Sagagang anyelir dibungkus mika dipitaan, ditunda hareupeun lawang panto kamarna. Dijerona aya sacewir kanyaah, ditulis aplén ku haté bari dibarengan harepan éndah. Dina sajak nu ditulis dina keretas kayas, sacewir kadeudeuh ngawakilan galeuh nu geus lila maneuh teu kapireungeuh. Ti taun ka taun ditungguan wanci nu mustari. Hayang nganteurkeun sagagang anyelir kayas dina wanci manehna rék diwisuda. Nya poe ieu manéhna diistrénan jadi sarjana.
Dihandapeun langit kampus nu lénglang tur kebek kabagja, ngaliud nu ngalanteur kadeudeuh atina nu dipikareueus. Kuring ngawaskeun tina layar monitor ti kaanggangan, nyawang widadari ati nu keur ngaléngkah kana altar, dipirig sora degung nu ngalungkeun panineungan. Biwir ngan saukur wasa ngucapkeun du’a
“ Gusti, hatur nuhun parantos maparin bagja ka pun anak, nu ku abdi tos dimomorékeun. Hapunten abdi Gusti !”
Anyelir nu ditunda hareupeun lawang panto kamarna tadi isuk, lir orok kayas nu ku kuring ditunda didinya duapupuh dua taun katukang . . . *