"Ti semet isukan mah ulah nepungan deui kadieu."
Gebeg ! Reuwas. Teu rék reuwas kumaha, apan jeung manéhna
téh geus teu jiga jeung saha. Nganjang isuk peuting, jam sabaraha
baé gé tara ieuh kukumaha. Manéhna nya kitu ka kuring. Sarua.
Kari-kari, ayeuna, ujug-ujug, pok nyarita jiga kitu. Salah kuring naon ?
"Naha ...?" Teu kebat nuluykeun
"Wayahna baé, pokona mah ulah nepungan deui kadieu," pokna
bari neuteup seukeut
"Heueuh, teu jadi kabeungbeuratan, tapi naon atuh nu jadi marga
lantaranana ? Mun seug kuring salah, hampura ! Tapi geura nyarita,
méh teu jadi bangbaluh ka kuringna," rada élékésékéng
Manéhna jempé. Tungkul. Teu lemek, teu carék.
Ih, beuki wé jadi panasaran.
"Naha atuh Selud satéh ?" rada morongos
Manéhna tanggah lalaunan. Biwirna ngageter.
"Pan uingna rék pindah kontrakan," bari ngabelenyéh, nyéréngéh
"Koplok ! Sugan téh naha.."