Ku Neni Geo Albanjari
Ngiringan palatihan saminggu. Ayeuna tos nincak dinten katilu. Merelek heuay, pitunduheun ngagayot na kongkolak. Elekesekeng, nyungsi cara sangkan teu nundutan. Palatih nu nuju masihan materi diteuteup daria, ngan aya kuring jeung anjeunna. seblak! Hate janten dagdigdug ningal imutna, teup! Pateuteup sareng talaga wening nu tenang, seerrr! Nyiak kana rasa. Dheg dheg dheg, jantung jiga nu olah raga, mireng palatih ngalengkah ka arah kuring, bari pameunteu pinuh katresna.”I love you…!”, sora nu halimpu ngagalindeng, “ I love you, too…”, kuring gancang ngawaleran galindengna. Ggerrrr, gumuruh handaruan ngumpulkeun lelembutan. Palatih tos manco payuneun,” Anda ngantuk !?”, Rey, siak, panas kana wajah, katumbirian. Kuring unggeuk, tuluy nangtung balik kanan muru panto kaluar.