Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 02 Séptémber 2013 03:00:36
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."

Rek Disunatan

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 16 Fébruari 2012 21:39:07

Anjing rageg di saban madhab. Jalma nu rek nyerek, ngepung ngagulung di panca tengah. Ningker. "Awas, tong kabongohan! Tewak, tong asa-asa! Rejengan ku sarerea!" gorowok ti tebeh kaler. "Ari Mantri Ija jeung Mang Dadih bengkong dimana?!" cek nu ngagorowok di tebeh kidul. "Ieu, uing mah!" tembal duanana meh bareng. "Dimana nyumputna budak teh, nya?" Wa Jatma gegerendeng. "Coba toong lebah rungkun haur geura!" Nini Rasih ngagerewek. Uing beuki ngadegdeg. Samar polah. Kesang ngagarajag maseuhan awak. Bingung pilumpateun. Korosak! Sora kararas ka tincak. "Taah! Ieu geuning! Nyumput na dungus waru!" gorowok Mang Oleh, bari rek nubruk. Rikat ngagiwar. Belenyeng mabur ka alak paul. Teu mirosea nu gogorowokan "Tewaaak! Tewaaak!".

Komentar (62)

Nanang Sahbana Afnani
hahaha....nuju moro naon tah
Itjeu Chairiani Ratna
Sing tarik lumpatna.... Kade bilih tikudawet he he he
Maman Gantra
Halah, budak teh. Rek disunatan karah lumpat... Rame, Kang Jojo. Heded!
Iwan R Jayasetiawan
Wah Malem Jumaah kara rek disunatan .Iraha Garingna Kang ?
Metty Azmira
Uluh-uluh...eta aya kituna nu rek disunatan, ari sugan teh biuurrr ngapung, ari pek belenyeng lumpat, xixixixi...
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
bonganna budak téh sok disingsieunan ku Kang Jojo Johari jadi wé kitu tah
Cep Simi
Ieu mah nu bade disepitan teh murangkali wadag, nya? Benten lumpatna rada cangker..
Andri L. Kusumah
Baruk Kang Jojo Johari teh teu acan disunatan, pasti lumpat sieun teu neurak pesona.
Yusef Muldiyana II
Kang Jojo Johari yeh fikmin teh , raosen maosna moal bosen sakali.
Tien Widartini Darodji
punten moal komen,can kapikir
Godi Suwarna
:"Asoooy...! Budak sakti...! Pemberontak sajatiii.."
Muhammad Shohiba Nu'man
Hahaha.. Rame! Lenger pisan tah murangkalih teh. Boa Kang Jojo keur budak?
Iwan Hanjuang
tetela lengerna sami sareng nu ngarangna nuju alit..
Jojo Johari
Ang Nanang Sahbana Afnani: Nuju moro sero rupina mah? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Teh Itjeu Chairiani Ratna: Sanes tarik deui. Samalah mah mangpret tibuburanjat ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Maman Gantra: Nyanggakeun ramena ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Iwan R Jayasetiawan: Biasana mah garing dina wanci saminggu, Ang! ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Bi Metty Azmira: Kaleresan teu mendak sapuna. Janten teu tiasa ngapung ayeuna mah ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Henteu disingsieunan oge tos sieuneun nyalira atuda Teh? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Cep Simi: Kantenan tarikna. Apanan bedas tanagana ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Andri L. Kusumah: Liat, Ang! ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Abah Yusef Muldiyana II: Hatur nuhun. Nyanggakeun sakitu buktosna ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ambu Tien Widartini Darodji: Mangga dipeleng heula ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Abah Godi Suwarna: Kitu biasana murangkalih perceka mah, sanes? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Muhammad Shohiba Nu'man: Kade ulah geruh ka sasaha, ah! ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Kantenan Abah Iwan Hanjuang. Apanan ladang maguron ti pangersa Abah tea, sanes ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Naha atuh meni jadi sieun kitu éta budak téh
Jaladara Nitis
Beu...!!tetela rek newak nu rek di sunatan, kuat nyewa rombongan paningaran... eta we kuat nyandak gogog sagala, eta bari nyandak bedil henteu ny..? heuy deuh...!
Jojo Johari
Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Mangga taroskeun geura ka Abah Iwan Hanjuang. Mantenna mah langkung paos ngeunaan sieun mah ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ang Jaladara Nitis: Tiasa janten kitu. Samalah tumbak oge tiasa wae nyandak ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
sugan mah raja sieun kitu kang Iwan Hanjuang mah?
Jojo Johari
Raja sieun? henteu Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Sok, mangga taroskeun geura ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
teu aya ah Kang Iwan Hanjuangna gé
Jojo Johari
Sanes teu aya Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Biasana Abah Iwan Hanjuang mah sok ngadodoho heula ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
tos ngaguher boa atanapi nuju maljuman
Lies Tjandra Kancana Sudarma
Kang Jojo, ngudak murangkalih teh mani siga bade newak maling...heuheu....Luculah kacipta..Jempol pisan....
Abah Sarjang
Asa moro bagong ieu mah.... Heded Lah! Jempol satolombong ti uing Kang!
Jojo Johari
Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Ambu Lies Tjandra Kancana Sudarma: Apanan kitu biasana, sanes? Hatur nuhun ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Kantenan Abah Sarjang. Apanan kitu biasana, sanes? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Bibie Dayank
waas, emut kawatu nuju alit , pami aya nu bade disepitan sok ngaraos keukeung ku direrejengna,,
Iwan Hanjuang
Bibie Dayank.. oh disepitan..??
Jojo Johari
Bibie Dayank miwah Abah Iwan Hanjuang: Horseeeeh! ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Iwan Hanjuang
alimeun da tos sepuh cenah...xixixixixi liat
Bibie Dayank
aaah sanes abdi atuh,, eta pami ngadangu saderek pameget kang Iwan Hanjuang naon nu liat teh,,,? euleuuh dimana aya orsel kang Jojo Johari he he he
Jojo Johari
Abah Iwan Hanjuang: Sapertos tembang Liat Kebunku atuh? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Bibie Dayank: Apanan kamari kantos ditanggap di lapang bale desa. Horseh oge kalebet nu dipintonkeun ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Bibie Dayank
ooooooooh kitu nyaaaaa
Jojo Johari
Leres Bibie Dayank...heuheuheu ..hareueueuh?!
Jojo Johari
Kahatur para Jempoler's sadaya: Hatur nuhun kintunan jempolna ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Lenny Magdaleni
Teungteuingeun atuh... Bade disepitan ku ragaji...!
Jojo Johari
Nganggo ragaji mah kantenan soakna atuh Teh Lenny Magdaleni. Ieu mah teu pira, ukur nganggo gunting seng? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Pantes we budak kabur ge, da pernah ningali boga babaturanana dempes waktu keur ngarojay babarengan. Cenah eta akibat mal-praktekna bengkong Jojo Johari... Tuh, geuning kapanggih ayeuna mah alesananana teh."
Meila Handayani
hahahahaha...na make naon ateuh kang Jojo Johari disunatanna? eh
Jojo Johari
Ayeuna mah simuing tos naek pangkat janten dukun sunat, Bah Irman Dimyatie?! Harita mah atuda teu acan gaduh SIM (surat idin menyunat) janten weh kitu ..heuheuheu hareueueuh?!
Jojo Johari
Nganggo gunting seng Teh Meila Handayani ..heuheuheu hareueueuh?!
Meila Handayani
aw..linuuuuuu
Jojo Johari
Sajabaning linu teh, oge peureus Teh Meila Handayani ..heuheuheu hareueueuh?!
Meila Handayani
paingan nepi abur aburan nya..beu..*serius ah di lapak ieu mah hahhahahah
Jojo Johari
Memang kedah sarius Teh Meila Handayani. Henteu sarius mah mantak rieurrr geura ..heuheuheu hareueueuh?!
Meila Handayani
hidup sunatann eh serieuuussss...hareeuuuhhhhh
Jojo Johari
Teh Meila Handayani: Hoooor?! ..heuheuheu hareueueuh?!