Blak, meubeutkeun awak kana luhur kasur, leungeun dijieun anggel. Panon ngahérang neuteup lalangit kamar. Kacipta kénéh gélényéna Rini, nu tuluy nutur-nutur siga nu embung pajauh. Bageur Rini téh, daék di ituh étah tara ieuh mungpang. Tapi da kumaha, haté geus kabéngbat ku japati lenjang nu sok mélét ku kelétna. Nu sok ngawurkeun harepan ku imutna. Ngan hanjakal mun dideukeutan sok gancang ngagarapak siga nu nyingkahan.
Nilik kana diri, geus wayahna boga batur hirup nu daék diajak sapapait samamanis. Nu bisa mantuan nyukupan bubutuh hirup. Marojéngja haté kudu kumaha. Rini nu camperenik sigana moal hésé, tapi haté keukeuh nyantél ka manéhna nu lenjang.
Aya nu karasa nyeuit kana haté, ningali biwirna nu semu ngageter. Sakilat siga aya nu ngagéndang ‘na kongkolak panonna.
“Sumping, nya?” kuring ngasongkeun surat ondangan
“Insya Allah” jawabna bari ngeluk, sorana halon pisan.
Hampura, lain teu surti ngan kuring sieun ambon sorangan.