Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 23:10:17
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Salak Pondoh

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 13 Méi 2013 06:27:20

Malioboro kapeutingnakeun. Nu ngamen piligenti asup ka warung tenda. Es teh manis geus beak dua gelas. Can waka pesen dahareun, da ngadagoan manehna. "Hapunten elat, nembe di rumah sakit aya oprasi heula," ceuk manehna. Dokter manehna teh, ngan resep kana mengbal. Ditawaran dahar teu daekkeun, carekna rusuh kudu ka rumah sakit deui. "Ieu we atuh tampi cek, tiasa dicairkeun upami tos yakin kenging," ceuk kuring bari ngasongkeun amplop. "Mangga. Enjing abdi bade nurunkeun pamaen cadangan," cenah. Sabada luak-lieuk manehna pamitan. Kuring ge buru-buru muru ka hotel da barudak paresen nasi kucing. Angin peuting nyulusup kana awak. Karasa tirisna. Dua poe ti harita, aya warta dina "Kedaulatan Rakyat", judulna gede pisan: "Suap Melanda Sleman Yunior". Kuring nyerengeh. Salak pondoh pamere manehna karasa beuki amis. Kareueut. Tadi sore, memeh rombongan Persib Yunior mulang ka Bandung, aya pagawe RS Bethesda nganteurkeun salak pondoh sacarangka.