Jang Manyun, pangna disebut, neneh, Manyun teh lantaran beda ti nu sejen beda jeung lanceuk-lanceukna baham Jang Manyun rada manyun. Ari ngaran aslina mah Maulana Abdullah. Manehna mugen embung dahar. Buka ukur ku kolek, pamere tatangga, meunang ngaduakeun jeung lanceuk patuturunna nu sarua pada gewengna.
"Na Ujang 'ning teu emam? Enggal emam .... Pamali!" indungna nitah.
"Alim ah Ma, ke wae Ujang ngantosan tumpeng di masjid! Jopeng Ma!" tembal Jang Manyun, maksudna jopeng, ngajojo tumpeng dina taraweh malem ganjil lilikuran.