Ku Yusef Muldiyana II
Dewi Sinta keur ngajuru di klinik bersalin. Rama gulinggasahan nungguan budak borojol. “Wilujeng ka sadérék Rama, wiréh ingkang putra parantos borojol, kembar opat, sadayana pameget, namung ingkang bojo ngadadak pingsan waktos ninggal raray putrana nu ka opat” bidan méré béja ka Rama. “Dimana ayeuna orok teh? ” Rama teu sabar hayang nempo. “Mangga ditinggal di kamar opat” témbal bidan. Rama dag dég dog ngaléngkah, dituturkeun ku Lesmana. Di jero kamar, Rama reuwas, ningali orok anu cikal beungeutna siga Rahwana, ngagebeg, ningali nu nomer dua siga Kumbakarna, olohok, ningali nu pangais bungsu siga Indrajit, laju pingsan barang ningali rurupaan si bungsu. Ningali Rama pingsan, geuwat Lesmana neuteup sakabéh orok, laju maot harita kénéh satutas ningali paromanan nu nomer opat, sabeulah siga Soeharto, sabeulah siga Soedomo.