"Kunaon Mah? Jiga nu rungsing ?" Kang Wahyu nyampeurkeun.
Kuring teu némbal, ukur ngarérét, nuluykeun deui ngumbah wadah.
Puguh enya, nyanghareupan Lebaran téh asa beuki baluweng.
Najan saméméhna geus kapikirkeun gé, angger baé geus nyedek
kana waktuna mah can manggih kénéh kumaha pijalaneunana.
Kang Wahyu nyarandé gigireun, nyerangkeun.
"Aya naon Mah ?" Pok deui. Kuring angger teu némbal, ukur gideug.
Ti mimiti bulan puasa gé Kang Jana geus wanti-wanti, kuring kudu
Lebaran di imah kolotna di Sukabumi. Teu dienyakeun. Da kuring téh
geus kungsi jangji ka Kang Wawan, hayang marengan Lebaran
munggaran di lemburna di Sérang. Kang Wahyu deuih geus nyéwa
mobil sagala keur mudik ka Garut téh.
Duh, naha atuh Lebaran téh ngan ukur sapoé ?