Sajajalan nuju kampung Uda Syamsul haté Imas galécok, kira-kira kolotna Da Syamsul bisa narima dirina henteu.“Ah jalanan baélah”Imas ngabuleudkeun tékadna.
Méh jam sawelas anjog ka hiji imah panjang, resik, hateup séng nyagak cara tanduk munding, tangkal Rambutan badag dipinuhan kadaka ngiuhan buruan nu lega.
Di pipir imah saurang awéwé keur napikeun béas.
"Assalamualaikum"Syamsul ngucap salam.
"Waalaikumsalam”
Syamsul muru indungna, sasalaman, silih rangkul mudalkeun kasono.
"Oya mak, iko kawan ambo Imas" Syamsul ngenalkeun Imas.
"Siapo namamu nak?" Bu Siti nanya Imas."Saya Imas Bu"
"Onde paras jo namo samo-samo rancak" Bu Siti muji Imas. Nu dipuji kalamas-kélémés, éra campur atoh.
"Ayo naiklah ka rumah, sabanta amak siapkan mamiliah Atah”
"Biarlah disini dulu bu, boleh saya bantu kerjaan ibu" Imas usaha meuli haté Bu Siti.
"Oh boleh, caronyo, beras ditampi, terus Atahnyo dipilih, lukuik dipisahkan, nah bagaimana bisa?" Bu Siti nerangkeun.
"Saya coba bu" Imas jadi ragu. Saumur-umur tacan pernah manéhna napikeun béas.