Update: 31 Maret 2012 03:30:09

Di Tempat Pananyaan

Ku Yusef Muldiyana II

“Abdi mah hoyong lancar wéh dina usaha” Paménta kuring ka Ajeungan Abun di kamar praktékna. Si Zenal ménta hayang geura kawin bari nembongkeun foto Ida, Si Junjun mah hayang jadi juara dina lomba lawak. Sanggeus méré kalimah-kalimah anu dicatet dina kertas , ajeungan nanya ka Ayi “dupi encép anu gondrong palay naon?” Ayi ngajawab “Hoyong peralatan syuting sareng éditing” ceunah. Na ari Ayi teu eleum-eleum ka ajeungan ménta nu kitu? Kuring ngaharéwos ka Si Zenal “Nyaho kitu kuring gé ménta saparangkat gamelan tadi téh” Zenal ngaharéwos ka ceuli lebah katuhu “urang ge kuduna menta calana Jean’s tadi téh” Kadéngé Junjun ti belah kénca “kaduhung teu ménta gedong kasenian”. Saminggu ti eéta kuring narima sms nada heureuy ti Rinrin Cadraresmi “Kang bilih tepang sareng ajeungan Abun, uing pangmentakeun Kamus Bahasa Sunda nya ,paragi nyieun fikmin, hihihi 3x :D ”Sigana dongéng pamenta Ayi ka ajeungan geus nyebar kasasaha.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Muhammad Shohiba Nu'man: haha.. edaaas..!
  2. Yusef Muldiyana II: Nuhun Muhammad Romyan Fauzan aeh Muhammad Shohiba Nu'man
  3. Yusef Muldiyana II: Muhammad Shohiba Nu'man bilih bade ka AJengan ABun dianter ku sim uing
  4. Yusef Muldiyana II: Kang Herdi Pamungkas bade daftar deuih? Bilih bade nyuhunkeun pesawat terbang hahaaa
  5. Muhammad Shohiba Nu'man: Teu kedah, Kang! pami peryogi mah abdi kantun ngadeuheus di Cawokah Nasional. haha..
  6. Metty Azmira: di palebahan mana Kang Yusef, Ajengan Abun teh, wios mayarna ku tahu? hehehe..
  7. Yusef Muldiyana II: Meila Handayani eh maksad teh Metty Azmira palay naon?
  8. Herdi Pamungkas: pangwartoskeun bade nyuhunkeun helikopter...
  9. Yusef Muldiyana II: Tah, bilih bade disarengan sms weh ka sim kuring di 081320542145 , asal ulah malem jumaan sareng malem salasa, libur.
  10. Yusef Muldiyana II: Metty Azmira, kapungkur mah di jalan Pabaki, duka ayeuna mah
  11. Yusef Muldiyana II: Taaah Ahmad Fawzy Imron bilih bade nyungkeun saperangkat drum, mangga cobian tataros ka anjeunna
  12. Ahmad Fawzy Imron: bilih ajengan abun aya wagelan. Tiasa sumping ka rorompok. Mangga bade aya kahoyong naon oge...kecuali hiji..teu kenging hoyong janten sutradara drama basa sunda. Eta mah abdi teu sanggem nyaumannana...
  13. Yusef Muldiyana II: Eva Nurlianah, Yadi Fathur Berkata, Asep Komara, Cicara Cac, mangga diimpeng weh heulaanan kahoyongna engke sasarengan kaditu, etang2 picnic.
  14. Muhammad Shohiba Nu'man: hahaha...
  15. Maman Gantra: Bade iraha arangkatna, Kang Yusef? Abdi aya nu nitip, yeuh: Hoyong janten juara Indonesian Idol!
  16. Yusef Muldiyana II: Ahmad Fawzy Imron, urang gentos weh atuh pami kitu mah tatarosna ulah ka Pa Abun tapi ka Ahmad Fawzy Imron
  17. Yadi Fathur Berkata: Abdi mah hoyong terang alamat palsu.. heheh... komo nu nyanyina mah..
  18. Yusef Muldiyana II: Maman Gantra saha anu hoyong juara idol teh? Lenny Magdaleni atanapi Kyai Matdon ?
  19. Yusef Muldiyana II: Yadi Sutomo eh Yadi Fathur Berkata anu kemana kemana tea nya?
  20. Maman Gantra: Nu paling ngebet mah Rudi St Darma sareng Rahmat Jabaril, Kang Yusef...
  21. Yusef Muldiyana II: Rudi St Darma sareng Rahmat Jabaril kedah guguron heula ka Mas Untung Wardoyo sateuacan ka Ajengan Abun Kang Maman.
  22. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Abdi hoyong ih..
  23. Yusef Muldiyana II: Mangga Nyai Endit, Aeh Nyai Binong eh Nyi Roro, Nyai Pohaci duh maksda teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, ke disampeur ku Akang, pasti hoyong tepang sareng anu panggang tea nya?
  24. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: meni terangan kang Yusef Muldiyana II mah..
  25. Irman Dimyatie: :"Saur Ajengan, naaa eta mah Jang Yusef Muldiyana II... meni dibeja-beja sagala. Jadi weh mama kasohor....".
  26. Dadan Sutisna: Éta Kang Ayi henteu nyuhunkeun software Pinnacle, Kang. Padahal karesepna... ngédit vidéo maké Pinnacle bari rambut ngarumbay kana kibod.
  27. Yusef Muldiyana II: Barang kang Ayi pabaliut dina ngedit, diteraskeun ku Dadan Sutisna supados Neng Euis Balebat bi8ngah.
  28. Dadan Sutisna: Hahaha, naha jadi ka dinya jigna...
  29. Yusef Muldiyana II: Dadan Sutisna kasuat-suat bongan uing anu disalahkeun pajar ngajongklokeun hahahaaaaa
  30. Meila Handayani: Hai kang yusef,wartoskeun ka ajengan abun abdi sono palay tepang HªhªhªHªhªhªHªhªhª
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Yusef Muldiyana II
  1. Guyang Getih
  2. Ngiceup
  3. Pangalaman Kyai Matdon
  4. Ambek-ambekan
  5. Baju Weuteuh
  6. Nuekilabid
  7. Patilasan
  8. OhÉr
  9. Hp Anyar
  10. Sapatu Anyar
  11. Nyumponan Kahayang
  12. Nangtukeun Umur Mummy
  13. Suminta Vs Karyana
  14. Ngitung Jempol
  15. Ngawangkong
  16. Balangah
  17. Motor Orba
  18. Wasiat Oh Wasiat
  19. BÉntang Jorang
  20. Bom
  21. Ma Onah
  22. Ngeundeuk-ngeundeuk
  23. Nepungan Panonpoé
  24. Tujuhna
  25. Nu Digadabah
  26. Papanjang-panjang Mamas
  27. SinghorÉng
  28. Nabrak
  29. Manuk BÉo
  30. Jeletot
  31. Bisma
  32. Kamus Bahasa Fikmin
  33. Sakadang Peucang Ngitung Buaya
  34. Versi Uing
  35. Usap Nguneung
  36. Hujan
  37. Jaman Kiwari
  38. Ngadabrul
  39. Pssi ÉlÉh Deui
  40. MonyÉt, Kuya Jeung Cau
  41. DogÉr Kuya
  42. Sarupaning Bubuahan
  43. Ikah Jalingkah
  44. Paguneman Peuting Tadi
  45. Gorowok Viking
  46. DongÉng Ti Toni Lesmana
  47. Orok Dewi Sinta
  48. Eusi Jeroning Dunya
  49. Rama
  50. Paguneman Aktor Jeung Bangsat
  51. Oray Jangjangan
  52. Oray Jangjangan
  53. Digusur Deui
  54. Balanja Di Super Market
  55. Bunda & Unie
  56. Bunda & Unie
  57. Pangadilan
  58. Goyang, Gitek, GÉol
  59. Carios Engkos
  60. Tema Korupsi
  61. Tema Pilkada
  62. Malin Kundang
  63. Lalakon Awon Pisan
  64. Carita Dina KarÉta
  65. Ngeunteung
  66. Nanggeuy Beungeut
  67. Nanggeuy Beungeut
  68. MoÉ Baju
  69. Lalakon Ocon
  70. Ngawulang
  71. Dongéng Aséng
  72. Sakolaan Fikmin
  73. LÉktop
  74. Tu’ang-to’ong
  75. PotrÉt Popotongan
  76. SaÉmbara Fikmin
  77. Sp
  78. Isuk-isuk
  79. Semar Nyegruk Deui
  80. Obrolan Inbox
  81. Wéw
  82. Bungah
  83. Pikasieuneun
  84. Irung Semar
  85. Awak Semar Paburincay
  86. Bodas Kolot
  87. Baligo
  88. Budak Teuneung
  89. Hejo
  90. Bé T é C é
  91. KolonÉl Édpur
  92. Ekspedisi Ka Panon PoÉ
  93. Godi Suwarna
  94. Sajadah
  95. Satutas Langit Nyarita (i)
  96. Satutas Nangkubkeun Parahu
  97. Ba’da Bubat
  98. Dulur-dulur, Urang TÉh RÉk Kamarana, Alayeuh?
  99. Buta Saba Kota
  100. Paguneman Na Jero Fikmin
  101. Bubur Parongpong Jeung Bubur Cikolé
  102. Wanoja Nu Ditato Sawak-awak
  103. Pegat Asih Di Parakan
  104. Meuli Ketan Numpak Ferrari
  105. Sugan Téh Kuring Keur Ngimpi, Tapi Naha Bet Siga Ngimpi? (versi-2)
  106. Sugan Téh Kuring Keur Ngimpi, Tapi Naha Bet Siga Ngimpi? (versi 1)
  107. Nraktir
  108. Tumpeng AhÉng
  109. DongÉng AhÉng
  110. Ramé-ramé
  111. Ramé-ramé
  112. Lantaran Anjeun
  113. Duh Gusti
  114. Anu Siga
  115. Di Tempat Pananyaan
  116. Euis
  117. Ba'da Dunya Kiamat
  118. Ngaberekbek
  119. Exodus
  120. Tarung Maung Jeung Singa
  121. Gorowong Dina Tonggong
  122. Walungan Cipamokolan Caah
  123. MEREKBEK
  124. Suyatna Anirun Kalih Arifin C Noer
  125. Paembung-embung
  126. DÉwÉk Tijuralit 180°
  127. Kang Rudi Riadi Mugia Tabah
  128. Lalakon Uwon
  129. Muka Kamus
  130. Nampik
  131. Ahmad
  132. Nu Ceurik Di Pajaratan
  133. Randu Galuh (bagian 1)
  134. Maung Nu Teu Boga Sihung
  135. Mun Seug Jaman Orba
  136. Euis & Togar 2
  137. Paamprok Jonghok
  138. Lutung Disarung
  139. Euis Jeung Togar
  140. Teu Sapertos
  141. Renyem
  142. Reporter Sunda
  143. Janggo Jeung Misda
  144. Sayur Langit Rujak Bulan
  145. Nyiram
  146. Segruk Semar
  147. Surat Keur Neng Inong Urang Parongpong
  148. Huntu
  149. Tong Hudang
  150. Tong Kawin Jeung Manehna
  151. Datang Deui, Datang Deui
  152. Sangkuriang Ngadahar Daging Bapana
  153. Lutung Kaserang