Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Gunjang-ganjing

Ku Godi Suwarna

Kendang penca madungdung tengahing leuweung. “Sor, maju, siah! Aing moal mundur, deuleu !” ceuk Sakadang Pacikrak bari pasang kuda-kuda. Sakadang Merak asa diunghak. Gabret. Sakadang Pacikrak dibintih. Ger. Diadu. Ragot naker. Sakadang Lutung kahatéan. Pudigdig. Jekok nonjok Sakadang Maung. “Kunaon ari sia? Weureu gadung sia téh?” Sakadang Maung ngagaur. Sakadang Lutung dirontok. Ger. Galungan bébéakan. Kendang penca beuki ngemprung. Tarompétna nérétét matak nyérédét. Gajah ujug-ujug tingjéréwét. Gajah diadu jeung Gajah deui. Mangpirang Peucang kaleyek. Gur-ger. Nu tarung di mana-mana. Leuweung beuki gunjang-ganjing. Sakadang Bajing norolong. Muru puncer gayam kahot. “Bah! Abah! Kumaha atuh ieu téh?” Sakadang Bajing hariweusweus. “Cekéng gé, montong sok lalajo TV. Komo TV Énonésa!” walon Sakadang Bueuk bari tuluy peureum deui.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Rak Buku Soni: asyik Ang, ngamalir
  2. Dinda Mosa: hidup Bueuk !
  3. Iwan Hanjuang: bueuk hidup..!!
  4. Bunda Unie: oray mah teu ka absen...
  5. Wawan Setiawan: heueuh buek tea atuh....!!!
  6. Ricky Andriawan Mardjadinata: Untung teu gaduh Tipi ! He...
  7. Nana Slamet Tresna Aji: Ari sakadang munding kamana nya? Keur ditungtun ku nu darémo kitu?
  8. Esép Muhammad Zaini: Resep nongton ieu tinimang nongton tipi mah euy...
  9. Nanang Sahbana Afnani: Hahaha...asa wanoh k gambar bueukmah...ang.!
  10. Akang Remi: huahahahahahaha....TV Enonesa gak ada kedamaian,yang tersirat didalamnya pun, hingga waktu dianya berpidato, akupun ingin. tuluy peureum deui....Asyeeeeeek !
  11. Yusuf S. Martawidenda: Gajah diadu jeung gajah deui, jigana, nu ngamimitian padungdung ge lalumpatan dan sieun kadupak. Janten jalmi leutik mah rugel.
  12. Entjep Sunardhi: Lawas teu midang duka ngahiang ka mana ari datang aya nu aheng kaluar tina kojana.Nuhun akang mani pogot.
  13. Cassa Grande: Rusuh rupinamah. Janten "fikin" eusi mah. Jempol nu kapayun.
  14. Wawan Setiawan: kudu dibere puak sigung sigana kang Prabu Godi Suwarna nu kararitu mah, ngan hanjakal sigana sigung keur bingung
  15. Tiktik Rusyani: Tah geningan, nu diantos-antos ayeuna parantos midang deui, teu aya deui Jempol pisan, sugema !
  16. Risnawati Ahmad: Dikinten abdi wungkul nu enek lalajo tv enosia teh, geuning bueuk oge...
  17. Riyono Afdfvm: iraha atuh, berita di TV teh nengtremkeun urang
  18. Jojo Johari: Leuh! Hadena tara lalajo tipi. keur mah eukeur tipina ge teu boga heuheuheu... hareueueuh! Kacida, ih!
  19. Lalat Socrates: ceuk aing ge..... naon......
  20. Herdi Pamungkas: kataji ku sakadang Lutung anu nonjok sakadang Maung...
  21. Iwan R Jayasetiawan: Info na Tv mah lolobana info jongklok heheheh..Wilujeng weng Kang.
  22. Ari Andriansyah: Asik, Kang. Komo tong sina nonton infotimen, bilih kunyuk nyararandung&selingkuh, hehe..
  23. Ambuna Kaka: enonesa nagara gunjang-ganjingku!
  24. Eel Nurlaela: kang raraosan asa di nagri abdi eta tehhhh ! pan kituuu ayeuna tehhhh kaayaanana ! hehehhe
  25. Ki Hasan: Jigana bakat ku teu ka ampeuh tas tapa di sagara kidul, geus elekesekeng hayang geura mikmin, nepi ka ngacleng "m" kapangpengkeun: Fikin # GUNJANG-GANJING # Ieu teh masalah keur uing mah, nu sok hayang nyusud gunem caturna. Najan leungit sahuruf, matak susah nyusudna. Punten
  26. Muhammad Shohiba Nu'man: TV enonesa teaa.. atuh! Pan nu garaduhna oge tukang garelut sareng tukang ngaradukeun hungkul.. Pami kaleresan nuju simpe ge, naon we tateh diaradukeun. Heuheu.. Wilujeng, Kang Prab, Kaum fikminer tos saronoeun. :)
  27. Lalat Socrates: ningali guluyur caritana mah, sigana judulna teh kuduna dileungitkeun sahuruf, nyaeta huruf kahiji.... "G".
  28. Ahmad Fawzy Imron: moal waka tiasa ngomen..nu utami mah seja nyanggakeun salam sono we ka kakang prabu siritwangi nu parantos sababaraha dinten teu katingal linggih di ieu lapak..
  29. Akoer Lah: Tah pami teu lepat, eta carita sabagean aya dina "rekaman pideo" ieu waktu taun baruan, nu jarum superna pada "malak", hehe...https://www.facebook.com/video/video.php?v=354962704519614
  30. Akoer Lah: Tapi ketang, nu dibacakeun ku Kang Godi dina taun baruan mah judulna "Dongeng di Nagri Topeng", ngan intina mah nyaritakeun "dunya sasatoan (fabel)".
  31. Maman Damiri: Jetrek tv dipareuman , saterusna marikmin kabeh ...
  32. Asép Bénito Aripin: dina tipi enonesa mah bos besar, bos kecil, ketua teu acan kapendak, matak rieut, sakinten maos fikmin ang Prabu mah rada cenghar rieut teh hehe...!
  33. Dedi Rosala: Enya nya mun manusa kiwari silih ragot, silih tonjok, silih dupak tina kalungguhan teh lir sakadang-sakadang nu keur gunjang-ganjing. Beuu....Wilujeng kang Prabu.
  34. Nana Sukmana: Tegep pisan Raka Perbu. Di urang mah harénghéng baé. Teu kaop aya nu hojah sok teas dipaséakeun. Sim uing maca dina koran aya "Maung" ngagaur majar prosesi seni Pangandaran nu nyabit sual kles Mataram-Pajajaran téh SARA, SARA! Teu kudu diungkit-ungkit! Ulah ngahudangkeun macan turu. Teras digoongan ku gajah nu nguniang ti leuweung ganggongna, majar tipu Mataram ka Pajajaran teu aya kabuktina, carita dijieun-jieun. Hanjakal sakadang peucang sareng surili nu nalaktak henteu kapentés sorana ku sakadang wartawan, margi panginten nuju huthet di "Bubat" téa. Enggal nyoara atuh!
  35. Yadi Sutomo: Nurutan Bueuk ah,... peureum deui we ngarah teu katonjok,.....
  36. Rin Riani: Abdi mah bade keprok we ah,....
  37. Rudi Riadi: Alhamdulillah...halabhab ku fikmin anu seger, anu bener-bener fikmin. Nu muka lawang hate nu macana. nu nyindekkeunana teu kudu ku nu nulisna.
  38. Rudi Riadi: Ke, ari Kakang Prabuna ka mana ieu teh. Tara-tara di sasari, cul jeun...hehe...
  39. Ki Hasan: Jigana wae, sanggeus ngahiyang sababaraha poe, Kang Godi boga rencana jurus anyar. Rek noong kumaha reaksi nu maca kana fikmin nu diapungkeunana. Nu biasana barang pung, fikmin diapungkeun, manehna geus kuda-kuda ngayonan sagala hojah nu macana. Nu ieu mah jigana dikeueum heula sina pada ngagarayem heula. Lebah dieu katangen pentingna peran anjeunna. Tina 39 komen nu maca, kabeh museur ka manehna. Teu katangen aya tanda-tanda dialog diantara nu maca jeung nu maca deui, madungdengkeun fikmin nu diapungkeun. Ampir kabeh komentar ngagambarkeun komunikasi antara nu maca jeung nu nulis.
  40. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Ngamalir, Yi Haji...! Ngamalirkeun geugeuleuh..."
  41. Godi Suwarna: Dinda Mosa:"Bueuk tea siga Neng Dinda..."
  42. Godi Suwarna: Bunda Unie:"Numawi, oray mah kalah nyumput di lebet kolor sim uing..."
  43. Godi Suwarna: Wawan Setiawan:"Heueuh Bueuk teh basa Enonesana : Iyah Burung Hantu..."
  44. Godi Suwarna: Ricky Andriawan Mardjadinata:"Sami, sim uing ge teu gaduh tv nu....juh puluh inc.."
  45. Godi Suwarna: Nana Slamet Tresna Aji:"Nyarioskeun sakadang munding mah teu tega ku kucap-kiceupna. Watiiiir..."
  46. Godi Suwarna: Ésép Muhammad Zaini:"Numawi, mending mikmin we lah..."
  47. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Tangtos sering tepang sareng Bueuk mah. Da sok naplok dina tembok sakola..."
  48. Godi Suwarna: Akang Remi:"Taaah, kitu we lah. Peureum teras mikmin..."
  49. Godi Suwarna: Yusuf S. Martawidenda:"Numawi, urang mah mewnding janten jalmi alit uteuk badag..."
  50. Ki Hasan: Hehehe. Kang Godi Suwarna, keur mumuluk, ngahanca susuguh para kanca fikminer hiji-hiji.
  51. Godi Suwarna: Entjep Sunardhi:"Numawi, absen heula sawatara lami. Wangsul ti Pangandaran. Bedol desa, ngadekor dina ulang taun Ibu Susi, Ratu Kidul tea.."
  52. Godi Suwarna: Cassa :"Uhun geunin g, nya..? Tapi, lepat di dinya mah teu patos handeueul sapatos upami lepat dina eusina..."
  53. Godi Suwarna: Wawan Setiawan:"Sigungna kalah maruak diri sorangan...."
  54. Godi Suwarna: Tiktik Rusyani:"Numawi, tos sono pisan hoyong mikmim saparantos ngalalana..."
  55. Godi Suwarna: Risnawati Ahmad:"Boa Neneng teh kalebet golongan Bueuk oge.."
  56. Godi Suwarna: Riyono Afdfvm:"Mending ulah nongton TV, kajaba siaran mengbal mancanagara..."
  57. Godi Suwarna: Jojo Johari:"Numawi, kedah tuhu ka Sakadang Bueuk..."
  58. Godi Suwarna: Ahmad Gibson:"Ceuk uing ge lah..."
  59. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Numawi, sim uing saparakanca wangsul ngadekor buruan sareng bumina Neng Susi Pangandaran. Mangkaning buruanana ge aya kana lima hektarna. Katambih-tambih wengi senen-na sim uing ngadon joged sareng anjeunna. Nyeri awakna dugi ka wangkid ieu..."
  60. Godi Suwarna: Herdi Pamungkas:"Atuda nu duaan eta mah musuh kabuyutan pisan..."
  61. Godi Suwarna: Iwan R Jayasetiawan:"Batan dijongklokkeun TV mending ngajongjklokkeun TV kana siaran mengbal..."
  62. Godi Suwarna: Ari Andriansyah:"Nya kitu tea. Tapi da teu niat kana ngawayuh mah, hoyong soteh nyandung..."
  63. Abi Ibn Al-Khairi: Aduh babah.. Meni tegep ieu fikmin. Tos sosonggéteun ngalieukan fikmin ti akang, beuh ambeuh ilang kahariwang geuning kang prebu teh nuju niténan nagri leuweung hideung nu dicekok pirang2 racun ti hji nagri. Nyanggakeun Juh puluh jempol kang Preb.
  64. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:"Resep keneh gunjang-ganjing dina ranjang, sanes..?"
  65. Godi Suwarna: Eel Nurlaela:"Kitu..? Leuh, untung we sanes di nagri sim uing..."
  66. Godi Suwarna: Ki Hasan:"Uhun we geuning, nya..? Leuh, untung nu kalangkung teh sanes dina eusina..."
  67. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Numawi kitu. Padahal, urang keur leutik teu kenging pisan adu-aduan teh. Na ari ayeuna..."
  68. Iwan R Jayasetiawan: Wilujeng enjing Kang Godi Suwarna.Leres Kang..Nupenting mah papada urang ulah sili jongkokkeun.
  69. Godi Suwarna: Ahmad Gibson:"Asa tos leres. Tapi rumaos sok telik teh kana eusi. Ari judul kirang direret. Pangalaman kangge ngagarap fikmin salajengna.."
  70. Ki Hasan: Lares palebah konteksna mah Kang Godi. Mung eta teh janten teu kasair upama uing "search" milari alamat eta artikel. Masalah teknis. Tapi ayeuna mah tos kabetot alamat artikelna. Lajengkeun
  71. Riyono Afdfvm: wilujeng enjing Kakang Prebu Godi Suwarna......sareng kadang wargi
  72. Godi Suwarna: Akoer Lah:"Harenegna teh sim uing teu acan kantos maca fikmin bari genah tumaninah. Sok aya wae gangguanana. Keun manawi kapayun mah langkung tiasa museur.."
  73. Godi Suwarna: Maman Damiri:"Taaah, mending kitu we, yayi..."
  74. Godi Suwarna: Asép Bénito Aripin:"Fikmin tea obat rieut, yayi...! Uing nu nuju salesma asa ngadadak cageur ieu teh..."
  75. Godi Suwarna: Dedi Rosala:"Tos cape, tos beak dengkak. Antep we lah Enonesa mah..."
  76. Godi Suwarna: Nana Sukmana:"Sim uing mah teu ngiringan ngonsep acarana, sim uing cs mah sakadar kuli, buburuh. Mangga we eta mah teu langkung para ahli Kasundaan nu riab di Pasundan, bari Sunda atung eneh atung eneh. Kalah jaranten Sunda fundamental nu teu jarelas lengkahna, nu mung ukur ngarandelkeun baju hideung reujeung iket. Teu ngiringan ka nu karita patut sim uing mah. Mikmin we aaaah..."
  77. Godi Suwarna: Yadi Sutomo:"Taaah, eta asoy pisan. Mdening peureum we ah.."
  78. Godi Suwarna: Rin Riani:"Keprokna bari emok.."
  79. Ki Hasan: Hehe, "sunda fundamental", keur usum jigana. Aya "islam fundamental", aya "karesten fundamental", "hindu fundamental", jeung sajabana. Ari sastra, aya "sastra fundamental" atawa "fikmin fundamental"?
  80. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Hatur nuhun, Yayi..! Ngahaja mosting nu seger, nu ngagelese, uing-na langsung ngaguher..."
  81. Godi Suwarna: Ki Hasan:"Tos teu kiat ku sono hoyong tapeng sareng para fikminer. Barang pung barang guher..."
  82. Godi Suwarna: Abi Cepian Ibn Al-khairi:"Tegep siga nu ngarangna..? heuheu.."
  83. Godi Suwarna: Iwan R Jayasetiawan:"Tah eta nu kedah dijagi pisan di nagri fikmin mah. Kedah teras ngalarapkeun dasar nagara Fikmin : Silih Asah, Silih Asuh, Silih Asih..."
  84. Godi Suwarna: Ki Hasan:"Leuh, uhun we, nya...? Nya teu kasair hiji mah wios we. Pasrah..."
  85. Godi Suwarna: Riyono Afdfvm:"Wilujeng enjing, Yayi...! Semoga tetap heuras... haha..."
  86. Abi Ibn Al-Khairi: Yaktos tegep pisan, saperto muridna hehe. . . !
  87. Yanti Sri Budiarti: Tah ieu fikmin anu ngandung anti depresan panghambat monoamin oksidase. Landong nu matih kanggo nu katarajang jangar alatan nahan kasono...:)
  88. Riyono Afdfvm: hahaha...heuras beuheung kakang...da melong wae monitor hahahaa
  89. Godi Suwarna: Abi Cepian Ibn Al-khairi:"Tangtos eta mah. Sim uing mah gaduh murid teh teregep pisan..."
  90. Godi Suwarna: Yanti Sri Budiarti:"Nuhun atuh ari fikmin tos dugikeun ka sapertos landong mah. Hebat dekh..."
  91. Godi Suwarna: Riyono Afdfvm:"Uhun, sami. Kitu pisan maksad sim uing oge..."
  92. Riyono Afdfvm: tos karaos ieu ge...hehehee
  93. Ahmad Fawzy Imron: Ti kawit persib eleh ku mitra kukar, abdi teu mendak ideu kanggo mikmin..pidu'ana wae, engke persib bd maen deui..mudah2an kenging, margi upami eleh deui mah, tangtos langkung pered kana mikmin nu daria teh.. Sapagodos sareng kang cepian..murid akang mah taregep tur karasep.. :)
  94. Nana Sukmana: Panuju Raka Perbu. Panuju pisan. Nyaah ka Sunda mah henteu cekap mung ukur nganggo iket, kamprét, sareng pangsi bari ngarariung tumpeng di gedong sigrong. Nyarios harus bari henteu jeung prakna. Catur tanpa bukur, paling ngagibleg jadi teori, sup ka pabukon anu arang langka dirérét tur teu karaos sacara langsung ku balaréa. Padahal budaya (seni, sastra) sastra mah kedah diteuleuman, kedah sareng ancrubna, kedah sareng rengkenehna, kedah sareng bobolokotna, supados karaos manunggaling rasa mibogana. Sapertos neuleuman leuwi. Ulah mung nyebat leuwi jero pinuh ku sarupaning lauk walungan bari nulak cangkéng nyenyepeng teleskop, atuh! Mangga geura, ungkaban deui Quran surat Al-Hujurat ayat 13 (Mindeng ku sim uing disebatkeun dina saban pasamoan). Da mémang aya juntrungna atuh. Sedengkeun nu mung ukur catur tanpa bukur mah ku Quran téh sanés mung ukur disindiran, namung digebés bedas naker. Ijideun Gusti Allah mah ka nu kitu téh (Q.S. Ash-Shaf : 2,3). Teras we aya nu nyebat, “ Ah, ayat éta mah kanggo perang di jalan Allah atuh. Henteu luyu dipatalikeun sareng budaya mah!” Hih, naha marukan ari ngeukeuhan ajén budaya sanés bagéan tina ngalaksanakeun paréntah Gusti, kitu? Apan manusa téh khalifah anu disérénan pancén ngaraksa dunya (inklusif ngaraksa budaya sareng tradisina, anu juntrungan ayatna surat Al-Hujarat téa). Jalma anu teu ngaraksa budayana sami sareng teu ngaraksa dunya, ari teu ngaraksa dunya sami sareng teu ngalaksanakeun pancén ti Gusti. Ari nu teu ngalaksanakeun pancén ti Gusti naon kasebatna? Cing? Dina kecap “Syu’uban wa qobaa-ilan lita’aarafuu” anteb pisan aya ajén budaya anu kedah dihirup-huripkeun. Sapertos galeuh dina tangkal nangka. Lajeng éta ayat ditungtungan ku kecap “inna akromakum ‘indallohi atqokum.” Salah sawios ciri takwa téh ngalaksanakeun paréntah ti Mantenna. Atuda dina Quran mah bujeng-bujeng sual budaya anu raket patalina sareng hirup kumbuh manusa, dalah sual kapal udara, kapal selam, sareng eksplorasi minyak bumi ogé dijentrekeun. Mangga wé imeutan surat Fathir ayat 35. “Yeuh bangsa jin jeung mbangsa manusa, lamun maranéh hayang nembus bumi ngapak méga, pék! Ngan maranéh moal bisa nembus bumi ngapak mega lamun teu dibarengan ku kaweruhna!” Ébréh, nya? Anu mawi jénggélékna budaya, tradisi, seni, sastra téh sanggem sim uing mah janten media kanggo dawah, janten media kanggo langkung ngaraketkeun mahabbah (tresnaning tresna) ka Gusti Nu Mahasuci. Sabada tumuwuh tresna bakal mucunghul taat bébéakan, sagala rupi teu langkung nu dipitresna baé (Gusti Allah). Ti dinyagumulung janten hiji wangun silih pikarido anatawis nu miasih sareng nu dipiasih, antawis nu mitineung sareng nu dipitineung. Aya rengkol ayatna? Aya! Saur Quran mah “rodhiyatan mardhiyatan” (Q.S. Al-Fajr : 20). Tuh, apan! Jadi ceuk saha budaya anggang tina agama? Halah, janten kapapanjangan kieu, Raka Perbu ieu téh. Ah, duka nyanggem ka saha ieu téh. Pangapunten, nun! Kedahna mah disanggakeun ka Ajengan Asep Salahudin ieu téh, supados langkung apdol. Makomna anjeunna mah.
  95. Asep Salahudin: republik sarwa satwa tea panginten. nu puguh tong bujeng-bujeng tiasa dugi ka simurgh kalahka kabengbat satengahing perjalanan. kabengbat ku toilet, ku kolam renang, ku pat gulipat, ke kenca ka iblisan, ku apel malang...
  96. Ya Soebarta: Waaah, wah, hidup revolusi...! kedah meser deui mobil enggal ieu mah, diomean wae mah teu bener bener geuning...!! piraku kedah meser bom atom mah...!! nihmat kakang.
  97. Ade Nendang Rahman: "Nyindiran bae ka aing tah si Rama Perbu teh," ceuk Esbeye bari garo-garo teu ateul. "Wios, keun bae tong didangu nu karitu mah, maranehna teh saririk ka urang, pedah urang mah najan kukumaha ge moal aya nu wanieun nungtut," ceuk Anas mapahayu, bari garonyengnyeng da bujurna ateul, tas ngadahar parud kalapa susuguh ti si Rosa nu dibawa ku si Nazaruddin.......
  98. Godi Suwarna: Riyono Afdfvm:"Kade ah, papadaning mikmin oge, ulah ari dugi ka hilap tuang hilap tunggang mah... heuheu..."
  99. Godi Suwarna: :"Nya kitu, di Pangandaran teh sim uing saparakanca ngan sakadar kuli. Teu ngiring ngunsap-ngonsep acarana. Sim uing mah mung sakadar hoyong mindahkeun suasana NYIAR LUMAR ka Pangandaran, dina raraga tepang taunna Ibu Susi Pujiastuti. Ngadamel ratusan obor. Dipasang di buruan bumi anjeunna, nu lega kacida. Aya kana lima hektarna. Ngadamel parahu hias nu dioboran, dilanteraan, layarna diseratan : Happy Birthday. Parahuna sina ngangkleung di balong ageung. Oge Ngadamel lawang saketeng nu dirarawisan ku janur kawung, dijaga ku tujuh kedok Bebegig ti Sukamantri, Panjalu. Ratusan lilin oge di pasang di taman dugi ka lebet bumina. Tilu dinten tilu wengi wadiabalad kunyuk ngagarap dekor. Sim uing mandorna, da tos teu kiat naktak mundak tea. Barang sagala tos rengse, tos ngajengleng, masarakat nu kawitna bingung, bengong, teu wudu raresepeun oge. Bujeng-bujeng bangsa urang, dalah para pilot bule oge, padamel Susi Air, bet resep dipalotret dina dekor karya barudak lembur sim uing. Dina derna obor dihurungkeun, buruan nu upluk-aplak teh baranang ku damar sewu. Parahu ngagebur di balong. Uleman ngaburudul, bari teu weleh tingjalepret motret, tingburicak flash-na. Sim uing katempuhan kudu nerangkeun tema dekoran. Untung nu naranya teh rereana mah karyawati Bu Susi, nu gareulis, nu sareungit. Teu kawas Mang Nana nu hapeuk. heuheu... Tah, mugia kahartos ku nu cegekan, yen sim uing mah ngarintahkeun budaya teh nya sanes ku sungut nu bau hitut. Mending ku gawe we. Sapertos gawe urang sarerea dina ieu lapak. Ieu ge sami, ngamumule budaya warisan karuhun. Ngamumule basa Sunda... Der, ah....!
  100. Pak AdSulaeman: Seueur teuing nongton Indonesia Lower Club????
  101. Godi Suwarna: :"Komen sim uing nu panjang teh haturan Mang Nana Sukmana. Poho teu ditujulkeun. Rada balideg keneh, oleh-oleh ti Pangandaran.."
  102. Ahmad Yani: Di emut-emut mah !. Nyaan asa janten hoyong jadi bueuk!. Kaluar ngan wungkul peuting, nyengcle na dahan taya ieuh aya nu pirajeunan ngaganggu !, komo deui aya nu niat miara mah !. Heu heu heu, enonesia !! enonesia ...!!, coba eta tingali, rahayat model uing, nepi ka nekad ...wani nukeurkeun ajen hirup jeung sato nu ngaranan bueuk ??? heu heu heu !
  103. Riyono Afdfvm: @Kakang Prabu Godi Suwarna, moal ari dugi ka hilap kana tunggang mah, eta teh nambah semangat kange ngarang fikmin hihihi...@ Pa ustadz Ahmad Fawzy Imron...amiiin..mugi-mugi kenging ayeuna mah ulah kenging wiwirang...supados sumanget deui hirup teh, da leres pisan alam dunya asap poek pami wengi tek ningal persib eleh
  104. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Tah, numutkeun penerawangan sim uing mah, PERSIB teh bakal kawon deui bae, Yi Haj...! Enggal amengan ka rorompok. Cuang jiad deui, supados lancar deui mikminna..."
  105. Riyono Afdfvm: ari numutkeun gerentes hate si uing ge sami kang.....kudu dimandian di walungan citanduy sigana mah
  106. Godi Suwarna: Asep Salahudin:"Republik Sarwasatwa...! Sae istilah teh, Yi Haji...! Tina judul ge tos bakal katingal kumaha kayaan di lebetna..."
  107. Godi Suwarna: Ya Soebarta:"Tapi, uing mah nikmat keneh ningal Mang Ya Soe mangkal deui di ieu lapak, saparsntos ampleng-amplengan..."
  108. Iwan R Jayasetiawan: Wilujeng Siang Kang Godi Suwarna.Nujanten margi Persib kawon teu aya sanes huntu sareng kuku Maung Bandung sadaya palsu nya ?
  109. Doni Muhamad Nur: Ahahaha.. heded ngahakan buntut sorangan..
  110. Godi Suwarna: Ade Nendang Rahman:"Jiih, sim uing mah teu pisan-pisan nyindiran, Yayi...! Rumaos tos geuleuh pisan. Tapi da ka Enonesa.. heuheu.."
  111. Godi Suwarna: Pak AdSulaeman:"Tos lami ge sim uing mah tara lunta-lanto ka TVONE. Kajabi kana mengbalna we..."
  112. Irman Dimyatie: Ang Prabu Godi Suwarna: Salami gonjang-ganjing eta, saha atuh nu henteu pipilueun pasea? Naha teu miluan teh kusabab sieun atanapi neangan kasempetan dina kasempitan?
  113. Iwan R Jayasetiawan: Kang. Godi Suwarna. Mugi janten uninga, Kang Irman Dimyatie, sok pinter milarian lolongkarng.
  114. Wawan Darwan: Lah paling ge sieun kang Godi Suwarna mah ...heheuy deuh
  115. Irman Dimyatie: Eta..... eta.... eta sok tudah-tuduh ka batur Ang Iwan R Jayasetiawan mah.
  116. Cece Hidayat: Sanggeus maca fikmin ieut,bet jorojoy hayang nyanyi: Enonesya tanah aingku/tanah tumpah maniku/di sanalah kencing berdiri/murid kencing berlari/Enonesya kebangsatanku/bangsat dan tanah aingku......heup....heup.....heup bilih bilih raja Enonesya nyeuseul,ah....!
  117. Godi Suwarna: Ahmad Yani:"Nya kitu, Yayi..! Apan sim uing ge tos lami ngajanggelek janten kunyuk rawun, bakat ku hoream janten urang Enonesa. Capeeeee dekh...! Ti baheula asa teu aya pisan buktosna jangji tukang nyarungut teh. Urang mah ukur kabagean bau hitutna we.."
  118. Godi Suwarna: Riyono Afdfvm:"Taah, kitu atuh. Kedah raos tuang, raos tunggang, raos ngarang..."
  119. Muhammad Shohiba Nu'man: Kang Prabu, seja laporan hungkul ieu mah, Persib medok!
  120. Iwan Hanjuang: horeeeee..keok deui wae...ampun dekah..
  121. Yat Minus Kasepna Thea: ahahhaahahha...enones...enonesa..
  122. Maman Damiri: Kumaha teu deuk medok atuh da jimatna teu dibawa ....
  123. Nazarudin Azhar: Tungtungnaaa... asa kirang nohnit nu ieu mah heuheu..
  124. Godi Suwarna: Iwan R Jayasetiawan:"Panuju, yayi...! Ujung-ujungna mah waos wungku lah..."
  125. Godi Suwarna: Wawan Darwan:"Nya kitu tea, Yayi..."
  126. Godi Suwarna: Cece Hidayat:"Hahaha...! Laguna pelem pisan, Yayi..."
  127. Godi Suwarna: Doni Muhamad Nur:"Hahaha...! Numawi..."
  128. Doni Muhamad Nur: Heded lah ahihi..
  129. Godi Suwarna: Irman Dimyatie:"Lah, ulah percanten ka kaum poli-tikus. Tikus mah di mamana oge sami. Karesepna milari kasempetan dina raraga ngagorogot..."
  130. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Hahaha...! Sim uing mah tos terang samemeh prung padungdung. hawatos we ka Kyai haji Ahmad Fawzy Imron. Tangtos mikminna tambih seuseut...'
  131. Muhammad Shohiba Nu'man: Moal Kang Prab, eta geuning Kang Haji Ahmad Fawzy tos mikmin nu sakitu ahengna. heuheu
  132. Godi Suwarna: Yat Minus Kasepna Thea:"Nya kitu tea, Yayi..! Tos dikitu kieu ge angger we kitu-kitu keneh. Malah langkung ti kitu kieu..."
  133. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:" Kitu..? Ke atuh, cuang milarian eui nu langkung nohnit..."
  134. Godi Suwarna: Doni Muhamad Nur:" Hatur nuhun, Yayi..."
  135. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Numawi, PERSIB mah mending sina keokan we. Supados Kyai Haji Ahmad Fawzy Imron teras sarae fikminna... heuheu.."
  136. Iwan R Jayasetiawan: Wilujeng wengi Kang Godi Suwarna. Abdi mah Persib kahoyong mah tong eleh bae,Kang Haji Ahmad Fawzy Imron,teu weleh ngintunan Fikmin.Manawai sapagodos sareng abdi hehehhe
  137. Godi Suwarna: Iwan R Jayasetiawan:"Haha...! Eta tuda, barang PERSIB keokan teh, Yi Haji Uzy janten sae pisan fikminna. Aheng. Cobi geura uningaan fikmin anjeunna anu judulna SAKA..."
  138. Godi Suwarna: Maman Damiri:"Padahal, upami Persib palay unggul mah kedah diajak jarah ka situs Astanagede, Kawali. Apan di dinya aya seratan dina prasasti anu unina : Pakena gawe rahayu pakeun heubeul JAYA DI BUANA..."
  139. Cece Hidayat: Ari di nagri Enonesya,aya Persib kitu? Kedahna Perseb....Persatuan sepakbola Enonesya Bangkrut....hehehehe.....hidup Persib...hidup Viking....hidup bobotoh....!
  140. Godi Suwarna: Cece Hidayat:"Hahaha...! Duka tah, cobi taroskeun ka urang Enonesa, Yayi...! Da sim uing mah sanes urang Enonesa. Sim uing mah urang Suna...! Heuheu..."
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI