Update: 31 Maret 2012 03:30:04

Paamprok Jonghok

Ku Yusef Muldiyana II

"Nyai Sumbadra, bojo akang" Ceuk Radén Arjuna ka garwana di ruang fitnes direjeungan ku minantuna, Néng Déwi Utari. Néng Déwi nuju dikantun dambel ku Abimanyu, syuting infotinmen di TV lokal. "kaulanun Kakang" Tembal Sumbadra. "Kakang mios, Nyi" Ceuk Arjuna deui. "Mangga Kakang, ati-ati nyetirna ulah balangah, bilih nabrak, engké mobilna reksak.
Di tempat séjén, barang Radén Aria Bima ngaluarkeun Harleyna, torojol Gatot Gaca "Hemmm. Béh, cik ngeclok heula dua puluh rébu mah, hayang ka warnét yeuh, bongan modem teu jalan." Ceuk Gatot Gaca. "Heeem, ménta weh ka nyokap manéh, tuh aya di sisi kolam renang keur maén catur dihurup ku Mang Nakula jeung Sadéwa. Barina rék naon ka warnét?" Ceuk Bima. "Puguh geus teu sabar hayang ngirim Fikmin" tembal Gatot.
Di tempat séjén, bada Magrib, Arjuna markirkeun mobilna, hareuoeun imah Monika, randa béngsrat bintang sinetron anu keur meujeuhna sohor. Arjuna reuwas lantaran di imah randa éta paamprok jonghok jeung Bima. "Aéh geuning aya Kakang Aria didieu?" Bima sarua reuwas "Hmmm, aéh geuning manéh, Jenéd?" Lajeng Arjuna ngaharéwos ka Bima "omat kakang ulah wawartos ka Nyi Sumbadra, aya kula didieu" "Moal Néd aing janji, aing moal bébéja ka Si Subadra, tapi maneh oge tong nyarita ka Aceuk Arimbi aing aya didieu"
Balik ti imah Monika, Aria Bima nyimpang ka imah Srikandi, garwa arjuna nu lian, ngabéjakeun yén manéhna mergokeun Arjuna keur apél di imah randa. Kapagétonakeun, Bima meunang sms ti Arjuna "nyaaa, Kakang mah sok comél, ih" "Hemm, aing mah comél sotéh ka Srikandi, lain ka Subadra" Bima males sms.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: lain comel atuh eta mah,bawel tea..sip lah hedeh jempol opat pincuk ti akang..
  2. Yusef Muldiyana II: Walaah muhun Kang Iwan Hanjuang masihan jempo; opat kumplit, Jempol panangan sareng sompean kenca katuhu, wahahaaa siiiip.
  3. Apoedy Sarah Ihsan: nyanggakeun sadayana jempol tatanggi abdi di didieu... haruuuhh.. abdi mah nge-fans lah ka fikmina kang yusef... heuheuheu...
  4. Irman Dimyatie: :"sapertosna lepat ngetik, kedahna PAAMPROK JONGHOK panginten, Ang".
  5. Godi Suwarna: :"Hahaha...! Seger lah. Tapi ngetik mah angger pabaliut. Cobi ngangge kacasoca sepuh atuh, Yayi...! Tos keuna ku Pakyu. Paktor Yuswa..."
  6. Irman Dimyatie: :"Kalakuan Bima jiga Ang Iwan Hanjuang bae hahahaha.....".
  7. Yusef Muldiyana II: Apoedy Sarah Ihsan, sabar, engke aya Fikmin anu tokohna Apoedy Sarah jeung Ihsan, Pak Irman Dimyatie, sumuhun, kitu ari nyerat judul pandeuri, hayang enggal2 dikirim. Kakang Godi Suwarna, duh padahal geus diilik-ilik tilu balikan.
  8. Ki Hasan: Kang Yusef Muldiyana II, aya alat bantu pikeun ngaropea ketikan. Toong di dieu: Tutorial Mini - Indeks https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/doc/323763647665209/
  9. Yusef Muldiyana II: Ki Hasan haturnuhun
  10. Akoer Lah: Emh.....naaaa...anak-anakan & incu-incuan teh mani teu aleucreug, ceuk Dewi Kunti bari ngusap dada bangun nu eungap da kaserang bengek.
  11. Yusef Muldiyana II: "Yayi, punten ieu pangmasihkeun obat ventoline, kanggo Ibu kanti yayi........" Arjuna nyarios ka hiji ksatria, nyaeta Raden Bambang Akoer Lah
  12. Rohendi Pandeglang: tah tah, mangka Binojakrama padalangan kedap deui, bisa-bisa nyandak nlalakon eta tah, dalang anyar mah, sangkan rame, modern, kreativ,jeung inopatif cenah majar.
  13. Yusef Muldiyana II: Rohendi Pandeglang, mangga atuh geura nanggap Wayang Fikmin bade nyaingan Wayang Tapiv yeuh
  14. Akoer Lah: Numawi Ventolin mah tos teu matih, saur Kang Adipati Karna nu kamari ngalongok cenah kedah meser "Nebulizer" wae, mung awis pangaosna. Artosna mah ngeclok wae heula ka Kakang Yudhistira, hahaha.....
  15. Yusef Muldiyana II: Akoer Lah, pokokna diantos di Kebon Seni kaping 20 Februari dina panggung bulanan sareng pembukaan pameran lukisan Arman Janparing
  16. Akoer Lah: Dupi nuju taun baruan kamari Kang Yusef hadir teu? abdi mah tos dua kali hadir terus ka Kebun Seni. Karcisna teh 5 bungkus Jarum Super kanggo Bagawan Setatsion Galuh nu ayeuna nuju "indah" & nyeri waos, hahaha......(muhun Kang manawi abdina teu bentrok sareng KBM di sakola, Insya Allah hoyong hadir).
  17. Yusef Muldiyana II: Apan sim uing milu mijah ronggeng Gunung, apan waktos anu kahiji mah Kang Akoer Lah teh nyangki yen Godi Suwarna teh uing, tuluy ceuk uing teh "tuh Kang Godi mah nu gondrong nu huisan" emut teu?
  18. Akoer Lah: Ooooh....muhun harita mah kasamaran da can kantos amprok sareng Kang Godi na, jadi "mengisin". Sareng foto profilna ieu mah kawas Jaya Suprana, apanan harita mah teu "lenang" model ayeuna mastakana, hehehe......tapi nu Januari kamari mah asa teu mendakan Kang Yusef.
  19. Yusef Muldiyana II: Apan Januari kamari mah rambut abdi tos model foto cover timeline di FB abdi
  20. Akoer Lah: Muhun, harita kasamaran teh pedah rambutna persis Kang Godi, pas waktos paadu hareupan sareng Kang Yusef, abdi ge rada hemeng, da ieu mah sanes Kang Godi, langkung kasep...., hehehe...(kabayang nuju humarurung ayeuna eta Kang Godi, nyeri waos..maledogan tukang kaos ngalangkung). Dupi nu nyanyi memeh Kang Godi teh Kang Ganjar?
  21. Nana Sukmana: Sip, sip, sip. Kantun ngaropéa nyeratna ieu mah.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Yusef Muldiyana II
  1. Guyang Getih
  2. Ngiceup
  3. Pangalaman Kyai Matdon
  4. Ambek-ambekan
  5. Baju Weuteuh
  6. Nuekilabid
  7. Patilasan
  8. OhÉr
  9. Hp Anyar
  10. Sapatu Anyar
  11. Nyumponan Kahayang
  12. Nangtukeun Umur Mummy
  13. Suminta Vs Karyana
  14. Ngitung Jempol
  15. Ngawangkong
  16. Balangah
  17. Motor Orba
  18. Wasiat Oh Wasiat
  19. BÉntang Jorang
  20. Bom
  21. Ma Onah
  22. Ngeundeuk-ngeundeuk
  23. Nepungan Panonpoé
  24. Tujuhna
  25. Nu Digadabah
  26. Papanjang-panjang Mamas
  27. SinghorÉng
  28. Nabrak
  29. Manuk BÉo
  30. Jeletot
  31. Bisma
  32. Kamus Bahasa Fikmin
  33. Sakadang Peucang Ngitung Buaya
  34. Versi Uing
  35. Usap Nguneung
  36. Hujan
  37. Jaman Kiwari
  38. Ngadabrul
  39. Pssi ÉlÉh Deui
  40. MonyÉt, Kuya Jeung Cau
  41. DogÉr Kuya
  42. Sarupaning Bubuahan
  43. Ikah Jalingkah
  44. Paguneman Peuting Tadi
  45. Gorowok Viking
  46. DongÉng Ti Toni Lesmana
  47. Orok Dewi Sinta
  48. Eusi Jeroning Dunya
  49. Rama
  50. Paguneman Aktor Jeung Bangsat
  51. Oray Jangjangan
  52. Oray Jangjangan
  53. Digusur Deui
  54. Balanja Di Super Market
  55. Bunda & Unie
  56. Bunda & Unie
  57. Pangadilan
  58. Goyang, Gitek, GÉol
  59. Carios Engkos
  60. Tema Korupsi
  61. Tema Pilkada
  62. Malin Kundang
  63. Lalakon Awon Pisan
  64. Carita Dina KarÉta
  65. Ngeunteung
  66. Nanggeuy Beungeut
  67. Nanggeuy Beungeut
  68. MoÉ Baju
  69. Lalakon Ocon
  70. Ngawulang
  71. Dongéng Aséng
  72. Sakolaan Fikmin
  73. LÉktop
  74. Tu’ang-to’ong
  75. PotrÉt Popotongan
  76. SaÉmbara Fikmin
  77. Sp
  78. Isuk-isuk
  79. Semar Nyegruk Deui
  80. Obrolan Inbox
  81. Wéw
  82. Bungah
  83. Pikasieuneun
  84. Irung Semar
  85. Awak Semar Paburincay
  86. Bodas Kolot
  87. Baligo
  88. Budak Teuneung
  89. Hejo
  90. Bé T é C é
  91. KolonÉl Édpur
  92. Ekspedisi Ka Panon PoÉ
  93. Godi Suwarna
  94. Sajadah
  95. Satutas Langit Nyarita (i)
  96. Satutas Nangkubkeun Parahu
  97. Ba’da Bubat
  98. Dulur-dulur, Urang TÉh RÉk Kamarana, Alayeuh?
  99. Buta Saba Kota
  100. Paguneman Na Jero Fikmin
  101. Bubur Parongpong Jeung Bubur Cikolé
  102. Wanoja Nu Ditato Sawak-awak
  103. Pegat Asih Di Parakan
  104. Meuli Ketan Numpak Ferrari
  105. Sugan Téh Kuring Keur Ngimpi, Tapi Naha Bet Siga Ngimpi? (versi-2)
  106. Sugan Téh Kuring Keur Ngimpi, Tapi Naha Bet Siga Ngimpi? (versi 1)
  107. Nraktir
  108. Tumpeng AhÉng
  109. DongÉng AhÉng
  110. Ramé-ramé
  111. Ramé-ramé
  112. Lantaran Anjeun
  113. Duh Gusti
  114. Anu Siga
  115. Di Tempat Pananyaan
  116. Euis
  117. Ba'da Dunya Kiamat
  118. Ngaberekbek
  119. Exodus
  120. Tarung Maung Jeung Singa
  121. Gorowong Dina Tonggong
  122. Walungan Cipamokolan Caah
  123. MEREKBEK
  124. Suyatna Anirun Kalih Arifin C Noer
  125. Paembung-embung
  126. DÉwÉk Tijuralit 180°
  127. Kang Rudi Riadi Mugia Tabah
  128. Lalakon Uwon
  129. Muka Kamus
  130. Nampik
  131. Ahmad
  132. Nu Ceurik Di Pajaratan
  133. Randu Galuh (bagian 1)
  134. Maung Nu Teu Boga Sihung
  135. Mun Seug Jaman Orba
  136. Euis & Togar 2
  137. Paamprok Jonghok
  138. Lutung Disarung
  139. Euis Jeung Togar
  140. Teu Sapertos
  141. Renyem
  142. Reporter Sunda
  143. Janggo Jeung Misda
  144. Sayur Langit Rujak Bulan
  145. Nyiram
  146. Segruk Semar
  147. Surat Keur Neng Inong Urang Parongpong
  148. Huntu
  149. Tong Hudang
  150. Tong Kawin Jeung Manehna
  151. Datang Deui, Datang Deui
  152. Sangkuriang Ngadahar Daging Bapana
  153. Lutung Kaserang