez Sukezz: Tos! jep ah kang,,teu kenging sedih kitu..pan aya neng mikmin payuneun monitor,,hehe
  120. Godi Suwarna: Kez Sukezz:"Numawi, sim uing teh sedih wae, Jungjunan...! Emut wae ka pameran fikmin, kana diskusi, ka Neneng Sukezz... heuheu..."
  121. Teti Taryani: Ah, fikmin Kang Godi Suwarna nu ieu mah ku aceuk bade dikopi, bade dipiguraan...
  122. Kez Sukezz: Hhehe.. Eumm..mhn. Iraha deui nya aya momen penting deui kitu nya, kang! Samporet patepung lawung, amprok jonghok teh,,hiks
  123. Godi Suwarna: Teti Taryani:"Dipiguraan, Bu Neng..? Sip dekh...! Sareng potretna we sakantenan. Potret aheng kenging jurupotret anom ti Tatar Galuh. Atanapi sina di damel grafis ku Neng Endah Dinda Jenura... Geura..."
  124. Godi Suwarna: Kez Sukezz:"Sim uing cs sareng rombongan Ronggeng Gunung bade ngareuah-reuah malem taun baruan di kebun seni, Bandung. Saha nu terang urang tiasa patepang deui..."
  125. Teti Taryani: Waduhh... kantenan pami digrafisan ku Teh Endah Dinda Jenura... tangtos langkung nyerep na sanubari... Hatur nuhun Teh Endah sateuacanna ge... *maksa ah*
  126. Godi Suwarna: Teti Taryani:"Hahahaha....! Cerdaaaaaaas....! Ke geura, Juag Endah Dinda Jenura sakedap deui ge norojol. Ayeuna mah nuju ngagule heula..."
  127. Endah Dinda Jenura: siaaaaaaaaaaappp...! --hawar-hawar ti dapur
  128. Teti Taryani: Assiiikkk..... Yess!!!!!
  129. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:" Asooooy gebooooy...! Tah, dina grafisna teh, potret uingna mang angger nu eta, potret istrina gentos ku Dewi Persik... heuheu..."
  130. Endah Dinda Jenura: eta Dewi Persik aya ku keukeuh... xixixi! manggaaaaa...
  131. Godi Suwarna: :"....atanapi ku selingkuhan uing ; istrina Brad Pitt..."
  132. Endah Dinda Jenura: Jolie? beuuuuhhh...
  133. Godi Suwarna: :"Jollie Jumper..."
  134. Endah Dinda Jenura: sedep nu manyun-manyun geuning kang Godi teh... sipsipsip :D
  135. Godi Suwarna: :"Atanapi Raquel Welch, Brigitte Bardot... Pasti teu apaleun...
  136. Endah Dinda Jenura: teraaaaangg... Welch mah kantos janten Charlie's Angels kapungkur, Bardot mah nu lempay rambut panjang istrina saha nyaaaa...
  137. Endah Dinda Jenura: janten bade saha atuh, nu kedah dikeureut-digebruskeun kana sotosop teh... hiks!
  138. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Hahaha...! Ari manah mah moal tiasa dibobodo. Angger Dewi Persik. Kantenan upami aya nu rada ngabuliklak mah... heuheuy..."
  139. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Palay ngambung buuk sim uing...? Cak...! Ke upami tepang Bu Neneng kedah melaksanakanyah. Tangtos sim uing dangir heula ngangge tujuh rupi shampo, supados Bu Neneng katuralengan...!"
  140. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Yi Perbu mah apan ku tuang ibu dijiadna ge ku sajak sim uing. Piraku teu teras nyerep. Hehe...! Upami masih kirang, kantun sumping ka rorompok. Ke cuang lokat di Cipanganten, cinyusu karamat di lembur sim uing. Geura, moal teu mencrang fikminna...! Heuheu..."
  141. Godi Suwarna: Ayah Dkc:"Tangtos potretna energik da sim uing ge dugi ka ticengklak beuheung ngektingna teh. Sugan we kaangge ku Prof Dr Tisna Sanjaya janten pemeran pameget dina film fiksimini. Hehe..."
  142. Imas Srimulyani: Puguh nuju katurelengan ieu oge ku salira akang teh, sok kantenan ngangseu rambut akang ngelepek sigana teh .. asli kang warna rambut teh atanapi d pulas?
  143. Godi Suwarna: Imas Srimulyani:"Haha...! Panasaran...? Sumangga, ke upami tepang, jenggut heula we sateuacan diambung teh..."
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI