Update: 11 Séptémber 2012 19:00:09

Sawala Di Mumunggang Senayan

Ku Neni Geo Albanjari

Bhagawan Asteroid keur kakalayangan di angkasa, ngawang ngawang , rineh, norobosan mega ka mega, nu beuki lila beuki nyirorot ka lebah lemah luluhur. Para kuncen di bumi, pabuis riweuh, kabeh kabeh ngakuna menang wangsit ti Sang Asteroid, yen sakeudeung deui rek nibankeun dirina ka bumi ku kakuatan nu 1000 kali leuwih gede tibatan bom di Hiroshima, beja pabeja beja ka sakuliah dunya. Kaum kumawasa di Mumunggang Senayan, milu riweuh, ” Gawat dulur dulur si Asteroid cenah rek ngabeubeutkeun diri di lebah imah urang” . Ngadenge kitu sakabeh nu ngageugeuh Mumunggang Senayan moyeg ku hariwang. Gancang ngayakeun sawala penting jang kasalametan maranehannana. Beres sawala, sung song mikeunan sakabeh harta nu dipibogana, geus ngumpul meunang juh leuit, dibawa ku pupuhu kaum kumawasa, rek nego jeung nyogok Asteroid sangkan ngabolaykeun ngaburantakeun Mumunggang Senayan. Euweuh nego, komo angot nyogokmah, asteroid angger dina tujuannana, harta nu tujuh leuit ilang teuing kamana bareng jeung ngaleungitna pupuhu kaum kumawasa.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Elih Mulyawati: Pahibut.. Ngan teu sirikna.. Nahan hitut pangawasa mumunggang senayan... Da bongan ngaliangan ozon.. Batas anu bisa meuleum meteor astroied.. . Residu.. Nu kudu. Ngapung ka angkasa raya .. Ngarah nyilorot ka maya pada..
  2. Abah Sarjang: Edaaas! Aheng Teh... Nyaan. Maju Teruus Banjar!
  3. Neni Geo Albanjari: Neng Elih Mulyawati, sae pisan komenna pm didamel fikmin...nuhun Neng...
  4. Neni Geo Albanjari: Abah Sarjang, saleresna kailhaman catetan Kang Maman Gantra, nuju di unpad, ngabahas fikmin ngacapruk... naha nu dimaksad ngacapruk nu disebatkeun ku Pa Usep Romli, nu kieu kitu.... batasan ngacapruk teh kumaha, supados para fikminer enggal, dina mostingkeun fikminna atos atos, hasil sbbrh kali dibeuweung diutahkeun, hasil editan nu tarapti... kan sadaya fikminer kedah ngajagi nami baik FBS. Punten abah, kedahna mah ieu teh disanggakeun ka para admin, mung salira ge kalebet nu paham kana surat serat.
  5. Entjep Sunardhi: saruana ari lebah dinyana mah euweuh nu sahulueun .... dasar beurit. ieu mah fikmin nu ditungtun ku gps. hebring.
  6. Apoedy Sarah Ihsan: Mantaaappp... aheng suraheng, punten naha atuh wios weh eta asteroid teh nampa weh kana sogokan.. heuheuheuheu....
  7. Irman Dimyatie: :"Juragan Asteroid teh.... nenehna mah 'Jang Iid'...!"
  8. Neni Geo Albanjari: Kang Entjep Sunardhi, heuheu leres kang...lalakon para beurit....hatur nuhun
  9. Neni Geo Albanjari: Apoedy Sarah Ihsan, satadina tos yakin tiasa disogok...tapi da aya knh nu teu tiasa disogok geuningan...
  10. Neni Geo Albanjari: tuh Kang Irman Dimyatie mah meni terang kana nenehna...! heheh...
  11. Dedi Rosala: beu...eta nu kumawasa abong kena nya...?
  12. Neni Geo Albanjari: pan aji mungpung, meungpeung kumawasa kang Dedi Rosala
  13. Dedi Rosala: leres ka dituna mah UUD tea nya...? hehe
  14. Fatih Nurul Anwar: UUD 45 atawa UUD nu mana tea Kang Dedi Rosala?
  15. Dedi Rosala: sanes nu 45 tapi UUD alias Ujung-Ujungna Duit tea. hehe
  16. Neni Geo Albanjari: kang Dedi Rosala, heuheu leres pisan...di urang mah pasti kana UUD
  17. Dedi Rosala: Nu mawi paralun ...ka anu sarakah teh. Beu..
  18. Fatih Nurul Anwar: Politik tumpak angkot, naek haratis turun mayar.
  19. Neni Geo Albanjari: Kang Dedi Rosala, sok sedih ari ningal kaayaan di urang teh...ku sararakahna heuheu muhun kitu Ang Fatih Nurul Anwar...UUD jaman ayn mah nerekab ti luhur dugi ka handap...
  20. Fatih Nurul Anwar: rasiah um um
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit