Sapeupeuting teu daék saré, nyileuk. Ngadédéngékeun sora nu ngaliwat di hareupeun imah. Pitunduheun jauh. Pikiran bras deui kadinya. Katempo waé. Haté geus bogoh, teu beunang dibébénjokeun. Asa kakara manggihan rasa nu rosa. Jol bogoh, resep, tuluy nyaah. Hanjakal maké hayang mibanda.
Haté kumejot hayang panggih waé, sono. Kasono teu kalis ku mikir logis. Manéhna lain keur kuring. Lain jodo. Teu kahontal. Kamari waktu ditéang deui kadinya, manéhna geus teu nyampak. Geus aya nu mawa pindah. Duh, kuring gandrung. Na lamunan, hayang ngeukeup manéhna bari ngahariringkeun wirahma asih, bari mirengkeun sorana nu halimpu, lir jentréng tali kadeudeuh.
Lagu mawar bodas, hawar hawar kadéngé tina impian. Manéhna lir mawar bodas, ditéang geus aya nu boga.
Tapi kuring moal waka pugag léngkah, keukeuh hayang mibanda manéhna.
Kacapi , nu salila mangtaun taun diimpleng hayang dipiboga. . . . .*
( Keur Asmarandana, kacapi kuring )